• Tidak ada hasil yang ditemukan

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan bisa dicindekeun sababaraha hal ieu di handap.

a. Kaédah narjamahkeun kitab koneng bia

b. sana dumasar kana élmu nahwu jeung shorof. Élmu nahwu mangrupa adegan maca harokat (baris) tungtung kecap basa Arab pikeun nangtukeun kalungguhanana dina kalimah. Ieu hal kacida pentingna pikeun narjamahkeun kitab konéng, sabab beda harokat (baris) tangtu beda kalungguhanana jeung hartina. Kitab nahwu dasar anu mimiti wajib dikawasa di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur nya éta kitab Al-jurumiyyah anu dipedar ku Imam Abi Abdillah Muhammad Bin Daud Sonhaji. Sedengkeun élmu shorof mangrupa élmu anu medar ngeunaan wangun kecap pagawéan, robahna hiji kecap jadi sawatara kecap séjén jeung kecap gaganti (dhamīr). Kitab shorof dasar anu mimiti wajib di kawasa ku santri di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur nya éta kitab At-tasrīfi Al-izzi anu dipedar ku Izzudin Abi

Al-fadhoil Ibrahim Bin Abdul Wahhab Bin Imaduddin Az-zinjani.

c. Métode narjamahkeun kitab konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur kapanggih aya opat, di antarana nya éta sorogan, balagan, talaran, jeung tarkiban. Métode sorogan mangrupa métode pangajaran narjamahkeun kitab konéng ku cara santri langsung macakeun teks terus narjamahkeunana numutkeun kaedah lumaku dihareupeun ustadna. Peran ustad kacida gedena dina ngaping santrina pikeun ngarahkeun santri dina maca jeung narjamahkeun kitab konéng.Métode balagan mangrupa hiji métode pangajaran kitab konéng kalawan cara ustad macakeun, narjamahkeun, jeung ngajelaskeun teks materi kitab konéng. Pancen santri dina ieu métode nya éta ngaregepkeun ustadna kalawan mere tulisan/logatan mangrupa mere baris/syakal, tarjamahan, sarta

300

Hasan Alwan, 2014

Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur

katerangan tambahan kana kitabna ngeunaan materi kitab konéng Métode talaran atawa tahfid mangrupa métode diajar kitab konéng ku cara nalar hiji teks kitab konéng kalawan diaping jeung pangawasan ustadna, para santri di béré pancen nalar bacaan-bacaan kitab konéng dina jarak waktu anu geus ditangtukeun Métode tarkiban mangrupa métode gabungan tina métode diskusi jeung debat. Ieu métode merlukeun rarancang, gawe bareng, kawani santri pikeun nepikeun pamadeganana, jeung toleransi antara kelompok tarkiban. d. Kamampuh santri dina narjamahkeun kitab konéng di di Pasantrén

Miftahulhuda Al-Musri Cianjur kaasup kana katégori sedeng. Dumasar hasil ngolah data dina hasil panalungtikan bisa kanyahoan kamampuh santri dina tiap tingkatan di antarana: 1) kamampuh santri tingkat Ibtida’iyyah dina narjamahkeun kitab konéng kaasup kana katégori sedeng kalawan rata-rata hitung (x) 72, 2) kamampuh santri tingkat Tsanwiyyah dina narjamahkeun kitab konéng kaasup kana katégori sedeng kalawan rata-rata hitung (x) 76, 3) kamampuh santri tingkat Aliyah dina narjamahkeun kitab konéng kaasup kana katégori sedeng kalawan rata-rata hitung (x) 85, jeung 4) kamampuh santri tingkat Aliyah dina narjamahkeun kitab konéng kaasup kana katégori sedeng kalawan rata-rata hitung (x) 77.

