• Tidak ada hasil yang ditemukan

HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN

23. Raja Syam

(0537) Leubeut kabéh budal,

bandérana ngolébat kadupak angin, énggal baé nu dicatur,

di jalan kocap patepang,

bandérana Raja Sam anu dipayun, pék sujud éta bandéra,

ka payuneun Kangjeng Nabi.

Watek Raja Syam anu kapanggih dina ieu wawacan nyaéta sopan/alus tatakramana.

(1) Maliré/perhatian

Éta sikep téh katingali nalika aya béja yén Kangjeng Nabi Muhammad geus nepi ka nagara Syam, Kangjeng Raja Syam geuat dangdan rék mapag Kangjeng Nabi Muhammad.

(0536) Énggal dangdan Kangjeng Ratu, badé mapag nu rék sumping, énggalna Raja geus jengkar, diiring ku palamantri, upacarana ngajajar, geus mungkur ti jero nagri.

Salian ti éta ogé, Kangjeng Nabi kacida dihurmatna sarta disuguhan rupa-rupa kadaharan geus euweuh kakurangan.

(0543) Dihurmat didama-dama, barangtuang geus teu di deui,

ma’lum kawantu di ratu,

geus teu aya kakirang,

parantosna barangtuang Kangjeng Rosul, lajeng nyaur ka Raja Sam,

kaula neda paidin. (2) Sopan/alus tatakramana

Éta sikep téh katingali nalika Kangjeng Nabi Muhammad nepi ka nagara Syam, Kangjeng Raja Syam tuluy sasalaman kalawan hurmat pisan. (0539) Lajeng sami sasalaman,

hurmat pisan Raja Sami ka Kangjeng Nabi, lajeng sareng angkat tuluy,

ka kota nagara Esam,

kacarios éta gedongna téh Ratu, teu kinten pisan alusna,

diterapang ku biduri.

c) Palaku Tambahan 1. Jubair

Jubair nyaéta salasahiji sodagar Mekah anu milu dagang ka nagara Syam jeung rombongan Nyi Khadijah Déwi.

(0125) Disebut hiji-hijina,

hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu,

kaopat Abu Jahal,

kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar,

katujuhna Abdurrahman.

Watek Jubair anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta nurut kana paréntah.

(1) Nurut kana paréntah

Éta sikep téh katingali nalika saméméh indit ka nagara Syam, sakabéh palasodagar téh kumpul heula di imahna Nyi Khadijah Déwi pikeun ngadéngékeun sagala piwurukna.

(0124) Kedah di dieu rerebna,

sadayana rék diparéntah ku kuring, énggal Kangjeng wangsul,

kacatur Déwi Khadijah,

pék nyauran para sudagar karumpul, di bumi Déwi Khadijah,

ngaranna sahiji-sahiji. (0125) Disebut hiji-hijina,

hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu,

kaopat Abu Jahal,

kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar,

2. Ki Haris

Ki Haris nyaéta salasahiji sodagar Mekah anu milu dagang ka nagara Syam jeung rombongan Nyi Khadijah Déwi.

(0125) Disebut hiji-hijina,

hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu,

kaopat Abu Jahal,

kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar,

katujuhna Abdurrahman.

Watek Ki Haris anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta nurut kana paréntah.

(1) Nurut kana paréntah

Éta sikep téh katingali nalika saméméh indit ka nagara Syam, sakabéh palasodagar téh kumpul heula di imahna Nyi Khadijah Déwi pikeun ngadéngékeun sagala piwurukna.

(0124) Kedah di dieu rerebna,

sadayana rék diparéntah ku kuring, énggal Kangjeng wangsul,

kacatur Déwi Khadijah,

pék nyauran para sudagar karumpul, di bumi Déwi Khadijah,

ngaranna sahiji-sahiji. (0125) Disebut hiji-hijina,

hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu,

kaopat Abu Jahal,

kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar,

katujuhna Abdurrahman. 3. Ki Qiyas

Ki Qiyas nyaéta salasahiji sodagar Mekah anu milu dagang ka nagara Syam jeung rombongan Nyi Khadijah Déwi.

