• Tidak ada hasil yang ditemukan

MEDIA FLASH CARD PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS AKSARA SUNDA PANALUNGTIKAN TINDAKAN KELAS SISWA KELAS X-1 SEMESTER 1 SMAN 1 MAJALAYA TAUN AJARAN 2012/2013.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MEDIA FLASH CARD PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS AKSARA SUNDA PANALUNGTIKAN TINDAKAN KELAS SISWA KELAS X-1 SEMESTER 1 SMAN 1 MAJALAYA TAUN AJARAN 2012/2013."

Copied!
37
0
0

Teks penuh

(1)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

No. 532/FPBS.0251/2013

MÉDIA FLASH CARD PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS AKSARA SUNDA

(PanalungtikanTindakanKelaskaSiswaKelas X-1 Semester 1 SMA Negeri 1 MajalayaTaunAjar 2012/2013)

SKRIPSI

DiajukeunpikeunNyumponanSalasahijiSarat NyangkingGelarSarjanaPendidikan

JurusanPendidikanBahasaDaérah

ku

ERRIN ERVANI NIM 0907376

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

MÉDIA

FLASH CARD PIKEUN NGARONJATKEUN

KAMAMPUHNULIS AKSARA SUNDA

(PanalungtikanTindakanKelaskaSiswaKelas X-1 Semester 1

SMA Negeri 1 MajalayaTaunAjar 2012/2013)

Oleh Errin Ervani

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Errin Ervani 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Januari 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN ErrinErvani

NIM 0907376

MÉDIA FLASH CARD PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS AKSARA SUNDA

(PanalungtikanTindakanKelaskaSiswaKelas X-1 Semester 1 SMA Negeri 1 MajalayaTaunAjar 2012/2013)

Disaluyukeunjeungdisahkeunku:

Pangaping I,

Dr. Hj. NunuyNurjanah, M.Pd. NIP 196707101991022001

Pangaping II,

Ade Sutisna, S.Pd. NIP 197607312001121001

Kauningaku

PupuhuJurusanPendidikanBahasa Daerah FakultasPendidikanBahasadanSeni

UniversitasPendidikan Indonesia,

(4)

Errin Ervani , 2013

MÉDIA FLASH CARD PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS AKSARA SUNDA

(Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas X-1 Semester 1 SMANegeri 1 Majalaya Taun Ajar 2012/2013)1)

Errin Ervani 2)

ABSTRAK

Penelitianinidilatarbelakangidariadanyasuatupermasalahan yang berkenaandenganrendahnyakemampuan menulis aksara Sunda. Hal initampakdarikemampuan siswa dalam menulis aksara Sunda yang cenderunghanyamenyalin aksara Sunda tersebuttanpapaham apa yang ditulisnya. Selain itu, selamaini proses pembelajaranbahasaSundadi kelas

X-1masihmengunakanparadigma yang lama dimana guru

memberikanpengetahuankepadasiswa yang pasif, yaitu dengan menulis aksara Sunda di papan tulis dan memerintahkan siswa untuk menghafal dan menyalinnya.Masalahtersebutmerupakansalahsatumasalah yang terjadi di SMA

Negeri 1 Majalaya.Metode yang

digunakandalampenelitianiniadalahmetodepenelitiantindakankelas (classroom action

research).Tujuanutamadari PTK adalahuntukmemberdayakanguru yang bersangkutan

agar mampumengadakanperbaikan dan

pembaharuandalammenanganipermasalahandalamprosespembelajaran. Adapun instrumen yang digunakan terdiri atas lembar tes dan pedoman observasi. Lembar observasi yang digunakan terdiri atas lembar aktivitas guru, lembar aktivitas siswa, lembar wawancara, dan catatan lapangan. Penelitian inidilakukan di SMA Negeri 1 Majalaya, Kabupaten Bandung dimulai dari tanggal 10 November s/d 5 Desember 2012.Yangmenjadisubjek penelitian adalah Siswa X-1 yang berjumlah 45 orang. Berdasarkanhasilwawancara, observasi, catatanlapangan, dandokumentasi, yaitumulaidaripra-penelitian, siklus I, dan siklus IIyang dilakukan di kelasX-1makahasilpenelitian yang diperolehadalahpelaksanaan penerapan média Flash

CarddalampembelajaranbahasaSundatelahmampu

meningkatkankemampuansiswadalammenulis aksara Sunda dengan melampaui batas KKM 67. Hasil belajar siswa berdasarkan hasil tes siklus II yang diberikan di akhir siklus diperoleh hasil yang sangat memuaskan yakni 22 orang atau 48,9% mendapatkan nilai 100; 7 orang atau 15,6% mendapatkan nilai 90; 10 orang atau 22,2% mendapatkan nilai 80; dan 6 orang atau 13,3% mendapatkan nilai 70.Berdasarkan hasil penelitian bisa disimpulkan bahwa média Flash Card bisa menciptakan suasana belajar yang interaktif dan inovatif. Dengan adanya média

Flash Card pembelajaran menulis aksara Sunda menjadi lebih menyenangkan dan

(5)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(6)

DAPTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK i

PANGJAJAP ii

TAWIS NUHUN iii

DAPTAR EUSI v

DAPTAR TABEL ix

DAPTAR GAMBAR x

BAB I BUBUKA

1.1.Kasang Tukang 1

1.2.Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 5

1.2.1.Idéntifikasi Masalah 5

1.2.2.Rumusan Masalah 5

1.3.Tujuan Panalungtikan 5

1.3.1.Tujuan Umum 5

1.3.2.Tujuan Husus 5

1.4.Mangpaat Panalungtikan 6

1.4.1. Mangpaat Praktis 6

1.4.2. Mangpaat Tioritis 6

1.5.Raraga Tulisan 6

BAB II ULIKAN TIORI MÉDIA FLASH CARD JEUNG NULIS AKSARA SUNDA,ANGGAPAN DASAR TUR RARAGA MIKIR

2.1. Nulis 8

2.1.1. Wangenan Nulis 8

2.1.2. Mangpaat Nulis 8

2.1.3. Tujuan Nulis 10

2.1.4. Pangajaran Nulis 11

(7)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.2.1. Wangenan Aksara Sunda 11

