BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Indonesia teh nagara anu mibanda rupa-rupa suku bangsa. Unggal suku
miboga tradisi jeung adat-istiadat anu mangrupa kabeungharan bangsa. Tapi luyu
jeung kamekaran jaman katut arus modernisasi, aya parobahan, boh di lingkungan
ragawi boh lingkungan sosial. Tradisi jeung adat-istiadat sarta basa salaku ciri
utama ayana suku bangsa Indonesia laun-laun ngeleungit. Jadi diperlukeun ulikan
anu leuwih jero anu ngaitkeun budaya jeung lingkungan pikeun tujuan
nyalametkeun jeung ngamumulé sagala kabeungharan budaya jeung lingkungan.
Ku kituna, ulikan ékolinguistik dianggap bisa ngaakomodir lajuning laku
ngeunaan budaya jeung lingkungan nyaéta telaah linguistik cultural, anu
dipiharep bisa jadi upaya pikeun révitalisasi budaya jeung lingkungan kaasup
basa salaku interaksi masarakat.
Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa hirup gulangkep jeung budayana.
Manusa ngabogaan budaya lantaran boga akal jeung pikiran. Akal jeung pikiran
nu dipiboga ku manusa téh minangka ciri anu ngabédakeun jeung mahluk
séjénna. Kabudayaan téh diciptakeun sarta digunakeun ku manusa sorangan.
Kabudayaan bakal tumuwuh bareng jeung kamekaran jaman.
Dina hakekatna budaya mibanda ajen-inajen anu diwariskeun, ditafsirkeun
jeung dilaksanakeun saluyu jeung proses parobahan sosial kamasarakatan. Ajen
budaya mangrupa manifestasi, jeung legitimasi masarakat kana budaya.
Eksistensi budaya jeung karagaman ajen-inajen luhung kabudayaan anu dipiboga
ku bangsa Indonesia mangrupa sarana tina ngawangun karakter warga nagara,
anu aya hubunganana jeung karakter pribadi ogé karakter publik.
Nurutkeun Geertz (1992:5) kabudayaan nya éta mangrupa hasil karya
manusa anu bisa dimekarkeun ngaliwatan paripolah pikeun kahirupan jeung
diwariskeun ti hiji generasi ka generasi séjénna ngaliwatan proses komunikasi
jeung diajar supaya generasi anu diwariskeun miboga karakter anu tangguh
Koentjaraningrat (2009:144), nétélakeun yén kabudayaan nyaeta sistem
gagasan, tindakan jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu
dipiboga manusa ku cara diajar. Kabudayaan kacida mangaruhan kana ajen atikan
masarakatna, kitu ogé sabalikna atikan mangaruhan pisan kana kamekaran
kabudayaan. Ku atikan urang bisa mekarkeun budaya-budaya nu geus aya
sangkan teu kalindih ku kamekaran jaman, ogé ajen-inajen nu aya dina budaya
bakal mangaruhan kana kamekaran atikan.
Dina kabudayaan, nyangkaruk ajen-inajen nu ngajanggélék dina wujud ide
anu sifatna abstrak, teu bisa ditempo, teu bisa dicabak, tapi tempatna aya dina
alam pikiran masarakat dimana eta kabudayaan téh tumuwuh jeung mekar.
Wujud ide bisa disebut ogé jeung paripolah, ieu hal téh nuduhkeun yén wujud ide
téh pungsina pikeun ngatur sarta méré arahan kana paripolah manusa dina
masarakat salaku tatakrama atawa sopan santun.
Kabudayaan anu dipiboga ku unggal daerah miboga kaunikan
sewang-sewangan. Salian ti kitu, kabudayaan mangrupa ciri has bangsa jeung salaku identitas bangsa. Anu dijelaskeun tina pasal 32 ayat (1) “Negara memajukan kebudayaan nasional Indonesia di tengah peradaban dunia dengan menjamin
kebebasan masarakat dalam memelihara dan mengembangkan nilai-nilai budayanya”.
Budaya nya éta sistem anu aya hubunganana jeung nu sejen. Wangun
simbolis anu mangrupa basa, benda, music, kapercayaan, sarta kagiatan-kagiatan
masarakat anu babarengan mangrupa cakupan budaya.
