• Tidak ada hasil yang ditemukan

KARAKTERISTIK TOKOH DINA NOVÈL PRASASTI NU NGANCIK NA ATI KARYA POPON SAADAH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA (TILIKAN PSIKOLOGI SASTRA).

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "KARAKTERISTIK TOKOH DINA NOVÈL PRASASTI NU NGANCIK NA ATI KARYA POPON SAADAH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA (TILIKAN PSIKOLOGI SASTRA)."

Copied!
27
0
0

Teks penuh

(1)

No. 827/FPBS/0251/2015

KARAKTERISTIK TOKOH DINA NOVÈL

PRASASTI NU NGANCIK NA ATI KARYA POPON SAADAH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

(TILIKAN PSIKOLOGI SASTRA)

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat ngahontal gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Deuis Santika

NIM 1100492

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

(2)

Karakteristik Tokoh dalam Novel

Prasasti nu Ngancik na Ati

Karya Popon Saadah

untuk Bahan Pembelajaran

Membaca di SMA

(Tinjauan Psikologi Sastra)

Oleh

Deuis Santika

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

© Deuis Santika 2015 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)
(4)

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KARAKTERISTIK TOKOH DALAM NOVEL

PRASASTI NU NGANCIK NA ATI KARYA POPON SAADAH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

(TILIKAN PSIKOLOGI SASTRA)1)

Deuis Santika2) ABSTRAK

Kasang tukang ieu panalungtikan ku sabab ayana daya irut panalungtik kana tokoh nu aya dina novel Prasasti nu Ngancik na Ati karya Popon Saadah. Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun ngaidentifikasi aspék kajiwaan kalayan tilikan psikologi sastra. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode deskriptip kalayan pamarekan kualitatif. Sumber data nu digunakeun nyaéta analisis dokumén kalayan nyokot sampel ku cara slip data. Ngaliwatan ieu panalungtikan, unsur-unsur prosa dina novel Prasasti nu Ngancik na Ati ngangkat téma kahirupan cinta Ieu panalungtikan ngagambarkeun yén penokohan dina ieu novel dipangaruhan ku proses psikologis. Proses méntal tokoh-tokohna bisa diteuleuman ngaliwatan tiori Sigmund Freud (id, ego, jeung superego) nu bisa ngagambarkeun pikiran jeung perasaan tokoh. Hasil interprétasi psikoanalisis kana tokoh-tokoh nu aya dina ieu novel miboga watek nu béda-béda. Karakter Rinéga nya éta teu bisa nangtukeun sikep, lumpat tina masalah, perhatian, jeung nurut. Karakter Prasasti nya éta kurang percaya diri, hésé dipikaharti, jeung optimis, sedengkeun Fauzan miboga karakter nu béréhan, ngukur sagala hal ku matéri, jeung sombong. Hasil tina ieu panalungtikan bisa dijadikeun alternatif pikeun pangajaran aprésiasi sastra di SMA. Ngaliwatan ieu panalungtikan, anggapan yén sastra téh mangrupa wujud tina kahirupan sosial masarakat geus bisa dibuktikeun.

1 Judul skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

(5)

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(6)

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

This research is conducted in regard with the interest of researcher to the characters in the novel Prasasti nu Ngancikna Ati created by Popon Saadah. The purpose of this research is to identify the mental aspect of the novel from literary psychology point of view. this research is use descriptive method with qualitative approach. The source of the data used is the analyzed document, and the samples are collected from slip data. This research has found the prose elements of the novel Prasasti nu Ngancikna Ati with the theme of love life. This research shows that the characterization of the characters is influenced by psychological processes. Through the analysis of the characteristics using the literary psychology approach, mental processes of the characteristics of each character can be understood and can provide a realistic effect. Mental aspects of this novel can be seen in the characteristics of each character. Mental processes of the

characters can be understood through the mastery of Sigmund Freud’s theory (id, ego, and super-ego) that can describe the thoughts and feelings of characters. The result of psychoanalytic interpretation towards the characters in this novel has different character. Rinega is not able to find a way to behave, tend to run away from problems, caring, and obedience. Prasasti is not confident, unpredictable, and optimistic. While Fauzan is royal, measure everything with wealth, and arrogant. The results of this research can be used as an alternative to literary appreciation learning at High School level. Through this research, the assumption

that literature is a reflection of the community’s social life can be proved.

(7)

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI PENGESAHAN

INSKRIPSI PERNYATAAN PANGJAJAP

TAWIS NUHUN ... i

ABSTRAK ... ii

DAPTAR EUSI ... iii

DAPTAR TABÉL ... vi

DAPTAR SINGGETAN ... vii

DAPTAR LAMPIRAN ... viii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Rumusan Masalah Panalungtikan ... 3

1.3. Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Téoritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Sistematika Tulisan ... 5