2.2.2. Tipologi Aksara Sunda 11

2.2.3. Sajarah Aksara di Tatar Sunda 12

2.2.3.1. Aksara Pallawa jeung Nagari 13

2.2.3.2. Aksara Jawa Kuno 14

2.2.3.3. Aksara Sunda Buhun 14

2.2.3.4. Aksara Arab (Pégon) 15

2.2.3.5. Aksara Cacarakan 15

2.2.3.6. Aksara Latén 16

2.2.4.Standarisasi Aksara Sunda 17

2.2.5. Aksara Sunda Standar 18

2.2.5.1.Aksara Swara 18

2.2.5.2.Aksara Ngalagena 18

2.2.5.3.Rarangkén 19

2.2.5.4.Angka 21

2.3.Média Pangajaran 21

2.3.1. Wangenan Média Pangajaran 21

2.3.2. Ciri-ciri jeung Fungsi Média Pangajaran 22 2.3.3. Rupa-rupa jeung Kritéria Milih Média Pembelajaran 24

2.3.3.1.Média dumasar kana Tampilan 24

2.3.3.2.Média dumasar kana Pamakéanna 24

2.4.Média Flash Card 25

2.4.1.Wangenan Flash Card 25

2.4.2.Mangpaat Média Flash Card 27

2.4.3.Kauntungan Média Flash Card 27

2.4.4.Léngkah-lengkah Nyieun Média Flash Card 28 2.4.5.Aplikasi Média Flash Card dina PangajaranNulisAksara

Sunda 28

2.5.Anggapan Dasar jeung Hipotésis 31

2.5.1.Anggapan Dasar 31

(8)

2.6. Raraga Mikir 32

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Setting Panalungtikan 33

3.1.1 Lokasi Panalungtikan 33

3.1.1.1. Profil Sakola 33

3.1.1.2. Visi jeung Misi Sakola 33

3.1.1.3. Kaayaan Guru 34

3.1.1.4. Kaayaan Siswa 36

3.1.2. Subjék Panalungtikan 36

3.1.3. Waktu Panalungtikan 37

3.2. Desain Panalungtikan 37

3.3. Métode Panalungtikan 38

3.4 Wangenan Operasional 41

3.5 Instrumén Panalungtikan 42

3.6 Prosedur Panalungtikan 42

3.6.1 Tahap Ngararancang 42

3.6.2 Tahap Pelaksanaan 43

3.7 Téhnik jeung Prosedur Ngumpulkeun Data 44

3.7.1. Téhnik Ngumpulkeun Data 44

3.7.2. Prosedur Ngumpulkeun Data 45

3.8 Analisis jeung Prosedur Ngolah Data 46

3.8.1. Analisis Data 46

3.8.2 Prosedur Ngolah Data 46

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS HASIL PANGAJARAN NULIS AKSARA SUNDA NGAGUNAKEUN MÉDIA FLASH CARD

4.1.Prak-prakan Siklus I 49

4.1.1.Tahap Ngararancang 49

4.1.2.Tahap Pelaksanaan Siklus I 49

(9)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.1.2.2. Poé ka-2 (Rébo, 21 November 2012) 52

4.1.3.Tahap Observasi 54

4.1.3.1. Hasil Observasi 54

4.1.4.Tahap Réfléksi 63

4.2.Prak-prakan Siklus II 64

4.2.1.Tahap Ngararancang 64

4.2.2.Tahap Pelaksanaan Siklus II 65

4.2.2.1.Poé ka-1 (Rebo, 28 November 2012) 65 4.2.2.2.Poé ka-2 (Rébo, 05 November 2012) 68

4.2.3.Tahap Observasi 69

4.2.3.1. Hasil Observasi 69

4.2.4.Tahap Réfléksi 79

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1. Kacindekan 80

5.2. Rékomendasi 81

DAPTAR PUSTAKA 82

LAMPIRAN-LAMPIRAN:

LAMPIRAN I 85

LAMPIRAN II 117

LAMPIRAN III 166

(10)

BAB I BUBUKA

1.1.Kasang Tukang Panalungtikan

Tata basa miboga opat subsistem nya éta tata sora, tata kecap, tata kalimah, jeung tata wacana.Subsitem tata sora raket patalina jeung tata aksara (grafologi) sabab unggal basa diwujudkeun ku sora, ku kituna ulikan sora basa atawa tata sora jadi dasar ulikan tulisan atawa tata aksara (Sudaryat, 11: 2009).Saméméh kapangaruhan ku budaya éropah, basa Sunda miboga aksara sorangan.Aksara Sunda jaman harita didokuméntasikeun dina wangun prasasti-prasasti, piagam-piagam, jeung naskah-naskah kuno nu ditulis dina batu, jeung rupa-rupa média nulis séjénna saperti daun lontar, kertas, jsb. Contona prasasti-prasasti Kawali di Ciamis, prasasti-prasasti batutulis di Bogor, piagam Kabantenan di Bekasi, sarta naskah-naskah Sunda kuno sapertiSanghyang Siksakanda Ng

Karesian, Carita Parahyangan,jeung Kisah Bujanggamanik.

Aksara Sunda anu digunakeun jaman harita leuwih dipikawanoh ku sebutan aksara Sunda Kuno, aksara Ratu Pakuan, atawa aksara Kaganga (Munawar, 2012:1).Disebut aksara Sunda kuno sangkan bisa dibédakeun jeung aksara Sunda jaman kiwari anu geus distandardisasi pikeun kapentingan masarakat.Ari sebutan aksara Ratu Pakuan mah lantaran aya naskah Sunda kuno anu judulna Carita Ratu Pakuan nu ditulis ngagunakeun aksara Sunda kuno.Sedengkeun disebut aksara Kaganga lantaran abjad aksara Sunda kuno dimimitian ku aksara ngalagena /ka/, /ga/, jeung /nga/.

Aksara Sunda digunakeun ku karuhun urang Sunda pikeun ngawangun komunikasi tinulis atawa tradisi tulisan.Ku ayana tradisi tulisan mangka generasi saterusna bisa manggih informasi anu diwariskeun ti karuhun, bisa ngeunaan sajarah, ajén-ajén budaya, jrrd.Ku kituna, aksara Sunda perlu dipiara hususna ku nonoman Sunda anu jadi seuweu siwi pajajaran.

(11)

Pelestarian, Pembinaan, dan pengembangan Bahasa, Sastra, dan Aksara Sunda.

Husus pikeun aksara Sunda ditandeskeun yén :

“Aksara Sunda adalah sistem ortografi hasil kréasi masyarakat Jawa Barat

yang meliputi aksara dan sistem pengaksaraan untuk menuliskan Bahasa Sunda”

Perda No.6 taun 1996 kiwari ganti jadi Peraturan Pamaréntah Daérah Provinsi Jawa Barat Nomor 5 taun 2003 disaluyukeun jeung kaayaan ngeunaan

Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daérah. Ieu Perda téh salah sahiji

tarékah anu dilakukeun ku pamaréntah Jawa Barat pikeun ngariksa budaya Sunda anu mangrupa warisan karuhun.Aksara Sunda dipiharep bisa ngageuing siswa ngeunaan jati dirina salaku nonoman Sunda anu miboga kawajiban miara, ngajaga sarta ngariksa budaya Sunda.

