• Tidak ada hasil yang ditemukan

MEDIA OF FILM FRAMES TO IMPROVE WRITING SKILLS BIOGRAFHY.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MEDIA OF FILM FRAMES TO IMPROVE WRITING SKILLS BIOGRAFHY."

Copied!
41
0
0

Teks penuh

(1)

SKRIPSI

diajengkeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat

ngahontal gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Vinie Novianita

NIM 1006176

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

MÉDIA FILM BINGKAI PIKEUN

NGARONJATKEUN KAMAMPUH

NULIS BIOGRAFI

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X Saintek 4 SMA

Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh

Vinie Novianita

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Vinie Novianita 2014

Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

VINIE NOVIANITA

NIM 1006176

MÉDIA FILM BINGKAI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI

(Studi Kuasi ékspérimén ka Siswa Kelas X Saintek 4 SMA Laboratorium

Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014)

disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping 1,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd.

NIP 196408221989031001

Pangaping II,

Ade Sutisna, S.Pd.

NIP 197607312001121001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

(4)
(5)

MEDIA OF FILM FRAMES TO IMPROVE WRITING SKILLS BIOGRAFHY (Quasi Experiment Study to Student X Saintek 4 Class SMA Laboratorium

Percontohan Indonesia University of Education Terms 2013/2014)1)

VINIE NOVIANITA2)

ABSTRACT

This research background is the important of the use of instructional media in the teaching and learning process. This study aimed to describe (1) how the implementation of the media of film frames in learning to writing biografhy, (2) the knowledge of students in writing biografhy using media of film frames that include the ability of early (pre - test) and the ability of the end (post - test), (3) significant difference between the learning outcomes before and after using the media of film frames. The method used in this study is a quasi experimental design with pretest and posttest using group design. The research instrument used was a written test sheet. The results show the difference between

student’s skill before and after using media of film frames. It can be seen from the test

results of the gain test. From 61,70 to 81,34 with a gain of 20,17. Hypothesis test results that show tscore (10.61) > ttable (2.76) means that there is a significant difference between

the learning outcomes before and after using the medium of film frames. So, we can be concluded that the media of film frames can to improve students’ skills in writing biografhy.

(6)

Vinie Novianita, 2014

Média Film Bingkai Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi

1)

This research was guided by Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. and Ade Sutisna, S.Pd.

2)

Student of Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Indonesia University of Education 2010

MEDIA FILM BINGKAI UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN

MENULIS BIOGRAFI

(STUDI KUASI EKSPERIMEN KE SISWA KELAS X SAINTEK 4 SMA LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI TAHUN AJARAN 2013-2014)1)

VINIE NOVIANITA2)

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh pentingnya menggunakan media pembelajaran dalam kegiatan belajar mengajar dan siswa merasa kesulitan dalam menulis biografi karena tidak dibimbing untuk menulis. Penelitian ini bertujuan untuk mendéskripsikan: (1) bagaimana pelaksanaan media film bingkai dalam pembelajaran menulis biografi; (2) kemampuan menulis biografi siswa sebelum menggunakan media film bingkai (tes awal); (3) kemampuan menulis biografi siswa setelah menggunakan media film bingkai (tes ahir); (4) beda signifikan kemampuan menulis biografi siswa sebelum dan setelah menggunakan media film bingkai. Sumber data dalam penelitian ini adalah hasil menulis biografi siswa kelas X Saintek SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 yang berjumlah 29 orang. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah kuasi eksperimen dengan menggunakan desain pre-test dan pos-test group. Tehnik yang digunakan dalam penelitian ini adalah tehnik tes. Adapun instrument yang digunakan adalah instrument lembar tes tulis. Hasil penelitian menunjukkan adanya perbedaan antara kemampuan menulis biografi siswa sebelum dan setelah menggunakan media film bingkai. Hasil uji gain menunjukan bahwa ada peningkatan kemampuan siswa dalam menulis biografi setelah menggunakan media film bingkai. Dari 61,70 menjadi 81,34 yang menghasilkan gain 20,17. Dari hasil uji hipotesis diperoleh titung (10,61) ˃ ttabel

(2,763), hal inimenyatakan bahwa hipotesis kerja (Ha) diterima dan hipotesis nol

(H0) ditolak. Dengan demikian, media film bingkai dapat meningkatkan hasil

pembelajaran menulis biografi.

(7)

1)

Skripsi ini dibimbing oleh Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. dan Ade Sutisna, S.Pd.

