• Tidak ada hasil yang ditemukan

IMPLEMÉNTASI MODÉL TIME TOKEN ARENDS DINA PANGAJARAN NYARITA BAHASAN BUDAYA SUNDA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "IMPLEMÉNTASI MODÉL TIME TOKEN ARENDS DINA PANGAJARAN NYARITA BAHASAN BUDAYA SUNDA."

Copied!
41
0
0

Teks penuh

(1)

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi Taun Ajaran 2014/2015)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ngahontal gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Dini Nurjanah

NIM 1100856

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

(2)

Berbicara Bahasan Budaya Sunda

Siswa Kelas VIII.2 SMP Negeri 4

Cimahi Taun Ajaran 2014/2015

Oleh

Dini Nurjanah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

© Dini Nurjanah 2015 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)
(4)

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi Taun Ajaran 2014/2015)

Dini Nurjanah

ABSTRAK

Kasang tukang ieu panalungtikan, nya éta munculna masalah dina pangajaran nyarita utamana dina kagiatan diskusi. Salah sahiji masalah anu mindeng muncul nya éta siswa can aya kawani ngedalkeun pamanggihna dina forum diskusi. Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta pikeun mikaweruh nepi ka mana modél pangajaran Time Token Arends dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi dina kagiatan diskusi. Hasil ieu panalungtikan ngébréhkeun yén kamampuh nyarita siswa dina kagiatan diskusi bahasan budaya Sunda saméméh ngagunakeun modél pangajaran Time Token Arends nya éta siswa can mampuh nyarita kalawan hadé. Rata-ratana 66,2 tina KKM 74. Kalawan wincikan genep siswa (22,22%) mampuh nyarita sacara hadé, jeung 21 siswa (77,78%) can mampuh nyarita kalawan hadé. Sedengkeun kamamapuh nyarita siswa sabada ngagunakeun modél pangajaran Time Token Arends nya éta mampuh nyarita kalawan hadé. Rata-ratana 80,85 tina KKM 74. Wincikanana, 24 siswa (88,89%) mampuh nyarita kalawan hadé jeung tilu siswa (11,11%) masih kénéh can mampuh nyarita kalawan hadé. Hartina modél Time Token Arends sacara signifikan bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015 hususna dina kagiatan diskusi bahasan budaya Sunda.

Kecap Galeuh: Time Token Arends, pangajaran nyarita, bahasan budaya Sunda

IMPLEMÉNTASI MODÉL TIME TOKEN ARENDS

DALAM PEMBELAJARAN BERBICARA BAHASAN BUDAYA SUNDA (Studi Kuasi Ékspérimén pada Siswa Kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi

Taun Ajaran 2014/2015)

Dini Nurjanah

ABSTRAK

(5)

74. Dengan rincian 24 siswa (88,89%) mampu berbicara dalam kegiatan diskusi dengan baik, dan tiga siswa (11,11%) masih belum mampu berbicara dengan baik. Maka dapat disimpulkan bahwa model Time Token Arends secara signifikan dapat meningkatkan kemampuan berbicara khususnya kegiatan diskusi pembelajaran bahasan Budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi tahun pelajaran 2014/2015.

Kata Kunci: Time Token Arends, pembelajaran berbicara, bahasan budaya Sunda

A MODEL IMPLEMENTATION TIME TOKEN ARENDS IN THE STORYTELLING LEARNING ACTIVITY OF SUNDANESE CULTURE (A Quasi Experiment to VIII.2 Class of Junior High School Students in SMPN

4 Cimahi 2014/2015)

Dini Nurjanah

ABSTRACT

This research was done because there are many problems identified in speaking learning activity, particularly in the terms of discussion. The problems that appeared are students have not tried to express their opinions in the discussion forum, The objective of this research is to find out how far the learning model called Time Token Arends can improve the speaking abilities of VIII.2 class students in SMPN 4 Cimahi when discussing. The result of this research shows that the speaking abilities in the discussion of Sundanese cultures before using Time Token Arends learning model are they have not been able to speak Sundanese well. The average of the result was 66,2 from KKM 74 and the details were 6 students (22,20%) could speak Sundanese language well, and 21 students (77,78%) could not speak Sundanese language well. The student's speaking abilities after using Time Token Arends learning model are they can speak Sundanese language well. The average of the result was 80,85 from KKM 74, and the details were 24 students (88,89%) can speak Sundanese language well in the discussion, and 3 students cannot speak Sundanese language well. Time Token Arends can insrease significantly to improve the speaking abilities particularly in the discussion activity of Sundanese's cultures to VIII.2 class of junior high school in SMPN 4 Cimahi 2014/2015.

(6)

Dini Nurjanah, 2014

Implementasi Model Time Token Arends dalam Pembelajaran Berbicara Bahasan Budaya

kaca

PANGJAJAP ... i

TAWIS NUHUN ... ii

ABSTRAK ... iv

DAPTAR EUSI ... v

DAPTAR TABÉL ... viii

DAPTAR BAGAN & GRAFIK ... ix

DAPTAR LAMPIRAN ... x

DAPTAR SINGGETAN ... xi

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... ... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 6

1.3.1 Tujuan Umum ... 6

1.3.2 Tujuan Husus ... 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... . 6

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 7

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 7

1.5 Sistematika Tulisan ... ... 7

BAB II ULIKAN PUSTAKA ... 9

2.1 Ulikan Tiori ... ... 9

2.1.1 Hakékat Modél Pangajaran ... ... 7

(7)

2.1.4. Modél Pangajaran Time Token Arends ... 12

2.1.4.1 Oriéntasi Modél Time Token Arends ... 13

2.1.4.2 Syntax Modél Time Token Arends ... 13

2.1.4.3 Dampak Modél Time Token Arends . ... 14

2.1.5 Nyarita ... ...14

2.1.5.1 Wangenan Nyarita ... 14

2.1.5.2 Rupa-Rupa Nyarita ... 15

2.1.6 Diskusi ... 16

2.1.6.1 Wangenan Diskusi ... 16

2.1.6.2 Mangpaat Diskusi Kelompok ... 16

2.1.6.3 Bangbaluh jeung Cara Ngungkulan Masalah dina Diskusi ... 17

2.1.6.4 Kritéria Penilaian Nyarita dina Diskusi ... 18

2.1.7 Wangenan Bahasan Budaya Sunda ... 19

2.1.8 Modél Time Token Arends dina Pangajaran Nyarita (Diskusi) Bahasan Budaya Sunda ... 19

2.1.8.1 Oriéntasi ... 19

2.1.8.2 Syntax ... 20

2.1.8.3 Dampak ... 21

2.2 Panalungtikan Saméméhna ... 21

2.3 Kalungguhan Tiori Panalungtik ... 22

2.4 Hipotésis Panalungtikan ... 23

BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... ... 25

3.1 Désain Panalungtikan ... ... 25

3.2 Partisispan (Sumber Data) ... 25

3.3 Instrumén Panalungtikan ... ... 26

3.4 Prosedur Panalungtikan ... .... 27

3.5 Analisis Data ... 29

3.5.1 Uji Sifat Data ... 36

(8)

