• Tidak ada hasil yang ditemukan

Hernawan, S.Pd., M.Pd.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "Hernawan, S.Pd., M.Pd."

Copied!
140
0
0

Teks penuh

(1)Hernawan, S.Pd., M.Pd..

(2) IDENTITAS MATA KULIAH       . Nama Mata Kuliah Kode Mata Kuliah Bobot SKS Semester/ Jenjang Kelompok Mata Kuliah Jurusan/Program Studi/ Prasyarat Linguistik.  Dosen /Kode Dosen. : Sintaksis : DR 413 : 3 SKS : 4/S1 : MKKPS : Pendidikan Bahasa Daerah : Telah Lulus Mata Kuliah Umum, Fonologi, dan Morfologi : Drs. Usep Kuswari, M.Pd./0689 Hernawan, S.Pd., M.Pd./2226.

(3) DESKRIPSI MATA KULIAH Dalam perkuliahan ini dibahas tentang kalimat, klausa, dan frasa bahasa Sunda. Selain itu mahasiswa memiliki kemampuan dalam menganalisis kalimat, frasa dan klausa berdasarkan analisis tradisional, struktural dan transformasional, serta mampu mengembangkan model pembelajaran kalimat, klausa dan frasa bahasa Sunda..

(4) Setelah mengikuti perkuliahan ini mahasiswa memiliki pengetahuan yang memadai mengenai kalimat, klausa, dan frasa bahasa Sunda. Selain itu mahasiswa memiliki kemampuan dalam menganalisis kalimat, frasa dan klausa berdasarkan analisis tradisional, struktural dan transformasional, serta mampu mengembangkan model pembelajaran kalimat, klausa dan frasa bahasa Sunda..

(5) HAKIKAT SINTAKSIS  Sacara etimologi, kecap sintaksis asalna tina basa. Yunani, sun anu hartina babarengan jeung tattien anu hartina nempatkeun.  Istilah sintaksis dina basa Walanda syntaxis, dina basa Inggris digunakeun istilah syntax  Jadi sacara etimologi sintaksis téh hartina ‘nempatkeun kecap-kecap babarengan jadi kantétan-kantétan kecap sarta kantétan-kantétan kecap jadi kantétan kalimah’ (Prawirasumantri, 2000: 1)..

(6) WANGENAN SINTAKSIS  Sintaksis nya éta bagéan tina élmu basa nu. medar ngeunaan wacana, kalimah, klausa, jeung frasa (Ramlan, 1986:21).  Sintaksis téh nya éta salah sahiji cabang tina tata basa nu medar adegan-adegan kalimah, klausa, jeung frasa (Tarigan,1984:6).  Sintaksis téh nya éta tata basa anu medar hubungan antakecap dina ungkara (Chaer, 2001: 161)..

(7) WANGENAN SINTAKSIS  Sintaksis téh nya éta bagian tina tata basa anu maluruh jeung medar susunan kalimah katut babagianana. Éta sababna sintaksis téh sok disebut tata kalimah Sudaryat (1985: 74).  Cindekna sintaksis téh nya éta salah sahiji cabang tina tata basa anu ngulik, maluruh, jeung medar frasa, klausa, kalimah, jeung wacana katut patali gramatik antarkonstruksina..

(8) FUNGSI, KATEGORI, PERAN KONSEP DASAR SINTAKSIS. ALAT-ALAT SINTAKSIS SATUAN SINTAKSIS.

(9) FUNGSI SINTAKSIS  Fungsi sintaksis (fungsi) nya eta sabangsaning “kotak-. kotak” atawa tempat-tempat dina adegan (struktur) sintaksis nu di jerona bakal dieusikeun kategorikategori nu tangtu (Verhaar, 1978 dina Chaer, 2009:20).  Eta “kotak-kotak” teh ngaranna jejer (subjek), caritaan (predikat), udagan (objek), panglengkep (komplemen), jeung katerangan (keterangan)..

(10) KATEGORI SINTAKSIS  Kategori sintaksis nya eta warna. atawa tipe kecap atawa frasa nu ngeusian fungsi-fungsi sintaksis (Chaer, 2009:27)..

(11) KATEGORI SINTAKSIS Nomina (N) Kategori Utama Kategori Sintaksis. Verba (V) Ajektifa (A) Adverbia (Adv.) Numeralia (Num). Kategori Tambahan. Preposisi (Prep) Konjungsi (Konj) Pronomina (Pron).

(12) PERAN SINTAKSIS  Peran sintaksis (peran) nya eta hubungan antara. kategori fungsi sintaksis nu hiji jeung fungsi sintaksis nu sejenna (Chaer, 2009:30)..

(13) PERAN SINTAKSIS palaku Peran Jejer (J). Pangalam/nu ngalaman. kalakuan. sumber. proses kajadian Peran Caritaan (C). kaayaan milik identitas kuantitas.

(14) sasaran hasil Peran Udagan (U). Nu narima. PERAN SINTAKSIS. panyarta wengkuan ukuran. alat tempat. Peran Katerangan (Kat). waktu asal modalitas.

(15) ALAT-ALAT SINTAKSIS  Runtuyan fungsi J, C, U, jeung Kat. ilaharna disebut. adegan. Eta runtuyan teh aya nu kudu tetep aya oge anu henteu. Dina ieu hal J salawasna miheulaan C, jeung C salawasna miheulaan U, ari Kat. bisa cicing di awal klausa bisa oge di ahir klausa (Chaer, 2009:33).  Adegan (struktur) sintaksis “taat” kana alat-alat sintaksis, nya eta: 1) runtuyan kecap; 2) wangun kecap; 3) lentong; jeung 4) panyambung (konektor).

(16) ALAT-ALAT SINTAKSIS Runtuyan kecap Wangun kecap Alat-alat Sintaksis. lentong panyambung.

(17) SATUAN SINTAKSIS WACANA KALIMAT KLAUSA FRASA KATA.

(18)  Manehna/ keur nulis/ surat /di kamar hareup.. J C U Kat. a. Manehna/ keur - / surat /di kamar hareup. b. Manehna/ - nulis / surat /di kamar hareup. c. Manehna/ keur nulis/ surat /di - . Manehna/ keur nulis / surat /- kamar - . Manehna/ keur nulis / surat /hareup..

