• Tidak ada hasil yang ditemukan

Kumpulan Babasan Sunda

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "Kumpulan Babasan Sunda"

Copied!
18
0
0

Teks penuh

(1)

A

Adab lanyap

Jiga nu handap asor, daèk ngahormat ka batur, tapi boga hatè luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.

Adam lali tapel

Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.

Adat kakurung ku iga

Adat nu hèsè digantina. Adean ku kuda beureum

Agul ku payung butut

Ngagulkeun luluhur sorangan.

Akal koja

Pinter dina kagorèngan atawa kajahatan.

Aki aki tujuh mulud

Lalaki nu geus kolot pisan.

Aku aku angga

Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibandangaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih

kahormatan atawa kauntungan.

Aku panggung

Darèhdèh jeung mèrè mawèh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna,

pangbeungharna jstè.

Alak-alak cumampaka

Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.

Alak paul

Tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.

Alus panggung = alus laur hadè omè

Tegep dedeg pangadegna.

Ambek nyedek tanaga midek

Ari napsu pohara gedèna, ngan masih bisa meper diri napsu kapegung.

Ambekna sakulit bawang

Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.

Anak puputon

Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.

Anjing ngagogogan kalong

Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (mikahayang nu moal bakal kasorang).

Ari diarah supana, kudu dipiara catangna

Naon baè nu mèrè hasil ka urang kudu diurus bener bener.

Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed

Ari umur geus kolot tapi hatè ngongoraeun kènèh.

Asa dijual payu

Ngungun dumèh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.

Asa ditonjok congcot

Meunang kabungah nu gèdè, anu saenyana teu diarep arep.

Asa ditumbu umur

Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedèna.

Asa nanggeuy endog beubeureumna

Kacida nyaahna.

Asa potong leungeun katuhu

Leungiteun jalma nu pohara hadè galena.

Ati mungkir beungeut nyinghareup

Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.

Aub payung, sabet panon

Sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.

Aya astana sajeungkal

Anu mustahil ogè bisa kajadian.

Aya bagja teu daulat

(2)

Aya di sihung maung

Kulantaran loba kawawuh gegedèn dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.

Aya hatè kadua leutik

Naksir.

Aya jalan komo meuntas

Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.

Aya jalan komo meuntas

Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun

kahayang.

Aya jalan komo meuntas

Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.

Aya peurah aya komara

Aya harega, aya pangaji.

Aya nu dianjing cai

Aya nu diarep-arep atawa dihèroan.

Ayakan tara meunang kancra

Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.

B

Balèg tampèlè

Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gedè kènèh kaèra.

Bali geusan ngajadi

Tempat dilahirkeun.

Balung kulit kotok meuting

teu eureun eureun nyeri hatè ti baheula nepi ka kiwari.

Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gedè sasapuan

Bèak karep ku rido jeung bèrèsih hatè.

Banda tatalang raga

Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang

ngajual barang nu aya pikeun ngabèla diri, meuli ubar sangkan waras.

Belang bayah gindi pikir

Boga pikiran gorèng ka papada kawula.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.

Beurat birit

Hèsè jeung sungkan dititah.

Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana

Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.

Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakèan batur.

Adigung adiguna

Beureum paneureuy seuseut batan

neureuy keueus hèsè pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.

Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.

Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.

Biwir nyiru rombèngeun

Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.

Biwir nyiru rombengeun

Resep ngucah ngacèh rasiah atawa kaaèban boh nu sorangan boh nu batur.

Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah

Henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumèh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.

Bluk nyuuh blak nangkarak

(3)

Bobo sapanon carang sapakan

Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.

Bobor karahayuan

Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.

Bobot pangayun timbang taraju

kabèh anu dipigawè kudu pinuh tinimbangan.

Bontèng ngalawan kadu Nu leutik ngalawan nu gèdè.

Buburuh nyatu diupah bèas

Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.

Budi santri, lègèg lebè, ari lampah euwah euwah

Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.

Buluan belut, jangjangan oray Pamohalan kajadian.

