• Tidak ada hasil yang ditemukan

TOPONIMI NGARAN-NGARAN CURUG DI WILAYAH PURWASUKA (PURWAKARTA, SUBANG, KARAWANG) DUMASAR CARITA RAYAT.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "TOPONIMI NGARAN-NGARAN CURUG DI WILAYAH PURWASUKA (PURWAKARTA, SUBANG, KARAWANG) DUMASAR CARITA RAYAT."

Copied!
34
0
0

Teks penuh

(1)

No. 875/FPBS/0251/2015

TOPONIMI NGARAN-NGARAN CURUG DI WILAYAH PURWASUKA (PURWAKARTA, SUBANG, KARAWANG) DUMASAR CARITA RAYAT

SKRIPSI

Disusun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

YAN PRIYANA 1104589

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

(2)
(3)

TOPONIMI NGARAN-NGARAN CURUG DI WILAYAH PURWASUKA (PURWAKARTA, SUBANG, KARAWANG) DUMASAR CARITA RAYAT

Departemen Pendidikan Bahasa Daerah

Oleh Yan Priyana

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

© Yan Priyana 2015 Universitas Pendidikan Indonesia

2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(4)

TOPONIMI NAMA-NAMA AIR TERJUN DI WILAYAH PURWASUKA (PURWAKARTA, SUBANG, KARAWANG)

BERDASARKAN CERITA RAKYAT1

Yan Priyana2

Departemen Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS, UPI

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya pemahaman masyarakat Sunda mengenai cara pemberian nama tempat (Toponimi), khususnya asal-muasal tempat wisata air terjun di wilayah Purwasuka. Penelitian ini bertujuan untuk menguak kembali asal-usul nama-nama air terjun di wilayah Purwasuka berdasarkan cerita rakyat yang berkembang. Melalui penelitian ini juga diharapkan masyarakat Sunda akan kembali tahu mengenai sejarah asal-muasal nama-nama air terjun di wilayah Purwasuka. Metode yang digunakan dalam penelitian ini yaitu metode deskriptif kualitatif. Dalam penelitian ini ditemukan 17 air terjun yang terbagi di tiga kabupaten, yaitu: di Purwakarta ada Air terjun, Cipurut, Ciséoh, Gandasoli, Panembahan, di Subang ada Air terjun Cijalu, Cimuja, Cilampér, Cikondang, Guha Badag, Karémbong, Sadim, Saga, Pamandian Tuan, dan di Karawang ada Air terjun Bandung, Cigentis, Panundaan, Peuteuy. Ketujuhbelas air terjun tersebut mempunyai dasar munculnya nama air terjun, yang didasari oleh aspek manusia, tumbuhan (flora), hewan (fauna), dan barang. Setiap nama air terjun di wilayah Purwasuka juga ditemukan memiliki pola linguitik, seperti: (1) pola kata tunggal, (2) pola kata berimbuhan, dan (3) pola kata gabungan.

(5)

TOPONYMY OF THE WATERFALL IN PURWASUKA (PURWAKARTA, SUBANG, KARAWANG) BASED ON FOLKLORE1

Yan Priyana2

Students of the Department of Education Regional language, FPBS, UPI

ABSTRACT

This research is based on the Sundanese people that have lacks of understanding on how to give a name to a certain place (Toponimi), especially the history of waterfall tourisme in Purwasuka region. The research is aimed to go along the history of the waterfall in Purwasuka region based the developing folklore. By the research it is also hoped that the Sundanese people will know the names of waterfall in Purwasuka region with their history. In this research we use Descriptive Qualitative method and find 17 waterfalls spread out in three regions, that is, Cipurut, Ciséoh, Gandasoli, Panembahan waterfall in Purwakarta region, Cijalu, Cimuja, Cilampér, Cikondang, Guha Badag, Karémbong, Sadim, Saga, Pamandian Tuan waterfall in Subang region, and Bandung, Cigentis, Panundaan, Peuteuy waterfalls in Karawang region. Those seventeen waterfalls have canyons which based on human, plants, animals (plora and fauna) and materials aspects. Each name of waterfalls in Purwasuka Region has linguistic patterns for example: (1) Singular word pattern, (2) Affixation word pattern and (3) compound words pattern.

(6)

DAPTAR EUSI

1.3Tujuan panalungtikan ... 3

1.4Mangpaat panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat téoritis ... 4

1.4.2 Mangpaat pikeun kawijakan ... 4

1.4.3 Mangpaat praktis ... 4

1.4.4 Mangpaat isu sarta aksi sosial ... 4

1.5Raraga Tulisan ... 4

BAB II TATAPAKAN TIORITIS ... 6

2.1 Ulikan Tiori ... 6

2.1.1 folklor ... 6

2.1.1.1 Wangenan folklor jeung ciri-ciri folklor ... 6

2.1.1.2 Wanda-wanda folklor ... 7

2.1.2 Carita rayat minangka wanda folklor lisan ... 7

2.1.2.1 Wangenan Carita Rayat... 7

(7)