(19)

(20) FRASA  Frasa dibentuk dari dua buah kata atau lebih; dan. mengisi salah satu fungsi sintaksis (Chaer, 2009:39).  Frase adalah satuan linguistik yang secara potensial merupakan gabungan dua kata atau lebih, yang tidak mempunyai ciri-ciri klausa (Cook, 1971:91 ; Elson and Pickett, 1969: 73) atau yang tidak melampaui batas subjek atau predikat (Ramlan, 1976:50); dengan kata lain: sifatnya tidak predikatif (Tarigan, 1983:50).

(21) FRASA Frasa nya eta konstruksi gramatik anu mangrupa pangdeudeul kalimah, diwangun ku dua kecap atawa leuwih, sarta nyicingan hiji fungsi dina klausa atawa kalimah.

(22) CIRI-CIRI FRASA 1. 2. 3. 4.. konstruksi gramatik anu mangrupa pangdeudeul kalimah, diwangun ku dua kecap atawa leuwih, nyicingan hiji fungsi dina klausa atawa kalimah teu predikatif.

(23) TIPE FRASA. FRASA ATRIBUTIF (MODIFIKATIF) FRASA APOSITIF. ENDOSENTRIK. FRASA KOORDINATIF FRASA OBJEKTIF. FRASA. FRASA KONEKTIF FRASA DIREKTIF EKSOSENTRIK FRASA RELATIF.

(24) FRASA ENDOSENTRIK Frasa endosentrik nya éta frasa anu mibanda unsur puseur sarta dina distribusina mibanda fungsi anu sarua jeung salah sahiji atawa sakabeh unsurna..

(25) Frasa endosentrik dumasar kana adegan unsurna FRASA ATRIBUTIF (MODIFIKATIF) FRASA APOSITIF FRASA ENDOSENTRIK. FRASA KOORDINATIF FRASA OBJEKTIF FRASA KONEKTIF.

(26) FRASA ATRIBUTIF Frasa atributif nya éta frasa anu puseurna ngan hiji atawa dina distribusina ngan mibanda fungsi anu sarua jeung salah sahiji unsurna. Conto: Lanceuk kuring rek ujian poe isuk. Lanceuk - rek ujian poe isuk. Lanceuk kuring - ujian poe isuk. Lanceuk kuring rek ujian - isuk..

(27) FRASA APOSITIF Frasa apositif nya éta frasa anu unsur-unsurna satata nepi ka bisa siligenti. Unsur puseurna sarua, sarta unsur nu kadua sakaligus mapakan (jadi oposisi) pikeun unsur nu kahiji. Conto: Dudung, lanceuk kuring, keur kuliah di kota. Dudung, keur kuliah di kota. lanceuk kuring, keur kuliah di kota..

(28) FRASA KOORDINATIF Frasa koordinatif nya éta frasa anu unsur-unsurna satata sarta bisa diseselan ku kecap panyambung satata (koordinator) atawa, boh…boh…, jeung. Conto:  Kuring atawa anjeun nu salah téh?  Boh kuring boh manéhna sarua nyaahna.  Indung bapa  Beurang peuting.

(29) FRASA OBJEKTIF  Nya éta frasa anu unsur kadua mangrupa. panglengkep unsur nu kahiji nu mangrupa kecap atawa frasa pagawean.  Frasa objektif ngan bisa nyicingan fungsi jejer wungkul dina klausa/kalimah, teu bisa dilarapkeun kana fungsi sejen. Conto: Nginum susu gede gunana pikeun kasehatan. Nginum - gede gunana pikeun kasehatan..

(30) FRASA KONEKTIF . 1. 2. 3. 4.. Frasa konektif nya eta frasa anu unsur kahijina mangrupa panyambung (konektor) anu nyambungkeun unsur kaduana nu mangrupa caritaan, kana jejer kalimah atawa klausa. Conto: Adina jadi guru. Manehna ibarat gagantina. Di luar aya tamu. Korupsi mangrupa kajahatan..

(31) FRASA EKSOSENTRIK  Frasa eksosentrik nya eta frasa anu teu mibanda unsur. puseur; ku kituna, dina distribusina hentu mibanda fungsi nu sarua jeung sakabeh unsurna. FRASA DIREKTIF FRASA EKSOSENTRIK FRASA RELATIF.

(32) FRASA DIREKTIF  Nya eta frasa anu diwangun ku pananda (direktor; relator) dituturkeun ku tinanda (sumbu, aksis).  Pananda dina frasa direktif umumna kecap pangantet.  Aksisna bisa mangrupa kecap atawa frasa nominal, verbal, adjektival, jeung numeral. Conto: di imah, ka pasar, kalayan hade, keur kuring..

(33) FRASA RELATIF  Frasa relatif nya eta frasa anu diwangun ku kecap. (a)nu salaku pananda, dituturkeun ku kecap atawa frasa barang, pagawean, sipat, bilangan, jeung frasa pangantet salaku aksisna.  Ieu frasa kagolong frasa eksosentris, ari kategorina kana frasa barang..

(34) Conto frasa relatif:  anu manehna  nu digarawe  nu hideung santen  nu saurang tea  nu ti Sumedang Jaba ti eta, aya nu diwangun ku kecap sandang dituturkeun ku kecap atawa frasa golongan sejen, contona si demplon, si jangkung, si mencrang.

(35) WARNA FRASA FRASA BARANG FRSA PANGANTET. FRASA PAGAWEAN. WARNA FRASA FRASA SIPAT. FRASA KATERANGAN FRASA BILANGAN.

(36) FRASA BARANG (NOMINA)  Nya éta frasa anu salah sahiji atawa sakabéh unsurna sarua distribusina jeung unsur puseurna nu mangrupa kecap barang. Contona frasa baju hideung dina kalimah. Manéhna meuli baju hideung ti pasar. Manéhna meuli baju - ti pasar. Manéhna meuli - hideung ti pasar..

(37) Frasa Barang Jumlah . Frasa barang jumlah nya éta frasa barang anu patali harti antarunsurna nuduhkeun jumlah. Ieu frasa mangrupa frasa éndoséntrik koordinatif. Contona: sandang pangan ibu sareng bapa kuring, Ani, jeung manéhna.

(38) Frasa Barang Pamilih  . Frasa barang pamilih nya éta frasa barang anu patali harti antarunsurna nuduhkeun pamilih. Biasana dikantétkeun ku kecap panyambung anu nuduhkeun pamilih, nya éta atawa, atanapi, boh…boh. Ieu frasa mangrupa frasa éndoséntrik koordinatif. Contona: kuring atawa manéhna abdi atanapi pun adi boh méja boh korsi.

