DAFTAR EUSI
PERNYATAAN ... i
ABSTRAK ... ii
PANGJAJAP ... iii
CATUR NUHUN ... .iv
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR TABÉL ... x
DAPTAR BAGAN ... xi
DAPTAR LAMPIRAN ... xii
BAB I BUBUKA 1.2 Kasang Tukang Masalah ... 1
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4
1.2.1Watesan Masalah ... 4
1.2.2 Rumusan Masalah ... 4
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5
1.3.1 Tujuan Umum ... 5
1.3.2 Tujuan Husus ... 5
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.5 Raraga Tulisan ... 6
BAB II BUDAYA, ADAT-ISTIADAT, UPACARA ADAT, NGEUYEUK SEUREUH, JEUNG SÉMIOTIK 2.1 Budaya ... 7
2.1.1 Wangenan Budaya ... 7
2.2 Adat-Istiadat ... 8
2.3.2 Komponen jeung Unsur Upacara Adat ... 10
2.3.3 Mangpaat Upacara Adat ... 10
2.3.4 Pungsi Upacara Adat ... 11
2.4 Ngeuyeuk Seureuh ... 11
2.4.1 Wangenan Seureuh... 11
2.4.2 Wangenan Ngeuyeuk Seureuh ... 11
2.4.3 Tujuan Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh ... 12
2.4.4 Mangpaat Ngeuyeuk Seureuh ... 12
2.4.5 Tempat jeung Waktu Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh ... 12
2.4.6 Prak-prakkan Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh... 12
2.4.7 Pakakas (Properti) Ngeuyeuk Seureuh ... 13
2.5 Sémiotik ... 13
2.5.1 Wangenan Sémiotik ... 13
2.5.2 Kamekaran Sémiotik ... 14
2.5.3 Konsep Sémiotik Charles S. Pierce ... 15
2.5.3.1 Ikon ... 15
2.5.3.2 Indéks ... 16
2.5.3.3 Simbol ... 16
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan………...18
3.1.1 Gambaran Umum Lokasi Tempat Panalungtikan………...18
3.1.2 Kondisi Sosial Budaya ... 19
3.1.2.1 Penduduk/Demografi ... 19
3.1.2.2 Pakasaban ... 19
3.1.2.3 Pendidikan ... 20
3.1.2.3 Agama jeung Kapercayaan ... 21
3.1.2.5 Basa. ... 21
3.2 Desain Panalungtikan………...21
3.3 Metodé Panalungtikan…. ... 22
3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data…. ... 23
3.4.2 Téhnik Ngolah Data ... 23
3.5 Téhnik Analisis Data ... 24
3.6 Sumber Data…. ... 24
3.7 Wangenan Operasional…. ... 25
3.8 Instrumén Panalungtikan…. ... 26
3.8.1 Kaméra…. ... 26
3.8.2 Hapé Rekorder…. ... 26
3.8.3 Video Shot…. ... 26
3.8.4 Pedoman Wawancara…. ... 26
BAB IV ANALISIS ULIKAN SÉMIOTIK DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA LÉGOK KALER KECAMATAN PASEH KABUPATEN SUMEDANG 4.1 Sajarah Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh di Désa Légok Kaler Kecamatan Paseh Kabupaten Sumedang ... 28
4.1.1 Ngaran Upacara ... 28
4.1.2 Tujuan Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh ... 29
4.1.3 Mangpaat Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh ... 29
4.1.4 Tempat jeung Waktu Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh ... 29
4.1.5 Pihak-pihak nu Ilubiung dina Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh ... 29
4.2 Prak-prakkan Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh ... 30
4.2.1 Saméméh Upacara ... 30
4.2.1.1 Nyiapkeun Sasajén jeung Pakakas (Properti) ... 31
4.2.1.2 Lumangsungna Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh ... 31
4.3 Prak-prakkan Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh... 32
4.3.1 Bubuka Dangding Manis ... 32
4.3.2 Aosan Ayat Suci Al-Qur’an ... 33
4.3.3 Jemplang Titi Pangembat Rizki ... 34
4.3.6 Ngodok Dunya Barana ... 36