Kabudayaan sunda mangrupa salah sahiji kabudayaan anu jadi sumber
kekayaan pikeun bangsa Indonesia. Sacara umum masarakat sunda kawentar ku
masarakatna anu someah, jeung religius. Anu bisa katingali tina palsapah urang
sunda nya éta silih asih, silih asah, jeung silih asuh. Kabudayaan sunda kaasup
karifan lokal bangsa Indonesia anu masih kénéh aya nepi ka kiwari.
Kaarifan lokal (lokal wisdom) nya éta kawijaksanaan atawa pangaweruh
asli hiji masarakat anu asalna tina ajen luhung tradisi budaya anu ngatur
kahirupan masarakat (Sibarani: 112-113). Dumasar UU No 32 taun 2009 kaarifan
ngalindungan jeung ngurus lingkungan hidup sacara lestari, anu diatur tina pasal
1 butir 30. Masarakat hukum adat tina pasal 1 butir 31, nya éta kelompok
masarakat anu sacara turun-temurun cicing di wilayah geografis kusabab ayana
iketan asal-usul karuhun, ayana hubungan anu kuat jeung lingkungan, sarta ayana
sistem ajen anu nangtukeun pranata ekonomi, politik, sosial, jeung hukum.
Di masarakat, kaarifan lokal bisa kapanggih dina widang kasenian saperti
sisindiran, wawangsalan, pamali, jrrd. Kaarifan lokal biasana katingali tina
kabiasaan-kabiasaan hirup masarakat anu geus lumangsung lila. Kaarifan lokal
mibanda ajen-inajen anu luhung, anu bisa katingali tina paripolah sapopoé
masarakatna. Ajen kaarifan lokal anu aya di masarakat, bisa dipraktekkeun,
diajarkeun, tur diwariskeun ka hiji generasi ka generasi séjénna anu sakaligus
ngawangun jeung nuntun pola prilaku manusa sapopoé.
Nababan (2003) ngébréhkeun yén masarakat adat umumna miboga sistem
pangaweruh pikeun ngurus budaya lokal anu diwariskeun jeung mekar anu
tuluy-tumuluy sacara turun-temurun. Wangenan masarakat didieu nya éta masarakat
anu sacara tradisional gumantung jeung miboga ikatan sosio-kultural jeung
religious anu erat jeung lingkungan budayana. Kaarifan lokal teu bisa dilepaskeun
tina sistem lingkungan hidup atawa sistem ekologi/ekosistem.
Salah sahiji wewengkon di Jawa Barat nu masih kénéh nyekel pageuh
kana tradisi adat-istiadat warisan ti para karuhun nya éta Kampung Naga.
Masarakat Kampung Naga mangrupa komunitas masarakat Sunda nu aya di Jawa
Barat. Perenahna di Desa Neglasari Kacamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya.
Nu ngabédakeun Kampung Naga jeung Kampung séjénna nya éta pola
kahirupanana.
Kampung Naga mangrupa salah sahiji kampong adat Sunda-Islam, nu
sacara administrative asup ka wewengkon Desa Neglasari Kecamatan Salawu
Kabupaten Tasikmalaya, nu legana kira kira 10,5 ha. Beda jeung masarakat adat
ilaharna, urang Kampung Naga mah campur jeung masarakat modern, ngagem
Islam, tapi masih pengkuh miara adat karuhun. Dina hiji sisi masarakatna bisa
maranehna tetep nyekel adat karuhunna (wangunan imah panggung tina anyaman
awi, hateup injuk, miara leuweung, melak pare, jsb.).
Kampung Naga mangrupa perkampungan anu dicicingan ku sakelompok
masarakat anu kuat kana adat-istiadat titinggal karuhun, dina hal ieu adat Sunda.
Saperti halna Badui, Kampung Naga mangrupa gambaran ngeunaan kahirupan
masarakat padésaan Sunda dina mangsa peralihan tina pangaruh hindu kana
pangaruh Islam di Jawa Barat. Masarakat Kampung Naga kawentar miboga
kaarifan lokal anu henteu luntur ku kamajuan jaman. Ti baheula nepi ka ayeuna
masih kénéh taat kana aturan heubeul.
