MÉTODE NARJAMAHKEUN KITAB KONÉNG
DI PASANTRÉN MIFTAHULHUDA AL-MUSRI CIANJUR
TÉSIS
diajukeun pikeun nyumponan sabagian tina sarat nyangking Magister Pendidikan Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda
PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA
SEKOLAH PASCASARJANA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
2014 ku
MÉTODE NARJAMAHKEUN KITAB KONÉNG
DI PASANTRÉN MIFTAHULHUDA AL-MUSRI CIANJUR
Oleh HASAN ALWAN
S.Pd Universitas Bale Bandung, 2008
Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan(M.Pd.) pada Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budya Sunda
Sekolah Pascasarjana UPI
© Hasan Alwan 2014 Universitas Pendidikan Indonesia
Juli 2014
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
LEMBAR PENGESAHAN
Hasan Alwan
NIM 1202072
MÉTODE NARJAMAHKEUN KITAB KONÉNG
DI PASANTRÉN MIFTAHULHUDA AL-MUSRI CIANJUR
Kasaluyuan ku:
Pangaping I
Prof. Dr. H. Rahman, M. Pd.
NIP 19570401 198412 1 001
Pangaping II
Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M. Pd.
NIP 19670710 199102 2 001
Kauninga ku
Ketua Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda
Sekolah Pascasarjana
Universitas Pendidikan Indonesia
Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum.
Hasan Alwan, 2014
DAFTAR EUSI
PERNYATAAN ... i
ABSTRAK ... ... ii
PANGJAJAP ... v
KEDALING NUHUN...vi
DAFTAR EUSI...viii
DAFTAR TABÉL ... xiii
DAFTAR GAMBAR ... xiv
DAFTAR LAMPIRAN ... xv
BAB I PENDAHULUAN ... 1
1. 1 Kasang Tukang... 1
1.2 Watesan Masalah... 4
1.3 Rumusan Masalah... 5
1.4 Tujuan Panalungtikan... 6
1.5 Mangfaat Panalungtikan... 6
BAB II ULIKAN TIORI JEUNG RARAGA MIKIR... 8
2.1 Munculna Narjamahkeun Kitab Konéng Ngagunakeun Arab Pégon ... 8
2.2 Narjamahkeun Kitab Konéng... 10
2.2.1 Wangenan Tarjamah... 10
2.2.2 Wanda Tarjamah... 13
2.2.3 Téhnik Narjamahkeun... 14
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
|
2.2.5 Métode Narjamahkeun... 21
2.3 Métode Narjamahkeun Kitab Konéng Di Pasantrén Tradisional…………... 24
2.4 Adegan Kalimah Basa Arab... 28
2.5 Aksara Arab jeung Arab Pégon... 29
2.5.1 Aksara Arab... 29
2.5.2 Aksara Arab Pégon... 31
2.5.3 Kaédah Nulis Arab Pégon... 31
2.6 Raraga Mikir... 33
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN... 34
3.1 Setting Panalungtikan... 34
3.1.1 Lokasi Panalungtikan... 34
3.1.2 Populasi jeung Sampel... 34
3.2 Disain Panalungtikan... 37
3.3 Métode Panalungtikan... 38
3.4 Wangenan Operasional... 39
3.5 Instrumén Panalungtikan... 40
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data... 44
3.7 Analisis Data... 46
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN... 48
4.1 Kaédah Narjamahkeun Kitab Konéng Di Pasantén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur... 48
4.1.1 Élmu Nahwu Dasar... 48
4.1.1.1 Cara Maca Al-majrūr... 58
4.1.1.1.1 Huruf Al-jarr jeung Al-qosam... 59
4.1.1.1.2 Al-idhāfah... 63
4.1.1.1.3 At-tawābi` Lil Majrūr... 66
4.1.1.2 Cara Maca Al-marfū’... 71
4.1.1.2.1 Al-fi’lu... ... 74
4.1.1.2.2 Al-fā’il... ... 75
Hasan Alwan, 2014
4.1.1.2.4 Al-mubtada` jeung Al-khabar... 82
4.1.1.2.5 Ismu Kāna... 88
4.1.1.2.6 Khābaru Inna... 95
4.1.1.2.7 At-tawabi` Lil Marfū`... 101
