• Tidak ada hasil yang ditemukan

SIMBOL JEUNG MA’NA DINA RUNTUYAN ACARA SABADA NIKAH (BANTAYAN) ADAT SUNDA DI KACAMATAN JONGGOL KABUPATEN BOGOR.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "SIMBOL JEUNG MA’NA DINA RUNTUYAN ACARA SABADA NIKAH (BANTAYAN) ADAT SUNDA DI KACAMATAN JONGGOL KABUPATEN BOGOR."

Copied!
36
0
0

Teks penuh

(1)

No. 613/FPBS/0251/2013

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol SIMBOL JEUNG MA’NA

DINA RUNTUYAN ACARA SABADA NIKAH (BANTAYAN) ADAT SUNDA DI KACAMATAN JONGGOL KABUPATEN BOGOR

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

ku

Puji Dwi Lestari 0902484

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Halaman Hak Cipta

Si bol jeu g Ma’ a di a Ru tuya

Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat

Sunda di Kacamatan Jonggol

Kabupaten Bogor

Oleh Puji Dwi Lestari

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Puji Dwi Lestari 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Puji Dwi Lestari, 2013

(4)

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

SIMBOL JEUNG MA’NA

DINA RUNTUYAN ACARA SABADA NIKAH (BANTAYAN) ADAT SUNDA DI KACAMATAN JONGGOL KABUPATEN BOGOR1)

Puji Dwi Lestari 2)

ABSTRAK

Penelitian ini berjudul “Simbol jeung Ma’na dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda di Kacamatan Jonggol Kabupaten Bogor”. Skripsi ini bertujuan untuk 1) mendeskripsikan jalannya pelaksanaan susunan acara pasca nikah (bantayan) di Kecamatan Jonggol Kabupaten Bogor, serta 2) mendeskripsikan simbol dan makna yang ada di dalamnya. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif. Adapun teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah observasi, wawancara, dan dokumentasi. Sedangkan instrumen yang digunakan dalam pengumpulan data adalah pedoman wawancara, video shoot, kamera digital, dan hp recorder. Dari hasil penelitian ini ditemukan 75 simbol yang dimaknai maksud yang dikandungnya. Dari simbol tersebut terdapat 7 simbol dalam bahan, 2 dalam alat, 2 dalam proses, serta 24 dalam teks nyawér; 2 simbol dalam bahan dan alat, serta 3 dalam kegiatan acara nincak endog; 3 dalam bahan dan alat, serta 5 dalam kegiatan acara meuleum jeung miteskeun harupat; 3 dalam bahan dan alat, serta 2 dalam kegiatan acara meuleum kapas dina coét; 2 dalam kegiatan acara buka pintu dan 6 dalam teks buka pintu; serta 7 dalam bahan dan alat, dan 7 dalam kegiatan acara huap lingkung. Adapun kesimpulan yang dapat diambil yaitu hampir seluruh simbol memiliki makna sebagai nasehat untuk kedua mempelai pengantin. Penelitian ini diharapkan bermanfaat untuk menambah pengetahuan kebudayaan Sunda khususnya yang ada di Kabupaten Bogor.

Kata kunci: simbol, makna, runtuyan acara pasca nikah

1) Skripsi ini dibawah bimbingan Bapak Dr. Dedi Koswara, M.Hum. sebagai pembimbing satu dan Ibu Ruhaliah, M.Hum. sebagai pembimbing 2

(5)

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan SIMBOL JEUNG MA’NA

DINA RUNTUYAN ACARA SABADA NIKAH (BANTAYAN) ADAT SUNDA DI KACAMATAN JONGGOL KABUPATEN BOGOR1)

Puji Dwi Lestari 2)

ABSTRAK

This research entitled “ The symbol and meaning in the structure of the event after marriage (bantayan) traditional Sundanese in sub-district to Jonggol Bogor Regency”. This research aims to 1) describe how the events after marriage (bantayan) in sub-district to Jonggol Bogor Regency, and 2) to describe the symbols and the meanings in it. This research uses descriptive method. The technics that used in this research is observation, interview and documentation. On the other hand, the instrument that used on collecting data are interview manual, video shoot, digital camera, and cellphone recorder.The results of this research are 75 symbol that can be interpreted on the event. The symbols consist of 7 symbol in material, 2 in a tool, 2 in the process, and 24 in the text nyawér; 2 symbol in materials and tools, as well as 3 in the activities of the event nincak endog; 3 in materials and tools, and 5 in the activities of the event meuleum jeung miteskeun harupat; 3 in materials and tools, and 2 in the activities of the event meuleum kapas dina coet; 2 in the activities of the event buka pintu and 6 in the text buka pintu; And 7 in materials and tools, and 7 in the activities of the event huap lingkung. The conclusion that taken from this research is almost all of the symbols have a meaning as advice either for the bride or the groom. Hopefully this research is useful for increasing the knowledge of Sundanese culture particularly in Bogor regency.

Keywords: symbol, meaning, events after marriage

1) Skripsi ini dibawah bimbingan Bapak Dr. Dedi Koswara, M.Hum. sebagai pembimbing satu dan Ibu Ruhaliah, M.Hum. sebagai pembimbing 2

2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia angkatan 2009

(6)

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan

Jonggol Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

1.3 Tujuan Panalungtikan... 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Teoritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Raraga Nulis ... 7