Nurutkeun kapercayaan masarakat Kampung Naga, ku ngajalankeun
adat-istiadat warisan nenek moyang miboga harti ngahormat ka karuhun. Sagala hal
anu datangna lain ti ajaran karuhun Kampung Naga jeung hal anu henteu
dilakonan ku karuhun dianggap hiji hal anu pamali. Lamun éta hal dilakonan ku
masysrakat Kampung Naga hartina aturan geus dilanggar, teu ngahormat ka
karuhun, ieu hal pasti numuwuhkeun malapétaka. Tradisi anu masih kénéh napel
ka masarakat Kampung Naga, éta hal anu jadi panguatan kana nyalametkeun
alam jeung lingkungan. Misalna wangun imah masarakat Kampung Naga kudu
panggung, pakakas imahna tina kai jeung awi. Lalangit imah tina daun nipah ijuk
atawa alang alang, teras imah pakakasna kudu tina awi jeung kai. Imah kudu
nyanghareup ka beulah kidul atawa ngaler bari kudu manjang ka arah wétan
jeung kulon. Dinding imah tina bilik awi atawa anyaman awi anu wangunna
sasag. Imah ulah dicet, iwal dikapur atawa dimeni. Bahan imah ulah ngagunakeun
témbok, sanajan mampuh nyieun imah tina témbok atawa gedong.
Pola kahirupan masarakat Kampung Naga masih kénéh nyekel pageuh
kana tradisi tradisi jeung papagon hirup anu diwariskeun. Di antarana pola hirup
sederhana, gotong royong, silih tulungan, hirup jeung alam turut tumut kana
aturan agama/hukum, pamarentah, adat atawa norma kasundaan. Dina hirup
kumbuh sapopoéna, masarakat Kampung Naga turut tumut kana aturan anu
ngajanggélék dina wangun adat, nu ngawengku kabiasaan, kawajiban, jeung
pantrangan-pantrangan atawa pamali nu mangrupa papagon hirup dina laku
anu kudu dipiara pikeun kasaimbangan hirup jeung papadana ogé alam
sabudeureunna.
Jaman kiwari masarakat geus poho kana ngaran rupa-rupa kandaga kecap,
sabab geus jarang dipaké. Saperti pakakas rumah tangga, boboko geus jarang
dipaké di unggal imah sabab geus ka ganti ku kamekaran jaman nya éta magic
com. Kitu ogé hawu, ayeuna geus jarang kapanggih di unggal imah sabab geus ka
ganti ku pakakas modern nya éta kompor gas. Ku ayana ieu panalungtikan,
dipiharep bisa dipaké bahan pangajaran dina ngawanohkeun pakakas tradisional.
Dina kahirupan sapopoé, manusa interaksi jeung manusa séjénna
ngagunakeun basa. Basa nya éta salah sahiji kamampuh dasar jeung alamiah anu
dianugerahkeun ka sakabéh umat manusa. Basa ogé erat pakaitna jeung
lingkungan. Hubungan basa jeung lingkungan kahirupan dikaji ku élmu
antardisiplin anu disebut ekolinguistik.
Dina konteks kabasaan, ayana ngaran pakakas tradisional anu unik, khas
tur aneka ragam nembongkeun ayana pamahaman masarakat Sunda kana ulikan
ekolinguistik. Eta hal nembongkeun yén dina basa Sunda aya pangajaran/ajen
inajen anu luhung ngeunaan pakakas tradisional anu mangrupa gambaran
kaselarasan masarakat Sunda jeung alam (silih asah).
Foley (1997) ngébréhkeun yén ulikan ekolinguistik, henteu ngan saukur
dina wangun konteks linguistik wungkul, tapi ogé konteks sosial budaya anu
leuwih jembar nepi mampuh ngahontal pungsi-pungsi sosial, kultural, jeung
lingkungan anu nyoko kana kabudayaan.
Ulikan ekolinguistik pakaitna jeung ajen inajen kaarifan lokal masarakat
Sunda. Panalungtikan nu geus aya nyaéta ngeunaan kabudayaan, pakasaban,
arsitektur, sistem organisasi jrrd. Tapi panalungtikan ngeunaan ekolinguistik
hususna ngeunaan kandaga kecap acan aya anu nalungtik sacara khusus jeung
leuwih jero. Ku kituna, dumasar kana hal eta panalungtikan ieu miboga
kadudukan anu penting pikeun ditalungtik. Sacara hususna, ulikan ekolinguistik
ieu miboga tujuan pikeun nalungtik budaya masarakat Sunda ngaliwatan basana.