3.5.2 Uji Gain ... 40

3.5.3 Uji Hipotésis ... 40

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... ... 44

4.1 Hasil Panalungtikan ... ... 44

4.1.1 Kamampuh Nyarita dina Diskusi Pangajaran Bahasan Budaya Sunda Siswa Kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi Taun Ajaran 2014/2015 Saméméh Ngagunakeun Modél Time Token Arends ... 44

4.1.2 Kamampuh Nyarita dina Diskusi Pangajaran Bahasan Budaya Sunda Siswa Kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi Taun Ajaran 2014/2015 Sabada Ngagunakeun Modél Time Token Arends ... ... 48

4.1.3 Analisis Bédana antara Kamampuh Nyarita dina Diskusi Pangajaran Bahasan Budaya Sunda Siswa Kelas VIII.2 Taun Ajaran 2014/2015 Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél Time Token Arends ... 53

4.1.3.1 Uji Gain ... ... 53

4.1.3.2 Uji Sifat Data ... 57

4.1.3.2.1 Uji Normalitas ... 57

4.1.3.2.2 Uji Homgénitas ... 63

4.1.3.3 Uji Hipotésis ... 65

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan ... 67

BAB V KACINDEKAN, IMPLIKASI JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 71

5.1 Kacindekan ... 71

5.2 Implikasi ... 72

5.3 Rékoméndasi ... 73

DAPTAR PUSTAKA ... 74

LAMPIRAN ... 76

(9)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Disawang tina umurna, siswa SMP kelas VIII dipastikeun bisa nepikeun

pamadegan atawa pamanggihna ngeunaan hiji hal ngagunakeun basa Sunda. Tapi,

dina kanyataanana mah, para siswa dina nepikeun pamadegan téh umumna

miskin kosa kecap jeung heureut wawasan, lantaran biasana boga sipat horéam

maca jeung horéam muka kamus. Lian ti éta konsép mikir atawa pola pikir

maranéhna geus didominasi ku basa Indonésia. Ku kituna para siswa mindeng

béakeun picaritaeun dina kagiatan diskusi. Iwal ti siswa-siswa anu motékar, anu

bisa ngahirupkeun tur manjangkeun lumangsungna kagiatan diskusi. Siswa anu

motékar di dieu nya éta siswa anu daék maluruh jeung ngonsép saméméhna boh

kecap boh kalimah anu rék dikedalkeun ku manéhna dina mairan atawa ngajawab

diskusi.

Dumasar fakta di lapangan, kagiatan diskusi henteu salilana lancar. Siswa

mindeng nyanghareupan bangbaluh ti dirina sorangan, di antarana: can boga

kawani ngedalkeun pamanggihna ka balaréa; sabagéan siswa geus aya kawani

dina ngedalkeun pamanggihna, tapi can bisa sampurna dina nyusun kalimah anu

dikedalkeun ku manéhna; aya nu wani jeung hadé dina nyarita, tapi wawasanna

heureut; aya ogé anu keur mah teu wani, katambah wawasanna heureut. Katitén

ogé dina panalungtikan nu dilaksanakeun ku Elliyawati Nurhayat di SMPN 19

Bandung taun ajaran 2008/2009 jeung 2009/2010, peunteun rata-ratana 60 tina

hasil tés nyarita siswa. Salian ti éta, kurang karesepna siswa kana nyarita ogé

katitén tina hasil wawancara di kelas VII A, B, jeun C SMPN 19 Bandung, nu

ngébréhkeun yén 75% siswa sieun jeung teu bisa nyarita di hareupeun balaréa

kalayan hadé tur bener (Nurhayat, 2011, kc. 88).

Pasualan anu kapanggih dina pangajaran basa Sunda lain ngan ukur muncul ti

(10)

basa Sundana. Upamana kurangna kasadaran ti diri guru yén mata pelajaran nu

dicekel ku dirina téh kacida pentingna, guruna sorangan teu pati minat kana mata

pelajaran nu dicekel ku manéhna anu sakuduna mah geus jadi tanggung jawabna

pikeun ngawasa ieu pangajaran, sarta bisa ogé balukar tina guruna teu kréatif

(ngandelkeun buku sumber saaya-aya atawa heureut deuleu). Ditilik tina hal éta,

guru salaku fasilitator dina pangajaran kudu miboga inovasi, utamana dina lebah

métode pangajaran sangkan sakabéh siswa bisa aktif tur bisa nepikeun sakabéh

pamadeganana ngagunakeun basa Sunda kalawan bener tur hadé nalika

lumangsungna pangajaran basa Sunda.

Nurutkeun Weinstein jeung Meyer, (dina Trianto, 2007, kc. 143) pangajaran

nu hadé ngawengku kumaha cara siswa diajar, kumaha cara nginget-nginget

bahan pangajaran, kumaha cara mikir, jeung kumaha ngamotivasi dirina sorangan.

Hal ieu dijelaskeun deui ku Weinstein jeung Meyer dina Trianto (2007, kc. 143)

anu nyebutkeun yén:

Merupakan hal yang aneh apabila kita mengharapkan siswa belajar namun jarang mengajarkan mereka tentang belajar. Kita mengharapkan siswa untuk memecahkan masalah namun jarang mengajarkan mereka tentang pemecahan masalah. Dan sama halnya kita kadang-kadang meminta siswa mengingat sejumlah besar bahan ajar namun jarang mengajarkan mereka seni menghafal. Sekarang tibalah waktunya kita membenahi kelemahan kita tersebut, tibalah waktunya kita mengembangkan ilmu terapan tentang belajar dan pemecahan masalah dan memori. Kita perlu mengembangkan prinsip-prinsip tentang bagaimana belajar, bagaimana mengingat, bagaimana memecahkan masalah dan kemudian mengemasnya dalam bentuk pelajaran yang siap diterapkan dan kemudian memasukkan metode-metode ini dalam kurikulum.

Sakumaha anu kaunggel dina kurikulum 2013, Kompetensi Inti Kometensi

Dasar/KIKD (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 25), anu

nerangkeun yén siswa kelas VIII semester II dipiharep bisa mengidentifikasi,

menganalisis, menanggapi, dan menyusun teks bahasan budaya Sunda dengan

memperhatikan kaidah-kaidah bahasa Sunda yang baik dan benar. Di mana

(11)

mengidetifikasi dan menganalisis teks bahasan budaya Sunda sesuai dengan

kaidah-kaidahnya, jeung 8.4.6 menanggapi dan menyusun teks bahasan budaya

Sunda dengan memeperhatikan kaidah-kaidahnya. Sangkan tujuan tina

kompeténsi dasar bisa kahontal, dibutuhkeun hiji modél anu bisa ngarojong kana

pangajaran bahasan budaya Sunda. Dumasar kana tiori nu ditétélakeun di luhur,

panalungtik ngasongkeun hiji modél nu bisa dipaké dina kagiatan diajar ngajar

anu dipiharep bisa ngarojong guru salaku pangajar, pikeun ngahontal tujuan

pangajaran dina aspék nyarita anu matérina bahasan budaya Sunda. Modél anu

diasongkeun nya éta Time Token Arends. Time Token Arrends nya éta hiji pola

pangajaran nu ngabina kamampuh komunikasi siswa ku cara méré kupon nyarita

ka unggal siswa nepi ka dina hiji pangajaran teu didominasi ku sabagéan siswa

(Muslihudin spk, 2012, kc. 201).

