• Tidak ada hasil yang ditemukan

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA: Ulikan Struktur jeung Psikosastra.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA: Ulikan Struktur jeung Psikosastra."

Copied!
12
0
0

Teks penuh

(1)

Sanjani R, 2015

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

perpustakaan.upi.edu

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN

SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

(Ulikan Struktur jeung Psikosastra)

TÉSIS

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat

ngahontal gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

Sanjani R NIM 1207148

PRODI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA

SEKOLAH PASCASARJANA

(2)

Sanjani R, 2015

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

perpustakaan.upi.edu

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING

KARESMEN

SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU

WIBISANA

(Ulikan Struktur jeung Psikosastra)

Oleh

Sanjani Rahimakumulloh, S.Pd Bandung, 2015

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

Sekolah Pascasarjana

© Sanjani Rahimakumulloh 2015 Universitas Pendidikan Indonesia

Januari 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Sanjani R, 2015

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN SANJANI R

NIM 1207148

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMEN

SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

(Ulikan Struktur jeung Psikosastra)

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP. 196411101989032002

Pangaping II,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum NIP. 196302101987031001

Kauninga ku

Pupuhu Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

Sanjani R, 2015

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN

SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

(Ulikan Struktur jeung Psikosastra)*

SANJANI RAHIMAKUMULLOH**

ABSTRAK

Tesis ini dilatarbelakangi oleh fakta bahwa terdapat aspek psikologis Si Kabayan yang perlu dijelaskan dalam naskah gending karesmen. Kabayan tidak serta merta mempunyai karakter yang khas, kalau tidak ada tokoh lainnya. Tujuan utama dalam penelitian ini untuk mendeskripsikan nilai pendidikan karakter yang ada dalam naskah ini. Dalam penelitian ini, metode yang digunakan adalah metode deskriptif dengan teknik dokumentasi dan analisis unsur langsung untuk mendeskripsikan struktur sastra, yang meliputi struktur naratif, struktur dramatik, dan sastra lagu, serta aspek psikosastra dalam naskah gending karesmen Si Kabayan jeung Raja

Jimbul. Hasil penelitian ini meliputi tiga hal, pertama, struktur naratif yang meliputi téma, téma

dalam naskah ini adalah kedaulatan rakyat, lalu fakta cerita meliputi tokoh yang berjumlah 7 tokoh, latar yang berjumlah dua latar, serta alur yang dipakai adalah alur maju. Sarana sastra dalam naskah ini meliputi gaya basa yang berjumlah 8 gaya basa, serta sudut pandang yang dipakai adalah sudut pandang orang ketiga. Kedua, struktur dramatik meliputi prolog yang dicantumkan dalam naskah ini, dialognya berjumlah 182 dialog, tidak terdapat babak, hanya adegan yang berjumlah 12 adegan, wawancang dalam naskah ini sebanyak 22 wawancang, lalu terdapat 1 solilokui, serta tidak ditemukan epilog dan aside. Sastra lagu yang terdapat dalam naskah ini sebanyak 3 bentuk. Ketiga, yaitu kajian terhadap aspek psikosastra yang meliputi aspek kebutuhan rasa aman jumlahnya 12, aspek kebutuhan memiliki-dimiliki jumlahnya 2, aspek kebutuhan fisiologis jumlahnya 7, kebutuhan terhadap penghargaan jumlahnya 6, dan kebutuhan aktualisasi diri jumlahnya 5. Setelah melalui pengkajian aspek struktur dan psikosastra, nilai pendidikan karakter yang terdapat dalam naskah ini sebanyak 12 nilai.

(5)

Sanjani R, 2015

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

CHARACTER BUILDING IN THE TEXT OF GENDING KARESMEN

“SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL” WORK WAHYU WIBISANA

(Study Structure and Psycho Literature)*

SANJANI RAHIMAKUMULLOH**

Abstract

This thesis is motivated by the fact that there is a psychological aspect the/si Kabayan that need to be explained in the text gending karesmen. Kabayan does not necessarily have a distinctive character, if there is no other figure. The main objective in this study to describe the character of the existing educational value in this text. In this study, the method used is descriptive method with documentation and analysis directly to describe the elements of literary structure, which includes the structure of the narrative, dramatic structure, and literary songs, as well as aspects of the gending karesmen psycho literature in “Si Kabayan jeung Raja Jimbul”. The results of this study include three things: first, a narrative structure that includes the theme, the theme in this manuscript is the sovereignty of the people, and the fact that the story includes the figure amounted to 7 figures, which amounted to two background setting, and plot used is advanced groove. Literary devices in this manuscript include base numbering style 8 style bases, as well as the viewpoint that is used is a third-person perspective. Second, dramatic structure includes a prologue set forth in this text, dialogue totaled 182 dialogue, there are round, only amounted to 12 scene scene, wawancang in this manuscript were 22 wawancang, then there is one soliloquy, and not found the epilogue and aside. Literary songs contained in this manuscript as much as 3 forms. Third, the study of aspects psycho literature covering aspects of safety needs in number 12, has a need-owned aspects number 2, number 7 aspects of physiological needs, the needs of the award number 6, and self-actualization needs in number 5. After assessment aspects of the structure and psycho literature , the value of character education contained in this manuscript as much as 12 value.