(39) Frasa Barang Sasaruaan . Frasa barang sasaruaan nya éta frasa barang anu patali harti antarunsurna nuduhkeun sasaruaan, unsur kahiji sarua jeung unsur kadua. Ieu frasa mangrupa frasa éndoséntrik apositif. Contona: Siti, babaturan lanceuk kuring Garut, kota intan.

(40) Frasa Barang Pangjéntré . Frasa barang pangjéntré nya éta frasa barang anu patali harti antarunsurna nuduhkeun pangjéntré. Ieu frasa mangrupa frasa éndoséntrik atributif. Contona: budak calakan jalma ngumbara kalapa samanggar suuk ti kebon urang.

(41) Frasa Barang Milik . Frasa barang milik nya éta frasa barang anu patali harti antarunsurna nuduhkeun milik. Ieu frasa mangrupa frasa éndoséntrik atributif, aya ogé nu kaasup frasa éksoséntrik relater aksis. Contona: buku kuring sawah saha imahna Si Atmo mobil nu saha nu urang Bandung.

(42) Frasa Barang Tujuan . Frasa barang tujuan nya éta frasa barang anu patali harti antarunsurna nuduhkeun tujuan, guna, jeung mangpaat. Ieu frasa mangrupa frasa éndoséntrik atributif. Contona: buruan tempat ulin lapang maen bal jalma geusan pamuntangan kanyaah keur adi-adi.

(43) Frasa Barang Bahan . Frasa barang bahan nya éta frasa barang anu patali harti antarunsurna nuduhkeun bahan. Ieu frasa mangrupa frasa éndoséntrik atributif. Contona: geulang bahar sapatu kulit imitasi korsi hoé.

(44) Frasa Barang Asal . Frasa barang asal nya éta frasa barang anu patali harti antarunsurna nuduhkeun asal/buatan. Ieu frasa mangrupa frasa éndoséntrik atributif. Contona: bedog Ciwidéy peuyeum Bandung tahu Sumedang.

(45) Frasa Barang Panangtu . Frasa barang panangtu nya éta frasa barang anu patali harti antarunsurna nuduhkeun panangtu, panuduh, panganteb. Ieu frasa mangrupa frasa éndoséntrik atributif. Contona: buku ieu éta imah kuring téh saha téa..

(46) Frasa Barang Hasil . Frasa barang hasil nya éta frasa barang anu patali harti antarunsurna nuduhkeun hasil. Ieu frasa mangrupa frasa éndoséntrik atributif. Contona: hasil pangwangunan karangan rékaan sawah warisan.

(47) Frasa Barang Sesebutan . Frasa barang sesebutan nya éta frasa barang anu patali harti antarunsurna nuduhkeun sesebutan. Ieu frasa mangrupa frasa éndoséntrik atributif. Contona: Si Umar Haji Duloh Sakadang Peucang Ibu Dosén.

(48) Frasa Barang Pamungkir . Frasa barang pamungkir nya éta frasa barang anu patali harti antarunsurna nuduhkeun pamungkir atawa negatif. Ieu frasa mangrupa frasa éndoséntrik atributif. Contona: lain karéta api lain jelema lain nu diajar.

(49) Frasa Pagawéan  . . Frasa pagawéan nya éta frasa anu salah sahiji atawa sakabéh unsurna sarua distribusina jeung unsur puseur anu mangrupa kecap pagawean. Contona frasa keur nguseup dina kalimah Manéhna keur nguseup di balong kuring. Manéhna keur di balong kuring. Manéhna - nguseup di balong kuring. Frasa keur nguseup kaasup frasa pagawéan, lantaran éta frasa sarua distribusina jeung kecap pagawéan nguseup..

(50) Harti Frasa Pagawéan . Dumasar kana patali harti (semantis) antarunsur pangwangunna, frasa pagawéan dina basa Sunda nuduhkeun harti 1) ‘jumlah’, contona: maca jeung nulis. 2) ‘pamilih’, contona: nyeuseuh atawa ngaput 3) ‘pamungkir’ contona: teu daékeun.

(51) 4) ‘aspek’ nya éta harti nu nuduhkeun kumaha lumangsungna kajadian atawa kaayaan. Harti aspék di antarana: a) Harti aspék ‘bakal lumangsung’ (futuritif ), contona: hayang dahar b) Harti aspék ‘keur lumangsung’ (duratif), contona: keur mandi c) Harti aspék ‘geus lumangsung’ (perfektif), contona: parantos ngantunkeun. d) Harti ‘frekuensi’ (frekuentatif), contona: mindeng balik.

(52) 5) ‘modalitas’ nya éta harti nu nuduhkeun sikep panyatur atawa nu nulis kana hal nu dicaritakeun. Harti modalitas ngawengku harti: a) ‘kapastian’, pasti balik, tangtos sumping b) ‘idin’, kéngéng mulih, meunang dahar c) ‘kamampuh’, bisa ditulis, tiasa midamel d) ‘kamungkinan', panginten arangkat e) ‘kasanggupan’, sanggup bérés f) ‘pamaksa’, kudu daék.

(53) Frasa Sipat . Frasa sipat nya éta frasa anu salah sahiji atawa sakabéh unsurna sarua distribusina jeung unsur puseurna anu mangrupa kecap sipat. Contona frasa jangkung lenjang dina kalimah kieu: Babaturanana nu ayeuna mah jangkung lenjang. Babaturanana nu ayeuna mah jangkung - . Babaturanana nu ayeuna mah lenjang..

(54) Harti Frasa Sipat  ‘jumlah’, jumlah’, contona bageur jeung lungguh,. hidueng bodas  ‘pamilih’ pamilih’ contona jangkung atawa pendék, alus atawa goréng  ‘tingkat’ tingkat’ contona leuwih hade, kacida gedé, sarua méncrang, kurang loba  ‘aspek’ aspek’ contona can beureum, bakal ruksak, geus asak, keur hadé  ‘modalitas' modalitas' contona hamo burung gedé, pasti anyar, kudu adil.

(55) Frasa Bilangan . Frasa bilangan nya éta frasa anu salah sahiji atawa sakabéh unsurna sarua distribusina jeung unsur puseurna nu mangrupa kecap bilangan. Contona frasa dua deui dina kalimah Mobilna téh ayeuna mah dua deui. Mobilna téh ayeuna mah dua - ..

