• Tidak ada hasil yang ditemukan

LATIHAN SOAL BAHASA SUNDA VII SMP NASIONAL I 2016 I. PILIHAN GANDA!

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "LATIHAN SOAL BAHASA SUNDA VII SMP NASIONAL I 2016 I. PILIHAN GANDA!"

Copied!
5
0
0

Teks penuh

(1)

Page 1 LATIHAN SOAL BAHASA SUNDA VII

SMP NASIONAL I 2016

I. PILIHAN GANDA!

Baca sempalan pangalaman Dudi M.Asgar anu dicutat ti http://www.urangsunda.net di handap ieu!

Perpecahan Suku di Sudan ...

Tah ti mimiti ahir bulan Oktober hawa Sudan karasa tiris (ceuk ukuran urang tropis), komo lamun bari ngahiliwir angin mah. Can kungsi ngukur sabaraha darajat celcius. Tapi cenah kadang nepi 12 darajat celcius. Komo mun subuh mah, tiris persis kawas di Mekah atawa di Madinah, da puguh ampir sagaris lintang jeung Mekah mah. Tempat Mekah/Madinah jeung tempat gawe kuring teh ngan kahalangan laut Merah wungkul, Mekah kaleren Laut Merah, ari tempat kuring gawe kiduleunana rada jero saeutik.

Anu karasa ku kuring dina bulan Oktober nepi ka Februari, mun teu salah mah di Sudan teh sok terjadi perpecahan suku. Saperti anu ku kuring keur kaalaman ayeuna. Karasana teh matak nyeri, kadang-kadang perih nepi kana hate. Mun geus karasa aya perpecahan suku, kuring mah sok inget ka lembur. Ehm...mun di lembur mah moal kieu karasana, di lembur mah aya nu ngupah ngapeh. Cindekna mah gampang pisan obatna. Na ari di Sudan, kieu gening karasana....

Duh gusti...,mun di lembur mah paling henteu aya balimbing wuluh ubarna. Di toko oge aya, dalapan dewa ubarna. Di Sudan mah tong boroning dapalan dewa, sadewa wae teu aya moal kitu euweuhna sadewa teh kulantaran nakulana teu pernah ingkah ti nagara Pandawa. Poho nu matak ge, waktu indit kamari teu meuli heula salep dalapan dewa. Duh ieu dampal suku palebah keuneung jeung tungtung jempol suku katuhu mani barelah kieu. Jero deuih belahna teh. Mani peurih karasana teh komo waktu keur diuk attahiyat waktu sholat mah. Pan jempol teh kudu ditikelkeun. Aduh meni peurih teh pisan. Rorombeheun meni parna kieu.

1. Di Sudan teh hawana karasa tiris ti mimiti akhir bulan ... A. Oktober

B. Januari C. November D. Februari

2. Hawa di Sudan teh kadang-kadang nepi ka.. A. 100 darajat celcius

B. 40 darajat celcius C. 12 darajat celcius D. 0 darajat celcius 3. Kacapai cara nabeuhna ...

A. ditakol

B. dipetik atawa disintrek C. dioyagkeun

D. ditiup

4. Nu disebut perpecahan suku ku Dudi M. Asgar dina panutup caritana nyeta... A. bentrok antar etnis

B. rorombeheun

C. gawe bareng antar etnis D. bentrok antar nagara bagian

5. Pakakas seni anu cara nabeuhna ditiup contona… A. tarompet

B. saron C. bonang D. kendang

(2)

Page 2

Baca sempalan pangalaman Dudi M.Asgar anu dicutat ti http://www.urangsunda.net di handap ieu!

