• Tidak ada hasil yang ditemukan

5.1.Kacindekan

Dumasar kana hasil pedaran dina bab saméméhna, kapanggih sababaraha hal anu bisa dicindekkeun. UARTP téh nyaéta upacara iring-iringan tiwu pangantén jeung sababaraha tiwu pangiring di tukangeunana ti Gedong Sanggar Madu (gedong patémon) nepi ka jero Pabrik Gula Tersana Baru. Runtuyan dina UARTP mangrupa unsur struktural dina hiji kabudayaan sabab mangrupa susunan unsur-unsur atawa bagian pikeun ngawujudkeun leunjeuran hiji carita nepi ka ngahasilkeun wujud karya

nu boga ma’na. Dina UARTP kapanggih unsur sémiotik saperti ikon, indéks, jeung

simbol. Ikon nu kapanggih dina UARTP aya 17 , indéks nu kapanggih dina UARTP aya 92, jeung simbol nu kapanggih dina UARTP aya 14.

Ajén kabudayaan nu kapanggih dina UARTP, nyaéta ajén-ajén kaulinan, folklor, ritus, mite, punduh, magi, téater. Pungsi nu aya dina UARTP nyéeta pungsi hiburan (rekréatif), alat pikeun pangesahan pranata-pranata jeung lembaga-lembaga kabudayaan (kultural), alat atikan barudak (atikan), alat pikeun maksa atawa pangawas norma-norma masarakat nu bakal dicumponan (soaial). UARTP mangrupa hiji upacara ritual Sunda nu mangrupa ritus nu sipatna pikeun hiburan, mistis, magi, kejawén, nu diayakeun sataun sakali nu boga tujuan pikeun kasalametan jeung miharep boga hasil nu mucekil dina musim giling taun ayeuna.

Ajén kearifan lokal nu aya dina UARTP nyaéta dipiharep bisa bertahan dina nyanghareupan jaman. Budaya-budaya deungeun nu datang ka nagara urang teu salawasna hadé tur bisa langsung ditarima ku masarakat Indonesia, masarakat Sunda hususna. Ajén nu kapanggih dina UARTP nyaéta ajén kasejahteraan, kerja keras, disiplin, atikan, kasehatan, gotong royong, pengelolaan gender, ngamumulé budaya, paduli lingkungan, katingtriman, sopan santun, kajujuran, kesetiakawanan sosial,

126

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

karukunan jeung cara ngarengsekeun konflik, komitmen, pikiran positif, jeung rasa syukur.

5.2. Saran

Tina hasil panalungtikan aya sababaraha saran anu ditepikeun pikeun ngaronjatkeun hasil aprésiasi kana UARTP, diantarana:

a. Saran ka para panalungtik sastra lisan

Sabada ngalakukeun panalungtikan, tétéla yén sastra lisan téh loba ngandung ajén anu kawilang hadé tur luhung. Ku kituna, sastra lisan nu sumebar di masarakat kudu ditalungtik jeung dipedar sangkan bisa dibukukeun (mangrupa téks).

Dina panalungtikan séjénna nu sarua, dipiharep leuwih hadé dina ngalakukeun panalungtikan, leuwih teleb medar ngeunaan ulikan sastra lisan, jeung leuwih maham kana aspék-aspék séjén anu aya patalina jeung ulikan sastra lisan. Ieu panalungtikan masih jauh tina sampurna, ka hareupna dipiharep aya lajuning laku pikeun nyampurnakeun ieu panalungtikan, sangkan leuwih jembar jeung euyeub ku élmu pangaweruh.

b. Saran ka para mahasiswa Pasca Sarjana Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda.

Pedaran ngeunaan ajén kearifan lokal ditilik tina struktur-sémiotik dina sastra lisan masih sauetik, dipiharep para mahasiswa kudu leuwih jembar jeung teleb dina nalungtik ngeunaan sastra lisan nu sumebar di masarakat. Sangkan ulikan ajén kaarifan lokal ditilik tina unsur struktur-sémiotik dina karya sastra lisan bisa leuwih kacangkem, dipiharep mahasiswa bisa ngarti jeung paham kana eusi jeung maksud tanda-tanda anu kudu disurahan.