*A thesis under the guidance of Dr. Ruhaliah, M.Hum and Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum

(6)

Sanjani R, 2015

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Niténan kamekaran jaman kiwari, karéréana masarakat boga anggapan yén drama téh ngan ukur hiji pintonan nu biasa dipagelarkeun di panggung atawa média, hususna telepisi. Padahal nurutkeun Hasanudin (1996: 1) drama minangka salasahiji génré sastra modérn anu miboga dua diménsi karakter, nyaéta salaku génré sastra jeung seni lakon.

Pangna aya dua dimensi téh, lantaran dina drama mah aya unsur carita jeung unsur pintonana. Luyu jeung pamanggih Iskandarwassid (1996: 33), anu nétélakeun yén drama téh nyaéta karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon ku dialog, diajangkeun pikeun dilakonkeun ku para pamaén (aktor) dina pagelaran atawa pintonan. Jadi, écés pisan yén drama ogé minangka génré sastra, teu béda jeung carpon atawa novel, anu sarua bisa dilenyepan. Sok sanajan anu jadi udagan ahir dina drama nyaéta dipintonkeun atawa dipagelarkeun.

Di Jawa Barat aya rupa-rupa jenis drama Sunda, diantarana longsér, topéng banjét, sandiwara, ubrug, uyeg, jeung gending karesmén. Husus pikeun gending karesmén, ieu pagelaran téh miboga bentuk anu béda tina drama séjénna, utamana dina lebah ngungkarakeun dialogna ku cara dihaleuangkeun.

(7)

2

Sanjani R, 2015

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngarojong suasana lakon. Tangtu éta properti kudu dipulas jeung dipapaés sangkan nyurup jeung latar, ieu hal minangka wawakil ti seni rupa. Para pamaén ogé dina panggung kudu ngajiwaan carita, kumaha lamun suasana sedih atawa suka, atawa keur ketir, lebah dieu perluna seni peran. Lakon atawa téks caritana dina pagelaran gending karesmén minangka wawakil tina seni sastra anu wangunna prosa liris. Dina ieu panalungtikan nu dipedar téh perkara seni sastrana, nyaéta naskah carita atawa téks lakonna.

Dipilihna seni sastra dina ieu panalungtikan téh, lantaran karya sastra minangka eunteung tina kahirupan masarakat anu diréfléksikeun ku pangarang dina wangun karangan anu sipatna imajinatif tur miboga mangpaat keur nu macana. Kitu deui naskah gending karesmén, tangtu moal lésot tina ajén-inajén anu méré muatan positif. Lantaran éta ogé para pamaén atawa aktor téh perelu ngaguar sacara teleb eusi naskah saméméh magelarkeun gending karesmén, tujuanna sangkan pamaén nyangkem maksud jeung tujuan pangarang katut bisa nepikeun ajén-inajén anu aya dina naskahna ka masarakat. Teu ukur dina pagelaran, sanggeus diguar mah naskah gending karesmén bisa dimangpaatkeun pikeun kapentingan atikan, hususna atikan karakter.

Nurutkeun Koesoema (2007:114), sacara psikologis jeung sosial kultural ngawangun karakter dina diri individu mangrupa fungsi tina sakabéh poténsi individu manusa (kognitif, afektif, jeung psikomotorik) dina kontéks interaksi sosial kultural (dina kulawarga, atikan, jeung masarakat) nu lumangsung salilana. Implementasi tina lumangsungna atikan karakter minangka upaya ngaronjatkeun kasaluyuan jeung mutu atikan. Opat hal nu dijadikeun rujukan dina lumangsungna atikan karakter nyaéta:

1) olah haté atawa qolbu (spiritual and emotional development), mekarkeun asét nu aya patalina jeung ajén agama (ketuhanan, habluminallah) sangkan bisa gawé jeung ngalakukeun sagala hal kalawan ihlas;

(8)

3

Sanjani R, 2015

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) olah pikir atawa dzikir (intellectual development), mekarkeun asét nu aya patalina jeung akal, sangkan bisa mikir anu hadé jeung calakan; jeung

4) olah raga jeung kinestetik (physical and kinestetic development), mekarkeun asét fisik pikeun salawasna séhat jeung mampuh gawé nu hadé.