2)

(8)

Vinie Novianita, 2014

Média Film Bingkai Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi

DAPTAR EUSI

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

(9)

2.1.1.1 Wangenan Média ... 7

2.1.1.2 Wangenan Média Pangajaran ... 7

2.1.1.3 Klasifikasi Média Pangajaran ... 8

2.1.1.4 Fungsi Média Pangajaran ... 10

2.1.2 Média Film jeung Média Film Bingkai ... 12

2.1.2.1 Wangenan Média Film ... 12

2.1.2.2 Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Média Film ... 13

2.1.2.3 Jenis Film ... 15

2.1.2.4 Wangenan Média Film Bingkai/Slide ... 17

2.1.2.5 Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Média Film Bingkai/Slide ... 17

2.1.2.6 Cara Nyieun Média Film Bingkai ... 18

2.1.3 Nulis ... 22

2.1.3.1 Wangenan Nulis ... 22

2.1.3.2 Tujuan Nulis ... 22

2.1.3.3 Rupa-rupa Tulisan ... 23

2.1.4 Biografi ... 24

2.1.4.1 Wangenan Biografi ... 24

2.1.4.2 Klasifikasi Biografi ... 25

2.1.4.3 Mangpaat Biografi ... 27

2.1.4.4 Sarat Biografi nu Hadé ... 28

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan ... 32

(10)

ix

Vinie Novianita, 2014

3.3 Desain Panalungtikan ... 32

3.4 Métode Panalungtikan ... 33

3.5 Variabel jeung Wangenan Operasional ... 33

3.5.1 Variabel Panalungtikan ... 33

3.5.2 Wangenan Operasional ... 33

3.6 Instrumén Panalungtikan ... 34

3.7 Prosedur Panalungtikan ... 37

3.8 Téhnik Panalungtikan ... 37

3.8.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 37

3.8.2 Téhnik Nganalisis Data ... 38

BAB IV PEDARAN HASIL JEUNG ANALISIS MÉDIA FILM BINGKAI DINA NULIS BIOGRAFI 4.1 Prak-prakan Média Film Bingkai dina Pangajaran Nulis Biografi Siswa Kelas X Saintek 4 SMA Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014 ... 50

4.1.1 Nyieun Média Film Bingkai ... 50

4.1.2 Pangajaran Nulis Biografi Ngagunakeun Média Film Bingkai ... 59

4.1.3 Évaluasi Pangajaran Nulis Biografi Ngagunakeun Média Film Bingkai ... 60

4.2 Kamampuh Nulis Biografi Siswa Kelas X Saintek 4 SMA Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014 Saméméh Ngagunakeun Média Film Bingkai ... 60

4.2.1 Wangun ... 62

4.2.2 Basa ... 63

4.2.3 Eusi ... 63

(11)

4.3 Kamampuh Nulis Biografi Siswa Kelas X Saintek 4 SMA Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014 Sanggeus

Ngagunakeun Média Film Bingkai ... 64

4.3.1 Wangun ... 67

4.3.2 Basa ... 67

4.3.3 Eusi ... 67

4.3.4 Kronologi ... 67

4.4 Béda Signifikan Kamampuh Nulis Biografi Siswa Kelas X Saintek 4 SMA Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014 Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Média Film Bingkai ... 68

4.4.1 Uji Sipat Data ... 68

4.4.1.1Uji Normalitas Tés Awal ... 69

4.4.1.2Uji Normalitas Tés Ahir ... 74

4.4.2 Uji Homogénitas ... 78

4.4.3 Uji Gain ... 80

4.4.4 Uji Hipotésis ... 82

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan ... 86

5.2 Rékoméndasi ... 87

DAPTAR PUSTAKA ... 88

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 90

(12)

Vinie Novianita, 2014

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Prosés pangajaran boh di jero kelas boh di luar kelas pasti miboga kaonjoyan jeung kahéngkéran séwang-séwangan, kitu ogé pangajaran basa. Pangajaran basa Sunda jadi salah sahiji pangajaran anu ngalaman sababaraha pasualan.

Kurang mampuhna guru dina ngolah mata pelajaran basa Sunda di kelas, jadi salah sahiji pasualan nu ngalantarankeun siswa henteu bisa ngamekarkeun poténsi dirina. Guru saukur ngagunakeun modél ceramah dina nepikeun pangajaran ka siswa, padahal guru miboga pancén pikeun jadi fasilitator keur kagiatan diajar ngajar. Ieu hal ngabalukarkeun siswa saukur jadi pangregep nu pasif di jero kelas, siswa ogé jadi ngarasa hésé dina ngalakukeun sababaraha prakték pangajaran, kawas nyarita jeung nulis.

Pangajaran nulis jadi salah sahiji pangajaran anu henteu dipikaresep ku siswa, lantaran siswa ngarasa pangajaran nulis téh kaasup kana pangajaran nu hésé. Kasang tukangna taya lian ti dina prak-prakanana siswa diperedih pikeun ngébréhkeun naon nu aya dina pikiranana kana wangun tulisan.

(13)

Ari nulis biografi teu kawas tulisan séjénna, sabab dina biografi kudu nyaritakeun fakta-fakta ngeunaan kahirupan, pangalaman, kagiatan, ogé ngagambarkeun pasipatan, témpramén jeung lingkungan tokoh nu dicaritakeunana. Dumasar kana cara nulisna biografi ka bagi jadi opat, nya éta: nu nulisna, eusina, pasualan nu dibahas, jeung nu medalkeunana.

Pangajaran nulis biografi kiwari miboga sababaraha pasualan, di antarana dina prosés nepikeun pangajaran atawa prosés diajar ngajar antara guru jeung siswa nalika di jero kelas. Salian ti éta siswa kurang resep kana pangajaran nulis alatan kurangna sumber ide jeung teu dibimbing pikeun ngébréhkeun idena kana wangun tulisan.

