• Tidak ada hasil yang ditemukan

T PBBS 1302804 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "T PBBS 1302804 Chapter3"

Copied!
12
0
0

Teks penuh

(1)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, digunakeun pamarekan kualitatif. Numutkeun

Sugiyono (2009:15) panalungtikan kualitatif hiji panalungtikan dumasar filsafat

postpositivisme, anu gunana pikeun nalungtik kondisi objek alamiah,anu cirina

panalungtik salaku instrument konci, sumber data dilakukeun sacara purposive,

téhnik pangumpulan data ku cara triangulasi, analisis data sifatna induktif/kualitatif, jeung hasil panalungtikan kualitatif leuwih nandeskeun ma’na tibatan generalisasi. Panalungtikan kualitatif dumasar kana kasang tukang

alamiah sacara holistik, ngagunakeun jalma salaku alat panalungtikan, nganalisis

data sacara induktif, leuwih mentingkeun proses tibatan hasil sarta hasil

panalungtikan dilakukeun dumasar kasepakatan panalungtik jeung subjek

panalungtikan.

Nurutkeun Sugiyono (2010:283), métode panalungtikan mangrupa cara

ilmiah pikeun meunangkeun data anu miboga tujuan jeung mangpaat. Métode

anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif. Métode déskriptif

nya éta panalungtikan nu miboga tujuan pikeun nalungtik kaayaan atawa kondisi

hiji hal nu digambarkeun dina wangun laporan panalungtikan, (Arikunto, 2010:

3). Ieu métode digunakeun lantaran data anu ditalungtik leuwih nyoko kana

bahan anu bisa dianalis ku cara déskriptif. Dina masalahna méré gambaran

sacara sistématis, faktual jeung akurat ngeunaan fakta-fakta, jeung sipat-sipat

populasi.

Panalungtikan déskriptif disebut ogé panalungtikan basajan

dibandingkeun panalungtikan-panalungtikan anu séjénna. Ku sabab, ieu

panalungtik teu ngarobah, nambahan, atawa ngamanipulasi data kana objék nu

ditalungtik. Digambarkeun sacara lugas, sakumaha ayana. Luyu jeung

pamanggih Suyatna (2002:14) nu nétélakeun yén métode panalungtikan

(2)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngagambarkeun hungkul, teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan, atawa teu meunangkeun ma’na implikasi.

Anu jadi dadasar panalungtik ngagunakeun ieu métode, nya éta pikeun

ngungkab sacara jero kaarifan lokal kahirupan masarakat Kampung Naga,

minangka tradisi nu diwariskeun ku karuhunna. Analisis kualitatif dilakukeun

pikeun maluruh fenomena sosial kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di

Kampung Naga ditilik jihat interrelationships, environment, jeung tina jihat

diversity. meunangkeun informasi ti sudut pandang palakuna. Ngumpulkeun

data ngaran-ngaran pakakas tradisional anu aya patalina jeung kaayaan

lingkungan biotik jeung fisik ku cara wawancara anu inténs jeung kuncén atawa

warga kampung adat anu maham pisan jeung bisa méré informasi

sajelas-jelasna. Hal éta dilakukeun pikeun ngaguar sabab jeung prosés kajadianana hiji

peristiwa kaarifan budaya lokal, utamana kana rupa-rupa ngaran pakakas

tradisional nu aya di Kampung Naga. Dina ieu panalungtikan, maké desain

panalungtikann kualitatif hususna leksikografi.

Desain ieu panalungtikan ngawengku (1) ngarumuskeun masalah, (2)

nyiapkeun instrumén panalungtikan, (3) ngumpulkeun data ku cara obsérvasi, (4)

transliterasi rekaman, nganalisis, jeung (5) nyieun kacindekan.

