Materi Drama Bahasa Sunda
Naskah drama nyaeta carita rekaan anu diwangun dina hiji cacaritaan atawa dialog anu dina basa Sunda dipikawanoh ku istilah paguneman. Paguneman nyaeta dialog atawa ngobrol dua arah, silih tempas, antara dua urang atawa leuwih, anu ngagunakeun wangun kalimah langsung.
❖ Rupa-rupa drama : – Drama Tragedi
– Drama Komedi _ Sasakala
❖ Cara nulis naskah drama : 1. Dialog ditulis saenggeus ngaran
2. Eusi carita ditulis diantara dua keteng (kutip) 3. Pituduh laku ditulis dina kurung
❖ Ciri-ciri salengkepna anu aya dina karya sastra wangun drama:
1. Dina naskah drama aya catetan ngeunaan palaku anu aya dina eta drama anu tujuanna nyaeta pikeun ngajelaskeun hal-hal anu perlu dijelaskeun ngeunaan palaku anu aya dina drama.
2. Dina drama aya bagian anu disebut babak jeung adegan. Dina hiji drama bisa aya sababaraha babak jeung dina hiji babak bisa aya sababaraha adegan.
3. Dina unggal babak jeung adegan aya katerangan atawa catetan.
5. Dina drama aya prolog jeung epilog. Prolog ditulis dina awal drama. Epilog ditulis di akhir drama. Aya oge naskah drama anu henteu miboga prolog jeung epilog.
❖ Unsur-unsur nu aya dina drama nya eta:
1. Babak
Babak dina drama biasana ditandan ku setting tempat. Hartina mun ganti setting éta tandana ganti babak
2. Adegan
Adegan mangrupa bagian babak biasana nu ditandaan ku nambahan jeung ngurangan palaku
3. Dialog/paguneman
Dialog mangrupa bagian utama drama
4. Pituduh teknis
Pituduh teknis nya éta pituduh laku lampah palaku sarta ngagmbarkeun kaayaan dina carita
5. Prolog
Prolog nya éta bubuka panganteur kana eusi drama
6. Epilog
Epilog mangrupa panutup drama eusina biasa kacindekan atawa amanat, henteu tiap drama aya epilog.
7. Solilokui
Solilokui mangrupa bagian carita eosin paguneman nu dikedalkeun ku palaku ka diria sorangan
8. Tema
Tema nya éta puseur carita nu ngajiwaan sakabéh eusi carita
9. Galur carita
Galur ny éta runtuyan kajadian dina drama
10. Latar/setting
Eusina tempat, waktu, jeung suasana
11. Palaku
12. Amanat
Hal-hal nu rék ditepikeun ku pangarang mangrupa ajén-ajén moral