• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1105196 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1105196 Chapter3"

Copied!
13
0
0

Teks penuh

(1)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Désain Panalungtikan

Métode nya éta cara anu kauger jeung puguh tujuanana pikeun ngahontal maksud (dina élmu pangaweruh), sakabéh hal dina métode kaatur pikeun ngagampangkeun prak-prakanana kagiatan anu tujuanana pikeun ngahontal tujuan anu tangtu (KBBI, 1995, kc. 652). Métode panalungtikan nya éta cara pikeun ngungkulan masalah panalungtikan anu dilaksanakeun sacara taliti jeung kasusun, pikeun nyangking fakta sarta kacindekan supaya bisa maham, ngaramalkeun, ngajelaskeun, jeung ngendalikeun kaayaan. Métode disebut ogé cara pikeun maham sarta neuleuman objék anu jadi sasaranana (Syamsuddin jeung Damaianti, 2007, kc. 14).

Panalungtikan ieu téh kaasup panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu data-data hasil panalungtikanana henteu

dumasar kana prosedur atawa wangun itungan. Dina panalungtikan kualitatif mah biasana panalungtik téh ilubiung kana kaayaan sarta fenoména anu keur ditalungtik. Panalungtik leuwih nyiapkeun instrument jalma tibatan instrument séjénna. (Syamsuddin jeung Damaianti, 2007, kc. 74).

(2)

Désain panalungtikan nya éta bagan guluyurna tahap panalungtikan anu ngagambarkeun léngkah-léngkah panalungtikan. Désain dina rarancang panalungtikan antukna bisa nyiptakeun hiji logikan. Désain anu digunakeun dina ieu panalungtika bisa katitén dina ieu bagan di handap.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

Masalah panalungtikan

Ngumpulkeun data ngagunakeun téhnik: 1) Studi pustaka

2) Obsérvasi 3) Wawancara 4) Dokuméntasi

Kacindekan Deskripsi data Téhnik analisis data: Téhnik analisis unsur langsung

Instrumén panalungtikan:

(3)

3.2 Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan

Panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja ngagunakeun téhnik kualitatif. Nurutkeun Lofland dina Moleong (2007, kc. 157) sumber utama dina kualitatif nya éta kekecapan jeung kalakuan, saterusna mangrupa data tambahan saperti dokumén, jrrd. Anu jadi sumber data atawa sumber informasi dina ieu panalungtikan nya éta jalma anu dianggap kokolot/sesepuh di éta lembur jeung jalma anu apal kana éta tradisi ti jaman baheula tepi ka ayeuna, ogé buku sumber nu patali jeung ieu panalungtikan.

Dumasar kana éta hal, data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

a. Kekecapan sarta kalakuan ti informan nu diwawancara anu mangrupa sumber data utama. Sumber data utama ditulis, direkam, atawa difoto. Data hasil panalungtikan mangrupa hasil kagiatan ningali, ngaregepkeun, jeung

wawancara. Moleong (2007, kc. 158) nétélakeun yén panalungtikan dilaksanakeun dina kaayaan sadar jeung puguh topikna, puguh topikna

lantaran teu sakabéh informasi nu aya bakal ditalungtik, kudu luyu jeung rumusan masalah.

b. Sumber atawa référénsi tinulis anu miboga katégori ilmiah, misalna buku, skripsi, buku terbitan pamaréntah, jurnal ilmiah, sumber informasi di Lembaga Pemerintahan, jrrd.

c. Foto mangrupa data panalungtikan anu biasana dipaké dina panalungtikan sangkan hasilna bisa dianalisis. Kiwari lantaran téknologi geus beuki maju, sumber data panalungtikan lain ukur foto, tapi bisa wangun rékaman sora atawa rékaman video. aya dua katégori foto nu bisa dimangpaatkeun dina panalungtikan, nya éta foto hasil moto batur, jeung foto hasil moto panalungtik (Bogdan jeung Biklen dina Moleong, 2007, kc. 160).

(4)

3.2.1 Informan

Panalungtikan tradisi upacara ngaruat jagat di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang ngagunakeun téhnik anu nangtukeun tujuan sarta jumlah sampel dumasar kana udagan husus, anu teu méngpar tina ciri-ciri sampel anu ditangtukeun. Kritéria informan dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

a. Urang jero atawa asli warga Désa Situraja jeung sabudeureunana. b. Boga kalungguhan husus di Désa Situraja jeung sabudeureunana. c. Individu nu sadia méré informasi nu dibutuhkeun.