Anapon tatapakan aksara Sunda anu ditetepkeun dumasar kana : 1. wangunna nojo kana aksara Sunda kuno, nepika nu aslina tetep kajaga; 2. wangunna basajan nepi ka gampang dituliskeun;

3. sistem nuliskeunna per kecap;

4. éjahanana dumasar kana basa Sunda anyar/ mutahir nepi ka gampang dibacana;

5. merhatikeun unsur kaéndahan (éstétika) nepi ka engkéna bakal dipikaresep ku nu makéna jeung bisa dijieun kaligrafina;

6. daptar abjad disaluyukeun jeung kosa kecap basa Sunda anyar/ mutahir; 7. tanda bacana sarua jeung aksara latén;

8. bisa ditulis maké alat cétak modérn saperti mesin ketik, mesin cétak, jeung komputer.

(12)

hiji naskah dina aksara-aksara nu tangtu pikeun dicetak téh lain mangrupakagiatan nulis lamun nu nulis teu paham kana éta basa jeungrépréséntasina(Lado dina Tarigan 2008: 22). Dumasar kana masalah di luhur katitén yén tujuan pangajaran tina KD (Kompetensi Dasar) nulis aksara Sunda teu kahontal luyu saperti hasil prapanalungtikan. Peunteun rata-rata nulis aksara Sunda siswa kelas X-1 SMA Negeri 1 Majalaya nya éta 52. Hartina kamampuh siswa dina pangajaran nulis aksara Sunda can ngahontal Kritéria Katuntasan Minimal (KKM).

Ku kituna, kudu aya tarékah anu bisa ngaronjatkeunkarep jeung antusias siswa dina diajar basa Sunda, hususna diajar nulis aksara Sunda. Karep mangrupa hiji sifat rélatif anu dipimilik ku hiji jalma. Karep téh gedé pisan pangaruhna kana diajar, sabab lamun geus ayakarep tangtuna waé bakal aya tarékah pikeun ngagali informasi ngeunaan widang anu dipikaresepna. Nyoko kana pedaran di luhur ngeunaan pentingna karepdina diajar, Ovide Decroly dina Usman (2009:27) méré sawangan yén sistem pendidikan dumasar kana karep anu umumna dipimilik ku unggal jalma nya éta karep kana dahareun, perlindungan tina pangaruh iklim (baju jeung imah), ngajaga diri tina rupa-rupa bahaya jeung musuh, gawé bareng dina olah raga. Saluyu jeung pamadegan Ovide, Mursell dina bukuna Successful

Teaching, méréklasifikasi anu mangpaat pikeun guru dina méré pangajaran ka

siswa. Mursell nétélakeun 22 rupakarep, salah sahijina nya éta karep diajar.Jadi hakékatna unggal siswa mibogakarepkana diajar, ku kituna guru kuduna narékahan ngaronjatkeun karep budak kana diajar boh ngawasa métode, modél, bohmédia pangajaranana.

Dina milih média pangajaran, guru perlu merhatikeun psikologi siswa ngawengku: kumaha siswa diajar, motivasi diajar, lingkungan diajar, sarta aspek séjénna. Salian ti éta, Azhar Arsyad (2011:71) nétélakeun sababaraha hal anu kudu diperhatikeun dina milih média saperti ieu di handap :

1) kamampuh ngaakomodasikeun stimulus anu merenah (visual jeung/atawa audio);

2) kamampuh ngaakomodasikeun respons siswa anu merenah (audio, jeung/atawa kegiatan fisik);

(13)

4) cara milih média utama jeung média sekundér pikeun informasi atawa stimulus, sartapikeun latihan jeung tés (sabalikna latihanjeung tes ngagunakeun média nu sarua). Misalna, pikeun tujuan pangajaran anu dideudeulan kucara ngapalkeun.

Salah sahiji média anu bisa mantuan dina ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda nya éta média Flash Card. Média Flash Cardmangrupa kartu-kartu gambar anu dilengkepan ku kecap-kecap. Éta média diwanohkeun ku Glenn Doman salah saurang dokter ahli bedah otak ti Philadelphia, Pennsylvania. Gambar-gambar dina Flash Card dikelompokkeun dumasar wangun aksara nu méh sarua, saperti ka, pa, sa, jeung ra (k, p, s, r)na, nga, jeung ca (n, G, c)ya,

ma, ha, jeung ta (

y, m, h, t

)ga jeung wa (

g, w

) da jeung ja (

d, j

) nya jeung ba (

J,b

) la (

l

) sarta dipandeurikeun aksara-aksara serepan saperti fa, qa, va, xa, jeung za (f, q, v, x, z)jeung angka saperti ( 1, 2, 3, 4, 5, 6, 7, 8, 9, 0). Unggal kelompok dicirian ku warna-warna nu béda.Éta kartu satuluyna ditémbongkeun ka siswa jeung dibaca kalawan gancang.Unggal kartu kudu dibacasababaraha detik.Tujuan tina ieumédia nya éta ngalatih kamampuh otak katuhu pikeun nginget gambar jeung engang, ku kituna siswa leuwih gampang ngapalkeun aksara Sunda.

Nyoko kana sababaraha masalah anu diguar diluhur, ku kituna perlu diayakeun panalungtikan ngeunaan pangajaran aksara Sunda anu mangrupa Panalungtikan Tindakan Kelas (PTK). PTK ngeunaan aksara Sunda geus kungsi dilaksanakeun ku Acep Deri Cahyadi nu judulna “Modél Explicit Intruction pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda (Penelitian Tindakan Kelas Siswa Kelas X-1 SMA Pasundan 3 Bandung Taun Ajar 2010/2011)”.

(14)

1.2. Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1.Idéntifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang anu diébréhkeun di luhur, bisa diidéntifikasi masalah saperti ieu di handap:

1) pangajaran nulis aksara Sunda di kelas masih kénéh monoton;

2) métode anu digunakeun dina pangajaran nulis aksara Sunda sifatna kovensional;

3) guru teu ngawasa matéri ngeunaan nulis aksara Sunda; 4) kompeténsi dasar nulis aksara Sunda teu kahontal; 5) kamampuh nulis aksara sunda kaasup kritéria handap.

1.2.2. Rumusan Masalah

Rumusan masalah nu bakal ditalungtik di rumuskeun saperti ieu di handap. 1) Kumaha larapnamédia Flash Carddina pangajaran nulis aksara Sunda ka

siswa kelas X-1 Semester 1 SMA Negeri 1Majalaya Taun Ajar 2012/2013? 2) Kumaha tarékah ngaronjatkeun kamampuh nulisaksara Sunda ka siswa kelas

X-1 Semester 1 SMA Negeri 1 Majalaya Taun Ajar 2012/2013dina pangajaran kalawan ngagunakeun média Flash Card?

