BAB III
METODE PANALUNGTIKAN
Métode panalungtikan nya éta cara ilmiah pikeun nyangking data anu miboga
tujuan jeung mangpaat anu tangtu. Cara ilmiah hartina kagiatan panalungtikan
kudu dumasar kana cicirén kaélmuan, nya éta rasional, émpiris, jeung sistematis.
Rasional hartina kagiatan panalungtikan kudu asup kana akal manusa. Émpiris
nya éta cara anu dilaksanakeun ngagunakeun alat indra manusa, nepi ka jalma nu
séjén bisa mikanyaho cara-cara anu dipaké dina panalungtikan. Sistematis nya éta
dina prosés panalungtikan ngagunakeun léngkah-léngkah nu tangtu jeung
ngaruntuy (Sugiyono, 2012, kc. 3). Nurutkeun Sudjana (2011, kc. 52) métode
panalungtikan nya éta cara anu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data
panalungtikan Aya sababaraha métode panalungtikan, nya éta métode historis,
métode deskriptif, jeung métode eksperiméntal. Ku kituna, dina panalungtikan
diperlukeun métode anu luyu jeung data nu rék ditalungtik, sangkan hasil
panalungtikan bisa luyu jeung kaayaan lapangan. Dumasar kana tujuan ieu
panalungtikan, métode anu dipaké nya éta métode déskriptif kualitatif.
Kecap déskriptif asalna tina bahasa Inggris to describe, nu hartina
ngajéntrékeun hiji hal, misalna kaayan, kondisi, situasi, peristiwa, kagiatan, jrrd
(Arikunto, 2010, kc. 3). Métode deskriptif dipaké saupama tujuanna pikeun
ngadéskripsikeun atawa ngajéntrékeun kajadian anu aya dina jaman kiwari, anu
kaasup kana metode ieu nya éta studi kasus, survei, studi pengembangan, jeung
studi korélasi Sudjana (2011, kc. 52).
Métode kualitatif nya éta métode panalungtikan anu dumasar kana filsafat
postpositivisme, dipaké pikeun nalungtik kondisi objék anu alamiah (Sugiyono,
2012, kc. 15). Filsafat postpositivisme disebut salaku paradigma interpretif jeung
konstruktif, anu miboga sawangan yén kaayaan sosial salaku hiji hal anu utuh,
dinamis, kompleks, pinuh ku ma’na, jeung miboga hubungan anu sipatna interaktif
(Sugiyono, 2012, kc. 14). Métode panalungtikan kualitatif sering disebut métode
33
alamiah (natural setting); disebut ogé salaku métode étnographi, lantaran ieu
métode leuwih loba dipaké pikeun panalungtikan antropologi budaya; disebut
métode kualitatif lantaran data anu kakumpul jeung analisisna leuwih miboga
sipat kualitatif (Sugiyono, 2012, kc. 14).
Nurutkeun Bodgan jeung Taylor (dina Basrowi & Suwardi, 2008, kc. 21),
métode kualitatif salaku prosedur panalungtikan meunangkeun data déskriptif anu
mangrupa kecap-kecap sacara tinulis atawa lisan ti jalma-jalma atawa pelaku anu
ditalungtik.
Dina ieu panalungtikan, metode déskriptif kualitatif dipaké pikeun
ngadéskripsikeun unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan
Talaga Manggung nu aya dina properti jeung tingkah laku dina waktu saméméh
upacara nyiramkeun, prak-prakan upacara nyiramkeun, jeung sabada upacara
nyiramkeun anu miboga harti séwang-séwangan, sangkan kaguar harti jeung
tujuan diayakeunna upacara nyiramkeun.
3.1 Desain Panalungtikan
Desain ieu panalungtikan ngawengku tatahar pikeun kasiapan dina
panalungtikan, observasi, ngumpulkeun data, wawancara, analisis atawa ngolah
data, generalisasi atawa meunangkeun kacindekan, hasilna disusun dina hiji
wangun laporan tinulis. Desain panalungtikan di luhur bisa diébréhkeun dina
bagan ieu di handap.
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Tatahar
Ngumpulkeun data Observasi
Wawancara
Analisis
Generalisasi
34
3.2 Lokasi jeung Sumber Data
3.2.1 Lokasi Tempat Panalungtikan
Désa Talaga Wétan nya éta wewengkon diayakeunna panalungtikan, lantaran
di dinya ayana museum Talaga Manggung. Museum Talaga Manggung mangrupa
tempat diayakeunna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.