Dipilihna matéri pangajaran bahasan budaya Sunda téh sabab umumna siswa

kelas VIII geus miboga kamampuh nepikeun gagasanana kalawan logis tur puguh

éntép seureuhna, mampuh néangan pasualan jeung cara ngungkulanana dumasar

kana pangaweruh anu dipimilik ku maranéhna séwang-séwangan. Lian ti éta dina

raraga ngawanohkeun budaya Sunda sangkan siswa aya karep mikanyaah nepi ka

ngamumuléna. Ku kituna, ieu modél dipiharep luyu jeung kabutuh siswa dina

ngahontal kaparigelan nyarita dina kagiatan bahasan budaya Sunda sarta

nyumponan pameredih KIKD.

Panalungtikan anu dilakukeun saméméhna nya éta, “Penerapan Metode

Pembelajaran Time Token Arrends pada Siswa Kelas VIII A SMP N 1 Prambanan

Dalam Upaya Meningkatkan Keaktifan Siswa dan Prestasi Belajar Pendidikan

Kewarganegaraan”, anu ditalungtik taun 2012 ku Ana Ivar Iriyanti 07401244041,

Pendidikan Kewarganegaraan dan Hukum Universitar Negeri Yogyakarta. Dina

ieu panalungtikan dipedar ngeunaan modél Time Token Arrends anu éféktif

diterapkeun dina pangajaran PKn sarta mampuh ngaronjatkeun kaaktifan siswa

jeung préstasi diajar siswa.

Salian ti éta, panalungtikan modél Time Token Arends ogé pernah

(12)

1002597 anu judul panalungtikanna nya éta “Modél Time Token Arends dina

Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita”, ditalungtik taun 2013. Dina ieu panalungtikan dipedar ngeunaan kamampuh nyarita siswa sanggeus ngagunakeun

modél Time token Arends ngaronjat nu asalna 17,1% jadi 85,7%. Katitén tina hasil

panalungtikanana yén modél Time Token Arends bisa ngaronjatkeun kamampuh

nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung taun ajaran 2013/2014.

Bédana ieu panalungtikan jeung panalungtikan saméméhna, nya éta dina hal

obyék panalungtikan, kurikulum nu dipaké, jeung téma dina aspék nyarita. Di

dieu panalungtik nerapkeun modél pangajaran Time Token Arrends dina

pangajaran basa Sunda aspék nyarita, sangkan bisa weruh kana kamampuh siswa

dina nepikeun pamadegan nalika maranéhna diskusi ngeunaan bahasan budaya

Sunda. Leuwih spésifikna panalungtik nerapkeun ieu modél kana aspék nyarita

siswa dina kagiatan diskusi bahasan budaya Sunda, anu nyoko kana padika KIKD

tur diterapkeun ka siswa SMP kelas VIII. Teu siga panalungtikan saméméhna, anu

nalungtik kamampuh nyarita siswa sagemblengna ngagunakeun modél Time

Token Arends, anu di terapkeun ka siswa SMA kelas X sarta nyoko kana padika

SKKD.

Kukituna dumasar kana pedaran di luhur, ieu panalungtikan anu judulna

“Impleméntasi Modél Time Token Arends dina Pangajaran Nyarita Bahasan Budaya Sunda (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi

Taun Ajaran 2014/2015)” medar perkara sarupaning hal anu bisa ngarojong kana

pangajaran nyarita hususna pangajaran bahasan budaya Sunda.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

Ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan hiji masalah nu kawengku dina judul

atawa inti panalungtikan kudu ngaidéntifikasi jeung ngarumuskeun heula masalah

sacara jelas ngeunaan wates-wates masalahna.

(13)

Ditilik tina kasang tukang masalah di luhur, kapaluruh yén kurang aktifna

siswa dina kagiatan nyarita dilantarankeun kamampuh maranéhna dina nepikeun

gagasan, pamadegan atawa pamanggihna ngeunaan hiji hal kurang kahudang.

Lian ti éta bisa diakibatkeun ogé kurangna variasi ngajar dina pangajaran basa

Sunda dina aspék nyarita, nepi ka teu bisa ngirut minat siswa kana éta prosés

diajar ngajar. Ku kituna, ngaliwatan modél Time Token Arends dipiharep bisa

mekarkeun kamampuh sarta kaaktifan nyarita siswa hususna ngeunaan pangajaran

bahasan budaya Sunda.

Pikeun ngaévaluasi kagiatan nyarita siswa dina diskusi, aya dua faktor anu jadi

acuan, nya éta:

1) patali jeung topik nu disawalakeun, ngawengku: (a) paham henteuna kana

masalah; (b) lancar atawa ngayayay; (c) aya henteuna bukti atawa fakta anu

ngarojong; (d) pernyataan anu ditepikeun ngabingungkeun atawa kaharti; (e)

putusan pribadi atawa kelompok; jeung

2) patali jeung téhnik nu digunakeun, ngawengku: (a) ngoméntaran dumasar data

jeung fakta; (b) nafsirkeun pamadegan kalawan obyéktif; (c) teu ngarasa diri

loba kanyaho/handap asor; (d) rasional teu émosional; (e) merhatikeun waktu

anu ditangtukeun. (Haérudin jeung Suhérman, 2013, kc. 144)

Dua faktor éta digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun maluruh hasil

henteuna modél Time Token Arends dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa

dina pangajaran bahasan budaya Sunda. Ku kituna ieu panalungtikan leuwih

museur kana pangaruh positifna modél Time Token Arends kana aspék nyarita,

hususna pangajaran bahasan budaya Sunda anu dilaksanakeun ku siswa kelas

VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana béréndélan idéntifikasi masalah di luhur, masalah ieu

(14)

a. Kumaha kamampuh nyarita dina nepikeun pamanggih ngeunaan bahasan

budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015

saméméh ngagunakeun modél Time Token Arrends?

b. Kumaha kamampuh nyarita dina nepikeun pamanggihna ngeunaan bahasan

budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015

sabada ngagunakeun modél Time Token Arends?

c. Naha aya béda nu signifikan antara kamampuh nyarita dina nepikeun

pamadeganana ngeunaan bahasan budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4

Cimahi taun ajaran 2014/2015 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél

Time Token Arrends ?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Dumasar kana idéntifikasi jeung rumusan masalah saperti anu dibéréndélkeun

di luhur, tujuan tina ieu panalungtikan nya éta:

