• Tidak ada hasil yang ditemukan

Rangkuman Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 1

N/A
N/A
buguru dede

Academic year: 2023

Membagikan "Rangkuman Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 1"

Copied!
12
0
0

Teks penuh

(1)

RANGKUMAN BAHASA SUNDA KELAS VI

Pangajaran 1

Nangtayungan Sasatoan

Sub Tema 1

A. Wacana

Anak Si Rénggé

Pun bapa seneng pisan miara ingon – ingon (sasatoan). Di bumina téh aya kelenci, marmut, japati, sareng hayam. Hayamna rupi – rupi, sajabi ti hayam kampung aya ogé hayam pelung, bangkok, sareng hayam katé ogé aya.

Di pengkereun bumina, bapa ogé ngadamel balong anu dipelakan rupi - rupi lauk saperti lauk emas, lauk mujaér, lauk guramé, jeung lélé. Balongna téh teu patos jero, margi saur bapa melang bilih aya anu titeuleum.

Hiji waktos Si Rudi nyarios ka bapana hoyong miara meri. Ku bapana disatujuan, tapi moal mésér anakna badé megarkeun nyalira.

“Urang megarkeun waé, endogna urang mésér ka Mang Toha,” saur bapana.

Ti harita bapa sareng putrana teras bébérés, kaleresan aya hayam anu badé nyileungleum nyaéta Si Rénggé. Endog Si Rénggé ditukeuran ku bapana ku endog meri ti Mang Toha téa. Megarkeun meri saur bapana kedah ku hayam anu nuju nyileungleum. Margi ari ku indung merina mah tara megar. Leres waé dina waktosna, anak Si Rénggé téh megar sadayana mani lalucu pisan.

Tos umur saminggu anak Si Rénggé ku bapa diturunkeun kana balong, ditutur – tutur ku Si Rudi bisi tilelep. Si Rudi mani resepeun pisan ningali anakna Si Rénggé ngarojay di jero balong, mani resep katingalina téh.

I. Jawab pananya di handap ieu!

1. Saha anu resep miara ingon – ingon téh?

2. Sato naon waé anu diinguna téh?

3. Di mana perenahna bapa ngadamel éta balongna téh?

4. Dipelakkan lauk naon waé éta balongna téh?

5. Geus umur saminggu anakna Si Rénggé ku bapana sok dikumahakeun?

II. Harti Kecap

▸ Baca selengkapnya: soal bahasa sunda kelas 6 tentang globalisasi

(2)

1. Pun bapa resep miara ingon – ingon.

 Ingon – ingon = sato anu sok diingu 2. Bapa nuju ngadamel kulah.

 Kulah = balong atawa émpang (kolam).

3. Saur bapa ngadamel balongna tong jero teuing, melang sing aya nu tigejebur.

 Melang = hariwang ( hawatir).

4. Tuh Si Rénggéna rék nyileungleum (mengerami).

 Nyileungleum = ngadekeman endog sangkan megar (menetas).

 Rénggé = warna bulu hayam

 Megar = endog megar, beulah cangkangna, tuluy kaluar anakna.

5. Mimiti mah Si Rénggé téh cicing waé, tapi mireungeuh anakna dipapangku ari garapak téh ngabintih ka Si Rudi, tuluy cilingcingcat ka ditu ka dieu.

 Mireungeuh = ningali, nempo

 Ngabintih = ngeunakeun bagian awak nu matak nyeri ka batur.

 Cilingcingcat = teu daék cicing, turun naék

6. Si Rudi malah ngahajakeun seuseurian ningali anakna Si Rénggé tikoséwad.

 Ngahajakeun = ngahalnakeun, milampah hal anu dilarang, minangka protés.

 Tikoséwad = labuh.

7. Buuk Kang Wawan mah rintin jiga akina.

 Rintit = keriting, kribo

8. Hayam pelung kagungan bapa mah warnana borontok.

 Borontok = warna bulu hayam beureum totol - totol bodas.