Désa Talaga Wétan aya di wilayah Kacamatan Talaga di Kabupatén Majalengka.
Nurutkeun kaayaan géografis, kacamatan Talaga aya dina 108°16’-108°21’ BT
jeung 6°58’-7°03’ LS, sarta aya dina ketinggian 626 mdpl. Kacamatan Talaga
miboga iklim tropis kalayan kelembaban 1,828 mb jeung suhu rata-rata 18°-25°C.
Désa Talaga Wétan kaasup ka wilayah Majalengka kidul jeung aya di puseur
pamaréntahan Kacamatan Talaga. Jarak ti désa Talaga Wétan ka puseur
pamaréntahan kacamatan Talaga nya éta 200 m. Sedengkeun jarak ka puseur
pamaréntahan kabupatén Majalengka nya éta 27 km. Jarak ka puseur
pamaréntahan provinsi Jawa Barat nya éta 115 km. Legana daérah Désa Talaga
Wétan kurang leuwih 767,191 ha/m2. Wates Désa Talaga Wétan nya éta:
1) beulah kalér diwatesan ku Désa Sukaperna;
2) beulah Kidul diwatesan ku Désa Cicanir jeung Désa Campaga;
3) beulah Wétan diwatesan ku Désa Genténg, Désa Ganéas jeung Désa Salado;
jeung
4) beulah Kulon diwatesan ku Désa Talaga Kulon.
Gambar 3.1
35
3.2.2 Kondisi Sosial Budaya
Kondisi sosial jeung budaya di hiji wewengkon mangaruhan pisan kana ayana
hiji adat tradisi nu aya di éta wewengkon. Kitu deui upacara nyiramkeun pusaka
karajaan Talaga Manggung anu aya di désa Talaga Wétan moal leupas tina
pangaruh kaayaan masarakat di sabudeureunana. Kaayaan sosial budaya di désa
Talaga Wétan diwincik ieu di handap.
1) Jumlah penduduk
Jumlah penduduk Désa Talaga Wétan dumasar data bulan Désémber taun
2014 aya 5.547 urang, anu ngawengku lalaki 2.801 urang jeung awéwé 2.746
urang. Éta jumlah penduduk kabagi jadi 1.741 kepala keluarga.
2) Atikan
Tabel 3.1
Atikan Masarakat Désa Talaga Wétan
Tingkat Pendidikan Lalaki Awéwé
(1) (2) (3)
Umur 3-6 taun anu sakola di TK/Play group 306 urang 268 urang
Umur 7-18 taun anu keur sakola 614 urang 613 urang
Umur 18-56 taun anu teu tamat SD 4 urang 4 urang
Tamat SD 290 urang 266 urang
Umur 12-56 taun teu tamat SLTP 210 urang 205 urang
Umur 18-56 taun teu tamat SLTA 351 urang 200 urang
Tamat SLTA 530 urang 620 urang
Tamat SLTA 475 urang 480 urang
Tamat D-1 41 urang 21 urang
Tamat D-2 10 urang 1 urang
Tamat D-3 21 urang 25 urang
Tamat S-1 52 urang 47 urang
Tamat S-2 5 urang 2 urang
Tamat S-3 - -
36
Dumasar tabel di luhur ngeunaan jenjang pendidikan masarakat désa Talaga
Wétan, bisa katitén yén tingkat pendidikan masarakat Talaga geus kaitung maju,
lantaran geus lobana masarakat anu namatkeun sakola tepi ka paguron luhur.
Sanajan kitu teu saeutik ogé masarakat anu tingkat pendidikanna kurang, lantaran
masih aya masarakat anu teu lulus SD, SLTP jeung SLTA.
3) Pakasaban
Tabel 3.2
Pakasaban Masarakat Désa Talaga Wétan
Jenis Pakasaban Lalaki Awéwé
(1) (2) (3)
Tani 484 urang -
Buruh Tani 141 urang -
PNS 71 urang 79 urang
Montir 32 urang -
TNI 3 urang -
POLRI 3 urang -
Pensiunan PNS/TNI/POLRI 85 urang 50 urang
Pengusaha kecil/menengah 35 urang -
Pengusaha besar 1 urang -
Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013
Sistem pakasaban masarakat désa Talaga Wétan dina taun 2013, bisa katitén
yén lolobana masarakat désa Talaga Wétan miboga pakasaban tatani. Sanajan kitu
loba ogé masarakat Talaga anu digawé jadi PNS, boh anu masih aktif boh anu
geus pensiun. Salian ti éta, aya ogé masarakat anu miboga pakasaban salaku
montir atawa tukang béngkel, jeung aya ogé anu usaha dagang.
