Rahmalia Ulfah, 2015
Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan mangrupa bagan guluyuran tahap panalungtikan anu
ngagambarkeun léngkah-léngkah panalungtikan. Dina ieu desain ngawengku
métode panalungtikan. Métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku nu
nalungtik pikeun ngumpulkeun data panalungtikan (Arikunto, 2006, kc. 160).
Desain ieu panalungtikan nyoko kana desain kualitatif kalayan ngagunakeun
métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode panalungtikan anu maksudna
pikeun ngungkulan jeung ngaréngsékeun pasualan-pasualan aktual ku cara
ngumpulkeun data, nyusun papasingan, nganalisis, sarta nafsirkeun data
(Arikunto, 2006, kc. 239). Anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta data adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata. Ieu métode dipiharep bisa
ngaréngsékeun pasualan kalimah impositif anu aktual ku cara papasingan,
nganalisis, sarta nafsirkeun data kalimah impositif.
Dina desain panalungtikan, tahapan awal panalungtik néangan jeung nyusun
masalah dumasar pasualan anu bakal ditalungtik, saenggeus nangtukeun masalah
tahapan kadua nya éta ngumpulkeun data tina objék nu ditalungtik, ari dina
ngumpulkeun data pikeun meunangkeun hasil ngagunakeun instrumén
panalungtikan nya éta kartu data, tahapan katilu nya éta data hasil ngumpulkeun,
26
Rahmalia Ulfah, 2015
Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tina déskripsi di luhur, bisa katitén desain pikeun ieu panalungtikan nu
kagambar sakumaha bagan di handap.
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
Masalah:
1) Naon waé kalimah impositif nu kapanggih?
2) Kumaha adegan pragmatis kalimah impositif?
3) Kumaha ma’na pragmatis kalimah impositif?
4) Kumaha maksim kasopanan kalimah impositif?
Nyieun kacindekan
Instrumén panalungtikan: Kartu data
Déskripsi data:
1) Adegan kalimah impositif
2) Ma’na kalimah impositif
3) Maksim kasopanan kalimah impositif
27
Rahmalia Ulfah, 2015
Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.2 Data jeung Sumber Data Panalungtikan
Data dina ieu panalungtikan nya éta kalimah impositif nu disusun tina adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan. Data kalimah impositif dicokot tina sumber data.
Sumber data panalungtikan mangrupa subjék ti mana data dimeunangkeun.
Ieu panalungtikan digunakeun ragam basa tulis tina karangan sastra minangka sumber datana. Sumber datana nya éta novél “Baruang ka nu Ngarora” karangan D.K. Ardiwinata. Ari datana Sakabéh klausa atawa kalimah anu ngandung
kalimah impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora.
Novél Baruang ka nu Ngarora mangrupa novél Sunda anu munggaran, anu
medal ti taun 1914, ayeuna dikaluarkeun ku Kiblat Buku Utama nu perenahna di
jalan Gumuruh Bandung. Ieu novél kandelna 107 kaca, jeung ukuranana 22 cm x
15 cm x 1 cm. Eusina aya salapan épisode.
Ieu novél nyaritakeun ngeunaan kahirupan asmara budak ngora. Kawinna
Nyi Rapiah jeung Ujang Kusén anu pada-pada geulis jeung kasép, kacida bagjana
pangantén anyar, tapi éta kabagjaan teu lila, dilantaranan ayana gogoda ti Aom
Usman anu bogoh ka Nyi Rapiah. Rasa bogoh Aom Usman ka Nyi Rapiah anu
gedé nyababkeun rumah tangga Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah burantak nepi ka
pipisahanana. Ahirna Nyi Rapiah jeung Aom Usman kawin, sanajan kulawarga
Aom Usman henteu panuju lantaran nganggap status Nyi Rapiah henteu sapantar
jeung kolotna Aom Usman anu golongan ménak.
3.3 Ngumpulkeun Data
3.3.1 Instrumén Ngumpulkeun Data
Instrumén panalungtikan nya éta alat anu digunakeun ku panalungtik pikeun
ngumpulkeun data sangkan panalungtikan leuwih gampang jeung hasil anu hadé,
dina harti lengkep jeung sistematis nepi ka gampang diolah (Arikunto, 2006, kc.
28
Rahmalia Ulfah, 2015
Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Ieu panalungtikan ngagunakeun kartu data salaku alat atawa instrumén
panalungtikan. Eusi dina kartu data nya éta cutatan data kalimah impositif dina
novél Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata, saterusna dibéré nomer
jeung kodeu anu aya disajeroeun tanda kurung (....) nya éta nomer urut data anu
ngawengku judul novél, kaca, jeung no pada, kalimah impositif nu aya dina
novél.
KARTU DATA
Ari satadina maksud kuring montong popoharaan kitu, (BKNN/6/5)
Adegan : Pola 1: Kal Imp S J – C – K + In Fi: 222
Ma’na : Kal impositif nyarék Maksim Kasopanan: Maksim kawijaksanaan
Katerangan kartu data:
Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta
téhnik studi pustaka. Téhnik studi pustaka dipaké pikeun meunangkeun informasi
dina néangan jeung ngumpulkeun data anu mangrupa buku, nya éta karya sastra
novél nu judulna Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata.
Léngkah-léngkah pikeun ngumpulkeun data anu dibutuhkeun, dilakukeun
ngaliwatan sababaraha tahapan di handap.
1) Maca buku anu rék ditalungtik, nya éta novél Baruang ka nu Ngarora
karangan D.K. Ardiwinata.
29
Rahmalia Ulfah, 2015
Kalimah impositif dina novel baruang ka nu ngarora karangan D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3) Nyalin kalimah impositif kana kartu data.
4) Nyusun kartu data dumasar alfabétis.
5) Nalaah kalimah impositif dumasar adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan.
6) Nyieun papasingan kalimah dumasar kana adegan, ma’na, jeung maksim
kasopanan kalimah impositif.
3.4 Analisis Data
Téhnik anu dipaké pikeun analisis data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik
analisis unsur sacara langsung. Téhnik analisis unsur langsung dipaké lantaran
sumber data panalungtikan mangrupa data tinulis, udaganana pikeun ngolah data
anu patali jeung déskripsi adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan kalimah
impositif dina novél Baruang ka nu Ngarora karangan D. K. Ardiwinata.
Téhnik ngolah jeung nganalisis anu dipaké dina ieu panalungtikan ngaliwatan
sababaraha tahapan anu ditétélakeun di handap.
1) Mariksa deui sakabéh data kalimah impositif anu geus disusun sacara alfabétis.
2) Nangtukeun papasingan kalimah impositif.
3) Nganalisis data tina papasingan kalimah impositif.
4) Ngitung persentase papasingan kalimah impositif.
5) Ngadéskripsikeun kalimah impositif dumasar adegan, ma’na, jeung maksim
kasopanan dina kalimah basa Sunda.