Bungbulang tunda / tunda talatah Lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.

Buntut kasiran

Korèt, medit, ngeupeul, tara pisan daèk barangbèrè.

Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang

Ginding, loba pakèan anu aralus dipakè.

Buruk buruk papan jati

Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura baè lamun aya kasalahan tèh.

C

Caang bulan dadamaran

Migawè nu kurang mangpaat.

Cacag nangkaeun

Hanteu bèrès, hanteu rata, henteu sampurna.

Cangkir emas eusi delan

Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatèna jahat jeung matak bahaya ka urang.

Cara bueuk meunang mabuk

Ngeluk baè, teu lemèk teu carèk, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab èra tawa sieun.

Cara gaang katincak

Anu tadina ramè kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.

Cara jogjog mondok

Carekcok baè, mani gandèng nacer.

Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung

Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.

Cecendet mande kiara

Nu leutik nyaruaan anu gèdè, nu miskin nyaruaan nu beunghar.

Ceuli lentaheun

Sok gancang nyaritakeun ka batur naon baè anu kadèngè, turtaning tacan karuhan èta bèja tèh bener henteuna.

Cicing dina sihung maung

Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.

Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok

Ku dileukeunan mah sakumaha hèsèna gè lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila ogè tangtu bisa).

Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.

Ciri sabumi cara sadesa

Beda tempatna, bèda deui adat jeung kabiasaanana.

Clik putih clak hèrang

(4)

Congo congo ku amis, mun rek mais ogè puhuna

Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.

D

Daèk macok embung dipacok

Daèk ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.

Dagang oncom rancatan emas

Ari modalna gedè kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.

Dah bawang dah kapas Tah barangna tah duitna.

Daluang katinggang mangsi

Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).

Dèsa maca cara nagara mawa tata

Ngagambarkeun yèn kaayaan jeung adat kabiasaan di dèsa jeung kota (nagara) tèh bèda-bèda.

Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug Pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.

Deukeut deukeut anak taleus

Ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yèn baraya.

Dihin pinasti, anyar pinanggih

Baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.

Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban

Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.

Dipiamis buah gintung

Disangka hadè jeung bageur tapi buktina gorèng jeung jahat.

Disakompèt daunkeun, dihurun suluh

Dihijikeun baè, disaruakeun baè, teu dibèda bèda.

Ditangtang ditengteng dijieun bontèng sapasi

Dialak ilik lantaran dianggap anèh.

Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup

Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.

Dogdog pangrewong

Bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya ogè teu naon naon.

Dogong dogong tulak cau, geus gedè dituar batur

Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik kènèh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gedè dikawin batur, atuh hèsè capè taya gawè.

Dosa salaput hulu Kacida loba dosana.

Dulang tinandè

Awèwè mah nurutkeun baè, kumaha diaturna jeung diparèntahna ku nu jadi salaki.

Duum tinggi

Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.

E

Elmu ajug

Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.

Elmu sapi

Samiuk (ngahiji) kana kagorèngan.

Elmu tumbila

Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.

Elok bangkong

Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh baè.

Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabèh

(5)

Endog tara megar kabèh

Najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.

Galehgeh gado

Darèhdèh tapi henteu terus kana hatè.

Gancang pincang

Kulantaran digawèna buru buru jeung kurang ati ati hasilna tèh teu nyugemakeun.

Gantung denge

Hanteu terus bisa ngadèngèkeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun

ngadèngèkeun.

Gantung teureuyeun

Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus bèak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.

Gedè gedè kayu randu, dipakèke pamikul bengkung, dipakè lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawèna jeung karajinanana gorèng.

Gedè gunung pananggeuhan

Adigung kulantaran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.

Gedè gunung pananggeuhan

Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegedèn, dina urang aya

karerepet atawa butuh ku pitulung, èta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.

Gedè hulu

Boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.

Getas harupateun, pingges harepan

Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.

Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.

Gindi pikir belang bayah

Gorèng hatè, dolim, julig , dengki.

