• Tidak ada hasil yang ditemukan

ULIKAN STRUKTURAL NOVÉL RASIAH NU GORÉNG PATUT KARYA DJUHANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL KELAS XI.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ULIKAN STRUKTURAL NOVÉL RASIAH NU GORÉNG PATUT KARYA DJUHANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL KELAS XI."

Copied!
22
0
0

Teks penuh

(1)

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu i

ULIKAN STRUKTURAL NOVÉL

RASIAH NU GORÉNG PATUT KARYA JOEHANA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI KELAS XI1)

Devy Dwyantiningsih2)

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan struktural novel Rasiah nu Goréng Patut karya Joehana yang dijadikan bahan ajar membaca novél di SMA kelas XI. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif analisis dengan menggunakan telaah pustaka. Analisis struktural yang dilakukan adalah mengidentifikasi unsur intrinsik novel berupa tema, alur, setting, tokoh, gaya bahasa, dan amanat. Hasil dari penelitian ini menyimpulkan bahwa novel Rasiah nu Goreng Patut menceritakan tentang seseorang yang memiliki wajah buruk rupa dan pekerjaan yang rendah berkeinginan untuk memiliki istri yang cantik dan kaya raya. Novel ini mempunyai tema moral, memiliki alur cerita yang maju, setting utama dalam cerita ini dilakukan di rumah Eulis Awang dan Nyi Usni, dan yang menjadi tokoh utama dalam novel ini adalah Karnadi. Dalam penulisan novel ini dapat ditemukan gaya bahasa yang digunakan pengarang adalah bahasa Sunda sehari-hari. Amanat yang disampaikan dalam cerita ini yaitu jangan menghalalkan segala cara untuk mendapatkan sesuatu. Novel ini dapat digunakan sebagai bahan pembelajaran membaca, hususnya membaca novel pada mata pelajaran Bahasa Sunda di kelas XI.

Kata Kunci: novel rasiah nu goréng patut, analisis struktural.

(2)

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ii

2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung angkatan 2010.

PANGJAJAP

Alhamdulillahhirobbilalamin. Puji sinareng sukur disanggakeun ka Allah

SWT, anu parantos masihan mangpirang-pirang ni’mat Iman sinareng Islamana,

dugi ka skripsi ieu tiasa réngsé dina waktosna. Solawat sinareng salam, mugia

tetep ngocor golontor ka jungjunan alam nyatana habibanna wanabiyina

wamaulana Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina, ka para sohabatna, ka para tabiin-tabi’atna, dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Ku widi Gusti nu maha suci, sim kuring tiasa ngaréngsékeun ieu skripsi anu judulna “Analisis Struktural Novél Rasiah nu Goréng Patut Karya Djuhana pikeun Pangajaran Novél di Kelas XI”, salami ngadamél ieu skripsi teu sakedik bangbaluh, halangan-harungan anu karandapan ku panyusun, éta hal

dilantarankeun ku kirangna pangaweruh jeung pangabisa panyusun dina élmu

kasusastraan, nanging ku kawasana Gusti nu maha suci sareng sanés kantenna

pangrojong ti para dosen jurusan Pendidikan Basa Daérah, ibu rama, sareng

réréncangan sadaya, Alhamdulillah ieu skripsi tiasa rengsé sok sanaos seueur

pisan kakiranganana sarta jauh tina sampurna.

Dina ieu skripsi, diaguar hasil analisis ngeunaan struktural novél Rasiah

nu Goréng Patut karya Djuhana, nyaéta ngeunaan: 1) téma jeung masalah, 2) fakta

caritana, jeung 3) sarana caritana. Tuluy tina hasil panalungtikan ieu bisa

dilarapkeun pikeun pangjaran maca novél di kelas XI.

Mugia ieu skripsi, bisa kaala mangpatna, hususna keur panyusun, umumna

keur nu maca pikeun nanjeurkeun élmu pangaweruh basa hususna basa Sunda

katut dina panagajaran kahareupna.

