• Tidak ada hasil yang ditemukan

319919391 SlideMateri Basa Sunda Kelas X SMA

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2018

Membagikan "319919391 SlideMateri Basa Sunda Kelas X SMA"

Copied!
32
0
0

Teks penuh

(1)

 slide Materi Basa Sunda Kelas X SMA/SMK semester Ganjil

Dina Prakna Biantara bisa ngaliwatan rupa-rupa sarana, diantarana :

1. Biantara langsung, boh make alat atawa henteu 2. Biantara ngaliwatan radio

3. Biantara ngaliwatan Televisi

4. Biantara ngaliwatan rekaman, boh pita kaset, vcd,CD. Ditilik tina Eusina, biantara mibanda tilu (3) sifat :

1. Biantara nu sifatna Informatif, eusina mere beja, bewara atawa ngawawarkeun nu ciri-cirina nya eta saayana nyata,poksang, jeung jujur.

2. Biantara Propogandistis, eusina ngiklankeun atawa mangaruhan sangkan nu ngadengekeun nurut, milu, jeung biluk kana naon-naon nu ditepikeun, ciri-cirina nya eta dumasar dumasar kana kahayang pribadi, rekaannana ngagedur, mangaruhan, tur matak narik ati.

3. Biantara anu sifatna Edukatif, eusina teh biasana ngatik tur ngadidik, ciri-cirina nya eta saayana, asup akal, dumasar kana kaelmuan, ngukuhan bebeneran, jeung dana.

Pikeun mere pangajén kana kamampuh atawa kaparigelan nyarita, nu kudu meunang panitén téh ngawengku opat unsur nyaéta:

1. Lafal atawa ucapan (kaasup vocal, konsonan, jeung intonasi) ; sora kudu kadenge/eces tembres jelas.

2. Tatabasa ; perhatikeun titik koma, tanda tanya, tanda seru, jsb.

3. Kabeungharan kecap ; lentong/intonasi basa sing merenah, hade tong pondok tong panjang teuing luyu jeung kabutuhan.

4. Paéhat/lancaran cumarita ; puguh entep seureuhna, jelas maksud eusina, sarta ngandung seni orator, babasan, jeung paribasa.

Unsur/runtuyan gede naskah keur Biantara atawa Pidato, diantarana :

1. Salam, atawa pangwilujeng 2. Kalimah bubuka

3. Mun perlu tepikeun tema atawa judul jejer biantara 4. Eusi Biantara

(2)

Dina basa Sunda kawilang réa istilah atawa prédikat anu nuduhkeun patalina paripolah nyarita, totondén yén dina hirup kumbuh urang Sunda peta nyarita kungsi jadi ukuran atawa indikator anu kagolong penting pikeun nangtukeun pribadi hiji jalma. Pangpangna upama patalikeun jeung tradisi tata campur gaul basa urang dina mangsa béh ditu.

Dumasar kana tujuanana nyarita téh mangrupa kagiatan pikeun nebarkeun eusi pikiran, gagasan pamaksadan, rasa, ku cara lisan atawa cara nyarita ka nu lian. Ku cara kitu dipiharep nu lian (nu diajak nyarita) atawa nu ngabandungan bisa ngarti kana maksud jeung tujuan anu dilisankeun.

Ulikan ngeunaan nyarita sabenerna mah kahot pisan. Dina mangsa jaman Yunani kira-kira abad V jeung ka VI saméméh Maséhi, tiori ngenaan kumaha nyarita di hareupeun balaréa atawa anu disebut biantara (pidato) téh geus diarulik.

Élmu anu nalungtik ieu perkara téh nyaéta disebutna Rétorika.Numutkeun hartina, rétorika téh nyaéta ulikan ngenaan seni biantara atawa oratoria. Nu matak jalma anu pinter pidato sok disebutna ogé orator. Orator anu kamasyur, upamana: Soekarno, Hitler, Kennedy, Barrack Obama jsté.

Kamampuh biantara (orasi) geus tangtu loba gunana jeung gedé pangaruhna dina kahirupan sapopoé. Ku kamampuh biantara orator baris bisa mangaruhan balaréa. Loba conto dina kahirupan, kumaha seukeutna pangaruh biantara. Loba sikep jeung pamadegan hirup, tapi ogé tujuan.Ku kamampuh biantara bisa ngagedurkeun sumanget, bisa nungtun balaréa pikeun ngalaksanakeun tujuan anu geus ditangtukeun jsté.

B.Ngaregepkeun jeung Nyatet Eusi Biantara Titénan conto biantara di handap.

Sadérék sadaya nu ku simkuring dipihormat,

Poténsi uteuk manusa téh luar biasa hébat. Ngan dina éemprona, can digunakeun sacara optimal. Sebagéan gedé poténsi uteuk manusa dilelebar.teu dialap mangpaatna. Upamana baé éinstéin, tokoh anu sohor dina widang sains, kacaturkeun ukur 20% poténsi uteukna anu dipaké. Sésana anu 80% deui wuteuh nepi ka maotna.Mun nya téh kitu, hanjakal geus dimumubah.

(3)

Supaya Biantara bisa diregepkeun kalawan bener, urang kudu ngalakukeun cara-cara saperti di handap ieu.

1. Méré sikep nu positf. Urang kudu boga anggapan yen juru biantara teh jalma nu penting, wijak, tur ngabogaan elmu pangaweruh nu luhur. Teangan tur catet sikep jeung ucapan-ucapanna nu narik kana hate, lain kagorengan wungkul. Ku cara kitu, manehna ogé ngarasa dihargaan nu ahirna bakal Mere simpati ka urang

2. Responsif

Hidep kudu paham kana kahayang atawa harepan-harepan juru biantara. Bisa ogé manehna ngaharepkeun urang jadi tempat curhat, ngabagi parasaan jeung pangalaman-dina kaayaan lingkungan nu santéy atawa tumaninah, sok aya waé gangguan téh, sapertikeun harewos bojong babaturan nu aya di sagigireun, sora korsi nu ngagerét, idangan nu ngaliwat hareupeun. Éléhkeun sagala gangguan saperti kitu téh, pusatkeun perhatian urang kana sagala nu diucapkeun ku juru biantara.

Ngaregepkeun pidato tangtuna béda jeung ngaregepkeun tembang atawa dongéng. Ku sabab kitu, konséntrasi jeung kaseuriusan kacida diperlukeunana dina ngaregepkeun pidato.

1. Titénan téma jeung tujuan pidato. Ilaharna dua ha lieu ditepikeun dina bagian bubuka.

2. Catet poko-pokona nu ilaharna aya di bagian tengah atawa dina bagian ahir sabagé kacindekanana.

3. Titénan basa-basa nu digunakeun ku juru pidato,lafal, jeung intonasi, ogé kaéfektifan kalimah-kalimahna.

4. Titénan ogé éksprési jeung skip-skip juru pidato ti awal nepi ka ahir.

Supaya bisa nyaritakeun deui eusi biantara, nu ku hidep kudu pisan dilakukeun nyaéta paham kana téma atawa pasualan utama nu keur diguar ku juru biantara.

Poko-poko biantara di luhur nu bisa ku hidep dicatet saperti kieu.

1. Uteuk manusa hébat.

2. Uteuk manusa can digunakeun sacara optimal.

3. Gardner nétélakeun, aya tujuh kacerdasan manusa, nyaéta kacerdasan linguistic, kacerdasan logical-mathematics, kacerdasan spasial jeung visual, kacerdasan musical, kacerdasan kinéstétika, kacerdasan interpersonal, kacerdasan intrapersonal.

Catetan di luhur bisa dicaritakeun deui saperti di handap ieu.

(4)

kacerdasan musical, kacerdasan kinéstétika, kacerdasan interpersonal, kacerdasan intrapersonal.

C. Ngoméntaran Naskah Biantara

Titénan deui kutipan biantara di handap ieu.

Solat nu bener sacara sosial kudu ngajanggélék dina lakuning lampah nu sieup. Laku lampah nu teu pagedrug jeung pandika agama, norma sosial katut étika masarakat. “… jeung adegkeun solat, saéstuna éta solat téh nyegah diri (migawé) lacut jeung mungkar” (Q.S. Al-Ankabut, 29:45).