Ginding kakampis

Ari pakè mah ginding ngan duit teu boga.

Giri lungsi tanpa hina

Nu luhur jeung nu handap sarua baè ulah dihina.

Goong saba karia

Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawè sangkan seubeuh baranghakan.

Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh bèakna.

Gurat batu

Pageuh kana jangji.

Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.

Hadè gogog hadè tagog

Hadè basa jeung hadè tingkah lakuna.

Hadè ku omong gorèng ku omong

Omongan nu hadè balukarna hadè jeung omongan nu gorèng, gorèng deui balukarna.

Halodo sataun lantis ku hujan sapoe

Kahadèan anu sakitu gedèna tur lilana leungit pisan ku kagorèngan atawa kasalahan sapoè.

Hambur bacot murah congcot Gorèng sungutna jeung sok mindeng nyarèkan deuih tapi bèrèhan sok daèk barangbèrè dahareun.

Hampang birit

Gampang jeung daèkan dititah.

Hanteu gedag bulu salambar

Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.

Hapa hapa ge ranggeuyan

Enya ari miskin tèa mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.

Hapa hapa ge ranggeuyan

(6)

Harewos bojong

Harèwos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetèla pisan.

Haripeut ku teuteureuyeun

Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu tèh rejeki halal atawa haram.

Harus omong batan goong

Bèja tèh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umumna sok pabèja bèja.

Hayang untung jadi buntung

Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih sotèh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.

Hejo tihang

Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawèan.

Hèrang caina beunang laukna

Maksud bisa kahontal kalawan bèrès teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.

Hèrang caina beunang laukna Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.

Hèrang hèrang kari mata, teuas teuas kari bincurang

Barèto mah beunghar ayeuna kari miskina.

Heueuh heueuh bueuk

Nyatujuan ari diluar mah, ngan baè henteu terus jeung hatèna.

Heureut deuleu pondok lèngkah

Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu rèa babandingan da kurung batok.

Heurin ku letah

Hayang jeung perlu ngabèjakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karèmpan.

Hirup ku panyukup gedè ku pamèrè Hirup samahi mahi ku pamèrè batur baè, sabab

teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.

Hirup nuhun paèh dirampes

Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.

Hirup ulah manggih tungtung, paèh ulah manggih beja

Kudu bageur kudu hadè laku lampah supaya alus kacaritakeunana.

Hulu dugul dihihidan

Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.

Hunyur nandèan gunung

Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.

Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana makè papakèan atawa perhiasan anu aralus.

Ieu aing uyah kidul

Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.

Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satètès, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun

Masrahkeun sagalagalana hadèna gorèngna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).

Indung lembu bapa bantèng

Ti indung jeung bapa turunan mènak jeung beunghar.

Inggis batan maut hinis

Pohara risina, pohara paurna.

Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang

Inggis jeung paur kabina bina.

Ipis kulit beungeut Gedè kaèra.

(7)

Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.

Jabung tumalapung sabda tumapalang Milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nèmpasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.

Jadi maung malang

Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awèwè.

Jadi sabiwir hiji

Jadi carita jalma loba.

Jadi senèn kalemekan Mindeng dicaritakeun batur.

Jaman cacing dua saduit Jaman baheula pisan.

Jati kasilih ku junti

Pribumi kaèlèhkeun ku urang asing.

Jauh jauh panjang gagang

Hanas jauh jauh ogè dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.

Jauh ka bedug anggang ka dayeuh Dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.

Jauh ka bedug

Dusun, bodo, euweuh kanyaho.

Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana

Unggal bangsa bèda adat jeung kabiasaanana.

Jegjeg cèkèr

capè kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.

Jejer pasar

lumrah baè, mun ka lalaki, kasep henteu, gorèng henteu.

Jeung leweh mah mending waleh leuwih hadè wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.

Jogjog neureuy buah loa

mikarep ka anu lain babad.

Jogjog neureuy buah loa Milampah anu moal pihasileun.

Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran

Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.

Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara

Kawentar pisan, kawentar kamana mana.

Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.