BAB II KABUDAYAAN, KAPERCAYAAN, NIKAH, SIMBOL JEUNG MA’NA, SARTA SÉMIOTIK 2.1 Kabudayaan ... 8

2.1.1 Wangenan Kabudayaan ... 8

2.1.2 Unsur Budaya ... 10

2.1.3 Wujud Budaya ... 13

2.2 Kapercayaan ... 14

(7)

vi Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan

2.3.1 Sistem Nikah ... 16

2.3.2 Prosési Nikah ... 18

2.3.3 Runtuyan Acara Sabada Nikah ... 21

2.4 Simbol jeung Ma’na ... 23

2.4.1 Simbol ... 23

2.4.2 Ma’na ... 26

2.5 Sémiotik ... 27

2.5.1 Wangenan Sémiotik ... 27

2.5.2 Konsép Sémiotik dumasar Téori Charles Sanders Peirce ... 29

BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan ... 32

3.1.1 Lokasi Géografis ... 32

3.1.2 Kondisi Sosial Budaya Masarakat Jonggol ... 33

3.1.2.1 Penduduk ... 33

3.1.2.2 Pendidikan ... 34

3.1.2.3 Pakasaban ... 36

3.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan ... 38

3.1.2.5 Sistem Kekerabatan ... 39

3.1.2.6 Basa ... 39

3.2 Desain Panalungtikan ... 40

3.3 Metode panalungtikan ... 42

3.4 Wangenan Operasional ... 43

3.5. Instrumen Panalungtikan ... 44

3.5.1 Pedoman wawancara ... 44

3.6 Téhnik Panalungtikan... 46

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 45

(8)

vii Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan

Jonggol Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB IV SIMBOL JEUNG MA’NA DINA RUNTUYAN ACARA SABADA NIKAH (BANTAYAN) ADAT SUNDA DI KACAMATAN JONGGOL KABUPATEN BOGOR

4.1 ... Pr

ak-prakan Acara sabada Nikah (Bantayan) ... 47

4.1.1 Nyawér ... 47

4.1.2 Nincak Endog ... 51

4.1.3 Meuleum jeung Miteskeun Harupat atawa Meuleum Kapas dina Coét ... 53

4.1.3.1 Meuleum jeung Miteskeun Harupat ... 53

4.1.3.2 Meuleum Kapas dina Coét ... 55

4.1.4 Buka Pintu ... 57

4.1.5... H uap Lingkung ... 58

4.2 Simbol jeung Ma’na nu Nyampak dina Runtuyan Acara Sabada Nikah ... 59

4.2.1 Simbol jeung Ma’na dina Nyawér ... 61

4.2.2.1 Simbol jeung Ma’na dina Bahan jeung Alat Nincak Endog ... 72

4.2.2.2 Simbol jeung Ma’na dina Paripolah Acara Nincak Endog ... 74

4.2.3 Simbol jeung Ma’na dina Meuleum jeung Miteskeun harupat atawa Meuleum Kapas dina Coét ... 75

4.2.3.1 Simbol jeung Ma’na dina Meuleum jeung Miteskeun Harupat ... 75

4.2.3.1.1. Simbol jeung Ma’na dina Bahan/Alat Meuleum jeung Miteskeun Harupat ... 75

4.2.3.1.2 Simbol jeung Ma’na dina Paripolah Meuleum jeung Miteskeun Harupat ... 77

4.2.3.2 Simbol jeung Ma’na dina Meuleum Kapas dina Coét ... 79

(9)

viii Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan

4.2.3.2.2 Simbol jeung Ma’na Paripolah Meuleum Kapas dina Coét ... 80

4.2.4 Simbol jeung Ma’na dina Buka Pintu ... 81

4.2.4.1 Simbol jeung Ma’na dina Paripolah Buka Pintu ... 81

4.2.4.2 Simbol jeung Ma’na dina Téks Buka Pintu ... 82

4.2.5 Simbol jeung Ma’na dina Huap Lingkung ... 85

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 89

5.2 Saran ... 90

DAFTAR PUSTAKA ... 91

(10)

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan

Jonggol Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Masalah

Kecap budaya téh asalna ti basa Sansekerta buddhayah, nu mangrupa wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal), dihartikeun salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi jeung akal manusa, sagala daya jeung kagiatan manusa dina ngolah jeung ngarobah alam. Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina basa Latin colere, nya éta ngolah atawa migawé. Bisa dihartikeun ogé jadi ngolah taneuh atawa tatanén. Kecap culture gé sakapeung mah sok dihartikeun jadi “kultur” dina basa Indonesia.

Ngeunaan wangenan tina kabudayaan teu saeutik para ahli nu ngébréhkeun pamadeganna. E.B Taylor (1871) nétélakeun yén “kebudayaan adalah seluruh kompleks, yang di dalamnya terkandung ilmu pengetahuan yang lain, serta kebiasaan yang didapat manusia sebagai anggota masyarakat”. Sedengkeun Melville J. Herskovits, saurang ahli antropologi Amerika ngébréhkeun yén kabudayaan téh Man made part of the environment (bagian tina lingkungan jieunan manusa) (Widaghdo, dkk. 2010:19). Herskovits gé nétélakeun yén kabudayaan téh hiji hal nu turun-tumurun ti hiji generasi ka generasi séjén, nu satuluyna disebut superorganic (http://id.wikipedia.org/wiki/Budaya). Aya ogé ébréhan wangenan tina kabudayaan ti para ahli Indonesia. Nurutkeun Sultan Takdir Alisyahbana kabudayaan téh manifestasi tina cara mikir. Satuluyna Dr. Moh Hatta nétélakeun yén kabudayaan téh ciptaan hirup tina hiji bangsa (Widaghdo, dkk, 2010:19).

Sedengkeun nurutkeun Andreas Eppink, kabudayaan téh ngandung sakabéh harti tina ajén sosial, norma sosial, élmu pangaweruh jeung sakabéh faktor struktur-struktur sosial, religius, jrrd. Ogé sagala ébréhan intéléktual jeung artistik nu jadi cicirén ti hiji masarakat (http://id.wikipedia.org/wiki/Budaya).