4.3.7 Ngerok Bulu Komboy ... 36
4.3.8 Siram Suci Cai Kajayaan ... 37
4.3.9 Dangdos ... 38
4.3.10 Nyirabkeun Amparan ... 38
4.4 Pakakas (Properti) Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh ... 39
4.5 Unsur Sémiotik Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh ... 61
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 74
5.2 Saran ... 75
DAFTAR PUSTAKA ... 77
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 79
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Lokasi Panalungtikan
3.1.1 Gambaran Umum Lokasi Tempat Panalungtikan
[image:5.595.150.475.401.656.2]Wilayah Kabupaten Sumedang nu luasna 1.522,21 km2, kaliwatan ku garis 6°44’-70°83’ Lintang Selatan jeung 107°21’-108°21’ Bujur Timur. Wilayah Sumedang kabagai jadi 26 Kecamatan jeung 272 Désa. Désa Légok Kalér nya éta salahsahiji Désa nu aya di Kecamatan Paseh, nu kaasup wilayah Kabupatén Sumedang. Perenahna jumlah penduduk di Désa Légok Kalér taun 2013 nya éta aya 5.452 urang. Wates Désa Légok Kalér beulah kalér Désa Paseh Kalér, beulah kidul diwatesan Désa Légok Kidul, beulah wétan diwatesan Désa Paseh Kidul, sarta beulah kulon diwatesan Désa Cibeureum Wetan.
Gambar 3.1
19
3.1.2 Kondisi Sosial Budaya 3.1.2.1 Penduduk/ Demografi
Nurutkeun data dina monografi Désa Légok Kalér taun 2013, jumlah penduduk désa Légok Kalér nya éta 5.452 urang. Lalaki aya 2.788 urang, sedengkeun awéwé aya 2.664 urang.
Tabél 3.1
Jumlah Penduduk Dumasar Klasifikasi Jenis Kelamin
No Lalaki Awéwé
1. 2.788 urang 2.664 urang
3.1.2.2 Pakasaban
Masarakat désa Légok Kalér nya éta masarakat agraris. Ku kituna, masarakat désa Légok Kalér lolobana patani jeung buruh tani. Salian ti tani, aya ogé pakasaban masarakat désa Légok Kalér nya éta wiraswasta, buruh tani, PNS, jeung sajabana. Nurutkeun data monografi Désa Légok Kalér taun 2013, pérséntase rupa-rupa pakasaban masarakat Désa Légok Kalér bisa katitén dina tabél ieu dihandap.
Tabél 3.2
Jumlah Penduduk Dumasar Klasifikasi Pakasaban
No Pakasaban Jumlah
1. Bidan swasta 1 urang
2. Buruh migran lalaki 2 urang
3. Buruh migrant awéwé 3 urang
4. Buruh tani 526 urang
5. Dokter swasta 6 urang
6. Dosen swasta 5 urang
7. Karyawan perusahaan pamarentah 2 urang
8. Karyawan swasta 22 urang
20
10. Dagang 48 urang
11. PNS 79 urang
12. PRT 16 urang
13. Pengrajin 5 urang
14. Pengusaha kecil, menengah dan besar 41 urang
15. Patani 526 urang
16. Peternak 46 urang
17. POLRI 2 urang
18. Pensiunan 21 urang
19. T NI 3 urang
Jumlah 1.358 urang
Dumasar hasil data di luhur, lolobana pakasaban masarakat Désa Légok Kalér nya éta patani jeung buruh tani. Hasil tani nu utama di Désa Légok Kalér nya éta paré jeung palawija.
3.1.2.3 Pendidikan
Tingkat pendidikan masarakat Désa Légok Kalér, bisa katitén dina ieu tabél dihandap.
Tabél 3.3
Jumlah Penduduk Dumasar Klasifikasi Tingkat Pendidikan
No Tingkat Pendidikan Jumlah
1. 18-56 taun pernah SD tapi teu tamat 52 urang
2. 18-56 taun teu sakola 0 urang
3. 3-6 taun nu keur TK/ Play grup 149 urang
4. 7-18 taun nu keur sakola 802 urang
5. 7-18 taun nu teu sakola 3 urang
21
Dumasar kana hasil data monografi Désa Légok Kalér di luhur, katempo yén masarakatna geus rada maju, geus loba nu ngutamakeun pendidikan/sakola.