BAB II ULIKAN PUSTAKA 2.1 Novel ... 7

2.1.1 Wangenan Novel ... 7

2.1.2 Kamekaran Novel Sunda ... 7

2.1.3 Papasingan Novel ... 15

2.1.4 Unsur Prosa Robert Stanton ... 17

2.1.4.1 Fakta Carita ... 17

2.1.4.2 Tokoh jeung Penokohan ... 17

(8)

iv

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.4.4 Latar ... 21

2.1.5 Téma ... 23

2.1.6 Sarana Carita ... 23

2.2 Psikologi Sastra ... 23

2.2.1 Teori Kapribadian Psikoanalisis ... 24

2.2.2 Struktur Kapribadian Sigmund Freud ... 25

2.2.3 Klasifikasi Émosi ... 27

2.3 Bahan Ajar ... 30

2.3.1 Kritéria Milih Bahan Ajar ... 30

2.3.2 Nyusun Bahan Pangajaran ... 31

2.3.3 Standar Kompeténsi Kompeténsi Dasar ... 32

2.4 Panalungtikan Saméméhna ... 32

2.5 Kalungguhan Tioritis Panalungtikan ... 34

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan ... 35

3.2 Data jeung Sumber Data ... 37

3.3 Ngumpulkeun Data ... 37

3.3.1 Instrumén Panalungtikan ... 37

3.3.2 Ptéhnik Ngumpulkeun Data ... 38

3.4. Analisis Data ... 38

3.5 Déskripsi Novel Prasasti nu Ngancik na Ati ... 39

3.6 Prosedur Panalungtikan ... 40

BAB IV HASIL JEUNG PEMBAHASAN 4.1 Analisis Unsur Prosa (téma jeung Fakta carita) Novel Prasasti nu Ngancik na Ati ... 42

4.1.1 Sinopsis Novel ... 42

4.1.2 Téma jeung Masalah ... 43

(9)

v

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.1.3.1 Plot ... 47

4.1.2.2 Latar ... 48

4.1.3. 3 Tokoh jeung Penokohan ... 51

4.2 Analisis Konsép Émosi Tokoh-tokoh dina Novel Prasasti nu Ngancik na Ati .. 67

4.2.1 Rasa Salah ... 68

4.2.2 Rasa Salah nu Disidem ... 68

4.2.3 Ngahukum Diri Sorangan ... 69

4.2.4 Rasa Kaéra ... 70

4.2.5 Rasa Sedih ... 71

4.2.6 Rasa Ceuceub ... 72

4.2.7 Rasa Cinta ... 74

4.3 Interprétasi Psikoanalisis Kapribadian Sigmund Freud kana Tokoh jeung Penokohan dina Novel Prasasti nu Ngancik na Ati ... 76

4.4 Kacindekkan Analisis ... 88

4.5 Novel Prasasti nu Ngancik na Ati pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA ... 91

4.5.1 Conto Bahan Pangajaran Maca di SMA ... 92

BAB V PANUTUP 5.1 Kacindekan ... 96

5.2 Saran ... 98

DAPTAR PUSTAKA ... 99

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 98

(10)

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Kagiatan kreatif nu dilakukeun ku sastrawan sanggeus nyaksian fenomena

atawa kajadian di lingkungan sabudereunana disebut sastra. Kamekaran karya

sastra geus kawilang maju. Ieu hal katitén dina hasil karya sastra anu geus

diterbitkeun boh nu mangrupa prosa, puisi, essey, novel, atawa drama. Nurutkeun

Iskandarwasid (2003, kc. 138), karya sastra téh mangrupa karya seni anu

digelarkeunana ngagunakeun alat basa. Istilah sastra ogé bisa dihartikeun titiron

atawa gambaran kahirupan tina imajinasi kana wangun struktur-struktur basa.

Basa nu digunakeun dina novel miboga ma’na denotatif (nu sabenerna), nepi ka

ma’na dina tiap-tiap kalimah anu aya dina novel katempo pisan nyatana.

Minangka karya seni, sastra salawasna napak dina usaha ngolah unsur-unsur

kaèndahan. Tina ngolah unsur-unsur kaéndahan, karya sastra nimbulkeun

kasugemaan rasa, kasugemaan émosional, kasugemaan batiniah; awor antara efék

basa (alatna, cangkangna) jeung eusina. Sakumaha nu geus ditétélakeun ku

Tarigan (1993 kc.3), yén wilayah sastra ngawengku kaayaan manusa nu teu leupas

tina pangaruh perasaan, pikiran, jeung pangaweruh.

Karya sastra lahir tina ungkapan atawa ekspresi nu nyangkaruk dina jiwa,

tuluy diolah sacara jero ngaliwatan proses perenungan. Nilik kana wandana, karya

sastra téh aya tilu rupa nya éta: puisi, prosa, jeung drama. Minangka salasahiji

wanda prosa, novel mangrupa prosa rékaan (fiksi) nu naratip (ngawujud lalakon),

umumna panjang sarta galur caritana panjang tur kompléks (ngarancabang)

(Iskandarwassid, 2003, kc. 93). Novel nu hadé nya éta novel nu bisa mawa nu

maca asup kana ruang imaginèr.

Salaku salasahiji wanda karya sastra, nurutkeun Sumardjo jeung Saini K.M.

(dina Suci, 2013 kc. 1) prosa téh dibagi jadi tilu wanda, nya éta novel atawa

roman, carita pondok, jeung novelét (novel pondok). Tiluanana miboga unsur

(11)

2

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

intrinsik jeung unsur ekstrinsik. Unsur intrinsik nya éta unsur-unsur formal anu

nyangkaruk dina jero karya sastra nu ngawangun eusi carita. Unsur-unsurna nya

éta téma, alur atawa plot, penokohan, jeung setting. Sedengkeun unsur ekstrinsik

nya éta unsur anu aya disaluareun téks anu mangaruhan kana eusi carita. Éta unsur

téh nya éta psikologi, sosiologi, filsafat, jeung biografi pangarang.