(11)

2

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan

Folklor mangrupa sawatara kabudayaan koléktif nu sumebar jeung diwariskeun sacara turun-tumurun, sacara tradisional dina wanda nu béda-béda boh dina wangun lisan boh conto nu dilengkepan ku gerak isarat atawa alat pikeun mantuan ngingetkeun. Nurutkeun Clark Wissler (1923:265), kabudayaan miboga unsur-unsur nu disebut culture universal. Satuluyna Koentjaraningrat (1965:78-80) ngébréhkeun yén unsur-unsur universal (culture universal) ngawengku sistem pakasaban (ekonomi), sistem teknologi, organisasi kamasarakatan, basa, kasenian, sistem pangaweruh, jeung sistem religi (sistem kapercayaan).

Ipan dina Astuti (2008: 2) ngébréhkeun yén tradisi masarakat ti jaman bihari nepi ka kiwari anu salila ieu masih kapangaruhan ku animisme jeung dinamisme. Katitén tina acara upacara salametan, sunatan, kawinan, jeung sajabana. Ieu tradisi masih dilakonan jeung dimumulé ku masarakat Sunda. Hal ieu saluyu jeung kamekaran peradaban Indonesia, yén saméméh sumebarna agama-agama nu ayeuna diaku ku nagara Indonesia (Islam, Katolik, Protestan, Hindu, jeung Budha), masarakat Sunda masih kénéh ngagem kapercayaan-kapercayaan saperti animisme jeung dinamisme.

Kabiasaan-kabiasaan anu masih kénéh kapangaruhan ku kapercayaan-kapercayaan baheula nu masih kénéh dipaké kiwari masih kénéh dipilampah dina upacara tradisional. Upacara tradisional biasana kapangaruhan ku kapercayaan-kapercayaan animisme jeung dinamisme. Ieu hal katitén tina sistem kapercayaan-kapercayaan ka roh-roh, jeung ritual ibadah anu teu saluyu jeung sabagian agama, contona méré sasajén.

Simbol asalna tina basa Yunani nya éta symbolos, anu hartina tanda, ciri pikeun nepikeun hiji hal ka jalma séjén. Dina Kamus Umum Bahasa Indonesia (2008), simbol atawa lambang hartina sabangsa tanda, lukisan, omongan jeung sajabana, nu ngébréhkeun hiji hal, nu miboga maksud nu tangtu.

(12)

3

Simbol ogé sok disebut lambang nu dipaké pikeun nunjuk hiji hal séjénna dumasar kasapukan sakelompok jalma atawa masarakat. Lambang ngawengku kekecapan (pesan verbal), prilaku nonverbal, jeung objek nu ma’nana disapukan ku kabéhan. Simbol atawa lambang gé mangrupa salasahiji kategori tanda (sign). Nurutkeun Peirce, yén tanda (sign) téh ngawengku ikon (icon), indeks (index), jeung simbol (symbol) (Sobur, 2009: 157).

Dina kahirupan masarakat Sunda réa digunakeun kecap-kecap husus nu patali jeung hiji widang, di antarana baé di widang budaya. Contona budaya acara sabada akad nikah atawa disebut ogé bantayan. Runtuyan acara sabada nikah ngawengku acara nyawér (sawér pangantén), ngaleupaskeun japati, nincak endog, meuleum harupat, buka pintu, jeung huap lingkung. Tangtuna waé dina éta tahapan téh miboga simbol jeung ma’na.

Runtuyan acara sabada nikah, sakapeung sok disebut ogé ku istilah bantayan. Runtuyan acarana di unggal wewengkon sok béda runtuyan atawa istilahna. Saperti geus disebutkeun, ilaharna aya sababaraha tahapan atawa acara dina runtuyan acara pasca nikah, di antarana:

1. nyawér; 2. nincak endog;

3. meuleum jeung meunggaskeun harupat; 4. buka pintu; jeung

5. huap lingkung.

Tapi nurutkeun Muchtar (1987: 143) bantayan téh ngan ngawengku acara nincak endog, sibanyo, nincak élékan, meuleum harupat, jeung ngaléngkahan pakara. Jadi teu anéh lamun anu runtuyan acara nu béda atawa istilah nu teu sarua.

(13)

4

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan

Kecamatan Jonggol perenahna di Kabupatén Bogor. Tapi sacara geografis, Kacamatan Jonggol deukeut ka daérah Cibubur (Jakarta) jeung Bekasi. Katambah loba pendatang ti mana-mana, aya nu ti daérah Sumatera Barat, Sumatera Utara, Priangan, jsb. Ngabalukarkeun pacampurna basa jeung budaya nu aya. Di Jonggol masarakat pribumina geus teu loba nu maké basa Sunda, lamun aya gé basa Sunda nu dipakéna téh kasar. Biasana nu masih make undak usuk basa téh pendatang ti daérah Priangan. Di Jonggol gé kapangaruhan ku budaya jeung basa Cina sabab loba masarakat keturunan Tionghoa nu cicing di kecamatan Jonggol. Contona wé kecap gocéng, gopé, ceban, jeung gocap geus ilahar dipaké dina paguneman sapopoé. Nyeungeut petasan ogé geus dianggap budaya di Jonggol. Lamun aya hajatan saperti nyunatan atawa nikahan, sok nyeungeut petasan salaku tanda yén di dinya aya nu hajat.