3.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan
Masarakat Désa Légok Kalér umumna ngagem agama islam, ieu hal bisa katitén dina tabél ieu dihandap.
Tabél 3.4
Jumlah Penduduk Dumasar Klasifikasi Agama
No Agama Jumlah
1. Budha 0 urang
2. Hindu 0 urang
3. Islam 5.428 urang
4. Katholik 0 urang
5. Konghucu 0 urang
6. Kristen 24 urang
Jumlah 5.452 urang
3.1.2.5 Basa
Sacara umum, basa nu digunakeun di Désa Légok Kalér nya éta basa Sunda. Jaman ayeuna mah lolobana nu maké basa Sunda téh basa Sunda nu loma, jarang anu maké undak-unduk basa Sunda nu bener, jeung teu sauetik barudak jaman ayeuna lolobana maké basa Indonesia.
3.2 Desain Panalungtikan
22
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.3 Metodé Panalungtikan
Nurutkeun pamadegan Arikunto (1996 :150), yén métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Sedengkeun nurutkeun Sugiyono (2012:3), métode panalungtikan nya éta salaku cara ilmiah pikeun nimukeun data nu miboga tujuan jeung aya guna nu tangtu.
Tatahar
Ngumpulkeun data
Ngolah data
Nyusun laporan
Ngadeskrisikeun:
1) Kasang tukang sajarah ayana ngeuyeuk seureuh; 2) Prak-prakanana upacara adat ngeuyeuk seureuh;
3) Pakakas (properti) nu aya dina upacara ngeuyeuk seureuh; 4) Simbol-simbol nu nyampak dina upacara adat, mangpaat
23
Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif kualitatif. Métode déskriptif mangrupa cara pikeun nimukeun data jeung informasi anu bisa karasa langsung ku panca indra nalika lumangsungna panalungtikan. Métode kualitatif nyaéta métode panalungtikan anu dumasar kana filsafat postpositivisme, dipaké pikeun nalungtik kondisi objék anu alamiah (Sugiyono, 2012: 15).
Ieu métode téh baris dipaké jang ngadeskripsikeun ulikan sémiotika nu nyampak dina upacara adat ngeuyeuk seureuh di Désa Légok Kalér Kecamatan Paseh Kabupatén Sumedang.
3.4 Téhnik Panalungtikan 3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik panalungtikan nu dipaké pikeun ngumpulkeun data jeung nyusun bahan nya éta telaah pustaka, observasi, wawancara, jeung dokuméntasi (Arikunto, 2010:264). Telaah pustaka digunakeun pikeun néangan sumber nu aya patalina jeung upacara adat ngeuyeuk seureuh tina buku-buku nu aya. Obsérvasi di dieu nya éta pengamatan langsung ka lapangan pikeun meunangkeun data anu
valid. Dina téhnik ieu ogé panalungtik ngagunakeun média nu bisa ngarojong
prosés panalungtikan, diantarana kaméra, Hp, jeung sajabana. Wawancara dimaksudkeun pikeun meunangkeun data langsung ti informan, tokoh masarakat atawa kokolot Désa Légok Kalér nu aya patalina jeung upacara adat ngeuyeuk seureuh. Téhnik dokuméntasi, maksudna meunangkeun data nu sipatna dokumén (data gambar-gambar atawa tinulis).
3.4.2 Téhnik Ngolah Data
Dina ieu panalungtikan, aya léngkah-léngkah ngolah data nu geus dikumpulkeun, diantarana;
a) Obsérvasi ka lapangan ngeunaan upacara adat ngeuyeuk seureuh;
24
c) Nganalisis ulikan sémiotik dina simbol-simbolna jeung sakabéh hal nu aya patalina jeung upacara adat ngeuyeuk seureuh;
d) Ngadéskripsikeun data hasil analisis semiotika dina simbol-simbolna jeung sakabéh hal nu aya patalina jeung upacara adat ngeuyeuk seureuh.