(56) Patali harti frasa bilangan  ‘titikelan’ contona sapuluh kali, lima kali  ‘jumlah’ contona dua likur, tilu urang  ‘wates’ contona saratus deui,. ngan saésé, kantun. dalapan, kari hiji  ‘aspek’ contona geus opat, can dua, rék dua, kakara hiji, bakal tilu  ‘pamungkir’ contona lain genep, embung tilu.

(57) Frasa Katerangan . . . Frasa katerangan (adverbia) frasa anu salah sahiji unsurna sarua distribusina jeung unsur puseur anu mangrupa kecap katerangan. Frasa katerangan jumlahna teu loba, anu mindeng kapanggih téh nya eta frasa katerangan waktu, anu patali harti antarunsurna nuduhkeun panganteb. Contona, isuk mah, kamari téh, tadi gé, bieu téa..

(58) Frasa Pangantét  Frasa pangantét (préposisi) nya éta frasa anu. henteu sarua distribusina jeung kategori atawa warna kecap sakabeh unsurna, tapi dimimitian ku kecap pangantet atawa preposisi. Dumasar distribusina, frasa pangantét téh kaasup kana frasa éksoséntrik. Conto frasa pangantét, frasa ka Bandung dina kalimah Geus sabulan kulawargana pindah ka Bandung. Geus sabulan kulawargana pindah ka . Geus sabulan kulawargana pindah - Bandung..

(59) Patali harti frasa pangantet  ’arah’ contona ka Garut  ’tempat’ contona di jero, di handap, di luhur  ’asal/awal’ contona ti Garut, ti dieu  ’ahir’ contona nepi ka handap  ’bahan’ contona tina kulit, tina karét  ’alat’ contona ku péso, ku kai  ’palaku’ contona ku duaan  ’sabab’ contona lantaran kahayangna  ’tujuan’ contona keur kuring, pikeun kahadéan  ’pangbarung’ contona jeung indungna,  ’babandingan’ contona kawas béo, siga merak  ’iwal’ contona iwal manéhna, salian ti kuring.

(60) KLAUSA Klausa  konstruksi gramatik anu diwangun ku jejer jeung caritaan (anu mangrupa unsur inti) dibarengan atawa henteu ku udagan, panglengkep, atawa katerangan..

(61) CIRI-CIRI KLAUSA  mangrupa konstruksi gramatik anu ngeusian. leunjeuran kalimah; klausa salawasna aya dina kalimah.  mangrupa wangun predikatif, nya eta aya tatali jejer jeung caritaan.  unsur inti anu mangrupa jejer bisa dileungitkeun tina wangunanana kalawan henteu ngarobah harti sagemblengna.  bisa ditambahan ku unsur udagan, panglengkep, jeung katerangan..

(62) PREDIKATIF  Klausa mangrupa unit sintaksis nu predikatif, hartina,. dina hiji adegan aya hiji predikat, upama euweuh predikatan, eta adegan teh lain mangrupa klausa.  Kalungguhan predikat penting pisan, lantaran tina kategori predikat nangtukeun hadirna pungsi jejer (J), fungsi udagan (U), pungsi panglengkep (Pang.) jeung sajabana. (Chaer, 2009:150).

(63) FRASA, KLAUSA, KALIMAT  Sasaruauan klausa jeung frasa katut kalimah nya éta. frasa, klausa, jeung kalimah sarua mangrupa konstruksi gramatik anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih.  Bedana, dina hal adegan, klausa mah predikatif, ari frasa mah teu predikatif.  Bedana klausa jeung kalimah dina hal lentong. Ari kalimah mah miboga lentong atawa tanda baca, klausa mah henteu..

(64) UNSUR FUNGSIONAL KLAUSA Unsur-unsur fungsional klausa nya eta unsur-unsur anu nyicingan atawa mancen fungsi-fungsi gramatik dina klausa..

(65) UNSUR FUNGSIONAL KLAUSA. JEJER. CARITAAN. KATERANGAN UNSUR FUNGSIONAL KLAUSA. PANGLENGKEP. UDAGAN.

(66) JEJER  . Jejer nya éta nuduhkeun naon-naon anu dicaritakeun ku panyatur. Ciri jejer: a. nempatan posisi paling kénca dina kalimah dasar dina basa nu miboga pola JCU (SPO). b. kategorina mangrupa kecap atawa frasa barang..

(67) CARITAAN  Caritaan nya éta nuduhkeun naon-naon anu. ditetelakeun ku panyatur ngeunaan jejer.  Tina segi harti, caritaan miboga peran mangrupa a. kalakuan; Manéhna maca koran. b. kaayaan; Kabogohna geulis. c. proses; Es téh leyur. d. posisi; Indungna ka pasar..

(68) UDAGAN  Udagan nya eta unsur klausa nu mangrupa kecap barang. atawa frasa barang nu ngalengkepan caritaan (nu mangrupa kecap atawa frasa pagawean laju)  Ciri-ciri udagan:  umumna kagolong kana kecap atawa frasa barang  langsung ngantét tukangeun kecap atawa frasa pagaweaan transitif tanpa kecap pangantét  udagan dina klausa aktif bisa jadi jejer lamun éta klausa dipasifkeun  posisina dina klausa aya di satukangeung caritaan. Conto: Manéhna mangmeulikeun baju keur adina..

(69) PANGLENGKEP  Panglengkep (komplemen) nya eta unsur klausa anu. ngalengkepan caritaan anu mangrupa kecap atawa frasa pagawean madyalaju (semitransitif) jeung dwilaju (bitransitif) katut kecap atawa frasa sipat.. Conto: 1. Kuring mah teu boga duit. 2. Nenden diajar nembang. 3. Manéhna aya di kamer. 4. Nuning surti yen kuring aya pikir kadua leutik..

(70) Ciri-Ciri Panglengkep 1. 2. 3. 4. 5.. Panglengkep bisa mangrupa kecap atawa frasa barang, pagaweaan , sipat, bilangan, atawa frasa pangantét. Panglengkep aya di tukangeun verba semitransitif nya éta klausa anu teu bisa dipasifkeun. Panglengkep teu bisa dijadikeun jejer lamun éta klausa dirobah. Panglengkep teu bisa disuluran ku klitik -na, iwal lamun dipiheulaan ku kecap pangantét. panglengkep aya di tukangeun verba dwitransitif nya éta klausa anu caritaanana dituturkeun ku objek jeung panglengkep..