Pikeun ngaaprésiasi karya sastra loba pisan carana, teu saeutik disiplin élmu

séjén di saluareun sastra nu ngaaprésiasi karya sastra. Salasahiji disiplin élmu anu

mangaruhan kana karya sastra nya éta psikologi. Kahirupan hiji jalma bisa

kapanggih dina novel ngaliwatan penokohan. Nalika maca karya sastra, boh

novel, boh carpon atawa karya sastra lianna, dina enas-enasna miboga udagan

pikeun ngararasakeun atawa ngalenyepan, ngaaprésiasi, jeung ngaévaluasi karya.

Ieu hal écés pisan yén nu maca geus pasti langsung museur kana tokoh jeung

penokohan nu aya dina karya sastra nu dibacana. Éta Para tokoh rékaan téh

ngagambarkeun rupa-rupa watek jeung paripolah nu aya patalina jeung kejiwaan,

pangalaman psikologis, atawa konflik-konflik anu karandapan ku manusa dina

kahirupan nyata.

Analisis penokohan raket pisan jeung wangenan diri individu jeung

kapribadianana. Kapribadian nu dipiboga ku para tokoh dina carita miboga daya

irut pikeun ditalungtik. Luyu jeung pamadegan Harjana (dina Husna, 2012, kc.3),

nu nétélakeun yén karya sastra dianggap salaku objék psikologi nu bisa

dipikaharti, kalayan ngamangpaatkeun élmu psikologi nepi ka meunang gambaran

paripolah tokoh luyu jeung nu diungkarakeun dina tiori psikologi. Aspék

psikologi dina karya sastra ditalungtik tina kajadian-kajadian nu dialaman para

tokohna ngaliwatan kalimah-kalimah nu diucapkeun ku tokoh, atawa tina

deskripsi jeung narasi pangarang dina téks (Hudaya, 2012 kc.3). Ku kituna, novel

bisa ditalungtik kalayan ngagunakeun tinjauan psikologi sastra. Éta hal bisa

ditarima kusabab sastra jeung psikologi miboga hubungan nu sipatna teu langsung

jeung fungsional.

Aya tilu aliran psikologi sastra nya éta psikoanalisis, behaviorisme, jeung

(12)

3

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kapribadian), lantaran ieu aliran dianggap mampuh neuleuman sagala pangalaman

jeung kapribadian manusa kalayan gemet.

Objék dina ieu panalungtikan psikologi sastra nya éta novel Prasasti nu

Ngancik na Ati karya Popon Saadah. Ieu novel dijadikeun objék panalungtikan

lantaran ieu novel dilélér hadiah Samsoedi taun 2014, gambaran karakter tokohna

kuat saupama diulik ku aliran psikoanalisis, jeung alesan panalungtik milih ieu

novel dijadikeun objék panalungtikan téh sabab, nurutkeun panalungtik Popon

Saadah mangrupa pangarang rancagé nu geus medalkeun novel nu ngangkat

ngeunaan pasualan rumaja, nu kiwari novel rumaja téh langka ayana.

Popon Saadah téh salasahiji pangarang nu produktif dina nulis. Anjeunna

lahir di Limbangan Garut, 13 Oktober 1966, kiwari netep di Cimahi. Mimiti nulis

carpon jeung kolom dina Manglé taun 2001 nalika keur ngaréngsékeun kuliah S1

di jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI Bandung. Carpon pinilihna dimuat

babarengan jeung pangarang séjén dina buku kumpulan carpon “Kanagan 2

jeung “Lir Cahya Nyorot Eunteung”. Sajak-sajakna ogé dimuat babarengan jeung

karya panyajak lianna dina buku kumpulan sajak “Sajak Wanoja”.

Dina ulikan sastra Sunda, panalungtikan ngeunaan psikologi sastra kungsi

dilaksanakeun di antarana nya éta “Kajian Psikologi Humanistik kana Novel Déng Karya Godi Suwarna pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra di SMA”

(Hudaya, 2012), “Aspék Psikologis Carpon Sintung Kalapa Karya

Iskandarwassid” (Hapitasari, 2005), “Kajian Psikoanalisis dina Novel Tempat

Balabuh Karya Aam Amilia” (Perdiwan, 2006), “Tokoh dina Novel Pipisahan

Karya RAF (Kajian Psikologi Humanistik)” (Guntara, 2011), jeung (Dewiana,

2011) nya éta nu judulna “Analisis Trauma dan Dendam Hannibal Lecter dalam

Novel Hannibal Rising Karya Thomas Harris”.

Éta panalungtikan di luhur béda ambahan jeung objék nu ditalungtikna. Ku

kituna, sangkan bisa ngaguar kapribadian tokoh nu aya dina ieu novel kalayan

teleb, ieu panalungtikan dijudulan “Karakteristik Tokoh dina Novel Prasasti nu

Ngancik na Ati Karya Popon Saadah pikeun Bahan Pangajaran Di SMA (Tilikan

(13)

4

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.2 Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan téh museur kana ulikan karakteristik tokoh nu aya dina

novel Prasasti nu Ngancik na Ati karangan Popon Saadah pikeun bahan

pangajaran maca di SMA (Psikologi sastra). Psikologi sastra nya éta widang élmu

jiwa nu ngulik jeung neuleuman karya sastra salaku objékna (Hudaya, 2012 kc.9).