3.5 Téhnik Analisis Data
Nurutkeun Maryaeni (2005:75), analisis mangrupa kagiatan 1) nyusun- nyusun data nu luyu jeung urutan masalah nu dibutuhkeun; 2) ngaorganisasikeun hasil data dina formasi jeung kategori atawa unit, sanggeus ngumpulkeun sakabeh data nu diperlukeun, satuluyna data éta di analisis; 3) interprétasi panalungtik kana signifikansi sababaraha data nu sajalan jeung pamahaman; 4) ngajén data nu geus dikumpulkeun nepi ka ngahasilkeun kacindekan: hadé atawa goreng, luyu atawa henteu, ogé signifikan atawa henteuna.
Dina nganalisis datana, panalungtik baris ngagunakeun metodé deskriptif kualitatif pikeun ngajelaskeun atawa ngagambarkeun hasil panalungtikan sangkan luyu jeung tujuan. Carana milih sarta milah hasil wawancara jeung observasi sacara sistematis.
3.6 Sumber Data
Nurutkeun Arikunto (Sodikin:2013), sumber data dina panalungtikan nya éta subjék nu bisa dipaké meunangkeun data. Data anu dimaksud dina ieu panalungtikan nya éta ngeunaan data nu aya patalina jeung upacara adat ngeuyeuk seureuh. Sedengkeun sumber dina ieu panalungtikan nyaéta:
1) Kuncén upacara adat ngeuyeuk seureuh atawa nu sok disebut pangeuyeuk di Désa Légok Kecamatan Paseh, sangkan bisa wanoh kalayan jero kana hal-hal anu ditalungtik;
2) Sesepuh Désa Légok Kalér, nu apal kalayan jero ngeunaan upacara adat ngeuyek seureuh ti jaman baheula nepi ka kiwari;
25
Tabél 3.1 Format Idéntitas Narasumber
Idéntitas Narasumber
1. Wasta :
2. Umur :
3. Alamat :
4. Atikan :
5. Agama :
6. Pakasaban : 7. Kalungguhan :
Tanda Tangan
3.7 Wangenan Operasional
Anu jadi wangenan opérasional dina panalungtikan nya éta:
1) Sémiotik nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (1999: 907) nya éta sagala hal anu raket patalina jeung sistem tanda katut lambang dina kahirupan manusa. Sedengkeun Pradopo (1995: 119), nétélakeun yén sémiotik téh nya éta élmu ngeunaan tanda-tanda. Élmu anu nganggap yén fénomena sosial atawa masarakat jeung kabudayaanana mangrupa tanda-tanda. Sémiotika ngaguar ngeunaan sistem-sistem, aturan-aturan, jeung konvénsi-konvénsi nu ngamungkinkeun éta tanda-tanda téh ngabogaan harti.
26
ngeuyeuk seureuh nya éta pikeun méré papatah ka calon panganten, ngeunaan sawangan hirup jeung cara ngajalankeun lumangsungna rumah tangga, dina méré nasehatna jeung méré sex education ngaliwatan simbol-simbol anu aya dina pakakas (properti) upacara adat ngeuyeuk seureuh.
3.8 Instrumén Panalungtikan 3.8.1 Kaméra
Kaméra digunakeun pikeun ngadokumentasikeun gambar dina prak-prakan upacara adat ngeuyeuk seureuh.
3.8.2 Hapé rekorder
Handphone rekorder dikunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka masarakat ogé tokoh masarakat ngeunaan upacara ada ngeuyeuk seureuh.
3.8.3 Video Shot
Video shot digunakeun pikeun ngarékam proses prak-prakan upacara adat ngeuyeuk seureuh sarta ngarékam proses ngumpulkeun data dina téhnik wawancara jeung informan.
3.8.4 Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara nya éta mangrupa runtuyan patalékan-patalékan. Wawancara nu kasampak dina tabél ngan saukur gurat badag tina patalékan di lapangan. Di lapangan mah bisa leuwih ngalegaan deui, éta patalékan téh gumantung kana kabutuhan. Pikeun nyiptakeun suasana anu leuwih ngeunah, patalékan-patalékan téh henteu tuluy-tuluyan merekpek ngabébéak teuing, tapi ngahiji dina obrolan nu hampang.