Kahieuman bangkong

Ku ayana barang titipan di urang, urang tèh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.

Kai teu kalis ku angin

Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.

Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait

Tibatan ahirna matak susah, leuwih hadè dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung

Kajeun teuing capè gawè asal bisa dahar kalawan cukup.

Kalapa bijil ti cungap

Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.

Kandel kulit beungeut euweuh caerè.

Katempuhan buntut maung

Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan

balukarna.

(8)

Kawas anjing kadempet lincar

Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.

Kawas budak rodek hulu

Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.

Kawas cucurut kaibunan

Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.

Kawas hayam keur endogan cilingcingcat baè, teu bisa cicing.

Kawas hayam panyambungan

Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar kènèh aya di eta tempat.

Kawas kacang ninggang kajang

Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarèkan.

Kawas kuda leupas ti gedogan

Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.

Kawas lauk asup kana bubu

Gampang asupna kana pagawèan tapi pohara hèsèna hayang kaluar ninggalkeun eta pagawèan.

Kawas lauk asup kana bubu

gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawèan, tapi hèsè kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawèan (masalah).

Kawas nu mulangkeun panyiraman Sok nu lain lain, jeung hèsè ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal,

kahayangna sabisabisa kudu dicumponan baè, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.

Kawas siraru jadi

Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.

Kawas wayang pangsisina

Ngeunaan jelema nu gorèng rupana.

Kejo asak angeun datang

Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita kènèh dilaksanakeun.

Keur meujeuhna bilatung dulang Laleutik kènèh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.

Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.

Keur nuju bentang surem

keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi baè.

Kiceupna sabedug sakali Pohara lungguhna.

Kiruh ti girang kiruh ka hilir

Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna ogè milu teu bener milu teu bageur.

Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran

Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gedè, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.

Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam

Kacida miskina.

Kotok bongkok kumorolong,

kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan

Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka gorèng katenjona.

Kudu bisa kabulu kabale Kudu bisa mawa awak.

Kudu bisa ngeureut neundeun

Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.

Kudu bisa pindah cai pindah tampian

(9)

Kudu boga pikir kadua leutik

Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.

Kudu hadè gogod hadè tagog Hadè basa jeung hadè tingkah lacuna.

Kudu nepi mèmèh indit

Kudu direncanakan kalawan asak.

Kujang dua pangadekna

Hiji pagawèan anu ngandung dua rupa maksud.

Kulak canggeum bagja awak Milik hadè atawa gorèng anu geus

ditangtukeun ti ajalina kènèh ku Gusti Nu Maha Suci.

Kumaha bule hideungna baè

Kumaha engke baè buktina, kumaha behna.

Kumaha kejebur caina geletuk batuna

kumaha jadina baè, henteu jadi pikiran.

Kunang kunang nerus bumi

Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.

Kuru cileuh kentel peujit

Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.

Kurung batok

teu resep nyanyabaan, niat cicing diimah baè.

Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda

arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik ogè bisa, teu kudu ku kasalahan anu gedè baè.

Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra

Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.

Landung kandungan laer aisan

Gedè timbanganana, gedè pangampurana.

Langsung saur bahe carek Sok gampang ngagelendeng atawa nyarèkan.

Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan

pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka gorèng katenjona.

Legok tapak genteng kadek

Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.

Leubeut buah hejo daun

Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.

Leuleus jeujeur liat tali

pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba

pertimbanganana.

Leunggeuh cau beuleum

Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawèan.

Leutik burih euweuh kawani.

Leutik cahak, gedè cohok

Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gedè.

Leutik leutik ngagalatik

Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gedè, tapi leber ku wawanèn.

Leutik ringkang gedè bugang

Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerèa.

Leuwi jero beunang diteuleuman, hatè jelema najan deet teu kakobet

Hadè gorèngna pikiran jelema hèsè dikira kirana.

Lieuk euweuh ragap taya

Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.

Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.

(10)

Kalah ka loba omong baè, ari pangartina mah euweuh.