2.1.3 Toponimi ... 11

2.1.3.1 Wangenan Toponimi ... 11

2.1.3.2 Sistem Méré ngaran Tempat ... 11

2.1.3.3 Aspék Toponimi ... 12

2.1.3.4 Pola Toponimi ... 16

2.2 Panalungtikan Saméméhna ... 19

2.3 Raraga Mikir ... 20

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 23

3.1 Désain Panalungtikan ... 23

3.2 Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan ... 24

3.2.1 Informan ... 25

3.2.2 Lokasi Panalungtikan ... 26

3.3 Ngumpulkeun Data ... 35

3.3.1 Instrumén Panalungtikan ... 35

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 37

3.4 Téhnik Analisis Data ... 38

BAB IV TIMUAN JEUNG PEDARAN PANALUNGTIKAN ... 39

4.1 Timuan Panalungtikan ... 39

4.1.1 Data Sasakala Curug di Wilayah Purwasuka ... 39

4.1.1.1 Sasakala Curug Cipurut ... 40

4.1.1.2 Sasakala Curug Ciéoh ... 41

4.1.1.3 Sasasakala Curug Gandasoli ... 42

4.1.1.4 Sasakala Curug Panembahan ... 43

4.1.1.5 Sasakala Curug Cijalu ... 44

4.1.1.6 Sasakala Curug Cimuja ... 45

4.1.1.7 Sasakala Curug Cilampér ... 46

4.1.1.8 Sasakala Curug Cikondang ... 47

4.1.1.9 Sasakala Guha Badak ... 47

4.1.1.10 Sasakala Curug Karémbong ... 48

(8)

4.1.1.12 Sasakala Curug Saga ... 50

4.1.1.13 Sasakala Curug Pamandian Tuan ... 51

4.1.1.14 Sasakala Curug Bandung ... 52

4.1.1.15 Sasakala Curug Cigentis ... 53

4.1.1.16 Sasakala Curug Panundaan ... 54

4.1.1.17 Sasakala Curug Peuteuy ... 55

4.1.2 Dasar katut Aspék Munculna Ngaran-ngaran Curug di wilayah Purwasuka dumasar Carita Rayat ... 56

4.1.2.1 Dasar Munculna Ngaran Curug Dumasar Aspék Jalma ... 57

4.1.2.2 Dasar Munculna Ngaran Curug Dumasar Aspék Ékologis... 61

4.1.3 Pola Toponimi Curug di Wilayah Purwasuka ... 64

4.1.3.1 Pola Toponimi Salancar ... 65

4.1.3.2 Pola Toponimi Rundayan ... 67

4.1.3.3 Pola Toponimi Kantétan ... 68

4.2 Pedaran ... 71

BAB V KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI ... 74

5.1 Kacindekan ... 74

5.2 Rékomendasi ... 75

DAPTAR PUSTAKA ...

LAMPIRAN ...

(9)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Kabudayaan hiji masyarakat, ka asup budaya masarakat Jawa Barat, henteu stagnan tapi dinamis, nu hartina bisa robah ku kamajuan jaman, robahna

niléy-niléy budaya masarakat Jawa Barat di kasang tukangan ku kamajuan téhnologi, informatika jeung komunikasi (TIK) atawa éra globalisasi. Robahna jaman aya nu sipatna positif teu saeutik nu sifatna negatif. Parobahan ieu gé mangaruhan kana sistem méré ngaran hiji wilayah (toponimi) di Jawa Barat. contona, tina méré ngaran tempat sacara tradisional barobah jadi méré ngaran

sacara istilah asing, teu saeutik patempatan di Jawa Barat nu ngagunakeun istilah asing. Padahal dina toponimi ngandung ajén-ajén kahirupan jeung filosofi anu

jadi cicirén basa daérah.

Jaman kiwari gé masarakat Sunda teu saeutik nu geus teu wanoh kana sajarah atawa asal-muasal ngaran tempat anu dicicinganana. Nu jadi sabab kolot-kolotna henteu nyaritakeun deui ka budak-budakna, antukna carita jadi pegat tur budakna teu apal sajarah atawa asal-muasal tempat nu dicicinganana. Carita rayat téh ka asup kana wanda folklor lisan, sabab sumebarna sacara lisan.

Istilah folklor sacara etimologis asalna tina kecap folk nu hartina sarua

jeung koléktif atawa kumpulan/sakumpulan , jeung lore nu hartina tradisi

(turun-temurun), jadi nu disebut folklor nya éta sékésélér koléktifitas kabudayaan nu diwariskeun sacara turun-timurun jeung tradisi dina rupa-rupa vérsi boh nu wangun lisan jeung non lisan (Dananjaja, 2007, kc. 1-2).

(10)

2

Rusyana (dina Hidayat, 2011, kc. 21) nétélakeun yén carita rayat nya éta carita anu diturunkeun sacara turun-tumurun ti hiji generasi ka generasi séjenna. Carita rayat sipatna anonim, nya éta teu dipikanyaho saha pangarangna, ku sabab éta carita geus ngaliwatan prosés parobahan ti nu nyarita jeung nu ngaregepkeun tan wates wangen. Hiji carita rayat (sasakala) aya patula-patalina jeung sistem méré ngaran hiji tempat (toponimi), teu saeutik ngaran tempat di Tatar Sunda nu aya patula-patalina jeung sasakala.