Tabél 3.2 Pedoman Wawancara
27
1) Sajarah Upacara 1) Ngaran upacara
2) Sajarah Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh. 3) Mangpaat Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh. 4) Tempat jeung waktu Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh
5) Pihak-pihak nu ilubing dina Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh.
2) Prak-prakan Upacara
6) Kagiatan saméméh diayakeun Upacara Adat Ngeuyeuk seureuh.
7) Lumangsungna Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh. 3) Simbol dina
Upacara
8) Simbol-simbol dina Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh.
DAFTAR PUSTAKA
Apriliani, N.Y.A. (2012). “Ajén, Simbolis dina Pakéan Pangantén Sunda “Kebesaran” Kabupaten Sumedang pikeun salah sahiji Alternatif Bahan
Ajar Maca di Kelas XI SMA (Ulikan Sémiotika- Struktural)”. Bandung:
Skripsi JPBD.
Arikunto. (1997). Metodologi Penelitian. Jakarta: Rhineka Cipta.
Arikunto. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pengantar Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.
Astuti, Y. (2008). Simbol jeung Ma’na nu Nyampak dina Tradisi Nikah di Desa Cigugur Girang Kecamatan Parompong Kabupaten Bandung. Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.
Budiman, K. (2005). Ikonitas. Yogyakarta: Buku Baik.
Danadibrata, R.A. (2006) Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Departemen Pendidikan Nasional RI, Pusat Bahasa (2008). Kamus Bahasa Indonesia. Jakarta.
Effendi, R. dan Malihah, E. (2007). Pendidikan Lingkungan, Sosial, Budaya, dan Teknologi. Bandung: Yasindo Multi Aspek.
Hoed, B.H. (2011). Semiotik dan Dinamika Sosial Budaya. Jakarta: Komunitas Bambu.
http://blogging.co.id/upacara-adat-di-indonesia-dan-fotonya
http://forester-untad.blogspot.com/2012/11/makalah-tentang-budaya-ritual-upacara.html http://id.wikipedia.org/wiki/Sirih
http://irfanedo.blogspot.com/2013/03/iko-menurut-pierce-charles-sanders.html?m=1
Isnendes, R. (2010). Kajian Sastra ( Aplikasi, Teori, & Kritik pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia). Bandung: Daluang Publishing.
Koentjaraningrat. (1990). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Aksara Baru. . (2002). Pengantar Ilmu Antropologi II. Jakarta: Rhineka Cipta.
. (2003). Pengantar Antropologi I (cetakan kedua), Jakarta: Rineka Cipta.
Koentjaraningrat. (1984). Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.
Maran, R.R. (2007). Manusia dan Kebudayaan dalam Perspektif Ilmu Budaya Dasar. Jakarta: Rineka Cipta.
78
Pemerintahan Kabupaten Sumedang. (2013). Pendataan Profil Desa/Kelurahan Tahun 2013. Desa Legok Kaler Kecamatan Paseh Kabupaten Sumedang. Sumedang: Pemerintahan Kabupaten Sumedang.
Pradopo, R.D. (1995). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Rosidi, A. 2000. Ensiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.
Rostiati, A. dkk. (1995). Fungsi Upacara Tradisional Bagi Masyarakat Pendukungnya. Bandung: Depdikbud, Dirjen Sejarah dan Nilai Tradisional/ Proyek Penelitian, Pengujian, dan Pembinaan Nilai-Nilai Budaya Jawa Barat.
Santosa, P. (1993). Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa.
Sari, dkk. (2013). Ensiklopedia Jawa Barat 2. Jakarta: PT. Lentera Abadi. Sobur, A. (2001). Analisis Teks Wacana. Jakarta: Gramedia.
Sobur, A. (2009). Semiotika Komunikasi. Bandung: Remaja Rosdakarya.
Sudjiman, P dan Zoest, A.V. (1991). Serba-Serbi Semiotika. Jakarta: PT. Gramedia.
Sugiono. (2009). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Alfabeta.
Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.