• Tidak ada hasil yang ditemukan

AJḖN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTḖN DI KACAMATAN BABAKAN KABUPATḖN CIREBON (Analisis Struktural-Sémiotik).

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "AJḖN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTḖN DI KACAMATAN BABAKAN KABUPATḖN CIREBON (Analisis Struktural-Sémiotik)."

Copied!
45
0
0

Teks penuh

(1)

AJḖN KAARIFAN LOKAL

DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTḖN DI KACAMATAN BABAKAN KABUPATḖN CIREBON

(Analisis Struktural-Sémiotik)

TÉSIS

Diajukeun pikeun nyumponan sarat nyangking Gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku

FIET HARYADI 1107297

PROGRAM MAGISTER PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)
(3)

LEMBAR PENGESAHAN

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 19641110 198903 2 002

Pangaping II,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 19640822 198903 1 001

Kauninga ku

Ketua Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pasca Sarjana UPI,

(4)

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa tésis dengan judul “Ajén Kearifan Lokal dina Upacara Adat Ritus Tiwu Pangantén di Kecamatan Babakan Kabupatén Cirebon (Analisis Struktural-Sémiotik)” ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri, dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan tersebut, saya siap menanggung resiko yang dijatuhkan kepada saya apabila di kemudian hari ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan karya saya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya.

Bandung, Pebruari 2014 Yang membuat pernyataan,

(5)

PANGJAJAP

Bismillahirohmanirrohim.

Sadaya puja kagungan Allah Nu Maha Kawasa, sagala puji kagungan Gusti Nu Maha Suci, anu parantos maparin urang kabagjaan anu taya papadana. Solawat sareng salam mugia kasanggakeun ka Nabi Muhammad SAW, para kulawargana, para sahabatna, sarta ka urang sadaya para umatna dugi ka ahir

jaman, Amin Yaa Robbala’lamin.

Ieu tesis judulna “Ajḗn Kearifan Lokal dina Upacara Adat Ritus Tiwu Pangantén di Kecamatan Babakan Kabupatén Cirebon (Analisis

Struktural-Sémiotik)”. Upama niténan kana UARTP di masarakat, katitén masarakat masih kurang ngarti, komo pikeun jalma awam mah, sabab UARTP disawang ku masarakat ngan saukur kagiatan hiburan nu dilaksanakeun sataun sakali, teu apal kana ajén, struktur, tanda jeung patanda nu aya dina UARTP. Ku kituna, diayakeun ieu panalungtikan sangkan UARTP téh jadi bacaan anu gampang dicangkem ngeunaan ajén, struktur, tanda jeung patanda sangkan bisa ditarima ku masarakat.

Pamungkas, ieu tésis tangtuna seueur kakiranganna, masih pinuh ku kahéngkéran, ku kituna panulis miharep mugia aya kritik sareng saran ti sadaya pihak kana ieu tésis, mugia ieu tésis aya mangpaatna pikeun ngajembaran élmu pangaweruh jeung bisa dijadikeun alternatif bahan bacaeun ngeunaan kabudayaan nu aya di wewengkon Kabupaten Cirebon.

Bandung, Pebruari 2014 Panulis,

(6)

CATUR NUHUN

Puji sinareng sukur utamana disanggakeun ka Allah Subhanahuwata’ala, anu

tos maparin kasehatan, kaasih, tur kanyaah-Na. Solawat sareng salam mugia kasanggakeun ka Jungjunan nabi urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, para kulawargana, para sahabatna, sarta ka urang sadaya para umatna dugi ka ahir

jaman, Amin Yaa Robbala’lamin.

Ieu tésis tiasa réngsé jalaran dibarengan usaha, du’a, sareng bantosan ti pihak-pihak sanésna. Ku kituna, panulis seja ngahaturkeun séwu nuhun laksa keti kabingahan ka nu parantos nungtun sareng ngabantosan, utamina ka:

1. Dr. Ruhaliah, M.Hum., salaku pangaping I anu teu weléh masihan apingan, rojongan, sareng kersa diririweuh ku sim kuring salami nyusun ieu tésis; 2. Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. salaku pangaping II, anu parantos ngaping

dugi ka réngséna ieu tésis;

3. Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. salaku Pupuhu Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Pasca Sarjana UPI;

4. réngréngan Dosén Pasca Sarjana Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda anu parantos ngatik sareng ngadidik: Prof. Dr. Iskandarwassid, M.Pd., Prof. Dr. H. Yus Rusyana, Prof. Dr. H. Asép Sjamsul Bachri, Prof. Dr. Cécé Rakhmat, M.Pd., Prof. Dr. H Rahman, M.Pd., Dr. Dédi Koswara, M.Hum., Dr. H. Dingding Haérudin, M.Pd., Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd., Dr. H. Usép Kuswari, M.Pd., kalih Dr. Budi Susétyo, M.Pd.;

5. Ibu Wulan anu teras-terasan diririweuh;

6. pun bojo, Dédéh Maryani, S.Pd, anu teu kendat ngadu’akeun, ngarojong tur ngaping kana sagala kagiatan sim kuring;

7. Nazhira Alfitriani jeung Khansa Nabilah (anaking jimat awaking);

8. Almarhum Bapa Masudin (mugia dicaangan di alam kuburna), sareng pun biang (Emih Asriki), anu mikanyaah teu kendat-kendat, maparin kaasih, tur

pangdu’a;

9. mitoha, H. Aif Efendi hatur nuhun pidu’ana sareng Hj. Encas anu janten

(7)

10. lanceuk-lanceuk: Adé Basumala, Ahmad Fadillah, Oom Komalasari, Ahmad Riyadi, Nurdin Kurniawan, S.Pd, Mida Madyawati, S.Pd, Nora Noviarini,

hatur nuhun pidu’ana;

11. lanceuk ipar: Sri Hartati, S.Pd.SD, Titin Maryati, Selamet Mulyono, Nunung,

Sri Andayani, S.Pd.SD, Imam Mu’tiun, S.Pd, Muhmad Hamid;

12. adi ipar: Wawan Kuswanto, S.Pd, sareng Heppy Triani Setiawati, mugia jaranten jalma soléh, kareueus kulawarga;

13. Bapa Nurwahid, S.Pd.MM, salaku Pupuhu SMPN 1 Pabuaran, hatur nuhun idin belajarna;

14. Bapa H. Moh. Alim Syahrudin, MM, salaku pupuhu MTsN Babakan, hatur

nuhun pidu’a sareng rojonganna;

15. Bapa Ir. Djono Sismanto salaku General Manager PG Tersana Baru, sareng staf karyawan PG Tersana Baru;

16. Bapa H. Hamid salaku Ketua APTRI Kecamatan Babakan, sareng anggota APTRI;

17. Bapa Aqwa salaku punduh/sesepuh PG Tersana Baru;

18. Bapa H. Sodikin, SS salaku Guru Seni Budaya SMAN Babakan salaku Budayawan;

19. Bapa Moch. Rofi’i salaku tokoh masarakat/pénsiunan pagawé PG Tersana Baru;

20. Bapa H. Sarifudin, Ibu Hj. Mimin Mintarsih, Bapa Dodo Suwondo,

S.Pd.MM, hatur nuhun pidu’ana;

21. sobat saéntragan, Fahmi Rakman, Acécép Sudjana, Nida Kania Déwi, nu tos babarengan sauyunan diajar;

22. Sutanandika, M. Irfan Maulana sareng Arif Ali Abdillah, hatur nuhun éditana; 23. Andi Ubaidillah, hatur nuhun corél drawna;

24. Dyna, Angga, Riza, Dini, Arif, Dwi, Mpi, Asep F, Jani, Mela, Budi, Haris, mudah-mudahan ka hareupna leuwih suksés deui. Amin!

(8)

Mugia sadaya amal sareng kasaéan ti sadayana janten amal ibadah anu kénging ganjaran ti Allah SWT. Amin.

Jazakumullah khairan katsiran wa jazakumullah ahsanal jaza.