Istilah toponimi, asal kecapna atawa sacara etimologisna tina basa yunani

topoi hartina ”tempat” jeung onama hartina “nama” jadi sacara harfiah toponimi

miboga ma’na “ngaran tempat”. Tina hal ieu, toponimi bisa diartikeun salaku cara

méré ngaran hiji wilayah/tempat. (Sudaryat, 2015, kc. 51 )..

Dina sistem méré ngaran hiji tempat (toponimi) pasti aya pangaruh ti aspék sabudeureunana, boh ti aspék fisikal jeung non fisikal (aspék sosial jeung kultural). Aspék fisikal ngawengku tilu unsur nya éta unsur hidrologis, unsur géografis, jeung unsur biologis (flora jeung fauna). Panalungtikan toponimi dumasar carita rakyat ngandelkeun carita nu sumebar ti masyarakat jeung bukti anu ngarojong kana éta carita, boh éta aspék fisikal boh aspék non-fisikal, teu dumasar kana mitos nu aya di masarakat wungkul (Kosasih, 2009, kc. 3)

Dina ieu panalungtikan maluruh jeung medar toponimi ngaran-ngaran curug di wilayah Purwasuka (Purwakarta, Subang, Karawang) dumasar sasakala (carita rayat). Pikeun kapentingan ieu panalungtikan, baris dipaké istilah Purwasuka pikeun ngagambarkeun wilayah Purwakarta, Subang jeung Karawang. Curug nu kapanggih di wilayah Purwasuka nu miboga sasakala (carita rayat) téh aya tujuh belas Curug di antarana: di Purwakarta aya Curug Cipurut, Curug Ciséoh, Curug Gandasoli, Curug Panembahan. Di Subang aya Curug Cijalu, Cimuja, Curug Cilampér, Curug Cikondang, Curug Gua Badag, Curug Karémbong, Curug Sadim, Curug Saga, Curug Pamandian Tuan. Di Karawang aya Curug Bandung, Curug Cigentis, Curug Panundaan, Curug Peuteuy.

Hasil panalungtikan ngeunaan toponimi hiji tempat kawilang loba. Contona:“Ngaran-Ngaran Patempatan (Tonponimi) Di Kecamatan Tanjung Kerta Kabupatén Sumedang Dumasar Carita Rakyat Pikeun Bahan Pangajaran

(11)

Di Kecamatan Cibeber Kabupatén Cianjur Dumasar Carita Rakyat Pikeun

Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP” ku Ai Salsiah (2009)

Kacida pisan pentingna pikeun ngaguar jeung maluruh asal-muasal ngaran tempat wisata Curug nu aya di Purwasuka nu udaganana pikeun méré informasi jeung ngawanohkeun deui carita asal-muasal ngaran curug di wilayah Purwasuka. Ku kituna, ngaliwatan ieu panalungtikan, panalungtik miboga karep pikeun ngaguar leuwih jero ngeunaan toponimi curug di wilayah Purwasuka.

Dumasar kana pedaran di luhur, ngeunaan toponimi ngaran-ngaran curug di wilyah Purwasuka teu acan aya nu nalungtik. Ku kituna perlu pikeun ngayakeun panalungtikan nu judulna Toponimi ngaran- ngaran Curug di Wilayah Purwasuka (Purwakarta, Subang, Karawang) dumasar Carita Rayat.

1.2 Rumusan masalah

a. Kumaha asal-usul ngaran-ngaran curug nu aya di wilayah Purwasuka dumasar kana carita rayat?

b. Naon nu jadi dasar katut aspék munculna ngaran-ngaran curug di wilayah Purwasuka dumasar kana carita rayat?

c. Kumaha pola toponimi nu dipaké dina cara méré ngaran curug di wilayah Purwasuka dumasar carita rayat?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalahna, ieu panalungtikan miboga tujuan umum, nya éta pikeun mikanyaho, ngadata (inventarisir) jeung maluruh carita rayat ngeunaan ngaran-ngaran Curug di wilayah Purwasuka.

Sacara husus ieu panalungtikan téh pikeun ngadéskripsikeun jeung nganalisis tilu hal, nya éta:

a. asal-usul ngaran-ngaran curug nu aya di wilayah Purwasuka dumasar kana carita rayat.

(12)

4

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téoritis

Mangpaat ieu panalungtikan, sacara tioritis miboga mangpaat pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan kabudayaan, sarta pikeun aprésiasi budaya hususna dina widang folklor, utamana dina widang toponimi.

1.4.2 Mangpaat pikeun Kawijakan

Toponimi ngeunaan hiji tempat atawa wilayah mangrupa salah sahiji kabeungharan budaya anu tepi ka kiwari masih aya, malah geus jadi hiji warisan budaya nu kudu dipertahankeun. Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun kahayang katut kareteg masarakat sangkan bisa mikanyaho kana sistem méré ngaran hiji tempat atawa wilayah.

1.4.3 Mangpaat Praktis

Mangpaat ieu panalungtikan sacara praktis, bisa nambahan élmu pangaweruh ngunaan toponimi curug di wilayah Purwasuka, sarta sangkan masarakat séjén luar daérah Purwasuka bisa apal kana sajarah curug nu aya di wilayah Purwasuka.