Desain ieu panalungtikan bisa dititénan dina bagan ieu di handap:

(3)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Partisipan jeung tempat Panalungtikan

3.2.1 Partisipan

Prosedur nangtukeun partisipan jeung sumber data panalungtikan kualitatif

umum kudu merhatikeun karakteristik jalma (Sarantakos, dina Poerwandarim

2005:95), nya éta:

a. Henteu ngutamakéun jumlah sampel anu loba tapi kasus tipikal saluyu jeung

masalah anu rek di talungtik.

b. Henteu ditangtukeun timimiti, tapi bisa barobah dina hal jumlah oge

karakteristik partisipasina, saluyu jeung pamahaman konseptual anu mekar

dina panalungtikan.

c. Henteu diarahkeun dina katerwakilan dina harti jumlah atawa kajadian acak.

Dumasar kana prosedur diluhur, dihandap pamilihan karakteristik, jeung

jumlah partisipan anu digunakeun dina ieu panalungtikan.

3.2.2 Karakteristik Partisipan

Sacara umum, karakteristik partisipan anu aya dina ieu panalungtikan

mibanda kriteria saperti di handap.

a) Umur antara 30-70 taun, lantaran aya patalina jeung kamampuh ngeunaan

pakakas tradisional masarakat Kampung Naga anu masih keneh dipake ku

masarakatna.

b) Ditilik tina pakasabanana, nya éta Kuncén, Patani, Tukang Ngala Lauk,

Tukang ka Kebon, jeung Tukang nyieun parabot tina bahan tradisional.

c) Ditilik tina kalungguhanana di masarakat Kampung Naga saperti Punduh, jrd.

d) Jenis kelamin, bebas bisa awéwé atawa lalaki.

(4)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Saperti anu geus disebutkeun samemehna, panalungtikan kualitatif henteu

ngutamakéun jumlah partisipan anu loba, tapi kasus tipikal saluyu jeung masalah

anu rek ditalungtik (Sarantakos, dina Poerwandari, 2005). Ieu hal dumasar kana

pamikiran yén panalungtikan kualitatif henteu condong kana lobana jumlah

partisipan, tapi leuwih jero kana informasi anu bisa di cokot di unggal partisipan,

nepi ka muncul panemuan anu nembongkeun pangaweruh partisipan. Panalungtik,

netepkeun jumlah partisipan opat jalma anu dipihareup bisa ngawakilan informasi

anu rek ditalungtik ngeunaan pakakas tradisional anu aya di masarakat Kampung

Naga.

3.2.4 Tempat Panalungtikan

Tempat panalungtikan dilaksanakeun di Kampung Naga, Desa Neglasari

Kecamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat. Jarak tempuh

ti kota Tasikmalaya sakitar 30 km, ti kota Garut mung 25 km atawa sakitar 90 km

ti Bandung ngaliwatan Garut (Disbudpar, 2008:14).

Numutkeun data ti Desa Neglasari wangun tanah di Kampung Naga

mangrupa bukit anu produktivitas tanahna subur. Luas tanah Kampung Naga

kurang leuwih 10,5 hektar, sabagian dipaké pikeun imah, pakarangan, empang

jeung saleuwihna digunakeun pikeun tatanén. Dusun Naga ayana di hiji lembah

anu rata-rata 500 meter dpl. anu sarupa ciga mangkok gede. Hawana seger, suhu

rata-rata 21,5-23 derajat celcius. Angka curah hujan unggal taun ngahontal 3.468

mm.

Pikeun nepi ka Kampung Naga kudu ngaliwatan jalan anu leutik tur

ngaliwatan tangga anu lobana 344. Sanggeus ngaliwatan tangga tuluy ngaliwatan

ciwulan anu bersih tur kapiara. Sacara global masarakat Kampung Naga dibagi

jadi dua kelompok, nya eta:

a) kelompok masarakat Kampung Naga anu aya di pamukiman Kampung

Naga, jeung

b) kelompok masarakat Kampung Naga anu aya di luar pamukiman anu

(5)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Penduduk Kampung Naga jumlahna 325 jiwa anu mibanda 106 pupuhu

kulawarga jeung jumlah bangunan 111, 108 imah, 1 bale, 1 masjid, jeung 1 bumi

ageung. Kasang tukang masarakat Kampung Naga teu dijelaskeun sacara jelas

timana asalna, sabab buku anu ngajelaskeun ngeunaan sajarah Kampung Naga

kaduruk waktu jaman DI/TII. Tapi numutkeun masarakat Kampung Naga,

karuhun anu kawentar Sembah Dalem Singaparna jadi panutan sakabeh tatanan

kahirupan adat istiadat sarta hukum adat salaku penghormatan ka anjeunna, ku

kituna anjeunna dimakamkeun sabeulah kulon Kampung Naga.