Bandung, Pebruari 2014

(9)

DAPTAR SINGGETAN APTRI : Asosiasi Petani Tebu Rakyat Indonesia BSC : Baca, simak jeung catet

BUD : Badan Urusan Dagang BPU : Badan Pimpinan Umum

BPUPPN : Badan Pimpinan Umum Perusahaan Perkebunan Negara Dir. : Diréksi

dkk. : dan kawan-kawan DVD : Digital Vidio Disk

FPBS : Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Grb. : Gambar

ins. : Instruksi jsb. : jeung sajabana jrrd. : jeung réa-réa deui KUD : Kopersi Unit Désa

LBSS : Lembaga Basa jeung Sastra Sunda MP : Menteri Pertanian

No. : Nomor

Persero : Pérusaahaan Pérseorangan PG : Pabrik Gula

PGTB : Pabrik Gula Tersana Baru

PPGI : Pengusaha Pabrik Gula Indonesia PNP : Perusahaan Nasional Perorangan PPN : Perusahaan Perkebunan Negara PT : Perusahaan Terbatas

RI : Repubilik Indonesia

RNI : Rajawali Nusaantara Indonesia SK : Surat Keputusan

Spk. : saparakanca

SPS : Sekolah Pasca Sarjana TRI : Tebu Rakyat Indonesia

(10)

DAPTAR GAMBAR

Ganbar Kaca

2.1. Kajian jeung Proses Pembentukan Téks UARTP... 19

2.2 Tanda Bahasa Saussure... 31

2.3 Segitiga Sémiotik Peirce... 32

2.4 Raraga Mikir... 37

3.1 Desain Panalungtikan... 40

(11)

DAPTAR TABÉL

Tabel Kaca

3.1 Pedoman obsérvasi... 44

3.2 Kisi-kisi wawancara... 45

3.3 Kartu data... 47

4.1 Interprétasi kana Tanda Ikon... 67

4.2 Interprétasi kana Tanda Indéks... 73

(12)

DAPTAR LAMPIRAN

Lampiran Kaca

1. Lampiran-lampiran... 121

2. Surat Keputusan Pengesahan Judul Tésis dari Sekolah Pasca Sarjana UPI Bandung... 122

3. Surat Keputusan Penelitian/observasi... 124

4. Alat Pengumpul Data... 126

5. Daftar Gambar... 141

(13)

xi

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR EUSI

PAMAPAG ... i

LEMBARAPENGESAHAN ... ii

PERNYATAAN ... iii

ABSTRAK ... iv

PANGJAJAP ... vii

CATUR NUHUN ... viii

DAPTAR EUSI ... xi

DAPTAR SINGGETAN ... xiv

DAPTAR GAMBAR ... xv

DAPTAR TABÉL ... xvi

DAPTAR LAMPIRAN ... xvii

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1. Watesan Masalah... 4

1.2.2. Rumusan Masalah ... 5

1.3.Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1. Tujuan Umum ... 5

1.3.2. Tujuan Husus... 6

1.4. Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1. Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.2. Mangpaat Praktis... ... 6

1.5 Struktur Organisasi Tésis ... 7

BAB II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR JEUNG RARAGA MIKIR 2.1 Ulikan Tiori ... 8

2.1.1 Wangenan Kabudayaan ... 8

2.1.2 Wangenan Kajian Budaya ... 9

2.1.3 Folklor ... 10

2.1.4 Wangun-wangun Folklor ... 11

2.1.5 Ajén Tiori Folklor ... 11

2.1.5.1Ajén Kaulinan ... 12

2.1.5.2Ajén Folklor ... 12

2.1.5.3Ajén Ritus ... 13

2.1.5.4Ajén Mite ... 14

2.1.5.5Ajén Shaman (Punduh) ... 14

2.1.5.6Ajén Kejawén ... 14

2.1.5.7Ajén Magis ... 15

(14)

xii

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.6 Tiori Pungsi Folklor ... 15

2.1.7 Hubungan Ritus, Folklor jeung Budaya... 16

2.1.8 Parobahan Folklor (wacana lisan) ka Tulisan... 17

2.1.9 Upacara Adat Ritus Tiwu Pangantén ... 20

2.1.9.1Upacara Adat ... 20

2.1.9.2Upacara Adat Ritus Tiwu Pangantén ... 21

2.1.10 Kaarifan Lokal ... 21

2.1.10.1 Wangenan Kaarifan Lokal ... 21

2.1.10.2 Ajén Kaarifan Lokal ... 22

2.1.11 Dampak Positip Mertahankeun Budaya Lokal... ... 24

2.1.12 Dampak Négatif Teu Mertahankeun Budaya ... 24

2.1.13 Struktural-Sémiotik ... 25

2.1.13.1 Wangenan Struktural ... 25

2.1.13.2 Wangenan Sémiotik ... 29

2.1.13.3 Kamekaran Struktural-Sémiotik ... 29

2.1.13.4 Konsep Tiori Struktur-Sémiotik Charles Sanders Piérce .. 31

2.2. Anggapan Dasar... 36

2.3. Raraga Mikir ... 37

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1. Data jeung Sumber Data Panalungtikan ... 39

3.1.1 Tempat Panalungtikan ... 39

3.1.2 Réspondén ... 39

3.1.3 Dokumentasi (Bibliografi) ... 39

3.2 Desain Panalungtikan. ... 40

3.3 Métode Panalungtikan ... 41

3.4 Wangenan Operasional ... 42

3.5 Instrumen Panalungtikan ... 43

3.6 Téhnik Ngumpulkeun data ... 48

3.7 Léngkah-léngkah Ngumpulkeun Data... 49

3.8 Téhnik Ngolah Data ... 49

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN 4.1 Sajarah Pabrik Gula Tersana Baru jeung Sajarah Upacara Adat Ritus Tiwu Pangantén... ... 51

4.1.1 Sajarah Pabrik Gula Tersana Baru ... 51

4.1.2 Sajarah Upacara Adat Ritus Tiwu Pangantén. ... 53

4.2 Struktur UARTP ... 55

4.2.1 Waktu Upacara Adat Ritus Tiwu Pangantén ... 55

4.2.2 Tempat Upacara Adat Ritus Tiwu Pangantén ... 58

4.2.3 Palaku jeung Alat UARTP ... 61

4.2.4 Galur (tahapan-tahapan) Upacara ... 64

4.3 Analisis Unsur Sémiotik UARTP ... 69

(15)

xiii

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.3.2 Indéks ... 77

4.3.3 Simbol ... 102

4.4 Ajén jeung Pungsi UARTP di Kecamatan Babakan Kabupatén Cirebon ... 113

4.4.1 Ajén UARTP ... 113

4.4.2 Pungsi UARTP ... 117

4.5 Ajén kaarifan lokal nu aya dina UARTP di Kecamatan Babakan Kabupatén Cirebon ... 119

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1.Kacindekkan ... 125

5.2.Saran ... 126

DAPTAR PUSTAKA ... 128

(16)

iv Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu NILAI KEARIFAN LOKAL

DALAM UPACARA ADAT RITUS TEBU PENGANTIN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON

(Analisis Struktural-Sémiotik)