III. Ngaran anak sato 1. Begog = anak monyét

2. Belo = anak kuda 3. Bilatung = anak ucing 4. Bocokok = anak buhaya 5. Buncit = anak beurit 6. Burayak = anak lauk 7. Buruy = anak bangkong

8. Cémé = anak embé ( kambing ) 9. Ciak = anak hayam

10. Enéng = anak munding 11. Hileud = anak kukupu 12. Kicik / kirik = anak anjing 13. Ménél = anak gajah 14. Pedēt = anak sapi 15. Piyik = anak japati

(3)

16. Utek – utek = anak reungit

Sub Tema 2

IV. Ngaran tempat nu aya di Kabupaten Bandung.

 Di Kabupaten Bandung aya 31 Kecamatan diantarana waé aya:

1. Kecamatan Margaasih = Kelurahan Margaasih, Cigondéwah Hilir, Lagadar, Nanjung, Rahayu, Mekarahayu.

2. Kecamatan Margahayu = Kelurahan Margahayu Tengah, Margahayu Selatan, Sukaménak, Sayati, Sulaéman.

3. Kecamatan Cileunyi = Kelurahan Cileunyi Kulon, Cileunyi Wétan, Cibiru Wétan, Cibiru Hilir, Cinunuk, jst

4. Kecamatan Balééndah = Kelurahan Andir, Malakasari, Maggahang, Balééndah, Rancamanyar, jst

5. Kecamatan Banjaran = Kelurahan Banjaran Kulon, Banjaran Wétan, Mekarjaya, Néglasari, Pasirmulya, jst

6. Kecamatan Soréang = Kelurahan Soréang, Sukajadi, Sukanagara, Pamekaran, Sekarwangi, jst

V. Kecap serepan tina basa asing.

1. Kecap serepan anu asalna tina basa Walanda contona:

 émbér, baskom, dasi, anduk, saku, kosmetik, parfum

2. Kecap serepan anu asalna tina basa Arab contona:

 kopéah, masjid, musola, kitab, madrasah

3. Kecap serepan anu asalna tina basa Cina contona:

 loténg, tahu, soun, bapaw, tauco

4. Kecap serepan anu asalna tina basa Sangsekerta

contona:

 bumi, angkasa, nagara, kota, sagara

Sub Tema 3

VI. Ngaran Patukangan

1. Anjun = tukang nyieun barang tina taneuh

(4)

2. Baramaén = tukang ngamén atawa tukang baramaén.

3. Bengkong = tukang nyunatan

4. Dalang = tukang ngalalakonkeun carita wayang

5. Kamasan = tukang nyieun perhiasan tina emas atawa perak 6. Kuncén = tukang ngajaga kuburan

7. Modin = tukang adan

8. Palédang = tukang nyieun parabot tina kaléng atawa tambaga.

9. Pamatang = tukang moro sato ngagunakeun tumbak 10. Palika = tukang teulem

11. Pamayang = tukang ngala lauk 12. Nayaga = tukang nabeuh gameulan

13. Panday = tukang nyieun parabot tina beusi 14. Sarati = tukang meruhkeun sato galak

15. Sindén = juru kawih atawa tukang ngawih dina wayang golék

Pangajaran 2

Hirup Rukun Sauyunan

Sub Tema 1

A. Wacana

Penca Silat

Penca silat atawa penca téh seni béla diri tradisional nu asalna ti Indonésia. Di Indonésia, ieu penca téh hirup di suku bangsana, di antarana baé di Minang, Sunda, Jawa, jeung Bali. Salian di Indonésia ieu seni béla diri téh nyampak jeung hirup ogé di Malaysia, Brunéy, Singapura, Filipina Selatan, Jeung Thailand. Malah di Vietnam ogé ayeuna mah aya penca ogé, sabab diwanohkeun ku jawara – jawara penca ti Indonésia.

Penca ngandung opat aspék, nyaéta: méntal spiritual, seni budaya , olahraga, jeung béla diri. Jéntréna mah kieu. Nu diajar penca, ku guruna sok diajarkeun kumaha carana ngadalian émosi, ngalatih kasabaran jeung tahapan – tahapan séjénna. Nu diajar penca ogé, utamana ditatar Sunda diajar kaéndahan gerakan nu disebut “ Kembang.” Urang Sunda atawa suku bangsa séjénna upama mintonkeun penca sok dibarengan ku wirahma lagu. Di tatar Sunda mah matak sok disebut “kendang penca” da dipirig ku kendang jeung tarompétna. Nu diajar penca ngalakukeun olah raga, lantaran dina penca aya gerakan nu

(5)

puguh éntép seureuhna nepi ka nu menca perlu tanaga jeung ngaluarkeun karinget. Nu pamungkas, nu diajar penca tangtuna boga maksud pikeun mertahankeun dirina tina sagala tina sagala bahaya.