Panalungtikan ngeunaan simbol gé geus aya nya éta Asep Johan Kolamajaya, Ajén Falsafah dina Simbol-Simbol Upacara Ruatan Bumi di Desa Parakan Garokgék Kecamatan Kiarapedes Kabupaten Purwakarta (2007) jeung Firman Herdiana Kusumah, Simbol-Simbol dina Kasenian Sampyong di Kelurahan Simpeureum Kacamatan Cigasong Kabupaten Majalengka Pikeun

Bahan Pangajaran Maca di SMA (2012). Malah pedaran ngeunaan simbol jeung ma’na dina acara nikah gé kungsi aya nu nalungtik nya éta Yulia Astuti, Simbol

jeung Ma’na nu Nyampak dina Tradisi Nikah di Desa Cigugur Girang

Kacamatan Parongpong Kabupaten Bandung (2008). Bédana jeung ieu panalungtikan, nya éta dina panalungtikan saméméhna mah ngawengku sakabéh tradisi nikah, ti mimiti ngalamar nepi huap lingkung. Sedengkeun ieu panalungtikan ngan nalungtik runtuyan acara pasca nikah wungkul. Bébédana ogé dina wengkuan wilayahna. Panalungtikan saméméhna mah dilaksanakeun di daérah Priangan (Kabupaten Bandung), sedengkeun ieu panalungtikan mah di daérah Kabupaten Bogor, anu sacara geografis deukeut jeung Jakarta ogé Bekasi.

(14)

5

Simbol jeung ma’na nu nyampak téh kudu dipaluruh. Patali jeung kaayaan Kacamatan Jonggol nu sacara géografis deukeut jeung wilayah séjén kawas Jakarta jeung Bekasi, ogé masarakatna nu loba pendatang jeung masarakat keturunan, dilaksanakeun panalungtikan anu judulna “Simbol jeung Ma’na dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda di Kacamatan Jonggol, Kabupaten Bogor”.

1.2.Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1.Watesan Masalah

Runtuyan acara nikah adat Sunda téh ngawengku pranikah, akad nikah (ijab kabul), jeung sabada nikah (bantayan). Sangkan ieu panalungtikan leuwih museur kana tujuan nu dihontal, diwatesanan masalah nu dipedar nya éta prak-prakan tradisi runtuyan acara sabada nikah adat Sunda, ti mimiti nyawér nepi ka huap lingkung. Jeung simbol jeung ma’na nu nyampak dina acara sabada nikah adat Sunda di Kacamatan Jonggol Kabupaten Bogor nu ngawengku acara nyawér, nincak endog, meuleum jeung meunggaskeun harupat, meupeuskeun kendi, buka pintu, jeung huap lingkung.

1.2.2.Rumusan Masalah

Saluyu jeung kasang tukang nu geus dipedar, sangkan masalah nu rék dipedar leuwih museur, satuluyna dijéntrékeun rumusan masalah nu ditalungtik.

1. Kumaha prak-prakan tradisi runtuyan acara sabada nikah (bantayan) adat Sunda ti mimiti nyawér nepi ka huap lingkung di Kacamatan Jonggol, Kabupaten Bogor?

(15)

6

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan

1.3.Tujuan Panalungtikan 1.3.1.Tujuan Umum

Luyu jeung kasang tukang katut watesan masalah, ieu panalungtikan miboga tujuan umum pikeun:

a. Miara tradisi nikah adat Sunda sangkan angger aya;

b. Ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan runtuyan acara sabada nikah; jeung c. Ngungkab budaya tradisional dina acara sabada nikah (bantayan) adat Sunda.

1.3.2.Tujuan Khusus

Tujuan husus ieu panalungtikan nya éta:

a. Ngadéskripsikeun istilah dina runtuyan acara sabada nikah adat Sunda; jeung b. Ngadéskripsikeun simbol jeung ma’na nu nyampak dina runtuyan acara sabada

nikah (bantayan) adat Sunda di Kacamatan Jonggol, Kabupaten Bogor.

1.4.Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat nu dipiharep tina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1.Mangpaat Teoritis

Hasil ieu panalungtikan dipiharep bisa ngamotivasi panalungtik séjén pikeun nalungtik anu leuwih jero ngeunaan runtuyan acara sabada nikah (bantayan) adat Sunda sagemblengna atawa upacara adat ti wewengkon séjén. Salian ti éta, istilah-istilah jeung simbol sarta ma’na nu nyampak dina runtuyan acara sabada nikah adat Sunda anu meunang dikumpulkeun bisa dijadikeun tatapakan sajarah pikeun anak-incu urang engkéna.

1.4.2.Mangpaat Praktis

(16)

7

Simbol jeung ma’na nu nyampak dina runtuyan acara sabada nikah (bantayan) adat Sunda nu kapanggih dina ieu panalungtikan bisa dimangpaatkeun pikeun ngaronjatkeun kualitas kahirupan.

1.5. Raraga Nulis

Raraga tulis kabagi jadi lima bab, nya éta:

Bab I (Bubuka) anu eusina ngawengku kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulis.

Ari Bab II eusina medar tatapakan tiori dina ieu panalungtikan nu ngawengku kabudayaan, wangenan kabudayaan, unsur budaya, wujud budaya, kapercayaan, nikah, sistem nikah, prosési nikah, runtuyan acara pasca nikah, symbol jeung ma’na, semiotik, wangenan semiotik, sarta konsep semiotik dumasar téori Charles Sanders Peirce.

Sedengkeun Bab III mah ngawengku sumber data, metode panalungtikan, desain panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, jeung tehnik panalungtikan.

Bab IV mangrupa ébréhan hasil panalungtikan nu ngawengku gambaran umum lokasi panalungtikan, jeung déskripsi prak-prakan runtuyan acara pasca nikah adat Sunda di Kacamatan Jonggol Kabupaten Bogor sarta simbol jeung ma’na nu nyampak dina runtuyan acara pasca nikah.

(17)

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1. Lokasi Panalungtikan

Dina sub-bab ieu dipedar ngeunaan gambaran umum lokasi panalungtikan. Nu jadi tempat panalungtikan nya éta daérah Kacamatan Jonggol Kabupatén Bogor.

3.1.1. Lokasi Géografis

Tempat nu dijadikeun tempat panalungtikan nya éta Kacamatan Jonggol, nu

perenahna di wétaneun pusat pamaréntahan Kabupatén Bogor, dina 106’55-107’15

BT jeung 6’15-6’35 LS. Kaayaan alamna mangrupa pasir jeung tegal. Tempatna di

123 meter dpl,suhu antara 33-39° celcius, jeung curah hujanna 177 mm.