4.1.1.2.8 Al-fi`lu Al-mudhāri` Al-marfū`... 106
4.1.1.3 Cara Maca Al-mansūb... 109
4.1.1.3.1 Al-maf`ul Bīhi... 111
4.1.1.3.2 Al-maf`ūl Fīhi atawa Zharaf... 115
4.1.1.3.3 Al-maf`ūl Ajlihi... 118
4.1.1.3.4 Al-maf`ul Al-muthlaq (Al-mashdar)... 120
4.1.1.3.5 Al-maf`ūl Māah... 124
4.1.1.3.13 Al-fi`lu Al-mudhāri` Al-manshūb... 152
4.1.1.4 Cara Maca Al-majzūm... 156
4.1.1.4.1 Al-fi`lu Al-mudhāri` Al-majzūm... 156
4.1.2 Élmu Sharaf Dasar ... 161
4.1.2.1 Adh-dhomīr... 165
4.1.2.2 Adh-dhomīr Al-bāriz Al-munfasil jeung Al-muttasil.. 167
4.1.2.3 Al-awzān (Pola-pola dina Élmu Tashrif)... 188
4.1.2.3.1 Al-wazan jeung Al-mauzūn... 188
4.1.2.3.2 Al-fi`lu At-tsulātsi Al-mujarrad... 190
4.1.2.3.3 Al-fi`lu At-tsulatsiy Al-majīd... 207
4.1.2.3.4 Al-fi’lu Ar-rubāi Al-mujarrad... 246
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
|
4.1.3 Simbul-simbul Narjamahkeun Kitab Konéng di
Pasantrén Al-Musri Cianjur... 267
4.2 Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur... 273
4.2.1 Matéri Pangajaran... 273
4.2.2 Métode Pangajaran Narjamahkeun Kitab Konéng... 276
4.3 Kamampuh Narjamahkeun Kitab Konéng ... 283
4.3.1 Gambaran Umum Sampel... 283
4.3.2 Évaluasi Hasil Diajar... 283
4.3.2.1 Ngolah Skor... 284
4.3.2.2 Napsirkeun Skor... 285
4.3.3 Kamampuh Narjamahkeun Kitab Konéng Santri Miftahulhuda Al-Musri Cianjur... 286
4.3.3.1 Kamampuh Narjamahkeun Kitab Konéng Santri Miftahulhuda Al-Musri Cianjur Tingkat Ibtida’iyyah.. 286
4.3.3.2 Kamampuh Narjamahkeun Kitab Konéng Santri Miftahulhuda Al-Musri Cianjur Tingkat Tsanawiyah.. 287
4.3.3.3 Kamampuh Narjamahkeun Kitab Konéng Santri Miftahulhuda Al-Musri Cianjur Tingkat Aliyah... 288
4.3.3.4 Kamampuh Narjamahkeun Kitab Konéng Santri Miftahulhuda Al-Musri Cianjur Tingkat Ma’had Ali.. 289
4.3.4 Kamampuh Narjamahkeun Kitab Konéng Santri Miftahulhuda Al-Musri Cianjur dumasar kana Métode Pangajaran... 290
4.3.4.1 Kamampuh Santri Tingkat Ibtida’iyyah dina Narjamahkeun Kitab Konéng dumasar Métode Pangajaran... 290
Hasan Alwan, 2014
4.3.4.2 Kamampuh Santri Tingkat Aliyah dina Narjamahkeun Kitab Konéng dumasar
Métode Pangajaran... 292
4.3.4.2 Kamampuh Santri Tingkat Ma’had Ali dina Narjamahkeun Kitab Konéng dumasar Métode Pangajaran... 293
4.4 Pedaran Hasil Panalungtikan... 294
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 299
5.1 Kacindekan... 299
5.2 Saran... 300
Pabukon... 303
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
|
DAFTAR TABÉL
Kaca
Tabél 3.1 Jumlah Sampel Kamampuh Santri... 37
Tabél 4.1.1.1 Rupa-rupa Huruf Jarr... 60
Tabel 4.3.1 Jumlah Sampel Kamampuh Narjamahkeun... 283
Tabél 4.3.2.2 Patokan Katégori Skor Standar... 285
Tabél 4.3.3.1 Kamampuh Narjamahkeun Kitab Konéng Tingkat Ibtida’iyyah... 286
Tabél 4.3.3.2 Kamampuh Narjamahkeun Kitab Konéng Tingkat Tsanawiyyah... 287
Tabél 4.3.3.3 Kamampuh Narjamahkeun Kitab Konéng Tingkat Aliyah... 288
Tabél 4.3.3.4 Kamampuh Narjamahkeun Kitab Konéng Tingkat Ma’had Ali... 289
Tabel 4.3.4.1 Kamampuh Narjamahkeun dumasar Métode Pangajaran Tingkat Ibtida’iyyah... 290
Tabel 4.3.4.2 Kamampuh Narjamahkeun dumasar Métode Pangajaran Tingkat Tsanawiyyah... 291