FIET HARYADI

e-mail: fiet_soenda77@yahoo.com

ABSTRAK

Kebudayaan idéntik dengan kesenian, upacara-upacara adat yang dilaksanakan oleh beberapa kelompok suku bangsa, pakaian adat, cerita rakyat atau legenda serta kesusastraan. Kebudayaan juga sering dikaitkan dengan segala hal yang tradisional. Salah satu contoh kebudayaan yang melekat di masyarakat Sunda, khususnya di wilayah Kecamatan Babakan Kabupatén Cirebon yaitu Upacara Adat Ritus Tebu Pengantin (UARTP). UARTP yaitu upacara iring-iringan pengantin tebu yang diarak dari balai pertamuan PG Tersana Baru sampai ke dalam PG Tersana Baru. Dalam UARTP mengandung unsur struktural yang merupakan susunan acara dalam kegiatannya, serta mengandung unsur semiotik yang terdiri dari unsur ikon, unsur indeks, unsur simbol, alat dan pelaku. Selain unsur struktural semiotik, UARTP juga mempunyai nilai kearifan lokal. Berdasarkan hal tersebut, penelitian ini diberi judul “Ajén Kéarifan Lokal dina Upacara Adat Ritus Tiwu Pangantén di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon (Analis Struktural Sémiotik). Metode yang digunakan dalam penelitian ini yaitu metode deskriptif. Yang dideskripsikannya adalah tentang nilai kearifan lokal dalam UARTP dikaji dari unsur struktural semiotiknya. Setelah dianalisis, ternyata banyak terkandung nilai-nilai yang terdapat dalam UARTP diantaranya nilai kesejahteraan, kerja keras, disiplin, pendidikan, kesehatan, gotong royong, pengelolaan gender, pemeliharaan budaya, peduli lingkungan, ketentraman, sopan santun, kejujuran, kesetiakawanan sosial, kerukunan jeung penyelesaian konflik, komitmen, pikiran positif, dan rasa syukur. Nilai yang terdapat dalam UARTP, yaitu Nilai-nilai permainan, folklor, ritus, mite, punduh, magi, téater. Fungsi yang terdapat dalam UARTP yaitu fungsi hiburan (rekreatif), alat pengesahan pranata-pranata dan lembaga-lembaga kebudayaan (kultural), alat pendidikan anak (edukatif), alat pemaksa atau pangawas agar norma-norma masarakat akan terpenuhi (sosial). Unsur sémiotik yang terdapat dalam UARTP yaitu unsur ikon ada 17, indeks ada 92, dan simbol ada 14.

(17)

v

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu AJḖN KAARIFAN LOKAL

DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTḖN DI KACAMATAN BABAKAN KABUPATḖN CIREBON

(Analisis Struktural-Sémiotik)

FIET HARYADI

e-mail: fiet_soenda77@yahoo.com

ABSTRAK

Kabudayaan idéntik jeung kasenian, upacara-upacara adat nu dilakukeun ku sababaraha kelompok, suku bangsa, pakéan adat, carita rahayat atawa legénda sarta kasusastraan. Kabudayaan ogé sok dipatalikeun jeung sagala hal nu tradisional. Salasahiji conto kabudayaan nu nyangkaruk di masarakat Sunda, hususna di wilayah Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon, nyaéta Upacara Adat Ritus Tiwu Pangantén (UARTP). UARTP nyaéta upacara iring-iringan pangantén tiwu nu diarak ti Balé Patemon PG Térsana Baru nepi ka jero PG Tersana Baru. Dina UARTP nyangkaruk unsur struktural nu mangrupa runtuyan acara dina kagiatanana, sarta nyangkaruk unsur sémiotik nu mibanda unsur ikon, unsur indéks, unsur simbol, alat jeung palaku dina kagiatan UARTP. Salian ti unsur struktural sémiotik, UARTP ogé mibanda ajén kearifan lokal. Ku kituna ieu panalungtikan dijudulan “Ajén Kéarifan Lokal dina Upacara Adat Rirus Tiwu Pangantén di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon (Analis Struktural Sémiotik). Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif. Anu didéskripsikeunana nyaéta perkara ajén kaarifan lokal dina UARTP ditilik tina unsur struktural sémiotikna. Sabada dianalisis, tetela loba kapanggih ajén-ajén nu nyangkaruk UARTP diantarana ajén kasejahteraan, kerja keras, disiplin, atikan, kasehatan, gotong royong, pengelolaan gender, ngamumulé budaya, paduli lingkungan, katingtriman, sopan santun, kajujuran, kesetiakawanan sosial, karukunan jeung cara ngarengsekeun konflik, komitmen, pikiran positif, jeung rasa syukur. Ajén nu kapanggih dina UARTP, nyaéta ajén-ajén kaulinan, folklor, ritus, mite, punduh, magi, téater. Pungsi nu aya dina UARTP nyaéta pungsi hiburan (rekreatif), alat pikeun pengesahan pranata-pranata jeung lembaga-lembaga kabudayaan (kutural), alat atikan barudak (edukatif), alat pikeun maksa atawa pangawas norma-norma masarakat nu bakal dicumponan (sosial). Unsur sémiotik nu aya dina UARTP nyaéta unsur ikon aya 17, indéks aya 92, jeung simbol aya 14.

(18)

vi

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

THE VALUE OF LOCAL WISDOM IN THE CEREMONIAL RITES OF SUGARCAN IN SUBDISTRICK BABAKAN CIREBON

(Structural Analysis Semiotic)

FIET HARYADI

e-mail: fiet_soenda77@yahoo.com

ABSTRACT

Culture is synonymous with artistry, indigenous ceremonies carried out by some ethnic groups, custom clothing, folk tales or legends and literatures. Culture is

also to be associated with all traditional things. One of the Sundanese’s culture

example that inherent in society, especially in subdistric Babakan Cirebon namely Traditional Rite Sugarcane Bride (UARTP). UARTP is a sugar can bridal cortage ceremony paraded from New Tersana meeting hall into the New Tersana building. In UARTP cling structural elements that are the orders of

event’s activities, as well as elements of semiotics, local wisdoms. Based on the foregoing, this research is entitled “The Value of Local Wisdom in the Ceremonial Rites of Sugar can in Subdistrick Babakan Cirebon (Structural Analysis Semiotic). The methods used in this research is descriptive methods. The descriptions are about the local wisdom in UARTP which studied from semiotic structural elements. Onces analyzed, it appears many values that contained in the UARTP namely, hard working, discipline, education, health, mutual cooporation, management of gender, cultural preservation, environmental care, security, courtesy, hanesty, social solidarity, concordance and conflict resolution, commitment, positive thoughts and gratitudes. The concepts that found in UARTP that are the concepts of the games, folklores, rite, mites, punduh, magi, theater. The functions included in UARTP is entertainment functions, instrument of ratification and cultural institutions (cultural), children education tools (education), surveillance tools to meet the societal norms (social). The Semiotic elements that are found in UARTP are icon elements is 17, index is 92 and symbols is 14.

(19)

1 Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Réa anu nganggap yén kabudayaan idéntik jeung kasenian. Réa deui anu matalikeun kabudayaan jeung sagala hal anu tradisional. Dua anggapan éta téh, bisa jadi bener saupama ditilik sacara heureut, lantaran kasenian jeung hal-hal anu tradisional téh minangka hasil tina kabudayaan. Sacara jembar kabudayaan téh minangka hasil tanaga, karep, pikiran sarta parasaan manusa guna nambahan kasenangan jeung kani’matan ku rupa-rupa akal (Danadibrata, 2006:108).

Patali jeung éta budaya téh diwangun ku unsur-unsur anu sipatna universal. Nurutkeun Koentjaraningrat (2009:165), unsur nu ngawangun budaya téh aya tujuh, nyaéta 1) sistem réligi, 2) sistem organisasi kamasarakatan, 3) sistem pangaweruh, 4) basa lisan jeung tinulis, 5) kasenian, 6) sistem pakasaban, jeung 7) sistem téknologi jeung pakakas. Sakabéh ieu unsur saenyana minangka eunteung tina kahirupan masarakat. Tapi gumulungna kahirupan masarakat antara wewengkon hiji jeung wewengkon séjénna tangtu béda-béda. Ku sabab kitu, hasil kabudayaanana ogé tangtu béda-béda sarta miboga sipat nu has. Salian ti éta, budaya ogé miboga sipat nu dinamis saluyu jeung kamekaran jaman.

Nilik kana wujudna, kabudayaan téh dibagi kana dua bagian, nyaéta kabudayaan materil jeung kabudayaan non materil. Wangun kabudayaan materil nyaéta nu mangrupa cipta, rasa, karsa jeung karya manusa nu ngawujud barang. Kabudayaan non-materil nyaéta hasil karya, cipta, rasa, karsa manusa nu mangrupa adat-istiadat, aturan-aturan, élmu pangaweruh, agama, seni, jsb.

Dua wujud kabudayaan di luhur téh, antra némbongkeun yén hasil kabudayaan téh teu ukur anu ngajanggélék wujudna, tapi aya ogé anu teu katingal wujudna atawa abstrak.