Patalina jeung hal di luhur, perlu ayana usaha pikeun memener hasil diajar siswa ku sababaraha cara, di antarana: ningkatkeun sarana jeung prasarana, méré motivasi sangkan siswa getol diajar, ogé dina nepikeun bahan pangajaran kudu disaluyukeun jeung tingkat kamampuh siswa sarta ngirut panitén siswa. Ku kituna panalungtik miboga kahayang pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi ngaliwatan media pangajaran.

Média nya éta asal kecapna tina basa Latin medius, nu sacara harfiah hartina

”tengah”, jeung tinu basa Arab wasail wangun jama tina wasilah nya éta sinonim

tina wasth nu hartina “tengah”. Kecap tengah sorangan miboga harti aya diantara

dua sisi, atawa sok disebut “perantara”. Ari média pangajaran sorangan nya éta

sagala hal nu bisa nepikeun pesen ti sumber, sangkan lingkungan diajar bisa kondusif, nu narima pesenna bisa ngalakukeun prosés diajar kalayan éfisién jeung éféktif (Munadi, 2010:8). Numutkeun Sadiman dina bukuna “Media Pendidikan” (2012:17) média bisa ngahudang karep siswa pikeun diajar. Ku kituna pikeun ngungkulan pasualan di luhur, panalungtik nawarkeun salah sahiji média pangajaran nu bisa jadi bongbolongan tina sababaraha pasualan tadi.

(14)

3

Vinie Novianita, 2014

dibarung ku hiji narasi, terus diproyéksikeun nepi ka bisa dilalajoan ku siswa. Ieu média kaasup kana média audio visual, sabab aya unsur audio (narasi) jeung visual (gambar). Ku kituna ieu média bisa ngirut karep siswa pikeun diajar.

Film bingkai bisa ngahudang sumanget siswa kana diajar nulis biografi, sabab siswa teu saukur ngaregepkeun guru nalika ngajar, tapi siswa bisa nulis biografi dumasar kana imajinasina sorangan sanggeus niténan film bingkai. Siswa ogé dibéré kabébasan pikeun nulis biografi dumasar naon anu kacangking ku ingetanana sanggeus niténan film bingkai nu ditayangkeun, sanajan angger kudu saluyu jeung sagala tiori ngeunaan nulis biografi. Ku kituna, ieu média pangajaran téh bisa ngamaksimalkeun poténsi nu aya dina diri siswa pikeun narima jeung nyangkem pangajaran, utamana dina pangajaran nulis biografi.

Panalungtikan nu ngagunakeun média film kungsi dilakukeun, di antarana ku Sri Rahayu kalayan judul “Éféktifitas Média Pilem dina Pangajaran Nulis Carita Pondok (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 3 SMA Pasundan 8 Taun Ajaran 2010/2011)”. Éta panalungtikan geus bisa ngabuktikeun yén média film bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa.

Panalungtik milih SMA Laboratorium Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) pikeun tempat panalungtikan alatan sababaraha hal, di antarana lantaran panalungtik kungsi keur ngalaksanakeun Program Latihan Propési (PLP) di ieu sakola, ogé lantaran sababaraha pasualan di luhur tadi kapanggih ti ieu sakola. Ku kituna ieu panalungtikan baris dilakukeun di SMA Laboratorium Percontohan UPI.

Dumasar kasang tukang di luhur, panalungtik ngarasa kataji pikeun nalungtik

Média Film Bingkai pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi (Studi Kuasi Ékspérimén Kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014)”.

1.2Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

(15)

Saluyu jeung kasang tukang di luhur, pikeun leuwih museurkeun ieu panalungtikan perlu diwatesanan supaya jéntré sarta henteu méngpar tina katangtuan anu geus ditangtukeun. Watesan masalah dina ieu panalungtikan medar ngeunaan média film bingkai pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah, ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya saperti ieu di handap.

a. Kumaha prak-prakan pangajaran nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 maké média film bingkai?

b. Kumaha kamampuh nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun média film bingkai?

c. Kumaha kamampuh nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 sanggeus ngagunakeun média film bingkai?

d. Naha aya béda signifikan kamampuh nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média film bingkai?

1.3Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

(16)

5

Vinie Novianita, 2014

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: a. prak-prakan pangajaran nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA

Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 maké média film bingkai;

b. kamampuh siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014 dina nulis biografi saméméh ngagunakeun média film bingkai;

c. kamampuh siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014 dina nulis biografi sanggeus ngagunakeun média film bingkai;

d. béda signifikan kamampuh nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média film bingkai.

1.4Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan média pangajaran anu hadé dina pangajaran nulis biografi, ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan literatur pangajaran nulis di sakola, anu tujuanana pikeun ngaronjatkeun kaparigelan siswa dina nulis biografi.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Salian ti mangpaat tioritis, ieu panalungtikan miboga mangpaat praktis, di antarana pikeun sawatara unsur ieu di handap.

(17)

b. Panalungtik, bisa meunang gambaran ngeunaan kamampuh nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média film bingkai, sarta bisa mikanyaho béda signifikan kamampuh nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média film bingkai.

c. Guru, dipiharep bisa ngamangpaatkeun ieu média pikeun alternatif pangajaran di kelas sangkan siswa bisa mikaresep kana pangajaran nulis biografi.

d. Siswa, bisa nambahan pangalaman siswa dina pangajaran nulis.