Pakasaban masarakat Kampung Naga, lolobana Patani. Tapi, dina

kamekaran jaman aya sababaraha parobahan diantarana, salaku Patani jeung

ditambah buka usaha leuleutikan saperti kerajinan tangan, buruh, jrrd. Dina

umumna atikan masarakat Kampung Naga masih keneh handap, tapi aya oge

tamatan SMP boh SMA. Urang Naga, ngagem agama Islam. Anu kawentar ku

falsafah hirupna silih asah, silih asih, tur silih asuh.

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Jenis Data

Data anu dikumpulkeun dina ieu panalungtikan nya éta, data kualitatif.

Data kualitatif mangrupa data dina wangun kalimah, lain dina wangun angka.

Data kualitatif bisa di beunangkeun ngaliwatan pangumpulan data saperti analisis

dokumen, wawancara, diskusi, observasi. Wangun data kualitatif nya éta

mangrupa poto atawa gambar.

Data dina ieu panalungtikan nyaéta ngaran pakakas tradisional masarakat

Kampung Naga maké ulikan ekolinguistik anu ngawengku interrelationships

(interalasi basa jeung lingkungan), environment (lingkungan ragawi jeung sosial

budaya), jeung diversity (keberagaman basa jeung lingkungan).

Hubungan antara basa jeung lingkungan katiten dina pribasa Sunda; Kudu

pindah cai pindah tampian, anu hartina yén urang Sunda kudu bisa hirup dimana

bae. Hubungan eta basa dipaluruh maké jihat interrelationships (interalasi basa

(6)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Lingkungan hirup manusa nyoko kana lingkungan fisik jeung lingkungan

budaya. Ku sabab kitu, manusa bisa ditingali salaku mahluk biososiobudaya

(Adimiharja, dina Sudaryat:2014). Dina ieu hal, pangaweruh manusa bisa

digunakeun pikeun maham, ngamumule, jeung mere harti lingkungan sarta

pangalaman anu bakal nguatan kana paripolah pikeun hirup babarengan. Dina

kahirupan manusa, basa patalina jeung sababaraha aspek, kaasup kana

lingkungan. Eta kabeh dipaluruh maké jihat environment.

Ragam basa nurutkeun sikep panyatur raket patalina jeung kakawasaan,

kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma anu

dicaritakeun, disebut undak usuk basa atawa tatakrama basa. Undak usuk basa

enas-enasna mangrupa sopat santun makéna basa, ku kituna, undak usuk basa sok

dipasing-pasing jadi ragam basa lemes (hormat) jeung ragam basa kasar (loma,

atawa teu hormat) anu dipaluruh tina jihat diversity (keberagaman basa jeung

lingkungan).

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun data

Téhnik panalungtikan nu dipaké pikeun ngumpulkeun data nyaéta, téhnik

obsérvasi, jeung wawancara. Obsérvasi didieu nyaéta pengamatan langsung ka

lapangan pikeun ngumpulkeun data kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di

Kampung Naga. Dina téhnik ieu ogé digunakeun alat nu bisa ngarojong prosés

panalungtikan, nya eta kaméra, jeung Hp. Wawancara dimaksudkeun pikeun

meunangkeun data kandaga kecap pakakas tradisional ditilik tina jihat

interalationship,environment jeung diversity langsung ti informan atawa tokoh

masarakat nu langsung mikawanoh data-data anu baris dikumpulkeun.