Lega wilayah Kacamatan Jonggol nya éta 12.686,74 Ha., di beulah Kalér ngawates jeung Kacamatan Cibarusah, Kabupaten Bekasi; di beulah Kidul ngawates jeung Kacamatan Sukamakmur, Kabupatén Bogor; di beulah Kulon ngawates jeung Kacamatan Cileungsi, Kabupatén Bogor; jeung di beulah Wétan ngawates jeung Kacamatan Cariu sarta Kabupatén Bekasi.

Ti Kacamatan Jonggol ka ibukota Kabupatén Bogor (Cibinong) nya éta 50 km, sedengkeun ka ibukota Provinsi Jawa Barat 156 km, jeung 60 km ka ibukota nagara (Jakarta).

(18)

33

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.1

Sumber: data Laporan Bulanan Kecamatan Jonggol Bulan Desember 2012

3.1.2. Kondisi Sosial Budaya Masarakat Kacamatan Jonggol 3.1.2.1. Penduduk

(19)

34

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

teu saeutik nu geus nikah jeung warga pribumi. Wincikan jumlah penduduk dumasar klasifikasi kewarganegaraan katitén dina ieu tabél.

Tabél 3.2

Jumlah Penduduk dumasar Kewarganegaraan

No Desa WNI WNI Keturunan

L P L P

1 2 3 4 5 6

1 Jonggol 6.618 6.710 551 582

2 Sukamaju 10.293 10.232 384 384

3 Singajaya 6.347 5.993 11 7

4 Sukasirna 5.756 7.157 824 357

5 Sirnagalih 2.021 1.943

6 Balekambang 3.660 3.613

7 Sukanegara 2.732 2.797

8 Sukamanah 6.119 5.875

9 Weninggalih 2.276 2.252

10 Bendungan 2.748 2.765

11 Singasari 4.525 4.372

12 Cibodas 1.898 1.754

13 Sukajaya 3.107 3.207

14 Sukagalih 1.882 1.892

Jumlah 59.982 60.562 1.750 1.330

Sumber: data Laporan Bulanan Kecamatan Jonggol Bulan Desember 2012

3.1.2.2. Pendidikan

(20)

35

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tinggi kawilang loba, sok sanajan teu saeutik ogé nu teu lulus SD. Masarakat geus mulai paham kana pentingna pendidikan keur kahirupan, jadi geus loba barudak nu disakolakeun. Di Kacamatan Jonggol gé aya atikan nonformal, nya éta ayana pondok pasantrén di sababaraha wilayah. Nurutkeun data laporan bulanan Kacamatan Jonggol bulan Desember 2012, wincikan tingkat pendidikan masarakat Jonggol katitén dina ieu tabél.

Tabél 3.3

Masarakat Jonggol dumasar Tingkat Pendidikan

No Pendidikan Jumlah

1 2 3

1 Buta Hurup 4.949

2 Can Sakola 310

3 Teu Tamat SD 10.246

4 Tamat SD 6.287

5 Tamat SMP 6.938

6 Tamat SMA 869

7 Tamat DI/II 2.205

8 Tamat D3 1.221

9 Tamat S1 27

10 Tamat S2 13

11 Tamat S3 11

Sumber: data Laporan Bulanan Kecamatan Jonggol Bulan Desember 2012

(21)

36

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

Tabél 3.4

Sarana Pendidikan di Kacamatan Jonggol

No Sarana Pendidikan Jumlah

1 2 3

1 TK 56

2 SD Negeri 52

3 SD Swasta 4

4 MI Swasta 9

5 SMP Negeri 2

6 SMP Swasta 8

7 SMP Satu Atap 1

8 MTS Swasta 7

9 SMU Negeri 1

10 SMU Swasta 6

11 SMK Swasta 3

12 MAN 1

13 PAUD 14

14 PKBM 6

15 Pondok Pesantren 53

16 Madrasah Diniyah 20

Sumber: data Laporan Bulanan Kecamatan Jonggol Bulan Desember 2012

3.1.2.3. Pakasaban

(22)

37

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngagantungkeun hirupna tina hasil kebon. Biasana masarakat melak tangkal bungbuahan saperti rambutan, kadu, kacapi (sentul), jrrd. Tapi kaayeunakeun mah keur usum melak tatangkalan nu diala kaina, misalna tangkal jéngjéng (albasiah, jeungjing).

Di Kacamatan Jonggol, teu saeutik masarakatna nu gawé di pamaréntahan, boh nu jadi PNS boh TNI/POLRI. Warga pendatang ti daérah Priangan lolobana muka usaha sorangan. Tapi masarakat di Kacamatan Jonggol gé loba nu ngumbara ka tempat séjén keur néangan pagawéan.

Tabél 3.5

Pakasaban Masarakat di Kacamatan Jonggol

No Pakasaban Jumlah

5 Buruh Pertambangan 970

6 TNI/POLRI 958

7 PNS 873

8 Pengusaha 548

9 Pensiunan (PNS/TNI/POLRI) 180

(23)

38

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

1 2 3

11 Anggota Dewan Perwakilan 1

Sumber: data Laporan Bulanan Kecamatan Jonggol Bulan Desember 2012

3.1.2.4. Agama jeung Kapercayaan

Masarakat di Kacamatan Jonggol umumna ngagem agama Islam, tapi teu saeutik ogé nu ngagem agama salian ti Islam jeung kapercayaan séjén. Hal ieu katitén dina ieu tabél.