1.4.4 Mangpaat pikeun Isu sarta Aksi Sosial

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi informasi jeung gambaran ngeunaan kumha sajarah ayana ngaran-ngaran curug di wilayah Purwasuka sacara jelas, sarta dipiharep bisa jadi motivasi pikeun saha waé anu hayang apal kana sagala rupa kabeungharan budaya anu aya di wilayah Purwasuka. Utamana sasakala ngeunaan ngaran-ngaran curug.

1.5 RaragaTulisan

Raraga tulisan miboga pungsi pikeun méré gambaran ngeunaan léngkah-léngkah dina panalungtikan. Ieu skripsi disusun jadi lima bab, saperti anu dipedar ieu di handap

(13)

husus, mangfaat panalungtikan anu dibagi jadi mangpaat teoritis jeung mangpaat praktis, mangpaat pikeun kawijakan, mangpaat pikeun isu sarta aksi sosial jeung raraga nulis skripsi

Bab II eusina ngajéntrékeun ngeunaan téori-téori nu ngadadasaran panalungtikan, sarta posisi masalah nu ditalungtik dina widang paélmuan. Ieu bab disebut kajian pustaka, anu eusina panalungtik ngabandingkeun sarta matalikeun masalah nu ditalungtik jeung téori-téori, sarta hasil panalungtikan nu geus aya saméméhna nu ditalungtik ku paraahli

Bab III eusina medar ngeunaan métode panalungtikan anu dipaké dina panalungtikan, nya éta ngawengku métode panalungtikan, desain panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah data, instrument panalungtikan, sumber data.

Bab IV eusina ngeuna ananalisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan anu dipatalikeun jeung téori-téori dina bab II

(14)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Désain Panaluntikan

Ieu panalungtikan téh kagolong kana panalungtikan kualitatif, panalungtikan kualitatif nya éta prosedur panalungtikan anu ngahasilkeun data déskriptif nu mangrupa kecap-kecap tinulis atawa lisan ti jalma-jalma jeung paripolahna nu bisa ditalungtik Bogdan jeung Taylor (dina Moleong, 2007, kc. 4).

David William (dina Moleong, 2007, kc. 5) nétélakeun nu disebut panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan nu carana ngumpulkeun data tina hiji latar alamiah, ngagunakeun métode alamiah, sarta dilakukeun ku panalungtik anu ka irut sacara alamiah.

Tegesna panalungtikan kualitatif téh nya éta panalungtikan nu miboga maksud pikeun maham fenomena naon nu kaalaman ku hiji subjek panalungtikan,

misalna: paripolah, sawangan, motivasi, tindakan, jrd., sacara holistik, jeung ku cara ngadeskripsikeun ngaliwatan kecap-kecap jeung basa, tina hiji konteks husus nu alamiah jeung ngamanpaatkeun métode alamiah.

Luyu jeung pamarekan panalungtikan kualitatif, dina ieu panalungtikan digunakeun ogé métode deskriptif. Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 3) kecap déskriptif asalna tina basa Inggris to describe nu hartina ngajelaskeun hiji hal,

misalna kaayaan, kajadian, kagiatan, atawa hal séjén nu hasilna dijelaskeun dina wangun laporan panalungtikan.

(15)

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

3.2 Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan

Nurutkeun Lofland (dina Moleong, 2007, kc. 57) sumber data utama dina kualitatif nya éta kekecapan jeung kalakuan, satuluyna mangrupa data tambahan saperti dokumén. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta hasil wawancara jeung kokolot lembur nu miboga kalungguhan husus di wilayahna.

Dumasar kana hal éta, data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta saperti ieu di handap.

a. Hasil wawancara ti narasumber anu apal kana sajarah asal-muasal ngaran curug. Sumber data ti narasumber satuluyna, direkam/ditulis, jeung difoto.

Masalah panalungtikan

Ngumpulkeun data

1) Studi pustaka 2) Obsérvasi 3) Wawancara 4) Dokumentasi

Instrumén panalungtikan:

1) Catétan Lapangan 2) Padoman wawancara 3) Alat rékam

Analisis data:

Tehnik analisis unsur langsung

Deskripsi Data

(16)

25

Data hasil panalungtikan mangrupa hasil kagiatan ningali, ngaregepkeun, jeung wawancara.

b. Sumber nu bisa dipaké ogé nya éta sumber tinulis anu miboga kategori ilmiah, misalna buku, tesis atawa disertasi, buku terbitan pamaréntah, jurnal ilmiah, sumber informasi di Lembaga Arsip Nasional, jrrd.

c. Sumber data nu dipaké dina panalungtikan kualitatif téh nya éta data lapangan nu mangrupa foto, anu satuluyna dianalisis, bisa ogé mangrupa wangun rekaman sora atawa rékaman vidio.

d. Data statistik daérah panalungtikan bisa dijadikeun data tambahan pikeun panalungtik sangkan data nu dipaké akurat. Data statistik bisa méré informasi ngeunaan komposisi masarakat tina umur, gender, agama, pakasaban,

kahirupan sosial jeung ékonomi, jrrd.

3.2.1 Informan

Panalungtikan ngeunaan toponimi ngaran-ngaran curug di wilyah Purwasuka ngagunakeun téhnik purvosive atawa ngahaja, ieu téhnik nangtukeun

tujuan sarta jumlah sampel dumasar kana udagan husus, anu teu méngpar tina ciri-ciri sampel nu ditangtukeun, kriteria informan dina ieu panalungtikan nya éta saperti ieu di handap:

a. Asli warga kampung satempat. b. Miboga umur 25 taun atawa leuwih c. Miboga kalungguhan husus di wilayahna.