5.2 Saran

Dumasar kacindekan di luhur, pikeun ngungkulan masalah narjamahkeun kitab konéng aya sababaraha saran di antarana: 1) peran ustad dina méré pamahaman ngeunaan élmu nahwu jeung shorof kacida pentingna nepi ka santri ngawasa kaparigelan narjamahkeun kitab konéng, 2) ngagunakeun métode anu leuwih éféktif dina pangajaran narjamahkeun kitab konéng, 3) ustad ngabiasakeun santrina pikeun narjamahkeun kitab konéng dina basa anu biasa digunakeun nepi ka hasil tarjamahan kaharti ku batur, 4) ngagunakeun rupa-rupa bacaan anu ngarojong kana kaparigelan narjamahkeun kitab konéng, 5) leuwih éféktif dina ngagunakeun kamus, 6) ayana remedial pikeun santri anu can nyumponan kana niléy anu ditangtukeun jeung mere pengayaan pikeun santri anu leuwih punjul tinimbang santri séjénna, jeung 7) bagian kurikulum nangtukeun kompéténsi anu

301

Hasan Alwan, 2014

jelas pikeun ustad-ustad anu ngajar sarta ngaevaluasi metode anu digunakeun dina pangajaran narjamahkeun kitab konéng.

Pasantrén mangrupa lembaga pendidikan Islam anu mibanda tujuan neuleuman ajaran agama jeung pentingna moral sarta ngamalkeun ajaran agama dina kahirupan sapopoé pikeun kahirupan di dunya jeung ahérat. Pasantrén mibanda unsu-unsur sistem pendidikan, di antarana: kiyai, ustad, santri, tujuan pendidikan, filasafat pendidikan, sumber diajar, kurikulum, sarana, evaluasi jeung sajabana. Ieu unsur-unsur pendidikan pasantrén tangtuna bisa jadi objék anu matak ngirut pikeun ditalungtik.

Panalungtikan ngeunaan métode pangajaran narjamahkeun kitab konéng masih kénéh jarang ditalungtik, padahal ieu métode pangajaran narjamahkeun kitab konéng téh masih réa digunakeun di pasantrén–pasantrén tradisional anu basisna Nahdahatul Ulama (NU). Métode pangajaran anu dianggap statis jeung tradisional, tapi masih keneh tetep dipertahankeun ku pasantrén-pasantrén tradisional tangtuna waé jadi objék anu matak ngirut pikeun ditalungtik. Ku kituna, diperlukeun diperlukeun panalungtikan saterusna ngeunaan sistem pangajaran di pasantrén salafiyah/tradisional tina rupa-rupa jihat. Ieu panalungtikan masih kénéh héngkér tur déét, tapi mugia pasualan anu nyampak tapi teu kapaluruh bisa jadi bahan panalungtikan-panalungtikan anu saterusna.

Basa sasaran anu digunakeun dina narjamahkeun kitab konéng anu kapanggih aya dua nya éta basa Sunda jeung Jawa. Ayana basa Jawa anu digunakeun pikeun narjamahkeun kitab konéng di wewengkon Jawa Barat tangtuna jadi bahan panalungtikan pikeun panalungtik saterusan. Oge sakumaha pamanggih dina ieu panalungtikan nya éta aya pangaruh basa Jawa dina narjamahkeun kitab konéng anu ngagunakeun basa Sunda kacida pentingna pikeun ditalungtik.

Program Studi Pendidikan Basa jeung Budaya Sunda Pascasarjana UPI salaku lembaga atikan basa Sunda tingkat luhur, kudu niténan sistem pangajaran di pasantrén-pasantrén tradisional. Ayana basa Sunda has pasantrén anu jadi basa

302

Hasan Alwan, 2014

Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur

sasaran dina narjamahkeun kitab konéng ogé metode pangajaran di pasantrén jadi objék panalungtikan wajib pikeun mahasiswa. Pasualan pungsat bahan dina ieu panalungtikan mugia teu kapanggih ku panalungtik séjén upama ieu masalah sok ditalungtik.

Sistem pangajaran anu digunakeun di pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur perlu dironjatkeun pikeun ngahasilkeun santri-santri anu hadé kualitasna sarta narima métode pangajaran anu leuwih inovatif.