Penca jadi alat dina ngabeungkeut rasa duduluran sangkan guyub di Nusantara.

Diajar penca lain pikeun néangan satru kabuyutan tapi pikeun népakan kanyaah ka sasama. Salian ti éta, nya pikeun kaséhatan, kaéndahan, jeung pertahanan diri.

B. Harti Kecap

1. Wanoh = wawuh, kenal.

2. Jawara = juara, jalma jago.

3. Jéntré = écés, jelas.

4. Kembang = penca igel, penca ibing, seni penca.

5. Ngadalian, kadali = nahan.

6. Mintonkeun, pinton = témbong, némbongkeun.

7. Wirahma = aturan lagu nu ngeunah kadéngéna, irama.

8. Pamungkas, pungkas = panungtung, tungtung, ahirna.

9. Ngabeungkeut = ngahijikeun.

10. Guyub = akur, rukun, babarengan.

11. Satru kabuyut = musuh, lawan.

Sub Tema 2

C. Kecap Rajékan

Kecap rajekan nyaéta kecap anu disebut dua kali boh engangna boh wangun dasarna, aya ogé anu sok ditambah rarangkén deui, boh rarangkén hareup, atawa rarangkén tukang.

 Kecap Rajékan diantarana:

1. Kecap Rajekan Dwipurwa asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" anu hartina "dua" jeung

"purwa" anu hartina "mimiti atawa awal".

 contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran, tajong jadi tatajong, sépak jadi sésépak, teunggeul jadi teuteunggeul.

2. Kecap rajékan dwimadya asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" anu hartina "dua" jeung

"madya" anu hartina "tengah,” jadi kecap rajékan dwimadya nyaéta kecap anu dirajék engang tengahna.

 Contona: sapeuting jadi sapeupeuting, sapoe jadi sapopoé.

(6)

3. Kecap rajékan dwilingga atawa dwimurni nyaéta kecap anu dirajék wangun dasarna bari teu ngarobah sorana.

 Conto kecap rajékan dwimurni: mobil-mobil, motor-motor, jalma-jalma, buku - buku 4. Kecap rajékan dwiréka nyaéta kecap anu diréka – réka.

 Conto kecap rajékan dwiréka: pulang-pelong, luak-lieuk, tual-toél, bulak - balik

5. Kecap rajékan trilingga nyaéta kecap anu dirajék atawa disebut tilu kali wangun dasarna.

Contona: tang-ting-tung, dat-dit-dut, trang-tréng-trong, bla – blig – blug, dar – dér – dor

D. Kecap Sabalikna nyaéta kecap anu miboga harti sabalikna / lawan kecap Conto kecap sabalikna :

1. Gedé sabalikna leutik / alit 2. Alus sabalikna goréng / butut 3. Ditolak sabalikna ditarima 4. Sepi sabalikna ramé 5. Bersih sabalikna kotor

6. Lila sabalikna sakeudeung ( sebentar ) 7. Jangkung sabalikna pendék

8. Panjang sabalikna pondok 9. Loba sabalikna saeutik 10. Mahal sabalikna murah 11. Béda sabalikna sarua 12. Kolot sabalikna budak 13. Jauh sabalikna deukeut

E. Kecap Sasaruaan nyaéta kecap anu miboga harti sarua Conto :

1. Gedé = badag = ageung ( besar ) 2. Leutik = alit

3. Alus – saé 4. Ayeuna = kiwari

5. Gampang = babari = gampil 6. Hésé = susah

7. Baréto = baheula ( dahulu ) 8. Sepi = jempling

(7)

Sub Tema 3

F. Bituna warna

1. Bajuna hideung mani lestreng.

2. Warna sapatuna konéng mani enay.

3. Daun tangkal sampeu héjo mani ngagedod.

4. Caina herang mani ngagenclang.

5. Kang Toni maké baju warnana bodas mani nyacas.

6. Éta topi téh warnana beureum mani euceuy.