1.5Raraga Tulisan

Raraga tulisan di dieu dibagi jadi lima bab, nya éta:

BAB 1 ngajéntrékeun ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan umum jeung tujuan husus, tur mangpaat panalungtikan.

BAB 2 ngajéntrékeun ngeunaan raraga tiori, ti mimiti ulikan tiori anu ngawengku: wangenan média nepi ka klasifikasi jeung mangpaat média. Dina ieu bab ogé dipedar ngeunaan wangenan film jeung film bingkai, ti mimiti wangenan, kaonjoyan jeung kahéngkéranana, jenis-jenisna, nepi ka kumaha cara nyieun film bingkai, ogé kumaha ngalarapkeun média film bingkai dina pangajaran biografi. Pon kitu deui ngeunaan biografi, dijéntrékeun ti mimiti wangenan nepi ka sarat nyieun biografi anu hadé. Satuluyna dipedar ngeunaan raraga pamikiran,anggapan dasar jeung hipotésis.

BAB 3 ngajéntrékeun ngeunaan métode panalungtikan, instrumén panalungtikan jeung téhnik panalungtikan.

Dina BAB 4 ngajéntrékeun ngeunaan pedaran hasil panalungtikan jeung analisis média film bingkai dina pangajaran nulis biografi.

(18)

7

(19)

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi dina ieu panalungtikan nya éta SMA Laboratorium Percontohan UPI anu pernahna di jalan Senjaya Guru Kampus UPI Bandung.

3.2 Sumber Data Panalungtikan

Data téh sagala informasi anu bisa méré gambaran ngeunaan hiji kajadian atawa pasualan, boh éta angka, boh éta katégori kawas bener, salah, loba, saeutik, jeung sajabana (Subana, 2000: 19). Ari numutkeun Arikunto (2010: 161) data téh sagala hasil catetan panalungtik, boh éta fakta atawa angka. Demi ari sumber data dina panalungtikan téh nya éta subjék timana éta data dicokot.

Riduwan (2013: 51) ngébréhkeun yén sumber data anu dicokot langsung ku panalungtik téh disebutna sumber primer.

Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta hasil nulis biografi siswa kelas X-Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 anu jumlahna 29 urang, siswa lalaki jumlahna 14 urang sedengkeun siswa awéwé jumlahna 15 urang dina pangajaran basa Sunda semester I taun ajaran 2013/2014. Ieu data téh mangrupa sumber primer.

3.3 Desain Panalungtikan

(20)

33

Vinie Novianita, 2014

Média Film Bingkai Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Katerangan :

O1 : Tés Awal

O2 : Tés Ahir

X : Perlakuan ngagunakeun Média Film Bingkai.

(Arikunto, 2010: 124)

3.4 Métode Panalungtikan

Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén atawa nu sok disebut ogé ékspérimén semu, nya éta hiji métode panalungtikan anu saukur ngagunakeun kelas ékspérimén, henteu maké kelas kontrol.

Dina ieu métode panalungtikan kamampuh siswa diukur dua kali, nya éta saméméh jeung sanggeus siswa dibéré perlakuan ngagunakeun média film bingkai.

3.5 Variabel jeung Wangenan Operasional

3.5.1 Variabel Panalungtikan

Arikunto (2010:17) nétélakeun yén variabel nya éta objék panalungtikan atawa naon-naon nu jadi objék dina hiji panalungtikan. Arikunto ogé ngébréhkeun yén aya dua wangun variabel panalungtikan, variabel bébas atawa variabel penyebab jeung variabel kauger atawa variabel akibat.

Dumasar kana babagian variabel di luhur, média film bingkai dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel bébas, sabab mangrupa variabel anu mangaruhan kana variabel séjén, sedengkeun nulis biografi kaasup kana variabel kauger, sabab kapangaruhan ku variabel séjén atawa variabel bébas.

(21)

3.5.2 Wangenan Operasional

Wangenan operasional nya éta istilah-istilah anu aya patalina jeung variabel-variabel anu aya dina prosés panalungtikan. Sangkan henteu ngabalukarkeun pamahaman séjén, ieu di handap baris dipedar wangenan ngeunaan kecap-kecap nu dijadikeun judul panalungtikan.

1. Média film bingkai nya éta film anu diwangun ku sababaraha slide anu bisa digunakeun pikeun mintonkeun gambar atawa objék hasil poto, dibingkaian ku karton atawa plastik ukuran 2x2 inci tur dibarung ku hiji narasi, anu satuluyna diproyéksikeun.

2. Nulis nya éta hiji cara pikeun ngébréhkeun ide, gagasan jeung kahayang kalawan maké runtuyan kalimah pikeun ngawangun hiji komunikasi antara nu nulis jeung nu maca.

3. Biografi nya éta hiji kisah atawa katerangan ngeunaan kahirupan hiji jalma dumasar kisah nyata/realita. Biografi mah sifatna leuwih kompleks tibatan sakadar daftar tanggal lahir jeung data-data pakasaban hiji jalma.