Tabél 3.1 Informan anu jadi sumber data dina panalungtikan

No. Wasta Jenis kelamin Umur Kalungguhan

1 Enep Suryamana Lalaki Alm. Kokolot lembur

2 Endut Lalaki 50 taun Kokolot lembur

(5)

Kecamatan Cisitu jeung Kecamatan Tomo dibeulah wétan, sarta Kecamatan Cibugel dibeulah kidul.

Kecamatan Situraja miboga luas wilayah 54,03 km², anu kabagi jadi 15 Désa. Salah sahiji désa anu aya di wilayah Kecamatan Situraja nya éta Désa Situraja. Desa Situraja minangka puseur pamaréntahan Kecamatan Situraja.

Sacara géografis wates administratif Désa Situraja téh diwatesan ku sababaraha

Désa, saperti dibeulah kidul ngawates jeung Désa Mekarmulya, beulah kaler

ngawates jeung Désa Situraja Utara, beulah kulon ngawates jeung Désa Sukatali,

sarta ngawates jeung Désa Jatimekar di palebah Wétan. Jumlah penduduk di Désa

Situraja téh nya éta kurang leuwih aya 3842 jiwa anu ngawengku 1910 jiwa lalaki,

sarta 1932 jiwa awéwé. Salian ti éta pikeun mikanyaho wincikan jumlah

penduduk dumasar kana papasingan umur bisa katitén dina tabél ieu di handap.

(6)
(7)
(8)
(9)

3.3 Ngumpulkeun data

3.3.1 Instrumen Panalungtikan

Sugiyono (2012, kc. 102) nétélakeun yén instrumén panalungtikan téh nya éta alat ukur dina prosés panalungtikan, salaku alat anu digunakeun pikeun ngukur fénoména alam jeung fénoména sosial anu ditalungtik. Sacara husus éta fénoména

téh disebut variabel panalungtikan.

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta catetan lapangan, pedoman wawancara, sarta alat rekam (handphone, jeung kaméra). catetan lapangan jeung pedoman wawancara nya éta catetan leutik sarta runtuyan pananya nu bakal ditanyakeun ka narasumber ngeunaan objék anu ditalungtik. Dina ieu pedoman wawancara biasana ngawengku idéntitas réspondén sarta poko-poko patalékan anu baris ditanyakeun ka narasumber ngeunaan objék anu rék ditalungtik, nya éta ngeunaan tradisi ngaruat jagat anu aya di Désa Situraja, anu

baris diulik ngeunaan sémiotikna. Narasumber anu diwawancara kudu ditulis idéntitasna. Informan dipilih dumasar kana tinimbangan husus. Di antarana

miboga kalungguhan husus di Désa Situraja jeung sabudeureunana, sarta sadia méré informasi anu dibutuhkeun pikeun panalungtikan. Poko-poko patalékan anu digunakeun téh nya éta gurat bagadna hungkul anu ditulis dina wangun pernyataan, patalékan-patalékan anu ditanakeun téh leuwih ngalegaan luyu jeung kaayaan atawa situasi wawancara. Ieu poko-poko patalékan anu ditulis dina wangun pernyataan téh gunana sangkan patalékan-patalékan anu ditanyakeun téh henteu mengpar tina objék anu rék ditalungtik. Format laporan wawancara panalungtikan sarta poko-poko patalékan téh bisa ditingali dina tabél di handap.

Tabél 3.2 Pedoman Wawancara Terbuka

No. Rumusan Poko-poko pertanyaan dina wangun pernyataan

1 Sajarah

1. Sajarah ayana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

(10)

2 Prak-prakanana tradisi ngaruat jagat

3. Runtuyan sarta prak-prakan tradisi ngaruat

jagat di Désa Situraja.

4. Naon waé properti anu digunakeun dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

3 Tujuan, jeung mangpaat

5. Tujuan diayakeunana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

6. Mangpaat diayakeunana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

4

Bahan-bahan jeung kalengkepan tradisi ngaruat jagat

7. Bahan-bahan sarta kalengkepan anu dipaké

dina ngalaksanakeun tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

8. Ma’na anu nyampak dina pakakas atawa simbol-simbol anu dipaké dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

5 Waktu tradisi

ngaruat jagat 9. Waktu lumangsungna tradisi ngaruat jagat.

6 Tempat

10.Tempat lumangsungna tradisi ngaruat jagat.

7 Pelaku Utama

11.Pelaku utama dina tradisi ngaruat jagat.

a. Pananya ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situjara Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang.

1. Kumaha sajarah ayana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja? 2. Iraha pelaksanaanana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja? 3. Dimana tempat ngalaksanakeun tradisi ngaruat jagat téh?