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun nguji modél Time Token

Arends, hasil henteuna ngaronjatkeun kaparigelan nyarita dina pangajaran bahasan

budaya Sunda.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan:

a. Pikeun mikaweruh kamampuh nyarita dina nepikeun pamanggihna ngeunaan

pangajaran bahasan budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun

ajaran 2014/2015 saméméh ngagunakeun modél Time Token Arends;

b. Pikeun mikaweruh kamampuh nyarita dina nepikeun pamanggihna ngeunaan

pangajaran bahasan budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun

ajaran 2014/2015 sabada ngagunakeun modél Time Token Arends;

c. Pikeun mikaweruh bédana kamampuh nyarita dina nepikeun pamanggihna

(15)

Cimahi taun ajaran 2014/2015, saméméh jeung sabada ngagunakeun modél

Time Token Arends.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Dipiharep ieu panalungtikan bisa ngahasilkeun mangpaat boh sacara téoritis

boh sacara praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis mangpaat ieu panalungtikan nya éta pikeun ngeuyeuban

métodologi panalungtikan basa Sunda dina pangajaran nyarita.

1.4.2 Mangpaat Praktis

a. Pikeun guru, dipihareup ieu panalungtikan bisa nambahan pangaweruh

ngeunaan modél pangajaran utamana pangajaran nyarita, sarta ngahudang

sikep inovatif para guru.

b. Pikeun siswa, dipiharep ieu panalungtikan bisa ngahudang minat diajar,

ngaronjatkeun kamampuh nyarita, sarta numuwuhkeun sikep positif kana basa

Sunda.

c. Pikeun lembaga, dipihareup ieu panalungtikan bisa jadi bahan tinimbangan

guru sangkan leuwih kréatif dina nepikeun matéri pangajaran ka siswana.

d. Pikeun panalungtik, dipihareup ieu panalungtikan bisa ngeuyeuban

pangaweruh jeung wawasan.

1.5 Sistematika Tulisan

Sistematika tulisan mangrupa susunan bab-bab anu ngawangun ieu skripsi,

kalayan sistematika saperti ieu di handap:

(16)

Bubuka, mangrupa bab anu ngawanohkeun sarupaning hal anu jadi kasang

tukang, tujuan jeung mangpaat tina ieu skripsi. Dina ieu kasang tukang, panulis

ngabahas ngeunaan alesan dilaksanakeunana panalungtikan modél Time Token

Arends dina bahasan budaya Sunda, sarta tujuan jeung mangpaat tina

diterapkeunna modél Time Token Arends.

BAB II Kajian Pustaka

Kajian pustaka ngébréhkeun the state of the art tina tiori anu dikaji sarta

kalungguhan masalah panalungtikan dina widang élmu nu ditalungtik. Eusina

ngawangun ulikan tiori, hakékat modél pangajaran, wangenan tina bahasan

budaya Sunda, raraga mikir, jeung hipotésis. Dina bab II ogé dibahas ngeunaan

panalungtikan saméméhna anu rélévan jeung widang anu ditalungtik, kaasup

prosedur, subyék, jeung hal-hal anu kapanggih salila ngalaksanakeun

panalungtikan.

BAB III Métode Panalungtikan

Bab III ngajak pamaca pikeun mikawanoh kumaha panalungtik ngarancang

galur panalungtikanana, ti mimiti pamarekan panalungtikan nu dilarapkeun,

instrumén nu dipaké, téhnik ngumpulkeun data, sarta téhnik ngolah data.

BAB IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran

Bab IV ngabahas hasil panalungtikan dumasar kana hasil pengolahan jeung

analisis data, sarta ngabahas pedaran panalungtikan pikeun ngajawab pertanyaan

panalungtikan nu geus dirumuskeun saméméhna. Dina ieu panalungtikan bisa

kapanggih aya béda nu signifikan atawa henteu kamampuh nyarita siswa

saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Time Token Arends.

BAB V Kacindekan jeung Saran

Bab V midangkeun tafsiran jeung ngama’naan hasil panalungtikan kana hasil

(17)

penting anu bisa dimangpaatkeun tina hasil éta panalungtikan. Implikasi jeung

rékoméndasi nu ditulis, diajukeun ka pihak-pihak anu aya patalina jeung

(18)

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kuantitatif kalayan métode kuasi

ékspérimén. Desainna ngagunakeun pretés jeung postés. Kuasi ékspérimén henteu

mikabutuh ayana random (populasi jeung sampel). Kuasi ékspérimén miboga

tujuan pikeun meunangkeun informasi mangrupa perkiraan. Ieu informasi bisa

dimeunangkeun ku cara ngalaksanakeun ékspérimén saenyana.

Unggal panalungtikan pasti miboga rarancang (research design). Rarancang

anu disusun ngagambarkeun prosedur atawa léngkah-léngkah anu baris

dilaksanakeun. Éta rarancang téh ngawengku waktu panalungtikan, sumber data,

sarta kumaha ngumpulkeun jeung ngolah data (Syaodih dina Musfiqon, 2012, kc.

84).

Desain ieu panalungtikan ngandung pretés jeung postés anu tujuanana bisa

mikaweruh kamampuh nyarita siswa dina pangajaran bahasan budaya Sunda

saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Time Token Arends.

Kamampuh awal peserta didik dilambangkeun ku O1. Prosés diskusi dina

pangajaran bahasan budaya Sunda ngagunakeun modél Time Token Arends

dilambangkeun ku X. Postés atawa kamampuh siswa sabada meunang perlakuan

dilambangkeun ku O2. Hasilna bisa katangén bédana kamampuh nyarita siswa

dina nepikeun gagasanna ngaliwatan diskusi anu jejerna bahasan budaya Sunda

saméméh jeung sabada meunang perlakuan. Skémana saperti ieu di handap:

O1 X O2

(Arikunto, 2013, kc. 124)

(19)

panalungtikan sarta jirimna jadi sumber data panalungtikan. Ieu subyék

panalungtikan miboga kompeténsi jeung rélévansi informasi jeung fokus masalah

panalungtikan (Musfiqon, 2012, kc. 97).

Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VIII.2 SMP

Negeri 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015 ti sakumna siswa kelas VIII SMP Negeri

4 Cimahi anu jumlahna 512 urang. Siswa anu jadi sumber panalungtikan lobana

27 urang, kalawan rincian 15 awéwé jeung 12 lalaki. Hal éta dilantarankeun

unggal unit nu jadi anggota populasi miboga kasempetan nu sarua pikeun dipilih

jadi anggota sampel.

Sedengkeun anu jadi data dina ieu panalungtikan nya éta konsép caritaan

jeung rangkuman caritaan siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran

2014/2015 salila jeung sanggeus lumangsungna diskusi dina pangajaran bahasan

budaya Sunda saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Time Token Arends.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Instrumén Panalungtikan nya éta sakabéh alat nu digunakeun pikeun

ngumpulkeun, mariksa, ngolah, nganalisa jeung midangkeun data-data sacara

sistematis sarta obyéktif kalawan tujuan ngungkulan hiji pasualan atawa nguji hiji

hipotésis.

Instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta instrumén tés. Instrumén

tés mangrupa alat nu dipaké pikeun ngukur kaparigelan, kamampuh atawa bakat

siswa dina nyarita nalika diskusi ngeunaan bahasan budaya Sunda saméméh jeung

sabada ngagunakeun modél Time Token Arends. Instrumén tés nu dipaké dina ieu

panalungtikan nya éta tés lisan anu jumlahna tilu soal. Tés dilaksanakeun dua kali,

nya éta tés saméméh ngagunakeun modél Time Token Arends, jeung tés sabada

ngagunakeun modél Time Token Arends. Kisi-kisi pikeun meunteun kamampuh

nyarita dina sawala nya éta:

1) patali jeung topik nu di sawalakeun, ngawengku:

a) paham henteuna kana masalah;

b) lancar atawa ngayayay;

(20)

e) putusan pribadi atawa kelompok.

2) patali jeung téhnik nu digunakeun, ngawengku:

a) ngoméntaran dumasar data jeung fakta;

b) nafsirkeun pamadegan kalawan obyéktif;

c) teu ngarasa diri loba kanyaho, handap asor;

d) rasional teu émosional;

e) merhatikeun waktu nu ditangtukeun.

Instrumén tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta:

Pék diskusikeun jeung kelompok hideup ngeunaan:

1) Kumaha kaayaan kabudayaan Sunda jaman kiwari?

2) Faktor naon anu nyababkeun kabudayaan Sunda kiwari langka

dilaksanakeun?

3) Naon tarékah pikeun ngungkulan éta masalah?

Hasil tina éta tés lisan dipeunteun nurutkeun padika meunteun kamampuh

nyarita dina kagiatan diskusi.

3.4 Prosedur Panalungtikan

Prosedur panalungtikan mangrupa léngkah-léngkah nu digunakeun pikeun

ngumpulkeun data jeung ngajawab pertanyaan-pertanyaan dina panalungtikan.

Prosedur dina ieu panalungtikan dimimitian ku tatahar, dituluykeun kana

prak-prakanana, analisis data, anu satuluyna dipungkas ku nangtukeun kacindekan.

Dina tahap tatahar, kagiatan-kagiatan nu dilaksanakeun nya éta nyiapkeun

komponén-komponén pangajaran nu diperlukeun dina kagiatan panalungtikan

saperti Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP), instrumén panalungtikan

mangrupa tés, jeung média pangajaran mangrupa kupon diskusi. Sabada RPP,

instrumén tés, jeung kupon diskusi disiapkeun, kagiatan satuluyna nya éta

prak-prakan panalungtikan.

Prak-prakan panalungtikan diayakeun di SMP Negeri 4 Cimahi. Dimana anu

(21)

kelas kalawan matéri bahasan budaya Sunda. Modél anu digunakeun dina ieu

pangajaran nya éta modél ceramah. Tuluy, siswa dibagi kana opat kelompok

diskusi pikeun ngadiskusikeun bahasan budaya Sunda. Bérés diskusi, diayakeun

pretés anu tujuanna pikeun ngahasilkeun data ngeunaan kamampuh nyarita siswa

dina pangajaran bahasan budaya Sunda saméméh ayana perlakuan.

Kagiatan saterusna nya éta pangajaran di kelas nu sarua, ngabahas matéri nu

sarua ngeunaan pangajaran bahasan budaya Sunda kalawan ngagunakeun modél

pangajaran Time Token Arends. Saperti kagiatan pangajaran awal, siswa diskusi

jeung kelompokna masing-masing pikeun ngabadamikeun bahasan budaya Sunda.

Saréngséna diskusi kalawan ngagunakeun modél Time Token Arends, tuluy

diayakeun postés anu tujuanna pikeun ngahasilkeun data ngeunaan kamampuh

nyarita siswa dina pangajaran bahasan budaya Sunda sabada dilarapkeunana éta

modél.

Sabada meunangkeun data pretés jeung postés siswa ngaliwatan pelaksanaan

panalungtikan, kagiatan satuluyna nya éta nganalisis data hasil tés siswa. Analisis

data dilaksanakeun ngaliwatan uji sipat data anu ngawengku: (1) uji normalitas

data, jeung (2) uji homogénitas: uji gain jeung uji hipotésis.

Réngsé ngalaksanakeun analisis data, kagiatan satuluyna nya éta nyieun

kacindekan tina ieu panalungtikan. Kacindekan disusun dumasar kana hasil

analisis jeung pedaran data nu geus dilaksanakeun panalungtik dumasar data

émpiris, anu eusina ngabahas hasil tina pamanggih salila panalungtikan

lumangsung. Kacindekan miboga fungsi salaku jawaban ahir tina masalah

panalungtikan sakumaha anu geus dirumuskeun dina rumusan masalah. Prosedur

(22)

Bagan 3.1

Bagan Prosedur Panalungtikan

3.5 Analisis Data

Analisis data mangrupa upaya ngolah data jadi informasi, nepi ka karakteristik

atawa sifat-sifat data bisa gampang dipikahartina jeung miboga mangpaat pikeun

ngajawab masalah-masalah anu patali jeung kagiatan panalungtikan. Upaya

ngolah data dina ieu panalungtikan dilakukeun ngaliwatan sababaraha kagiatan,

saperti ieu di handap: Penelitian Kuantitatif

Studi Kuasi Ékspérimén

Kelas VIII-4 SMP Negeri 4 Cimahi

Masalah nu Karandapan dina Pangajaran Basa Sunda

Nyarita Bahasan Budaya Sunda

Pretés Modél Time Token

Arends

Postés Analisis Data

(23)

b. Mariksa hasil caritaan pretés jeung postés;

c. Méré peunteun kana hasil caritaan pretés jeung postés siswa, dumasar kana

padika meunteun kamampuh nyarita dina kagiatan sawala ieu di handap.

Tabél 3.1

Padika Meunteun Kamampuh Nyarita dina Diskusi

No Aspék nu Diajén Skor

1.

Patali jeung topik nu di sawalakeun, ngawengku:

a. Paham henteuna kana

c. Aya henteuna bukti atawa

(24)

kelompok 80 – 89

70 – 79

60 – 69

50 – 59

2.