303

Hasan Alwan, 2014

PABUKON

Al Farisi, M.Z. (2011). Pedoman Penerjemahan Arab-Indonesia. Bandung: PT. Remaja Rosda Karya.

Al-kafrawi, H. (2008). Syarh Al-kafrawiy `Ala Matni al-jurumiyyah. Semarang: CV. Thaha Putra.

Al-kailani, Hisyam (2008). Syarh Kailani Li A-tashrīfi Al-izzi. Surabaya: CV.

Al-Haramain Jaya.

Az-zinjani, I. (2008). Matan At-tashrīfi Al-izzi. Surabaya: CV. Al-Haramain Jaya.

Bruinessen, M.V. (1995). Kitab Kuning Pesantren dan Tarekat, Bandung: Mizan. Dhofier, Z. (1994). Tradisi Pesantren, Studi tentang Pandangan Hidup Kyai.

Jakarta: LP3ES

Fatkhan, M. (2002). Sinkretisme Jawa-Islam. Jurnal Religi, 1 (2), kaca 194. Hamid, A. (2008). As-salsilu Al-madkhal Fī `Ilmi At-tashrīf. Semarang: CV.

Thaha Putra.

Haviland, W.A. (1993). Antropologi Jilid II . Jakarta: Erlangga.

Hidayah, I. (2003). Agama dan Budaya Lokal: Peran Agama dalam Proses marginalisasi Budaya Lokal. Jurnal Religi,2 (2), kaca 137.

Irfawaldi (2012) Pesantren Salafiyah dan Pesantren Modern. [online].

Tersediadi:http:/www.makalahpendidikanirfawaldi.blogspot.com/2012/04/ pesantren-salafiyah-dan-pesantren-modern.html. [Diakses 2 Desember 2013] Izzan, A. (2007). Metodologi Pembelajaran Bahasa Arab. Bandung: Humaniora. Ma’arif, S (2013). 9 Jurus Cepat Bisa Baca Kitab Gundul. Bandung: CV. Nuansa

Aulia.

Koentjaraningrat (1996) Pengantar Antropologi. Jakarta: PT. Rhineka Cipta. Marsono (2003). Pergumulan Islam dalam Sistem Budaya Jawa. Jurnal Religi, 2

(2), kaca 163.

Mukhtar, A. (1999). Pesantren Masa Depan, Wacana Pemberdayaan dan

Transformasi: Pesantren Tradisi Kitab Kuning Sebuah Observasi Umum.

304

Hasan Alwan, 2014

Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur

Muthohar, A. (2007). Ideologi Pendidikan Pesantren, Pesantren di Tengah Arus

Ideologi-ideologi Pendidikan. Semarang: Pustaka Rizki Putra.

Noor, M. (2006) Potret Dunia Pesantren. Bandung: Humaniora.

Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda R.A Danadibrata. (2006). Kamus Basa

Sunda R. A. Danadibrata. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Permana, A (2013). Pencampuran Kebudayaan Masyarakat Indonesia. [Online). Tersedia di: http//aryalast.blogspot.com/2013/10/dampak-kebudaayaan-asing-terhadap.html.[Diakses 5 Desember 2013]

Roestiyah, N.K.(1994) Masalah Pengajaran Sebagai Suatu Sistem. Jakarta: Rineka Cipta.

Rohilah, I. (2012). Adegan Kalimah Basa Sunda dina Tarjamah Qur’an (Analisis

Struktur jeung Semantik). Tesis. Sekolah Pascasarjana, Universitas

Pendidikan Indonesia.

Ruhaliah (2012). Transliterasi, Edsi, dan Terjemahan: Aksara Sunda Kuna, Buda,

Cacarakan, dan Pegon. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Salsabila, A.H. (2012). Empat Langkah Membaca dan Menerjemahkan Kitab

Gundul (Metode Assasakiy). Bekasi: Ukhwatuna.