(0125) Disebut hiji-hijina,

hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu,

kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar,

katujuhna Abdurrahman.

Watek Ki Qiyas anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta nurut kana paréntah.

(1) Nurut kana paréntah

Éta sikep téh katingali nalika saméméh indit ka nagara Syam, sakabéh palasodagar téh kumpul heula di imahna Nyi Khadijah Déwi pikeun ngadéngékeun sagala piwurukna.

(0124) Kedah di dieu rerebna,

sadayana rék diparéntah ku kuring, énggal Kangjeng wangsul,

kacatur Déwi Khadijah,

pék nyauran para sudagar karumpul, di bumi Déwi Khadijah,

ngaranna sahiji-sahiji. (0125) Disebut hiji-hijina,

hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu,

kaopat Abu Jahal,

kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar,

katujuhna Abdurrahman. 4. Abu Shopiyah

Abu Shopiyah nyaéta salasahiji sodagar Mekah anu milu dagang ka nagara Syam jeung rombongan Nyi Khadijah Déwi.

(0125) Disebut hiji-hijina,

hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu,

kaopat Abu Jahal,

kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar,

katujuhna Abdurrahman.

Watek Abu Shopiyah anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta nurut kana paréntah.

(1) Nurut kana paréntah

Éta sikep téh katingali nalika saméméh indit ka nagara Syam, sakabéh palasodagar téh kumpul heula di imahna Nyi Khadijah Déwi pikeun ngadéngékeun sagala piwurukna.

(0124) Kedah di dieu rerebna,

sadayana rék diparéntah ku kuring, énggal Kangjeng wangsul,

kacatur Déwi Khadijah,

pék nyauran para sudagar karumpul, di bumi Déwi Khadijah,

ngaranna sahiji-sahiji. (0125) Disebut hiji-hijina,

hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu,

kaopat Abu Jahal,

kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar,

katujuhna Abdurrahman. 5. Abdurrahman

Abdurrahman nyaéta salasahiji sodagar Mekah anu milu dagang ka nagara Syam jeung rombongan Nyi Khadijah Déwi.

(0125) Disebut hiji-hijina,

hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu,

kaopat Abu Jahal,

kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar,

katujuhna Abdurrahman.

Watek Abdurrahman anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta nurut kana paréntah.

(1) Nurut kana paréntah

Éta sikep téh katingali nalika saméméh indit ka nagara Syam, sakabéh palasodagar téh kumpul heula di imahna Nyi Khadijah Déwi pikeun ngadéngékeun sagala piwurukna.

sadayana rék diparéntah ku kuring, énggal Kangjeng wangsul,

kacatur Déwi Khadijah,

pék nyauran para sudagar karumpul, di bumi Déwi Khadijah,

ngaranna sahiji-sahiji. (0125) Disebut hiji-hijina,

hiji Jubair kadua ngaran Ki Haris, Ki Qiyas anu katilu,

kaopat Abu Jahal,

kalimana Abu Shopiyah disebut, kagenepna Abu Bakar,

katujuhna Abdurrahman. 6. Ki Abdul Alamaa

Ki Abdul Alamaa nyaéta ahli kitab anu alim tur mashur. (0750) Ngan kari eujeung Mas Rokit,

Putri tacan musawarah, duka terus hanteuna téh, ngan béja Mas Rokit téa, enggeus salin kitab anyar, (...) ti alim nu mashur, ngaran Ki Abdul Alamaa.

Watek Ki Abdul Alamaa anu kagambar dina ieu wawacan nyaéta alim. (1) Alim

Watek Ki Abdul Alamaa anu alim téh digambarkeun ku Ki Mas Rokit. (0750) Ngan kari eujeung Mas Rokit,