(71) KATERANGAN  Katerangan (adverbia) nya eta unsur klausa anu. ngajéntrékeun caritaan, anu mere informasi tambahan ngeunaan naon-naon anu dituduhkeun ku caritaan.  Tempat katerangan dina klausa kacida bébasna, bisa di hareup, di tengah, atawa di tukang, tapi teu bisa cicing di antara caritaan jeung udagan atawa caritaan jeung panglengkep. Conto: Kuring meuli baju kamari ti pasar. Kamari kuring meuli baju ti pasar Kamari kuring ti pasar meuli baju. *Kuring meuli ti pasar baju kamari. *Kuring ti pasar meuli kamari baju..

(72) RUPA-RUPA KATERANGAN TEMPAT WAKTU. MODALITAS. TUJUAN. ASPEK. CARA. KATERANGAN. IWAL. PANGABARUNG. SABAB. ALAT. BABANDINGAN FREKUENSI.

(73) Wangun klausa  Wangun klausa nya éta rupa-rupa klausa disawang. tina adegan batinna.  Dumasar kana wangunna, klausa téh dibagi jadi dua, nya éta klausa lengkep jeung klausa teu lengkep..

(74) KLAUSA DUMASAR KANA WANGUNNA UMUM LENGKEP INVERSI KLAUSA. TEU LENGKEP.

(75) KLAUSA LENGKEP  Klausa lengkep nya éta klausa anu diwangun ku hiji. jejer jeung caritaan, boh dibarengan ku udagan, panglengkep jeung katerangan, boh henteu.  Contona: Manéhna keur diuk bari nangkeup tuur. Barang datang ka imahna, kasampak manéhna gering parna..

(76) Klausa Lengkep Umum  Klausa lengkep umum (baku) nya éta klausa lengkep. anu runtuyan jejerna aya saméméh caritaanana. Contona: Waktu manéhna ngadeukeutan, // kuring / ngejat. Kat. J C Bapa kuring / ngala / lauk /di kulah. J C U Kat..

(77) Klausa Lengkep Inversi  Klausa lengkep inversi nya éta klausa lengkep anu. runtuyan caritaananana aya saméméh jejer. Contona: Asa jangkung pisan / budak téh C J Ngala / lauk / di kulah / Bapa kuring téh. C U Kat. J.

(78) Klausa teu Lengkep  Klausa teu lengkep nya éta klausa anu unsur inti jejerna dileungitkeun atawa sama sakali teu mibanda jejer, ieu klausa ngan mibanda caritaan dibarengan atawa hentu ku udagan, panglengkep, jeung katerangan. Contona:  Keur dahar. (upamana jawaban tina: Keur naon di dapur manéhna téh)  Indit ka ditu.

(79) TIPE KLAUSA KLAUSA PAGAWEAN. KL. TANLAJU. KLAUSA BEBAS. KATEGORI KECAP. KL. EKALAJU KL. DWILAJU KL.MADYALAJU KL. MIGAWE. PATALINA AKTORAKSI. KL. DIPIGAWE KL. MIGAWE MANEH KL. SILIHBALES. KLAUSA. KL. GOLONGAN. KLAUSA KAUGER. KLAUSA TANPAGAWEAN KL. KAAYAAN.

(80) Tipe Klausa  Tipe Klausa téh nya éta rupa-rupa klausa disawang. tina distribusi atawa kalungguhanana dina kalimah, klausa téh dibagi jadi dua golongan, nya éta klausa bébas jeung klausa kauger..

(81) Klausa Bebas  Klausa bebas nya éta klausa anu bisa madeg mandiri. jadi kalimah sampurna. Nurutkeun warna kecap atawa frasa anu jadi caritaanana, klausa bébas dipasingpasing deui jadi klausa pagawéan jeung tanpagawéan..

(82)  Klausa pagawéan nya éta klausa bébas anu prédikat. (caritaanana) mangrupa kecap atawa frasa pagawéan.  Klausa tanpagawéan nya éta klausa bébas anu prédikat (caritaanana) lain mangrupa kecap atawa frasa pagawéan, bisa mangrupa kecap atawa frasa barang, sipat, bilangan, atawa katerangan..

(83) Klausa Pagawéan Tanlaju (Verbal Intransitif)  Nya éta klausa pagawéan anu caritaanana mangrupa kecap atawa frasa pagawéan anu teu mikabutuh udagann (objek).  Contona:. Manéhna gogodeg. Barudak keur maén bal..

(84) Klausa Pagawéan Ékalaju (Verbal Monotransitif)  Nya éta klausa pagawéan anu caritaanana mangrupa kecap. atawa frasa pagawéan anu m9ikabutuh ayana udagan/objék. Lamun teu ditambahan ku udagan éta kalimah téh karasa can réngsé.  Nurutkeun patalina aktor jeung aksi, ieu klausa téh dibagi dua: a) klausa pagawéan ekalaju migawé, contona: Mobil téh ngakutan koral Manéhna ngarang novel b) klausa pagawéan ekalaju dipigawé, contona: Popoéan téh kadupakan nu ngaliwat. Sukuna digégél anjing..

(85) Klausa Pagawéan Dwilaju (Verbal Bitransitif)  Nya éta klausa pagawéan anu caritaanana mangrupa kecap. atawa frasa pagawéan anu mikabutuh ayana dua kecap séjén mangrupa udagan jeung panglengkep. contona Manéhna mangngalakeun suluh keur emana.  Nurutkeun patalina aktor jeung aksi, ieu klausa téh dibagi dua: a) klausa pagawéan dwilaju migawé, contona: Manéhna méré buku ka kuring. b) klausa pagawéan ekalaju dipigawé, contona Indungna dipangngalakeun suluh ku manéhna..

(86) Klausa Pagawéan Madyalaju (Verbal Semitransitif)  Nya éta klausa pagawéan anu caritaanana mangrupa kecap atawa frasa pagawéan anu mikabutuh panglengkep. Lamun dipiceun panglengkepna éta klausa téh karasana can réngsé. Contona:. Mang Dadang dagang tahu. Anakna jadi dokter..

(87) Klausa Pagawéan Migawé (Aktif)  Klausa pagawéan migawé (aktif) nya éta klausa anu. jejerna ngalakukeun pagawéan (aksi), ditétélakeun ku caritaanana anu mangrupa kecap atawa frasa pagawéan migawé (aktif). Contona:  Manéhna keur mandi di tampian.  Dodi keur chating..

(88) Klausa Pagawéan Dipigawé (Pasif)  Klausa pagawéan dipigawé (pasif) nya éta klausa. pagawéan anu jejerna jadi pangrandap tina caritaanana nu dipilampah ku udagan. Caritaanana mangrupa kecap atawa frasa pagawéan dipigawé (pasif). Contona: Buah téh diala ku Haris. Mobil téh dijual ku lanceuk..

