• Tidak ada hasil yang ditemukan

Tabél 4.2 : Analisis Kasalahan Makéna Guru Lagu No Ngaran pupuh Pada ka- Padalisan

4.7 Bahan Ajar Maca Carita Buhun

Bahan pangajaran mangrupa salasahiji komponén tina prosés diajar ngajar. Bahan pangajaran téh kacida penting ku sabab bahan pangajaran mangrupa inti tina prosés diajar ngajar anu bakal ditepikeun ka peserta didik. Ku kituna, dina nyusun sarta nepikeun bahan ajar, kudu aya acuan sangkan tujuan pangajaran bisa ditepikeun kalayan hadé, henteu méngpar tina tujuan pangajaran.

Dina ieu hal, bahan ajar anu ditepikeun ka siswa nyaéta ngeunaan carita buhun, hususna wawacan. Ku kituna, matéri poko disusun dina wangun Silabus jeung RPP, pikeun padoman guru dina prosés diaja ngajar.

Bahan pangajaran maca carita buhun di SMA, kaunggel saperti kieu.

I. Mikawanoh Wawacan

Wawacan asalna tina kecap waca atawa baca, anu hartina sagala rupa anu dibaca, atawa anu bisa dibaca. Wawacan nyaéta carita panjang anu dianggit maké patokan pupuh. Jalan caritana loba bagian-bagianana. Kitu deui palaku jeung tempat ngalalakon loba pisan. Atuh mangsa anu kacaturna ogé lila. Dina wawacan umumna sok aya hal-hal anu pamohalan mungguhing ceuk akal mah. Upamana

palakuna sarakti, lain baé jelema, tapi jin, siluman, buta, déwa, jeung sajabana. Tapi wawacan anu teu ngandung pamohalan ogé aya.

Wawacan gelar di sabudeureun abad ka-17. Anu asalna pangaruh tina kasusastraan Jawa. Mimitina, sumebar wawacan téh ku jalan disalin, maké tulisan leungeun. Naskah wawacan anu disalinna aya anu ditulis maké huruf Arab, aya ogé anu ditulis maké aksara Sunda-Jawa (Cacarakan). Wawacan sok dipagelarkeun ku sababaraha urang. Anu purah maca carita disebutna juru ilo, sedengkeun anu nembangkeun carita disebutna juru beluk. Cara nepikeun wawacan téh ditembangkeun. Biasana sok dibedaskeun disebutna beluk. Seni beluk téh lumrah sok ditanggap dina upacara salametan, upama waé salametan nu tas ngalahirkeun, sunatan, gusaran, nadar, walimahan, jeung saréngséna panén.

Unsur-unsur anu aya dina wawacan téh dibagi jadi sababaraha bagian, nyaéta téma, palaku, galur, latar, jeung amanat, sarta pupuh anu digunakeun.

II. Pék baca sempalan wawacan ieu di handap kalawan gemet!

Dangdanggula

Sadérékna Raja Abi Tholib, hiji isteri kakasih Hatijah, hiji mangsa kacarios, kangjeng Raja gunem catur, nyaéta jeung rayi isteri, aéh rayi Nyai Hatijah, lamun rayi rempug, éta gagan anak urang, enggeus sedeng ayeuna balajar diri, kumaha mun sina dagang.

Supayana éta gagan ngarti, kana jalan ngalapna kipayah, ka payun moal kagok, Déwi Hatijah ngawangsul, mangga baé saur, ngiring pisan jisim rayi, sugan aya manah, ku raka teras lahiran, lajeng baé dilulungsur Kangjeng Nabi, kocapkeun baé geus dongkap.

Seug ngandika Raja Abi Tholib, ngawurukan ka Gusti Muhammad, sasauran langkung alon, aduh Gusti ua enung, jimat ua anu leungit, caang Radén

ayeuna mah, da geus ageung enung, meujeuhna ayeuna Ujang, balangsiar peupeuriheun masih alit, Gusti téh ngan ngangon domba.