G. Babasan

1. Hampang leungeun = sok tunggal teunggeul ka batur 2. Hampang birit = sok daék ditutah titah

3. Beurat birit = hésé ditutah titah.

4. Atah anjang = langka nganjang, jarang nganjang 5. Lésang kuras = nu teu bisa nyekel duit

6. Peujit korēseun = babari lapar

7. Laér gado = sok kabitaan ku dahareun batur 8. Epés méér = babari ceurik

9. Hējo tihang = sok pundah pindah pagawéan 10. Gurat batu = mawa karep sorangan.

11. Kandel kulit beungeut hartina teu boga kaéra 12. Kurung batok hartina resep cicing di imah

13. Murag bulu bitis hartina resep indit – inditan / teu betah cicing di imah

Pangajaran 3 Tokoh Sunda

sub Tema 1

 Taufik Hidayat jeung Susi Susanti téh atlit badminton anu kasohor.

Dina kalimah di luhur aya kecap badminton. Éta téh ngaran salah sahiji jenis olah raga. Dina unggal olah raga aya rupa - rupa istilah.

Anu kaasup istilah dina badminton nyaéta:

1. Kok = alat keur maén badminton anu dijieun

tina bulu hayam.

(8)

2. Nét = jaring anu dipasang di tengah lapang keur maén badminton.

3. Rakét = alat keur nakol kok

4. Lépri = juri

5. Lésmén = juri kenca (kiri) , katuhu (kanan)

atawa hakim garis

6. Sérpén = nakol kok rék ngamimitian

pertandingan

7. Lob = kok ngalambung ka luhur

8. Sémés = nakol kok tarik pisan ka arah lawan.

9. Néting (nétting) = nakol kok kena kana nét.

10. Jus (deuce) = jumlah scor sami

11. Békhén = nakol kok ti gigir beulah kenca di

operk ka beulah katuhu

12. Dropsot = nakol kok jiga nu tarik padahal

lalaunan ragrag di deukeut net lawan.

Istilah di handap ieu aya dina olah raga sepak bola nyaéta:

1. Hén (handsball ) = bal keuna kana leungeun sbol 2. Prikik (Free kick) = tendangan bebas

3. Kornal (corner kick) = tendangan juru ( sudut ) 4. Kiper (goal keeper) = tukang ngajaga gawang 5.Bek (back) = pamain tukang

6.Pasing (passing) = tehnik ngoper bal ti pamaén nu hiji kanu séjénna.

Sub Tema 2

Kecap Panganteur.

1. am dahar béréwék soéh belewer malédog

2. berebet lumpat beretek lumpat blug labuh

3. hing ceurik sup asup bray muka, bray beunta, caang

4. trét nulis breg hujan léos indit

5. brus mandi gék diuk cakakak seuri

6. gantawang nyarékan jol datang jep jempé, jep jempling

7. leguk nginum jung nangtung segruk ceurik

8. torojol datang cong nyembah prak digawé

9. dug saré reg eureun réngkénék ngigel

10. geleser maju térékél naék pes pareum

11. jrut turun pok ngomong orolo Utah (muntah)

(9)

A. Pola kalimah ( S – P – O) = ( J- C- O ) 1. Subjek dina basa sunda disebutna jejer.

2. Predikat dina basa sunda disebutna caritaan.

3. Obyek dina basa sunda disebutna obyék.

4. Keterangan dina basa sunda disebutna katerangan.

 Katerangan aya dua nyaéta:

 Katerangan waktu

 Katerangan tempat

Conto kalimah anu ngandung pola kalimah jejer, caritaan ( J – C ) 1. Andi keur lulumpatan.

2. Budi keur dibaju.

3. Nani keur mandi.

Conto kalimah anu ngandung pola kalimah jejer, caritaan, obyek ( J- C – O ) 1. Rina mésér tahu.