1.3.Tujuan Panalungtikan 1.3.1.Tujuan Umum

Sacara umum tujuan anu rék dihontal nyaéta pikeun ngaronjatkeun pangajaran nulis aksara Sunda kalawan ngagunakeun média Flash Card siswa kelas X-1 Semester 1 SMA Negeri 1 Majalaya.

1.3.2. Tujuan Husus

Sedengkeun tujuan husus dina panalungtikan ieu nya éta pikeun ngaidentifikasi jeung ngadéskripsikeun:

(15)

b) tarékah ngaronjatkeun kamampuhnulis aksara Sunda ka kelas X-1 Semester 1 SMA Negeri 1 Majalaya Taun Ajar 2012/2013 dina pangajaran kalawan ngagunakeun média Flash Card.

1.4.Mangpaat Panalungtikan 1.4.1.Mangpaat Tioritis

Hasil panalungtikan ieu dipiharep méré mangpaat pikeun kabeungharan pangaweruh hususna dina kamekaran média pangajaran ngeunaan disiplin élmu nu diteuleuman ku panalungtik nya éta pangajaran basa Sunda.

1.4.2. Mangpaat Praktis (Terapan)

a) Pikeun guru, bisa dijadikeun alternatif milih média pangajaran aksara Sunda sangkan bisa ngahontal tujuan nu geus ditangtukeun;

b) Pikeun siswa, bisa nyangking pangalaman diajar anu leuwih nyugemakeun jeung ngalatih kamampuh nulis aksara Sunda;

c) Pikeun sakola, bisa méré sumbangan dina usaha ngaronjatkeun kualitas pangajaran di sakola;

d) Pikeun nu nalungtik, bisa ngaronjatkeun kualitas paélmuan sarta nambahan pangalaman nangtukeun média dina pangajaran.

e) Pikeun lembaga, bisa dijadikeun référensi dina pangajaran basa jeung sastra Sunda.

1.5.Raraga Tulisan

Dina Bubuka, Bab I dipedar kasang tukang anujadi dadasar panalungtikan; idéntifikasi jeung rumusan masalah; tujuan panalungtikan; mangpaat panalungtikan; jeung raraga tulisan.

(16)

tina masalah anu dirumuskeun dina panalungtikan atawa submasalah nu ditalungtik.

Dina Bab III dipedarsetting panalungtikan anu ngawengku lokasi, subjék jeungwaktu panalungtikan, desain panalungtikan justifikasi milih desain panalungtikan, métode panalungtikan jeung justifikasi larapna métode éta panalungtikan, definisi oprasional anu dirumuskeun dina unggal indikator, instrumen panalungtikan, prosés mekarkeun instrumén, tehnik ngumpulkeun data jeung alasan rasionalna, sarta analisis data.

Dina Bab IVdipedar hasil panalungtikan jeung pedaran ngeunaan ngolah atawa analisa data pikeun ngahasilkeun timuan anu patali jeung masalah panalungtikan, patalékan panalungtikan, hipotésis, tujuan panalungtikan, jeung pedaran atawa analisis timuan.

(17)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

SMA Negeri 1 Majalaya mibogaNomor Statistik Sakola (NSS) 301020814060 sarta akréditasina A. SMA Negeri 1 Majalaya mangrupa sakola anu kawentar ku kagiatan ékstrakulikulérna, diantarana nya éta Basket, Futsal, KIR (Kelompok Ilmiah Remaja), Karimah (Kelompok Remaja Mesjid Al-Hikmah), Bengsas (Bengkél Sastra), PASKIBRA, PRAMUKA, PMR, OSIS, Gulat, Karate, Taekwondo, sarta Sindo (Silat Indonesia).

3.1.1.2. Visi jeung Misi Sakola

SMA Negeri 1 Majalaya salaku hiji lembaga pendidikan, miboga hiji pola dina oprasional kinerjana. Oprasioanal kinerja ieu diwujudkeun dina hiji runtuyan visi jeung misi. Anapon anu jadi visi jeung misi SMA Negeri 1 Majalaya nya éta saperti ieu di handap.

VISI

Terwujudnya sekolah yang tangguh, peserta didik yang cerdas, terampil sert

kompetitif yang berwawasan IPTEK berlandaskan IMTAQ.

MISI

1) Menciptakan lingkungan belajar yang kondusif;

2) Mewujudkan ruang khusus multimedia, Laboratorium IPA, bahasa serta

(18)

3) Meningkatkan komitmen seluruh warga kependidikan terhadap tugas pokok dan

fungsinya;

4) Mengaktifkan kegiatan MGMP setiap mata pelajaran;

5) Menata program bidang-bidang kegiatan persekolahan;

6) Menata administrasi ketata-usahaan

7) Menumbuhkan semangat, pola berfikir, yang rasional terhadap peserta didik;

8) Meningkatkan prestasi di bidang ilmu pengetahuan, keterampilan, olahraga dan

seni.

9) Meningkatkan jumlah lulusan yang di terima di Perguruan Tinggi Negeri;

10)Mengembangkan Teknologi informasi dan Komunikasi dalam pembelajaran

maupun administrasi sekolah.

3.1.1.3. Kaayaan Guru

SMA Negeri 1 Majalaya dipingpin ku Drs. Adang, M.M.Pd ti taun 2012 nepi ka ayeuna. Salian Kepala Sekolah, guru-guru di SMA Negeri 1 Majalaya 98% asalna ti Lembaga Pendidik Tenaga Kependidikan (LPTK), nya éta IKIP Bandung (ayeuna UPI), Universitas Padjadjaran (UNPAD), Institut Tekhnologi Bandung (ITB), IAIN Bandung (ayeuna UIN), Universitas Pasundan (UNPAS), Universitas Bale Bandung (UNIBBA), STKIP Siliwangi Bandung, STKIP Pasundan Cimahi jeung FKIP Universitas Terbuka (UT).

Tabel 3.1

Kaayaan Guru SMA Negeri 1 Majalaya Taun Ajaran 2012/2013 Data Guru / Staf Jumlah Guru / staf

Guru Tetap (PNS) 48 urang

Guru Honorér Sakola 9 urang

Staf TU (PNS) 5 urang

Staf TU teu tetap 14 urang

(19)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana tabel di luhur, guru atawa tenaga pengajar anu tugas di SMA Negeri 1 Majalaya Kab.Bandung numutkeun status dikelompokkeun jadi 4, nya éta:

1. Tenaga pengajar anu statusna salaku guru tetap (PNS) jumlahna aya 48 urang. 2. Tenaga pengajar anu statusna salaku guru honorér jumlahna aya 9 urang 3. Staf tata usaha tetap (PNS) di SMA Negeri 1 Majalaya jumlahna 5 urang 4. Staf tata Usaha teu tetap jumlahna 14 urang

Gambar3.1

Diagram Kaayaan Guru SMAN 1 Majalaya Ditilik tina Tingkat Pendidikan

5%

91% 2%2%

S2 = 3urang

S1=52urang

D3=1urang

(20)

Gambar3.2

Diagram Kaayaan Guru SMAN 1 Majalaya Ditilik tina Golongan

3.1.1.4. Kaayaan Siswa

Sacara umum kaayaan siswa-siswa SMAN 1 Majalaya saperti ieu di handap.