Tabél 3.6

Agama Masarakat Di Kacamatan Jonggol

No Agama Jumlah

1 2 3

1 Islam 120.577

2 Katolik 1.253

3 Protestan 1.138

4 Hindu 57

5 Budha 544

6 Konghucu 55

Jumlah 123.624

Sumber: data Laporan Bulanan Kecamatan Jonggol Bulan Desember 2012

(24)

39

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.2.5. Sistem Kekerabatan

Sistem kekerabatan masarakat di Kacamatan Jonggol sarua jeung sistem kekerabatan masarakat Sunda umumna. Sabagéan masarakat nu kaitung ngora kénéh, ngan apal sistem pancakaki vertikal (anu mertélakeun turunan ti luhur nepi ka handap sacara langsung) saperti anak, incu, jeung buyut. Jarang aya nu apal nepi ka janggawaréng atawa udeg-udeg. Tapi mun sistem pancakaki sacara horizontal (nu mertélakeun dulur atawa baraya ti gigir) saperti uwa, bibi, mamang, kapiadi, atawa kapilanceuk mah biasana arapaleun kénéh.

Hubungan antara masarakat di Kacamatan Jonggol kawilang harmonis. Lokasi géografisna nu suburb, nya éta padesaan tapi geus deukeut ka kota, ngabalukarkeun pacampurna kahirupan padésaan jeung perkotaan. Masarakat di Kamacatan Jonggol masih aya nu silih bantuan, komo masarakat di daérah pelosok mah. Lamun aya nu kamusibahan, kapapaténan, atawa aya nu hajat masih kénéh sok silih bantuan. Tapi dina kahirupan gotong royong kawas ronda, ngaberesihan solokan, atawa menerkeun

jalan, sok aya kénéh nu “aing-aingan”. Sakapeung mah sok aya nu mentingkeun kapentinganna sorangan.

Dina tradisi hajatan boh acara nikahan atawa nyunatan, masarakat di Kacamatan Jonggol masih kénéh sok silih bantuan. Biasana ibu-ibu mawa béas, sayuran, atawa bahan-bahan séjénna. Mawana téh biasana dina baskom gedé nu dibungkus ku taplak méja. Salaku gaganti bahan kaolahan nu geus dibikeun, biasana nu hajat sok méré kuéh atawa kaolahan nu diasupkeun kana baskom tadi. Tapi

biasana “barang béré” kieu téh sok dijadikeun hutang. Lamun Ibu A méré béas

sagantang dina waktu Ibu B hajat. Sabalikna dina waktu Ibu B hajat, Ibu A gé kudu méré minimal béas sagantang ka Ibu B, sabab boga hutang nalika hajat.

3.1.2.6. Basa

(25)

40

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

sieun salah jeung éra mun nyarita ku basa Sunda téh. Tungtungna masarakat pribumi leuwih milih nyarita ku basa Indonesia, sabab cenah éra da basa nu digunakeunna kasar jeung teu apal undak-usukna, sieun salah. Kusabab loba pendatang ti daérah séjén salian ti Jawa Barat anu teu ngarti basa Sunda, ngabalukarkeun dina komunikasi sapopoé teu maké basa Sunda. Biasana sok maké basa Indonesia, sabab basa Indonesia mah basa nu dipikaharti ku sakabéh sélér bangsa nu cicing di Kacamatan Jonggol. Tapi kaayeunakeun boh barudak leutik boh nu kolot mun nyarita téh ku basa Indonesia. Éra mun maké basa Sunda téh, teu gaul, kampungan, jeung loba alesan séjén. Tapi nu digunakeun téh lain basa Indonesia nu bener, malah basana téh ngalaman campur kode jeung basa Sunda.

3.2. Desain Panalungtikan

(26)

41

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Nangtukeun Masalah

Ngawatesan jeung Ngarumuskeun Masalah

Nangtukeun Sumber Data

Nangtukeun Instrumen

Ngumpulkeun Data

Nganalisis jeung Ngolah Data

(27)

42

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

3.3. Métode Panalungtikan

Kecap métode asalna tina basa Yunani, nya éta methodos nu hartina cara atawa jalan. Métode mangrupa cara nu sistematis pikeun ngahontal tujuan nu dipikahayang. Hubunganna jeung kagiatan ilmiah, métode patali jeung masalah cara gawé pikeun maham objék nu jadi target éta élmu. Ku kituna, métode bisa dihartikeun salaku cara pamarekan, observasi, ngajéntrékeun hiji hal ku cara ngagunakeun téori. Dina harti nu heureut, métode téh ngan saukur patali jeung rarancang panalungtikan nu ngawengku prosedur ngumpulkeun data jeung téhnik analisis data. Sedengkeun dina harti jembar, métode panalungtikan mangrupa cara jeung prosedur nu sistematis jeung terorganisir, pikeun nalungtik hiji masalah nu tujuanna pikeun meunangkeun informasi nu dipaké minangka solusi keur éta masalah. Cara nu dimaksud nya éta ku cara ngagunakeun métode ilmiah nu ngawengku ti sababaraha léngkah (Silalahi, 2010: 12-13).

Nurutkeun Fathoni (2005:99), métode panalungtikan téh nya éta cara gawé nu dipaké dina kagiatan panalungtikan. Sedengkeun Arikunto dina Astuti (2008: 38) nétélakeun yén métode panalungtikan téh nya éta cara nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Sacara gurat badag, métode nu sok digunakeun dina panalungtikan téh nya éta métode historis, métodé déskriptif, jeung métode ékspériméntal.

