• Tidak ada hasil yang ditemukan

Pangumat Basa Sunda kelas VI

N/A
N/A
Fahmi Fahrudin

Academic year: 2023

Membagikan "Pangumat Basa Sunda kelas VI"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Pangumat Basa Sunda kelas VI

A. Pakakas & Patukangan

Pakakas nyaeta alat-alat nu bisa digunakeun dina budaya sunda. Pakakas dapur nu sok digunakeun keneh nepi ka kiwari, utamana ku jalmi sadaya masarakat di padesaan.

- Aseupan : parabot paragi nyeupan, wangunna nyungcung, Di pakena disangkokeun Dina seeng. Bagian puhuna sok di wengku ku tali tina awi Atawa tina hoe.

- Besek : paragi ngawadaham sasamaraan/berekat, nu dijieunna tina anyaman awi, wangunna pasagi opat, biasana sapasang, nu hiji keur alasan, sedengkeun nu hiji deui keur tutupna.

-Hawu : tempat paragi mirun seuneu di dapur, seuneuna ku silih, palebah hareupna aya lawang jeung liang palebah hareupna aya lawang jeung liang palebah luhurnya (aya hiji atawa dua) paragi nagenkeun katel, langseng, /pakakas sejenna nu dipake lamun keur ngasakan.

-Seeng : pakakas nu dijieun tina tambahan/ seng, paranti naheu cai, nyangu,/ nyeupan, paragi naheun aseupan.

-Hihid : paragi ngageberan rujak/Hawu, ngageberan sangu nu keur diakeul. Dijieunna tina awi, wangunna pasagi opat make gagang tina awi.

-Leukeur : parabot paragi nunda seeng, pariuk Atawa nu sejenna Sangkan teteg, dijieunna tina anyaman awi/ sapu pare. Wangunna buleud, tapi aya oge nu dijieun tina baskom bolong.

-Susuk : pakakas pikeun ngagoreng.

-Pangarih : centong pikeun ngagoreng.

-Gebog : dingkul gede paranti wadah pare

-Cecempeh : nyiru leutik paranti moekeun lauk asin -Ayakan gede : paranti nyieun opak

-Mutu : paranti ngarendos bumbu.

-Jojodog :paranti diuk bari nagog

-Talenan : Paranti ngahiris bawang atawa bumbu liana -Baskom : paranti wadah sayur.

-Rinjing : paranti balanja ka pasar -Gentong : wadah cai

-Bedok : paragi ngadek - Gunting : paragi motong -Kored : paragi miceunan jukut -Obeng : paragi ngiurkeun uril -Pacul : paragi nugarkeun taneuh -Ragaji : paragi motong/meulah awi

-Peso : paragi ngeureut; motong; nyiksik; mesék -Serok : paragi ngeduk runtah

-Taraje : paragi naék; turun-unggah ka tempat luhur -Palu : paragi nakol paku

B. Kadaharan tradisional sunda

Kata kadaharan istilahna anu aya patali jeung kadaharan, cara ngolahna aya nu digoreng, dipais, diseupan, dibeuleum,.

-Apeum nyaéta kadaharan anu bahan dasarna tina peuyeum sampeu. Cara ngolahna ku cara di sepan dina katel diwadahan kana loyang.

- Awug nyaéta kadaharan khas urang sunda anu dijieunna tina tipung beas, tipung ketan, gula beureum, kalapa parud jeung bentukna krucut.

- Papais nyaèta hiji nami katuangan anu didamel tina tipung bèas. Papais aya nu asin jeung aya oge nu semu amis.

Papais asin mah biasana tara aya eusian, tapi papais nu teu amis teuing, mung semu amis mah, di tengahna papaisna

1

(2)

Pangumat Basa Sunda kelas VI

aya potongan cau, biasana mah cau Nangka/cau sejenna gè sok dianggo. Terus ditèmpèlan daun pandan saalit ditengahna, nu ngajadikeun seungit kana papaisna.

- Rujak nyaéta kadaharan lada nu dijieun tina rupa-rupa bungbuahan ngora/ beubeutian. Bungbuahan jeung beubeutian nu dijieun rujak biasana buah ngora, balingbing, bangkuang, jsb. Nyieunna mah kawilang babari. Rupa- rupa bahan nu disebut di luhur dikeureutan. Bungbuna kayaning asem, cengek, cabe, jeung gula beureum diréndos dina coet.

- Karedok nyaéta mangrupakeun kadaharan khas Sunda anu bahan-bahan na tina sabangsaning bonteng, engkol, kacang panyang, surawung, toge, jeung terong, sedengken sambel na cengek, suuk, muncang, asem, gula. anu di renos dina coet sakabeh bahan na dihijikeun.

- Peuyeum nyaéta kadaharan anu dijieun tina sampeu atawa beas ketan. Cara ngolahna di sepan (kukus) terus di ragian sangges di ragian tuluy di bungkusan ku daun waru/ daun tisuk, lamun peuyeum ketan biasana di bungkusna ku daun muncang/ daun hangasa, tuluy di simpen kira-kira 2 poe.

- Ondé-ondé nyaéta ngaran kadaharan anu rasana amis, dijieun tina tipung ketan anu dibuleud-buleud. Di jerona dieusian ku enten/ kacang hejo, tuluy dipuih-puih di luhureun siki wijén, nepi ka éta siki wijén téh napel minuhan bagian luarna, sanggeus kitu digoréng.

- Surabi nyaéta olahan tina tipung beas nu sanggeus diuyahan jeung parudan kalapa diasupkeun kana citakan tina taneuh nu dipanaskeun ngagunakeun suluh. Sakapeung di luhurna dipurulukkan oncom.

- Bacang nyaéta kadaharan sabangsa leupeut, dijieunna tina beas beunang ngagigihan, biasana make jeroan mangrupa daging ragot (daging jeung sayuran), dibungkus ku daun awi atawa daun hanjuang.

- Bugis nyaéta kadaharan sabangsa amis-amis tina ketan (tipung ketan dieusian enten), dibungkus ku daun cau sahuapeun-sahuapeun, ngolahanna diseupan.

Tugas : Hidep pilarian gunana nami pakakas dihandap terus ngadamel kalimahna!

1. Katel : _____________________________________

2. Dulang: ____________________________________

3. Nyiru : _____________________________________

4. Panyiuk : ___________________________________

5. Boboko : ___________________________________

6. Teko : _____________________________________

7. Cangkir: ___________________________________

8. Sinduk : ____________________________________

9. Piring _: ____________________________________

10. Pabeasan : _________________________________

2

Referensi

Dokumen terkait

-Hawu : tempat paragi mirun seuneu di dapur, seuneuna ku suluh, palebah hareupna aya lawang jeung liang palebah hareupna aya lawang jeung liang palebah luhurnya aya hiji atawa dua