(89) Klausa Pagawéan Migawé Manéh (Repleksif)  Nya éta klausa pagawéan anu jejerna ngalakukeun. (panglaku) sakalian jeung ngarandapan (pangrandap) pagawéan anu ditétélakeun ku caritaanana anu nuduhkeun pagawéan migawé manéh. Conto: Manéhna keur sibeungeut. Manéhna teu ngaji diri..

(90) Klausa Pagawéan Silihbales (Resiprokal)  Nya éta klausa pagawéan anu jejerna nuduhkeun nu. ngalakukeun bari ngarandapan pagawéan anu ditétélakeun ku caritaanana nu nuduhkeun pagawéan silihbales. Conto: Maranéhna silihpelong Danu papelong-pelong jeung Irah..

(91) Klausa Tanpagawéan  Klausa tanpagawéan nya éta klausa bébas anu prédikat. (caritaanana) lain mangrupa kecap atawa frasa pagawéan, bisa mangrupa kecap atawa frasa barang, sipat, bilangan, atawa katerangan.  Klausa tanpagawén téh dibagi jadi dua nya éta klausa tanpagawéan golongan jeung klausa tanpagawéan kaayaan..

(92) Klausa Golongan  Klausa golongan nya éta klausa tanpagawéan anu. caritaanana mangrupa kecap atawa frasa barang atawa katerangan. Conto:  Urang dieu mah patani.  Kabogohna pulisi..

(93) Klausa Kaayaan  Klausa kaayaan nya éta klausa tanpagawéan anu. caritaanana mangrupa kecap atawa frasa sipat, bilangan, atawa frasa pangantét. Contona:  Hirupna balangsak.  Sawahna dua héktar.  Cicingna di kolong sasak..

(94) Klausa Kauger  Klausa kauger nya éta klausa anu teu bisa jadi kalimah anu madeg mandiri. Hartina, éta klausa teu bisa jadi kalimah, tapi kudu aya kalimah séjén anu marengan atawa anu jadi panghudangna..

(95) CIRI-CIRI KLAUSA KAUGER Klausa kauger salawasna aya dina kalimah ngantét sélér-sumeler. 2. Klausa kauger salawasna dipiheulaan kecap panyambung teu satata (konjungsi subordinatif) kayaning: basa, sabab, yén., sanajan, jeung lantaran. Upama kecap panyambungna dileungitkeun, éta klausa kauger téh kalungguhanana robah jadi klausa bébas. 3. Posisi klausa kauger dina kalimah ngantét bisa pindah--pindah, mungkin saméméh klausa utama atawa sanggeusna klausa utama. 1..

(96) 4. Klausa kauger dina kalimah ngantét sélér-sumélér. salawasna nyicingan salahsahiji funsi J, C, U, Pang, atawa Kat. klausa utama. Singgetna, klausa kauger téh mangrupa bagian tina klausa lianna. 5. Klausa kauger sacara semantis nyandang wawaran (informasi) sélérna tina klausa utama. Ku kituna, klausa kauger téh dianggap sékundér ku pamaké basa. 6. Klausa kauger dina kalimah ngantét sélér-sumélér saca-ra semantis bisa disuluran ku kecap atawa frasa anu tangtu luyu jeung harti klausa kaugerna..

(97) PAPASINGAN KLAUSA DUMASAR KANA DISTRIBUSI UNITNA KATEGORI KECAP/FRASA CARITAANANA PATALINA AKTOR JEUNG AKSI FUNGSINA DINA KLAUSA SEJEN STATUSNA DINA KALIMAH AYA EUWEUHNA KECAP PAMUNGKIR HARTI STRUKTUR INTERNALNA.

(98) KLAUSA DUMASAR KATEGORI KECAP ATAWA FRASA CARITAANANA PAGAWEAN. KLAUSA. TANPAGAWEAN.

(99) WANGENAN CIRI-CIRI KALIMAH POLA KLASIFIKASI.

(100) WANGENAN KALIMAH • Hiji bagian basa anu diawngun ku hiji kecap atawa leuwih pikeun ngedalkeun sakurang--kurangna hiji pamadegan sakurang (Wirakusumah, 1969:8). • Wangun gramatik anu sacara relative bisa madeg mandiri, boh ngandung klausa boh henteu, sarta dipungkas ku randegan panjang anu bianarung jeung wirahma ahir turun atawa naek (Ramlan, 1981:6; Tarigan, 1985:8)..

(101) WANGENAN KALIMAH • Satuan kumpulan kata yang terkecil yang mengandung pikiran yang lengkap (STA, 1949:37). • Wangun basa nu sacara relatif bisa madeg mandiri, nu miboga pola lentong pamungkas jeung diwangun ku klausa (Cook, 1971: 39; Elson dan Pickett, 1969 : 82).

(102) WANGENAN KALIMAH • Wangun sintaksis anu disusun ku konstituen dasar, biasana mangrupa klausa, dilengkepan ku konjungsi upama diperlukeun, jeung dibarung ku intonasi ahir. (Chaer, 2003: 240) • Wangun basa miwujud kecap atawa runtuyan kecapkecap-kecap nu puguh adeganana pikeun ngebrehkeun pikiran kalawan gembleng serta diwatesanan ku randegan panjang nu binarung jeung wiarhma ahir turun atawa naek (Sudaryat, 1996:34)..

(103) WANGENAN KALIMAH Wangun gramatik nu maksimal pikeun ngébréhkeun pikiran nu lengkep tina hiji wacana sarta relatif bisa madeg mandiri tur binarung lentong pamungkas turun atawa naek..

(104) CIRI--CIRI KALIMAH CIRI  Mangrupa. konstruksi gramatik (wangun katatabasaan nu miboga harti)  Mangrupa wangun basa anu maksimum.  Ngabogaan lentong pamungkas turun atawa naek.  Relatif bisa madeg mandiri.  Mangrupa bagean pangleutikna tina hiji omongan atawa hiji wacana..

(105) CIRI--CIRI KALIMAH INTI CIRI R.H. ROBINS (1983). Kalimah aktif  Kalimah deklaratif  Kalimah salancar . SUDARYAT (1989). Kalimah  Kalimah  Kalimah  Kalimah . salancar aktif apirmatif deklaratif. COOK (1971: 42)  Kalimah salancar  Kalimah sampurna  Kalimah wawaran  Kalimah positif  Kalimah aktif  Kalimah resiprokatif.