3.3.2.1Téhnik Obsérvasi

Marshall dina Sugiyono (2010:316) nétélakeun yén tina obsérvasi, anu

nalungtik bakal diajar ngeunaan paripolah, jeung ma’na tina éta paripolah. Obsérvasi mangrupa hiji proses anu kompléks, anu kasusun ku sababaraha proses

(7)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Obsérvasi dilakukeun ku cara niténan langsung hiji objék data pakakas

tradisional anu aya di Kampung Naga.anu bakal ditalungtik. Dina ieu kagiatan

panalungtikan, obsérvasi dilakukeun ku cara rekaman gambar. Pikeun ngarojong

proses panalungtikan tangtuna ngagunakeun média atawa alat saperti kaméra,

handphone, jste. Obsérvasi dilaksanakeun sangkan meunang gambaran anu nyata

ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna pakakas tradisional. Léngkah-léngkah anu

dilaksanakeun dina téhnik obsérvasi, nya éta:

1) nyieun pedoman obsérvasi,

2) ngalaksanakeun observasi ka lapangan

3) niténan langsung kaayaan masarakat Kampung Naga

4) Kaayaan masarakat diasupkeun kana naon-naon anu aya dina pedoman

obsérvasi.

3.3.2.2Téhnik Wawancara

Esterberg (dina sugiyono, 2010:317) nétélakeun yén wawancara

mangrupa patemon dua jalma pikeun nukeur informasi jeung idé ku cara tanya

jawab nepi ka bisa meunang ma’na dina hiji topik.

Wawancara mangrupa téhnik anu dilakukeun ngaliwatan komunikasi

langsung atawa Tanya jawab jeung Kuncén, masarakat Kampung Naga, wawakil

ti kulawarga, patani, jeung tukang nyieun imah. Léngkah-léngkah dina

ngalaksanakeun téhnik wawancara, di antarana nya éta:

1) nyieun pedoman wawancara;

2) yusun daptar patalékan jeung tujuan panalungtikan;

3) néang narasumber pikeun meunangkeun informasi ku cara wawancara;

tuluy

4) nulis jawaban anu dipibeunang ku narasumber

3.3.3 Instrumen Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat-alat anu digunakeun pikeun

(8)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Numutkeun Arikunto (2010:192) instrumén panalungtikan nyaéta alat anu

digunakeun dina waktu panalungtikan nu nyoko kana métode jeung téhnik

panalungtikan nu digunakeun. Instrumén panalungtikan nu digunakeun pikeun

ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta:

a. Pédoman Obsérvasi

Pédoman wawancara nu baris aya di antarana mangrupa

patalékan-patalékan. Obsérvasi didieu nyaéta pengamatan langsung ka lapangan

pikeun meunangkeun data anu valid.

Tabél 3.1 Pedoman Obsérvasi

Lokasi Obsérvasi :

Jenis Obsérvasi :

Tgl Obsérvasi :

Observer :

No Kode Daftar Tanya Dipake Ngartieun Istilah Sejen

b. Pédoman Wawancara

Pédoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara masarakat

Kampung Naga, meunangkeun data dumasar kana masalah nu ditalungtik.

Tabél 3.2 Pedoman Wawancara

Wasta :

Jenis Kelamin :

(9)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kalunggguhan di kulawarga :

Pakasaban :

Jenjang atikan :

Kalungguhan di masarakat :

Patalékan :

No Patalékan

1. Naon waé pakakas anu digunakeun ku masarakat Kampung Naga, dina

kahirupan sapopoé, hususna:

a. Pakakas Rumah tangga:

b. Pakakas Tatanén:

c. Pakakas Ngala lauk :

d. Pakakas Ngebon :

2. Kumaha fungsina, éta pakakas tradisional teh?

3. Unsur lingkungan naon baé anu nyampak dina kandaga kecap pakakas

tradisional?

4. Kumaha patalina antara kandaga kecap pakakas tradisional nu aya jeung

tradisi masarakat Kampung Naga?

e. Kaméra jeung Hp

Ieu alat digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun sakabéh kagiatan

panalungtikan. Hasil ieu instrumén nya éta mangrupa gambar dua diménsi

atawa visual.