Ambahan psikologi sastra dina ieu panalungtikan nya éta leuwih kana psikologi

kapribadian, hususna ngagambarkeun karakteristik tokoh nu aya dina novel.

Novel mangrupa prosa rékaan naratif nu bisa midangkeun rupa-rupa tokoh nu

dideudeul ku latar carita nu kuat. Novel nu dijadikeun objek dina ieu

panalungtikan nya éta novel Prasasti nu Ngancik na Ati karangan Popon Saadah,

nu dipedalkeun ku Green Smart Books taun 2013. Hasil tina ieu panalungtikan téh

disusun pikeun alternatif bahan pangajaran maca di SMA. Bahan pangajaran nya

éta hal-hal nu bisa dijadikeun sumber diajar pikeun siswa nu miboga tujuan

pangajaran. Bahan pangajaran nu dipatalikeun jeung ieu panalungtikan téh nya

éta pangajaran novel di SMA kelas XI.

Sakumaha nu geus dipedar dina identifikasi masalah di luhur, di handap ieu

anu dipedar dina ieu panalungtikan téh nya éta:

a. Kumaha téma jeung fakta carita (tokoh jeung penokohan, plot, tur latar)

novel Prasasti nu Ngancik na Ati karangan Popon Saadah?

b. Kumaha karakteristik tokoh dumasar pamarekan psikoanalisis dina novel

Prasasti nu Ngancik na Ati karya Popon Saadah?

c. Kumaha larapna hasil ieu panalungtikan pikeun pangajaran maca di SMA?

1.3Tujuan Panalungtikan

Luyu jeung rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan téh miboga dua

tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.Tujuan umum dina ieu

panalungtikan nya éta pikeun ngeuyeuban panalungtikan sastra nu geus aya,

jeung pikeun mikanyaho karakteristik tokoh nu aya dina novel salaku salasahiji

kajian nu relevan dina kritik sastra.

(14)

5

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Téma jeung fakta carita (tokoh jeung penokohan, plot, tur latar) novel

Prasasti nu Ngancik na Ati karangan Popon Saadah?

2) Karakteristik tokoh dina novel Prasasti nu Ngancik na Ati ngaliwatan

pamarekan psikoanalisis; jeung

3) Hasil psikoanalisis pikeun pangajaran maca di SMA

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Unggal panalungtikan pasti miboga mangpaat boh keur diri pribadi

panalungtikna atawa pikeun masarakat umum, utamana masarakat sastra.

Mangpaat dina ieu panalungtikan téh dirumuskeun jadi dua, nya éta mangpaat

teoritis, jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Hasil ieu panalungtikan téh nya éta dimangpaatkeun pikeun referensi, nu bisa

mekarkeun élmu pangaweruh, salaku bahan atawa sumber acuan pikeun

panalungtikan ka hareupna, jeung pikeun alternatif dina ngaaprésiasi karya sastra.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban hasil panalungtikan sastra

Sunda, tur jadi dokumentasi dina kamekaran sastra Sunda, sarta bisa ngeuyeuban

pangaweruh panalungtik. Lian ti éta ogé, mangpaat praktis ieu panalungtikan téh

nya éta bisa jadi bahan pangajaran basa Sunda di SMA hususna dina pangajaran

aprésiasi sastra. Ku ayana déskripsi ngeunaan tokoh anu aya dina novel, dipiharep

bahan ajarna bisa leuwih onjoy.

1.5 Sistematika Tulisan

Sistematika tulisan miboga fungsi pikeun méré gambaran ngeunaan

léngkah-léngkah dina nalungtik hiji panalungtikan. Ku kituna, dina ieu panalungtikan

dipedar ngeunaan hal-hal nu elementer jeung umum kalayan sistematika di

(15)

6

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I: Bubuka

Bab I mangrupa bubuka dina ieu karya tulis wangun skripsi, anu eusina

kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan, jeung mangpaat nu aya

patalina jeung jejer panalungtikan.

BAB II: Kajian Pustaka

Dina Bab 2 eusina ngeunaan tiori-tiori dasar nu ngarojong kana masalah

panalungtikan, saperti wangenan novel, kamekaran novel, papasingan novel,

unsur-unsur prosa, psikologi sastra, psikoanalisis Sigmund Freud, struktur

kapribadian Sigmund Freud, klasifikasi emosi, jeung bahan ajar. Dina bab 2 ogé

dipedar babandingan panalungtikan saacanna jeung panalungtikan nu rék

dilaksanakeun.

BAB III: Métode Panalungtikan

Bab 3 eusina mangrupa pertélaan ngeunaan métode panalungtikan nu

eusina nya éta: 1) desain panalungtikan; 2) métode panalungtikan; 3) wangenan

operasional; 4) sumber data; 5) instrumén panalungtikan; jeung 6) téhnik

panalungtikan.

BAB IV: Hasil Panalungtikan jeung Pembahasan

Bab 4 nya éta mangrupa hasil panalungtikan jeung pembahasan, eusina

Bab 5 medar kacindekan jeung saran, nu nétélakeun penafsiran panalungtik

kana hasil analisis panalungtikan. Kacindekan dina ieu panalungtikan ditulis

dumasar hasil analisis novel Prasasti nu Ngancik na Ati karangan Popon

Saadah. Saran dina ieu bab disusun pikeun pihak-pihak anu patali jeung

panalngtikan nu geus dicangking, saperti masarakat sastra, pangarang salaku

(16)

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

METODELOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan psikologi sastra. Udagan milih

pamarekan psikologi sastra, sabab karya sastra ngarekam gejala psikologi anu aya

dina tiap tokoh jeung bisa diungkapkeun kalayan ngagunakeun tiori psikologi.