Shanhaji, Daud (2008). Matan Aj-jurumiyyah. Surabaya: CV. Al-Haramain Jaya. Shaleh, K. Spk (2013). Al-Amin (Al-Qur’an Tarjamah Sunda). Bandung: CV.

Penerbit Dipenogoro

Sugiyono, (2011). Metode Penelitian Kualitatif, Kuantitaif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sukmadinata, N.S. (2008). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosda Karya.

Syarifudin, C. H. (1998) Pedoman Pengkajian Kitab Kuning yang Efektif. Tasikmalaya:Pondok Pesantren Cipasung.

Syarifudin, S (2012) sekilas terjemah kitab kuning. [online].

Tersedia di:http://pesantrensalap.blogspot.com/2012/sekilas terjemah kitab kuning.html [diakses 23 September 2013]

Syihabudin (2005) Penerjemahan Arab-Indonésia (Teori dan Praktek). Bandung: Humaniora.

305

Hasan Alwan, 2014

306

Hasan Alwan, 2014

Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur

Sugiyono, (2001) Métode Penelitian. Bandung: Alfabéta

Arikunto, S (2010) Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek (Edisi Revisi) Jakarta: Rineka Cipta,

Setiawan, A (1998) Belajar tarjamah. [online].

Tersedia di:http://belajar tarjamah.wordpress.com/terjemahan kitab kuning .html [Diakses 30 November 2013]

Simatupang, M.D.S. (2000). Pengantar Téori Terjemahan. Jakarta: Depdiknas. Suryawinata, Z. (1989) Terjemahan: Pengantar Teori dan Praktek. Jakarta:

Depdikbud

Mufid, N. jeung Kaserun. (2007). Buku Pintar Menerjemahkan Arab-Indonesia. Surabaya: Pusataka Progresif

Baslamah, A.A. (1984) Memahami Kitab Kuning Melalui Terjemahan Tradisional (Suatu Pendekatan tradisional Terjemahan Pondok Pesantren,

Jurnal Pesantren,Edisi Perdana, kaca 61-69

Mastuhu (1994) Dinamika Sistem Pendidikan Pesantren. Jakarta: INIS

Utomo, W. (1997)Perguruan Tinggi Pesantren Pendidikan Alternative Masa

Depan. Jakarta: Gema Insan Press

Nasution, S. (2000).Berbagai Pendekatan dalam Proses Belajar Mengajar. Jakarta: Bumi Aksara

Anwar, R. (2002). Cara Praktis Belajar dan Memahami Bahasa Al-Quran ( jilid

1.2.3). Bandung: Alma’arif.

Muhidin, A. (2011). Nahwu Shorof Tadrijy. Depok: Khazanah Mimbar Plus Sudaryat, Y. (2003). Élmuning Basa. Bandung: Wahana Luang.

Fraenkel, J.R. jeung Wallen, N.E. (2007). How to Design and Evaluate Research

in Education (Seventh Edition). San Fransisco: Mc Graw Hill Higher

Education.

307

Hasan Alwan, 2014

Syamsudin jeung Damaianti, V.S. (2006). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: Remaja Rosda Karya

Noor, M (2006) Potret Dunia Pesantren.Bandung: Humaniora

2.4 Adegan kalimah basa Arab

Di handap ieu di pedar salalar saliwat adegan kalimah basa Arab pikeun bahan babandingan jeung adegan kalimah basa Sunda. Adegan kalimah basa Arab dina ieu pedaran sakumaha di terangkeun ku Rosihon Anwar (dina Rohilah, 2012 kaca ).

a. Pola Kalimah Dasar

Dina basa Arab, hiji omongan disebut kalimah (kalam ) umpama nepikeun pamahaman gembleng ka jalma anu diajak ngomong. Pola dasar kalimah basa Arab nya éta:

