• Tidak ada hasil yang ditemukan

t pbbs 0907684 chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "t pbbs 0907684 chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

104

Jajat, 2012

Wangun Jeung Hubungan Semantis Antarklausa Kalimah Ngantét Dina Rumpaka Kawih Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Tina hasil analisis perkara wangun jeung hubungan semantis antarklausa

kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda sakumaha dipedar dina bab IV, bisa

dicindekkeun sawatara hal sakumaha ieu di handap.

a. Tina jihat hubungan antarklausana kalimah ngantét dina rumpaka kawih

Sunda kagolong kana kalimah koordinasi. Wangun kalimah ngantét

(koordinasi) téh ngagabungkeun dua klausa atawa leuwih nu

séwang-séwangan miboga kalungguhan nu satata dina struktur konstituén kalimah.

Kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda nu klausana miboga hubungan

koordinasi bisa dipolakeun: KngKoord: Klausa Bebas ± Konj Koord +

Klausa Bebas. Pola kalimah ngantét (koordinasi) téh diwangun ku dua

klausa bébas, boh disambungkeun ku konjungsi koordinatif (satata) boh

henteu.

b. Tina 10 rumpaka kawih Sunda nu dijadikeun sampel, kapaluruh 57 kalimah

ngantét. Hubungan semantis kalimah ngantét nu kapaluruh ngawengku

hubungan jumlah, hubungan lalawanan, hubungan tumuluy, hubungan

sinambung, jeung hubungan panandes. Hubungan jumlah aya 9 kalimah

(15,8%), hubungan lalawanan aya 7 kalimah (12,3%), hubungan tumuluy aya

15 kalimah (26,3%), hubungan sinambung aya 10 kalimah (17,5%). Ari

(2)

105

Jajat, 2012

Wangun Jeung Hubungan Semantis Antarklausa Kalimah Ngantét Dina Rumpaka Kawih Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

yén hubungan panandes pangréana muncul dina kalimah ngantét dina

rumpaka kawih Sunda.

5.2 Saran

Sacara métodologis, ieu panalungtikan didasarkeun kana sumber data nu

kawatesanan. Rumpaka kawih Sunda nu mekar saéstuna kawilang réa pisan, ngan

baé dina ieu panalungtikan mah data nu dikumpulkeun tur dianalisis téh

kawatesanan. Sangkan hasil panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu

panalungtikan leuwih jembar, kawilang hadé saupama data nu digunakeun téh

leuwih réa jumlahna, boh tina jihat réspondénna, média sumebarna, boh tina jihat

jumlah téksna sorangan. Hadé ogé saupama dibandingkeun jeung rumpaka

tembang katut sajak.

Ditilik tina ambahan ulikanana, ieu panalungtikan saukur nalungtik téks

rumpaka kawih Sunda tina jihat wangun jeung hubungan semantis antarklausa

kalimah ngantét. Pikeun panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu panalungtikan,

hadéna ambahan ulikanana dilegaan tina jihat kontéks

Nalungtik rumpaka kawih Sunda tétéla teu cukup ukur dibekelan ku

pangaweruh paélmuan basa. Rumpaka kawih Sunda raket patalina jeung

widang-widang paélmuan lianna saluareun paélmuan basa jeung musik. Ku éta hal,

penting pisan panalungtik nu aya minat ngulik perkara rumpaka kawih Sunda

jeung karya sastra lianna, mekelan dirina ku pangaweruh-pangaweruh dina

widang paélmuan musik, sosiologi, antropologi, psikologi, pédagogik, jeung

Referensi

Dokumen terkait

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu..

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis).. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu..

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis).. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Kapanggih lima adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur'an nya éta Pola I mangrupa kalimah salancar basajan, Pola II mangrupa kalimah salancar jembar, Pola III

Dina prosés nyiptakeunana, rumpaka kawih miboga unsur-unsur saperti: (1) unsur basa, (2) unsur sastra, (3) eusi sastra, jeung (4) wangun sastra. Rumpaka kawih dina ieu

patali jeung idéntitas fiksimini salaku wangun karya sastra anyar dina kahirupan. sastra Sunda. 1.2.2

Diksi dina rumpaka Upacara Adat Kawinan di Désa Sukamulya Kecamatan Cigugur Kabupatén Kuningan ngawengku kekecapan anu loba patali jeung pangharepan, kanyaah,