(20)

2

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Hasil kabudayaan anu wangunna non-matéril saperti anu dicontokeun di luhur, tangtu teu salawasna éksis, dina harti, éta hasil kabudayaan téh sakapeung kagerus ku kabudayaan séjénna. Tapi sagégéngeun éta, aya sawatara kabudayaan anu tetep éksis, samalah aya ogé anu diadumaniskeun antara kabudayaan éta daérah jeung kabudayaan luar, anu disebut ogé akulturasi.

Kaitung réa kabudayaan anu diciptakeun tina hasil akulturasi, misalna waé dina konsép bangunan. Contona Borobudur, Prambanan, Mendut, jsb. Kitu deui dina pasualan kasusastraan contona kisah-kisah Ramayana jeung Mahabarata, anu caritana dumasar kana épos ti India, tapi hasil karya masarakat Sunda alam harita némbongkeun bébédaan, saperti ayana tokoh Arjuna Wiwaha jeung Déwa Rucita (Rosidi, 2011:31).

Kaayaan di luhur saenyana minangka wangun kréativitas masarakat Sunda alam harita, anu hasil ngadumaniskeun antara kebudayaan Sunda jeung kabudayaan luar (India). Lian ti éta, kaayaan di luhur téh némbongkeun yén kabudayaan Sunda téh mampu nyanghareupan kabudayaan luar anu alam harita geus asup.

Ayatrohaédi dina Rosidi (2011:29), nepikeun yén mampuna kabudayaan Sunda dina nyanghareupan kabudayaan luar téh disebut ogé, kaarifan lokal. Istilah kearifan lokal nyaéta tarjamahan tina “local genius”. Nu mimiti ngawanohkeun istilah “local genius” nyaéta Quartich Wales, dina taun 1948-1949. Nurutkeun Undang-undang Republik Indonesia Nomer 32 Tahun 2009 (dina Marfai, 2012:35) nétélakeun yén, kearifan lokal nyaéta ajén-ajén luhur nu aya dina tata kahirupan masarakat diantarana pikeun ngamumulé lingkungan hirup nu lestari. Leuwih jauh kearifan lokal muncul dina hiji sistem kahirupan dina hiji masarakat nu mangrupa wujud hiji kearifan lingkungan.

(21)

3

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

UARTP, ngagunakeun dina nganalisisna ngagunakeun péso analisis struktur-sémiotik.

Digunakeunana analisis struktur-sémiotik téh lantaran dianggap hiji kaédah atawa métode anu udagan utamana nyaéta pikeun ngalelempeng atawa méré pangajén ka para panalungtik dina ngalaksanakeun panalungtikanana anu leuwih nyosok jero ngeunaan hiji objék kajian. Strukturalisme lahir pikeun ngabedah kaitan-kaitan atawa unsur dina hiji objék. Tina hubungan kasebut, tumuwuh sawatara rupa tanda atawa “basa” anu ngécéskeun wangun jeung pungsina (kaitanana). Ku sabab kitu, strukturalisme ogé disebut hiji kaédah pengkajian modérn anu intina élmu sains tanda (sémiotics) dina Koswara (2011:13).

UARTP nyaéta salasahiji kabudayaan nu aya di tatar Sunda, hususna di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon, nu mangrupa upacara pangantén tiwu nu diarak ti Gedong Sanggar Madu (Balé Patemon PG Térsana Baru) nepi ka jero pabrik gula Tersana Baru. Anu dina prak-praknana miboga tanda-tanda anu hayang dikomunikasikeun ka masarakat balaréa.

Éta hal téh luyu jeung pamanggih Peirce, anu nyebutkeun yén tanda téh mangrupa sarana manusa dina komunikasi. Salian ti éta, ku ayana tanda manusa bakal méré ma’na kana sagala hal nu nyampak di alam dunya (Sudjiman jeung van Zoest, dina Pudéntia 2008:323).

Salasahiji tanda anu témbong dina UARTP téh lebah prak-prakanana anu miboga udagan pikeun ngébréhkeun rasa sukur kana hasil panén taun kamari, sarta ngébréhkeun rasa sukur ka Allah Swt nu geus méré berkah kana hasil panén nu mucekil.

Tapi anu matak hémeng téh karéréan masarakat anu aya téh, ukur lalajo bari jeung teu maham naon anu ditepikeun dina tata cara prak-prakan UARTP, utamana mah jarang aya nu ngalenyepan ajén kéarifan lokal nu nyampak dina upacara adat ritus tiwu pangantén.

(22)

4

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

judulna “Gaya Basa dina Puisi Kidung Tiwu Pangantén di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon” ku Fiet Haryadi dina taun 2002.

Ieu panalungtikan rék nuluykeun panalungtikan saméméhna, ngan panalungtikan nu ieu bakal leuwih jero, nyaéta ngeunaan ajén kéarifan lokal nu nyangkaruk dina UARTP ditilik tina unsur sturktural sémiotikna.

Dina UARTP nyangkaruk unsur struktural nu dina enas-enasna mah miboga harti yén hiji karya sastra di masarakat mangrupa hiji beungkeutan lantaran aya réaksi anu timbal balik antara bagian-bagianana jeung kajelasanana. Salian ti unsur struktural, dina UARTP ogé nyangkaruk unsur sémiotik nu mangrupa kajadian sacara terus-terusan nu mangrupa hiji interprétasi nu ngahasilkeun data anyar nu ngawakilan objék nu anyar jeung bakal ngahasilkeun interprétasi nu lianna nu mangrupa sastra lisan. Ku lantaran kitu perlu ayana panalungtikan ngeunaan ajén kéarifan lokal UARTP nu ditilik tina kajian struktural jeung sémiotikna.

Ieu panalungtikan dipiharep bakal ngawanohkeun salasahiji kabudayaan nu aya di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon ka luareun masarakat Kabupatén Cirebon, mikawanoh ajén kéarifan budaya lokal dina UARTP nu ditilik tina kajian struktural jeung sémiotikna, sarta hasil ahir dina ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi alternatif ka guru-guru pikeun ngawanohkeun kabudayaan lokal ka para siswa di sakola-sakola SMP di wilayah Kabupatén Cirebon hususna, di wilayah Jawa Barat umumna, sangkan apal kana kabudayaan UARTP.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

(23)

5

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu bisa leungit éta kabudayaan.

Dina prak-prakanana, loba acara kagiatan nu aya UARTP ti mimiti tatahar nepi ka ahir kagiatan. Anu lalajo, dina prak-prakan UARTP lain ngan saukur masarakat di sabudeureun Pabrik Gula Tersana Baru wungkul, tapi loba masarakat ti luar Kabupaten Cirebon.

Luyu jeung nu ditepikeun dina kasang tukang, yén dina UARTP nyangkaruk unsur struktural jeung unsur sémiotik. Ku lantaran kitu, ieu panalungtikan diwatesanan nyaéta medar runtuyan UARTP (taun 2000 ka tukang jeung taun 2001 nepi ka taun 2013) di Pabrik Gula (PG) Térsana Baru Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon sarta medar ngeunaan komponén, alat, prosés, jeung palaku ditilik tina ma’na tanda jeung fungsina.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watésan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskan dina kalimah ieu di handap.

a. Kumaha sajarah Pabrik Gula Tersana Baru jeung sajarah UARTP? b. Kumaha struktur UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon?

c. Unsur-unsur sémiotik naon baé nu aya dina UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon?

d. Kumaha ajén jeung pungsi UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon?

e. Ajén kearifan lokal nu kumaha nu aya dina UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

(24)

6

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung ajén kearifan lokal nu aya dina UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan ngeunaan UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon pikeun ngadéskripsikeun:

a. sajarah Pabrik Gula Tersana Baru jeung sajarah UARTP; b. struktur UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon;

c. unsur-unsur sémiotik nu aya dina UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon;

d. ajén jeung pungsi UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon;

e. ajén kearifan lokal nu kumaha nu aya dina UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon;

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan sacara tioritis dipiharep aya mangpaatna pikeun: a. kamekaran élmu pangaweruh ngeunaan kabudayaan Sunda;

b. meunangkeun gambaran anu teges ngeunaan UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon nu dilaksanakeun ku Pabrik Gula Tersana Baru pikeun masarakat Babakan jeung sabudeureunna dina nanjeurkeun tradisi/adat Sunda;

(25)

7

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan sacara praktis dipiharep miboga mangpaat pikeun:

a. nambahan wawasan ngeunaan struktural sémiotik, ajén, pungsi, jeung ajén kearifan lokal dina UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon jeung sabudeureunna;

b. dina panalungtikan satuluyna nu sarua sangkan bisa teleb dina nalungtik ngeunaan UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon;

c. alternatif bahan pangajaran dina wacana ngeunaan UARTP di sakola-sakola SMP di Kabupaten Cirebon;

1.5 Struktur Organisasi Tésis

Hasil-hasil dina ieu panalungtikan disusun lima bab kalawan sistematika sakumaha ieu di handap.

BAB I Bubuka, mertélakeun perkara kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, struktur organisasi tésis.

BAB II Ulikan Tiori, Anggapan Dasar, jeung Raraga Mikir, mertélakeun perkara kabudayaan jeung kajian budaya, folklor, wangun-wangun folklor, konsép jeung dasar tiori pungsi folklor, parobahan folklor (wacana lisan) ka tulisan, upacara adat titus tiwu pangantén, kearifan lokal, dampak positip mertahankeun budaya lokal, dampak negatip mertahankeun budaya lokal, struktural semiotik, anggapan dasar, jeung raraga mikir.

BAB III Metode Panalungtikan, mertélakeun perkara tempat, populasi jeung sampel panalungtikan, desain panalungtikan,métode panalungtikan, métodologi panalungtikan sastra lisan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan,tehnik ngumpulkeun data, tehnik analisis data, lengkah ngolah data.

(26)

8

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Cirebon, palaku jeung alat UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon, tahapan-tahapan UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon, unsur-unsur sémiotik nu aya dina UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon, konsép jeung pungsi dina UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon, ajén kearifan budaya lokal nu aya dina UARTP di Kacamatan Babakan kabupatén Cirebon.

(27)

39 Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1. Data jeung Sumber Data Panalungtikan

Data atawa anu jadi objék dina ieu panalungtikan téh nyaéta Upacara Adat Ritus Tiwu Panganten. Anu dijadikeun sumber data dina panalungtikan UARTP ngawengku tempat, réspondén, jeung dokuméntasi (bibliografi).

3.1.1 Tempat panalungtikan

Danadibrata (2006:693) nétélakeun yén nu disebut tempat nyaéta sagala nu dicicingan ku barang, ku jelema, ku sato atawa ku naon waé (ulin, digawé, nguseup, dahar, ngalong, nyiduh, jrrd).

Tempat ieu panalungtikan nyaéta di Pabrik Gula Tersana Baru Désa Babakan Kacamatan babakan Kabupaten Cirebon nu ngawengku di kebon tiwu, Gedong Sanggar Madu, Buruan Pabrik Gula, Jero Pabrik Gula.

3.1.2 Réspondén

Réspondén pikeun ieu panalungtikan ngawengku:

1) Masarakat Kasepuhan nu aya di Kecamatan Babakan diantarana Sesepuh Pabrik Gula Tersana Baru, para kyai, tokoh masarakat, panitia kagiatan, jeung réa-réa deui.

2) Masarakat umum nu aya di Kacamatan Babakan lalaki boh awéwé, kolot jeung pamuda.

3) Budayawan Sunda jeung akademisi budaya Sunda nu aya di Kacamatan Babakan.

4) Lembaga Pamarentahan nu patula-patali jeung aktivitas upacara adat ritus tiwu panganten nu aya di Kecamatan Babakan.

3.1.3 Dokuméntasi (Bibliografi)

Dokuméntasi anu dipaké rujukan dina ieu panalungtikan nyaéta: 1) Sajarah Pabrik Gula Tersana Baru.

(28)

40

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dina ieu panalungtikan nu dipaké sampel prak-prakkan UARTP taun 2000 ka tukang jeung prak-prakkan UARTP taun 2001 nepi ka ayeuna (taun 2013) nu diayakeun ku PG Tersana Baru.

3.2. Desain Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010:175), desain panalungtikan nyaéta rencana anu nunjukkeun gambaran utama ngeunaan hiji hal anu baris dilakukeun. Desain panalungtikan mangrupa prosés nu diperlukeun dina rarancang panalungtikan nepi ka patalékan nu aya bisa kajawab.

Ari desain panalungtikan atawa bagbagan prosés panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku studi pustaka, ngumpulkeun data, idéntifikasi data, ngolah data, jeung satuluyna hasil data dilaporkeun dina eusi panalungtikan. Desain ieu panalungtikan bisa katitén dina gambar 3.1

Instrumén: a. Kartu Data b. Angkét

c. Pedoman wawancara d. Alat rekam

Masalah Analisis UARTP

Ngumpulkeun Data: a. Téhnik Studi Pustaka b. Tehnik angkét

c. Tehnik wawancara d. Tehnik observasi

Ngolah Data: Téhnik Analisis Unsur Langsung Déskripsi Data UARTP - Acara tatahar

- Acara inti - Acara panutup

Nafsirkeun

(29)

41

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Gambar 3.1 Désain Panalungtikan 3.3.Métode Panalungtikan

Nurutkeun Surakhmad (2004:131), nu dimaksud métode nyaéta cara utama nu digunakeun pikeun ngahontal hiji tujuan, misalna pikeun nguji rangkay hipotésa, ngagunakeun téhnik sarta alat-alat nu tangtu. Cara digunakeun sanggeus panalungtik ngitung kawajaran ditilik tina tujuan panalungtikan sarta tina situasi panalungtikan.

Arikunto (2010:203) nétélakeun yén métode panalungtikan nyaéta cara nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikanana.

Dumasar kana tujuan anu baris dihontal, ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif analitik. Surakhmad (2004:139) nétélakeun yén métode déskriptif nyaéta métode anu digunakeun pikeun ngungkulan jeung ngaréngsékeun pasualan-pasualan aktual ku cara ngumpulkeun data, nyusun papasingan, nganalisis jeung napsirkeun data. Panalungtikan ngagunakeun téhnik survey, interviu, angkét, jeung observasi.

Nurutkeun Surakhmad (2004:140), métode déskriptif teh mibanda ciri mandiri, nyaéta:

1) Museurkeun kana pemecahan masalah-masalah nu aya dina mangsa ayeuna, jeung masalah-masalah nu aktual.

2) Data nu dikumpulkeun disusun, dijelaskeun, sarta dianalisa, kusabab éta, ieu métode sok disebut métode analitik.

Tujuan ngagunakeun métode déskriptif dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun prak-prakan UARTP di Pabrik Gula Tersana Baru Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon.

(30)

42

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

karya bisa disebut sastra/tradisi lisan ku cara ningal tilu aspékna nyaéta komposisi, cara nepikeunana, jeung pagelaranana (Pudéntia, 2008:321).

Sastra/tradisi lisan sipatna teu salawasna naratif. Sagala téks lisan (dina istilah di dieu, téks digunakeun lain ngan ukur tinulis. Nu dimaksud téks di dieu nyaéta wacana nu sifatna teu naratif ogé bisa dianggap salaku sastra lisan; misalna lagu-lagu, teka-teki, téks humor, jampé-jampé dukun dina waktu ngubaran jalma gering, jsb. Malah dina pagelaran tari ogé mun di jerona aya unsur-unsur lisan, bisa dikaterorikeun ka sastra lisan. Loba panalungtikan ngeunaan sastra lisan, sanajan kitu, moal salah mun dilakukeun silih séblokan pangaweruh ngeunaan métode nu bakal digunakeun dina panalungtikan ngeunaan sastra lisan.

Métode panalungtikan nu bisa digunakeun pikeun sastra tinulis, dina umumna sarua jeung nu digunakeun dina panalungtikan sastra lisan.

3.4. Wangenan Operasional

Sangkan leuwih museur, ieu di handap dijéntrékeun istilah-istilah nu aya patalina jeung judul panalungtikan, nyaéta ieu di handap.

a. Budaya

Kecap budaya dihartikeun pikiran, akal budi atawa adat-istiadat. Sacara tata basa, wangenan kabudayaan turunan tina kecap budaya nu hartina cara mikir jeung cara ngarasa dina diri tina sakabéh segi kahirupan sakelompok manusa nu ngabentuk hiji kelompok sosial (masarakat) dumasar ruang jeung waktu.

b. Upacara Adat

Upacara adat nyaéta ngalaksanakeun kabiasaan, undang-undang, prak-prakan dina riungan/gempungan maké aturan tanda panghormatan nu biasa dilakukeun sacara turun-tumurun.

c. Ritus Tiwu Pangantén

(31)

43

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pangantén lalaki jeung pangantén awéwé sarta sababaraha tiwu pangiring di tukangeunana nu diarak ti Gedong Sanggar Madu (Gedong Patemon) nepi ka jero Pabrik Gula Tersana Baru.

d. Kéarifan Lokal

Kearifan lokal (local genius) nyaéta wujud kamotékaran budaya nu mampuh ajeg, mampuh nyinglar budaya luar, mibanda kamampuh nyaluyukeun budaya-budaya nu anyar, mampuh ngaintegrasikeun kabudaya-budayaan anyar atawa budaya-budaya luar, mampuh ngontrol budaya nu aya, sarta nyumbangkeun ajén pikeun tujuan kabudayaan nu bakal datang.

e. Struktural-Sémiotik

Struktural nyaéta ngutamakeun relasi-relasi nu aya antara sawatara lapisan nu nyampak dina hiji karya satra.

Sémiotik téh nyaéta hiji tanda nu disebutna salaku répréséntamén kudu ngacu (ngawakilan) kana hiji hal nu disebut objék (acuan, ogé disebutna désignatun, dénotatun, ayeuna urang sok nyebutna référént). Ku sabab kitu, strukturalisme ogé disebut hiji kaédah pengkajian modérn anu intina élmu sains tanda (sémiotics).

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén nyaéta alat atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagaweanana leuwih gampang jeung hasilna bakal hadé, taliti, lengkep, sistematism, sangkan hasilna leuwih gampang diolah (Arikunto, 2010:203).

Ratna (2010:247-248) nételakeun ngeunaan instrumén, nu ditétélakeun ieu di handap.

(32)

44

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana dua pamedagan instrumén di luhur, instrumén dina ieu panalungtikan téh nyaéta ngagunakeun sistem narasi nyaéta nulis sakabéh informasi-informasi ti para tokoh masarakat, sesepuh pabrik gula, panitia acara atawa ti masarakat umum ngeunaan kajian struktural, sémiotik nu aya di upacara adat ritus tiwu pangantén, sacara kaélmuan, unsur strukural jeung sémiotik bakal dikumpulkeun dumasar kana pamadégan para ahli sastra dina buku-buku sumber kaélmuan. Pikeun nguatkeun, ieu panalungtikan ngagunakeun pedoman observasi, pedoman wawancara, angkét panalungtikan, sarta nyusun kartu data.

a. Pedoman Observasi

Tabél pedoman observasi digunakeun pikeun maluruh informasi kagiatan ti sumber data (para nara sumber) tuluy diinterpretasikeun.

No Kagitan UARTP Sumber Data Interprétasi

1 2 3 4

[image:32.595.113.516.382.486.2]

1. Sajarah PGTB ... ... 2. Tatahar ... ... 3. Inti ... ... 4. Panutup ... ...

Tabel 3.1 Pedoman observasi

b. Pedoman Wawancara

Pikeun hasil wawancara ti para narasumber kasusun hasilna, di handap ieu dijieun kisi-kisi wawancara sangkan patalékan nu diajukeun teu mengpar tina tujuan. Kisi-kisi wawancara digunakeun pikeun maluruh informasi kagiatan ti sumber data (para nara sumber) tuluy diinterpretasikeun.

No Objek Subjek Interprétasi

1 2 3 4

1. Ngaran kagiatan Judul ...

2. Idéntitas a. Ngaran

b. Umur

(33)

45

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu c. Jenis kelamin

d. Pakasaban e. Pendidikan

f. Basa nu dipaké sapopoé

g. Alamat

c. ... d. ... e. ... f. ... g. ... 3. Asal-usul carita Pangantén tiwu ... 4. Tujuan carita Pangantén tiwu ...

1 2 3 4

5. Tempat carita Pangantén tiwu ... 6. Raraga acara Pangantén tiwu ... 7. Pungsi carita a. Baheula

b. ayeuna

a. ... b. ... 8. Genré carita a. mité

b. légenda c. fabél d. farabél e. sagé a. ... b. ... c. ... d. ... e. ... 9. Palaku jeung alat Pangantén tiwu ... 10. Ringkesan Pangantén tiwu ...

Tabél 3.2 Kisi-kisi wawancara

c. Angkét Panalungtikan

Angkét panalungtikan digunakeun pikeun maluruh informasi kagiatan ti sumber data (para nara sumber) tambahan hususna pagawé PGTB nu aya hubunganna jeung panalungtikan tuluy diinterprétasikeun.

Conto angkét panalungtikan

UARTP PG Tersana Baru Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon 1. Judul carita: Pangantén Tiwu/Babancakan

2. Nu nepikeun carita: a. Ngaran:

b. Umur:

(34)

46

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu e. Pendidikan:

f. Basa nu dipake sapopoé: g. Alamat:

3. Asal-usul carita Pangantén Tiwu/Babacakan: 4. Tujuan diayakeun pangantén tiwu:

5. Dina acara naon pagantén tiwu dilaksanakeun:

6. Fungsi carita pangantén tiwu/babancakan: a. Baheula:

b. Ayeuna:

7. Genré carita: (mite, légenda,fabel, farabel, sagé) 8. Wangun/bentuk karangan: (prosa, puisi, carita drama)

9. Palaku jeung alat naon baé nu digunakeun dina acara pangantén tiwu/babancakan:

10.Harti/ma’na/simbol/tanda dina alat jeung palaku dina acara pangantén

tiwu/babancakan:

11.Fungsi alat jeung palaku dina upacara pangantén tiwu/babancakan: 12.Ringkesan UARTP:

d. Kartu Data

Tabél kartu data digunakeun pikeun hasil data nu dianalisis tuluy dipasing-pasingkeun dumasar kana masalah nu dipedar.

Kartu Data

UARTP PG Tersana Baru Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon

No Objek Subjek Interprétasi

1 2 3 4

1. Sruktur (Prak-prakan

UARTP) a.b. acara Tatahar acara Inti c. acara panutup

(35)

47

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2. Unsur-unsur

sémiotik, nua aya dina UARTP a. ikon b. indéks c. lambang a. ... b. ... c. ... 3. Konsép jeung pungsi

nu aya dina UARTP:

a. Konsép UARTP: 1. konsép kaulinan 2. konsép folklor 3. konsép ritus 4. konsép mite

5. konsép shaman (punduh)

6. konsép magi: 7. konsép téater

1. ... 2. ... 3. ... 4. ... 5. ... 6. ... 7. ...

1 2 3 4

b. Pungsi UARTP: 1. bentuk hiburan

(rékréatif)

2. alat pangesahan pranata-pranata jeung lembaga-lembaga

kabudayaan (kultural)

3. alat atikan barudak (atikan)

4. alat pikeun maksa atawa nalingakeun supaya norma-norma masarakat

nu bakal

dicumponan (sosial) 1. ... 2. ... 3. ... 4. ...

4. Ajén kaarifan nu aya dina UARTP: 1.

Kasejahteraan 2. kerja keras 3. disiplin 4. atikan 5. kaséhatan 6. gotong royong 7. pengelolaan gender 8. ngamumulé jeung

kreativitas budaya 9. paduli lingkungan 10. katingtriman 11. sopan santun

(36)

48

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 12. kajujuran

13. kesetiakawanan sosial 14. karukunan jeung pikeun ngarengsekeun konflik

15. komitmen 16. pikiran positif 17. rasa syukur

12... 13... 14...