127

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Guru basa Sunda tangtuna kudu boga pangaweruh ngeunaan sastra lisan, sarta mindeng méré pangaweruh jeung pancén ka siswa sangkan macaan buku- buku kabudayaan, Folklor, utamana nu aya patalina jeung karya sastra lisan séjénna. d. Generasi Panerus (generasi ngora)

Kabudayaan UARTP dipiharep bisa diriksa jeung dimumulé ku generasi muda yén dina UARTP miboga simbol-simbol upacara nu kudu dipaham ku masarakat umum, lain ngan saukur apal yen UARTP téh hiji kagiatan sataun sakali pikeun hiburan wungkul. Upacara Adat ritus tiwu Panganten dipiharep bisa diwanohkeun ka luar Masarakat Cirebon salaku hiji kabudayaan nasional nu kudu dijaga jeung dimumulé salaku dokumén kabudayaan nasional.

128 Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Aminuddin. 2009. Pengantar Aprésiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Arikunto, Suharsimi. 2010. Manajemen Penelitian. Jakarta: Rinéka Cipta. PT. Gramédia Pustaka Utama.

Budiman, Kris. 2005. Ikonisitas: Sémiotika Sastra dan Seni Visual. Yogyakarta: Buku Baik.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dananjaja, James. 2002. Folklor Indonesia Ilmu Gosip, dongéng dan lain-lain. Jakarta: PT. Pustaka Utama Grafiti.

Deanastasia. 2011. Kearifan Lokal. www. wikapedia.com. (11 Nopember 2013). Departeman Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Bahasa Indonesia. Jakarta: Pusat

Bahasa.

Ékadjati, Édi S. 2005. Kebudayaan Sunda (Suatu Pendekatan Sejarah). Jakarta: Pustaka Jaya.

Éndraswara, Suwardi. 2006. Métode, Tiori, Téknik Penelitian Kebudayaan. Sléman: Pustaka Widyatama.

---. 2012. Métodologi Penelitian Kebudayaan. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Faturohman, Taufik. 1983. Ulikan Sastra. Bandung: Jatnika.

Gunawan, Restu. 2008,”Kearifan Lokal dalam Tradisi Lisan dan Karya Sastra, Makalah disampaikan dalam Kongres Bahasa”. Tanggal 28-31 Oktober 2008, di Jakarta.

Haryadi, Fiet. 2002. Gaya Basa dina Puisi Kidung Ritus Tiwu Panganten di Kacamatan Babakan Kabupaten Cirebon. Bandung: JPBD UPI

http//catatansenibudaya.2012.”Pengertian Upacara Adat”. Blogspot. (11 Nopember 2013).

129

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Hutomo, Suripan Hadi. 1991. Mutiara yang Terlupakan Pengantar Studi Sastra Lisan. Surabaya: Himpuanan Sarjana Kesusastraan Indonesia

Iskandarwasid. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. 2008. Panyawangan Sastra (Handout Téori Sastra). Bandung: JPBD.

Koentjaraningrat. 1985. Kebudayaan, Mentalitas Dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

---. 2009. Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Aksara Baru.

Koswara, Dedi. 2011. Racikan Sastra; Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Liliweri, Alo. 2013. Dasar-dasar Komunikasi Antarbudaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Marfai, Muh. Aris. 2012. Pengantar Étika Lingkungan dan Kearifan Lokal. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Marliani, Leni. 2002. Unsur Seni Tari pada Upacara Adat Ritus Tiwu Pengantin di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon. Bandung: Sendratasik UPI. Nurgiantoro, Burhanudi. 2002. Pengkajian Teori Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada

University Press.

Pradopo, Rachmat Djoko. 2003. Beberapa Tiori Sastra, Métode Kritik, dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Pudéntia.2008. Métodologi Kajian Sastra Lisan. Jakarta: Asosiasi Tradisi Lisan (ATL).

Ratna, Nyoman Kutha. 2010. Tiori, Métode, dan Téknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

---. 2011. Métodologi Penelitian Kajian Budaya dan Ilmu Sosial Humaniora pada Umumnya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosidi, Ajip. 2011. Kearifan Lokal dalam Perspektif Budaya Sunda. Bandung: Kiblat.

130

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Santosa, Puji. 1993. Ancangan Sémiotika dan Pengkajian Sastra. Bandung: Angkasa.

Semi, M. Atar. 1988. Anatomi Sastra. Padang: Angkasa Raya.

Syuropati, A. Muhammad. 2003. Teori Sastra Kontemporer & 13 Tokohnya. Jogjakarta: Azka Books.

Sudjiman, Panuti & Aart Van Zoest. 1996. Serba-serbi Sémiotika. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Sumardjo, Jakob. 2011. Sunda Pola Rasionalitas Budaya. Bandung: Kelir. Sundjaya. 2008. Dinamika Kebudayaan. Jakarta: Nobel Edumedia.

Surakhmand, Winarno. 2004. Pengantar Penelitian Ilmiah. Bandung: Tarsito Universitas Pendidikan Indonesia. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Dokumen terkait