Tabel 4.3.4.3 Kamampuh Narjamahkeun dumasar Métode Pangajaran Tingkat Aliyah... 292
Hasan Alwan, 2014
DAFTAR GAMBAR
Kaca
Bagan 2.7 Raraga Mikir... 33
Bagan 3.2 Disain Panalungtikan... 38
Skéma Al-majrūr... 58
Skéma Majrūr... 59
Skéma Al-Marfū...... 72
Skéma Tanda Baca Al-Marfū...... 73
Skema Al-fi`lu Al-mudhāri`Al-marfū`... 106
Skéma Al-manshūb... 110
Skéma Tanda Baca Al-manshūb... 110
Skéma Tanda Baca Al-fi`lu Al-mudhāri` Al-manshūb... . 154
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
|
DAFTAR LAMPIRAN
Kaca
Pedoman Transliterasi... 305
Daptar Niléy Kamampuh Santri Tingkat Ibtida’iyyah... 306
Daptar Niléy Kamampuh Santri Tingkat Tsanwiyyah... 308
Daptar Niléy Kamampuh Santri Tingkat Aliyah... 310
Hasan Alwan, 2014
ABSTRAK
Alwan, Hasan. 2014. Metode Menerjemahkan Kitab Kuning Di Pesantren
Miftahulhuda Al-Musri Cianjur. Tesis. Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda, Sekolah Pascasarjana, UPI.
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh tradisi belajar di pesantren tradisional yang menjadikan kitab kuning sebagai referensi utama dalam pengajaran. Dari kajian ini, diharapkan mendapatkan deskripsi kaidah menerjemahkan kitab kuning; deskripsi jenis-jenis metode yang digunakan dalam menerjemahkan kitab kuning; dan kemampuan para santri dalam menerjemahkan kitab kuning di pesantren tradisional. Penelitian ini merupakan penelitian kualitatif deskriptif dengan menggunakan studi kasus untuk menggambarkan secara intensif latar belakang dan interaksi lingkungan yang ada di pesantren tradisional. Ada beberapa teknik pengumpulan data, di antaranya teknik observasi, wawancara, dan studi bibliografis. Dari penelitian ini ditemukan kaidah menerjemahkan kitab kuning yang berhubungan dengan tata bahasa Arab berdasarkan ilmu nahwu dan shorof; ada empat metode yang digunakan dalam menerjemahkan kitab kuning yaitu sorogan, balagan, talaran, dan tarkiban; serta kemampuan santri dalam menerjemahkan kitab kuning tergolong ke dalam kategori sedang. Penelitian tentang metode pengajaran menerjemahkan kitab kuning masih jarang diteliti, padahal metode pengajaran menerjemahkan kitab kuning masih banyak digunakan di pesantren-pesantren tradisional. Metode pengajaran ini dianggap statis dan tradisional, tapi masih tetap dipertahankan. Hal ini tentunya menjadi objek penelitian yang menarik untuk diteliti. Oleh sebab itu, diperlukan penelitian lanjutan tentang sistem pengajaran di pesantren tradisional ditinjau dari beberapa aspek.
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur ABSTRACT
Alwan, Hasan. 2014. The Translation Method of Kitab Kuning in Miftahulhuda
Al-Musri Pesantren, Cianjur. Theses. Sundanese Language and Culture Education Departement, School of Post-Graduate Studies, Indonesia University of Education. This study was conducted based on learning in traditional pesantren that places kitab
kuning as the main reference. Based on those reasons, the objectives of this study
were to get a description of kitab kuning; the description of methods to translate kitab
kuning; and the ability of santri in translating kitab kuning in traditional pesantren.