Solat jadi ideologi nu paling épéktip dina nataharkeun kritik sosial keur ngawujudkeun dunya nu adil palamarta. Kapan dina béhna mah Alloh nyebut umat Islam téh khoiru ummah. Cicirénna taya han mun éta umat daék ngalakukeun kritik sosial. Ngalakonan amar ma’ruf nahyi munkar pok dibarung jeung prakna.

Aya sababaraha hal nu bisa dicatet patalina jeung basa nu aya dina éta kutipan ;

1. kecap-kecapna nu ngabogaan daya tarik, saperti ngajengélék, lakuning lampah, adil palamarta, pok … prakna. Kecap-kecap éta aya nu euyeub ku harti (bernuansa) ogé henteu monoton sahingga nu ngaregepkeun henteu ngarasa bosen.

2. Kecap-kecap nu kurang kaharti maksudna, saperti khoirun ummah, amar ma’ruf nahyi munkar. Pikeun nu lain ti kaluaran pasantrén atawa sakola agama mah kecap-kecap samodél kitu kurang jelas hartina. Ku sabab kitu juru biantara kudu mere hartina supaya nu ngaregepkeuna bisa leuwih gampang mahamna.

Dumasar kana catetan-catetan di luhur, hidep bisa ngoméntaran kutipan biantara di luhur dina ungelan samodél kieu :

Numutkeun pamendak abdi, juru biantara téh tos tiasa ngagunakeun kabeungharan basa Sunda kalawan saé. Hal éta katingali tina kecap-kecapanan nu teu saukur merhatoskeun katepatan hartina, tapi ogé daya tarikna, sapertoskeun ngajenggélék, lakuning lampah, adil palamarta, pok … prakna. Kecap-kecap éta aya nu euyeub ku harti (bernuansa) ogé henteu monoton sahingga nu ngaregepkeunana moal ngarasa bosen.

Mung hanjakal aya sababaraha kecap nu sesah dihartoskeunana.Abot teuing upami kanggo kalangan awam saperti abdi mah, kecap-kecap khoirun ummah ogé amar ma’ruf nahyi munkar kirang jelas hartina.Ku margi sakitu juru biantara kedah masihan panjelasan tambihan supaya nu ngaregepkeunana gampil mahamna.

Pancen Struktur Bab ka I …..

(5)

Saupama haying leuwih gede nileina, praktekeun naon nukungsi di tulis eta biantara dihareupeun batur sakelas………….

Pangaweruh basa

Kecap Panganteur

Kecap Panganteur teh nya eta kecap paranti nganteurkeun kecap atawa frasa pagawean, sangkan leuwih anteb tur eces, contona ;

am dahar|biur ngapung|breng haliber|bar ngampar |barabat nyarita|barakatak seuri| berewek soek|beledug bitu|belenyeh imut|ber hiber |berengbeng lumpat|blak nangkarak|blug labuh|breg hujan|brek cingogo|brek gering|bus asup|bring arindit| cakakak seuri|cong nyembah |celenkeung ngomong|clak tumpak|cleng ngacleng |clik murag|celengok nyium|creng mayar|crot nyiduh|deker digawe|eureuleu teurab|dug sare|dor dibedil|gableng luncat|gabrug ngarangkul

|gantawang nyarekan|gampleng nampiling|

gap nyabak|gaplok nyabok|gedig indit|

gewewek ngegel|hing ceurik|jep jempling|jsb.

Bab II Tata Wangun Kecap (Morfologi)

Tata Wangun jeung Warna Kecap (Morfologi)

Kecap (harti 1) nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna.atawa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, LBSS (1983) nétélakeun yén kecap (harti 2) nyaéta bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.

Kecap-kecap dina basa Sunda dipasing dumasar kana wangun jeung warna/Rupa Kecap, nyaeta :

A. Wangun kecap

o Kecap Asal nyaeta kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan

o Kecap Rundayan nyaeta kecap asal anu geus dirarangkénan

o Kecap Rajékan nyaeta kecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal

o Kecap Kantétan nyaeta kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar

(6)

o Kecap Lulugu

a. Kecap Barang nyaeta kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran anu dianggap barang.

b. Kecap Sulur nyaeta kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang

c. Kecap Pagawéan nyaeta kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna

d. Kecap Pananya nyaeta kecap anu dipake pikeun nanya

e. Kecap Sipat nyaeta kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang

f. Kecap Bilangan nyaeta kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, atawa beungkeutan, kumpulan, atawa oge tahapan.

o Kecap Pancén

a Kecap Panganteb nyaeta kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ((en): emphasis).

b Kecap Panganteur nyaeta kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés

c Kecap Panambah Aspék nyaeta kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén

d Kecap Panambah Modalitas nyaeta kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana

e Kecap Panyambung nyaeta kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah

f Kecap Panyeluk nyaeta kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan

A.1 Kecap Asal

Kecap asal disebut oge wangun asal, nyaetakecap anu teu kungsi ngalaman parobahan.Proses morfologis basa Sunda nyaeta proses anu ngahasilkeun kecap jadian (kecap turunan) ku cara :

1.Ngararangkenan, hasilna disebut kecap

rundayan.

2. Ngarajek, hasilna disebut kecap rajekan.

3. Ngantetkeun, hasilna disebut kecap kantetan.

contona, kecap asalna “dahar” mangsa ngalaman proses morfologi ku cara mere imbuhan (ngararangken tukang) “-eun” jadi dahareun.

A.2 Kecap Rundayan

(7)

Rarangken (imbuhan) aya opat rupa, nyaeta :rarangken hareup (afiks/awalan),

rarangken tengah (infiks/sisipan),

rarangken tukang (sufiks/akhiran),jeung

rarangken barung (konfiks).

a. Rarangken hareup (Afiks/awalan) nyaeta rarangken anu disisipkeun di hareup kecap asal. Rarangken hareup dina basa Sunda, nyaeta : ba-,barang-, di-, ka-, N-, pa-, pada-, pang-, para-, per-, pi-, sa-, sang-, si-, silih/sili-, ti-, ting/pating-.

b. Rarangken tengah (Infik/sisipan) nyaeta rarangken nu disisipkeun di tengah kecap asal. Rarangken tengah aya tilu, nyaeta :-ar-, -um-,jeung -in-.

c. Rarangken tukang (Sufiks/akhiran) nyaeta rarangken anu disisipkeun di tukang kecap asal (kata dasar). Rarangken tukangnyaeta :an, eun, ing/ning, keunjeung -na.

d. Rarangken barung (Konfiks) nyaeta rarangken nu disisipkeun di hareup jeung tukang dina kecap asal. Rarangken barungnyaeta :ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika-, pika--pi--eun, jeung sa--eun.

A.3 Kecap Rajekan

Kecap Rajekan nyaeta kecap anu diucapkeun dua kali/leuwih, sabagean atawa sagemblengna, robah sorana atawa henteu.Contona kuda-kuda, imah-imah, bapa-bapa.Kecap kasebut asup kana kecap rajekan sagemblengna. Lian ti eta aya oge kecap rajekan sabagian, boh bagian hareup atawq bagian tengah.Contonatatajong, babagi, sababaraha.

A.4 Kecap Kantetan

Kecap kantetannyaeta kecap nu diwangun ku cara ngagabungkeun kecap jeung kecap, kecap dengan cakal, atau cakal jeung cakal. Conto :

1) Kantetan kecap jeung kecap, contona :hejo tihang, panon poe.

2) Kantetan kecap jeung cakal, contona :kurang ajar, kagok asong.

3) Kantetan cakal jeung cakal, contona :adug lajer, huleng jentul.

4) Kantetan kecap jeung morfem unik, conto: sabar darana, keukeuh peuteukeuh

Pangaweruh Basa/Pedaran

A.3 Kecap Rajekan

(8)

Babagian kecap rajekan, diantarana :

a. Kecap Rajekan Dwipurwa, nyaeta kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebutkeun dua kali engang (suku kata) mimiti kecap asalna. (dwi = dua, purwa = mimiti).