Bandung, 17 Mei 2014

(3)

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu iii

Devy Dwyantiningsih

TAWIS NUHUN

Puji sinareng sukur kasanggakaeun ka Allah SWT anu parantos maparin

mangpirang-pirang ni’mat utamina ni’mat iman sareng Islamna.

Alhamdulillahir’abbilalamin, hatur sewu nuhun laksa keti kabingahan, ieu skripsi réngsé kalayan dipasihan kalancaran. Tangtos teu lésot ti pihak-pihak anu

parantos masihan pangrojong, boh moril boh matérina. Hatur nuhun ka:

1. Bapa Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd., salaku Pupuhu Jurusan Pendidikan

Bahasa Daerah sarta salaku Dosén Pangping I sareng Ibu Retty Isnendes,

M.Hum., salaku Dosen Pangaping II anu parantos ngaping satra masihan

pangrojong dugi karéngséna ieu skripsi.,

2. Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. salaku Sékrétaris Jurusan Pendidikan Bhasa

Daerah.,

3. Bapa miwah Ibu réngréngan Dosén Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah anu

parantos ngatik tur ngadidik panyusun dugi ka réngséna ieu skripsi: Prof, Dr.

H. Rahman, M.Pd., Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd., Dr. Yayat Sudaryat,

M.Hum., Dr. Dedi Koswara, M.Hum., Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. Drs.

H. O. Solehudin, M,Pd., Dr. Ruswendi Permana, M.Hum., Drs. Dede

Kosasih, M.Hum., Dr. Retty Isnendes, M.Hum., Hernawan, S.Pd., M.Pd.,

Ade Sutisna, S.Pd., Temmy Widiastuti, M.Pd., Agus Suherman, S.Pd., M.Pd.,

sareng Dian Hendrayana, S.S, M.Pd.,

4. Bapa Wawan (Alm), Pa Apan Kuswara, Kang Dede, Téh Herma, sareng staf

tata usaha JPBD anu mindeng diririweuh salami sim kuring kuliah dugi ka

réngséna ieu skripsi.,

(4)

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu iv

6. Pun lanceuk, Eka Novianto, S.Pd., M.Pd., sareng Téh Indri Citra Lestari,

S.Pd., pun adi Trian Aprianti sareng Mia Fazri Nurjannah, sareng nu sanés nu

parantos masihan pangrojong sareng kanyaahna.,

7. Dulur saentragan Ade Irma Trifaningsih jeung Mela Eka Nurmalaningsih anu dipikanyaah, sareng nu sanésna anu kungsi sapapait samamanis dina “Saucap Saréngkak Saparipolah”.,

8. Sobat layeut, Wini Widiastuti, Yuny Anggraini jeung Dely Nurma Antari nu

teu weléh nyumangetan simkuring dugi karéngséna ieu skripsi.,

9. Dulur kelas B ceria 2010 Reni, Bunda, Rena, Momy, Papap, Om Pim, Abang,

Aa Heri, Pipi, Nuy, Iyang, Kodong, Fania, Riska Cibi, Erin, Chaerunnisa,

Inasya, Iik, Ginanjar, Anit, Andini, sareng nu sanésna.,

10. Dulur kelas “BARABHE” Baraya Kelas Be anu parantos nyumangetan.,

11. Dulur KKN, Dikdik, Kania, Sigit, Dara, Agus, Abdul, Rani, Ine, Maya, Wais

anu parantos masihan pangrojong sareng sumangetna.,

12. Dulur PPL, Alfy, A Izar, A Rahi, Téh Novi, A Anggara, Yuny, Wini, Dely,

Ria, Reni, Peni, nu masihan sumanget.,

13. Barudak riweuh Muty, Sifa Mashaa, Lia, Reni, Cece, Nasya, Seni, Nisa,

Abang, Popy nu bajoang babarengan dina nyusun skripsi dugi ka réngséna ieu

skripsi.,

14. Barudak SAMBADA “Damar Sialatu” Popy, Bundo, Givi, Indra, Femi, Neni,

Adel, Syifa, Ecuy, Ida. Ogé ka Kang Awin, Téh Dwi Zahra, Kang Fahmi Capung anu parantos masihan élmu téater ka sim kuring sangkan “sakedok ulah kagok sapanggung ulah pundung”.,