Patali jeung téhnik nu digunakeun, ngawengku:

a. Ngoméntaran dumasar data

c. Teu ngarasa diri loba

(25)

Peunteun 50 – 100

(Haérudin jeung Suhérman, 2013, kc. 144)

Katerangan:

1) Patali jeung topik nu disawalakeun, ngawengku:

a) Paham henteuna kana masalah

(1) 90 – 100 : eusi caritaan akurat tur lengkep luyu jeung topik;

nyangking bahanna, jeung teu arapap-eureupeup;

(2) 80– 89 : caritaan lancar tapi sakapeung sok ngarandeg;

(3) 70 – 79 : caritaan cukup lancar, sakapeung ngarandeg, jeung

kekecapanana dibulak-balik;

(4) 60 – 69 : caritaan kurang lancar, loba ngarandeg, kekecapan

dibulak-balik, jeung loba cicing; jeung

(5) 50 – 59 : caritaan teu lancar, loba ngarandeg, loba cicing, tur

kekecapanana parondok.

c) Aya henteuna bukti atawa fakta anu ngarojong

(26)

d) Pernyataan anu ditepikeun ngabingungkeun atawa kaharti

silih kait, tapi kurang dipikaharti; jeung

(5) 50 – 59 : pedaran eusi kahiji jeunhg pedaran saterusna teu

silih kait tur teu logis.

e) Putusan pribadi atawa kelompok

(1) 90 – 100 : pamadeganana hasil pamikiran sorangan;

2) Patali jeung téhnik nu digunakeun, ngawengku:

a) Ngoméntaran dumasar data jeung fakta

(1) 90 – 100 : koméntarna dumasar kana fakta nu lengkep;

b) Nafsirkeun pamadegan kalawan obyéktif

(1) 90 – 100 : pamadeganana museur kana téma bahasan;

(27)

(4) 60 – 69 : pamadeganana méngkol teuing kana hal séjén;

(5) 50 – 59 : pamadeganana henteu museur kana téma bahasan.

c) Teu ngarasa diri loba kanyaho, handap asor

(1) 90 – 100 : ngahargaan batur ku cara ngaregepkeun nepi ka

anggeus;

(2) 80– 89 : henteu weléh ménta pamadegan ti anggota

kelompok;

(3) 70 – 79 : sakapeung ngadéngékeun sakapeung henteu;

(4) 60 – 69 : motong obrolan batur pikeun ngasongkeun

pamadeganana;

(5) 50 – 59 : teu narima kana pamadegan batur.

d) Rasional teu émosional

(1) 90 – 100 : narima pamadegan batur kalawan daria;

(2) 80– 89 : narima pamadegan batur, tapi kurang daria;

(3) 70 – 79 : narima pamadegan batur bari sosorongot;

(4) 60 – 69 : némpas sakumna pamadegan nu béda jeung

manéhna;

(5) 50 – 59 : neugtreug dina ngasongkeun pamadeganana

sorangan.

e) Merhatikeun waktu nu ditangtukeun

(1) 90 – 100 : luyu jeung waktu nu disadiakeun;

(2) 80– 89 : luyu jeung waktu nu disadiakeun, tapi loba

basa-basi;

(3) 70 – 79 : luyu jeung waktu nu disadiakeun, tapi teu

nyugemakeun;

(4) 60 – 69 : kurang ngamangpaatkeun waktu lantaran loba

ngobrol atawa ngalamun;

(5) 50 – 59 : kurang tina waktu nu disadiakeun.

(28)

Katerangan:

n = peunteun

Σ skor siswa = jumlah peunteun siswa

Σ skor maksimal = jumlah peunteun maksimal (10 x 100 = 1000)

Katégori peunteun:

 Peunteun > 74 (KKM), siswa dianggap mampuh nyarita dina pangajaran bahasan budaya Sunda kalawan bener.

 Peunteun < 74 (KKM), siswa dianggap can mampun nyarita dina pangajaran bahasan budaya Sunda kalawan bener.

e. Ngasupkeun data niléy pretés jeung postés kana tabél, saperti ieu di handap:

Tabél 3.2

Tabél Data Niléy Siswa

No Kode Siswa

Kritéria Peunteun

Σ N Katégori

A B C D E F G H I J

1.

2.

Σ

X

Katerangan:

A = paham henteuna kana masalah

B = lancar atawa ngayayay

C = aya henteuna bukti atawa fakta anu ngarojong

D = pernyataan anu ditepikeun ngabingungkeun atawa kaharti

(29)

G = nafsirkeun pamadegan kalawan obyéktif

H = teu ngarasa diri loba kanyaho, handap asor

I = rasional teu émosional

J = merhatikeun waktu nu ditangtukeun

Σ = jumlah skor

N = niléy siswa

X = rata-rata

Katégori = mampuh henteuna siswa nyarita dina kagiatan sawala

 M (mampuh) = Peunteun > 74 (KKM), siswa dianggap mampuh nyarita dina pangajaran bahasan budaya Sunda kalawan bener.  CM (can mampuh) = Peunteun < 74 (KKM), siswa dianggap can

mampuh nyarita dina pangajaran bahasan

budaya Sunda kalawan bener.

3.5.1 Uji Sifat Data

3.5.1.1 Uji Normalitas Data

Uji normalitas data nya éta wangun pikeun nguji normal henteuna distribusi

data. Tujuan uji normalitas ieu nya éta pikeun mikanyaho, naha data anu

kakumpulkeun téh mangrupa data anu kasebar normal atawa henteu. Maksud tina

data kasebar normal nya éta data bakal nuturkeun wangun distribusi normal

dimana data museur kana nilai rata-rata jeung médian (Kariadinata, 2012, kc.

177). Prosedur nguji normalitas data, dilakukeun ku cara:

1) nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna

2) ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus:

r = peunteun panggedéna – peunteun pangleutikna

3) nangtukeun jumlah kelas interval (k)

(30)

p =

5) nyieun tabél frékuensi niléy tés awal jeung tés ahir, ngagunakeun tabél:

Tabél 3.3

Tabél Frékuénsi Niléy

No Kelas Interval fi xi xi2

fixi fixi2

1.

2.

Σ

6) ngitung rata-rata (méan) peunteun tés awal jeung tés ahir, ngagunakeun rumus:

X =

Katerangan:

X = rata-rata (méan)

Σ = jumlah

fi = jumlah data/frékuénsi

xi = nilai titik tengah

(Sudjana, 2005, kc. 67)

7) ngitung standar déviasi (s), ngagunakeun rumus:

Sd =

(31)

a) nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspétasi;

Tabél 3.4

Tabél frékuénsi jeung ékspétasi

Interval Oi bk Zitung Ztabél L Ei X2

Handap Luhur 1 2 1 2

Σ

b) nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi);

c) nangtukeun batas kelas interval (bk);

d) ngitung Zitung (transformasi normal standar bébas kelas)

Z =

e) nangtukeun Ztabél;

f) ngitung legana unggal kelas interval (L)

g) ngitung frékuénsi ékspétasi (Ei)

Ei = n x L

h) nangtukeun nilai X2 (chi kuadrat)

X2 =

Σ

(Sudjana, 2005, kc. 273)

(32)

(Sudjana, 2005, kc. 273)

j) nangtukeun harga X2tabél

k) nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria:

(1) Lamun X2itung < X2tabél, hartina data atawa populasi distribusina

normal.

(2) Lamun X2itung > X2tabél, hartina data atawa populasi distribusina teu

normal.