Eusi Hate Si Pelung

Sareret hate nyereset, di pipir kadenge dunungan keur ngagongsrang ngasah bedog. Boa-boa. Enya boa-boa kawas baheula, poenan munggah pisan bapa uing oge dikerem, disampakeun bedog seukeut terus dieksekusi, mangsa janari leutik geus ngajirim jadi opor, hidangan saur munggaran. Mun tea mah nasib kuring kawas kitu, dunungan teh jelas teu lebareun kana sora uing nu melengkung handaruan, geus pohoeun yan nu ngabalukarkeun lembur haneuteun teh apan ku getenna uing kurungak korongok saban janari. Meni tega, abong ayeuna mah geus jaman canggih, kongkorongok hayam geus teu dijadikeun patokan, da kaelehkeun ku alarm hape atawa ka silihkeun ku sora beker, pikeun ngahudangkeun mangsa geus manjing saur.

6. Judul carita di luhur nyaeta... A. Syam Ridwan

B. Sakadang Hayam C. Eusi Hate si Pelung

D. Munggahan dina mapag Ramadan

7. Inohong dina carita pondok di luhur nyaeta… A. Syam Ridwan

B. Si Pelung C. Sangkuriang

D. jalma nu mapag Romadon

8. Perkara anu matak nyereset kana hate si Pelung nyaeta… A. inget nalika manehna ngadenge adan

B. inget nalika dununganana barangdahar C. inget nalika manehna kongkorongok D. inget nalika bapana dipencit

9. Kadaharan si Pelung nyaeta … A. huut

B. cai C. tipung D. jukut 10. Si Pelung teh ...

A. ngaran pangarang carpon B. alma nu rek paruasa C. tukang adan di masigit D. ngaran hayam

11. Pagawean si Pelung nyaeta... A. adan

B. barangdahar C. kongkorongok D. ulin udar ider

12. Tajug nyaeta ngaran wangunan tempat... A. adan

B. dulag C. bedug D. solat

13. Carita pondok mindeng disingkat … A. carpon

B. carnyam C. cerpen D. carpan

(3)

Page 3 14. Carita pondok biasana muserkeun perhatian dina … kajadian

A. hiji B. tilu C. dua D. loba

15. Tukang nyieun parabot tina tambaga disebutna ... A. anjun

B. paledang C. paneresan D. marangi

16. Tukang nyieun parabot emas atawa perak disebutna ... A. pujangga

B. kamasan C. palika D. wartawan

17. Nalika nulis bewara, topik nu rek diumumkeun/ dibewarakeun teh kudu ... A. panjang

B. jentre C. malapah gedang D. loba

18. Perhatikeun paguneman di handap ieu!

Si Alo : “Cenah seuk beja Mang Utas anu sakitu hirupna pas-pasan, kiwari geuss ngadadak kaya, bener kitu?”

Kang Ewok : “ngarana oge jalma, aya jayana aya keur apesna, hirup mah jiga „roda berputar‟. Jalma anu keur nangkuban oge ari geus dikersakeun jeneng mah nya nantung.”

Nu jadi catur dina paguneman di luhur nyaeta... A. jelema benghar

B. Mang Utas C. jelema apes D. Kang Ewok

Baca guneman dina telepon di handap ieu!

Adi : Halow, ieu sareng Budi?

Budi : Muhun, Adinya ieu teh? Aya naon, Di?

Adi : Rek nanyakeun soal kerja kelompok tea Bud, jadina dimana? Budi : Oh...enya! Kamari Adi mah teu sakola, nya?

Adi : Enya Bud, tilu poe teu sakola teh, gering. Tapi ayeuna mah geus jagjag deui.

Budi : Sukur atuh ari geus sehat deui mah. Kieu Di, perkara kerja kelompok tea jadina urang di alam terbuka wae, ngarah bari neangan suasana anyar nu seger.

Adi : Asik... enya alus! Bosen lah diajar unggal poe di kelas mah. 19. Adi nelepon budi rek nanyakeun ngenaan...

A. kaayaan Budi B. kaayaan di sakola C. kerja kelompok D. piknik ka pagunungan

20. Sikep Adi kana rencana kerja kelompok di alam terbuka nyaeta …. A. mikir-mikir heula

B. ragu-ragu keneh C. langsung satuju D. teu satuju pisan

(4)

Page 4

Baca dongeng di handap!