This study is a descriptive-qualitative in the form of case study to describe the background and environment interaction of traditional pesantren. There were some data collection techniques, such as observation, interview, and bibliography study. There were some findings from the study of translating kitab kuning related to Arabic grammatical structure based on nahwu and shorof, there are four methods used in translating kitab kuning, namely: sorogan, balagan, talaran, and tarkiban; and the
santri ability of translating kitab kuning could be categorized into medium. The
study about teaching method in translating kitab kuning are still rarely conducted, mean while teaching method in translating kitab kuning are usually used in traditional
pesantren. This teaching method is considered static and traditional but it is still
maintained by traditional pesantren that is interesting to be a study object. Therefore, further studies about teaching and learning in pesantren from different aspects are needed.
1
Hasan Alwan, 2014
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Tradisi diajar di pasantrén salafiyah (tradisional) anu ngajadikeun kitab konéng référénsi utama dina pangajaran sarta rupa-rupa métode pangajaran anu digunakeun dina narjamahkeun kitab konéng anu ngadorong pikeun nalaah cara narjamahkeun kitab konéng. Tina éta kajian dipiharep bisa meunangkeun déskripsi-déskripsi kaédah narjamahkeun kitab koneng dumasar kaédah anu lumaku nya éta dumasar adegan nahwu jeung shorof; déskripsi rupa-rupa métode anu dipaké dina narjamahkeun kitab konéng di pasantrén; jeung kamampuh para santri narjamahkeun kitab konéng kana basa Sunda sacara kompréhénsif.
Para santri masih loba nu teu mampuh narjamahkeun kitab konéng di pasantrén salafiyah. Ieu hal aya sababna di antarana santri teu bisa nerapkeun kaédah-kaédah ilmu nahwu jeung shorof kalayan bener jeung teu ngawasa siyaqul kalam (galur kalimah) anu gunana pikeun mikanyaho galur domirna.
Métode nu digunakeun dina narjamahkeun kitab konéng nya éta métode sorogan jeung bandongan/balagan. Dua métode kasebut digunakeun téh biasana gumulung dina kagiatan pangajaran kitab konéng di pasantrén salafiyah. Tangtuna lian ti métode sorogan jeung bandongan/balagan aya nu leuwih efisien jeung efektif pikeun narjamahkeun kitab konéng. Ustad-usatad di pasantrén aya kénéh nu can maham kana métode nu leuwih punjul pikeun narjamahkeun kitab konéng dumasar tingkatan kelas jeung kamampuh santri.
2
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
nu matak ngirut pikeun ditalungtik sacara ilmiah. Sahingga métode narjamahkeun kitab konéng di pasantrén tradisional lain sawangan wungkul.
Hal séjénna nu matak ngirut nya éta aksara Arab pégon nu digunakeun dina narjamahkeun kitab konéng. Arab pégon masih digunakeun ku pasantrén tradisional utamana nu masih kénéh kuat kultur masarakatna, nepi ka ayeuna masih tetep dipertahankeun. Sabab masih réa ustad-usatad di pasantrén anu boga pamadegan yén ngagunakeun Arab pégon bisa ngahontal hasil diajar
narjamahkeun jeung ngama’naan kitab konéng. Tapi para santri réa nu teu paham kana kaédah nulis Arab pégon, antukna hasil narjamahkeun nu ngagunakeun Arab pégon teu bisa dibaca jeung kaharti ku batur.
Dumasar kana wincikan di luhur, masalah kamampuh narjamahkeun kitab konéng para santri kana basa Sunda sacara kompréhénsif, métode nu dipake dina narjamahkeun kitab konéng di pasantrén, kamampuh santri dina narjamahkeun kitab konéng, jeung kaédah nulis Arab pégon supaya bisa dibaca sarta kaharti ku batur jadi hal nu kacida pentingna pikeun ditalungtik. Sabab lamun santri teu mampuh narjamahkeun kitab konéng tangtuna bakal salah ngama’naan kitab nu sumberna tina Al-qur’an, hadist, ijma, jeung qiyas. Métode narjamahkeun kitab konéng nu kurang rélevan jeung tingkatan umur sarta kamampuh santri ngabalukarkeun proses diajar kurang efektif jeung efisien. Santri teu paham kana kaédah nulis Arab pégon bisa ngabalukarkeun hasil tarjamahanan teu kaharti nalika dibaca deui boh ku sorangan boh ku batur.
3
Hasan Alwan, 2014
Basa Jawa dianggap leuwih bisa ngartikeun kecap per kecap basa Arab dibanding basa séjénna.