Tabel 3.2

Kaayaan Siswa di SMA Negeri 1 Majalaya

Kelas Rombel Jumlah Siswa

X 9 393

XI 9 348

XII 9 339

Jumlah 27 1080

3.1.2. Subjék Panalungtikan

Subjék dina ieu panalungtikan nya éta guru basa Sunda jeung siswa kelas X-1 anu jumlahna 45 urang, anu ngawengku 15 urang lalaki jeung 30 urang awéwé.

4%

92% 2% 2%

Ivb=2urang

Iva=44urang

IIIa=1urang

(21)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.3. Waktu Panalungtikan

Ieu panalungtikam dilaksanakeun salila 5 minggu, ti bulan November nepi ka bulan Desember 2012, anu diwincik saperti ieu di handap.

Tabél 3.3 Waktu Panalungtikan

No. Kagiatan Waktu

1. Prapanalungtikan 10 November 2012

2. Siklus I 14 November 2012

21 November 2012

3. Siklus II 28 November 2012

5 Desember 2012

3.2. Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa sakabéh rarancang pikeun ngajawab patalékan dina panalungtikan sarta ngaantisipasi sababaraha masalah anu bakal karandapan salila prosés panalungtikan, ieu hal mangrupa stratégi pikeun menangkeun data anu dibutuhkeun pikeun kaperluan pengujian hipotésis atawa pikeun ngajawab patalékan jeung salaku alat pikeun ngontrol variabel anu mangaruhan dina panalungtikan. (Sugiyono, 2010).

(22)

Gambar 3.3 Siklus dina PTK

3.3. Métode Panalungtikan

(23)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Rapoport (dina Wiraatmadja, 2008:11) nétélakeun yén panalungtikan tindakan kelas fungsina pikeun mantuan hiji jalma dina ngungkulanpasualan praktisanu disinghareupan dina situasi darurat pikeun ngahontal tujuan ilmu sosial sarta gawé bareng dina rangkay étika anu disapukan babarengan.

Aya sasaruaan tina dua pamadegan di luhur nya éta yén panalungtikan tindakan kelas (classroom action research) mangrupa kagiatan réfléksi anu leuwih nyoko kana prakték pikeun ngaropéa atawa ngungkulan pasualan dina prakték pendidikan éta.

Tujuan utama PTK nya éta pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran, lain pikeun ngahasilkeun pangaweruh. Ngaronjatna kualitas pangajaran ngawengku kasadaran kana nilai-nilai anu ahirna bakal dilembagakeun, misalna ngaronjatna aktivitas jeug kréatifitas siswa dina pangajaran. Najan kitu, hasil ahir tina ngaronjatna kualitas pangajaran, lain mangrupa jaminan prosés awal kagiatan anu hadé.

Sababaraha karakteristik PTK anu ngabédakeun tina panalungtikan formal nu séjén bisa diidéntifikasi saperti:

1. dimimitian ku katugenah kinerja guru, situasional, praktis, jeung sacara langsung pakuat pakait jeung pangajaran;

2. mibogatujuan pikeun ngaropéa, ngaronjatkeun, jeung méré rangkay gawé anu tartib dinangungkulan masalah pangajaran;

3. fléksibel jeung adaftif méré kamungkinan ayana parobahan salila masa

percobaanjeung teu ngontrolsabab leuwih nekenkeun sipat tanggap, tahap uji,

jeung parobahan dina pangajaran;

4. kolaboratif jeung partisipatif nepi ka guru salaku panalungtik nyokot bagéan sacara langsung dina ngalaksanakeun panalungtikan;

5. self-evaluatif, nya éta modifikasi sacara tuluy-tuluyan dina evaluasi dina situasi nu aya anu tujuan ahirna pikeun ngaropéa jeung ngaronjatkeun prakték pangajaran; 6. fokus panalungtikan dina pangajaran ilaharna dilakukeun ku gurubabarengan

jeung siswa sacara déséntrasilsasi jeung déragulasi;

(24)

8. ngaronjatkeun hiji modél pangajaran boh sabagéan boh sagembléngna;

9. penelitian tindakan kelasmekarkeun démokrasi, kaadilan, kabébasan jeung kasempetan partisipatif saperti:

a. Ngalibetkeun siswa. b. Ngajarkeun kaadilan. c. Méré kabébasan.

d. Ngarojatkeun poténsi siswa.

Salian ti éta, ciri husus anu ngabédakeun PTK jeung panalungtikan séjénna nya éta ayana siklus-siklus anu mangrupa runtuyan “riset-aksi-riset-aksi....”.

Gambar 3.4

Tahapan dina Siklus PTK Kemmis jeung Mc. Taggar

Alasan digunakeunnapanalungtikan tindakan kelas (Classroom Action

Research), sabab kapanggih pasualan dina prosés pangajaran nulisaksara Sunda.

Pangajaran nulis aksara Sundadi sakola-sakolasalila ieu ngagunakeun cara konvensional, nya éta guru ngadémontrasikeun dina bor (papan tulis), dibarengan ku siswa anu ngan saukur nurutan jeung nyalin. Teu saeutik siswa nu poho sanggeus kaluar kelas anu matak tujuan pangajaran teu bisa kahontal kalayan optimal.Cara-cara nu saperti kitu dianggap monoton ku siswa, sabab euweuh variasi-variasi anu bisa ngirut haté siswa pikeun mikir, antukna pangajaran aksara Sunda dianggap hésé.

Hal éta saluyu jeung pamadegan Ebbutt dina Wiraatmadja (2008:12) nya éta:

(25)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

tindakan-tindakan dalam pembelajaran, berdasarkan refleksi mereka mengenai hasil dari tindakan-tindakan tersebut.

Tina pamadegan di luhur, katitén yén panalungtikan tindakan kelas (classroom

action research) nempatkeun otonomi guru dina ngaronjatkeun profesionalisme kana

kinerja sarta aktivitasna. Guru bisa ngarararancang hiji tarékah dina prakték pangajaranana, sarta ninggali pangaruhna kana kualitas pangajaran anu leuwih hadé.