Dunya fiksi nya éta bayangan dunya realita, nepi ka bisa dianalisis kapribadan

jeung paripolah tokoh kalayan ngagunakeun tiori psikologi.

Anu dideskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta ngeunaan psikologi

kapribadian tokoh (psikoanalisis) dina novel Prasasti nu Ngancik na Ati karya

Popon Saadah. Dina pedaran ieu téh fakta-fakta nu dijieun tafsiran

didéskripsikeun, pikeun ngalengkepan jeung nafsirkeun deui eusi téks novel.

Ieu panalungtikan ngagunakeun metode deskriptif kalayan pamarekan

kualitatif. Nurutkeun Whintney dina Muda’im (2013, kc. 41), metode deskriptif

téh nya éta maluruh fakta kalayan interpretasi anu keuna. Tujuan tina ieu metode

nya éta pikeun nyieun deskripsi sacara teleb jeung ngéntép seureuh. Métode

déskriptif mangrupa hiji prosedur dina ngaréngsékeun masalah kalayan

ngadéskripsikeun kapribadian tokoh dina novel Prasasti nu Ngancik na Ati karya

Popon Saadah. Sub variabel ieu panalungtikan nya éta struktural nu ngawengku

téma, fakta carita (polot, latar, tokoh, jeung penokohan), sarta kapribadian tokoh

dumasar pamarekan psikoanalisis.

Sangkan gampang dina ngawilah-wilah data, ayana desain panalungtikan

diperlukeun pisan pikeun gambaran panalungtikan nu baris dilaksanakeun. Desain

(17)

36

3.1 Bagan Desain Panalungtikan

(Mudaim, 2013, kc.40)

Karakteristik Tokoh Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karangan Popon Saadah pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA (Tilikan Psikologi Sastra)

Téhnik Ngumpulkeun Data

Studi Pustaka

Sumber Data

Novel Prasasti nu

Ngancik na Ati

Instrumén Panalungtikan

Slip data

Ngolah Data

1. Tahap Déskriptif 2. Tahap Klasifikasi 3. Tahap Analisis 4. Tahap

Interpretasi 5. Tahap Evaluasi

HASIL

(18)

37

3.2 Data Jeung Sumber Data

Sumber data nya éta asal atawa sumber data. Sumber data dina panalungtikan

(19)

38

Psikoanalisis

1. No ... 2. Tokoh ... 3. Cutatan carita ... 4. Kaca ... 5. Karakter ... 6. Aspék psikoanalisis ...

3.4.2 Teknik Ngumpulkeun Data

Ngumpulkeun data dilakukeun sanggeus maca karya sastra kalayan gemet.

Ngumpulkeun data miboga tujuan sangkan gampang nganalisis. Lian ti éta ogé,

panalungtik bakal leuwih gampang tur akurat dina meunangkeun data. Data anu

dikumpulkeun dina ieu panalungtikan, bisa dicangking ku cara niténan

kapribadian tokoh ngaliwatan teks dialog antar tokoh atawa teks narasi nu aya

dina novel. Sakabéh nu jadi pamikiran, dialog, sarta kutipan jeung ungkapan

tokoh, jadi data nu utama.

3.4 Analisis Data

Dina nganalisis data, ieu panalungtikan ngagunakeun teknik analisis kalayan

pamarekan psikologi. Teknik ieu tujuanana pikeun néangan jeung nangtukeun

tokoh utama pikeun ngadeskripsikeun kapribadian tokohna, nepi ka bisa

dipikanyaho naon anu mangaruhan kapribadian tokoh nu aya dina novel Prasasti

nu Ngancik na Ati karangan Popon Saadah.

Dina ieu panalungtikan, nu dianalisis nya éta kapribadian tokoh Rinéga,

Prasasti, jeung Fauzan kalayan ngagunakeun tiori nu geus ditangtukeun. Hasil

(20)

39

3.6 Deskripsi Novel Prasasti Nu Ngancik Na Ati

Gambar 3.1 Novel Prasasti nu Ngancik na Ati

Novel Prasasti nu Ngancik na Ati mangrupa novel mimiti nu ditulis ku

Popon Saadah. Ieu novel téh diterbitkeun ku Green Smart Book bulan April 2013

nu kandelna 113 kaca, tur ukuranana 20 cm jeung 14 cm téh. Dina ilustrasi jilid

ieu novel aya kembang ermawar beureum nu ngagolér dina taneuh. Jilid ieu novel

didominasi ku warna héjo tur warna tulisanna ngagunakeun warna beureum.

Novel Prasasti nu Ngancik na Ati geus ngalaman dua kali dicitak, nya éta citakan

nu kadua bulan Maret 2014, nu masih diterbitkeun ku Yayasan Pendidikan Insan

Berbakti (YPIB) Green Smart Book. Beda jeung citakan mimiti, citakan novel nu

kadua mah kandelna 120 kaca tur dina runtuyan caritana aya episode.

Novel hasil karancagéan Popon Saadah téh dilélér hadiah Samsudi 2014. Éta

hal bisa katangen sabab dina sampul hareupna ditembrakkeun dina tulisan

“DILÉLÉR HADIAH SAMSUDI 2014”, anu perenahna di handapeun gambar

ermawar beureum nu ngagolér na taneuh. Tuluy di handapeun tulisan

penghargaan, aya tulisan jenis novel dumasar umur nya éta novel rumaja.