Luhur kuta gedè dunya

Gagah tur beunghar taya kakurang.

Luncat mulang

Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.

Lungguh tutut

Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.

Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung

Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.

Maliding sanak

Henteu adil, pilih kasih.

Mangpengkeun kuya ka leuwi

Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.

Mapay ka puhu leungeun

Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.

Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa

mangpaatna.

Maut nyere ka congona

Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.

Melengkung bekas inhalan Ari keur ngora kènèh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.

Mere langgir kalieun

Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.

Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra

kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gedè.

Meungpeun carang ku ayakan

Nyaho yen batur tèh salah atawa migawè anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.

Meungpeung teugeu harianeun Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.

Miceun batok meunang coet Miceun nu gorèng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu gorèng deui baè.

Mindingan beungeut ku saweuy ari hatè gorèng, ngan budi parangi

marahmay, perluna pikeun mindingan hatè nu gorèng tèa maksudna supaya ulah kaciri tèa.

Mipit teu amit ngala teu mènta Maling boga batur.

Miyuni hayam kabiri

Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.

Moal ceurik mènta eusi

Keun baè mawa wadah anu gedè ogè da lain hayang loba dibèrèna.

Moal nèangan jurig teu kadeuleu arek nyekel jelema nu aya baè, moal nèangan jelema nu euweuh.

Mobok manggih gorowong

Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.

Mobok manggih gorowong

meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.

Monyet kapalingan jagong

Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah

karoroncodan.

Mopo mèmèh nanggung

Horèam, teu sanggup samèmèh prak.

Mun teu ngakal moal ngakeul

(11)

Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara

usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus dibèrèsihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan).

Ngadu angklung di pasar

papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.

Ngadu ngadu rajawisuna

mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerèa omong.

Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih

Lamun teu digawè niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.

Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan

Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.

Mupugkeun tai kanjut

Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.

Naheun bubu pahareup hareup dina pangabutuh silih injeuman duit.

Nangkeup mawa eunyeuh

mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.

Nangtung kariung ngadeg karageman

Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.

Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung ngagogorèng batur, supaya batur tèh ragrag ngarana jeung kawentar kagorènganana.

Nepakeun jurig pateuh

Puguh urang nu gorèng tapi kagorèngan urang tèh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.

Nete porot ngeumbing lesot

Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil baè.

Nete semplek nincak semplak Kieu salah kitu salah.

Nete semplek nincak semplak

Ninggang dina salah jeung rugi baè, turug turug kasusah nambahan deuih.

Nete tarajè, nincak hambalan

Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun tèh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.

Neukteuk curuk dina pingping

Ngadakwakeun nu lian, tapi nu

ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.

Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun Heuras hatèna teu sabar dina

nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.

Neundeun piheuleut nunda picela

Nèangan pilantaraneun supaya jadi gorèng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.

Ngabèjaan bulu tuur

Ngabèjaan jalma nu geus nyahoeun.

Ngabudi ucing

teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.

Ngadagoan kuah beukah

Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur baè, anu saenyana mah ayana tukang babantu tèh henteu perlu).

Ngadagoan uncal mabal

Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.

(12)

pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.

Ngadek sacekna, nilas saplasna

Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.

Ngadeupaan lincar

ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.

Ngagandong kejo susah nyatu

loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hèsè nitah, euweuh nu daekeun ari dititah tèh.

Ngagedag bari mulungan

Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho baè.

Ngaliarkeun taleus ateul

ngabeja bejakeun kagorèngan atawa kajahatan batur.

Ngaliarkeun taleus ateul

Ngabeja bejakeun kagorèngan batur atawa kajahatan anu lian.

Ngarep ngarep bentang ragrag Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.

Ngarep ngarep kalangkang heulang

Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.

Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam

ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.

Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri

Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.

Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek

Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga.

Ngeupeul ngahuapan maneh

Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.

Nginjing sila, bengkok sembah

gorèng hatè, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.

Ngodok liang buntu hèsè capè taya gawè, susah payah taya guna

sanajan tihothat ogè moal atawa henteu beubeunangan.