3.4 Analisis Data

Miles dan Huberman (Sugiyono, 2007), ngebrehkeun yén aktivitas dina

nganalisis data kualitatif dilakukeun sacara interaktif jeung lumangsung

tuluy-tumuluy, nepi ka data jenuh. Eta aktivitas nya éta reduksi data (data reduction),

penyajian data (data display), jeung conclusiondrawing/verification (Sugiyono,

(10)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

a. Reduksi data (data reduction)

Reduksi data nya éta analisis data anu dilakukeun pikeun milih hal-hal anu

utama, fokus neangan kode pakakas rumah tangga, pakakas tatanen, pakakas

ngala lauk, jeung pakakas ka kebon, sarta data ditilik tina jihat interrelationships,

environment, jeung diversity . Data anu dipibeunang di lapangan ditulis/diketik

dina wangun uraian atawa laporan terperinci.

b. Penyajian data (data display)

Panyajian data dilakukeun dina wangun uraian singgget, bagan, hubungan

antar kategori, flowchart¸jst. Miles dan Huberman ( Sugiyono, 2007) ngebrehkeun

yén anu palingmindeng digunakeun pikeun nyajikeun data dina panalungtikan

kualitatif nya éta teks anu sipatna naratif.

Tabél 3.3 Kode Data

No Kode Data Data

c. Conclusion drawing/verification

Tina data anu geus dipibeunang, satuluyna dikategorikeun, diteangan téma

jeung polana, tuluy nyieun kacindekkan. Kacindekkan awal anu diebrehkeun

masih kenah sipatna samentara, jeung bakal barobah lamun teu kapanggih bukti

anu kuat pikeun ngarojong kana tahap pangumpulan data.

3.4.1 Lengkah Ngolah Data

Téhnik ngolah data nyaéta téhnik nu dilakukeun ku panalungtik sanggeus

data dikumpulkeun. Dina ieu téhnik data anu geus dikumpulkeun dipaluruh tuluy

(11)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

data nya éta mikir patalina data jeung kasang tukang nu ngabalukarkeun ayana

sasaruan atawa bédana éta data, nu tuluy bisa dijieun hiji kacindekan

panalungtikan.

Dina ieu panalungtikan, aya léngkah-léngkah ngolah data nu geus

dikumpulkeun, di antarana:

1) Niténan deui data nu geus dikumpulkeun;

2) Ngayakeun transkrip rékaman wawancara;

3) Nyieun papasingan data;

4) Nganalisis data;

5) Ngadéskripsikeun data; jeung

6) Nyieun kacindekan tina data anu dipaluruh.

Tabél 3.4 Analisis Kandaga Kecap Pakakas Tradisional

No Data Kandaga

Kecap

Klasifikasi Fungsi Unsur

lingkungan Pungsi

PRT PT PNL PN I S F E S

Keterangan :

1. Klasifikasi

1) PRT : Pakakas Rumah Tangga

2) PT : Pakakas Tatanén

3) PNL : Pakakas Ngala Lauk

4) PN : Pakakas Ngebon

2. Fungsi

(12)

Ai Herlina, 2015

KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) S : Sosial

3. Unsur Lingkungan

1) F : Fisik/abiotik

2) E : Ekonomis

Referensi

Dokumen terkait

Temuan ini mendukung penelitian yang dilakukan oleh Nurul Indarti dan Rokhima Rostiana (2008), Kolvereid (1996), Scott dan Twomey (1988) bahwa mahasiwa yang

This book takes a holistic approach in covering the security and privacy throughout the entire life cycle of coin expenditure in the system—effectively covering the security

POKJA II (DUA) Untuk perusahaan yang baru berdiri boleh tidak mengisi SPT Tahunan. Rapat Penjelasan Pekerjaan ditutup pada pukul

Ketika kehidupan bernegara mengalami perubahan seperti sekarang ini, dimana peran lembaga-lembaga diluar birokrasi pemerintah seperti DPR/D, lembaga swadaya masyarakat,

Dengan menggunakan teori ketergantungan ini sebagai salah satu faktor pendukung penelitian ini diharapkan dengan teori ini peneliti dapat memberikan hasil yang

PENINGKATAN KETERAMPILAN KOMUNIKASI SISWA MELALUI METODE INKUIRI BERBASIS PENGALAMAN SOSIAL DALAM PEMBELAJARAN IPS.. Universitas Pendidikan Indonesia |

[r]

Setelah mendapatkannya maka data akan dikelompokkan kedalam 4 kriteria nilai yang akan memperlihatkan baik atau buruknya program corporate social responsibility yang telah