(106) KALIMAH SALANCAR Kalimah anu diwangun ku hiji klausa bébas, boh mangrupa klausa pagawéan, boh tanpagawéan. Contona:: Contona 1) Manéhna keur saré saré.. 2) Manéhna guru. guru..

(107) KALIMAH SALANCAR DUMASAR WARNA KLAUSANA. PAGAWEAN. KALIMAH SALANCAR. TANLAJU EKALAJU DWILAJU MADYALAJU KAHANAN MIGAWE MANEH SILIHBALES PAMUNGKIR GOLONGAN. TANPAGAWEAN KAAYAAN.

(108) POLA KALIMAH SALANCAR 1) 2) 3) 4). J J J J. + + + +. C C C C. + U + Pangl. + Pangl. + U. Kalimah salancar basajan Kalimah salancar jembar. + Kat..

(109) KONSTRUKSI KALIMAH SALANCAR BASAJAN         . J:N + C:N  Manéhna guru J:N + C:Vtanlaju  Manéhna keur saré J:N + C:Adj  Poé ieu haleungheum J:N + C:Num  Mobilna dua J:N + C:Adverb  Datangna kamari J:N + C:Prep  Cicingna di Bandung J:N + C:Veklj + U:N  Manéhna maca Koran J:N + C:V + Pnglkp: N  Manéhna dagang cau J:N + C:V + Pnglkp: N + U:N  Manéhna mere buku ka adina.

(110) Kalimah anu disusun ku dua klausa bébas atawa leuwih. Conto: 1) Manéhna mandi, terus dibaju. 2) Manéhna gogoléran, sedeng pikiranana kumalayang..

(111) 1) Klausa Klausa-klausa anu ngawangunna sarua tahapanana, satata, atawa sadarajat. Conto: Manéhna mandi, terus dibaju. 2) Tempat klausa katut kecap panyambungna dina kalimah ngantét umumna henteu bisa dipatukeurkeun Conto: Terus dibaju, manéhna mandi. 3) Kecap sulur dina hiji klausa kalimah ngantét henteu bisa miheulaan kecap anu disuluranana nu aya dina klausa séjén. Conto:Deni turun tina golodog, tapi kakara ogé lima léngkah manéhna balik deui..

(112) KALIMAH NGANTET KALIMAH NGANTET KALIMAH JUMLAH KALIMAH LALAWANAN KALIMAH PILIH KALIMAH TUMULUY KALIMAH SINAMBUNG KALIMAH PANANDES.

(113) KALIMAH SUMÉLÉR Kalimah nu diwangun ku hiji klausa bébas, jeung sakurang-kurangna hiji klausa kauger. Contona: 1) Basa kuring datang, manéhna euweuh di imah. 2) Lantaran ngarasa dinyenyeri, manéhna ménta pepegatan..

(114) CIRI-CIRI KALIMAH SUMÉLÉR 1) Klausa-klausa anu ngawangunna henteu satata/teu sadarajat Conto: Basa kuring datang, manéhna keur dahar. 2) Tempat klausa katut kecap panyambungna dina kalimah sumélér umumna bisa dipatukeurkeun Conto: Manéhna keur dahar, basa kuring datang. 3) Kecap sulur dina hiji klausa kalimah sumeler bisa miheulaan kecap anu disuluranana nu aya dina klausa séjén. Conto: Sanajan manéhna tara diondang, Asep mah sok datang baé..

(115) KALIMAH SUMELER WAKTU. IWAL. SARAT TUJUAN. BABANDINGAN. SABAB. GUNA SUMELER. AKIBAT. PANGECES. HASIL. PERTELAAN. CARA. NGAKU.

(116) PATALI GRAMATIK ANTAR KLAUSA DINA KALIMAH SUMELER  Kalimah waktu (basa, waktu, sabada). Basa kuring ngarérét, manéhna miceun beungeut.  Kalimah sarat (lamun, mun, asal, upama (saupama), ari) Mun teu kaburu dicokot deui ku Nyai, engke peuting rek diyasinkeun calana teh..

(117)  Kalimah Tujuan (ambeh, ngarah,. supaya, sangkan, malar, malahmandar) Sing sering maca, sangkan loba pangaweruh!  Kalimah sabab (sabab, lantaran, pedah, alatan, bubuhan, da, dumeh, bakat ku) Lantaran masih kénéh gede kanyaahna, manéhna balik deui ka popotonganana..

(118)  Kalimah akibat (nepi ka). Inditna teh rurusuhan nepi ka teu kaburu mandi-mandi acan.  Kalimah hasil (nu matak, nu mawi) Manehna teh rada eraeun ku kuring nu matak henteu datang deui..

(119)  Kalimah ngaku (sanajan, sok sanajan,. papadaning, sangkilang) Sanajan hujan, Jumad terus leumpang rurusuhan.  Kalimah cara (bari, kalawan atawa ku jalan) Lena tungkul bari nyusutan cimatana..

(120)  Kalimah pertelaan. Manéhna ngomong bari dareuda yén kiwari geus pipisahan jeung salakina.  Kalimah pangeces Nu keur dipencrong ti kajauhan téh wanoja nu kungsi datang ka imahna..

(121)  Kalimah guna (pikeun atawa keur). Sakabéh warga sapamadegan pikeun ngarojong kapamingpinan Lurah.  Kalimah babandingan (lir, siga, kawas, saperti, bangun) Sanggeus diomongan mahéhna ngeluk tungkul kawas bueuk meunang mabuk.  Kalimah iwal (iwal, kajaba, iwal ti) Anu araya di dinya teh kabeh ngarasa nalangsa iwal ti barudak ngora..

(122) PAPASINGAN KALIMAH D. JUMLAH JEUNG JINIS UNSUR PANGWANGUNNA JUMLAH JEUNG JINIS KLAUSANA NGANDUNG-HENTUNA KLAUSA PATALINA AKTOR JEUNG AKSI FUNGSINA/RESPON ANU DIPIHAREP. KALIMAH. AYA-EUWEUHNA UNSUR PAMUNGKIR KABASAJANAN JEUNG KALENGKEPAN UNSUR DASARNA POSISINA DINA OMONGAN KONTEKS JEUNG JAWABAN NU DITEPIKEUN WARNA KECAP/FRASA NU JADI CARITAANANA.

(123) PAPASINGAN KALIMAH DUMASAR TIPE KLAUSA BASAJAN SALANCAR JEMBAR. KALIMAH NGANTÉT RANGKEPAN SUMÉLÉR.