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Melly G. Tan dina Silalahi (2010: 29) nétélakeun yén panalungtikan nu ngagunakeun métode déskriptif téh miboga tujuan ngagambarkeun sacara jéntré ngeunaan sipat-sipat hiji individu, kaayaan, tanda-tanda, atawa hiji kelompok. Métode ieu digunakeun lamun aya pangaweruh atawa informasi ngeunaan gejala sosial anu bisa ditalungtik. Métode déskriptif nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dasar dina cara déskriptif wungkul, teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan, atawa teu

(28)

43

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun

simbol jeung ma’na nu nyampak dina acara pasca nikah adat Sunda di Kecamatan

Jonggol Kabupaten Bogor. Anapon léngkah-léngkah ieu panalungtikan nya éta: 1) Ngumpulkeun data, anu mangrupa simbol jeung ma’na dina runtuyan acara

sabada nikah adat Sunda di Kacamatan Jonggol kanbupaten Bogor;

2) Nganalisis simbol jeung ma’na nu nyampak dina runtuyan acara sabada nikah di Kacamatan Jonggol Kabupaten Bogor;

3) Ngadéskripsikeun hasil penapsiran tina wawancara jeung kacindekan hasil analisis.

3.4. Wangenan Operasional

Sangkan teu nimbulkeun pamahaman séjén, di handap ieu dipedar wangenan ngeunaan kecap-kecap nu dijadikeun judul panalungtikan.

1) Simbol

Simbol nya éta tanda atawa lambang nu dipaké ku kelompok masarakat dumasar kana perjanjian sarta pikeun nyangkemna kudu diulik. Simbol nu dimaksud dina ieu panalungtikan nya éta tina pakakas atawa kalengkepan upacara.

2) Ma’na

Ma’na nya éta patalina antara wangun (tanda) nu mangrupa lambang sora

omongan jeung hal atawa barang nu dimaksudna. 3) Runtuyan acara sabada nikah

Runtuyan acara sabada nikah nya éta susunan acara nu diayakeun sanggeus acara ijab kabul dina nikahan.

4) Adat

Kabiasaan, kasopanan nu geus turun-tumurun (Kamus Basa Sunda, 2006: 4). Adat Sunda nya éta kabiasaan nu aya di daérah Sunda.

(29)

44

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

Dumasar kana wangenan-wangenan nu geus disebutkeun, anu dimaksud

“Simbol jeung Ma’na nu Nyampak dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan)

Adat Sunda di Kacamatan Jonggol Kabupaten Bogor” téh nya éta panalungtikan nu

dilakukeun ku cara nganalisis simbol jeung ma’na nu nyampak dina runtuyan acara sabada nikah nu aya di Kacamatan Jonggol Kabupaten Bogor.

3.5. Instrumen Panalungtikan 3.5.1. Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun nungtun panalungtik sangkan dina prakna wawancara jeung narasumber, obrolanna museur jeung teu nyimpang tina tujuan nu hayang dihontal. Anapon pedoman wawancarana nya éta:

I. Biodata Informan 1. Wasta:

2. Umur: 3. Pakasaban: 4. Atikan: 5. Alamat:

II.Daptar Patalékan

1. Naha upacara adat Sunda masih dipaké dina nikahan di désa ieu? 2. Aya acara naon wé di jerona?

3. Kumaha prak-prakkan acara nyawér, nincak endog, meuleum jeung meunggaskeun harupat, meupeuskeun kendi, buka pintu jeung huap lingkung (runtuyan acara sabada nikah)?

4. Naon waé simbol jeung ma’na nu nyampak dina acara nyawér?

5. Naon waé simbol jeung ma’na nu nyampak dina acara nincak endog?

6. Naon waé simbol jeung ma’na nu nyampak dina acara meuleum jeung

(30)

45

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

7. Naon waé simbol jeung ma’na nu nyampak dina acara meupeuskeun

kendi?

8. Naon waé simbol jeung ma’na nu nyampak dina acara buka pintu?

9. Naon waé simbol jeung ma’na nu nyampak dina acara huap lingkung?

3.6. Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan nya éta cara (prosedur) nu kudu dilakukeun kalawan ngagunakeun métode nu tangtu, sangkan tujuan sasaran nu dipiharep dina hiji panalungtikan bisa kahontal. Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik observasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokumentsi.

3.6.1. Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta: 1. Téhnik observasi

Observasi nya éta téhnik ngumpulkeun data nu dilakukeun ngaliwatan cara niténan (observasi) nu dibarengan nyatet kaayaan jeung paripolah

objek sasaran. Jalma nu ngalakukeun observasi disebutna “pengobservasi”

(observer), sedengkeun anu diobservasina disebut “terobservasi” (observee) (Fathoni, 2006: 104). Sabenerna ngaobservasi téh teu ngan saukur nempokeun atawa nu katempo (visual) wungkul, tapi gé pangalaman anu katarima ku indra kawas dédéngéan, bau jeung rasa (Danandjaja, 2007: 197). Téhnik observasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan prak-prakkan acara sabada nikah di Kecamatan Jonggol, Kabupaten Bogor ku cara panalungtik ngalakukeun observasi langsung ka acara nikah di Kacamatan Jonggol, Kabupaten Bogor.

2. Téhnik wawancara

(31)

46

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan Jonggol

sacara saarah. Jadi maksudna patalékan téh datangna ti pihak nu ngawawancara jeung jawaban dibéré ku nu diwawancara. Koentjaraningrat dina Bungin (2010: 100) nambahkeun yén wawancara dina hiji panalungtikan nu tujuanna pikeun ngumpulkeun katerangan ngeunaan

hirup manusa dina hiji masarakat téh mangrupa hiji “pembantu utama” tina

téhnik observasi. Jadi téhnik wawancara digunakeun pikeun ngawawancara nara sumber (juru rias jeung panata acara upacara adat) di Kecamatan Jonggol anu patali jeung runtuyan acara sabada nikah anu fungsina pikeun nambahan référénsi.

3. Téhnik dokumentasi

Téknik dokumentasi digunakeun pikeun ngarojong informasi data nu mangrupa gambar. Anu didokumentasikeunna nya éta sakabéh kajadian atawa barang nu aya patalina jeung prak-prakkan runtuyan acara sabada nikah. Dina ngalaksanakeun téhnik dokumentasi, dibutuhkeun alat-alat pikeun ngarojong ieu panalungtikan, saperti tape recorder, handycam, jeung kamera poto.