4) Agama
Agama anu aya di Indonesia kurang leuwih aya genep, nya éta Islam, Kristen,
Katholik, Hindu, Budha, Konghucu jeung kapercayaan séjénna. Agama anu
dianut ku masarakat désa Talaga Wétan ngan aya dua, nya éta Islam jeung
37
urang. Sedengkeun anu nganut agama Kristen nya éta lalaki 19 urang, jeung
awéwé 18 urang. Ki kituna katitén yén masarakat désa Talaga Wétan leuwih loba
anu nganut agama Islam
5) Étnis
Tabel 3.3
Étnis Masarakat Désa Talaga Wétan
Étnis Lalaki Awéwé
Batak 19 urang 18 urang
Sunda 2.726 urang 2.751 urang
Jawa 57 urang 42 urang
Madura 3 urang 2 urang
Makasar 1 urang -
Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013
Provinsi Jawa Barat anu mangrupa tanah kalahiran salah sahiji étnis di
Indonesia nya éta étnis Sunda. Ki kituna, ampir sakabéh étnis Sunda aya di Jawa
Barat. Kitu deui di désa Talaga Wétan anu 99,9% na mangrupa étnis Sunda.
Sanajan kitu, di désa Talaga Wétan aya étnis séjénna, nya éta Jawa, Batak,
Madura jeung Makasar.
Dumasar hal-hal ngeunaan sosial budaya di désa Talaga Wétan anu dipedar di
luhur, tangtuna bakal mangaruhan pisan kana adat istiadat anu aya di éta
wewengkon.
3.2.3 Sumber Data
Sumber data dina panalungtikan nya éta subjék nu bisa dipaké nyangking
data (Arikunto, 2010, kc. 172). Sumber data nu dipaké dina ieu panalungtikan,
saperti ieu di handap.
1) Kulawarga turunan karajaan Talaga Manggung anu apal kana ieu upacara
nyiramkeun.
2) Kaprabonan anu ilubiung sacara langsung ampir unggal taun kana ieu
38
3) Kuncén cinyusu salaku nu nyandak cai ti tujuh cinyusu anu dianggap suci
pikeun prosési nyiramkeun.
4) Sesepuh Désa Talaga Wétan anu apal kana upacara nyiramkeun ti jaman
baheula tepi ayeuna.
5) Masarakat Désa Talaga Wétan anu ilubiung dina lumangsungna upacara.
Format data narasumber waktu lumangsungna kagiatan wawancara nya éta
saperti ieu di handap.
Tabél 3.4 Format Data Narasumber
No. Poto/
Wasta Umur Alamat Agama Atikan Pakasaban
Kalungguhan dina Upacara Nyiramkeun
3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data
3.3.1 Téhnik Meunangkeun Data
Dina ieu panalungtikan téh digunakeun téhnik talaah pustaka, téhnik
obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi.
1) Téhnik Talaah Pustaka
Téhnik talaah pustaka nya éta téhnik nu digunakeun dina néangan sarta
nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya hubunganna jeung bahan panalungtikan.
Maksudna niténan atawa mutalaah kana sajumlahing sumber pustaka saperti:
tulisan-tulisan dina media massa, hasil panalungtikan buku-buku anu raket
patalina jeung pangaweruh ngeunaan simbol jeung hal-hal séjénna anu patali
jeung ieu panalungtikan.
2) Téhnik Obsérvasi
Téhnik obsérvasi nya éta hiji kagiatan anu dilaksanakeun langsung ka
39
partisipasi, nya éta panalungtik ilubiung langsung dina lumangsungna upacara
nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Tujuanana pikeun nyangking
informasi sacara langsung anu aya di masarakat. Panalungtik milih ieu téhnik
lantaran panalungtikan sacara langsung turun ka lapangan pikeun néangan data
ngaliwatan obsérvasi.