3.6 Instrumén Panalungtikan

Numutkeun Arikunto dina Riduwan (2013: 51) instrumén téh mangrupa pakakas nu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data, sangkan leuwih gampang tur sistematis. Instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta lembar tés. Ieu instrumén digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa jeung ngajaring validitas data ngeunaan parobahan hasil diajar siswa ngaliwatan tés awal jeung tés ahir.

(22)

35

Vinie Novianita, 2014

Média Film Bingkai Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Lembar tés awal

No Absén :

Wasta :

Kelas :

Pituduh : Pék jieun biografi babaturan anu sakelas jeung hidep, kalawan merhatikeun unsur-unsur nu kudu aya dina biografi!

...

...

...

...

...

...

...

...

...

...

(23)

...

...

...

...

Lembar tés ahir

No Absén :

Wasta :

Kelas :

Pituduh : Pék jieun deui biografi salah saurang babaturan hidep. Kalawan merhatikeun unsur-unsur nu kudu aya dina biografi!

...

...

...

...

...

...

...

...

(24)

37

Vinie Novianita, 2014

Média Film Bingkai Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi

...

...

...

...

...

3.7 Prosedur Panalungtikan

Prosedur panalungtikan anu dilakuken nya éta ngaliwatan sababaraha léngkah, luyu jeung pamadegan Sugiyono (2013:49) anu dijéntrékeun ieu di handap.

Hal munggaran anu dilakukeun dina panalungtikan nya éta nangtukeun masalah, satuluyna éta masalah téh diidéntifikasi jeung dirumuskeun dina kalimah patalékan. Panalungtik ngagunakeun sababaraha tiori pikeun ngajawab éta patalékan. Jawaban panalungtik anu disebut hipotésis, satuluyna dibuktikeun ngaliwatan panalungtikan di lapangan. Ku lantaran mibutuh data nu akurat. Data anu geus ka kumpul téh satuluyna dipedar, dianalisis sarta dicindekeun. Léngkah pamungkas, panalungtik méré saran dumasar kana tujuan panalungtik pikeun ngungkulan pasualan di luhur.

3.8 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan téh ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.8.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

(25)

ka siswa dina prosés diajar ngajar nulis biografi. Ieu tés dilakukeun sabab data utama nu dibutuhkeun téh nya éta data ngeunaan kamampuh nulis biografi.

Prosedur tés tulis dilakukeun saméméh dibéré perlakuan (tés awal) tujuana pikeun ngukur kamampuh awal siswa dina nulis biografi saméméh ngagunakeun média film bingkai, sedengkeun téhnik tés tulis anu dilakukeun sanggeus siswa dibéré perlakuan (tés ahir) tujuana pikeun ngukur kamampuh ahir siswa dina nulis biografi ngagunakeun média film bingkai. Béda signifikan kamampuh nulis biografi siswa katitén ku cara ngabandingkeun hasil tés awal jeung tés ahir.

3.8.2 Téhnik Nganalisis Data

Data anu geus dikumpulkeun tuluy dianalisis, tujuanana pikeun ngajawab hipotésis atawa pikeun ngajawab masalah-masalah dina ieu panalungtikan anu dijéntrékeun ieu di handap.

a. Kumaha prak-prakan pangajaran nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 maké média film bingkai?

b. Kumaha kamampuh nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun média film bingkai?

c. Kumaha kamampuh nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 sanggeus ngagunakeun média film bingkai?

d. Naha aya béda signifikan kamampuh nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média film bingkai?

(26)

39

Vinie Novianita, 2014

Média Film Bingkai Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi

1. Mariksa biografi hasil tés awal jeung tés ahir, anapon aspék poko nu dijadikeun kritéria pikeun nangtukeun panileian, nya éta kalengkepan unsur-unsur nu kudu aya dina biografi, basa, wangun jeung kronologi.

2. Méré skor atawa peunteun kana biografi siswa, hasil tés awal jeung tés ahir. Dumasar kana pedoman meunteun anu bisa katitén dina tabél 3.1. Skor maksimal tina nulis biografi siswa nya éta 100. Rumus anu digunakeun pikeun ngitung skor ahir nya éta:

P = ∑Skor siswa x 100 ∑Skor maksimal

Katerangan:

P : peunteun

∑Skor siswa : jumlah peunteun siswa ∑Skor maksimal : jumlah peunteun maksimal

Tabél 3.1

Format Skala Peunteun Nulis Biografi

No Aspék Aspék nu diajén Peunteun

1. Wangun Karapihan tulisan 5-10

2. Basa Diksi atawa pilihan kecap nu dipaké 10-20

3. Eusi Eusi carita biografi

(27)

Jumlah 100

Tabél 3.2

Tabél Kamampuh Siswa dina Nulis Biografi

No

- Peunteun ≥ 75 Tuntas (siswa dianggap mampuh nulis biografi).

- Peunteun ≤ 75 Can Tuntas (Siswa dianggap can mampuh nulis biografi). Data anu ditabulasikeun dipaké pikeun nguji hipotésis kalayan ngagunakeun analisis statistik anu ngawengku: (1) Uji Sipat Data; (2) Uji Gain; (3) Uji Hipotésis.