Contona Dwipurwa nurutkeun hartina :

§ Lain nu boga lalakon : bubuntut

§ Barang nu siga : sisiku, babantal

§ Nuduhkeun alat : kakait, cocolok

§ Kecap semu/samar : ririwa, pepetek,papagon

§ Kecap abstrak : papayung, kokojo

Dwipura ditambah rarangken :

§ Leuwih ti sakali : seuseurian, gogorowokan

§ Barang tironan : momobilan, paparahuan, iimahan

§ Rupa-rupa : kekembangan, pepelakan, bubuahan

§ Babagean awak : mumuncangan,peupeuteuyan

§ Mindeng makena : sasapedahan, momotoran

§ Asa : singsireumeun, lilinieun

§ Kasakit : jeungjeuriheun, sisidueun

§ Kalakuan : pupujieun, beubeulieun jrd.

b. Kecap Rajekan Dwimadya(1)(dwi = dua, madya = tengah), nyaeta kecap rajekan nu dijieun ku cara nyebutkeun dua kali engan ditengah kecap asal. Contona :sababaraha.

c. Kecap Rajekan Dwilingga(2)nyaeta kecap anu dirajek sagemblengna, aya nu robah aya oge nu teu robah sorana. Nu teu robah sorana disebutnaDwimurni(3), anu robah sorana disebut Dwireka(4).

1. Dwimurni,(dwi = dua, murni = asli), kecap rajekan anu diwangun kucara nyebutkeun dua kali bentuk asal.

a. Loba : bangku-bangku, samak-samak

b. Sarua sifatna : amis-amis, pait-pait

c. Lila milampahna : mikir-mikir, nimbang-nimbang

d. Kahanjakalan : geulis-geulis,pinter-pinter

2. Dwireka ,(dwi = dua, reka = rupa), kecap rajekananu diwangun ku cara nyebutkeun dua kali bentuk asal tapi jadi beda sorana.

(9)

b. Leuwih ti sakali migawena: luak-lieuk, tumpa-tempo

c. Nuduhkeun ti hiji : jul-jol, cug-ceg, sur-sor, crung-creng

d. Kecap Rajekan Trilingga(5) nyaeta dirajek tilu kali jeung robah sorana, contona : dag-dig-dug, hah-heh-hoh, pak-pik-pek.

e. Kecap Rajekan Dwisasana(6)nyaeta kecap nu dirajeknangan engang nu panungtung kecap asal. Contona :pudigdig, cikikik, cakakak.

f. Kecap Rajekan Binarung Rarangken(7), nyaeta kecap rajekan nu dibentuk ku cara nyebutkeun dua kali atau lebih bentuk asalna ku nambahan rarangken. Contona :saalus-alus, patarik-tarik.

Bab III Mahamkeun Surat Kabar

Koran atawa Surat Kabar Basa Sunda munggaran, nyaeta Sora Merdika pingpinan Moh.Sanoesi, edisi ka-3 taun ka-1 medal tanggal 1 Mei 1920. Aya oge nu nyebutkeun koran basa Sunda munggaran teh Sunda Berita. Jaman pergerakan oge medal Soemanget asuhan Tunggono, mingguan basa Sunda Pajajaran pingpinan Haris Soema Amidjaya, Pendawa pingpinan Gatot, jeung Siliwangi nu di aping ku Ema Brata Koesoema.

Koran basa Sunda sejenna, Masa Baroe, Sapoedjagat, Simpaj, Isteri Merdeka, Panglimajeung Tawekalpingpinan Harsono, Sipatahoenan(1923) pingpinan Ahmad Atmadja jeung Bakri Suraatmadja nu kabehannana terbit munggaran di Tasikmalaya, Galoeh di Ciamis pingpinan Arsim Karna Winata, Balakapingpinan Ikik Wiradikarta, Sinar Pasoendan pingpinan Ali Ratman sarta pamingpin redaksina Imbi Djajakoesoema jeung wakilna O.K.Yaman, redaktur harian Moh. A.Afandi jeung Iding Wangsawidjaja (Iding Wangsawidjaja kungsi jadi sekretaris Bung Hatta).

Eta koran basa Sunda teh ku kaom nasionalis dipake dipake alat perjoangan. Koran basa Sunda tadi nu pangnyongcolangna jeung gede komarana nyaeta Sipatahoenannu saterusna kantor redaksina pindah ka Bandung sarta kungsi jadi koran harian. Warta-wartana lolobana ngeunaan kahirupan masarakat sarta nembongkeun sikep mihak ka Soekarno. Jaman Jepang teu medal. Taun 1950 dipingpin ku Moh.Kurdi, Sipatahoenan medal deui, tapi ngan kuat tepi taun 1985.

Sanggeus merdeka, koran basa Sunda nu alanyar patingpucunghul di Jawa Barat. Sinar Madjalengka (1948) di Majalengka, Warga (1954) nu dipingpin ku Eeng di Bogor, Kalawarta Kudjang(1956) di Bandung, majalah Mangle (1957) di Bogor nu ditaratas ku RH Oeton Muchtar jeung Ny.RHE Rochimika Sudarmika (kantor redaksina taun 1962 pindah ka Bandung).

Mangle tepi ka ayeuna terus medal kalayan mayeng saminggu sakali. Awal taun 1960-an Ajip Rosidi nerbitkeun majalah Soenda. Di B1960-andung taun 1972, medalGiwangkara, Gondewa, jeung Galura. Taun 1975, Galura jadi anak penerbitan Pikiran Rakyat.

(10)

1. dijaman kolonial ngadeudeul perjoangan bangsa

2. Jadi media informasi, hiburan, jeung atikan

3. Media kontrol sosial

Surat kabar atawa majalah dina basa Sunda anu masih keneh aya kiwari teh diantarana :

1. Galura Sundajeung Giwangkara, terbitna mingguan.(koran)

2. Mangle, terbitna mingguan (majalah)

3. Cupumanik jeung Sunda Midang, terbitna bulanan (majalah)

Unsur Nyieun jeung Nulis artikel ngeunaan kasundaan, nyaeta :

1. Sumberna naon ngaranna? (majalah, koran, internet, jsb.)

2. Titimangsa medalna atawa terbitna artikel?

3. Judulna naon?

4. Topikna ngeunaan naon?

5. Pangarangna Saha?

6. Ringkesna, inti sari,atawa kasimpulana kumaha?

7. Dicutat deui, iyasana, atawa ditulis deui ku saha?

Pangaweruh Basa

Sisindiran

Sisindiran asalna tina kecap ‘sindir’ nya éta ngomong henteu togmol tapi ku jalan dibalibirkeun, pikeun ngaragangan nu diajak nyarita, supaya omongan urang henteu karasa nyentug. Jadi nu disebut sisindiran téh nya éta kasenian ngaréka basa nu diwangun ku cangkang jeung eusi, pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari dipamrih karesmianana (M.A. Salmun).

Sisindiran nurutkeun wangunna dibagi tilu, nya éta:

1. Wawangsalan/bangbalikan

2. Paparikan

3. Rarakitan

Nilik kana sipatna, wangun nu tilu éta mibanda tilu rupa sipat, nya éta: 1) silih asih, 2) piwuruk, jeung 3) sesebréd.

(11)

Wawangsalan asal kecapna tina wangsal anu hartina wangsul, maksudna balik. Éta sababna wawangsalan sok disebut ogé bangbalikan anu asal kecapna tina balik.

Wawangsalan/bangbalikan nya éta hiji wangenan sisindiran nu diwangun ku cangkang jeung eusi sarta disatukangeun eusina mangrupa tarucing (tebakan).

Wawangsalan/bangbalikan dibagi jadi dua, nya éta:

1. Bangbalikan lanjaran

Nya éta wawangsalan nu teu kauger ku patokan pupuh. Contona:

Teu puguh monyét hideungna, teu puguh tungtungna (lutung)

Tepi ka kélor héjona, tepi ka antukna (katuk)

Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun (kéjo)

2. Bangbalikan dangding

Nya éta wawangsalan nu kauger ku patokan pupuh. Contona:

Kinanti

Di Cikajang aya gunung,

asa paturay jasmani

Kalong leutik saloa gedang

Kembang biru di astana

abot pisah jeung nu asih.

Paparikan

Paparikan asalna tina kecap ‘parik’ anu asalna tina “parek”, hartina deukeut. Anu padeukeutna téh nya éta sadana atawa sorana dina cangkang jeung eusi.

Paparikan diwangun ku opat pada, dua pada cangkang jeung dua pada eusi, unggal pada lobana dalapan engang.