Tabél 3.1 Informan Utama

No Wasta Umur Kalungguhan Asal/tempat

(17)

8 Ir Idrus Gunawan 79 Warga Subang nu tani, kuncén, ustad, jsb. Tuluy dina umur narasumber ti nu pang ngorana nya éta umur 40 taun, sarta nu pang kolotna 100 taun.

3.2.2 Lokasi Panalungtikan

Lokasi dina ieu panalungtikan nya éta di wilayah Purwasuka, wilayah Purwasuka ngawengku tilu Kabupatén nya éta Purwakarta, Subang jeung Karawang. Tilu Kabupatén ieu baheulana mah ngan sa-Kabupatén nya éta Kabupatén Karawang, ku sabab lega teuing tuluy dipisah jadi tilu Kabupatén

Sacara géografis wilayah Purwasuka aya di kalér Propinsi Jawa Barat, sarta katelah wilayah Pantura (Pantai Utara). Salian ti kerjasama di widang ékonomi gé tilu Kabupatén ieu kerjasama di widang pariwisata, utamana pariwisata alam curug. Ieu panalungtikan ngaguar toponimi ngaran-ngaran curug nu aya di wilayah Purwasuka dumasar carita rayat. Sabada ditalungtik kapangih aya tujuh belas curug di wilayah Purwasuka téh, panataan curugna ébréh saperti ieu di handap.

(18)

27

a. Kabupatén Purwakarta

Kabupatén Purwakarta nya éta hiji Kabupatén di Jawa barat, lega wilayah Kabupatén Purwakarta nya éta 971, 72 km. Jumlah warga Kabupatén Purwakarta 845.509 jiwa. Jumlah lalakina aya 420.380, sarta jumlah awéwéna aya 425.129 jiwa. Siloka Kabupatén Purwakarta nya éta Wibawa Karta Raharja. Wibawa hartina miboga wibawa jeung kahormatan, Karta hartina hurip, sarta Raharja artina sajahtera jeung ma’mur (www. Purwakartakab.go.id).

Kabupatén Purwakarta miboga sababaraha objek wisata alam curug nu kalintang éndahna. Curug-curugna kabagi di tilu kacamatan nya éta Wanayasa, Pléréd, jeung Bojong. Panataan Curug nu baris ditalungtik aya opat Curug nya éta:

1. Curug Cipurut

Curug Cipurut aya di Désa Sumurugul, Kecamatan Wanayasa. Curug Cipurut aya dina Tutugan Gunung Burangrang. Curug Cipurut luhurna kurang leuwih aya kana 25 meterna. Aksés pikeun ka Curug Cipurut kalitang babari, mun ti alun-alun Kacamatan Wanayasa téh nyokot ka arah Kacamatan Bojong, kira-kira 300-500 meter ngaliwatan pertigaan, méngkol ka kénca nyokot arah ka Désa Sumurugul.

2. Curug Ciséoh

(19)

Kecamatan Bojong. Jalanna masih jalan satapak, sangkan bisa nepi ka Curug Ciséoh kudu ngaliwatan pasawahan jeung leuweung geledegan.

3. Curug Gandasoli

Curug Gandasoli aya di Désa Gandasoli, Kecamatan Pléréd. Tegesna mah di puser dayeuh Désa Ganasoli. Aksés pikeun ka Curug Gandasoli nya éta ngaliwatan Kampung Lemburkolot Desa Mekarsari heula. Jalur ieu jalur nu pangdeukeutna tapi kudu ngaliwatan Kebon awi, jeung makam karamat (Eyang Mbah Dalem Gandasoli).

4. Curug Panembahan

Curug Panembahan aya di Désa Kampung wisata Tajur, Kecamatan Bojong. Aksés pikeun ka Curug Panembahan di Alun-alun Kecamatan Wanayasa téh nyokot ka arah Kecamatan Bojong. Curug Panembahan luhurna kira-kira 15 méter

b. Kabupatén Subang

Kabupatén Subang nya éta hiji kabupatén anu watésna jeung Laut Jawa pangkalérna. Warga Subang umuna nya éta suku Sunda, basa nu digunakeun

sapopoé ku warga nya éta basa Sunda. Tapi sabagian masarakat nu di basisir Subang ngagunakeun basa Cirebon. Masarakat Subang tina taun 2012 lobana 1.501.647 jiwa, lalakina 759.408 jiwa sarta awéwéna 742.239. legana Kabupatén Subang nya éta 2051.76 km (www.Subang.go.id)

(20)

29

di hiji Kacamatan nya éta Sagalahérang. Panataan Curug nu baris ditalungtik aya salapan di antarana:

1. Curug Cijalu

Curug Cijalu aya di Désa Cipancar, Kecamatan Sagalaherang. Curug Cijalu aya dina Tutugan Gunung Burangrang. Curug Cijalu luhurna kurang leuwih aya kana 70 meterna. Aksés pikeun ka Curug Cipurut kalingtang babari. Ieu curug aya diwatés wilayah antara kabupatén Purwakarta jeung Subang, ti alun-alun Sagalaherang paling 3 kilo meter.