(28)

41

Vinie Novianita, 2014

Média Film Bingkai Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi

Uji sipat data dina ieu panalungtikan ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas. Uji normalitas dilakeukeun pikeun nangtukeun distribusi data, naha éta data téh normal atawa henteu.

Data anu miboga distribusi normal diolah ku cara analisis parametrik ngagunakeun t-tést, sedengkeun data anu distribusina henteu normal diolah ngagunakeun analisis non-paramétrik ngagunakeun uji wilcoxon.

Anu kadua, uji homogénitas variasi anu tujuanana pikeun nangtukeun homogénitas data niléy siswa.

a. Uji Normalitas

Uji normalitas nya éta uji sipat data anu fungsina pikeun mikanyaho normal atawa henteuna data anu digunakeun dina ieu panalungtikan. Rumus Chi kuadrat (X2) digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun nangtukeun yén éta data téh miboga sipat anu normal atawa henteu.

Sawatara léngkah anu kudu dilakukeun saméméh ngagunakeun rumus Chi kuadrat nya éta:

1) nangtukeun niléy panggedéna jeung pangleutikna. 2) ngitung rentang (range).

Katerangan:

r : rentang atwa range atawa jangkauan

Xmaks : skor panggedéna

Xmin : skor pangleutikna

(Subana, 2000: 38) 3) nangtukeun jumlah kelas interval (k) ngagunakeun aturan anu diciptakeun

(29)

Katerangan:

k : lobana kelas

n : lobana data (frékuénsi) 3,3 : bilangan konstan

(Subana, 2000:39) 4) nangtukeun panjang kelas interval (p) ngagunakeun ieu rumus di handap:

Katerangan:

P : panjang kelas (interval kelas)

r : rentang (jangkauan)

k : lobana kelas

(Subana, 2000:40)

5) nyieun tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir ngagunakeun ieu rumus:

Tabél 3.3

Format Frékuénsi Peunteun Pretés jeung Postés

No. Kelas Interval fi xi xi2 fixi fixi2

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

1 2

(30)

43

Vinie Novianita, 2014

Média Film Bingkai Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi

6) ngitung rata-rata (méan) peunteun tés awal jeung tés ahir siswa ngagunakeun ieu rumus:

Katerangan:

X : rata-rata (méan)

∑ : jumlah (sigma) fi : jumlah data

xi : niléy tengah

(Subana, 2000: 63) 7) ngitung standar déviasi ngagunakeun ieu rumus:

(Usman, 2003: 95)

8) ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi (perkiraan) kalayan ngagunakeun léngkah-léngkah ieu di handap.

a) Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Tabél 3.4

Perhitungan Chi Kuadrat

Kelas

Interval Oi Bk Z Ztabél L Ei

(31)

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)

Katerangan:

Kelas Interval : lobana kelas interval; ngagunakeun aturan Struges Oi : frékuénsi observasi

Bk : batas kelas

Z : transformasi normal standar bébas kelas

Ztabél : niléy Z tina tabél distribusi data normal

L : lega kelas interval

Ei : frékuénsi ékspéktasi (n x luas Ztabél)

(Subana, 2000:125) b) Nangtukeun Oi (frékuénsi observasi), nya éta lobana data anu kaasup

kana hiji kelas interval.

c) Nangtukeun batas kelas interval (bk).

d) Ngitung Z itung (transformasi normal standar bébas kelas).

e) Nangtukeun Z tabél.

f) Ngitung ambahan legana unggal kelas interval (L).

g) Ngitung frékuénsi ekspéktasi (Ei).

L= Ztabél 1 – Ztabél 2

(32)

45

Vinie Novianita, 2014

Média Film Bingkai Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi h) Ngitung niléy X2 (Chi kuadrat).

(Subana, 2000: 124) i) Nangtukeun derajat kabébasan (dk).

(Subana, 2000: 126) j) Nangtukeun harga X2 tabél.

k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun ieu kriteria:

(1) Lamun X2itung X2 tabél, hartina distribusi data normal.

(2) Lamun X2itung X2tabél, hartina distribusi data teu normal.

(Subana, 2000: 126)

b. Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta uji sipat data anu fungsina pikeun mikanyaho varian populasi data anu diujikeun téh naha homogen atawa henteu. Pikeun nangtukeun homogénitas, nya éta:

(33)

Ngitung harga variasi (F)

Ngitung derajat kabébasan

2). nangtukeun Ftabél.

3). nangtukeun homogénhenteuna data dumasar kana kriteria ieu di handap.

Saupama Fitung Ftabél, hartina variasi sampel homogen.

Saupama Fitung Ftabél, hartina variasi sampel teu homogen.

(Sudjana, 2005: 250)

2. Uji Gain

Uji gain dilaksanakeun pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil tés awal jeung tés ahir. Hasil tina uji gain jadi gambaran ngeunaan parobahan kamampuh nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014. Rumusan pikeun ngajawab yén aya béda nu signifikan atawa henteu sanggeus dibéré perlakuan, dirumuskeun ieu di handap.