Anapon anu jadi dadasar tinimbangan dipilihna sakola jeung kelas éta salaku lokasi jeung subjékdina ieu panalungtikan, nya éta ku sababieu sakola mangrupa tempat panalungtikan média pangajaran anu rék dimekarkeun. Salian ti éta, numutkeun paniténan anu dilakukeun dina mangsa observasi, métode anu dilakukeun ku guru di ieu kelas jeung kelas-kelas séjénna, ngagunakeun cara konvénsional anu matak teu saeutik siswa anu teu maliré kana pangajaran nulis aksara Sunda.

3.4 Wangenan Operasional

Dina ieu panalungtikan nu nalungtik nyokot judul Média Flash Card Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Aksara Sunda (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas X-1 Semester 1 SMANegeri 1 Majalaya Taun Ajar 2012-2013).Pikeun nyingkahan kasalahan jeung méré gambaran nu jelas ngeunaan judul anu dipaké, ku kituna diwatesananistilah-istilah tina masalah nu diangkat, saperti ieu di handap. 1. Média Flash Card

Média Flash Card mangrupa média alternatif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda, kartu ieu dipikawanoh ku sebutan Flash hartina gancang (secepat kilat) sabab dina ngagunakeunana siswa ditungtut kudu bisa merhatikeun gambar dina kartu kalawan gancang.

2. Kamampuh Nulis Aksara Sunda

(26)

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas anu dipaké ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis nepi ka datana leuwih gampang diolah (Arikunto, 2002 : 136).

Dina ieu panalungtikan aya sababaraha instrumén anu dipaké, nyaéta: (a) lembar obsrvasi, (b) lembar tés, (c) lembar wawancara.

a) Lembar Observasi

Lembar panduan observasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data aktivitas diajar siswa jeung kinerja guru salila lumangsungna prosés pangajaran. Aspék nu ditalungtik dina aktivitas diajar siswa ngaliwatan sapuluh indikator tina tilu kaparigelan anu ngawengku perhatian, kamampuh, kaaktifan. Sedengkeun aspék nu ditalungtik dina aktivitas kinerja guru ngawengku tilu tahap nya éta kagiatan bubuka, kagiatan inti, sarta kagiatan panutup.

b) Lembar tés

Ieu intrumén digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa jeung ngajaring validitas data ngeunaan parobahan hasil diajar siswa ngaliwatan Post Test, tes formatif anu sifatna kualitatif, nepi ka bisa dijadikeun bahan tinimbangan nangtukeun kaputusan.

c) Lembar Wawancara

Alat anu digunakeun pikeun mikanyaho sawangan atawa sikep siswa kana pangajaran nulis aksara Sunda ngagunakeun media Flash Card.

3.6 Prosedur Panalungtikan 3.6.1 Tahap Ngararancang

Tahap ngararancangdina ieu panalungtikan ngawengku: 1) netepkeun jumlah siklus, nya éta dua siklus;

(27)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) netepkeun métode nu baris digunakeun dina pangajaran nulis aksara Sunda; 4) panalungtikan nganalisis Standar Kompeténsi (SK), jeung Kompeténsi Dasar

(KD);

5) nyusun RPP, ngawengku: indikator, tujuan pangajaran, skenario pangajaran, alokasi waktu, jeung tés ahir;

6) nyiapkeun pedoman observasi pikeun masing-masing siklus, nu ngawengku : lembar aktivitas guru, lembar observasi aktivitas siswa,lembar wawancara jeung catetan lapangan;

7) nyiapkeun bahan ajar atawa matéri pangajaran jeung lembar kerja siswa pikeun masing-masing siklus.

3.6.2 Tahap Pelaksanaan

Dina tahap pelaksanaan biasana ngawengku sababaraha siklus, saluyu jeung tingkat pasualan anu rék ditungkulan jeung kondisi anu rék dironjatkeun. Siklus-siklus éta bisa dijéntrékeun saperti :

A. Siklus I

a. Rarancang, rarancang pelaksanaan PTK nya éta ngawengku kagiatan saperti : 1) tim panalungtik ngalakukeun analisis standar eusi pikeun mikanyaho standar

Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) anu bakal diajarkeun ka siswa; 2) mekarkeun RPP, bari merhatikeun indikator-indikator hasil diajar;

3) mekarkeun alat peraga, alat bantu, atawa média pangajaran anu ngarojong ayanaSKKDdina raraga impléméntasiPTK;

4) nganalisis sababaraha alternatif dina ngungkulan masalah anu saluyu jeung kondisi pangajaran;

5) mekarkeun instrumén dina siklus PTK

6) nyusun alat evaluasi pangajaran saluyu jeung indikator hasil diajar.

(28)

c. Observasi, observasi ngawengku prosedur ngarekam data ngeunaan prosés jeung hasil impléméntasi tindakan anu dilakukeun. Pamakéan pedoman atawa instrumén anu geus disiapkeun samémehna kudu diguar ku

d. Réfléksi, réfléksi medar ngeunaan prosedur analisis kana hasil paniténan jeung réfléksi ngeunaan prosés jeung dampak tindakan parobahan anu dilakukeun, sarta kritéria jeung rarancang tindakan dina siklus satuluyna.

B. Siklus II a. Rarancang

Dumasar kana hasil réfléksi dina siklus kahiji guru salaku panalungtik nyieun RPP saluyu jeung SKKD sarta Standar eusi.

b. Tindakan

Guru ngalaksanakeun pangajaran dumasar RPP anu dikembangkeun tina hasil réfléksi siklus kahiji.

c. Observasi

Guru panalungtik ngayakeun observasi kana prosés pangajaran jeung pangwangunan kompeténsi siswa.

d. Réfléksi

Guru panalungtik nglakukeun réfléksi kana pelaksanaan PTK siklus kadua jeung nganalisis sarta nyieun kacindekan kana pelaksanaan pangajaran anu geus direncanakeun ku ngayakeun tindakan nu tangtu. Naha pangajaran anu dirancang ngagunakeun PTK bisa ngaronjatkeun kualitas pangajaran atawa ngaropéah masalah anu ditalungtik.

3.7 Téhnik jeung Prosedur Ngumpulkeun Data 3.7.1. Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku tilu cara nya éta observasi, wawancara, jeung tés.

(29)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

éta tindakan non tés anu dilakukeun pikeun nalungtik sakabéh kagiatan diajar boh kinerja guru boh aktifitas siswa, ti mimiti nepi ka ahir pangajaran ngeunaaan nulis aksara Sunda.

2) Wawancara nyaéta tanya-jawab antara anu ngawawancara jeung anu diwawancara pikeun ménta katerangan atawa sawangan ngeunaan hiji hal.Hal ieu sajalan jeung pamadegan Denzin (Wiratmadja, 2009:117) yén wawancara mangrupa patalékan-patalékan nu diajukeun sacara verbal ka saha waé nu dianggap bisa méré informasi.Tujuan wawancara dinaieu panalungtikan nya éta pikeun meunangkeun data anu aya hubunganna jeung rarancang pelaksanaan tindakan, opini sarta persépsi guru jeung siswa kana penerapan média Flash

Card.