Ngodok liang jero

Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput baè.

Ngukur ka kujur nimbang ka awak

Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.

Ngukut kuda kuru ari geus gedè sok nyepak

Ngukut bujang anu tadina pohara

balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hadè, ngalawan ka anu jadi dunungan.

Ngusap birit

bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos baè indit, teu amit heula ka anu araya didinya.

Nimu luang tinu burang

Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.

Nincak parahu dua

Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.

Ninggang kana kekecrekna

Keur mah gorèng rupana, gorèng laku lampahna deuih.

Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan

Ngamahalkeun barang naon baè anu geus ruksak.

Noong ka kolong

(13)

Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha

nu hadè jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu gorèng.

Nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan

nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.

Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan

Nu keur susah ditambah deui kasusahna.

Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan

ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hatè sorangan eta omongan atawa carita tèh salah.

Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang

Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.

Nuju hirup ninggang wirahma

Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.

Nuturkeun indung suku

Leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan.

Nulungan anjing kadempet

nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.

Nya di hurang nya dikeuyeup

Di unggal jelema ogè taya bedana, sarua baè, mungguhing wiwirang atawa katugenah hatè mah boh di menak boh disomah sarua baè.

Nya ngagogog nya mantog

Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.

Nya picung nya hulu maung

Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.

Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah

nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.

Nyair hurang meunang kancra Sugan tèh rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik

manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gedè.

Nyaliksik ka buuk leutik

Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.

Nyalindung ka gelung

Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.

Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang

Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya baè, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.

Nyanghulu ka jarian

Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.

Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang

Nyarita kudu pas, eces, ngabogaan harti.

Nyeri beuheung sosonggeteun

Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol baè datang.

Nyeungeut damar di suhunan

mintonkeun kakayaan, atawa barangbèrè supaya dipuji.

Nyeungseurikeun upih ragrag

Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu tèh kahareup mah ku urang sarerèa bakal kasorang.

Nyiar batuk piaraheun

Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.

Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu (cacaduan), pantang

(14)

Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.

Nyieun heuleur jeroeun huma

Henteu raket jeung dulur pahare-hare baè.

Nyieun pucuk ti girang

pangheulana nèangan piaseaeun.

Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait

Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.

Nyiuk cai ku ayakan

Pagawèan nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.

Nyium bari ngegel

Omongannana hadè ngan hatè jeung maksudna gorèng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.

Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun.

Nyolok mata buncelik

nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.

Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan, babawaanana loba naker.

Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju

Mènta pangampura jeung mènta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.

Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan

Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.

Omong harus batan goong

Beja tèh gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab tèh leuwih hebat batan aslina.

Owah gingsir

Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.

Paanteur-anteur julang

silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.

Pacikrak ngalawan merak

Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gedè.

Pada rubak sisi samping

Sarua baè pada loba luangna, pada loba pangalamanana.

Pagirang girang tampian

Paunggul unggul dina nèangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).

Paheuyeuk heuyeuk leungeun

Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.

Pait daging pahang tulang Arang gering.

Pait daging pahang tulang

cageur teu keuna ku panyakit naon baè.

Pakotrek iteuk

Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.

Paluhur luhur diuk

pagedè gedè kauntungan dina nyiar kipayah.

Panday tara bogaeun bedog

Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.

Papadon los ka kolong

Cidra jangji, teu nedunan jangjina.

Peureum kadeuleu beunta karasa

Inget baè, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.

Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.

Pindah cai pindah tampian

Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.

Pinter aling laing bodo

(15)

Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak

Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hadè, ngan ahirna meunang nu leuwih gorèng.

Piruruhan katengahimahkeun

Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.

Poèk mongklèng buta rajin (atawa buta radin)

Poèk pisan.

Pondok jodo panjang baraya

Saha è jodoh urang silaturahmi kudu tetep dijaga.

Pupulur mèmèh mantun Mènta ganjaran mèmèh aya jasa atawa mènta buruhan mèmèh prak digawè.

Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.