Satria

Aya maung, keur ngalungsar bae handapeun kiara, geus teu bisa walakaya, tina kakolotan jeung gering ripuh deuih. Berang peting gawena nga humaregung, kahujanan kapanasan teh teu bisa ingkah. Atuh da sumawona kaduga pindah, geus teu kuanteun usik-usik acan. Ayeuna ngan empes-empes wae, sahoseun teh estu lain bobohongan.

Tadina mah sato-sato nu sejen teh mani gigis sarieuneun, euweuh nu wani deukeut-deukeut acan ngadenge gaur maung teh. Tapi barang geus karanyahoan mah, yen eta maung keur sakarat, rob wae pada ngaronom, pada narempo, malah pada nalokeran sagala.

“Euleuh kutan kitu cucungik nu sok nekuk batur aing teh! Cik pek aing udag deuleu!” omong pecang ditompokeun kana ceuli maung, bari keletrak tarang maung diteke.

“Hayo sia, ari wani mah urang jogol jeung aing, montong make pepeleyean!” ceuk munding, bari jekuk bae digadil ku tandukna.

Rupa-rupa tingkahna sasatoan teh pada-pada hayang mulangkeun kanyeri, hayang nembongkeun kaceuceub ka musuhna nu geus teu daya teu upaya. Ngan sakadang kuda anu ngahuleng bae teh. Teu lemek teu nyarek gawena ngan gogodeug wae ti kaanggangan.

“Na sakadang kuda ngan dikir wae, mun jeplak wae kadinya, sepak tah lebah iga burungna! Na teu inget bareto anak sampean dikerekeb ku ieu mangkluk?” ceuk peucang.

Kuda malengos bari cumalimba, “Kadongdora wani oge kanu geus taya dayana. Muga aing mah jeung saturunan aing ulah dipaparin tekad hayang nganiaya kanu lian. Sumawonna kanu taya tangan pangawasa geusan ngalawan mah!”

21. Sato keur ngalungsar teu walakaya teh nyaeta... A. maung

B. kuda C. munding D. peucang

22. Sato nu teu boga rasa dendam jeung teu jail kaniaya nyaeta … A. maung

B. kuda C. munding D. peucang

23. Sato nu boga sifat satria nyeta... A. maung

B. kuda C. munding D. peucang

24. Maung teh geus teu bisa walakaya alatan... A. kalaparan

B. eleh gelut jeung munding C. seubeuh teuing dahar D. gering parna

25. Peucang ngabogaan sifat... A. wanian

B. picik C. jujur D. sopan

(5)

Page 5

Baca paguneman di handap!

Mang Utas :“Lo...kadieu sakeudeung, urang ngopi heula!”

Si Alo :“Aeh...sugan teh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah.”

Mang Utas :“Puguh Lo, amang teh kabulusan, geus saminggu ieu urang lembur Tasik mun ti peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis, amang mah asa di Palutungan Kuningan Lo...”

26. Anu keur diharudung sarung teh nyaeta... A. si Alo

B. nu ngaronda C. Mang Utas D. nu nginum kopi

27. Nalika Mang Utas jeung si Alo paguneman teh hawana karasa …. A. tiis

B. haneut C. panas D. nyongkab

28. Mang Utas diharudung sarung lantaran... A. hareudang

B. tiris C. tunduh D. nyeri awak

29. Tradisi jarah ka kuburan bari meresihan eta kuburan tur ngawurkeun kembang di luhureunana disebut...

A. muludan B. lebaran C. tahlilan D. nyekar

30. Aduan ku kuda beureum hartina... A. adat nu hese digantina

B. agul ku banda nu goreng C. ngagulkeun luluhur sorangan D. ginding ku pakean batur

Referensi

Dokumen terkait