3) Tés nya éta alat pikeun ngukur kamampuh siswa dina ngalaksanakeun atawa ngaréngsékeun pancén ti guru ngeunaan pangajaran nulis aksara Sunda ngagunakeun média Flash Card.

3.7.2. Prosedur Ngumpulkeun Data

Dina prosés ngumpulkeun data, panalungtik ngumpulkeun data ngaliwatan hasil-hasil tina kinerja siswa jeung hasil observasi anu aya dina unggal aktivitas anu aya patalina jeung tindakan panalungtikan anu dilakukeun. Diantarana nya éta:

1) Observasi awal pikeun ngaidéntifikasi masalahna;

2) Dina prak-prakan panalungtikan analisis, réfléksi, kana tindakan siklus I; 3) Hasil tés dina siklus I;

4) Dina prak-prakan panalungtikan analisis, réfléksi, kana tindakan siklus II; 5) Hasil tés dina siklus II;

(30)

3.8 Analisis jeung Prosedur Ngolah Data 3.8.1. Analisis Data

Sugiono (2009: 89) ngadéfinisikeun analisis data saperti ieu di handap :

Analisis data nya éta prosés néangan jeung nyusun sacara sistematis data anu dipibandatina hasil wawancara, catetan lapangan, jeung dokuméntasi, ku cara ngaorganisasikeun data kana katégori, ngajabarkeun kana unit-unit, ngalakukeun sintésa, nyusun pola, milih mana nu penting jeung mana nu bakal diguar,jeung nyieun kacindekan nepi ka babari dipikaharti ku diri sorangan sarta ku nu séjén.

Satuluyna, Bogdan jeung Biklen (dina Meleong, 2009: 248) ngadéfinisikeun analisis data kualitatif, nya éta tarékah anu dilakukeun pikeun nganalisis data nepi ka ngajanggélek jadi hiji hal anu mangrupa timuan penting, anu bisa diguar jeung diébréhkeun ka nu séjén.

3.8.2 Prosedur Ngolah Data

Data-data anu diolah dina ieu panalungtikan ngawengku: cara méré skor atawa peunteun dina tés awal jeung tés ahir, sarta nganalisis pamahaman siswa kana matéri pangajaran sarta analisis aktivitas siswa jeung kinerja guru.

a) Cara méré skor

(31)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabel 3.4 Konversi Peunteun

Peunteun Katerangan

67 Tuntas

<67 Can Tuntas

b) Analisis Peningkatan Pamahaman Siswa

Peningkatan pamahaman siswa bisa dikatégorikeun dumasar kana indéks gain. Harga indeks gain bisa dititénan dina tabél 3.5 ieu di handap:

Tabel 3.5 Rentang Gain

Rentang Indeks Gain Katégori

(G) < 0,30 Handap

0,70> (G)> 0,30 Sedeng

(G)> 0,70 Luhur

Téhnik analisis data anu dilakukeun pikeun nuduhkeun peningkatan pamahaman siswa ditangtukeun dumasar perséntase normalisasi gain ngagunakeun rumus:

N

gain=Xpostés – Xpretés Xidéal – Xpretés

Katerangan:

N

gain = perséntasi normalisasi gain

(32)

c) Analisis Aktivitas Siswa jeung Kinerja Guru

Analisis aktivitas siswa jeung kinerja guru bisa diitung ngagunakeun rumus:

�= ��

� � 100%

Katerangan:

� = persentase aktivitas

Σni = Check list unggal indiktor aktivitas

(33)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1. Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan pangajaran nulis aksara Sunda ngagunakeun média Flash Card ka siswa kelas X-1 SMA Negeri 1 Majalaya bisa dicindekeun saperti ieu di handap.

1) Média Flash Card bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda.

2) Hasil tés individu tina pra-panalungtikan nuduhkeun yén tina 45 urang siswa, 27 urang atawa 60% siswa anu meunang peunteun <67 kalawan katégori can tuntas,

sarta 18 urang atawa 40% siswa anu meunang peunteun ≥ 67 kalawan katégori

tuntas. Hasil siklus I nya éta 16 urang atawa 35,6% siswa anu meunang peunteun <67 kalawan katégori can tuntas, sarta 29 urang atawa 64,4% siswa

anu meunang peunteun ≥ 67 kalawan katégori tuntas. Hasil diajar dina siklus II

nya éta 45 urang siswa atawa 100% tuntas, kalawan rincian peunteun nya éta 22 urang atawa 48,9% meunang peunteun 100; 7 urang atawa 15,6% meunang peunteun 90; 10 urang atawa 22,2% meunang peunteun 80; jeung 6 urang atawa 13,3% meunang peunteun 70. Tina hasil di luhur, katitén bédana antara pangajaran nulis aksara Sunda saméméh jeung sabada ngagunakeun média Flash

Card ngaronjat, boh dina suasana diajar boh dina kamampuh siswa dina nulis

aksara Sunda.

(34)

5.2. Rékomendasi

Sabada dilakukeun panalungtikan ngeunaan pangajaran nulis aksara Sunda ngagunakeun média Flash Card, aya sababaraha hal anu hayang ditepikeun minangka rékomendasi.

1) Pikeun Guru

- Kamampuh nulis aksara Sunda lain ngan saukur kudu dicangking ku siswa, tapi guru anu mangrupa sujék dina prosés pangajaran wajib bisa nulis aksara Sunda, sabab lamun guru teu bisa nulis aksara Sunda hartina kompeténsi dasarna ogé robah jadi nyalin aksara Sunda.

- Matéri ngeunaan aksara Sunda anu geus dirumuskeun dumasar kana wangun anu méh sarua bisa dijadikeun référénsi bahan ajar.

2) Pikeun Siswa

Siswa anu geus nyangking matéri ngeunan nulis aksara Sunda kaasup katégori mampuh nulis aksara Sunda, dipiharep bisa ngajarkeun ka lingkungan sakola, kulawarga, sarta masyarakat séjénna sangkan aksara Sunda teu leungit.

3) Pikeun Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah

Salian ti guru, mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah ogé wajib nyangking kamampuh nulis aksara Sunda. Ieu mangrupa modal pikeun jadi guru anu tugasna ngadidik jeung ngabimbing siswa dina pangajaran basa Sunda.