Ha: tés awal tés ahir, hartina aya béda nu signifikan antara jumlah rata-rata tés

awal jeung jumlah rata-rata tés ahir.

Ha: tés awal tés ahir, hartina henteu aya béda nu signifikan antara jumlah

rata-rata tés awal jeung jumlah rata-rata-rata-rata tés ahir. Tabél 3.5

Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun

(34)

47

Vinie Novianita, 2014

Média Film Bingkai Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi

(1) (2) (3) (4) (5) (6)

3. Uji Hipotésis

Aya dua cara pikeun nangtukeun uji hipotésis. Kahiji, saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén éta data téh miboga distribusi data anu normal. Éta data diuji hipotésisna ngagunakeun statistik parametrik kalayan ngagunakeun uji t-tés. Kadua, saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun data anu teu normal, dina nguji hipotésisna ngagunakeun statistik nonparametrik kalayan ngagunakeun uji wilcoxon.

a. Statistik Paramétrik digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal. (1) Nangtukeun rata-rata (méan) tina béda pretés jeung postés kalayan

ngagunakeun rumus:

(2) Ngitung derajat kabébasan (dk) kalayan ngagunakeun rumus:

(3) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, kalayan ngagunakeun rumus:

(4) Ngitung t, kalayan rumus:

(35)

Katerangan:

t : tés signifikansi

Md : rata-rata (méan) tina béda antara hasil pretés jeung postés

∑x2

d : jumlah kuadrat déviasi n : jumlah subyék dina sampel

(Arikunto, 2010: 125) (5) Nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis dumasar kana kriteria ieu di

handap.

 Saupama titung ttabél, hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung

hipotésis nol (H0) ditolak, nya éta aya béda nu signifikan antara hasil

tés awal jeung hasil tés ahir nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média film bingkai.  Saupama titung ttabél, hartina hipotésis nol (H0)ditarima jeung hipotésis

kerja (Ha) ditolak, nya éta teu aya béda nu signifikan antara hasil tés

awal jeung hasil tés ahir nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média film bingkai.

b. Statistik Nonparamétrik.

Pikeun nguji hipotésis distribusi data anu henteu normal, digunakeun statistik nonparametrik. Téhnik anu dipakéna nya éta uji wilcoxon. Léngkah-léngkah uji wilxocon dirumuskeun ieu di handap (Sudjana, 2005: 437).

(1) Asupkeun peunteun pretés siswa kana kolom ka-2 (XA1); (2) Asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 (XB1);

(3) Itung bédana antara pretés jeung postés, carana XA1-XB1, tuluy asupkeun t =

(36)

49

Vinie Novianita, 2014

Média Film Bingkai Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi

(4) Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti niléy béda anu pangleutikna nepi ka anu panggedéna;

(5) Niléy tina hasil ngabagi téh nya éta hasil jenjangna;

(6) Sanggeus diurutkeun, asupkeun niléy jenjang kana kolom ka-5;

(7) Asupkeun niléy jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya niléy béda anu negatif asupkeun kana kolom ka-7;

(8) Ningali kana tabél harga-harga kritis uji wilxocon, missal n = 20 kalayan ngagunakeun taraf kasalahan 5% Wtabél = 70;

(9) Data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji wilxocon ieu: Tabél 3.6

(10) Ditarima henteuna hipotésis dina uji wilxocon dumasar kana ieu kritéria:  Saupama Witung Wtabél dumasar taraf nyata anu ditangtukeun, hartina

(Ha) ditarima, aya béda nu signifikan antara hasil tés awal jeung hasil

tés ahir nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média film bingkai.

 Saupama titung ttabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina

hipotésis kerja (Ha) ditolak, teu aya béda nu signifikan antara hasil tés

(37)
(38)

Vinie Novianita, 2014

Média Film Bingkai Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1Kacindekan

Héngkérna kamampuh siswa dina nulis biografi alatan siswa diperedih pikeun ngébréhkeun naon anu aya dina pikiranana kana wangun tulisan jadi salah sahiji pasualan dina prosés diajar ngajar basa Sunda di jero kelas. Média pangajaran bisa jadi salah sahiji bongbolongan pikeun ngungkulan éta pasualan, sabab média bisa ngahudang karep siswa sangkan daék diajar. Média film bingkai anu ngalibetkeun unsur audio (narasi) jeung visual (gambar) sacara babarengan dina prosés diajar bisa ngadatangkeun motivasi siswa pikeun diajar.

Film bingkai ngaronjatkeun pangajaran nulis biografi. Ieu hal bisa katitén tina: siswa leuwih sumanget diajar; jeung ngaronjatna kamampuh siswa dina nulis biografi. Kamampuh nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 sanggeus ngagunakeun média film bingkai téh ngaronjat. Ieu hal bisa katitén tina hasil tés awal jeung tés ahir siswa. Saméméh ngagunakeun média film bingkai dina pangajaran nulis biografi. Aya 27 urang atawa 93,10% siswa anu meunang peunteun ≤ 75 kalawan katégori can tuntas jeung 2 urang atawa 6,89% siswa anu meunang peunteun ≥ 75 kalawan katégori tuntas. Sanggeus ngagunakeun média film bingkai dina pangajaran nulis biografi. Aya 26 urang atawa 89,65% siswa anu meunang peunteun ≥ 75 kalawan katégori tuntas jeung 3 urang atawa 10,34% siswa anu meunang peunteun ≤ 75 kalawan katégori can tuntas. Aya béda nu signifikan tina hasil rata-rata tés awal jeung tés ahir kamampuh nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média film bingkai. Hasil rata-rata tés awal nya éta 61,70% ngaronjat jadi 81,34% tina hasil tés ahir, anu ngahasilkeun rata-rata gain 20,17%.

