• Tidak ada hasil yang ditemukan

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan “Média Visual Tilu Diménsi (3D) dina Pangajaran Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa kelas VII-F SMP Negeri 2 Banjarsari Kabupaten Ciamis Taun Ajaran 2014/2015)”, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh nulis sajak siswa kelas VII-F SMP Negeri 2 Banjarsari Kabupaten Ciamis Taun Ajaran 2014/2015 saméméh ngagunakeun média visual tilu diménsi (3D) nya éta siswa can mampuh, katitén tina rata-rata unggal aspék anu dihontal ku siswa, nya éta : 1) aspék diksi (pilihan kecap) 2,90. Hartina, kecap-kecap anu dipilih jeung disusun dina nulis sajak cukup basajan, 2) aspék implengan/pengimajian 3,04. Hartina, pengimajian basajan, rada luyu jeung téma anu geus ditangtukeun, 3) aspék gaya basa 2,22. Hartina gaya basa anu digunakeun kurang alus /kurang hadé, ma’nana kurang jero, teu luyu jeung téma anu dibikeun, 4) aspék téma 3,5. Hartina, eusi sajak masih kagolong basajan, rada luyu jeung téma anu ditangtukeun jeung 5) aspék amanat 2,68. Hartina, amanat anu ditepikeun cukup/basajan/rada luyu jeung téma.

2) Kamampuh nulis sajak siswa kelas VII-F SMP Negeri 2 Banjarsari Kabupaten Ciamis Taun Ajaran 2014/2015 sabada ngagunakeun média visual tilu diménsi (3D) nya éta siswa geus mampuh, katitén tina rata-rata unggal aspék anu dihontal ku siswa, nya éta : 1) aspék diksi (pilihan kecap) 3,72. Hartina, kecap-kecap anu dipilih dina nulis sajak alus tur hadé, 2) aspék implengan/pengimajian 4,04. Hartina pemgimajian alus, luyu jeung téma anu ditangtukeun, 3) aspék gaya basa 2,72. Hartina gaya basa anu digunakeun

basajan, ma’nana cukup jero, rada luyu jeung téma anu dibikeun, 4) aspék

88

Rida Ridlotul Imamah, 2014

MÉDIA VISUAL TILU DIMÉNSI (3D) DINA PANGAJARAN NULIS SAJAK: (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-F SMP Negeri 2 Banjarsari Kabupaten Ciamis Taun Ajaran 2014/2015)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

ditangtukeun, jeung 5) aspék amanat 3,95. Hartina, amanat anu ditepikeun alus, luyu jeung téma anu ditangtukeun.

3) Dumasar kana hasil uji gain bisa katitén ngaronjatna kamampuh nulis sajak siswa antara saméméh jeung sabada ngagunakeun média visual tilu diménsi (3D), yén gain antara pre-test jeung post-test tina jumlah siswa 22 nya éta 76,54 – 57,09 =19,45. Rata-rata peunteun pre-test 57,09 ngaronjat jadi 76,54. Kukituna bisa dicindekkeun yén média visual tilu diménsi (3D) miboga pangaruh anu hadé dina ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa SMP Negeri 2 Banjarsari Kabupaten Ciamis taun ajaran 2014/2015 nya éta 19,45. 4) Dumasar kana hasil titung (25,1) > ttabél (2,52) katitén yén aya béda signifikan

antara hasil pre-test jeung post-test nulis sajak siswa. ku kituna bisa dicindekkeun yén média pangajaran visual tilu diménsi (3D) éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII-F SMP Negeri 2 Banjarsari Kabupaten Ciamis taun ajaran 2014/2015.

5.2 Implikasi

Média visual tilu diménsi (3D) dilarapkeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa dina kagiatan nulis sajak. Larapan média visual tilu diménsi (3D) meunang réspon anu positif, boh ti pihak siswa boh ti pihak guru. Kusabab média visual tilu diménsi (3D) bisa ngirut perhatian siswa nalika keur diajar, mampuh ningkatkeun daya imajinasi siswa sarta mampuh ngamekarkeun jeung ningkatkeun kahayang jeung minat siswa nu anyar dina kagiatan nulis, ngabangkitkeun motivasi jeung rangsangan kagiatan diajar sarta bisa méré pangaruh-pangaruh psikologis ka siswa. Ku ayana média visual tilu diménsi (3D),

siswa mampuh meunangkeun kani’matan visual nalika keur diajar hususna dina

nulis sajak, sarta ngalancarkeun siswa dina ngahontal tujuan pikeun maham jeung nginget informasi atawa pesen.