15. ... 16... 17... Tabél 3.3 Kartu Data

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik akar kecap tina tékhnikos (Yunani) nu hartina alat atawa seni ngagunakeun alat (Ratna, 2010:209). Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngagunakeun:

a. Téhnik obsérvasi, mangrupa téhnik dasar panalungtikan, anu ngaisaratkeun nyatet jeung ngarekam sistematis sakabeh data, ogé digunakeun pikeun niténan kaayaan jeung hal anu dijadikeun sumber data. Sagala data ieu panalungtikan dicatet (ti sadaya nara sumber) sarta dirékam dialihkeun ka VCD. Data rékaman ngan ukur ti Bapa H. Sodikin, Bapa Aqwa, sarta Bapa

Moch. Rofi’i, samentara ti Bapa Ir. Djono Sismanto jeung Bapa H. Hamid teu

direkam sabab alesan kode étik parusahaan.

b. Téhnik wawancara, nyaéta cara-cara meunangkeun data ku cara nyanghareupan langsung, ngobrol, boh antar individu jeung individu atawa individu jeung kelompok.

Wawancara digunakeun pikeun ngumpulkeun data ti para nara sumber/réspondén. Réspondén pikeun ieu panalungtikan ngawengku:

1) Bapa Ir. Djono Sismanto (salaku General Manager PG Tersana Baru), 2) Bapa H. Hamid (salaku Ketua APTRI PG. Tersana Baru Kacamatan

Babakan),

(37)

49

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4) Bapa H. Sodikin, SS (salaku Guru Seni Budaya SMAN Babakan jeung Budayawan), jeung

5) Bapa Moch. Rofi’i (salaku tokoh masarakat/pensiunan pagawé PG Tersana

Baru).

c. Téhnik bibliografi, aya hubunganna jeung sumber pamungkas, interaksi minangka anu boga ma’na antara individu jeung individu, individu jeung kelompok, interaksi internal aya dina diri sorangan, contona hasil-hasil karya nu ilmiah atawa non ilmiah, karya seni jeung rupa-rupa bentuk séjénna. Dokumen nu dihasilkeun dina ieu panalungtikan ngeunaan karya ilmiah nu jadi acuan nyaéta panalungtikan skripsi nu judulna “Unsur Seni Tari pada Upacara Adat Ritus Tiwu Pengantén di Kacamatan Babakan Kabupatén

Cirebon”, ku Léni Marliani tahun 2002 jeung skripsi nu judulna “Gaya Basa

dina Puisi Kidung Tiwu Pangantén di Kacamatan Babakan Kabupatén

Cirebon” ku Fiet Haryadi dina taun 2002.

Dokumen nu lian nu bisa dikumpulkeun nyaéta mangrupa photo jeung DVD UARTP taun 2013.

d. Téhnik kuesioner, nyaéta téhnik ngumpulkeun data ku cara tinulis (angkét), sumber nu pertama disebut informan, sedengken sumber nu kadua disebut résponden. Téhnik kuesioner dina ieu panalungtikan nyiapkeun angkét wawancara tuluy disebarkeun ka sababaraha pagawé PG Tersana Baru ogé ka narasumber nu geus disebutkeun di luhur.

Tina sababaraha téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan, bisa dicindekkeun yén data dikumpulkeun kalayan sistematik ngeunaan kagiatan sapopoé sarta aktivitas sosial nu kawengku dina kabudayaan éta masarakat. Kalayan ngagunakeun téhnik Partisipant Obsérvation jeung Indépth Interview. Sabada data nu digali cukup. Hasilna ditranskrip kana wangun tulisan.

3.7Lengkah-lengkah Ngumpulkeun Data

(38)

50

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu a. Ngalaksanakeun observasi,

b. Ngadatangan nara sumber jeung responden, c. Ngawawancara nara sumber jeung responden, d. Ngarekam hasil wawancara,

e. Ngarekam prosesi UARTP, jeung

f. Nyebarkeun angket ka nara sumber sejenna (pagawe pabrik jeung panitia kagiatan UARTP)

3.8Téhnik Ngolah Data

Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik kualitatif nu mangrupa déskripsi ngeunaan UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon. Arikunto (2010:213) nétélakeun yén téhnik kualitatif nyaéta ngumpulkeun data utamana dina wangun kecap tibatan angka. Dina ngahasilkeun déskripsi carita nu rinci, analisis jeung interprétasi fenomena. Konsép anu digunakeun nyaéta niténan prosés runtuyan acarana, diteruskeun ku ngagali tanda-tanda dina komponén, alat, prosés, jeung palaku ditilik tina ma’nana jeung fungsi kagiatan dina UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon. Panalungtik maluruh ka informan ngeunaan ucapan, sikep, jeung ritual, nepi kapanggih hiji tafsiran intérsubjéktif. Hasil tafsiran dikorélasikeun jeung raraga tiori nu geus diwangun pikeun manggihan hiji pamahaman runtuyan, ma`na jeung fungsi kagiatan UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon.

Pikeun ngahontal udagan di luhur dipaké téhnik analisis kualitatif. Data nu baris dianalisis dina ieu panalungtikan nya eta ngeunaan prak-prakan UARTP, unsur-unsur sémiotik, konsép jeung fungsi UARTP, jeung ajén kearifan nu aya dina UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon.

Sabada nangtukeun data, lengkah satuluyna nyaéta ngolah data. Léngkah-léngkah ngolah data sakumaha anu kaunggel ieu di handap.

a. Mariksa jeung niténan deui prak-prakkan UARTP nu geus dipilih pikeun dianalisis;

(39)

51

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

c. Nganalisis konsep jeung pungsi (kaulinan, folklor, ritus, mite, shaman, magi, téater) jeung pungsi (bentuk hiburan, alat pangesahan pranata-pranata jeung lembaga-lembaga kabudayaan, alat atikan barudak, alat pamaksa atawa pangawas supaya norma-norma masarakat nu bakal dicumponan) dina UARTP di Kacamatan Babakan kabupatén Cirebon;

d. Nganalisis ajén kearifan lokal UARTP di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon. Jenis-jenis ajen kearifan lokal diantarana: 1) kasejahteraan, 2) kerja keras, 3) disiplin, 4) atikan, 5) kasehatan, 6) gotong royong, 7) pengelolaan gender, 8) ngamumule jeung kreativitas budaya, 9) paduli lingkungan, 10) damaian, 11) sopan santun, 12) kajujuran, 13) kesetiakawanan sosial, 14) karukunan jeung penyelesaian konflik, 15) komitmen, 16) pikiran positif, jeung 17) rasa syukur.

(40)

125 Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1.Kacindekan

Dumasar kana hasil pedaran dina bab saméméhna, kapanggih sababaraha hal anu bisa dicindekkeun. UARTP téh nyaéta upacara iring-iringan tiwu pangantén jeung sababaraha tiwu pangiring di tukangeunana ti Gedong Sanggar Madu (gedong patémon) nepi ka jero Pabrik Gula Tersana Baru. Runtuyan dina UARTP mangrupa unsur struktural dina hiji kabudayaan sabab mangrupa susunan unsur-unsur atawa bagian pikeun ngawujudkeun leunjeuran hiji carita nepi ka ngahasilkeun wujud karya

nu boga ma’na. Dina UARTP kapanggih unsur sémiotik saperti ikon, indéks, jeung

simbol. Ikon nu kapanggih dina UARTP aya 17 , indéks nu kapanggih dina UARTP aya 92, jeung simbol nu kapanggih dina UARTP aya 14.

Ajén kabudayaan nu kapanggih dina UARTP, nyaéta ajén-ajén kaulinan, folklor, ritus, mite, punduh, magi, téater. Pungsi nu aya dina UARTP nyéeta pungsi hiburan (rekréatif), alat pikeun pangesahan pranata-pranata jeung lembaga-lembaga kabudayaan (kultural), alat atikan barudak (atikan), alat pikeun maksa atawa pangawas norma-norma masarakat nu bakal dicumponan (soaial). UARTP mangrupa hiji upacara ritual Sunda nu mangrupa ritus nu sipatna pikeun hiburan, mistis, magi, kejawén, nu diayakeun sataun sakali nu boga tujuan pikeun kasalametan jeung miharep boga hasil nu mucekil dina musim giling taun ayeuna.