15. Barudak LISÉNDA, lanceuk tingkat anu parantos ngaping sim kuring dina

kasenian ka Sundaan, sareng rerencangan saperjuangan Meyon, Uly, sareng

nu sanésna nu ngalakokon dina Lingkungan Seni Sunda.,

16. Guru-guru sareng siswa-siswi SMP YAS Bandung anu parantos masihan

pangalaman ngajar (PPL).,

17. Pihak-pihak séjén anu teu tiasa ditataan hiji-hiji anu parantos ngarojong kana

(5)

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu v

Hatur nuhun kana samudaya bantosanana, mugia diganjar ku Gusti Allah

SWT. Amin

Bandung, 17 Mei 2014

Panyusun,

Devy Dwyantiningsih

(6)

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu vi

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... I PANGJAJAP... Ii TAWIS NUHUN ... V DAPTAR EUSI ... Vi DAPTAR TABEL ... Ix DAPTAR GAMBAR ... X DAPTAR LAMPIRAN ... Xi DAPTAR SINGGETAN ... Xii

BAB 1 BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Watesan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4

1.5 Raraga Tulisan ... 5

BAB 11 NOVÉL, STRUKTURAL, JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA ... 6

(7)

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu vii

2.2.2 Struktur Unsur Intrinsik ... 10

2.2.2.1 Téma ... 10

2.3.4 Wangenan Standar Kompeténsi Kompeténsi Dasar ... 17

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 20

3.1 Sumber Data ... 20

3.2 Desain Panalungtikan ... 20

3.3 Métode Panalungtikan ... 21

3.4 Wangenan Operasional ... 21

3.5 Instrumen Panalungtikan ... 22

3.6 Téhnik Panalungtikan ... 23 BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 26

4.1 Déskripsi Pangarang jeung Novél ... 26

(8)

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu viii

4.3 Struktur Novél ... 33

4.3.1 Téma ... 33

4.3.2 Galur ... 34

4.3.3 Palaku ... 39

4.3.4 Latar ... 44

4.3.5 Gaya Basa ... 51

4.3.6 Amanat ... 51

4.4 Larapna Unsur Intrinsik Novél Rasiah nu Goréng Patut Pikeun Bahan Maca Novél di Kelas XI ... 52

4.4.1 Matéri Ajar ... 51

4.2 Larapna Hasil Panalungtikan pikeun Bahan Pangajaran Maca di Kelas XI ... 51

4.2.1 Matéri Ajar ... 52

4.2.2 Maham Unsur Intrinsik Novél ... 54

BAB V KACINDEKAN, SARAN ... 5.1 Kacindekan ... 55 55 5.2 Saran ... 56

DAPTAR PUSTAKA ... 57

LAMPIRAN ... 59

(9)

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ix

DAPTAR TABÉL

Tabél 4.1 Palaku Novél Rasiah nu Goréng Patut ... 39

(10)

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu x

DAPTAR GAMBAR

Gambar 3.1 Conto Kartu Data ... 23

(11)

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu xi

DAPTAR LAMPIRAN

Lampiran 1 SK Pengesahan Judul dan Penunjukan Dosen Pembimbing

Skripsi ... 68

(12)

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu xii

DAPTAR SINGGETAN

Disdik = Dinas Pendidikan

Jabar = Jawa Barat

Jrrd = Jeung Réa-réa Deui

Kc = Kaca

SKKD = Standar Kompeténsi Kompeténsu Dasar

SMA = Sekolah Menengah Pertama

SMK = Sekolah Menengah Kejuruan

RPP = Rencana Pelaksanaan Pembelajaran

YAS = Yayasan Atikan Sunda

RCTI = Rajawali Citra Televisi Indonesia

TVRI = Televisi Republik Indonesia

(13)

1

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1KASANG TUKANG MASALAH

Nengetan rumaja jaman kiwari, katiténna mah leuwih resep kenéh maca SMS,

BBM, Chating jeung sajeroning jejaring sosial batan maca novél. Padahal, batan

maca jejaring sosial leuwih mangpaat kénéh maca novél. Dina novél aya

unsur-unsur anu miboga mangpaat pikeun nu macana. Mangpaat novél lain ngan saukur

ditilik tina aspék hiburan wungkul tapi ogé bisa ditilik tina amanah nu nyangkaruk

di jerona.