Lumangsungna atikan karakter jadi tanggung jawab sakabéh élemén bangsa, kaasup para pamaén dina gending karesmén. Ajén-inajén anu ditepikeun ngaliwatan naskah gending karesmén jeung pagelaranana bisa jadi sarana

pembudayaan jeung pemanusiaan.

Teu béda jeung wangun sastra séjénna, naskah gending karesmén diwangun ku struktur carita, boh téma boh palakuna. Naskah gending karesmén ogé mangrupa medium pikeun nepikeun ajén atikan karakter anu mibanda unsur imajinatif tur pinuh ku ajén éstétik. Ajén atikan karakter tangtu nyangkaruk dina lalampahan palaku anu polah jeung ucap sasat jadi eunteung keur nu maca, sabab palaku dina karya sastra minangka réfléksi tina kahirupan nyata anu diolah ku sastrawan kalayan tapis.

Salasahiji sastrawan anu ancrub kana gending karesmén nyaéta Wahyu Wibisana anu mindeng nyieunan téks gending karesmén. Lian ti nulis téks caritana, Wahyu Wibisana ogé nyutradaraan gending karesmén kalayan gawé bareng jeung seniman-seniman Sunda sohor lianna kayaning Mang Koko, R.T.A Sunarya, Enoch Atmadibrata, jeung Entjar Tjarmedi. Naskah-naskah gending karesmén meunang Wahyu Wibisana anu kungsi dipagelarkeun nyaéta

Mundinglaya Saba Langit (1962), Inten Déwata (1963), Galunggung Ngadeg

Tumenggung (1964), Si Kabayan (1963), Si Kabayan jeung Raja Jimbul (1964),

Isukan Raja Rék Mulang (1965-1966), Aki Nini Balangantrang (1967) (Natapraja,

(9)

laku-4

Sanjani R, 2015

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

lampahna. Salasahiji contona nyaéta Kabayan, tokoh anu geus teu bireuk deui ku mahiwalna jeung kalakuanana anu pikaseurieun. Kabayan sok digambarkeun minangka tokoh anu kedul, malarat, jeung pikakeuheuleun. Tapi dina carita séjénna, Kabayan bisa digambarkeun salaku palaku anu cerdas, rikat, jeung loba akalna (Soemardjo, 2014: 25) . Gambaran tokoh kawas kitu perelu diguar kalayan gembleng dumasar kana aspék psikisna. Sangkan teu nimbulkeun pamahaman psikologis anu heureut, perelu dipaluruh naon nu jadi cukang lantaran hiji tokoh ngalakukeun polah kawas kitu? Kumaha patalina polah hiji tokoh jeung tokoh nu séjénna? (Endraswara, 2007: 12). Hiji palaku dipeunteun teu ukur dina data téksna, tapi kudu nyosok kana alam métafisikana, kakara bisa dicangkem ajén-ajénna (Endraswara, 2007: 86). Ulikan psikologi sastra cocog pikeun ngadéskripsikeun karakter-karakter palaku katut ngaguar metafisika tokoh-tokoh anu aya dina naskah “Si Kabayan jeung Raja Jimbul” pikeun meunangkeun ajén atikan karakter.

Aya sawatara panalungtikan ngeunaan Si Kabayan, anu panganyarna nyaéta buku karya Jakob Sumardjo anu judulna Paradoks Cerita-cerita Si

Kabayan (2014). Tina ieu buku, dipedar kahirupan Si Kabayan disawang tina

paradoksna atawa sabalikna. Dina karya ilmiah ogé, aya sababaraha urang anu nalungtik carita Kabayan di antarana Memen Durachman judulna Pendidikan

Karakter melalui cerita-cerita jenaka Si Kabayan (tésis) anu medar yén carita Si

Kabayan anu pikaseurieun téh tétéla aya ajén atikan karakterna. Panalungtikan satuluyna dilakukeun ku Budi Setia Budiman anu judulna Dongéng Si Kabayan

dina Kahirupan Masarakat Sunda (Tilikan Watek jeung Falsafah Hirup)(tésis)

anu medar watek jeung falsafah hirup Si Kabayan dina nyanghareupan kahirupan. Eta panalungtikan téh objékna dongéng. Anu nalungtik Si Kabayan dina naskah gending karesmén sacara psikologis tokohna mah acan kapaluruh. Ku kituna, ieu panalungtikan perelu dilaksanakeun, sarta dijudulan “Ajén Atikan Karakter dina Naskah Gending Karesmén Si Kabayan jeung Raja Jimbul Karya Wahyu

(10)

5

Sanjani R, 2015

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.2Rumusan Masalah

Gending karesmén minangka gabungan tina sababaraha kasenian, kayaning seni sastra, seni musik, seni téater, seni tari jeung seni rupa. Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan diwatesanan dina seni sastrana kalayan naskah lakon atawa téksna anu jadi objék.