Dina kaca 1, aya judul novel, tur aya tulisan wujud kadeudeuh pangarang ka

(21)

40

Prasasti nu Ngancik na Ati ieu, perenahna dina kaca 5, aya pangbagéa ti

sababaraha inohong nya éta, pangbagéa ti Aan Merdeka Permana salaku

pangarang novel Perang Bubat versi anyar, jeung Aan ogé mangrupa Pingpinan

Rédaksi majalah Sunda Ujung Galuh, tuluy aya pangbagéa ti Prof. Dr.

Iskandarwassid salaku sastrawan jeung dosén pascasarjana UPI, jeung hiji deui

pangbagéa ti DR. Asep Salahudin salaku esais, dékan FSY IAILM, jeung dosén

UIN Bandung.

Mimiti rék nincak kana carita, dina kaca 7 aya gambar écéng kalayan dua

cingcin di luhurna tur dikurilingan ku dangdaunan. Carita ieu novel dina episode

kahiji dijudulan “Miasih” dina kaca kaca 9 nepi ka kaca 33, episode kadua

dijudulan “Honcéwang” nu perenahna aya dina kaca 34 nepi ka kaca 59, episode

kaopat dijudulan “Ngolémbar” nu aya dina kaca 60 nepi ka kaca 74, jeung episode

nu pamungkas nya éta dijudulan “Panceg” nu aya dina kaca 75 nepi ka kaca 119.

Dina ieu novel, pangarang lain waé tapis dina ngulinkeun kecap, ngawangun

dialog anu hirup, tapi ogé ngawarnaan ieu novel ku cara ngasupkeun basa daérah

séjén nya éta basa batak toba. Ku kituna, sangkan nu maca babari dina

ngahartikeun basa batak nu aya dina leunjeuran carita, satamatna carita, aya

catetan nu mangrupa kamus leutik pikeun ngahartikeun basa batak nu aya dina

carita. Dina jilid tukangna, aya sinopsis novel, foto, biografi pangarang, penerbit

buku, jeung barcode buku.

3.7 Prosedur Panalungtikan

Prosedur panalungtikan nurutkeun Suyatna (dina Muda’im, 2013, kc. 47) nya

éta mangrupa tarékah atawa cara anu kudu dilakonan kalayan ngagunakeun

métode nu tangtu, anu satemenna bisa ngahontal tujuan dina hiji panalungtikan.

Data anu ditalungtik nya éta novel Prasasti nu Ngancik na Ati karangan Popon

Saadah. Sabada data kakumpul, tuluy dianalisis kalayan téhnik ieu di handap.

a. Tahap Déskriptif

Tahap déskriptif nya éta tahap ngadeskripsikeun jeung ngaidentifikasi data

(22)

41

panalungtikan, anu mimiti didéskripsikeun nya éta eusi novel Prasasti nu Ngancik

na Ati dina wangun sinopsis.

b. Tahap Klasifikasi

Tahap klasifikasi nya éta ngawilah-wilah data nu geus didéskripsikeun

dumasar kana masalah nu rék ditalungtik. Dina ieu panalungtikan anu engkéna

baris dianalisis nya éta kapribadian tokoh nu aya dina novel Prasasti nu Ngancik

na Ati karangan Popon Saadah.

c. Tahap Analisis

Tahap analisis nya éta tahap pikeun nganalisis dumasar data anu geus

diklasifikasi. Dina ieu panalungtikan, novel Prasasti nu Ngancik na Ati dianalisis

karaktér tokohna, nu engkéna jadi dadasar pikeun nganalisis unsur psikologina.

d. Tahap interpretasi

Tahap interpretasi nya éta tahap napsirkeun data nu geus dianalisis. Tujuan

tahap interprétasi nya éta pikeun ngahontal pamahaman anu luyu jeung tujuan

panalungtikan. Indikator-indikator anu baris ditapsirkeun dina ieu panalungtikan

nya éta ngeunaan karaktér tokoh, konsép émosi, jeung psikoanalisis kapribadian

Sigmun Freud

e. Tahap Èvaluasi

Tahap évaluasi nya éta tahap ngajén ulang kana hasil analisis data, sangkan

(23)

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekkan

Dina enas-enasna novel bisa dianalisis kalayan ngagunakeun pamarekan

psikologi, sabab dina sastra hususna novel euyeub ku unsur kajiwaan nu nyampak

dina tokoh-tokohna. Kanyataan hirup hiji jalma bisa dipanggihan dina karya sastra

nu diperankeun ku tokoh carita. Dina analisis unsur penokohan raket patalina

jeung kapribadian individu para tokoh.

Téma dina ieu novel nya éta cinta. Cinta nu dicaritakeun dina ieu novel téh

nya éta cinta nu hésé nu cinta anu hésé meunangkeun kapastian sabab

dirbibingung ku dua nonoman anu béda kapribadian. Tokoh nu aya dina ieu novel

nya éta, Rinéga, Prasasti, Fauzan, Mamah, Bapa, Mah Ani, Opung Boru, Indung

Fauzan, Adina Fauzan, jeung Bapana Fauzan. Unggal tokoh dina ieu novel

miboga karakter nu tangtu, nu méré warna kana kalumangsungan ieu carita.