(41)

126

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

karukunan jeung cara ngarengsekeun konflik, komitmen, pikiran positif, jeung rasa syukur.

5.2. Saran

Tina hasil panalungtikan aya sababaraha saran anu ditepikeun pikeun ngaronjatkeun hasil aprésiasi kana UARTP, diantarana:

a. Saran ka para panalungtik sastra lisan

Sabada ngalakukeun panalungtikan, tétéla yén sastra lisan téh loba ngandung ajén anu kawilang hadé tur luhung. Ku kituna, sastra lisan nu sumebar di masarakat kudu ditalungtik jeung dipedar sangkan bisa dibukukeun (mangrupa téks).

Dina panalungtikan séjénna nu sarua, dipiharep leuwih hadé dina ngalakukeun panalungtikan, leuwih teleb medar ngeunaan ulikan sastra lisan, jeung leuwih maham kana aspék-aspék séjén anu aya patalina jeung ulikan sastra lisan. Ieu panalungtikan masih jauh tina sampurna, ka hareupna dipiharep aya lajuning laku pikeun nyampurnakeun ieu panalungtikan, sangkan leuwih jembar jeung euyeub ku élmu pangaweruh.

b. Saran ka para mahasiswa Pasca Sarjana Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda.

Pedaran ngeunaan ajén kearifan lokal ditilik tina struktur-sémiotik dina sastra lisan masih sauetik, dipiharep para mahasiswa kudu leuwih jembar jeung teleb dina nalungtik ngeunaan sastra lisan nu sumebar di masarakat. Sangkan ulikan ajén kaarifan lokal ditilik tina unsur struktur-sémiotik dina karya sastra lisan bisa leuwih kacangkem, dipiharep mahasiswa bisa ngarti jeung paham kana eusi jeung maksud tanda-tanda anu kudu disurahan.

(42)

127

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Guru basa Sunda tangtuna kudu boga pangaweruh ngeunaan sastra lisan, sarta mindeng méré pangaweruh jeung pancén ka siswa sangkan macaan buku- buku kabudayaan, Folklor, utamana nu aya patalina jeung karya sastra lisan séjénna.

d. Generasi Panerus (generasi ngora)

(43)

128 Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Aminuddin. 2009. Pengantar Aprésiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Arikunto, Suharsimi. 2010. Manajemen Penelitian. Jakarta: Rinéka Cipta. PT. Gramédia Pustaka Utama.

Budiman, Kris. 2005. Ikonisitas: Sémiotika Sastra dan Seni Visual. Yogyakarta: Buku Baik.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dananjaja, James. 2002. Folklor Indonesia Ilmu Gosip, dongéng dan lain-lain. Jakarta: PT. Pustaka Utama Grafiti.

Deanastasia. 2011. Kearifan Lokal. www. wikapedia.com. (11 Nopember 2013). Departeman Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Bahasa Indonesia. Jakarta: Pusat

Bahasa.

Ékadjati, Édi S. 2005. Kebudayaan Sunda (Suatu Pendekatan Sejarah). Jakarta: Pustaka Jaya.

Éndraswara, Suwardi. 2006. Métode, Tiori, Téknik Penelitian Kebudayaan. Sléman: Pustaka Widyatama.

---. 2012. Métodologi Penelitian Kebudayaan. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Faturohman, Taufik. 1983. Ulikan Sastra. Bandung: Jatnika.

Gunawan, Restu. 2008,”Kearifan Lokal dalam Tradisi Lisan dan Karya Sastra, Makalah disampaikan dalam Kongres Bahasa”. Tanggal 28-31 Oktober 2008, di Jakarta.

Haryadi, Fiet. 2002. Gaya Basa dina Puisi Kidung Ritus Tiwu Panganten di Kacamatan Babakan Kabupaten Cirebon. Bandung: JPBD UPI

(44)

129

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Hutomo, Suripan Hadi. 1991. Mutiara yang Terlupakan Pengantar Studi Sastra Lisan. Surabaya: Himpuanan Sarjana Kesusastraan Indonesia

Iskandarwasid. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. 2008. Panyawangan Sastra (Handout Téori Sastra). Bandung: JPBD.

Koentjaraningrat. 1985. Kebudayaan, Mentalitas Dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

---. 2009. Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Aksara Baru.

Koswara, Dedi. 2011. Racikan Sastra; Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Liliweri, Alo. 2013. Dasar-dasar Komunikasi Antarbudaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Marfai, Muh. Aris. 2012. Pengantar Étika Lingkungan dan Kearifan Lokal. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Marliani, Leni. 2002. Unsur Seni Tari pada Upacara Adat Ritus Tiwu Pengantin di Kacamatan Babakan Kabupatén Cirebon. Bandung: Sendratasik UPI. Nurgiantoro, Burhanudi. 2002. Pengkajian Teori Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada

University Press.

Pradopo, Rachmat Djoko. 2003. Beberapa Tiori Sastra, Métode Kritik, dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Pudéntia.2008. Métodologi Kajian Sastra Lisan. Jakarta: Asosiasi Tradisi Lisan (ATL).

Ratna, Nyoman Kutha. 2010. Tiori, Métode, dan Téknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

---. 2011. Métodologi Penelitian Kajian Budaya dan Ilmu Sosial Humaniora pada Umumnya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosidi, Ajip. 2011. Kearifan Lokal dalam Perspektif Budaya Sunda. Bandung: Kiblat.

(45)

130

Fiet Haryadi, 2014

AJEN KAARIFAN LOKAL DINA UPACARA ADAT RITUS TIWU PANGANTEN DI KECAMATAN BABAKAN KABUPATEN CIREBON (Analisis Struktural Semiotik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Santosa, Puji. 1993. Ancangan Sémiotika dan Pengkajian Sastra. Bandung: Angkasa.

Semi, M. Atar. 1988. Anatomi Sastra. Padang: Angkasa Raya.

Syuropati, A. Muhammad. 2003. Teori Sastra Kontemporer & 13 Tokohnya. Jogjakarta: Azka Books.

Sudjiman, Panuti & Aart Van Zoest. 1996. Serba-serbi Sémiotika. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Sumardjo, Jakob. 2011. Sunda Pola Rasionalitas Budaya. Bandung: Kelir. Sundjaya. 2008. Dinamika Kebudayaan. Jakarta: Nobel Edumedia.

Surakhmand, Winarno. 2004. Pengantar Penelitian Ilmiah. Bandung: Tarsito Universitas Pendidikan Indonesia. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Gambar

Tabel 3.1 Pedoman observasi

Referensi

Dokumen terkait

STUDY ETHNOMATHEMATICS PADA KALENDER ABOGE (ALIF, REBO, WAGE) SEBAGAI PENENTU WAKTU HARI – HARI BESAR ISLAM DAN UPACARA ADAT DI KERATON KASEPUHAN CIREBON. Universitas

Widya Andayani : Eufemisme dalam upacara perkawainan adat jawa nemokke di Medan, 2005 USU e-Repository © 2008... Widya Andayani : Eufemisme dalam upacara perkawainan adat jawa

This research is entitled “ Analisis Struktural Jeung Semiotik Dina Novél Sudagar Batik Karangan Ahmad Bakri Pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra Di SMA ”,

WAGE) SEBAGAI PENENTU WAKTU HARI – HARI BESAR ISLAM DAN UPACARA ADAT DI KERATON KASEPUHAN CIREBON ” ini dan seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri, dan saya

ANALISIS STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK DINA NOVÉL SAÉNI KARANGAN HADI AKS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI

Judul Skripsi : Upacara Adat Perkawinan pada Masyarakat Mandailing di Padang Lawas kajian Semiotik.. Penelitian ini menggunakan teori semiotik yang dikemukakan oleh Ferdinand

Apa yang disampaikan Greetz dalam bukunya ini sesuai dengan apa yang dilakukan oleh masyarakat Desa Karangkamulyan melalu Upacara Adat Ngikis sebagai bentuk

saurmatua di Kecamatan Doloksanggul Kabupaten Humabang Hasundutan, serta nilai-nilai budaya yang akan dikaji secara ilmu semiotik yang terkandung dalam parjambaran pada