• Tidak ada hasil yang ditemukan

Basa Sunda PTS genap kelas 7

N/A
N/A
Syifa Fauziah

Academic year: 2023

Membagikan "Basa Sunda PTS genap kelas 7"

Copied!
4
0
0

Teks penuh

(1)

Basa Sunda PTS genap kelas 7

I. Pilih salah sahiji jawaban nu pangmerenahna !

1. Rarangken tengah teh perenahna di …… kecap anu di rarangkenana.

a. Tengah-tengah b. tungtung c. tukang d. hareup

2. Rarangken tengah -ar-bakal robah perenahna jadi di hareup, lamun dilarapkeun kana kecap anu di mimitian ku aksara …..

a. Paeh b. vocal c. l atawa r d. konsonan

3. Diantara kecap-kecap ieu di handap, anu ngagunakeun rarangken tengah –in- , nyaeta kecap….

a. Bintang b. pinter c. kulincir d. pinilih

4. Diantara kecap-kecap di handap, anu mangrupa kecap barang kongkrit nyaeta …..

a. Kahayang , kabungah c. kipas, radio b. Kajujuran , kasehatan d. angin, sora 5. Kamari Euis meuli jeruk mandarin 2 kilo.

Anu mangrupa kecap barang dina kalimah di luhur,nyaeta …..

a. Kamari, dua kilo c. Euis, dua kilo b. Euis, jeruk mandarin d. kamari, meuli

6. Kuring mah sok resep ningali ujang Deni teh , keur mah kasep pinter deuih.

Mana wae anu mangrupa kecap sifat dina kalimah di luhur teh ? a. Kasep, pinter c. ujang Deni , pinter

b. Kuring , ningali d. kuring, ujang Deni

7. 1. Tina dipiwarang ka warung ku bapa. 3. Patlot katincak ku Mamat.

2. Pare dipacokan ku manuk. 4. Amir diuk dina korsi

Anu teu mangrupa kalimah pasip diantara kalimah-kalimah diluhur ,nyaeta kalimah nomer …..

a. Hiji b. tilu c. dua d. opat

8. Yati teh anakna Aki dartam . lamun Yati boga anak, anakna Yati ka Aki Dartam teh nyebutna ….

a. Udeg-udeg b. buyut c. uyut d. aki

9. Adi indung –bapa anu awewe, dina istilah pancakaki Sunda disebut …..

a. Teteh b. nini c. bibi d. euceu

10. “Ayeuna mah bibi the geus boga bao.”

Kecap bao dina kalimah di luhur, nurutkeun pancakaki Sunda mangrupa sebutan keur ….

a. Indung bapana aki atawa nini b. Anakna buyut, turunan keopat c. Lanceukna nini atawa nini d. Lanceukna uyut

II. Eusi soal di handap ku jawaban anu singget jeung jelas !

11. Rarangken –ar- robah posisina jadi di hareup , lamun dilarapkeun kana kecap anu di mimitian aksara …..

12. Kecap bageur lamun di rarangken tengah –ar- jadi …..

13. Kecap dasar tina kecap umangkeuh nyaeta….

14. Kalimah anu subjekna migawe pagawean disebut kalimah …..

15. Carita ngeunaan lalampah hirup hiji jalma anu ditulis ku batur sok disebut …..

(2)

16. Indung na indung atawa bapa sok disebut …..

17. Dina istilah pancakaki, katurunan kadua sok disebut …..

18. Kecap anyar anu ambahanana leuwih heureut batan harti kecap asalna nyaeta …..

19. Harti heubeul tina kecap ustad nyaeta…..

20. Kecap …… the harti saasalna mah sebutan keur jalma anu geus rengse ngalaksanakeun sakola, naha di tingkat dasar, menengah, atawa dipaguron luhur.

III. Jawablah Pananya dihandap ieu !

21. Sampurnakeun kalimah di handap ku cara ngalarapkeun rarangken tengah –ar- a. Barudak keur (lumpat) di lapangan basa keur olah raga.

b. Barudak kelas 7 keur di (ajar) kakawihan.

c. Ari di ajar bener mah soal ulangan teh mani enteng ,geuning ! 22. Robah kalimah aktif jadi kalimah pasip

a. Emak keur ngagoreng lauk mujaer di dapur.

b. Barudak keur ngarapalkeun naskah drama.

c. Deni mawa buku Sifa.