Puraga tamba kadengda

Migawè hiji pagawèan henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hadè hasilna ieu mah pada ulah dipaido baè.

Raweuy beuweungeun rambay alaeun

Loba dahareun da loba pepelakan.

Rumbak caringin di buruan

dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.

Rumbak kuntieun

Henteu lengkep, aya baè anu kurang nu matak cua kana hatè.

Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum

Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.

Rusuh luput gancang pincang

Migawè naon baè anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.

Sabobot sapihanèan

Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.

Sabuni buni anu ngising

sanajan dibunian atawa disumputkeun ogè ari laku lampah anu gorèng mah awal akhir sok kudu kanyahoan baè.

Sagalak galakna macan taru nyatu anakna

sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.

Sagolek pangkek sacangreud pageuh

Hanteu cidra kana jangji.

Sahèrang hèrangna cai beas

Galibna hatè tèh hèsè pisan bèrèsihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.

Sahèrang hèrangna cibeas, moal hèrang cara cisumur

Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hadè deui cara bareto samèmèh aya pacengkadan.

Sakecap kadua gobang

Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.

Sakiriciking duit sakocopoking bogo

Naon baè anu matak narik kana hatè urang.

Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu

Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.

Samar polah samar rasa

Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina hatè baè, tacan bruk-brak

Sangsara di geusan betah

Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawè nyiar kipayah. Anehna tèh ari hirup mah hayang kènèh.

Sapu nyèrè pegat simpay

(16)

Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan

Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.

Satengah buah leunca

Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.

Satungtung deuleu

Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan

Saumur nyunyuhun hulu

Saumur hirup rumingkang di bumi alam.

Saungkab peundeuy

Omongan anu pondok tur kurang manis.

Sengserang padung

Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga kènèh napsuna cara baheula keur ngora kènèh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.

Sentak badakeun

teu ceehan dina gawè, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna tèh diantep teu dipigawè pisan.

Sereg di panto logor di liang jarum

nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaèra, betahna dinu suni nu teu aya jelema.

Sereg dibuana logor diliang jarum

Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna tèh di nu suni, nu euweuh jelema.

Seukeut ambeu seukeut deuleu loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawèan pulisi).

Seukeut tambang manan gobang

Sakumaha gagahna wanina jeung

ngalawana ogè jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.

Seuneu hurung cai caah

Keur ambek, keur amarah, keur napsu.

Seuneu hurung dipancaran

Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu baè ngambekna jadi tambah.

Seungit angin-anginan

Seungit pisan meleber ka mana-mana

Seuseut batan neureuy keueus Hèsè pisan.

Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.

Silih jenggut jeung nu gundul

Mènta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga.

Sirung ngaliwatan tunggul

Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.

Sosoroh ngadon kojor

Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.

Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri sorangan.

Tamplok batokeun Bèrèhan teuing nepi ka urang mah susah.

Tarajè nangeuh dulang pinande

Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta bener.

Taya tangan pangawasa

Jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga.

Taya halodo panyadapan

taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus baè digelendeng atawa dicarekan).

Teng anak teng, anak merak kukuncungan

sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadèna, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.

Teu aya sarebuk samerang nyamu Teu aya saeutik eutik acan.

Teu beunang dikoet kunu keked

Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.

Teu boga pikir rangkepan

(17)

Teu busik bulu salambar

teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.

Teu cari ka Batawi tapi ka salaki hakan pake hayang ti salaki.

Teu diambeuan teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.

Teu didingding kelir

teu dibuni buni, ditembrakeun baè, teu dirasiahkeun.

Teu dipiceun sasieur

Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.

Teu ditari teu ditakon

Teu dipalire diantep baè, teu ditanya tanya acan.

Teu gugur teu angina

Samèmèh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.

Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah

Nya gorèng rupana nya gorèng kalakuanana sok daek pulang paling.

Teu mais teu meuleum

teu aya patalina pisan, teu pipilueun.

Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan

ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram ogè disaruakeun baè.

Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata

Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.

Teu nyaho di alip bingkeng

bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.