2. Curug Cimuja

Curug Cimuja aya di kawasan wisata “Capolaga Adventure camp”. Tegesna aya di Dusun Panaruban, Désa Cicadas, Kecamatan Sagalaherang. Curug Cimuja aya dina Tutugan Gunung Tangkuban Parahu. Aksés pikeun ka Curug Cimuja nya éta, di alun-alun Kecamatan Sagalaherang téh 15 menit, 30 menit ti Kota Subang.

3. Cilampér

Curug Cilampér aya di Désa Cipancar, Kecamatan Sagalaherang. Curug Cilampér aya dina Tutugan Gunung Sunda. Curug Cilampér luhurna kurang leuwih aya kana 100 meterna. Ieu curug aya di antara Kabupatén Purwakarta jeung Subang, mun ti alun-alun Sagalaherang kira-kira sapuluh menit.

4. Cikondang

Curug Cikondang aya di Désa Cipancar. Kecamatan Sagalaherang. Curug Cikondang aya dina tutugan Gunung Sunda. Curug Cikondang luhurna kurang leuwih aya kana 50 meterna. Aksés pikeun ka Curug Cikondang kalingtang babari, ieu curug aya di tapel watés wilayah antara Kabupatén Purwakarta jeung Subang. Ti kota Subang kurang leuwih aya kana sajamna.

5. Curug Guha Badak

(21)

Badak nya éta di Alun-alun Sagalaherang téh ngidul arah ka Bandung. Kira-kira 15 menitan. Curug Guha Badak gé masih sawilayah jeung Curug Cimuja,

6. Curug Karémbong

Curug Karémbong gé aya di kawasan wisata “Capolaga Adventure Camp”. Tegesna aya di Dusun Panaruban, Désa Cicadas, Kecamatan Sagalaherang. Curug Karémbong aya di wilayah Tutugan Gunung Tangkuban Parahu. Aksés pikeun ka Curug Karémbong nya éta di alun-alun Kecamatan Sagalaherang 15 menit, sajam ti kota Subang.

7. Curug Sadim

Curug Sadim aya di wilayah kebon entéh Nusantara VII Ciater, di Kampung Dusun Panaruban, Désa Cicadas Kecamatan Sagalaherang. Curug Sadim masih di wilayah tutugan Gunung Tangkuban Parahu. Aksés pikeun ka Curug Sadim mun ti alun-alun Kecamatan Sagalaherang 15 menit, mun ti kota Subang aya kana sajaman mah.

8. Curug Saga

Curug Saga aya di Désa Cicadas, Kecamatan Sagalaherang. Curug Saga aya dina Tutugan Gunung Tangkuban Parahu. Curug Saga luhurna kurang leuwih aya kana 40 meterna. Aksés pikeun ka Curug Saga kalingtang babari, di alun-alun Kecamatan Sagalaherang téh nyokot ngidul ka arah Bandung, mun di kota Subang mah kira-kira sajam.

9. Curug Pamandian Tuan

(22)

31

c. Kabupatén Karawang

Kabupatén Karawang nya éta hiji kabupatén di Jawa Barat nu puseur dayeuhna di Karawang. Tapel watés Kabupatén Karawang nya éta beulah kulon Karawang ngawates jeung Kabupatén Bekasi jeung Bogor, beulah kalér jeung laut Jawa, beulah kidul jeung Kab Subang. Legana Kabupatén Karawang nya éta 1.737,53 km, sarta jumlah wargana 2.125.234 jiwa, lalakina aya 985.727 jiwa, sarta awééna aya 985.736 jiwa (www. Karawang.go.id).

Kabupatén Karawang miboga sababaraha objek wisata alam curug nu kalintang éndahna tapi masih loba kénéh nu masarakat can apal. Curug-curugna kabagi di hiji kacamatan nya éta Tegalwaru Curug nu baris ditalungtik aya opat nya éta:

1. Curug Bandung

(23)

2.Curug Cigentis

Curug Cigentis mangrupa Curug wisata unggulan di Kabupatén Karawang. Lokasina di Désa Mekarbuana, Kecamatan Tegalwaru. Curug Cigentis aya di Tutugan Gunung Sanggabuana. Aksés pikeun ka Curug Cigentis nya éta di Alun-alun Kabupatén Karawang 44 km nepi ka Kecamatan Tegalwaru. Di Kecamatan Tegalwaru ka Desa Mekarbuana kira-kira 4 km, di Désa leumpang deui aya kana 3 kilona naék Gunung Sanggabuana.

3. Curug Panundaan

Jalan ka Curug ieu lumayan hésé, kudu ngaliwatan Walungan, jeung jurang lungkawing. Tegesna ieu curug téh aya di Kampung Tipar, Désa Kutamaneuh. Kecamatan Tegalwaru. Aksés pikeun ka curug nya éta 44 km ti Kota Karawang, tur aya kana 5 km na di kantor Kecamatan Tegalwaru ka Curug téh.