Novél mangrupa salasahiji karya sastra anu eusina nyaritakeun gambaran

kahirupan manusa nu sipatna fiksi atawa rékaan. Sanajan sipatna fiksi tapi dina

novél mah eusina lir enya-enya kajadian. Kajadian-kajadian nu aya dina novél

digambarkeun sakumaha nu aya dina kahirupan sapopoé. Ku kituna, dina novél

loba hal nu bisa dijadikeun pieunteungeun keur urang dina ngalakonan kahirupan.

Dina novél aya amanah nu mangrupa papatah atawa pieunteungeun pikeun urang

kumaha balukarna lamun urang milampah kahadéan pon kitu deui kumaha

balukarna lamun urang milampah kagoréngan.

Lamun ditilik tina kahirupan manusa jaman baheula, karya sastra sok

dikaitkeun jeung kahirupan sosial manusa dina adat jeung istiadatna, tapi jaman

kiwari mah, kalungguhan sastra téh beuki dieu beuki kurang, lantaran geus béda

situasi jeung geus kapangaruhan ku jaman. Jaman kiwari lolobana jalma-jalma téh

leuwih resep kana macana wungkul, tanpa ngarasakeun kaéndahan, maham jeung

neleuman kana eusi éta tulisan.

Sangkan bisa ngarasakeun kaéndahan karya sastra, pamaca lain ngan saukur

maca wungkul, tapi kudu bisa ogé neuleuman eusi éta karya sastra sangkan bisa

maham kana naon anu ditepikeun dina éta karya sastra. Hal kasebut bisa

dilakonan ku cara nganalisis struktur nu aya dina karya sastra kasebut.

Sastra bisa dianggap salasahiji gejala sosial, ku kituna sastra ditulis dina

(14)

2

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

hirup manusa anu tumuwuh dina éta jaman (Koswara, 2011, kc. 10). Ieu hal ampir

sarua jeung anu diungkarakeun ku Warton (Koswara, 2011, kc. 10) yén sastra téh

gudang adat istiadat jeung mangrupa buku sumber sajarah tina peradaban. Lamun

dipatalikeun jeung budaya Sunda, budaya Sunda taya lian ti lingkungan sosial

jeung kabudayaan anu miboga norma-norma jeung ajén-inajén séké sélér bangsa

Sunda (Isnendés, 2010, kc. 24).

Hiji karya sastra bisa mangaruhan kana gumelarna karya sastra séjénna.

Damono (dina Koswara, 2011, kc.10), netelakeun yén karya sastra téh diciptakeun

ku sastrawan pikeun bisa dirarasakeun kaéndahanana, dipaham, jeung bisa

dimangpaatkeun ku masarakat. Ku kituna nu maca karya sastra sangkan bisa

maham jeung bisa nyangkem kana eusi karya sastra, tangtu sacara langsung kudu

bisa ngajén kana éta karya sastra. Ieu hal mangrupa salasahiji tarékah sangkan

bisa nyangkem jeung maham dumasar kana tinimbang segi kamasarakatanana.

Sangkan bisa nyangkem jeung maham kana karya sastra, salahijina nya éta

ngagunakeun téori sastra ku cara dianalisis. Dina téori sastra pikeun nganalisis hiji

karya anu bisa digunakeun dina nganalisis nya éta ngagunakeun téori struktural.

Di handap ieu aya Pradopo (Riyadi, 2013, kc. 1) ngutip tina pamadegan Pradopo

ngeunaan téori struktural,

Satu konsep dasar yang menjadi ciri khas teori structural adalah adanya anggapan bahwa di dalam dirinya sendiri karya sasatra merupakan suatu struktur yang otonom yang dapat dipahami sebagai satu kesatuan yang bulat dengan unsus-unsurpembangunnya yang saling berjalina. Oleh karena itu untuk memahami maknanya, karya sastra dikaji berdasarkan strukturnya sendiri, lepas dari latar belakang sejarah, lepas dari diri dan niat penulis, dan lepas pula efeknya dari pembaca (Jabrohim, 2012:69).