Paparikan dibagi dua, nya éta:

1. Paparikan kawih, nya éta paparikan nu teu kauger ku patokan pupuh. Conto :

Leuleupeutan leuleuweungan

Ngarah kékéjoanana

Deudeukeutan reureujeungan

Ngarah téténjoanana

(12)

Kapinis ulah disumpit

Tangkal muncang ngarangrangan

Kembang kopi kembang kopo

Karungkang pucuk karungkang

Lampuyang cocongoan

Bawaeun ka Raja Galuh

Batu tulis di sakola

Nilik kana sipatna, paparikan téh bisa mibanda tilu rupa sipat, nya éta:

1. Silih asih

2. Piwuruk

3. Sesebréd

Rarakitan

Rarakitan salasahiji wangenan sisindiran anu asalna tina kecap “raket” hartina deukeut, tapi raket mah maknana leuwih deukeut atawa dalit. Raket di dieu nya éta raket sora atawa sadana antara cangkang jeung eusi téh raket pisan, Nilik kana sipatna, rarakitan mibanda tilu rupa sipat. Nya éta silis asih, piwuruk, jeung sesebrédcontona:

A. Silih asih

Kaso pondok kaso panjang Sapanjang jalan Soreang

Kaso ngaroyom ka jalan moal weleh diaspalan

Sono mondok sono ngajang sapanjang tacan kasorang

Sono patepang dijalan moal weleh diakalan

B. Piwuruk

Sing getol nginum jajamu lamun urang ka Cikole

Nu guna nguatkeun urat moal hese tumpak kahar

Sing getol neangan elmu lamun urang boga gawe

Nu guna dunya aherat moal hese barangdahar

(13)

Sok hayang nyaba ka Bandung Rarasaan ngala mayang

nyaho nanjakna teu nyaho cangkeuteukleuweung

Sok hayang nanya nu pundung rarasaan koneng umyang

Sok hayang nyaho nyentakna teu nyaho cakeutreuk hideung

Bab IV Nulis Biograf

Biografi nyaeta riwayat hirup nu kaalaman ku saurang jalma sarta netelekaeun dimana jeung iraha lahirna, kungsi sakola dimana wae, naon pagaweanana, kaunggulanna, prestasi, karya, atawa pangalaman istimewa anu penting sarta aya mangpaatna pikeun jalma sejen.

Upamana bae, biografi Rd. Dewi Sartika, Oto Iskandar di Nata, Ali Sadikin, biogafi Soeharto, biografi SBY, jsb.

Kagiatan nulis anu mangrupa salah sahiji kaparigelan produktif dina pembelajaran basa jeung sastra Sunda. Kaparigelan nulis mangrupa kagiatan anu paheut patalina jeung kagiatan anu dilaksanakeun ku guru jeung murid dina proses pembelajaran, boh di sakola boh di luar sakola.

Nulis teh mangrupa (1) kaparigelan basa anu produktif, (2) proses nyusun lambang grafis, jeung (3) proses komunikasi make lambang grafis.

Tujuan Nulis pikeun nepikeun informasi jeung pikeun ngahudang rasa.Salian ti istilah nulis, aya deui istilah sejen, nyaeta ngarang.

Wujud tina hasil nulis disebut tulisan, sedengkeun wujud tina hasil ngarang disebut karangan. Nilik kana medium basa nu dipakena, aya nu disebut karangan lisan jeung karangan tulis.

Ari numutkeun warnana (jenisna), aya nu disebut karangan prosa, aya oge anu disebut karangan puisi.

Dumasar kana jihat wangunna (bentuk), aya nu disebut

1. karangan bahasan (eksposisi),

2. alesan(argumentasi),

(14)

4. lukisan(deskripsi),jeung

5. karangan drama.

Standar kompetensi nulis teh nyaeta mampuh nulis pikeun nepikeun rupa-rupa pesen (pikiran, perasaan, jeung kahayang) sacara tinulis dina warnaning karangan saperti padoman wawancara, prosa, (pangalaman, biografi, bahasan, berita, esey, surat, carpon, laporan, bahasan) jeung puisi (sajak, guguritan, sisindiran).

Runtuyan kagiatan Nulis nya eta :1. Nyalin, nuliskeun deui 2. Nyadur atawa nyundakeun 3.Ningkes jeung ngalaporkeun 4.Nyusun guneman (nyieun daptar pertanyaan, wawancara, angket) 5. Nyieun surat 6. Nulis artikel atawa pedaran) 7.Ngarang pangalaman 8.Nulis naskah biantara 9.Ngararancang kagiatan 10.Nulis memo. 11. Ngarang wangun lancaran, ugeran jeung drama.

Nulis teh mangrupa sarana pikeun ngutarakeun hiji perkara anu disusun ngagunakeun basa tulis. Eta wujud tulisan teh bisa ngajengleng dina wangun karangan anu gembleng atawa bisa oge mangrupa paragraf.

Paragraf nyaetabeungkeutan kalimah-kalimah anu ngandung hiji tema.Paragraf anu eusina ngajelaskeun hiji hal, proses, atawa peristiwa, disebut paragraf eksposisi.

Conto Nulis Biografi :

Biografi Mang Koko

Mang Koko (1917-1985) sosok seniman Sunda, pencipta lagu-lagu Sunda. Dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya ping 10 April 1917 jenengna Koko Koswara. Nu janten ramana nyaeta Ibrahim alias Sumarta, masih turunan Sultan Banten (Sultan Hasanuddin). Anjeuna namatkeun pendidikan di HIS (1932), MULO Pasundan (1935).Damelkawit taun 1937 noron di: Bale Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Surat Kabar Harian Cahaya, Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Provinsi Jawa Barat, Guru anu jadi Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di Akademi Seni Tari Indonesia (ASTI) Bandung (ayeuna mah STSI/Sekolah Tinggi Seni Indonesia Bandung). Anjeuna ngantunkeun di Bandung, 4 Oktober 1985 dinayuswa 68 taun.

Ti alit keneh anjeuna tos wanohjeung alat musik saperti kacapi, suling, gitar, biola. Kaleresanramananyayogikeun alat-alat atawa waditratadi dibumina di Indihiang. Mang Kokooge sering naek munara masjid kobla subuh ngahaleuangkeun tarhim. Pangemut anjeuna tarhim ogetiasa diangge cara anu saekanggengolah vokal.

(15)

karawitan Sunda anu toskasohorsareng nyungsi hasil karya widang karawitan ti Raden Machjar Angga Koesoemadinata, ahli musik Sunda.

Mang Koko hiji budayawan Sunda anu mungkin hese diteangan

bandingna.Anjeunanyiptakeun lagu, nyieun grup-grup seni Sunda, mingpin sakaligus jeung ngajarna. Kuciptaana nu tegar jeung dinamis, anjeuna hasil ngalanglan gwates-wates propinsi jeung tradisi dikenal sacara nasional.

Dinamimiti kamerdekaan, 1946, anjeunamitembeyan grup kasenian "Kanca Indihiang".Midangna grup ieungaliwatan siaran Radio Bandung radio nu baheuladipancarkeunti Tasikmalaya. Kumargi kituteu matak heran waktu Mang Koko ngalih ka Bandung taun 1950, Oejeng Soewargana nu gaduh penerbit Ganaco,nyuhunkeunMang Koko “membukukan” lagu ciptaana.

Judul bukuna, Tjangkurileung(ketilang) ditaun 1959, nu salajengna diabadikeun jadi ngaran yayasan anu didirikeunn ku Mang Koko pikeun ngembangkeun karawitan dikalangan murid, ti SD nepi ka SMTA.Dinahiji dasawarsa, 1960-1970, kacatet 1.800 urang nu meunang sertifikat ti Yayasan Tjangkurileung.Terus Mang

Koko nyieunlembaga pendidikan seni Ganda Mekar keur kalangan

mahasiswa jeung umum. Anjeuna ogengadegkeunjeung jadi pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara Akademi Seni Karawitan Indonesia (ASKI), Bandung (1971). Kantos oge anjeunanerbitkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).

Dinamangsa produktif antara taun 1950-1960, rata-rata Mang

Koko nyipta tilu lagu dina tiap mingguna. Periode 1960-1970, produktivitasna nurun tapi laguna leuwih“berisi”. Kurang leuwih 1000 lagu Sunda anu geusdi ciptakeun. Salah

sahijina lagu Badminton anu populer, dina mangsa bulu

tangkis nasionaldigjaya,anjeunanyiptakeuna dina taun 1943, samemeh Rudy Hartono jadi juara All England.