Tina uji hipotésis anu ngahasilkeun titung 10,61 jeung ttabél 2,763 nya éta titung ˃

(39)

éta aya béda nu signifikan antara hasil tés awal jeung hasil tés ahir nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 di SMA Laboratorium Percontohan UPI Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média film bingkai.

Dumasar hasil panalungtikan bisa dicindekeun yén média film bingkai bisa ngaronjatkeun pangajaran nulis biografi siswa kelas X Saintek 4 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014.

5.2 Rékoméndasi

Sanggeus ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan média film bingkai dina pangajaran nulis biografi ka siswa kelas X Saintek 4 SMA Laboratorium Percontohan UPI taun ajaran 2013/2014. Aya sababaraha rékoméndasi anu baris ditepikeun, di antarana:

a. Pikeun guru, dipiharep bisa ngamangpaatkeun média film bingkai anu kabukti éféktif ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis biografi.

b. Pikeun guru, dipiharep ngagunakeun média pangajaran séjén pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi siswa di SMA.

c. Pikeun panalungtik satuluyna, dipiharep ngalakukeun panalungtikan ngeunaan média film bingkai ngagunakeun métode panalungtikan ékspérimén murni, pikeun leuwih ngabuktikeun kaéféktifan ieu média;

(40)

Vinie Novianita, 2014

Média Film Bingkai Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Arsyad, A. 2009. Media Pembelajaran. Jakarta : Rajawali Pers.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Darmadi, H. 2013. Dimensi-Dimensi Metode Penelitian Pendidikan dan Sosial.

Bandung: Alfabeta.

Daryanto. 2013. Media Pembelajaran Perannya Sangat Penting Dalam Mencapai Tujuan Pembelajaran. Yogyakarta: Gava Media.

Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Besar Bahasa Indonesia Pusat Bahasa. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung.

Guntur, Henry Tarigan, Prof, Dr. 2008. Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa Group.

Haerudin, D. 2007. Gentra Basa Sunda. CV. Bandung: Atikan Mandiri.

http://kolom-biografi.blogspot.com/2009/12/pengertian-biografi-serta-cara-menulis.html. Diakses ping 8 Agustus 2013.

Munadi, Y. 2010. Media Pembelajaran (Sebuah pendekatan Baru). Jakarta: Gaung Persada (GP) Press.

Rahayu, M. 2011. Éféktifitas Média Majalah Dingding (Mading) Dina Pangajaran Nulis Biografi. Skripsi JPBD UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Rahayu,S. 2011. Éféktifitas Média Pilem Dina Pangajaran nulis carita Pondok. Skripsi JPBD UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Riduwan. 2013. Dasar – Dasar Statistika. Bandung: Alfabeta.

Sadiman, A. 2012. Media Pendidikan Pengertian, Pengembangan, dan Pemanfaatannya. Depok: PT Rajagrafindo Persada.

(41)

Sudaryat, Y. 2009. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudjana. 2005. Metode Statistik. Bandung: Tarsito.

Sugiyono. 2011. Statistika untuk Penelitian. Bandung: Alfabeta.

Sukiman. 2012. Pengembangan Media Pembelajaran. Yogyakarta: Pedagogia. Sumardjo, J jeung Saini K.M. 1986. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: PT

Gramedia.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2013. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung.

Referensi

Dokumen terkait

“ Analisis Kualifikasi, Kompetensi Tutor/ Pendidik dan Profil Pengelola Pendidikan Kesetaraan pada PKBM di DKI Jakarta

LAYANAN D ASAR BIMBINGAN D AN KONSELING UNTUK PENINGKATAN SURVIVAL AND SAFEY SKILLS SISWA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Implikasi secara praktis berkenaan dengan pengembangan dan pembuatan program bimbingan karir untuk mengembangkan kemampuan keputusan karir siswa, yakni guru

o Developing an economic model to estimate current impact of tourism expenditure in.. the economy and forecast potential of

24 Sekretariat Wakil Presiden Republik Indonesia/Tim Nasional Percepatan Penanggulangan

Undang-Undang Nomor 5 Tahun 1960 tentang Peraturan Dasar Pokok-pokok Agraria (Lembaran Negara Nomor 104, Tambahan Lembaran Negara Nomor 2043); 2. Keputusan Presiden Nomor 26

PUISI, GURINDAM DUA BELAS, KAJIAN SEMIOTIK, DAN PENGAJARAN SASTRA A.. Pengertian

Klarifikasi dihadiri oleh Direktur/Kuasa Direktur dengan membawa seluruh dokumen asli penawaran dan dokumen asli sesuai formulir isian kualifikasi.. Membawa 1