Novél nya éta wangun karya sastra rékaan, najan rékaan tapi panulis ditungtut

pikeun bisa méré kesan nu enya pikeun nu maca, sangkan nu maca percaya lir siga

nu enya éta kajadian tur ukuran jalan caritana panjang teu singget siga carpon.

Jalan caritana ogé loba sarta aya sabaraha kajadian nau silih sinambung jeung

(15)

3

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Novél bisa jadi salasihiji pikeun bahan pangajaran, ieu hal luyu jeung KI-KD

pangajaran basa Sunda kelas XI dina pangajaran maca novél. Novél Rasiah nu

Goréng Patut karya Djuhana bisa dijadikeun bahan pikeun pangajaran basa

Sunda. Sabab ditilik tina tingkatan émosionalna éta novél luyu jeung tingkatan

pikeun SMA sarta loba ajén-inajén anu bisa dipaké conto pikeun kahirupan.

Sangkan novél Rasiah nu Goréng Patut bisa dijadikeun bahan pangajaran, tangtu

kudu aya panalungtikan kana éta novél ku cara dianalisis heula. Nganalisis karya

sastra bisa ku sababaraha cara tapi, panalungtik nganalisis novél Rasiah nu

Goréng Patut ieu ku cara analisis strukturalna.

Tina sawatara skripsi anu geus dibaca, aya sawatara skripsi anu medar

ngeunan nganalisis struktural novél, diantarana ku Muhamad Yogi Hamdani dina

judul skripsi “Analisis Struktural Novél Tri Tangtu di Bumi Karya Yoséph Iskandar pikeun Bahan Pangajaran Maca kelas XI”, ku Elsye Priandini Riyadi

dina judul skripsi “Analisis Struktural jeung Sémiotik dina Novél Sudagar Batik

Karangan Ahmad Bakri pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA”, ku

Jajat Jatirasa dina judul skripsi Analisis “Ajén Moral dina Novél Payung Butut

Karya Ahmad Bakri”.

Tina sababaraha panalungtikan anu di luhur, sok sanajan sarua

panalungtikanna ngeunan analisis struktural novél, tapi béda dina ulikanana.

Kulantaran kitu, ieu skripsi nu miboga judul “Analisis Struktural Novél Rasiah nu

Goréng Patut karya Djuhana pikeun Pangajaran Maca Novél di Kelas XI” penting

ditalungtik pikeun dijadikeun salasahiji bahan pangajaran maca novél di kelas XI.

1.2WATESAN JEUNG RUMUSAN MASALAH

1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah, ieu panalungtikan leuwih kana ulikan

unsur intrinsikna lantaran nganalisis struktural dina novél, sakumaha anu geus

disebutkeun dina kasang tukang, nepi ka kiwari para ahli can bisa méré wangenan

nu merenah kana karya sastra. Ieu panalungtik museurkeun nganalisis kana

struktural novél luyu jeung téori Stanton (dina Koswara, 2012, kc. 20), diantarana

(16)

4

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dina novél Rasiah nu Goréng Patut, sarta bisa dijadikeun henteuna pikeun bahan

pangajaran maca novél di kelas XI.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah anu geus dipedar di luhur, ieu panalungtikan

téh tangtu aya sababaraha masalah anu baris dipedar dina wangun patalékan ieu di

handap.

1. Kumaha hasil analisis novél Rasiah nu Goréng Patut (téma, galur,

palaku,latar, gaya basa, jeung manat) ?

2. Kumaha larapna hasil ieu panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca

novél di kelas XI?

1.3TUJUAN PANALUNGTIKAN

Luyu jeung rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan

pikeun ngajéntrékeun:

1. Analisis struktural novél Rasiah nu Goréng Patut (téma, galur, palaku, latar,

gaya basa, jeung amanat)

2. cara ngalarapkeun hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca novél

di kelas XI.