3.6.2. Téhnik Ngolah Data

Data nu geus kapanggih jeung dikumpulkeun, tuluy diolah sarta diteuleuman

nepi ka meunang simbol jeung ma’na dina runtuyan acara sabada nikah. Léngkah-léngkah ngolah data dina ieu panalungtikan, katitén saperti ieu di handap.

1) Niténan deui data nu geus dikumpulkeun;

2) Nganalisis, milah-milah data nu geus dikumpulkeun;

3) Nganalisis simbol jeung ma’na dina runtuyan acara sabada nikah adat

Sunda, di Kacamatan Jonggol Kabupaten Bogor;

4) Ngadéskripsikeun hasil penapsiran tina wawancara jeung observasi;

5) Nyieun kacindekan hasil analisis simbol jeung ma’na dina runtuyan acara

(32)

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan

Jonggol Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1. Kacindekan

Dina ieu bab baris dijéntrékeun kacindekanana. Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pedaranna, bisa dicindekkeun sababaraha kacindekan, nya éta:

1) Dina prak-prakanna, runtuyan acara sabada nikah di Kacamatan Jonggol sarua jeung runtuyan acara di daérah Sunda séjénna. Runtuyan acarana dimimitian ku acara nyawér, dituluykeun ku acara nincak endog, meuleum jeung miteskeun harupat, buka pintu, sarta huap lingkung. Ngan di sababaraha daérah aya nu ngaganti acara meuleum jeung miteskeun harupat ku acara meuleum kapas dina coét, aya ogé nu nambahkeun acara meuleum kapas dina coétna téh sanggeus acara meuleum jeung miteskeun harupat. Hal ieu gumantung kana kasiapan jeung kalengkepan nu boga hajat sarta kumaha panata acarana méré pituduh.

(33)

90

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan

3) Dumasar kana hasil analisis, simbol-simbol nu nyampak atawa nu kapanggih dina runtuyan acara sabada nikah téh réa ma’na nu penting keur disurahan. Ampir sakabéhna ngandung ma’na pépéling atawa mapatahan ka pangantén keur nyanghareupan kahirupan rumah tangga ka hareupna, sangkan meunang kabagjaan boh di dunya boh di ahérat, jeung sangkan dijauhkeun tina kagoréngan kahirupan.

5.2. Saran

(34)

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan

Jonggol Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Astuti, Yulia. 2008. Simbol jeung Ma’na nu Nyampak dina Tradisi Nikah di Desa Cigugur Girang Kacamatan Parongpong Kabupaten Bandung. Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Bungin, Burhan. 2010. Metodologi Penelitian Kualitatif. Jakarta: PT. RajaGrafindo Persada.

Danadibrata, R. A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Danandjaja, James. 2007. Folklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti. Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1982. Adat dan Upacara Perkawinan

Daerah Jawa Barat. Jakarta: Depdikbud.

Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Besar Bahasa Indonesia Edisi Keempat. Jakarta: PT. Gramedia Jakarta.

Ekadjati, Edi S. 1984. Masyarakat Sunda dan Kebudayaannya. Jakarta: PT. Girimukti Pasaka

---. 2005. Kebudayaan Sunda. Jakarta: PT Dunia Pustaka Jaya.

Fathoni, Abdurrahmat. 2006. Metode Penelitian dan Teknik Penyusunan Skripsi. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Gustini, Ambu Heny. 2010. Upacara Adat Pengantin Sunda. [Online]. Tersedia: http://menjawabdenganhati.wordpress.com/2010/07/15/upacara-adat-pengantin-sunda/ [3 April 2013].

Isnendes, Chye Retty. 2010. Kajian sastra. Bandung: Daluang.

(35)

92

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Lubis, Nina H, dkk. 2003. Sejarah Tatar Sunda Jilid I. Bandung: Lembaga Penelitian Universitas Padjadjaran.

Muchtar, Uton & Ki Umbara. 1987. Modana. Bandung: PT Mangle Panglipur Lara.

Silalahi, Ulber. 2010. Metode Penelitian Sosial. Bandung: PT Refika Aditama. Sobur, Alex. 2009. Semiotika Komunikasi. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya. Soelaeman, M. Munandar. 2010. Ilmu Budaya Dasar. Bandung: PT. Refiko

Aditama.

Sudaryat, Yayat. 2010. Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. Sudjiman, Panuti & Aart Van Zoest. 1991. Serba Serbi Semiotika. Jakarta:

Gramedia Pustaka Utama.

Syarifudin, Dede Ahmad. 2011. Pengertian Semiotik. [Online]. Tersedia: http://ode87.blogspot.com/2011/03/pengertian-semiotik.html [15 Januari 2013].

Taylor, Edward B. 1981. Primitive Culture, vol II, pp. 1-6. John Muray, London. Ullman, Stephen. 1972. Semantics. Oxford: Basil Blackwell Paperback.

Widaghdo, Djoko, dkk. 2010. Ilmu Budaya Dasar. Jakarta: Bumi Aksara. Widyosiswoyo, Supartono. 2009. Ilmu Budaya Dasar. Bogor: Ghalia Indonesia.

Wikipedia. 2013. Budaya. [Online]. Tersedia:

(36)

93

Puji Dwi Lestari, 2013

Simbol Jeung Ma’na Dina Runtuyan Acara Sabada Nikah (Bantayan) Adat Sunda Di Kacamatan

Jonggol Kabupaten Bogor

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Referensi

Dokumen terkait

1) Campur kode nya éta makéna dua unsur basa dina hiji omongan anu ngagunakeun hiji basa di mana antara unsur kahiji jeung séjénna silih mangaruhan