2. Andi nendang bal.

3. Ibu nyeuseuh baju.

Conto kalimah anu ngandung pola kalimah jejer, caritaan, obyék, katerangan ( J-C-O- Kt)

1. Bibi nuju ngagoréng témpé di dapur.

2. Aki nuju melak cau di kebon.

3. Bapa nuju ngala lauk di balong.

Conto kalimah anu ngandung pola kalimah jejer, caritaan, obyék, katerangan ( J-C-O- Kw)

1. Santi mésér mobil poé Salasa.

2. Karin ngirim surat ka akina poé Kemis.

C. Kalimah aktif jeung pasif.

1. Conto kalimah aktif:

 Budi nendang bal di lapangan.

 Ibu keur ngagoréng tahu.

 Wawan keur ngala lauk di balong.

2. Conto kalimah pasif:

 Bal ditendang ku Budi di lapangan.

 Sangu keur digoréng ku ibu.

(10)

 Lauk diala kuWawan di balong.

D Kecap Kantétan

 Kecap kantétan nyaéta dua kecap anu dihijikeun ngawangun kecap anyar sarta ngabogaan harti anu béda tina haryti kecap asalna.

 Conto kecap kantétan:

1. Panon poé 11. jam tangan

2. Kupinggajah 12. suku kuda

3. kumis ucing 13. ruang tamu

4. kaca piring 14. buku tulis

5. beureum sisit 15. péso raut

6. raja pati 16. calana pangsi

7. sapatu kulit 17. jakét kulit

8. kompor gas 18. batu bata

9. endog hayam 19. minyak kalapa

10. sapi perah 20. Kaos kaki

Pangajaran 4 Globalisasi

Sub Tema 1

A. Pupuh Mijil

Aduh Gusti anu maha suci Sim abdi rumaos

Pangna abdi dumugi ka késrék Rék ka sepuh parantos ngusir Takabur sareng dir,

téga nundung sepuh

Aduh gusti nu kawasa Jisim abdi ageung dosa Pangna abdi gering nangtung Rék ka sepuh wantun nundung B. Pupuh Mijil

Mesat ngapung putra sang arimbi

(11)

Jeung méga geus awor Beuki lila beuki luhur baé Larak – lirik ningali ka bumi Milari sang rai

Pangéran Bimanyu

 Watek Pupuh Mijil ngagambarkeun rasa sedih/kasedih, tapi masih kēnēh aya harepan

 Guru lagu jeung guru wilang dina Pupuh Mijil nyaēta : 1. Baris kahiji 10 –i

2. Baris kadua = 6 –o 3. Baris katilu = 10 – e 4. Baris kaopat = 10 – i 5. Baris kalima = 6 – i 6. Baris kagenep = 6 – u

C. Harti Kecap

1. Sibanyo hartina ngumbah leungeun 2. Sibeungeut hartina ngumbah beungeut

3. Siduru hartina ngahaneutan awak di hareupeun hawu / tungku 4. Sidakep hartina ngalipet panangan di hareupeun dada

5. Sidéngdang hartina diuk dina bangku bari ngayunkeun suku

Sub Tema 2

D. NgaranKekembangan.

1. Aléwoh kembang waluh ( labu ) 2. Jantung kembang cau

3. Mérékényényén kembang jéngkol 4. Olohok kembang kadu

5. Ringsang kembang pare ( padi ) 6. Suligar kembang kalapa

7. Bosongot kembang bako 8. Dingdet kembang sampeu 9. Ulated kembang bawang.

10. Sari kembang salak.

(12)

11. Pendul kembang peuteuy

E. Sora Sasatoan.

1. Sora anjing= ngagogog 2. Sora hayam bikang = kokotak 3. Sora hayam jago = kongkorongok 4. Sora embé = ngabérélé

5. Sora maung = ngagaur 6. Sora kuda = ngahiem 7. Sora reungit = ngahieung

8. Sora bangbara (lebah ) = ngahiung 9. Sora meri /éntog = ngawékwék 10. Sora manuk = récét

Referensi

Dokumen terkait

For analyzing the impact of economic condition the researcher has selected the following factors as important elements - increase in family income, availability of cheap sources of

The new fast advancement of sub-atomic organic strategies has given new important data on the principle and vomeronasal olfactory receptor OR qualities, the axonal projection from