Kahirupan carita nu diébréhkeun ku pangaran kalayan ngagunakeun téhnik

pelukisan tokoh sacara ékspositoris jeung sacara dramatik. Latar nu aya dina ieu

novel ogé ngawengku latar waktu, latar tempat, jeung latar sosial. Latar tempat

lumangsungna kajadian dina ieu novel nya éta kabagi jadi dua jenis, nya éta

tempat general jeung tempat parsial. Tempat general nya éta tempat

lumangsungna kajadian nu jadi saksi lalampahan kahirupan cinta antara Rinéga

jeung Prasasti, nya éta di kota Bandung jeung Garut. Sedengkeun latar tempat

parsial nya éta: (1) rohang tamu imah Rinéga,; (2) buruan imah Rinéga; (3) warnet

tempat Rinéga sok ngerjakeun tugas kuliahna; (4) réstoran Lémbang ; (5) rumah

sakit tempat Prasasti di rawat; jeung (6) imahna Fauzan.

Latar waktu dina ieu carita digambarkeun ku pangarang miboga dua

pasifatan, aya nu sifatna absolut, aya ogé parsial nya éta poé Minggu, poé tadi,

dua poé katukang, atawa dua minggu kamari. Sedengkeun waktu parsial nya éta

hiji waktu, isukna, wanci sareureuh budak, wanci rumangsang, jeung wanci

magrib kolot. Lian ti latar tempat jeung waktu, aya ogé latar sosial. Dina ieu novel

(24)

97

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kahirupan asmara para tokoh utama. penokohan bisa katempo tina émosi

masing-masing tokoh. Konsép nu kapanggih dina novel Prasasti nu Ngancik na Ati

mangrupa ébréhan tina kajadian nu lumangsung, nu mangaruhan kana paripolah

tokoh. Konsép émosi nu nyampak dina diri tokoh-tokoh nu aya dina ieu novel téh

nya éta, émosi rasa salah, rasa salah anu disidem, ngahukum diri sorangan, rasa

kaéra, rasa sedih, rasa ceuceub, jeung rasa cinta.

Dina ieu novel ngungkarakeun ngeunaan dinamika jeung prosés kejiwaan

tokoh-tokoh nu dipangaruhan ku faktor asmara. Analisis penokohan dina ieu

novel bisa dicangking ngaliwatan gambaran prosés kejiwaan ti masing-masing

tokoh nu dipangaruhan ku faktor luar jeung faktor jero (bawah sadar jeung sadar).

Ngaliwatan analisis penokohan kalayan pamarekan psikologi sastra, prosés

kejiwaan masing-masing tokoh bisa méré éfék réalistis dina ieu karya. Prosés

kejiwaan tokoh-tokohna bisa pikanyaho ngaliwatan tiori Sigmund Freud (id, ego,

jeung superego) nu bisa ngagambarkeun suasana jeung perasaan para tokoh. Ieu

hal teu leupas tina kamampuh pangarang dina ngagambarkeun watek tokoh nu aya

dina karyana.

Struktur kapribadian id, ego jeung superego katitén tina masing-masing tokoh

anu aya dina ieu novel. Éta unsur kapribadian téh mangaruhan kana paripolah

tokoh tur bisa némbongkeun karakter tokohna. Unggal paripolah nu dilakonan ku

para tokoh téh mangrupa hasil tina pagedrugna id, ego, jeung superego, nu ahirna

bakal nuyun kana naon anu dilakonan. Karakter tokoh dumasar pamarekan

psikoanalisis katitén yén tokoh Rinéga nu salaku tokoh utama miboga sifat nu

babari timburu, babari kabébénjokeun, lumpat tina masalah, sok nyiksa manéh,

perhatian, jeung nurut. Ari Prasasti mah miboga karakter nu koloteun, kurang

percaya diri, haré-haré, jeung teu nunda-nunda hal nu dianggap penting pikeun

kahirupan ka hareupna. Sedengkeun tokoh Fauzan, sacara psikoanalisis miboga

karakter nu beunghar, nembrak, sabar tur ngéléhan, bubudakeun, jeung sombong.

Dumasar hasil ieu panalungtikan, dicindekkeun yén novel Prasasti nu

Ngancik na Ati karya Popon Saadah bisa dijadikeun alternatif pikeun bahan

pangajaran di SMA, lantaran miboga kapunjulan ajén basa, kapunjulan ajén sastra,

(25)

98

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pangajaran, bisa mantuan siswa pikeun ngaaktualisasi diri, boh tina tokoh nu

positip ajénna, boh nu negatif ajénna, nu remen kapanggih dina kahirupan

sapopoé.

5.2 Saran

Pikeun ngeuyeuban kasusastraan sakaligus dunya atikan, leuwih hadé

upama panalungtikan sastra dipatalikeun jeung pangajaran. Ieu hal bisa

mangaruhan kana minat diajar siswa kana kasusastraan hususna kasusastraan

Sunda. Ieu panalungtikan téh disusun pikeun pihak-pihak nu patali jeung

panalungtikan nu geus dicangking, saperti nu maca, pangarang, masarakat sastra,

siswa jeung panalungtik séjénna. Patali jeung ieu pasualan, aya sawatara saran

pikeun kamajuan dunya kasusastraan jeung dunya atikan, saperti anu ditétélakeun

ieu di handap.