4. Kumaha runtuyan sarta prak-prakan tradisi ngaruat jagat di Désa

Situraja?

5. Saha palaku utamana dina tradisi ngaruat jagat téh?

(11)

7. Naon balukarna saupama éta tradisi teu dilaksanakeun?

8. Naon waé nu geus karasa salila tradisi ngaruat jagat dilumangsungkeun di éta lembur?

9. Naon waé kalengkepan/properti anu kudu diayakeun dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja?

10. Ma’na jeung simbol naon waé nu nyampak dina pakakas sarta runtuyan acara ngaruat jagat di Désa Situraja?

b. Format laporan wawancara saperti ieu di handap. - Idéntitas informan sarta handphone pikeun ngarekam sora.

a. Kaméra Digital

Kaméra digunakeun salaku alat pikeun nyokot gambar atawa ngadokuméntasikeun data-data anu sipatna penting.

b. Handphone

Handphone digunakeun pikeun ngarekam caritaan atawa data-data hasil

(12)

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

a. Téhnik Studi Pustaka

Téhnik studi pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun bahan-bahan tulisan anu gunana pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar tiori anu aya patalina jeung objék panalungtikan.

b. Téhnik Obsérvasi

Marshall dina (Sugiyono, 2010, kc. 316) ngajelaskeun yén dina obsérvasi

panalungtik bakal diajar ngeunaan paripolah sarta ma’na tina éta paripolah.

Obsérvasi ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja dilakukeun ku cara niténan dokuméntasi sarta lumangsungna acara atawa hal nu aya patalina jeung panalungtikan.

c. Téhnik Wawancara

Wawancara mangrupa kagiatan komunikasi antara dua jalma atawa leuwih

pikeun néangan informasi jeung idé ngaliwatan kagiatan tanya jawab nepi ka

kapanggih hiji ma’na tina hiji topik. Pamadegan Esteberg (dina Sugiyono, 2010, kc. 317).

d. Téhnik Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi nya éta salaku panglengkep kana kaabsahan ieu panlungtikan anu digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun prak-prakanana éta panalungtikan. Sugiyono (2010, kc. 329) nétélakeun yén hasil panalungikan bakal leuwih bisa dipercaya upama dieuyeuban ku foto atawa karya tulis akademik jeung seni nu geus aya saméméhna.

3.4 Téhnik Analisis Data

Sakabéh data anu geus ditéangan saterusna dihijikeun sarta dipilah-pilah. Data anu geus dikumpulkeun éta tuluy dianalisis maké téhnik unsur langsung. Téhnik analisis unsur langsung léngkah-léngkahna saperti ieu di handap.

(13)

3. Nganalisis data

4. Ngadéskripsikeun data.

Gambar

Gambar 3.1 Rekap Jumlah Penduduk Désa Situraja
Gambar 3.2 Peta Kabupatén Sumedang
Gambar 3.3 Peta Kecamatan Situraja
Gambar 3.4 Peta Désa Situraja

Referensi

Garis besar

Dokumen terkait

PERBANDINGAN MODEL PEMBELAJARAN KOOPERATIF TIPE JIGSAW DENGAN STUDENT TEAM ACHIEVMENT DIVISION (STAD) TERHADAP KETERAMPILAN BERMAIN DALAM PERMAINAN BOLA BASKET..

Judul : “ Strategi Orang Tua Tunggal Terhadap Pemenuhan Kebutuhan Keluarga (Studi Kasus Ibu Sebagai Orang Tua Tunggal di Desa Namo Bintang Kecamatan Pancur Batu

Sasaran utama olahraga kesehatan yaitu memelihara dan/atau meningkatkan kapasitas aerobik. Setiap orang yang tidak teratur berolahraga akan memiliki kapasitas aerobik yang

Aligning SDGs with National Priorities: Strategic Development Plan. Vision: In 2030, Timor-Leste will be a high

yang dirawat inap di Rumah Sakit Umum Daerah Deli Serdang tahun 2014. Mengetahui distribusi proporsi penderita hipertensi dengan

Penanggung jawab pelaksanaan dapat dilakukan dengan membentuk m peningkatan mutu layanan klinis dan keselamatan pasien di Puskesmas, yang mempunyai program kerja yang jelas.

Dengan menciptakan program pembelajaran yang interaktif diharapkan mampu untuk membantu siswa-siswi SMU Jurusan Ilmu Pengetahuan Sosial dalam mempersiapkan diri menghadapi

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Fakultas Ilmu Pendidikan.