Naskah gending karesmén Si Kabayan jeung Raja Jimbul diulik sacara strukturna, anu nyoko kana struktur naratif, struktur dramatik jeung aspék psikologisna. Struktur naratifna ngawengku téma, fakta carita (tokoh, setting, alur), jeung sarana sastra (puseur implengan jeung gaya basa). Sedengkeun struktur dramatikna ngawengku prolog, dialog, pembabakan, adegan, wawancang, solilokui, aside, jeung epilog. Aspék psikologis dina ieu panalungtikan dumasar tiori Abraham Maslow anu nyoko kana pangabutuh dasar manusa (pangabutuh fisiologis, pangabutuh kana rasa aman, pangabutuh kana rasa mibanda-dipibanda, pangabutuh kana pangajén, pangabutuh kana aktualisasi diri) pikeun meunangkeun ajén atikan karakter.

Dumasar kana watesan masalah di luhur, nu nyusun ngarumuskeun masalah saperti ieu di handap:

a. Kumaha struktur naratif anu ngawengku téma, fakta carita (tokoh, setting, alur), jeung sarana sastra (puseur implengan, gaya basa), struktur dramatik (prolog, dialog, pembabakan adegan, wawancang, solilokui, aside, epilog),jeung sastra lagu dina naskah Si Kabayan jeung Raja Jimbul?

b. Kumaha aspék psikologis tokoh-tokoh dina naskah gending karesmén Si

Kabayan jeung Raja Jimbul ?

c. Naon waé ajén atikan karakter anu aya dina naskah gending karesmén Si

(11)

6

Sanjani R, 2015

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Ieu panalungtikan miboga tujuan anu ngawengku tujuan husus jeung tujuan umum. Tujuan umumna nyaéta pikeun ngaguar jeung ngadéskripsikeun ajén-ajén atikan karakter anu aya dina naskah gending karesmén “Si Kabayan jeung raja Jimbul”

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun:

a. Struktur naratif anu ngawengku téma, fakta carita (tokoh, setting, alur), jeung sarana sastra (puseur implengan, gaya basa), tuluy struktur dramatik (prolog, dialog, pembabakan adegan, wawancang, solilokui, aside, epilog) katut sastra lagu anu aya dina naskah gending karesmén “Si Kabayan jeung Raja Jimbul”. b. Aspék psikologis tokoh-tokoh anu aya dina naskah gending karesmén “Si

Kabayan jeung Raja Jimbul”.

c. Ajén atikan karakter dina tokoh-tokoh naskah gending karesmén “Si Kabayan jeung Raja Jimbul”.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan miboga mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat téoritis

(12)

7

Sanjani R, 2015

ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4.2 Mangpaat praktis

Lian ti mangpaat tioritis, ieu panalungtikan ogé boga mangpaat praktis saperti ieu di handap.

1) Pikeun para seniman drama

Ieu panalungtikan bisa dipaké pikeun leuwih neuleuman deui téks drama, disawang lebah penafsiran téks saméméh dipagelarkeun.

2) Pikeun Sakola

Ieu panalungtikan bisa jadi salasahiji bahan alternatif dina nerapkeun ajén atikan karakter di sakola.

3) Pikeun para akademisi

Pikeun para akademisi, lian ti leuwih ngajembaran deui élmu kasusastraan, ieu panalungtikan ogé bisa ngeuyeuban katut pangdeudeul dina enggoning ngamekarkeun atikan karakter.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu tulisan ngawengku lima bab, saperti dipidangkeun ieu di handap. Bab I Bubuka anu ngawengku kasang tukang pasualan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan husus jeung tujuan umum, mangpaat panalungtikan anu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, jeung raraga tulisan.

Bab II Kajian Tiori anu ngawengku tiori ngeunaan drama, gending karesmén, psikologi sastra, jeung atikan karakter.

Bab III Métode Panalungtikan anu ngawengku sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah data, léngkah-léngkah panalungtikan.

Bab IV Hasil Panalungtikan anu ngawengku hasil analisis struktur drama, aspék psikologis, jeung déskripsi ajén atikan karakter dina tokoh.

Referensi

Dokumen terkait