Lian ti nyiptakeun lagu, Mang Koko ogejadi“pembaru” musik Sunda. Mang Koko urang Sunda anu mimitingasupkeun dasar perkusi kana lagu-laguna.Upamana wae dinalagu Mundinglaya, Mang Koko ngasupkeun sora kentongan. Tapi di bagian lain, anjeunangalengkepansora kacapi jeungnarataskacapi elektrik. Dina hal pembaru musik Sunda ieuPamarentah maparin Anugerah Satya Lencana dina taun 1971, nu disimpaykeun ku Menteri P dan K Mashuri, S.H.

Mang Koko salahasuranganu saleh, basajan jeung“merakyat”nu akrab jeung sakabehkalangan masarakat, kitunumutkeun RAF.

Diantara karya cipta kakawihan nu ku Mang Koko dikumpulkeun dina buku-buku, boh nu geus diterbitkeun atawa masih mangrupa naskah-naskah nya eta :

"Resep Mamaos" (Ganaco, 1948),

"Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952),

"Ganda Mekar" (Tarate, 1970),

"Bincarung" (Tarate, 1970),

"Pangajaran Kacapi" (Balebat, 1973),

"Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984),

"Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984),

(16)

"Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jeung nu sejenna.

Karya-karyana teu nga saukur dina widang kawih, tapi oge dina widang seni drama jeung gending karesmen, contona:

"Gondang Pangwangunan",

"Bapa Satar",

Pancen Struktur Bab ka IV …..

Nyieun jeung neangan Biografi Singket tokoh atawa inohong anu dipikaresep ku hidep dina wangunan Biografi singket siga conto diluhur, utamakeun tokoh Sunda atawa Seniman Sunda nu dipikawanoh ku hidep, jieun artikel siga conto.

Gurat Badag Ningkes Biograf

1. Saha nu rek dijadikeun tokoh Biografi nudipikaresep

2. Titimangsa kalahirana jeung tempat lahirna katut kulawargana

3. Widang nu jadi kaunggulana sarta sertifikat/kajuaraan

4. Taun-taun kawentar/kasohor

5. Watek, sipat, kapribadian nu jadi eunteung kahirupan

6. Visi misi cita-cita hirupna

7. Namatkeun Sakola nepi ka paguron luhurna dimana wae

8. Kamandang atawa pesen dirina keur nu maca biografina

Bab V Minton Sawala

A. Harti Sawala/Diskusi

SAWALA atawa Diskusi nyaeta kagiatan tukeur pikiran pikeun mahamkeun hiji pasualan jeung maluruh nu ngalantarankeun timbulna pasualan, sarta neangan jalan pikeun ngarengsekeunana. Ilaharna diskusi ngalibatkeun sababaraha urang. Malah dina kagiatan-kagiatan umum mah, anu ngalibatkeun jalma loba, kudu loba pangaturan anu jelas supaya prosesna lancar tur bener.

Lian ti éta aya ogé nu disebut rapat, nyaéta gempungan para pangurus organisasi atawa perkumpulan nu aya patalina jeung pancén atawa rupa-rupaning pasualan.Rapat biasana dipimpin langsung ku kapala atawa pupuhu éta organisasi.Sabagé pamingpin, kapala instansi ngarahkeun obrolan, pamanggih, koméntar para pamilon supaya kaputusan nu dihasilkeunana bener-bener luyu jeung tujuan rapat.

(17)

Para palaksana diskusi ngabogaan pancén séwang-séwangan.Maranéhna aya nu disebut moderator atawa panumbu catur, sekretaris, narasumber atawa panelis, jeung paserta.

1. Moderator

Pancénna nyaéta saperti di handap ieu.

a) Nepikeun pasualan-pasualan nu baris didiskusikeun.

b) Nepikeun aturan maén atawa tata cara diskusi.

c) Muka jeung nutup jalanna diskusi.

d) Ngatur jalanna diskusi.

e) Ngajaga kalumangsung diskusi luyu jeung tujuan ogé jadual nu ditangtukeun.

f) Nepikeun kasimpulan-kasimpulan diskusi.

2. Sekretaris

Pancén poko sekretaris diskusi.

a) Nyatet ngaran peserta diskusi jeung tanggapan-tangapanana.

b) Nyatet kajadian atawa hal-hal husus salila diskusi.

c) Nyieun catetan jeung kasimpulan-kasimpulan samentara diskusi.

d) Nyieun laporan diskusi sacara lengkep satutasna diskusi.

3. Panelis

Dina diskusi-diskusi gedé, sapertikeun diskusi panel atawa seminar, sok aya petugas diskusi séjénna nu disebut panelis atawa narasumber. Pancén pokona nepikeun makalah atawa medar téma diskusi sacara panjang lébar. Manéhna boga peran sabagé narasumber atawa pananyaan pikeun para peserta diskusi patalina jeung hiji pasualan.

4. Peserta

Kahadiran jeung andil para peserta utama pisan pikeun kalumangsungan diskusi. Kateuhadiran para peserta diskusi sarua hartina jeung teu aya diskusi. Ti para diskusi, sagala pamanggih, jalan kaluar, jeung kasimpulan-kasimpulan bias dirumuskeun. Ku sabab kitu, para peserta diskusi teu saukur diharepkeun hadir, nu leuwih penting nyaéta andilna ku mangrupa saran, pandapat, atawa koméntar- koméntarna.

C. Tata Cara Diskusi

Sacara umum, tata cara diskusi ngawengku sababaraha tahapan saperti di handap ieu.

1. Meunang idin ti moderator

Saméméh nepikeun saran, pamanggih jeung séjén- séjénna, unggal peserta kudu meunang idin ti moderator.Teu cukup ku ngangkat leungeun, peserta diskusi meunang nyora lamun ditunjuk atawa diidinan ku moderator.

2. Ngenalkeun Diri

Ngenalkeun diri diperlukeun dina diskusi-diskusi gedé, utamana anu pesertana teu saling kenal. Ungggal peserta nu rék nepikeun pamanggih, saran, kritik, jeung sajabana perlu ngamimitian ku ngenalkeun diri: ngaran, kelas/sakola, atawa alamat.

(18)

Dina nepikeun saran atawa pamanggih, hal-hal di handap ieu kudu diperhatikeun.

a. Saran, pamanggih, jeung sajabana kudu dibarengan ku alesan, fakta, atawa conto nu jelas.

b. Saran atawa pamanggih kudu ditepikeun kalawan lancar, jelas, sopan, jeung wijaksana.

Anapon tahapan-tahapan mingpin diskusi/rapat, nyaéta saperti di handap ieu:

1. Muka diskusi

a. Ngucap salam

Assalamualaikum Wr. Wb., hadirin!

Wilujeng énjing para wargi.

b. Nganuhunkeun kana kahadiran para peserta atawa pamilon diskusi.

“Nganuhunkeun ka para pangurus OSIS anu tos sayogi

ngalungguhan pangulem pribados kanggo ngahadiran ieu acara. c. Nepikeun pamaksudan diskusi.

Anapon pamaksudan prbados ngayakeun ieu diskusi teu aya sanés kanggo ngabadantenkeun rencana urang dina acara halalbihalal engké. Utamina tempat, waktu, sareng biaya anu diperyogikeun”.

2. Ngatur jalanna diskusi

Kalimah-kalimah nu ilahar digunakeun ku pamingpin diskusi dina ngatur atawa ngarahkeun jalanna diskusi, nyaéta saperti di handap.

a. “Mangga ka sadérék sadaya nu bade ngadugikeun saran-saran!”.

b. “Rupina pasualan dana mah éngké waé dibahas ti pengker. Ayeuna mah langkung saé ngabadantenkeun tempat sareng waktosna heula”.

c. “Supados teu nyangkolon kana waktos, mangga urang putuskeun waé ku cara voting…”

d. “Saéna urang istirahat waé heula atuh supados tiasa seger sareng langkung sumanget deui. Kinten-kinten tabuh dua urang teraskeun ieu rapat”.

3. Nyimpulkeun jeung nutup diskusi.

a. “Janten aya sababaraha kacindekan nu tos disaluyuan ku sadayana nyaéta…”

b. “Tina hasl babaddantenan tadi, ti siang dugi ka sonten ayeuna, aya sababaraha hal nu tos tiasa ku urang disimpulkeun…”

(19)

D. Niténan Lumangsungna Diskusi.

Dina kahirupan sapopoé, bias ogé urang ngan saukur jadi pamilon diskusi atawa pangamat wungkul.Éta kassmpetan hade pisan pikeun dijadikeun conto lamun prak-prakan bener-bener alus, sakaligus bisa dijadikeun pieunteungeun lamun éta diskusi téh goréng.