3) Téhnik Wawancara
Wawancara nurutkeun Arikunto (2010:198) nya éta dialog anu dilakukeun ku
nu ngawawancara (interviewer) pikeun meunangkeun informasi ti nu di
wawancara. Wawancara atawa disebut ogé interview dipaké ku panalungtik
pikeun ngajén kaayaan hiji jalma, misalna pikeun néangan data ngeunaan variable
kasang tukang murid, atikan, jeung sikep kana hiji hal. Dina ieu panalungtikan
wawancara dilaksanakeun ku cara ngawawancara narasumber anu ilubiung dina
ieu upacara di antarana kaprabonan Talaga Manggung, kulawarga katurunan
karajaan Talaga Manggung, sesepuh di désa Talaga Wétan jeung sawatara
masarakat anu ilubiung dina ieu upacara.
4) Téhnik Dokumentasi
Ténik dokuméntasi nya éta cara pikeun nyangking data panalungtikan nu aya
dina prosés lumangsungna upacara. Dokuméntasi dilaksanakeun pikeun
meunangkeun gambar anu mangrupa foto jeung video kagiatan nu aya patalina
jeung ieu upacara.
3.3.2 Instrumén Panalungtikan
Arikunto (2002, kc. 136) nétélakeun yén instrumén panalungtikan nya éta
alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data
sangkan pagawéan leuwih gampang jeung leuwih hade, dina harti leuwih taliti,
lengkep jeung sistematis, nepi ka datana leuwih gampang diolah.Dina ieu
panalungtikan, instrumén anu digunakeun nya éta handycam, kamera digital
40
1) Handycam
Handycam dipaké pikeun ngarékam prosés lumangsungna upacara
nyiramkeun ti mimiti nepi ka réngsé.
2) Kaméra Digital
Kaméra digital dipaké pikeun ngahasilkeun gambar dina prak-prakan upacara
nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.
3) Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara dipaké pikeun ngawawancara jalma-jalma atawa tokoh
anu ilubiung dina prosési upacara nyiramkeun. Pedoman wawancara disusun
saperti ieu di handap.
2. Alesan dingaranan Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung.
3. Waktu Upacara Nyiramkeun.
4. Alesan diayakeunna dina bulan Safar.
5. Nu mingpin upacara Nyiramkeun.
6. Mamala upama Upacara Nyiramkeun teu diayakeun.
7. Tujuan Diayakeunna Upacara
2) Prak-prakan Upacara
8. Kagiatan saméméh diayakeun Upacara Nyiramkeun.
9. Kumaha prosési nyandak cai tina salapan cinyusu?
10.Saha nu nyandak cai?
11.Pakakas naon waé anu dipaké nalika ngala cai ka 7 cinyusu?
12.Prosési nalika nyieun sasajén.
13.Jalma anu nyieun sasajén.
14.Pakakas anu dipaké nalika nyieun sasajén.
41
(1) (2) (3)
16.Pihak nu ilubiung dina Upacara Nyiramkeun. 17.Raksuskan jeung asésoris anu dipaké ku tokoh anu
ilubiung.
18.Kuncén nu ilubiung dina Upacara.
19.Prak-prakan Upacara Nyiramkeun. 20.Ritual anu dilaksanakeun dina Upacara
Nyiramkeun.
21.Pakakas anu digunakeun dina Upacara Nyiramkeun.
22.Mamala upama upacara nyiramkeun teu dilaksanakeun.
23.Pungsi tina pakakas anu dipaké dina Upacara Nyiramkeun.
24.Tempat lumangsungna Upacara Nyiramkeun.
25.Pantrangan dina Upacara Nyiramkeun.
3) Unsur
Sémiotik dina Upacara
26.Unsur sémiotik dina Upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.
27.Harti tina unggal unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.
3.4 Téhnik Ngolah Data
Data nu geus kapanggih diketik, tuluy diolah dumasar kana téhnik-téhnik nu
geus dipedar di luhur. Léngkah-léngkahna nya éta:
1) niténan deui data nu geus dikumpulkeun;
2) milah-milah data saluyu jeung indikatorna, saperti data nu nuduhkeun
bagian-bagian sajarah upacara nyiramkeun, prak-prakan upacara nyiramkeun jeung
unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun;
3) ngadéskripsikeun data anu mangrupa sajarah upacara nyiramkeun,
prak-prakan upacara nyiramkeun jeung unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun;
4) nyusun bahan pangajaran maca artikel pikeun siswa kelas XII SMA ngeunaan
unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung;