o
Selasa
-4
5
20
CMar
o
Rabu
.
Kamis
0
Juma'
6
7
8
9
to
11
21
22
<ti)
24
25
26
.Apr
-.---.----..---
OMei OJun
OJul
0
,~gs
o
Sabtu
12
13
27
28
o
Sep
0
Okt
o
Minggu
14
15
16
29
30
31
ONov
ODes
----Dluslr KuUrant Baduy'
Jero
Ku Johan
Iskandar
KJ
ajadian ieu kaalaman ku kuring pribadi dina taun 1984. Waktu harita, kuring meunang pancen ti kantor nalungtik pasualan ingkungan (ekologi) di wewengkon Baduy, di Desa Kanekes, Kacamatan Leuwidamar, Lebak, Banten. Waktu harita mah, ngan-jang ka wewengkon Baduy teh kacuda susahna, henteu jiga ayeuna. Kusabab jalan' desa anu nyambungkeun ibu kota kabupaten, Rangkasbitung jeung Ciboleger tatangga desa Urang Baduy, Desa Kanekes masih can diaspal. Balukarna mobil ti fJangkasbitung ka Ciboleger arangpisan. Padahal antara Rangkasbitung ka Kanekes hgan saukur 46 km.. . .
Harita teti saencan asup ka wewengkon Baduy, Desa Kanekes, kuring menta surat idin heula ti kantor Kesatuan Pemangkuan Hutan (KPH) Perhutani, Banten, di Serang. Lumayan ngurus-ngurus surat idin panalungtikan rada lila, kira-kira samingguan suratna kakara rengse. Beres nguruskeun surat idin di Serang. Laju kuring muru ka kantor BKPH di Cipanas jeung mondok sapeuting di imah Asper Perhutani Cipanas.isukna, isuk-isuk keneh kuring dibaturoo ku Pa Omon, pagawe BKPH Cipanas, ngajugjug Kacamatan Muncang, ngaliwatan Gajrug terus meuntas walungan Ciminyak naek mobilelf. Ti tempat ieu lalampahoo diteruskeun deui leumpang ngajugjug ka Kainpung Cikeusik, Baduy Jero. Kuring jeung Pa Omon leumpang mapay-mapay'jalan satapak, galengan sawah, meuntas cukang awi antara kukucuprakan meuntas walungan. Waktu bada asar, kuring jeung Pa Omon anjog ka wewengkon Karang Combong terus mon-dok sapeuting di imah Kokolot Kampung, kusabab tempat anu dijugjug, Kampung Cikeusik, masih jauh keneh.
Isukna, rengse sarapan, kuring neruskeun deui leumpoog' ka Kampung. Cikeusik, dianteur ku Mang. Satria, Kokolot Karang
..
Combong. Moog Satria leumpang ti heula nanggung dua karung babawaan kuring ti kota, saperti termos, cahgkir, piring, beas, gula, kopi, abon, lauk asin, tarasi, kueh-kueh, jstna, dituturkeun ku kuring ti tl!kang. Kuring duaan leumpang jiga lalampahan poe kamari. Leumpang mapay-mapay jalan'sa,tapak malipir sawah anu lungka-wing sisi walungan ataWa meuntas walungan kukucuprakan dina cai walungoo. Kira-kira pasosore, kuring jeung Mang Satria nepi ka nu dijugjug, Kampung Cikeusik, Baduy Jero. Kaayaan Kampung Cikeusik kacida suwungna. Kusabab hampir sakabehna Urang Baduy di eta kampung eukeur padasibuk gawe di huma.Kuring ngareureuhkeun cape, diuk ngahunjar din a golodog awi di
.
hareupeun panto 'bale', mangrupa imah leuiik husus pikeun narima tamu di luar I;!aduy. Mang Satria mah nangtung di hareupeun bale bari melenyun udud roko Cap Gentong anu kamashur di desa pakidulan Banten. "Maap bae pa Iskan, engke lamun ditanya ku Urang Baduy, bagusna mah, Pa Iskan ngakuna Urang Serang bae," ceuk Mang Satria mere saranka kuring."Oh, naha kunaonkitu Mang Satria?" ceuk kuring panasaran. "Biasana mah Urang Baduy sok sieuneun ku Urang Serang. Tiap taun Urang Badw mah osok seba ka Serang".
"Ah, abdi mah embung ngabohong Mang Satria, arek ngaku saju-juma wae asal ti Bandung." Ceuk kuring, rada henteu 'panuju kana sarang Mang Satria.
"Ari Mang Satria sering nganjang ka Baduy?" kuring malik nariya ka Moog Satria.
"Puguh kami age sanajan rada deukeut, tatanggaan jeung wewengkon Baduy saumur.hirup karek ayeuna nincak ka dieu." Ceuk Mang Satria.
Mangle No. 2217
UNPAD
~
NON
UNP_~
.
"Tapi kami mah ngarasa karareureung jasa di Kampung Cikeusik teh." Ceuk Mang Satria bari luak-lieuk nitenan kaayaan kampung anu suwung, di riung ku tatangkalan garede ngawangun leuweung lem-bur. Gek wae Mang Satria ngilu diuk dina golodog bale, gigireun ku-ring. Terus pokna teh. "Pa Iskan, kami mah arek balik ayeuna bae ka Karangcombong, bisi kaburitan di jalan, kusabab leumpang jauh jasa" ceuk Mang Satria pamit ka kuring.
"Muhun atuh mangga wae ari bade mulih ayeuna mah". Kuring ngidinan balik ka Mang Satria. "Nuhun Mang Satria bantunannana jeung kuring menta dua'na bae supaya salamet," ceuk kuring bari sasalaman jeung Mang Satria. .'
Kuring keur jongjon diuk dina golodbg bale. Datang Sanip (12 taun), anak pangurus adat, Ayah Sanip anu dibere pancen ngurus pasualan hukum atawa katelahna disebut Jaro Tangtu.
"Bapa ti mana? Jeung aya perlu naon datang ka dieu?".ceuk Sanip nanya ka kuring, manehna jigana heraneun pisano Kuring ngaje-laskeun rehna datang ka Baduy hayang nalungtik lingkungan Baduy. "Heueuh ari kitu mah, Bapa tunggu heula bae atuh di dieu. Kami arek nyusul heula Ama di saung huma." Ceuk Sanip bari ngaleos ning-galkeun kuring.
Henteu lila, Sanipenggeus kurunyung deui dibarengan ku Amana, Ayah Sanip, Jaro Tangtu Cikeusik. Sooggeus sasalaman jeung diuk di jero bale. Ayah Sanip nanya. "Ai Bapa aya maksad naon datang ka dieu?" kuring coba ngajelaskeun. "Abdi teh asal ti Bandung, maksud mah hayang nalungtik kaayaan lingkungan di wewengkon Baduy, mangrupa tugas ti kantor". Ceuk kuring ngajawab pananya Jaro Tangtu. .
'Wah di Baduy mah euweuh anu aneh. Bapa mending balik bae ka Bandung". Ceuk Ayah Sanip ngusir ka kuring.
"Menta idin wae atuh Olot, abdi hayang nalungtik lingkungan di Baduy, jeung hayang nganjrek rada ilia di dieu". Ceuk kuring coba ngajelaskeun deui ka Ayah Sanip. Ari pokna teh deuih, "Tamu ti kota mah henteu meunang kebel aya diBaduy. Biasana, paling oge diidi-nan ku Kolat, Puun ngan saukur tilu peuting". Ceuk Ayah Sanip
keukeuhnolakrencanakuring.
."Tah ieu Olot, abdi hayang nitenan sagala rupa manuk anu aya di Baduy", ceuk kuring bari nembongkeun gambar rupa-rupa man uk dina buku literatur bekel ti Bandung, anu dikaluarkeun tina jero tas.
"Ah, didieu mah euweuh manuk.ariu araneh. Apan di Bandung age.. di Pasar Burung Kebon Kalapa loba rupa-rupa man uk mah", ceuk Ayah Sanip keukeuh nolak kana rencana kuring. Ceuk gerentes hate, aeh geuning Jaro Tangtu teh nyaho Pasar Burung di Kota Bandung.
"Jadi, Olot teh moal ngidinan kuring nganjrek di Baduy". Ceuk ku-ring nyoba nanya deui ka Jaro Tangtu. "Henteu bisa, pokona Bapa kudu balik bae." Jaro Tangtu tetep nolak kana rencana kuring. Kuring harita kacida heranna, kusabab di desa-desa sejen mah, di luar Baduy, mun aya semah ti kota teh osck diaku pisano Ari ieu malah diusir pisano Memang, harita kuring munggaran nganjang ka Baduy. Kuring acan boga pangalaman, kumaha tatakrama pikeun netep sawatara waktu di wewengkon Baduy, Banten Pakidulan, anu masarakatna masih nyekel adat karuhun anu kuat pisan:
...
K!iping
Humas
Unpad
2009
--Johanlskandar
Dosen jeung Panalungtik Unpad.