Pananya-pananya di handap ieu bisa djadikeun padoman dina nganiléy goréng alusna hiji diskusi.

1. pamingpin diskusina adil tur wijaksana?

2. ngarti pamingpin diskusi téh kana aspirasi anggotanya?

3. para anggota miluan éta diskusi téh serius atawa apilain?

4. pamanggih sarta koméntar-koméntarna ditepikeun sacara lengkep tur jelas?

5. pasualan-pasualan diskusi téh kapecahkeun kalawan tuntas? Pananya-pananya di luhur bisa ditambahan-tambahan deui, misalna nu aya patalina jeung kaefektifan waktuna, katartiban dina palaksanaanana, kabersihan tempatna.

E. Ngalaporkeun Hasil Diskusi

Ngalaporkeun hasil diskusi hartina nepikeun jeung nétélakeun sagala rupa hal nu diputuskeun dina jero diskusi. Laporan diskusi kabiasaanana dijieun sacara tinulis.Gunana pikeun padoman para anggota diskusi, sabagé dokumén atawa arsip organisasi.Laporan éta perlu ogé ditepikeun ka pihak-pihak séjénna, atawa kapala sakola.Lamun para pangurus RT nu diskusina, hasilna ditepikeun ka lurah atawa kuwu.

Anapon widang-widang nu perlu ditepikeun dina laporan diskusi, nyaéta:

1. jejer atawa masalah nu didiskusikeun,

2. tujuan diskusi,

3. para pelaksana jeung pamilon diskusi,

4. tempat jeung waktu diskusi,

5. hasil-hasil diskusi,

6. kacindekan.

Dihandap ieu dicontokeun susunan laporan diskusi,

1. pangbubuka

 kasang tukang diskusi  jejer/masalah diskusi  tujuan diskusi

(20)

2. hasil diskusi

 poko-poko masalah nu didiskusikeun

 pananya sarta tanggapan nu dtepikeun ku pamilon rapat 3. panutup

 kacindekan-kacindekan diskusi

 pasualan-pasualan nu nyésa, tacan kabahas (lamun aya)  saran-saran

4. lampiran

Bagéan lampiran dieusi ku rupa-rupa dokumén nu aya patalina jeung kagiatan diskusi, saperti;

 jadual diskusi

 susunan acara diskusi  daftar pamilon diskusi.

Jalma nu mingpin sawala disebut Panumbu Catur(Moderator), anu nuliskeun hasil sawala disebut Girang Serat (Sekretaris), ari nu sejenna anu ilubiung dina lumangsungna kagiatan sawala disebut pamilon(peserta).

Pamingpin sawala/panumbu catur/moderator ngabogaaan kawajiban pikeun ngarumuskeun masalah kalawan merenah. Tapi masalah anu dirumuskeun teu ukur jawaban anu “bener” atawa “salah”.

Pamingpin sawala anu hadenyaeta kudu :

1) apal aturan perkara sawala,dina mere lolongkrang nyarita ka para pamilon, ngamangfaatkeun waktu nu disadiakeun, jeung ngarumuskeun kacindekan;

2) sabar;

3) ngahargaan unggal pamadegananu diasongkeun ku panyatur atawa pamilon;

4) jujur, someah, teu nogencang(beurat sabeulah).

Kagiatan nu aya dina Sawala :

1) Ngawangun sababaraha kelompok sawala;

2) Unggal kelompok nangtukeun materi anu rek disawalakeun, topikna bisa milih, diantarana : a.Basa Daerah perlu di mumule, b.Ngamekar– keun Kasenian tradisional, c.Ngaronjatkeun hasil tatanen, d.Tarekah ngaronjatkeun prestasi diajar, e.Miara kabersihan lingkungan.

3) Unggal kelompok nuliskeun perelean (rincian) eusi sawala luyu jeung salah sahiji topik anu dipilih di luhur:

4) Unggal kelompok nangtukeun saha-sahana anu jadi panyatur, panumbu catur, jeung girang serat;

(21)

6) Jawab kalawan logis sakur pananya ti pamilon;

7) Wani ngoreksi jeung jembar narima saran ti kelompok sejen;

8) Tuliskeun kacindekan hasil sawala;

Pangaweruh Basa Sunda

Ngaran Tempat

Karapyak : kandang Sapi/Munding

Gedogan : kandang Kuda

Paranje : kandang Domba/Hayam

Pagupon : kandang Japati

Karangkeng : kandang sato galak

Pawon : tempat hawu/dapur

Padaringan : tempat neundeun beas

Pangkeng : tempat sare

Alun-alun : puseur kota

Jongko : wangunan paragi dagang

Palalangon : wangunan nu aya di sisi leuweung paranti ngintip sato bururan Ubrug : adegan tempat digawe sawatara lilana

Leuit : adegan tempat ngampihan pare

Elos : tempat nyieun jeung gagaringkeun bata atah Lio : tempat pameuleuman bata

Padumukan : tempat nganjrek/lembur

(22)

Soal Ulangan Tengah Semester Ganjil 2013 Basa jeung

Sastra Daerah (Sunda)

I. Pilih ku hidep a, b, c, d, atawa e, anu paling bener eusina ! Titenan sempalan dongeng di handap ieu!

Nyi Pohaci Sanghyang Asri

Tungtungna Anta dongkap di Jonggring Saloka, istana Sanghyang Batara Guru, ngahaturkeun endog mustika hiji-hijina kanggo panguwasa kahyangan. Batara Guru bungah, seneng pisan nampi mustika nu gurilap mencrang pikareuseup diténjo. Saatos wawuh yén eta mustika salérésna endog ajaib, Batara Guru nitah Anta nyileungleum éta endog geura megar.

Saatos sakian lami nyileungleum, Anta hasil megarkeun endog. Ajaibna nu medal tina endog teh bayi inji nu geulis, alus, lucu pisan. Eta bayi dipulung anak ku Batara Guru sareng pamajikanana Batari Uma.

Eta bayi dinamian Nyi Pohaci Sanghyang Asri. Lami-lami Nyi Pohaci manjing jadi mojang nu geulisna kacida pisan. Mojang nu bageur, alus budi, lemes cariosanana, linuhung, téja sukmana, matak kayungyun, dipikareuseup para dewa saantero kahyangan. Sasaha wae nu ninggali sang pohaci bakalan mikacinta, resep ka sang dewi.

(23)

Batara Guru gaduh hasrat, kahayang ngawinan Nyi Pohaci. Ningali galagat Batara Guru, para dewa hariwang jeung risi. Mun dianteupkeun kalakuanana ieu bakalan jadi aéb, ngérakeun, ngaruksak kasaluyuan kahyangan. Saterusna para dewa barempag, nyusun siasat kanggo misahkeun Batara Guru jeung Nyi Pohaci Sanghyang Asri.

Supados moal aya parkara nu ngérakeun kahyangan, para dewa satuju yen sakedahna Nyai Asri dipaéhan. Para dewa abur-aburan ngalalana saantero jagat milarian racun nu pang peurahna. Saatos kakumpul, racuna dicampurkeun dina inuman Nyai Pohaci nu teu nyaho ngaleueut eta racun, teras karunya pisan, sang pohaci maot. Saatos maotna sang dewi, jagat géhgér, bumi eundeur lindu, ti langit gelap sasamber, angin gedé ngagelebug. Sanghyang Kersa, dewa agung pangluhurna nu tiasana cicing wae teu katénjo, janten amarah teu nampi kajahatan nista para dewa maéhan mojang suci nu teu boga dosa. Paur ngarasa boga dosa, sieun ku amarah Sanghyang Kersa, para dewa geura ngagotong layon Nyi Pohaci, disumputkeun di bumi, dikuburkeun di leuweung nu tebih jeung jero pisan.

Para dewa nu sanés nu teu terang perkara saleresna, janten nalangsa lantaran Sanghyang Asri sirna. Margi sang Nyai Pohaci teh mojang suci nu teu boga dosa, dina astanana muncul kaajaiban, sagala rupi tatangkalan nu seueur gunana sumekar tina astanana.