4. Curug Peuteuy

(24)

33

(25)

Gambar 3.2 Peta Kabupatén Subang

(26)

35

3.3 Ngumpulkeun data

3.3.1 Instrumen Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta saperti ieu dihandap.

a. Catetan Lapangan

Nyieun atawa nulis data ku cara nyieun catetan lapangan, catetan rinci ngeunaa téma panalungtikan, jadwal, péta konsép, alat éléktronik (alat rékam).

Gambar 3.4 Catetan Lapangan Panalungtikan

b. Padoman Wawancara

Padoman wawancara nya éta runtuyan nu bakal ditanyakeun ka narasumber ngeunaan objek nu ditalungtik, ngaran nu diwawancara kudu ditulis idéntitasna dina kartu wawancara, ngarah teu aya manipulasi data, umur narasumber umumna

(27)

leuwih ti 25 taun sarta miboga kalungguhan anu husus di wilayahna. Téhnik wawancara nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik wawancara informal jeung wawancara sacara lisan.

Format laporan wawancara nya éta ieu di handap, 1. Idéntitas informan

2. Daptar patalékan ngeunaan toponimi curug di wilayah Purwasuka a. Kumaha asal-muasal ayana ngaran curug di wilayah ieu?

b. Kumaha leunjeuran caritana ?

c. Naha masih aya bukti fisikna ieu curug téh pangna dingaranan saperti kieu? d. Ti saha kenging ieu carita?

e. Ti iraha ngaran curug ieu dipakéna? 3. Alat rekam

Alat rekam nu dipake dina ieu panalungtikan nya éta kamera pikeun moto sarta handpone pikeun ngarekam sora.

Kartu Wawancara

Wasta :

Jenis kelamin :

Umur :

Kalungguhan :

Alamat :

Pakasaban :

Jenjang Atikan :

(28)

37

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téknik nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun téhnik studi pustaka, wawancara, observasi, jeung dokumentasi.

a. Téhnik Studi Pustaka

Studi pustaka nya éta néangan sumber informasi tinulis nu kaasup wanda ilmiah, sumber nu dipaké mangrupa buku, dokumén, jurnal, jrrd. Data nu geus aya tuluy dimutalaah pikeun néangan informasi, tiori, sarta solusi pikeun masalah panalungtikan.

b. Teknik Wawancara

Ieu téhnik gunana pikeun néangan informasi ngaliwatan lisan ku cara méré sababaraha patalékan ka narasumber anu apal kana sajrah ngaran-ngaran curug di Purwasuka, tuluy hasilna ditulis dina wangun laporan pikeun ngajawab masalah panalungtikan

c. Téhnik Observasi

Marshall (dina Sugiyono, 2010, kc 316) ngajelaskeun yén dina obsérvasi panalungtik bakal diajar ngeunaan paripolah sarta ma’na tina éta paripolah. Obsérvasi panalungtikan toponimi nagaran-ngaran Curug di wilayah Purwasuka dilakukeun ku cara ngarékam gambar, sora, atawa kajadian nu aya patalina jeung panalungtikan.

d. Téhnik Dokuméntasi

(29)

3.4 Téhnik Analisis Data

Analisis dina ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik analisis unsur langsung, Téhnik analisa unsur langsung léngkah-léngkahna saperti ieu di handap. a. Niténan deui data nu geus dikumpulkeun

b. Nyieun papasingan data hasil panalungtikan c. Nganalisis data

d. Ngadéskripsikeun data

(30)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun di wilayah Purwasuka nu ngawengku Kabupatén Purwakarta, Subang, Karawang. Tilu Kabupatén ieu baheulana mah ngan sakabupatén nya éta Kabupatén Karawang, sabab léga teuing tuluy dipisah jadi tilu Kabupatén. Sacara géografis wilayah Purwasuka aya di beulah kalér Propinsi Jawa Barat, sarta katelah wilayah Pantura (Pantai utara). Satiap Kabupatén di wilayah Purwasuka miboga objék wisata Curug.

Di wilayah Purwasuka aya tujuh belas curug nu miboga sasakala séwang-séwang, di antarana: di Purwakarta aya Curug Cipurut, Curug Ciséoh, Curug Gandasoli, Curug Panembahan. Di Subang aya Curug Cijalu, Cimuja, Curug Cilampér, Curug Cikondang, Curug Guha Badak, Curug Karémbong, Curug Sadim, Curug Saga, Curug Pamandian Tuan. Di Karawang aya Curug Bandung, Curug Cigentis, Curug Panundaan, Curug Peuteuy.

Aya sababaraha dasar katut aspék nu kapanggih dina munculana ngaran curug di wilayah Purwasuka dumasar carita rayat téh nya éta: (1) Dasar munculna ngaran curug dumasar aspék jalma, kapangiha aya salapan curug nu muncul ngarana didadasaran ku ayana aspék jalma nya éta; Curug Ciséoh, Gandasoli, Panembahan, Cimuja, Sadim, Saga, Pamandian Tuan, Bandung, Cigentis. (2) Dasar munculna ngaran Curug dumasar Aspek Ékologis, di sawang tina jihat ékologis, munculna toponimi curug di wilayah Purwasuka nyoko kana tilu aspék, nyaéta: aspék misato, aspék mituwuhan, jeung aspék mibarang. Aya dua toponimi curug anu sipatna misato atawa didadasaran ku aspék sato, nya éta; Curug Cijalu jeung Curug Guha Badak. Sarta aya tilu toponimi curug anu di kasang tukangan ku aspék mituwuhan, nya éta; Curug Cipurut, Curug Cikondang, jeung Curug Peuteuy. Sedengkeun aya tilu toponimi curug anu sipatna mibarang atawa didadasaran ku aspék barang, nya éta; Curug Karémbong, Curug Cilampér jeung Curug Panundaan

(31)

dicirian ku tilu pola, nya éta; (1) Pola toponimi salancar, (2) Pola toponimi rundayan, jeung (3) Pola toponimi kantétan.