23. Tangtukeun kecap barang ( abstrak atawa komkrit ) dina kalimah dihandap a. Murid-murid keur ngerjakeun tugas di komputer sakola.

b. Cita-cita abdi hoyong janten astronot.

c. Basa guru datang ka kelas murid-murid keur aranteng di kelas.

24. Hal-hal naon bae anu di pikaresep lamun urang boga idola ? 25. Jelaskeun istilah- istilah pancakaki di handap

a. Bibi c. akang b. Ua d. alo

(3)

Basa sunda kelas 8

I. Pilih salah sahiji jawaban nu pangmerenahna !

1. Dihandap, aya conto alat music tradisional sunda , iwal …..

a. Angklung b. calung c. kendang d. gong 2. “manehna kakara mulang poe kamari.”

Sinonim tina kecap mulang nyaeta …..

a. Balik b. indit c. mios d. angkat

3. Kecap nu bener hubungan makna sinonimnya , nyaeta …..

a. Alus – goreng b. gede – leutik c. pedit – koret d. sedih – era 4. Kecap – kecap di handap mangrupa antonim tina kecap “ babari “

a. Asih b. heman c. gampil d. hese

5. Katerangan ieu di handap bener , iwal …..

a. Antonim teh nu mibanda harti lalawan b. Sinonim sarua hartina jeung homonym c. Sinonim nyaeta sasaruan harti kecap

d. Kecap nu sarua wangunna, tapi hartina beda disebut homonym 6. Carita panjang wangupuisi anu di anggit make patokan pupuh , disebut…..

a. Carita pantun b. wawancara c. dongeng d. novel 7. Nu teu ka asup struktur wawacan ,nyaeta …..

a. Manggla satra b. eusi carita c. kolofon d. judul

8. Ayeuna anu kacatur, aya nagara nu mukti , nyaeta Pasir Batang tea, kamashur Kaman mendi, rajana geus palay tapa, milari saha keur ganti .

Latar tempat nu ka gambar dina sempalan di luhur, nyaeta ….

a. Nagara Pasir Batang c. ayeuna

b. Rajana d. milari genti

9. “ Dilangit aya ….. geus ngagarayot. “

a. Bentang b. mega c. pihujaneun d. piangineun

10. “ ….. tina jandela mobil katembong pamandangan endah pisan, kebon enteh ngaplak, jalan nanjak tur pungkal pengkol siga oray meulitan gunung.”

Nilik eusina , sempalan di luhur mangrupa kagiatan tina ….

a. Indra pangrungu c. indra pangrasa b. Indra penempo d. indra pangambeu II. Eusi soal di handap ku jawaban anu singget jeung jelas ! 11. Kecap-kecap nu mibanda sasaruaan harti disebut ….

12. Sinonim tina kecap beunghar nyaeta …..

13. Homonym tina kecap koneng nyaeta ngajelaskeun ….. jeung …..

14. Udin sopir angkot jurusan Ciheuleut _ Citeyreup.

Kecap sopir dina kalimah di luhur mangrupa kecap …..

15. Mang Jaka ngala cau di kebon.

Kalimah di luhur mangrupa jenis kalimah …..

16. Cing (meuli) uyah sagandu.

(4)

Kecap meuli lamun di rarangken pang – keun jadi …..

17. Rarangken sa-eun gunana pikeun ngawangun kecap …..

18. Kecap asal sajungeun the nyaeta …..

19. Wacana anu eusina ngagambarkeun suasana tina hiji kajadian dumasar kana pangalaman indra manusa disebut …..

20. Carita panjang wangun puisi anu di anggit make patokan pupuh disebut …..

III. Jawablah Pananya dihandap ieu ! 21. Sebutkeun 3 kasenian tradisional Sunda ? 22. Lengkeupan kecap – kecap di handap

Antonim sinonim

a. Jangkung X ….. a. gumbira =…..

b. Poek X ….. b. alus =…..

c. Tiis X ….. c. begang =…..

23. Lengkepan kecap-kecap di luhur make rarangken sa-eun, pang-keun,pika-eun a. Obrolanana lalucu (seuri)

b. Manehna diuk (tukang) kuring.

c. Cik ( menta) balur ka nini Uti.

24. Sebutkeun 3 unsur tina wawacan ? 25. Sebutkeun 5 pupuh Sunda ?

Referensi

Dokumen terkait

Cing nyieun kalimah pananya make kecap

Pupuh Mijil Aduh ema indung teges abdi Ku abdi karaos Ti keur leutik nepi ka geus gédé Ngurus ngasuh tulatén ka abdi Dugi ka kiwari Ciri sepuh éstu Isia n Kaséhat an Peserta didik