Pangrumat Basa Sunda kelas VI
A. Pakakas & Patukangan
Pakakas dapur nu sok digunakeun keneh nepi ka kiwari, utamana ku jalmi sadaya masarakat di padesaan.
- Aseupan : parabot paragi nyeupan, wangunna nyungcung, dijieunnatina anyaman awi. Di pakena disangkokeun Dina seeng. Bagian puhuna sok di wengku ku tali tina awi Atawa tina hoe.
- Besek : paragi ngawadaham sasamaraan Atawa berekat, nu dijieunna tina anyaman awi, wangunna pasagi opat, biasana sapasang, nu hiji keur alasan, sedengkeun nu hiji deui keur tutupna.
-Hawu : tempat paragi mirun seuneu di dapur, seuneuna ku suluh, palebah hareupna aya lawang jeung liang palebah hareupna aya lawang jeung liang palebah luhurnya (aya hiji atawa dua) paragi nagenkeun katel, langseng, atawa pakakas sejenna nu dipake lamun keur ngasakan.
-Seeng : pakakas Bu dijieun tina tambahan atawa seng, paranti naheur cai, nyangu, atawa nyeupan, paragi naheun aseupan.
-Hihid : paragi ngageberan rujak/Hawu, ngageberan sangu nu keur diakeul, jste.
Dijieunna tina awi, wangunna pasagi opat make gagang tina awi.
-Leukeur : parabot paragi nunda seeng, pariyk Atawa nu sejenna Sangkan teteg, dijieunna tina anyaman awi atawa sapu pare. Wangunna buleud, tapi aya oge nu dijieun tina baskom bolong.
-Susuk : pakakas pikeun ngagoreng.
Tugas
Hidep pilarian gunana nami pakakas dihandap!
1. Katel : 2. Gelas : 3. Nyiru : 4. Panyiuk : 5. Boboko : 6. Teko : 7. Empuk : 8. Sinduk : 9. Piring : 10. Pabeasan :
B. Ngalarapkeun kecap Kana Kalimah
Contohna : Hawu
Kalimahna : Upami Ema nyangu sok dina hawu.
Jieun kalimah ngangge kecap dihandap!
1. Katel
Kalimahna : 2. Teko
Kalimahna:
3. Gelas Kalimahna : 4. Boboko Kalimahna : 5. Nyiru
Kalimahna :
1