1) mubtada + khabar

2) mubtada + khabar + maful’bih 3) mubtada + khabar + majrur

4) mubtada + khabar + maf’ulbih + maf’ulbih2

5) mubtada + khabar + maf’ulbih + majrur

Pola kalimah dina basa Arab leuwih kompléks tinimbang basa indonésia (Sunda). Contona aya genep variasi fungsi jejer dina kalimah basa Arab nya éta mubtada’ (jejer dina mimiti),fa’il (jejer di tengah),naibul fa’il (udagan dina kalimah Pasif),isim kana (jejer dipiheulaan ku runtuyan fi’il kana),isim inna (jejer dipihelaan ku kelompok inna), jeung isim laa (jejer piheulaan ku laa li nafyi al-jinsi), aya lima variasi fungsi caritaan dina kalimah basa Arab, nya éta fiil, khabar, khabar kaana, khabar inna, khabar laa.udagan dina kalimah basa Arab disebutna naf’ul bih.fungsi katerangan dina basa Arab aya salapan: zharaf zaman makan, maf’ul liajlih, hal, tamyiz, mustatsna, maful mutlak, maful ma’ah jeung majrur. Lianti éta, aya fungsi khas dina tata basa Arab,fungsi anu taya saruaannana jeung basa indonésia( Sunda) nya éta na’at, taukid, badal, ma’thul,munada, mudhaf, mudhaf ilaih (Anwar,1987 kaca 10)

308

Hasan Alwan, 2014

Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur

b. Syakal

Dina basa Arab aya anu disebut syakal(harkat) nya éta tanda pikeun sora konsonan nya éta fathah (jabar) kana sora (a), kasrah (jéér) kana sora (i), dhammah(péés) kana sora (u). aya deui anu maké tanwin fathain (tanwin jabar) kana sora (an), kasratain (tanwin jéér) kana sora (in), dhammatain (tanwin péés) kana sora (un).tanda sora konsonan éta sakaligus jadi cirri jabatan kecap dina kalimah.

c. Nahwu jeung Sorof

Élmu anu kudu kacangking dina raraga mikaweruh basa Qur’an nya éta élmu nahwu jeung sorof. Élmu nahwu (I’rab) pikeun nangtukeun tanda sora panungtung hiji kecap. Danadibrata nyebutkeun nahwu téh élmu tata basa Arab (panitia penerbitan kamus basa Sunda, 2006:453).élmu nahwu nya éta élmu tata kecap jeung kalimah (cara nyusun kecap jeung kalimah ) (Poerwadarminta, 1984, kaca 668). Elmu sorof nya éta élmu anu medar parobahan kecap dina basa Arab pikeun nangtukeun harakat aksara awal jeung tengah hiji kecap (Muhidin, 2011 kaca 105). Éta dua elmu téh teu bias dipisahkeun jeung silih ngalengkepan. Utamana pikeun maca, narjamahkeun, jeung mahaman kitab konéng.

d. Kalam, Kalimah, Kecap

Kalam dina basa Arab sarua jeung kalimah dina basa Sunda. Kalimah dina basa Arab sarua jeung kecap dina basa Sunda. Kalam nya éta beungkeutan anu di

wangun ku kalimah-kalimah anu nuduhkeun ma’na gembleng. Kalimah nya éta

komponen beungkeutan kalam anu disusun tina sababaraha hurup hija’iyah.

Dina panarjamahan penting diperhatikeun perkara pungtuasi. Pungtuasi atawa tanda baca aya patalina jeung digunakeunana hurup capital, akasara dengdek, cecek, koma, tanda geret, tanda kekenteng, tanda panyeluk, tanda Tanya jeung lian ti éta. Dina kitab konéng, umumna pungtuasi kurang diperhatikeun. Hal ieu ngabalukarkeun karuwed dina narjamahkeun. Dina buku-buku basa Arab kontemporer, pungtuasi mimiti diperhatikeun, nepi ka henteu nimbulkeun karuwed dina prosés narjamahkeun (Al-Farisi, 2011, kaca 129).

309

Hasan Alwan, 2014

Dokumen terkait