(Arikunto, 2006, kc. 320)

3.5.1.2 Uji Homogénitas

Uji homogénitas mangrupa uji sifat data anu fungsina pikeun mikanyaho

varian populasi data nu diujikeun mibanda varian anu homogén atawa henteu. Uji

homogénitas dilaksanakeun sabada ngalakukeun uji normalitas.

Léngkah-léngkahna nya éta:

1) Ngitung variasi (s2) unggal kelompok

Variasi tés awal

Variasi tés ahir

(Sudjana, 2005, kc. 95)

2) Ngitung harga variasi (F)

F =

(Sudjana, 2005, kc. 250)

3) Ngitung derajat kabébasan (dk)

dk = n – 1

(33)

a) Lamun Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén.

b) Lamun Fitung > Ftabél hartina variasi sampel henteu homogén.

(Sudjana, 2005, kc.250)

3.5.2 Uji Gain

Uji gain dilaksanakeun pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan

antara tés awal jeung hasil tés ahir. Hasil tina uji gain dipaké pikeun méré

gambaran ngeunaan pangaruh modél Time Token Arends dina kagiatan nyarita

pangajaran bahasan budaya sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran

2014-2015. Léngkah nguji gain ngagunakeun tabél ieu di handap:

Tabél 3.5

Tabél Uji Gain

No Ngaran Siswa Peunteun Tés Awal

Peunteun Tés

Ahir d d

2

1.

2.

3.

Σ

3.5.3 Uji Hipotésis

Uji hipotésis dilaksanakeun ngaliwatan dua léngkah, saperti ieu di handap.

1) Statistik Paramétris

Statistik paramétris digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal.

Léngkah-léngkahna ngawengku:

a) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung

peunteun tés ahir. Rumusna nya éta:

(34)

c) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta:

Σ d = Σ -

(Arikunto, 2013, kc. 351)

d) Ngitung t, rumusna nya éta:

t =

(Arikunto, 2013, kc, 350)

Katerangan:

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir

Σ d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subyék dina sampel

e) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana ieu kritéria, nya

éta:

(1) Lamun > hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung

hipotésis nol (Ho) ditolak. Hasilna modél pangajaran Time Token

Arends sacara signifikan bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa

dina pangajaran bahasan budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4

Cimahi.

(2) Lamun < hartina hipotésis kerja (Ha) ditolak jeung

hipotésis nol (Ho) ditarima. Hasilna modél pangajaran Time Token

Arends sacara signifikan teu bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita

siswa dina pangajaran bahasan budaya Sunda siswa kelas VIII.2

SMPN 4 Cimahi.

(Arikunto, 2006, kc. 307)

2) Statistik Non Paramétris

(35)

lengkah-léngkah nguji wilcoxon saperti ieu di handap.

a) Asupkeun data pretés siswa kana kolom ka-2 (xa1).

b) Asupkeun data postés siswa kana kolom ka-3 (xb1).

c) Itung béda antara pretés jeung postés ku cara xa1-xb1 tuluy asupkeun kana

kolom 4.

d) Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 tuluy ti

mimiti niléy béda anu pangleutikna nepi ka anu panggedéna.

e) Sanggeus diurutkeun (misalna aya niléy nu sarua), pikeun nangtukeun

jenjangna, éta niléy dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Niléy tina hasil

ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna.

f) Sanggeus diurutkeun asupkeun niléy jenjang jb kana kolom ka-5.

g) Ngasupkeun niléy jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya niléy

béda anu négatif asupkeun kana kolom ka-7.

h) Tingali kana tabél harga-harga kritis uji wilcoxon, misal jumlah n=23

kalawan nangtukeun taraf kasalahan 5% tabél=73.

i) Data anu geus diitung terus diasupkeun kana tabél wilcoxon

Tabél 3.6

Tabél Uji Wilcoxon

No XA1 XB1 Beda

Xa1-XB1

Tanda Jenjang

Jenjang + -

Katerangan:

XA1= Peunteun pretés

XB1= Peunteun postés

j) Ditarima henteuna hipotésis dina uji wilcoxon ngagunakeun kritéria ieu di

(36)

hartina Ha ditarima. Jadi modél pangajaran Time Token Arends sacara

signifikan bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas VIII.2

SMP Negeri 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015 dina nepikeun

pamanggihna ngeunaan pangajaran bahasan budaya Sunda.

(2) Saumpama Witung (-) > Wtabél dumasar taraf nyata anu ditangtukeun

hartina Ha ditolak. Jadi modél pangajaran Time Token Arends sacara

signifikan henteu bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas

VIII.2 SMP Negeri 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015 dina nepikeun

(37)

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data ngeunaan

impleméntasi modél pangajaran Time Token Arends dina pangajaran nyarita

diskusi bahasan budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran

2014/2015, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh nyarita dina diskusi siswa SMPN 4 Cimahi saméméh ngagunakeun

modél pangajaran Time Token Arends kagolong kana can mampuh, rata-ratana

nya éta 66,2 tina kritéria katuntasan minimal (KKM) 74. Kalawan rincian

genep siswa (22,22%) geus mampuh nyarita dina kagiatan diskusi kalawan

hadé, jeung 21 siswa (77,78%) can mampuh nyarita dina kagiatan diskusi

kalawan hadé.

2) Kamampuh nyarita dina diskusi siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi sabada

ngagunakeun modél pangajaran Time Token Arends kagolong kana geus

mampuh, rata-ratana nya éta 80,85 tina kritéria katuntasan minimal (KKM) 74.

Kalawan rincian 24 siswa (88,89%) mampuh nyarita dina kagiatan diskusi

kalawan hadé, jeung tilu siswa (11,11%) masih kénéh can mampuh nyarita

dina kagiatan diskusi kalawan hadé.

3) Dumasar hasil uji hipotésis anu nandeskeun yén > atawa 14,68 >

2,48, hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (Ho) ditolak.

Hasil tina éta panalungtikan bisa dicindekkeun yén aya béda anu signifikan

antara kamampuh nyarita siswa dina diskusi saméméh jeung sabada

ngagunakueun modél pangajaran Time token Arends. Modél Time Token

Arends sacara signifikan bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas

VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015 hususna dina kagiatan diskusi

bahasan budaya Sunda. Dumasar kana hasil peunteun rata-rata pretés tina

66,19, sabada ngagunakeun modél Time Token Arends peunteun rata-rata

(38)

5.2Implikasi

Léngkah-léngkah ieu panalungtikan dibéréndélkeun ieu di handap.

1) Siswa kelas VIII.2 dikondisikeun pikeun ngalaksanakeun diskusi

(cooperative learning/CL).

2) Siswa dibagi kana opat kelompok, masing-masing anggotana genep nepi ka

tujuh urang.

3) Unggal kelompok dibagi 2 téma jeung pasualan ngeunaan budaya Sunda

pikeun didiskusikeun jeung kelompokna. Kelompok I jeung kelompok II

ngabahas “Hajat Babarit”, kelompok III jeung IV ngabahas “Dogér Kontrak”.