5.3 Rékomendasi

Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan “Média Visual Tilu Diménsi (3D) dina Pangajaran Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa kelas VII-F

SMP Negeri 2 Banjarsari Kabupaten Ciamis Taun Ajaran 2014/2015)”, aya sababaraha rékomendasi, nya éta; 1) média visual tilu diménsi (3D) éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa. Ieu hal bisa dijadikeun salasahiji pilihan pikeun guru dina milih média pikeun pangajaran nu lianna; 2) dipiharep ayana panalungtikan anu leuwih jero ngeunaan média visual tilu diménsi (3D) pikeun pangajaran anu lianna sangkan bisa leuwih ngabuktikeun kaéféktifan éta média; jeung 3) pikeun panalungtik anu satuluyna, dipiharep bisa leuwih asak deui dina ngararancang pangajaran ngagunakeun média visual tilu diménsi (3D).

89

Rida Ridlotul Imamah, 2014

MÉDIA VISUAL TILU DIMÉNSI (3D) DINA PANGAJARAN NULIS SAJAK: (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-F SMP Negeri 2 Banjarsari Kabupaten Ciamis Taun Ajaran 2014/2015)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Aftarudin, P. (1983). Pengantar Apresiasi Puisi. Bandung: Angkasa

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta : PT. Rineka Cipta

Arsyad. A. (2010). Media Pembelajaran. Jakarta: Raja Grafindo Persada Danadibrata. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat

Daryanto. (2013). Media Pembelajaran (Peranannya Sangat Penting Dalam Mencapai Tujuan Pembelajaran). Yogyakarta: Gava Media

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Pemerintah Jawa Barat

Hakim, Z. (2012). Jenis Média Pembelajaran. [Online].Tersedia: http://www.zainalhakim.web.id/jenis-media-pembelajaran.html?m=1

Kustandi, C & Sutjipto, B. (2011). Media Pembelajaran (Manual dan Digital). Bogor: Ghalia Indonesia

Kustandi, C & Sutjipto, B. (2013). Media Pembelajaran. Bogor: Ghalia Indonesia Koswara. (2009). Sajak Sunda. Bandung: JPBD

Munadi, Y. (2013). Media Pembelajaran (Sebuah Pendekatan Baru). Jakarta: Referensi (GP Press Grup)

Mustappa, A. (2014). Wirahma Sajak. Bandung: Pustaka Jaya NS, Sutarno. (2008). Menulis Yang Efektif. Jakarta: Sagung Seto Nurjanah, N. (2009). Dasar-dasar Tiori Nulis. Bandung: JPBD

Pradopo, R. Dj. (2012) Pengkajian Puisi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press

Rahmawati, R. (2014). Média Vidio dina Pangajaran Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMPN 2 Salajambe Kabupaten Kuningan Taun Ajaran 2013/2014). Skripsi Sarjana Pada FPBS UPI Bandung : Tidak Diterbikan

Ridwan, M. (2013).Pengertian Menulis Menurut Beberapa Ahli. [Online].

Tersedia:http://bahaskata.blogspot.com/2013/09/pengertian-menulis-menurut-beberapa-ahli.html?m=1

Rumampuk, D.B. (1988). Media Instruksional IPS. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan

Rusminto, D. (2011). Pengertian Média Visual. [Online]. Tersedia:

http://www.drusminto.blogspot.com/2011/06/pengertian-media-visual.html?m=1

Samosir, T. (2013). Apresiasi Puisi. Bandung: Yrama Widya

Sandewita, N. (2014). Media Pembelajaran 3 Dimensi. [Online]. Tersedia:

http://www.vhasande.blogspot.com/2014/04/media-pembelajaran-3-dimensi.html?m=1

Setiadi, (2013). Éféktifitas Média Kartu Kecap Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak. Skripsi Sarjana Pada FPBS UPI Bandung : Tidak Diterbikan Solehan, T.W. (2008). Pendidikan Bahasa Indonesia di SD. Jakarta: Universitas

Terbuka

Sudaryat. (2012). Pamekar Kaparigelan Basa Sunda. Bandung: JPBD Sudjana. (2005). Metode Statistika. Bandung: Tarsito

Sudjana. (2009). Metode Statistika. Bandung: Tarsito

Sudjana & Rivai. (2009). Media Pangajaran. Bandung: Sinar Baru Algensindo Susilana, R jeung Riyana, C. Media Pembelajaran. Bandung: Wahana Prima Tarigan, H. (2008). Menulis : Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung:

Penerbit Angkasa

Utami. (2013). 4PM Pintar Pantun Puisi Peribahasa & Majas. Yogyakarta: Naafi Book Media

Dokumen terkait