1.4MANGPAAT PANALUNGTIKAN

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara téoritis, hasil tina ieu panalungtikan dipiharep bisa ngahasilkeun

mangpaat pikeun nambahan pangaweruh dina ngaaprésiasi karya sastra, hususna

dina analisis srtuktural.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, panalungtikan ieu miboga mangpaat pikeun:

1. nambahan pangaweruh ngeunaan karya sastra Sunda, hususna dina novél

Rasiah nu Goréng Patut, jeung

(17)

5

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.5 RARAGA TULISAN

Bab I, dina ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung

raraga tulisan.

Bab II, dina ieu bab dipedar ngaeunaan téori-téori anu aya patalina jeung novél, analisis struktural, bahan pangajaran maca novél.

Bab III, dina ieu bab dipedar ngeunaan métodelogi panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, sumber data, jeung wangenan

operasional.

Bab IV, dina ieu bab dipedar ngeunaan analisis data jeung bahasan hasil tina panalungtikan.

(18)

56

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN, SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis dina bab IV, Ieu novél nyaritakeun ngeunaan

kahirupan jelema anu milampah kagoréngan, balukarna cilaka ku polah sorangan,

manéhna mikahayang ka nu lain babad mikaasih kanu lain tanding.

Téma ieu novél nyaéta ngeunaan moral, ieu hal bisa katitén tina kalakuan hiji jelema anu milampah kagoréngan, nyaéta Si Karnadi anu cialaka ku polah sorangan.

Dina novél ieu ogé dicaritakeun, lamun urang milampah hiji kagoréngan tinangtu

bakal meunang kagoréngan ogé, jeung deui sapinter-pinterna jelema nyamunikeun

bangké lila-lila bakal ka ambeu bauna. Galur ieu novél téh nyaéta galur mérélé,

sabab ieu novél geus nyumponan kana ciri-ciri katangtuan galur mérélé, nyaéta

caritana anu ngaguluyur ti mimiti caritaan nepi ka pungkasna carita. Latar dina novél

téh aya tilu latar nyaéta: tempat, waktu, jeung latar sosial. Palaku dina novél Rasiah

nu Goréng Patut, ngalibetkeun 11 palaku. Gaya basa dina ieu novél téh nyaéta gaya

basana gampang kaharti, najan aya sababaraha hiji babasan paribasa nu digunakeun

ku pangarang dina ieu carita, gaya basa nu digunakeun dina ieu carita téh pangarang

ngagunkeun gaya basa hiperbola, Amanat anu ditepikeun ku pangarang nyaéta,

urang kudu nalipak manéh, ngarumasakeun diri kurang, ulah mikahayang kanu lain

layak mikaasih kanu lain tanding. Tungtungna ngabohong cilaka wé ku polah

sorangan. Ulah nurutkeun teuing hawa napsu, sagala gé kudu dipikiran heula

piuntungeun jeung madorotna keur urang jeung balaréa.

Dumasar kana hasil panalungtikan, ieu novél Rasiah nu Goréng Patut téh bisa

dipaké pikeun bahan pangajaran maca novél di kelas XI. Cara pikeun ngalarapkeun

(19)

56

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5.2 Saran

Dumasar kana hasil analisis jeung kacindekan, aya sawatara saran pikeun

lumangsungna panalungtikan ngeunaan novél, hususna dina nganalisis struktur novél

dipiharep sangkan ngaronjatna kasusastraan nu aya di Jawa Barat. Aya sababaraha

saran anu ditujukeun ka : 1) lembaga-lembaga, 2) guru, 3) siswa, jeung 4) mahasiswa

1) lembaga sakola

Sakola dipiharep sangkan leuwih merhatikeun kana koléksi-koléksi novél Sunda,

salila ieu lolobana novél nu aya di perpustakaan téh ngan saukur dina wangun basa

Indonesia wungkul, ku ayana novél-novél Sunda di perpustakaan bisa

ngagampangkeun siswa kana maca novél.