1. Saha ari Dewi Sri nu katelah aya dina dongeng diluhur ...

a. Sanghyang Asri

b. Nyai Pohaci

c. Bidadari ti Jonggring Saloka

d. Nyai Pohaci Sanghyang Asri

e. Dewi Sri

2. Numutkeun eta dongeng geuning Nyai Pohaci teh dilahirkeun …

a. ku Batara Guru

b. ti Sanghyang Kersa

c. tina endog mustika

d. ku Anta

e. ti kalangan bidadari Jonggring Saloka

(24)

a. Kageulisana ngelehkeun bidadari

b. Nyai Pohaci maotna diracun

c. Nyi Pohaci nyababkeun jagat gehger

d. Batara Guru hasrat ngawin Nyai Pohaci

e. Putusan Sanghyang Kersa jagat raya

4. Jagat gehger, bumi eundeur, gelap nyamber, mega aleum, anging ngagelebug nembongkeun ciciren maotna Nyai Pohaci, alatan Nyai Pohaci …

a. mojang nu suci teu boga dosa

b. bidadari putri Batara Guru nu geulis

c. diracun ku kaisinan Sanghyang Kersa

d. numuwuhkeun rupaning tatangkalan

e. durhaka ka Batari Uma

5. Dongeng diluhur kaasup kana pasingan jenis dongeng ...

a. fabel

b. farabel

c. mite

d. sage

e. legenda

6. Istilah kecap dina basa Sunda nu dipake pikeun ngabedakeun istilah panata acara nyaeta …

a. biantara

b. master of ceremony

c. presenter

(25)

e. sawala

7. Rarancang dina nyiapkeun diri pikeun nata acara kudu dikonsep dina wangun tulisan, nu dipiharep sangkan carita teu patojaiyah jeung acara nu lumangsung, diantara runtuyan nu poko nyaeta …

a. bubuka, muka acara, medar runtuyan acara, nyindekkeun acara, panutup

b. bubuka, medar runtuyan acara, pangdeudeul nu gaduh acara, panutup

c. bubuka, salam, medar eusi, nyindekkeun acara, nutup acara

d. salam, bubuka, pangwilujeng, mernahkeun acara, nutup acara

e. salam, bubuka, eusi, panutup

8. “Assalaamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh.

Langkung tipayun urang sami-sami muji syukur ka Robbul Gofur, wireh urang sadaya dina danget ieu masih keneh dipaparin kasehatan, miwah kakiatan geusan sinaksen, riung mungpulung dina patepung lawung patepang wajah raraga ngaresmikeun Pondok Santri Almarwah 2013”.

Dina eta ungkara sok dikedalkeun dina waktu …

a. ngawilujengkeun ka anu haladir

b. medar eusi biantara

c. muka acara

d. nyimpulkeun acara

e. nutup acara

9. “Hapunten anu kasuhun, bilih aya saur nu teu kaukur , basa nu teu kaungkara, tisoledat ucap katut lengkah nu pasolengkrah, neda agung culup lumur jembara sihampura, tutus langkung kepang halang,

bobo sapanon carang sapakan”.

Ungkara kalimah ieu mah diucapkeun mangsa ...

a. pasamoan ngawilujengkeun ka tatamu

b. pangwilujeng sumping kanu haladir

c. nutup acara ku babasan paribasa

(26)

e. nyindekkeun beresna acara

10. Nu jadi ukuran suksesna saurang panata acara gumantung kana sababaraha wangenan, diantarana …

a. wawanen, museur na acara, nguasai situasi, panceg dina galur

b. niat nu hade, museur na acara, panceg dina galur

c. wawanen, panceg dina galur, teu galider, tanpa kasalahan

d. wawanen, mawa karep, nguasai panggung, beres roes

e. lungguh, ampuh, timpuh, bayubuh

11. Budaya lokal jeung nasional kiwari kasampak pohara kuno, komo aya generasi ngora anu éra diajarna, pangabisa ngawasa kasenian tradisional dianggap teu méré mangpaat. Rasa bangsa beuki leungit, alatan budaya bangsa séjén leuwih kasampak ti batan budaya sorangan, kaayaan ieu ogé lumangsung dina budaya Sunda, hal ieu nu ngakibatkeun ...

a. urang Sunda kurung batok

b. urang Sunda teu nolih budaya deungeun

c. urang Sunda tetep nanjeur

d. urang Sunda leungit jati dirina

e. urang Sunda jati kasilih ku kiara

12. Aya sawatara étos atawa watek dina budaya Sunda ngeunaan hiji jalan pikeun ngahontal tujuan hirup. Sajaba ti éta, étos sarta watek Sunda ogé bisa jadi bekel kasalametan dina ngambah kahirupan di dunya ieu, diantarana waé nya éta …

a. cageur, badeur, bener, singer, pinter

b. cageur, bageur, bener, singer, pinter

c. cageur, bageur, jejer, bener, singer

d. cageur, badeur, singer, pinter, deker

e. cageur, bener, bageur, eundeur, singer

(27)

Sistem duduluran masarakat Sunda, umumna sakum manusa di dunya aya disababkeun dua faktor nya éta …

a. turunan jeung pancakaki

b. turunan jeung kulawarga

c. turunan jeung ritual nikah

d. karuhun jeung turunan

e. turunan jeung kakarabatan

14. Jaman urang dijajah Walanda, mémang dina pakumbuhan urang Sunda aya panta-panta sosial. Dalah kalungguhan masing-masing jalma ogé béda-béda nurutkeun hukum, da aya hukum anu khusus jang urang Walanda katut urang Barat, aya hukum husus pikeun utang Timur asing (Cina, Arab, jste). Ari urang pribumi jadi dadampar panghandapna. Tapi ku lantaran jumlahna pangréana, masih kénéh dibagi-bagi deui kana panta-panta diantarana …

a. menak jeung pribumi

b. menak, ningrat, somah, semah

c. menak jeung cacah kurikacan

d. menak, santana, somah, cacah kuricarewu

e. menak, cacah, santana, somah

15. Ageman masarakat Sunda baheula nya éta ageman pituin urang Sunda nya éta Sunda. Sanajan mustahil pikeun nyaho sacara pasti kawas naon kapercayaan Sunda Wiwitan jeung iraha tumuwuhna, tapi numutkeun pitunjuk bisa kapanggih dina ….

a. prasasti jeung anggapan suku baduy

b. puisi-puisi epik

c. wawacan jeung prasasti

d. wawacan jeung anggapan suku baduy

(28)

II. Jawab jeung eusian !

1. Tengetan sempalan Dongeng dihandap ieu sing antare!

Mundinglaya Dikusumah

Mundinglaya Dikusumah ngarupakeun carita rahayat Sunda. Carita rahayat kasebut nyaritakeun kahirupan saurang menak Sunda dina jaman Karajaan Sunda anu pinuh kaprihatinan terus diangkat jadi raja ngagantikeun ramana nyaeta Prabu Silihwangi.Karajaan Sunda mindeng disebut ku sakumna urang Sunda sareng menak Jawa sabagePajajaran (ngaran puseur dayeuh karajaan Sunda) sanggeus Cirebon jeung Banten misahkeun diri ti eta karajaan.

Sumber

Carita rahayat ieu sumberna tina tradisi lisan urang Sunda anu disebut pantun, anu saterusna osok ditulis dina wangunan buku carita ku para panulis boh dina Basa Sundaatanapi Bahasa Indonesia.

Situs batu Munding Jalu (Mundinglaya) anu aya di tengah sawah Kampung Cibitung, Desa Mukapayung, Kecamatan Cililin, Kabupaten Bandung Barat. Situs nu raket pakaitna jeung legenda Ksatria Mundinglaya.

Prabu Silihwangi ngagaduhan dua urang garwa nyaéta Nyimas Tejamantri sarta Nyimas Padmawati anu jadi permaisuri. Ti Nyimas Tejamantri, Prabu Silihwangi ngengingkeun saurang putra nyaéta Guru Gantangan. Sedengkeun ti permaisuri Nyimas Padmawati, raja ngenginkeun putra anu diwastaan Mundinglaya. Béda umur antara Guru Gantangan jeung Mundinglaya pohara jauhna. Waktu Guru Gantangan ditunjuk jadi bupati di Kutabarang sarta geus lakirabi, Mundinglaya masih keneh budak leutik.