(124) PAPASINGAN KALIMAH DUMASAR STRUKTUR INTERNAL KLAUSA UTAMANA 1) Kalimah sampurna, nya éta kalimah anu diwangun ku hiji klausa bébas. Conto: Manéhna silihkiceupan. 2) Kalimah teu sampurna nya éta kalimah anu diwangun ku hiji klausa kauger atawa atawa tanklausa. Conto: “Ka Garut”. “Jeung saha?”.

(125) PAPASINGAN KALIMAH DUMASAR NGANDUNG HENTEUNA KLAUSA 1) Kalimah klausa Contona: Manéhna silihtoél. 2) Kalimah tanklausa Contona: “Junéd”..

(126) PAPASINGAN KALIMAH DUMASAR FUNGSINA ATAWA RESPON NU DIPIHAREP. WAWARAN. KALIMAH. PANANYA. PANITAH.

(127) PAPASINGAN KALIMAH DUMASAR PATALINA AKTOR JEUNG AKSI AKTIF/MIGAWE PASIF/DIPIGAWE. KALIMAH. MEDIAL/ MIGAWE MANEH RESIPROKAL/ SILIHBALES.

(128) PAPASINGAN KALIMAH DUMASAR AYA--EUWEUHNA UNSUR PAMUNGKIR AYA APIRMATIF/ POSITIF. KALIMAH. NEGATIF.

(129) PAPASINGAN KALIMAH DUMASAR KALENGKEPAN UNSURNA FORMATA. KALIMAH. TRANSFORMATA. DEFORMATA.

(130) 1). 2). 3). kalimah formata nya éta kalimah tunggal jeung sampurna, nu ngandung hiji klausa bebas. kalimah transformata nya éta kalimah lengkep tapi lain kalimah tunggal, ieu kalimah ngawengku kalimah ngantét jeung kalimah sumélér. Kalimah deformata nya éta kalimah tunggal nu teu sampurna.

(131) PAPASINGAN KALIMAH DUMASAR KONTEKS JAWABAN NU DITEPIKEUN SALAM PANYELUK EBREHAN. KALIMAH PANANYA PANITAH WAWARAN.

(132) PAPASINGAN KALIMAH DUMASAR WARNA KECAP ATAWA FRASA NU JADI CARITAANANA PAGAWEAN. KALIMAH. TANPAGAWEAN.

(133) PAPASINGAN KALIMAH DUMASAR TIPE DASARNA. DUMASAR TIPE KLAUSANA SALANCAR. K. JEMBAR. NGANTET SUMELER RUNTUYAN. TIPE KALIMAH. K. RINGKESAN. SAMBUNGAN SINGGETAN. K. SINGGET. K. TANKLAUSA.

(134) KALIMAH RINGKESAN . Kalimah nu meunang mondokkeun tina hiji kalimah atawa hiji klausa, bisa mangurpa kecap, frasa, atawa klausa anu asalna nyicingan hiji fungsi dina kalimah atawa klausa sejen..

(135) Kalimah singgetan (eliptis) Kalimah teu sampurna beunang mondokkeun tina kalimah salancar ku jalan ngaleungitkeun jejerna, caritanana, atawa jejer jeung caritaanana. Conto: Diuk atuh! (tina:Diuk atuh silaing teh!) Bener. (tina: Jawaban ilaing bener)  Kalimah singgetan tanjejer  Kalimah singgetan tancaritaan  Kalimah singgetan tanjejertanjejer-tancaritaan.

(136) Kalimah Runtuyan (sekuensial) Kalimah anu mangrupa sempalan kalimah ngantet. Conto: (Nanging, kangjeng gusti kedah gentos heula anggoan, kanjeng gusti kedah nyamur supados taya nu terangeun yen kanjeng gusti angkat ngantunkeun karaton) Malih abdi gusti oge bade nyamar..

(137) Kalimah Sambungan (marginal) Kalimah nu mangrupa sempalan tina kalimah sumeler. Conto: (Asup ka pondok wayah kieu mah, lapur, moal bisa rerencepan). Lantaran biasana. santri keur meujeuhna ngagarimbung di luar..

(138) Kalimah Panambah (adisi) Kalimah anu dijieun panambah kana kalimah--kalimah saheulanana dina hiji kalimah wacana. Conto: (Ah, puguh Alo mah ngahaja ngider seja ngadeuheus) Ka sepuh, ka kadang warga, ka ihwanihwan-ihwan..

(139) Kalimah Jawaban (respons) Kalimah anu dipake ngajawan pananya. Conto: (Ari di bumi aya saha bae?). Rini..

(140) KALIMAH SINGGET.      . Kalimah anu parondok, tapi lain beunang mondokkeun, ieu mah ungkarana henteu winangun klausa. Kalimah Salam Kalimah Panyeluk Kalimah Panggero Kalimah Judul Kalimah Motto Kalimah Inskripsi.

(141)

Referensi

Dokumen terkait

Dengan ketentuan membawa semua berkas / dokumen asli atau salinan yang telah dilegalisir. oleh pejabat yang berwenang sebagaimana yang telah dicantumkan dalam

d. Category, anggota dapat memilih maksimal satu kategori untuk setiap iklan lelang yang dibuat. ini dilakukan agar iklan lelang yang anggota buat dapat masuk

Atas parliipasirya .rebagai peserta

Hasil temuan penelitian menunjukan bahwa Ha diterima yaitu terdapat hubungan antara penayangan iklan Dealmedan di radio Prambors FM Medan dengan minat beli

PENERAPAN METODE ROLE PLAYING DALAM MATERI PERJUANGAN PARA TOKOH DALAM MEMPERSIAPKAN KEMERDEKAAN INDONESIA UNTUK MENINGKATKAN KEAKTIFAN BELAJAR SISWA. Universitas Pendidikan

Persamaan Schrödinger merupakan fungsi gelombang yang digunakan untuk memberikan informasi tentang perilaku gelombang dari partikel dengan menggunakan suatu persamaan differensial

Penerapan PEmbelajaran Kooperatif Tipe STAD untuk Meningkatklan Hasil Belajar Siswa pada Pembelajaran Matematika tentang Pembagian Bilangan PecahanA. Universitas Pendidikan Indonesia

Demikianlah Naskah Karya Perorangan (NKP) ini buat untuk menjadi persyaratan Seleksi Pendidikan Alih Golongan (SAG) dari Brigadir menjadi Inspektur Polisi, tentang