2) guru

Ieu panalungtikan bisa dipaké pikeun lumangsungna pangajaran maca novél luyu

jeung RPP nu geus disadiakeun dina bab IV, ngan dina ieu panalungtikan ngan

saukur medar ngeunaan unsur intrinsikna wungkul, tuluy sabada lumangsungna

pangajaran maca novél, dipiharep guru kudu geus ngawasa kana matéri nganalisis

novél..

3) siswa

Pikeun siswa kudu leuwih resep maca novél basa Sunda, sangkan nambahan

élmu pangaweruh babasan jeung paribasa.

4) mahasiswa

Ka para Para mahasiswa, analisis struktural ngeunaan novél Sunda ieu kaasup

kana panalungtikan kasusastraan, dipiharep panalungtikan ngeunana analisis leuwih

(20)

56

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

(21)

58

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Aminudin. (2011). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar baru

ALgesindo.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2006). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Sunda. Bandung: Dinas

Pendidikan Jawa Barat.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV. Geger Sunten.

Isnendes, R. (2009). Panyawangan Sastra. Bandung: JPBD.

(2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori dan Kritik pada Karya Sastra

Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.

(2007). Teori Sastra. Bandung: JPBD.

Jabrohim. (2012). Teori Penelitian Sastra. Bandung: Pustaka Pelajar.

Koswara, D. (2013). Racikan Sastra. Bandung: JPBD.

Nurgiyantoro, B. (2013). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada

University Press.

Pradopo, R. D. (2010). Beberapa Téori sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya.

(22)

58

DEVY DWYANTININGSIH, 2014

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Riyadi, Elsye. P. (2013). Analisis Struktural jeung Sémiotik dina Novél Sudagar

Batik Karangan Ahmad Bakri pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di

SMA. Bandung: Skripsi JPBD. UPI.

Ruhaliah. (2010). Diklat Kuliah Sajarah Sastra. Bandung: JPBD.

Rusyana, Y. (1984). Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Lang.

Stanton, R. (2007). Teori Fiksi. Yogyakarta : Pustaka Pelajar.

Sumarsono, T. (1983). Pedaran Sastra Sunda. Bandung: PT. Medal Agung.

Tamsyah, B. R. (1997). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Wellek, R. & Austin W. (1989). Teori kesusastraan. Jakarta : Gramedia.

Widiastuti, W. (2014). Tradisi Ngaruat Lembur di Desa Tanjungsiang Kecamatan

Tanjungsiang Kabupatén Subang pikeun Bahan Pangajaran Maca Artike

Budaya. Bandung: Skripsi JPBD. UPI.

Joehana. (2013). Rasiah nu Goréng Patut. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: UPI Press.

Gambar

Gambar 3.1 Conto Kartu Data ...........................................................................

Referensi

Dokumen terkait

Penelitian ini bertujuan mendeskripsikan “ Ajén Budaya dina Kasenian Badogar di Désa Margalaksana Kecamatan Cilawu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA

Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Sémiotik) ” , anu jadi kasang tukang dina ieu panalungtikan nya éta kamekaran longsér anu jarang

Téknik anu digunakeun pikeun ngolah data ieu panalungtikan nya éta analisis data. Téknik analisis data pikeun ngaanalisis unsur-unsur karya sastra numutkeun

(3) Sasjén dina kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua kabagi jadi dua rupa, nya éta sasajén nu mangrupa kadaharan jeung sasajén non- kadaharan. 4) Sabada

Tawis nuhun anu taya bandingna, tawis sukur ka Gusti Allah nu Maha Esa, ku pituduh sareng ni’mat Anjeun-Na panulis tiasa ngaréngsékeun ieu skripsi anu Judulna

Skripsi ini bertujuan untuk mendeskripsikan dongeng hantu, mengklasifikasikan dongeng hantu, menganalisis struktur cerita dongeng hantu, dan mengaplikasikannya untuk bahan ajar

Iip Ropiatul Ulum, 2023 Tradisi Mudun Lemah di Désa Sumbakeling Kecamatan Pancalang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII Ulikan

TRADISI MUDUN LEMAH DI DÉSA SUMBAKELING KECAMATAN PANCALANG KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII Ulikan Struktural, Sémiotik, jeung