1. Pikeun nu maca, dipiharep bisa terus ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan

karya sastra kalayan méré ajén atawa kritik nu bisa mekarkeun

kasusastraan Sunda

2. Leuwih alus upama hasil tina panalungtikan téh dilarapkeun langsung

kana pangajaran, sangakan panalungtikan nu dilaksanakeun henteu ngan

ukur jadi sarat wungkul, tapi sakumaha anu jadi tujuan nu hayang

dihontal, nya éta bisa ngaronjatkeun dunya atikan jeung kasusastraan,

utamana dina widang basa jeung sastra Sunda.

3. Pikeun pangarang dipiharep bisa terus ngaronjatkeun deui kamampuh

dina ngahirupkeun tokoh jeung penokohan, sabab dina enas-enasna tokoh

téh mangrupa unsur nu pangpentingna, tur nu ngahuripkeun carita.

4. Ieu panalungtikan dipiharep bisa dimangpaatkeun salaku alternatif bahan

pangajaran tiori jeung aprésiasi sastra, nya éta: mantuan dina

ngaronjatkeun kaparigelan basa, ngaronjatkeun pangaweruh ngeunaan

budaya, mekarkeun cipta jeung rasa, jeung mantuan dina ngawangun

(26)

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Adi, S. 2011. Pengaruh Kepribadian Tokoh Ibu Terhadap Nayla dalam Novel Nayla

Karya Djenar Maesa Ayu. [Online]. Tersedia: lib.unnes.ac.id [20 Desember

2014]

Arikunto, S. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1990. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka

Dewiana, R. 2011. Analisis Trauma dan Dendam Hannibal Lecter dalam Novel

Hannibal Rising Karya Thomas Harris. [Online]. Tersedia: eprints.undip.ac.id

[8 Desember 2014]

Diknas Jabar. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran

Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Diknas Jabar

Djamarah, S & Zain A. 2007. Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: Rineka Cipta.

Feist, Jess dan Gregory J. Feist. 2010. Teori Kepribadian. Jakarta: Salemba Humanika.

Hudaya, D. 2011. Kajian Psikologi Humanistik kana Novel Déng Karya Godi

Suwarna pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA. Bandung:

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Husna, S. 2012. Analisis Tokoh dalam Novel Pudarnya Pesona Cleopatra Karya

Habiburrahman El-Shirazy: Kajian Psikologi Sastra. [Online] Tersedia:

jurnal.unimed.ac.id [11 Desember 2014]

Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten

(27)

100

Deuis Santika, 2014

Karakteristik Tokoh dalam Novel Prasasti nu Ngancik na Ati Karya Popon Saadahuntuk Bahan Pembelajaran Membaca di SMA (Tinjauan Psikologi Sastra)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Minderop, A. 2010. Psikologi Sastra: Karya Sastra, Metode, Teori, dan Contoh

Kasus. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia.

Nurgiyantoro, B. 2013. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Muda’im, Suci Sarifah. 2013. Novel Patepung di Bandung Karangan Taufik Faturrohman: Tilikan Psikologi Sastra. Bandung: Departemen Pendidikan

Bahasa Daerah.

Pradopo, Rachmat Djoko. 2013. Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan

Penerapannya. Yogyakarta: Penerbit Pelajar.

Ruhaliah. 2012. Sejarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Saadah, P. 2013. Prasasti nu Ngancik na Ati. Bandung: Green Smart Book

Syuropati, M A. 2011. 5 Teori Sastra Kontemporer & 13 Tokohnya. Yogyakarta. In Azna Book.

Tarigan, Henry Guntur. 2011. Dasar-dasar Psikosastra. Bandung: Angkasa.

Gambar

Gambar 3.1 Novel Prasasti nu Ngancik na Ati

Referensi

Dokumen terkait

penelitian dengan judul “ Konflik Batin Tokoh Rinai Dalam Novel Rinai, Tinjauan Psikologi Sastra dan Implementasinya Terhadap Pembelajaran Sastra”. Rumusan Masalah. Berasarkan

KONFLIK BATIN TOKOH UTAMA DALAM FILM SERDADU KUMBANG KARYA JEREMIAS NYANGOEN: TINJAUAN PSIKOLOGI SASTRA DAN IMPLEMENTASINYA SEBAGAI BAHAN AJAR SASTRA DI SMA.. Skripsi Diajukan

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan struktur dan pembentukan identitas tokoh Ian dalam novel 5 Cm karya Donny Dhirgantoro dengan tinjauan psikologi

ASPEK KEPRIBADIAN TOKOH UTAMA DALAM NOVEL CINTA DI UJUNG SAJADAH KARYA ASMA NADIA: TINJAUAN PSIKOLOGI

Arah atau penekanan dalam penelitian ini adalah konflik batin tokoh utama tinjauan psikologi sastra pada novel Sang Maharani karya Agnes Jessica dengan

BAB IV Konflik Batin Tokoh Utama Novel Pusparatri karya Nurul Ibad Tinjauan Psikologi Sastra, merupakan bab inti dari penelitian yang meliputi konflik batin

Anu dideskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta ngeunaan psikologi kapribadian tokoh (psikoanalisis) dina novel Prasasti nu Ngancik na Ati karya Popon

Simpulan dari penelitian ini adalah aspek kejiwaan tokoh dalam novel Sebelas Patriot karya Andrea Hirata dapat ditinjau dengan menggunakan tinjauan psikologi sastra..