4) Pikeun Lembaga

(35)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

A. Buku

Arikunto, Suharsimi. (2010). ProsedurPenelitian. Jakarta: RinekaCipta. Arsyad.Azhar.(2011). Media Pembelajaran. Jakarta: Raja GrafindoPersada. Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dananjaya, Utomo. (2012). Media PembelajaranAktif. Bandung: Nuansa. Daryanto.(2010). Media Pembelajaran. Yogyakarta: Gava Media.

Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2007). SKKD Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra

Sunda. Dinas Pendidikan Jawa Barat.

Hamalik, Oemar. (2009). Proses BelajarMengajar. Jakarta: BumiAksara.

Kusnandar. (2009). Langkah Mudah Penelitian Tindakan Kelas Sebagai

Pengembangan Profesi Guru. Jakarta: Rajawali Pers.

Kustandi C, Sutjipto B. (2011). Media Pembelajaran Manual dan Digital. Bogor: Ghalia Indonesia.

LBSS. (1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Martinis, Yamin. (2007). Desain Pebelajaran Berbasis Tingkat Satuan

Pendidikan. Jakarta: Gaung Persada.

Moleong, Lexy J. (2009). Metodologi Penelitian Kualitatif (edisi revisi). Bandung: Rosda.

Mulyanto. (2012). Jurus Praktis Baca-Tulis Aksara Sunda Baku “Kaganga”. Bandung: Kiblat.

Mulyasana, E. (2009). Praktik Penelitian Tindakan Kelas. Bandung: Rosda. Musfiqon.(2012). Pengembangan Media dansumberPembelajaran. Jakarta: PT.

PrestasiPustakarya.

Nurjanah, Nunuy. (2009). Teori Nulis. (Handout) Bandung: JPBD UPI. Riyanto, Yatim. (2010). Metodologi Penelitian Pendidikan. Surabaya: SIC. Rohani, Ahmad. (1997). Media Intruksional Edukatif. Jakarta: Rineka Cipta. Sadiman, Arief S, dkk. (2011). Media Pendidikan (Pengertian,

(36)

Smaldino E, Sharon, dkk. (2011). Intructional Technology & Media For

Learning. Jakarta: KencanaPrenanda Media group.

Sudaryat, Yayat. (2007). Makaya Basa. Bandung: JPBD UPI.

Sudaryat, Y., Prawirasumantri, A. jeung Yudibrata, K. (2009). Tata Basa Sunda

Kiwari (Cetakan II). Bandung: Yrama Widya.

Sudjana,Nana, Ahmad Rivai. (2005). Media Pengajaran. Bandung: SinarBaruAlgensindo.

Sugiono.(2012). MetodePenelitianKombinasi (Mix Methods). Bandung: Alfabeta.

Sukardi.(2008). MetodologiPenelitianPendidikan. Jakarta: BumiAksara.

Sukiman.(2012). Pengembangan Media Pembelajaran. Yogyakarta: Prdagogja. Suryani, Elis (2011). Ragam Pesona Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia. ---, (2012). Filologi. Bogor: Ghalia Indonesia.

---, (2012). Calakan Aksara, Basa, Sastra, katut Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.

---, (2011). KamahéranjeungKaparigelanAksaraSunda. Bogor: Ghalia Indonesia.

Syukur, Fatah. (2005). Teknologi Pendidikan. Semarang: Rasail. Tarigan, Henri Guntur, spk. (2008). Menulis. Bandung: Angkasa.

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2009). Kurikulum &

Pembelajaran. Bandung: Jurusan Kurikulum dan Teknologi

Pendidikan.

Usman, Moh Uzer. (2009). Menjadi Guru Profesional. Bandung: Rosda.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Wiriaatmadja, Rochiati. (2009). Metode Penelitian Tindakan Kelas (Untuk

Meningkatkan Kinerja Guru dan Dosen). Bandung: Rosda.

B. Skripsi

Cahyadi, Acep Deri. (2011). Modél Explicit

(37)

Errin Ervani , 2013

Media flash card pikeun ngaronjakeun kamampuh nulis aksara sunda (panalungtikan tindakan kelas siswa kelas X-1 semester 1 SMAN 1 majalaya taun ajaran 2012/2013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

an Tindakan Kelas Siswa Kelas X-1 SMA Pasundan 3 Bandung Taun

Ajar 2010/2011).Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: teu

diterbitkeun.

Sylve, Anne. (2012). Efektivitas Penggunaan Media Flash Card dalam

Meningkatkan Penguasaan Kosakata Bahasa Jepang. Skripsi FPBS

UPI Bandung: teu diterbitkeun.

C. Online

Ahira, Anne. (2010). Metode Pembelajaran Menulis. [online]. Tersedia:

http://www.anneahira.com/metode-pembelajaran-menulis-3954.html[29 November 2012]

Indira. (2008). Dunia Kecil.[online]. Tersedia:

http://1nd1r4.wordpress.com/2008/11/20/flash-cards/html[29November 2012]

Ma’roef, Amir. Media Audio Semester IV. [online]. Tersedia:

Gambar

Tabel 3.1 Kaayaan Guru SMA Negeri 1 Majalaya Taun Ajaran 2012/2013
Gambar3.1 Diagram Kaayaan Guru SMAN 1 Majalaya
Gambar3.2 Diagram Kaayaan Guru SMAN 1 Majalaya
Gambar 3.3 Siklus dina PTK
+3

Referensi

Dokumen terkait

[r]

Jika ditinjau dari KAM siswa, untuk kemampuan berpikir kritis, hanya siswa dengan kelompok tengah pembelajaran kooperatif tipe co-op co-op yang memiliki pencapaian

PENGARUH PEMAHAMAN STANDAR AKUNTANSI PEMERINTAHAN (SAP), PELATIHAN, AKUNTABILITAS, DAN TRANSPARANSI TERHADAP PENYUSUNAN LAPORAN KEUANGAN SKPD

PERBED AAN KEBERHASILAN MOD EL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING D ENGAN MOD EL PEMBELAJARAN SAINS TEKNOLOGI MASYARAKAT TERHAD AP PENINGKATAN RANAH KOGNITIF PESERTA D

guna memberikan pemahaman dan meningkatkan prestasi belajar peserta didik. Proses pembelajaran merupakan suatu kegiatan utama dalam dunia.. pendidikan. Belajar merupakan suatu

PENERAPAN PEMBELAJARAN SEJARAH KONTEKSTUALBERBASIS BUKU TEKS DI SMAN 1 PADALARANGKABUPATEN BANDUNG BARAT.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Pada tahap pelaksanaan pembuatan desain motif batik tulis menunjukan sebagian besar peserta didik telah memiliki kemampuan menerapkan unsur desain dan menggambar motif

Pada setiap selesai menyusun daftar satu Kabupaten/Kotamadya diadakan rekapitulasi tanah yang telah diredistribusikan (untuk Buku A dan Buku B lihat lampiran IV)..