(29)

Mangkat rumaja katangen pisan kategepan Mundinglaya. Katambih ku pasipatanana anu sae budi. Tebih pisan bentenna sareng Suntenjaya anu sipatna awon pisan. Kumargi Nyi Mas Ratna Inten nyaah pisan ka Mundinglaya, Suntenjaya janten sirik pisan ka Munding Laya. Guru Gantangan oge janten timburu, gaduh sangki anu awon sareng ngaraos disapirakeun ku bojona. Pon kitu Suntenjaya asa kasilihkeun. Nya eta pisan anu ngarobih kanyaahna Guru Gantangan ka Mundinglaya janten kaceuceub anu ahirna Mundinglaya dikerem di pangberokan Kutabarang, ku margi dianggap ngalakukeun lampah nirca, sanaos harita Mundinglaya teh masih kacida rumajana.

Di Pajajaran, puseur karajaan Sunda, harita teh nuju meujeuhna angkeub, halodo entak-entakan sareng seueur jalmi nu kaserang kasawat. Katambih tumuwuhna pacengkadan di lingkungan kulawarga karaton sabadana Mundinglaya diberok.

Dina hiji waktos Nyi Mas Padmawati ngimpen ningali Layang Salaka Domas nu aya di Jabaning Langit kalayan dijaga ku Guriang Tujuh. Dina impenannana, aya wartos wirehna sing saha anu tiasa ngengingkeun eta layang, baris kenging kahormatan, kabagjaan, katengtreman, karaharjaan, sareng kasalametan kanggo nagara miwah rahayatna. Eta impenan dicarioskeun ka Prabu silihwangi. Prabu Silihwangi hemeng galihna henteu percanten bakal aya jalmi anu sanggem angkat ka Jabaning Langit bari nyandak Layang Salaka Domas tina kakawasaan Guriang Tujuh; asa pamohalan pisan.

Nu jadi pananyana :

a. Naon anu jadi inti jejer carita di luhur?

b. Saha wae nu jadi palaku dina leujeuran carita nu aya di luhur?

c. Kumaha watek palaku utama dina carita di luhur?

d. Naon anu dimaksud Layang Salaka Domas numutkeun eta carita?

e. Nurutkeun paniten hidep, sempalan carita eta kaasup kana pasingan naon dina dongeng?

2. Eusian nurutkeun guluyurna conto calagara di handap ieu!

Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa bapa miwah Ibu rawuh teteh/kakang Alumni SMA PUQ nu ku sim kuring dipihormat.

Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci rehna Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngariung, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina acara anu ku urang sadaya diantos-antos, nyaeta acara tepang sono Akbar SMA PUQ Pameungpeuk Bandung.

Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na.

Hadirin sadaya hormateun sim kuring!

(30)

ieu acara, nyaeta acara tepang sono Akbar SMA PUQ Pameungpeuk ti kawit sakola ieu ngadeg dugi ka wanci ayeuna. Sim kuring neda widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, sewu nuhun laksaketi kabingahan. Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Mugia sing genah betah tur tumaninah.

Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta :

1. Bubuka

2. Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an

3. Kedal pamapag ti pupuhu acara tepang sono Akbar

4. Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola

5. Biantara pangbagea ti pupuhu OSIS SMA PUQ

6. Biantara pangbagea ti wawakil Alumni

7. Bewara forum alumni

8. Tawis katineung ti Alumni kangge Sakola

9. Panutup

Hadirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat! Supados teu nyangkolong kana waktos , salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek ... kanggo maoskeun ayat suci Al-Qur’an. Sumangga dihaturanan! …

Hatur nuhun ka saderek ... anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an, tos lami acara tepang sono ieu di antos-antos, urang sadaya paturay tineung saparantos sakola sakitu lamina nungtut elmu. Emut ka sakola, emut ka rerencangan saparakanca, emut ka bapa sinareng Ibu guru. Tangtos moal hilap.

Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu sakola. Sumangga kersana Bapa Drs. Ahmad Sopwandihaturanan! ...

Hatur nuhun ka Bapa Drs. Ahmad Sopwan anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana. Pamugi rupi-rupi piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku anjeuna, sing janten ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning ngawangun kahirupan anu dipikahoyong.

Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade didugikeun ku pupuhu osis. Sumangga saderek atas nami pupuhu OSIS dihaturanan! ...

Hatur sewu nuhun ka atas nami pupuhu OSIS SMA PUQ Pameungpeuk anu parantos ngadugikeun biantara kalayan singget mung teges maksadna.

(31)

Hatur sewu nuhun ka Bapak Agung Barkah Pratama anu parantos ngadugikeun sababaraha kecap anu janten wawakil eusi tina manah alumni.

Hadirin sadaya hormateun sim kuring!

Sateuacan nincak kana acara inti, urang susun heula panitia forum Alumni dilajengkeun bewara hasil panyusunan. Sumangga pupuhu forum Alumni, Bapa Agung Barkah Pratama dihaturanan!...

Alhamdulillahirabbil A’lamin panitia forum Alumni parantos diwangun, ku kituna tiasa langkung gampil upami ngayakeun deui acara reuni.

Hadirin sadaya, cunduk waktosna kana acara anu diantos-antos ku sadayana nyaeta sawala antawis alumni pikeun kenging hiji kamufakatan anu bade dipingpin ku moderator. Sumangga kersana ibu Siti Rohmatilah dihaturanan! ...

Hatur nuhun ka Ibu Siti Rohmatilah anu paratos mingpin sawala anu alhamdulillah urang sadaya parantos kenging hiji kamufakatan anu tangtos.

Bapa miwah ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh!

Tawis katineung ti rengrengan Alumni anu parantos disiapkeun ti anggalna, mangrupi plakat sareng waragad hasil kempelan ti para alumni sadayana, saurna : tong ditingal ageung alitna nanging mugia tiasa ngawujud dina mantosan sumanget diajar sareng ngajar adi-adi akang jeung teteh oge bapa kalih ibu anu baktos ka ieu Sakola.

Sumangga ka wawakil Alumni akang oge teteh kangge ngaabadikeun proses pamasrahan Tawis Katineung ti para Alumni!....

Rengse acara demi acara ti kawit dugi ka ahir, mugia ieu pasamoan janten barokah sadayana tur janten pangait ati simpay raga antawis para Alumni sareng pihak Sakola. Rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkeun nuhun ka rerengrengan panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS oge sagala unit anu kalibet dina ieu acara di wales ku Alloh SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb.

a. Sebutkeun jeung tulis pokpokan nu jadi kalimah bubuka calagara!

b. Tulis pokpokan ngahaturan ka pupuhu sakola katut pangwilujeung satutasna!

c. Saha-saha anu jadi palaku dina acara di luhur, jelaskeun jeung sebutkeun kalungguhannana!

d. Anu jadi puseur paniten dina acara di luhur teh nyaeta….

e. Sebutkeun jeung tulis pokpokan kalimah panutup dina eta acara!

3. Eusian soal anu kudu dijawab dihandap ieu nurutkeun tugas anu kungsi ditibankeun ngeunaan Artikel Budaya!

(32)

b.Pikeun sawatara elmu pangaweruh masarakat Sunda jaman kapungkur aya pakaitna jeung istilah : Pamali, Uga, Cacandran, jeung Kila-kila, sabisana jelaskeun jeung bere 1 conto sewang-sewangan!

c. Naon anu jadi Ageman urang Sunda baheula?

d.Sebutkeun diantarana situs-situs jeung cagar budaya Sunda anu hidep apal!

Referensi

Dokumen terkait

PERBED AAN PENGARUH ZUMBA D ANCE D ENGAN AEROBIK HIGH IMPACT TERHAD AP PENURUNAN BERAT BAD AN D AN PROSENTASE LEMAK TUBUH.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

"E-KTP yang sudah jadi, chip berada di dalam, berbeda dengan e-KTP uji coba di mana chip ada di luar," kata Mendagri saat ditemui di Pangkalpinang dalam

Dengan ini saya memberikan kuasa kepada setiap dokter, rumah sakit, klinik, perusahaan asuransi atau setiap organisasi, lembaga atau orang untuk memberikan

Menurut Zethaml dan Bitner (1996) kualitas pelayanan adalah tingkat keunggulan yang diharapkan dan pengendalian atas tingkat keunggulan tersebut untuk memenuhi

[r]

Diajukan untuk memenuhi sebagian syarat untuk memperoleh gelar Sarjana Pendidikan Luar Sekolah Konsentrasi

ogé ku istilah kuasi ékspérimén atawa éksperimén semu (teu sampurna). Disebut teu sampurna ku lantaran dina ékspérimén semu can nyumponan sarat dina ékspérimén

KEMENTERIAN PENDIDIKAN