Pentingna ieu panalungtikan pikeun tetep ngaraksa ogé ngariksa
modernisasi méh kuat mangaruhan kana ajen-inajen tradisi nu di dijaga ku para
karuhunna. Ku kituna, mikabutuh tarékah-tarékah anu dilakukeun sacara
tuluy-tumuluy, kaasup pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga. Ieu
panalungtikan téh jadi hiji tarékah pikeun ngajaga kaarifan lokal bangsa
Indonesia. Dumasar kana pedaran di luhur ieu panalungtikan téh dijudulan “
Kandaga Kecap Pakakas Tradisional di Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya (Ulikan Ekolinguistik)”.
1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watesan Masalah
Sangkan masalah nu ditalungtik ambahanana teu léga teuing, masalah nu
dipedar museur dina sabudereun kandaga kecappakakas tradisional anu aya dina
Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya maké
ulikan ekolinguistik anu ngawengku interrelationships (interalasi basa jeung
lingkungan), environment (lingkungan ragawi jeung sosial budaya), jeung
diversity (keberagaman basa jeung lingkungan).
1.2.2 Rumusan Masalah
Luyu jeung kasang tukang, sarta watesan masalah nu geus diébréhkeun
saméméhna, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun sapérti dihandap :
1) Kandaga kecap pakakas tradisional naon bae anu aya di Kampung Naga Desa
Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya?
2) Kumaha klasifikasi kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung
Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina
jihat interrelationships?
3) Kumaha fungsi pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga Desa
Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat
4) Unsur lingkungan naon baé anu nyampak dina kandaga kecap pakakas
tradisional Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten
Tasikmalaya ditilik tina jihat diversity?
5) Kumaha patalina antara kandaga kecap pakakas tradisional nu aya jeung
tradisi masarakat Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu
Kabupaten Tasikmalaya?
1.3Tujuan Panalungtikan
Panalungtikan ieu miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung
ngadeskripsikeun lima hal, nya éta:
1) kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga Desa
Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya;
2) klasifikasi kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga
Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat
interrelationships;
3) fungsi kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga Desa
Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya ditilik tina jihat
environment;
4) unsure lingkungan anu nyampak dina kandaga kecap pakakas tradisional
Kampung Naga ditilik tina jihat diversity; sarta
5) patalina antara kandaga kecap pakakas tradisional jeung tradisi masarakat
Kampung Naga Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun
ngajembaran kamekaran tiori linguistik hususna élmu ekolinguistik anu ngulik
1.4.2 Mangpaat Praktis
Panalungtikan ieu dipiharep bisa méré mangpaat, di antarana nya éta :
1) Pikeun Panalungtik
Nambahan pangalaman dina prosés panalungtikan kabudayaan, utamana
dina budaya sunda.
2) Pikeun pangajaran
Ngajembaran pangaweruh ngeunaan kabudayaan Sunda dina ngaran-ngaran
pakakas tradisional, sarta nambahan pangdeudeul ulikan, utamana ulikan
ekolinguistik.
3) Pikeun sakola
Ku ayana panalungtikan ieu, dipiharep bisa nambahan référensi kajian,
utamana dina pangajaran kabudayaan di sakola., Méré informasi,
ngawanohkeun tur ngamumule khazanah budaya lokal.
1.5 Sistematika Tulisan
Sanggeus data réngsé dianalisis, tahap ahir dina ieu panalungtikan nya éta
nyusun hiji laporan dina wangun tesis. Sistematika tulisanana kabagi jadi lima
bab, nyaéta:
Bab I mangrupa tahap munggaran dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab
dipedar ngenaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah,
tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung sistematika panalisan,
Bab II mangrupa bab anu medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina ieu
panalungtikan, anu eusina ngawengku wangenan kecap,pakakas tradisional,
ekologi Kampung Naga, wangenan ekolinguistik, hubungan antara basa, jeung
lingkungan, panalungtikan nu geus aya, sarta anggapan dasar.
Bab III nyaéta métode panalungtikan, anu ngawengku lokasi
panalungtikan, data jeung sumber data, desain panalungtikan, wangenan
operasional, instrumen panalungtikan, métode panalungtikan, jeung téhnik
Bab IV ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Eusina ngawengku
prak-prakan panalungtikan, nganalisis data hasil panalungtikan jeung medar ngeunaan
kandaga kecap pakakas tradisional di Kampung Naga Kecamatan Salawu
Kabupaten Tasikmalaya maké ulikan ekolinguistik.
Bab V panutup, anu eusina kacindekan hasil panalungtikan sarta saran