Sareng Ujang jimat ua Gusti, keur baréto Ujang masih budak, sakersa-kersa gagan téh, kabéh ku ua diturut, duméh eukeur murangkalih, keur palay ngangon ka tegal, ku ua dijurung, tatapi ari ayeuna, da geus ageung lamun masih ngangon kambing, nista temen ka salira.

Sabab yuswa lamun teu tingali, ayeuna geus dua puluh lima, tahun yuswa ana dading téh, ayeuna mah anggur dagang, eujeung putra ua enung, geus lami di Mekah calik, angkat ka nu jauh, jeung tamba kesel salira, jeung sampéan Ujang téh bari pelesir, ningali nagara lian.

Réh pun ua hanteu gaduh duit, eukeur badé ngamodalan Ujang, kajeun urang nginjeum baé, rék ménta tulung ka batur, ka nu sugih loba duit, aya sahiji jelema, istri leuwih mashur, kakasih Déwi Khadijah, kamashurkeun sugih dunya loba duit, putrana sang Walid Sultan.

Putrana téh ngan éta sahiji, langkung rajin saniskanten, geulis jeung alus pasemon, di nagara Mekah punjul, handap asor amis budi, daréhdéh eujeung akuan, istu matak lucu, katambah eujeung beungharna, jeung balabah lébar tangan sugih mukti, karunyaan ka jelema.

Loba jalmi nu geus nginjeum duit, sakarepna téh diturut, dipaparin ku Nyi Déwi, anu dagang rék niat momodal, nya ti dinya nginjeumna téh, sakumaha kahayangna, teu aya nu luput, sartana gamparan jangjina, tatapina lolobana maparo bati, aya anu sasukana. Parandéné éta dipaparin, anu nginjeum jalma datang leumpang, saban poé hanteu lowong, raosna Sultan Walidu, ningal putra langkung rajin, jeung tambah-tambah asihna, geus ngagunung-gunung, teu aya timbangeunana, ka putra téh menggah raos-raos abdi, bawaning sangget asihna.

Eujeung deui anu nginjeum duit, éta agan Déwi Khadijah, lain urang dieu baé, nu jauh ogé ngajugjug, ti Erum ti Esam nagari, pada ngararinjeum modal, jangjina teu tangtu, éta ku Déwi Khadijah, anu deukeut anu jauh dipaparin, ku tina sabab murahna. (Dicutat tina Wawacan Siti Khadijah Dagang)

III. Sanggeus maham kana eusi bacaan, pék jawab pananya di handap!

1. Saha waé anu dicaritakeun dina sempalan Wawacan Siti Khadijah Dagang téh?

Anu dicaritakeun dina sempalan Wawacan Siti Khadijah Dagang nyaéta:  Raja Abi Tholib

 Nyi Hatijah

 Kangjeng Nabi Muhammad  Nyi Khadijah Déwi

 Sultan Walidu

2. Kumaha watek Nyi Khadijah Déwi anu kagambar dina éta wawacan? Watek Nyi Khadijah Déwi anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta rajin, geulis jeung alus pasemon, handap asor amis budi, daréhdéh eujeung akuan, balabah lébar tangan sugih mukti, jeung karunyaan ka jelema.

3. Nagara naon waé anu dicaritakeun dina éta wawacan téh?

Nagara anu dicaritakeun dina ieu wawacan téh nyaéta nagara Mekah, nagara Esam (Syam), jeung nagara Erum (Rum).

4. Naon sababna Kangjeng Nabi Muhammad dititah nepungan ka Nyi Khadijah Déwi?

Ku sabab Kangjeng Nabi Muhammad dititah nginjeum duit modal ka Nyi Khadijah Déwi, pikeun balajar dagang ngalap kipayah. Yuswa Kangjeng Nabi geus dua puluh lima taun, henteu pantes lamun masih ngangon kambing, jadi Raja Abi Tholib nitah Kangjeng Nabi sina dagang indit ka nu jauh sabari pelesir ningali nagara lian.

Sultan Walid tambah-tambah asihna, geus ngagunung-gunung teu aya timbangeunana, lantaran ningali Nyi Khadijah Déwi langkung-langkung rajin.