4) Siswa sacara individu dibéré waktu 10 menit pikeun maca bahasanna

masing-masing.

5) Sabada maca, siswa bagilir ngasongkeun pamanggihna dina diskusi. Unggal

siswa dibéré tilu kupon nyarita kalawan waktu kurang leuwih 30 detik pikeun

nepikeun pamadeganana.

6) Unggal nepikeun pamadeganana, siswa masrahkeun hiji kupon ka ketua

kelompokna.

7) Siswa nu geus béak kuponna, teu meunang nepikeun pamadeganana deui.

Siswa anu masih kénéh nyekel kupon, kudu nepikeun pamadeganna nepi ka

kuponna béak.

8) Sabada kagiatan diskusi, unggal kelompok ngarumuskeun kacindekanana,

sarta ditepikeun deui dina forum diskusi ku ketua kelompokna

masing-masing.

Tina kacindekan jeung léngkah-léngkah ieu panalungtikan, dihasilkeun

sababaraha implikasi panalungtikan saperti dibéréndélkeun ieu di handap.

1) Patali jeung topik nu di sawalakeun, ngawengku:

a. siswa paham kana masalah, katitén tina eusi caritaanana anu akurat tur

luyu jeung topik;

b. dina nepikeun pamadeganana, lancar pisan boh tina basana boh tina

nyangking bahanna;

(39)

e. pamadegan anu ditepikeun hasil pamikiranana sorangan/orisinal;

2) Patali jeung téhnik nu digunakeun, ngawengku:

a. siswa ngoméntaran dumasar kana fakta anu lengkep;

b. pamadegan anu ditepikeun museur kana téma bahasan;

c. siswa teu ngarasa diri loba kanyaho/handap asor, ngahargaan batur ku cara

ngaregepkeun pamadegan batur nepi ka anggeus;

d. rasional teu émosional, narima pamadegan batur kalawan daria;

e. merhatikeun waktu nu ditangtukeun, luyu jeung waktu nu disadiakeun.

5.3 Rékoméndasi

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung kacindekan ngeunaan

impleméntasi modél Time Token Arends dina pangajaran nyarita diskusi bahasan

budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015, aya

sababaraha hal anu dirékoméndasikeun, saperti ieu di handap.

1) Ayana hasil panalungtikan ngeunaan modél Time Token Arends anu geus

kabukti sacara signifikan bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita dina diskusi

bahasan budaya Sunda, dipiharep bisa dipaké ku para guru minangka salah

sahiji alternatif modél pangajaran dina pangajaran nyarita.

2) Pangajaran bahasan budaya Sunda rata-rata ngabahas bahasan nu masih kénéh

ahéng keur siswa tingkat SMP. Ku kituna saméméh ngayakeun diskusi, leuwih

hadé guru méré gambaran jeung méré téma anu jéntré tur dipikaharti ngeunaan

budaya Sunda nu rék di bahas dina éta pangajaran.

3) Dina pangajaran nyarita hususna diskusi, guru kudu parigel dina niténan siswa

nu keur diskusi, sangkan kamampuh nyarita unggal siswa bisa kapeunteun

sacara maksimal.

4) Ku sabab ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi, dipiharep aya

panalungtikan anu leuwih lega. Sangkan ieu modél teu ngan saukur éféktif

dipaké di kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015, tur éféktif dina

kagiatan diskusi wungkul, tapi bisa éféktif dina kagiatan pangajaran nu

(40)

Aditian, B.T, dkk. (2013). Penerapan model pembelajaran kooperatif time token

arends berbasis problem based learning untuk meningkatkan pemahaman

konsep SDA. PGSD FKIP, Universitas Sebelas Maret, Solo. Tersedia:

jurnal.fkip.uns.ac.id/index.php/pgsdsolo/ (23 Desember 2014).

Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian suatu pendekatan praktik. Jakarta:

Rineka Cipta.

Aqib, Z. (2013). Model-model, media, dan strategi pembelajaran kontekstual

(Inovatif). Bandung: Yrama Widya.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2013). kompetensi inti dan kompetensi

dasar. Bandung: Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas

Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2014). Pamekar diajar basa sunda pikeun

murid SMP/MTs kelas VIII. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa

Barat.

Djago, T. dkk. (1998). Pengembangan keterampilan berbicara. Jakarta:

Depdikbud.

Haerudin, D. & Suherman, A. (2013). Panganteur kaparigelan nyarita. Bandung:

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Kariadinata, R. & Abdurahman M. (2012). Dasar-dasar statistik pendidikan.

Bandung: Pustaka Setia.

Komalasari, K. (2010). Pembelajaran konstektual konsep dan aplikasi. Bandung:

Refika Aditama.

Musfiqon. (2012). Panduan lengkap metodologi penelitian pendidikan. Jakarta:

Prestasi Pustaka Publisher.

Muslihudin., Ade, S., & Ujang H. (2012). Revolusi mengajar panduan praktis

seorang guru untuk mendesain pembelajaran dan penelitian. Bandung:

(41)

ngaronjatkeun kamampuh nyarita. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa

Daerah FPBS UPI.

Rahman. (2007). Model mengajar dan bahan pembelajaran. Bandung: Alqa Print.

Sudjana, N. (2005). Metoda statistik. Bandung: Tarsito.

Sugiyono. (2008). Metode penelitian kuantitatif, kualitatif, dan R&D. Bandung:

Alfabeta.

Tarigan, H.G. (2013). Berbicara sebagai suatu keterampilan berbahasa.

Bandung: Angkasa.

Trianto. (2007). Model-model pembelajaran inovatif berorientasi kontruktivistik.

Referensi

Dokumen terkait

Berdasarkan hasil pengolahan data yang dihitung menggunakan teknik Weight Means Score (WMS) menunjukkan bahwa kecenderungan umum untuk variabel X (Program Pembinaan

Dari hasil penelitian yang diperoleh ternyata peranan pemerintah desa dalam menggerakkan partisipasi masyarakat dalam pembangunan tidak merujuk kepada program- program dan

KONTRIBUSI PROGRAM PEMBINAAN KESISWAAN TERHADAP PEMENUHAN STANDAR KOMPETENSI LULUSAN DI SEKOLAH MENENGAH KEJURUAN NEGERI 1 CIMAHI Universitas Pendidikan Indonesia |

[r]

Kompetensi tersebut telah dijabarkan oleh Kementerian Pendidikan Nasional dalam Standar Kompetensi Lulusan SMK baik tingkat Satuan Pendidikan dan Satuan Mata

Implikasi secara praktis berkenaan dengan pengembangan dan pembuatan program bimbingan karir untuk mengembangkan kemampuan keputusan karir siswa, yakni guru

[r]

PERBED AAN KEBERHASILAN MOD EL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING D ENGAN MOD EL PEMBELAJARAN SAINS TEKNOLOGI MASYARAKAT TERHAD AP PENINGKATAN RANAH KOGNITIF PESERTA D