Kapanggih aya genep curug di wilayah Purwasuka nu kaasup kana pola toponimi salancar nya éta; (1) Pola toponimi salancar dua engang (Curug Sadim, Curug Saga, Curug Bandung, Curug Peuteuy), (2) Pola toponimi salancar tilu engang (Curug Karémbong), (3) Pola toponimi salancar opat engang (Curug Gandasoli).

Aya dua curug di wilayah Purwasuka nu kaasup kana pola toponimi rundayan paN—an + KP nya éta Curug Panembahan jeung Curug Panundaan..

Toponimi curug di wilayah Purwasuka aya nu ka asup kana kecap barang kantétan.Kecap barang kantetan diwangun ku dua kecap nya éta: kecap barang jeung kecap barang (KB+KB), kecap barang jeung kecap sipat atawa pagawéan (KB+KS/KB+KP).

Aya dalapan curug nu ka asup kana pola kecap barang kantétan nu diwangun ku kecap barang+kecap barang (KB+KB) di antarana; Curug Cipurut, Ciséoh, Cijalu, Cilampér, Cikondang, Guha Badak, Pamandian Tuan jeung Cigentis. Sarta aya hiji curug nu ka asup kana pola kecap barang kantetan nu diwangun ku kecap barang jeung kecap pagawéan nya éta Cimuja.

5.2 Rékomendasi

Sabada di talungtik, réa pisan mangpaat toponimi ngaran curug téh hususna pikeun panalungtik. Sarta dipiharep hasil panalungtikan ieu bisa méré gambaran sarta bisa nambahan pangaweruh ngeunaan toponimi curug di wilayah Purwasuka kanu macana. Panalungtik ngarasa panalungtikan ieu jauh kénéh kana kasampurnaan. Kacida hadéna garapan samodél kieu dituluykeun kalawan leuwih écés. Dina ieu panalungtikan aya sababaraha rékomendasi:

(32)

76

Keur Disparbud Kabupatén Purwakarta, Subang, jeung Karawang mugia ieu panalungtikan jadi inventaris data sajarah ngaran-ngaran curug di wilayah Purwasuka.

(33)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta:

Rineka Cipta

Danandjaja, J. (1997,2007). Folklor Indonesia: Ilmu Gosip, Dongeng, dan lain-lain. Jakarta: Grafiti.

Dinas Pariwasata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat. (2011).Wisata Air Terjun.

Diakses tina: http://www.disparbud.jabarprov.go.id/wisata/dest-det.php?id=23&lang=id#sthash.96ehxETT.dpuf

Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama

Iskandarwassid. (2003). Kamus istilah Sastra Pangdeudeul Pangajaran Sastra.

Bandung: Geger Sunten

Kosasih, D. (2009). Toponimi Masyarakat Sunda. (Makalah) Diskusi Jurusan

Sunda FPBS UPI.

Kusdinar, H. (2011). Istilah Patempatan Dumasar Toponimi di Kacamatan

Parongpong Kabupaten Bandung Barat. (Skripsi) Jurusan Pendidikan

Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan

Moleong, L.J. (2007). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Remaja Rosda

Karya.

Rais, J, Dkk. (2008).Toponimi Indonesia.Jakarta: PradnyaParamita.

Sudaryat, Y, Spk. (2007). Tatabasa Sunda kiwari. Bandung: YramaWidya.

Sudaryat, Y, Spk. (2009). Toponimi Jawa Barat (Berdasarkan Cerita Rakyat).

Bandung: Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Provinsi Jawa Barat. Sudaryat, Y. (2015). Wawasan Kesundaan. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa

Daerah, FPBS, Universitas Pendidikan Indonesia.

Sugiyono. (2010). Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung:

Alfabeta

Salsilah, A.(2009). Toponimi Di Kecamatan Cibeber Kabupatén Cianjur Dumasar Carita Rakyat Pikeun Pikeun Bahan Pangajaran Maca di

SMP. (Skripsi) Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI

(34)

Universitas Pendidikan Indonesia. (2014). Pedoman Penelitian Karya Ilmiah UPI Tahun Akademik 2014&2015.

Wangsa Putra, A. (2008). Ngaran-Ngaran Patempatan (Tonponimi) Di

Kecamatan Tanjung Kerta Kabupatén Sumedang Dumasar Carita Rakyat Pikeun Bahan Pangajaran Maca Carita Sajarah Lokal di

SMP. (Skripsi) Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI

Bandung: tidak di terbitkan Www. Wikipedia.com

Www. PurwakartaKab.go.id Www. Subang.go.id

Gambar

Gambar 3.1 Peta Kabupatén Purwakarta
Gambar 3.2 Peta Kabupatén Subang

Referensi

Dokumen terkait