Teu puguh alang ujurna

teu puguh entep seureuhna, teu bèrès lain kitu kuduna.

Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang

Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.

Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan

Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.

Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal

Mènta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.

Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban

Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.

Tiis ceuli hèrang mata

ngeunah hatè kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.

Tikoro andon peso

ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.

Tinggar kalongeun

Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.

Tipu keling ragaji Inggris

pinter dina kajahatan, pinter dina ngabobodo atawa nipu.

Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh.

Titirah ngadon kanceuh

sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gedè.

Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh

nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu baè matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.

Tugur tundang cuntang gantang

Ngajalankeun pagawèan pikeun Nagara, babakti ka nagara.

Tunggul dirarud catang dirumpak

(18)

Tunggul sirungan, catang supaan Aya kajadian anu gorèng atawa matak teu genah ahirna.

Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan

junun nyanghareupan pagawèan anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.

Ulah beunghar mèmèh boga

ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.

Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung

Ulah sok bosenan ari ka pamajikan tèh, hadèna mah ti keur ngora kènèh nepi ka geus kolot tèh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.

Ulah cara ka malati kudu cara ka picung

Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.

Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.

Ulah keok mèmèh dipacok Ulah sieun saacan ngalakonan.

Ulah leutik hatè

Ulah sieun atawa putus pangharepan.

Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina

purwadaksina

Kudu nuturkeun ètika anu aya.

Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah kana rejeki meunang hèsè capè ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.

Ulah ngaliarkeun taleus ateul Ulah nyeubarkeun fitnah.

Ulah ngukur baju sasereg awak

Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan

Ulah pagiri-giri calik, pagirang- girang tampian

Ulah rebutan kakawasaan

Ulah pangkat mèmèh jeneng

Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.

Ulah tiis tiis jahè

kudu iatna, kudu cingceung.

Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan

Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa

kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hadè.

Uncal tara ridu ku tanduk Duduluran karumpul kabeh.

Ulah nyaliksik ku buuk leutik Ulah nyangsarakeun rakyat leutik.

Uyah tara tees kaluhur

Galibna sipat indung bapa anu haradè atawa anu gorèng sok diturunkeun ka anak incuna.

Waspada permana tingal

Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.

Wiwirang di kolong catang nya gedè nya panjang

wiwirang nau pohara gedèna.

Referensi

Dokumen terkait

Karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana biodata jeung kabiasaan nu bisa dipertanggungjawabkeun.. Karangan nu eusina ngabahas hiji carita boh piktip atawa non

Siswa ngalengkeupan hiji bewara ku kecap-kecap anu merenah dina jero kagiatan tanya jawab jeung panugasan. Siswa nyieun hiji bewara anu eusina ngajak ngajaga kabersihan dina

Numutkeun C.S Peirce dina (Santosa, 1990:11) simbol nya éta hiji hal anu ngalaksanakeun fungsina salaku tanda anu geus umum digunakeun dina kahirupan masarakat.

Hadirin anu miharep rido Alloh, upami ku urang ditingal dina kahirupan sadidinten, urang sering ngahilapkeun kana beberesih nu utamina dina kabersihan lingkungan tempat urang

ngawengku guru wilangan jeung guru lagu, sasmita, sarta watek pupuh. Ilaharna, dina hiji wawacan teu ngagunakeun sakabéh pupuh anu tujuh belas. Sanggeus dianalisis dumasar

Lamun urang keur aya dina pasamoan, urang kudu bisa ngajaga tatakrama dina ucapan, bisi aya jalma nu teu sapamadegan jeung diri urang.. Kecap pasamoan

Napsu badan jeung sagala panga- jakna teh ku jelema anu geus jadi kagungan Kristus Yesus mah geus Ka pan urang teh geus maot tina dosa, piraku bisa keneh hirup dina

Lamun hayang jadi jelema mulya tur bagja, urang kudu hormat ka nu jadi kolot 24.. Kalimah nu ngandung gaya basa mindoan atawa repetisi aya dina kalimah