Panalungtikan nu nyabit-nyabit ngeunaan métode narjamahkeun kitab konéng nu bisa kapanggih diantarana ieu dihandap.
1) Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai (1984) hasil panalungtikan Zamakhsari Dhofier anu medar ngeunaan élémén-élémén pasantrén nya éta pondok, masjid, pangajaran kitab-kitab klasik, santri, jeung Kyai. Objék panalungtikan di pasantrén Tebu Ireng Jombang jeung pasantrén Tegalsari Salatiga Jawa Tengah.
2) Ideologi Pendidikan Pesantrén (2007) hasil panalungtikan Ahmad Muthohar anu medar sistem pendidikan pasantrén, ideologi-ideologi pendidikan ti konservatif nepi ka liberal, Posisi sistem pendidikan pasantrén dina ideologi pendidikan kontémporer, jeung modérnisasi sistem pendidikan pasantrén. 3) Potrét Dunia Pesantrén (2006) hasil Panalungtikan Mahpuddin Noor anu
medar ngeunaan éksisténsi pasantrén, kamekaran pasantrén, problématika internal pasantrén, kontribusi pasantrén pikeun masarakat, jeung Pencerahan
baru Pasantrén.
Dumasar panalungtikan-panalungtikan anu kapanggih diluhur manahoréng anu husus nalungtik ngeunaan métode narjamahkeun kitab konéng can kapanggih. Hal séjénna, dina rupa-rupa panalungtikan ngeunaan métode pangajaran kitab konéng di pasantrén salafiyah/tradisional umumna ngagunakeun dua métode nya éta sorogan jeung bandongan atawa balagan. Sedengkeun dina ieu panalungtikan ditambahan ku métode tarkiban jeung tahfid/talaran. Ku sabab ieu masalah jarang ditalungtik. Ku kituna, perlu ditalungtik ngeunaan métode narjamahkeun kitab konéng.
4
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
Dumasar kana kasang tukang di luhur, pikeun mekarkeun kailmuan nu nalungtik ngeunaan masalah métode narjamahkeun kitab konéng maké Arab pégon di pasantrén tradisional dilaksanakeun panalungtikan dina wangun tésis. Nu boga harepan bisa mére pamahaman ngeunaan métode narjamahkeun kitab konéng sacara ilmiah. Patali jeung samporétna waktu, élmu, biaya, katut tanaga nu nalungtik, ieu tésis sangaja ngawatesan masalah anu ditalungtik kana masalah métode narjamahkeun kitab konéng anu ngagunakeun Arab pégon.
Dina ieu kasempatan dilaksanakeun studi kasus di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur. Alasan milih tempat sabab ieu pasantrén jadi salasahiji tujuan utama para santri di Jawa Barat pikeun diajar narjamahkeun kitab konéng. Hal nu leuwih penting sabab éta pasantrén konsistén ngagunakeun rupa-rupa métode dina pangajaran narjamahkeun kitab konéng.
1.2 Watesan Masalah
5
Hasan Alwan, 2014
materi pelajaran, nepi ka aya interaksi langsung jeung saling mikawanoh antara santri jeung guruna. Bandongan nya éta model pangajian nu dilakukeun saperti kuliah terbuka nu dihadiran ku kelompok santri sajumlah 100-500 jalma atawa leuwih. Halaqoh nya éta model pangajian nu umumna dilakukeun ku cara ngariung ngurilingan guruna. Sedengkeun metodé sejenna anu biasa digunakeun nya éta talaran jeung tarkiban. Talaran mangrupa model pangajian ku cara nalar kekecapan nu diucapkeun ku guruna. Tarkiban mangrupa métode pangajaran kombinasi tina métode diskusi jeung debat.
Pasantrén halafiyah mangrupa pasantrén nu nekenkeun pendidikan sistem formal jeung basa Arab Modérn. Pasantrén modern miboga rupa-rupa konotasi. Teu aya définisi jeung kritéria nu pasti pikeun nyumponan atawa pantes disebut pasantrén modérn. Tapi aya sababaraha unsur nu jadi ciri has pasantrén modern di antarana: 1) nekenkeun kana basa Arab paguneman, 2) ngagunakeun buku-buku literatur basa Arab kontémporer, 3) miboga sakola formal kurikulum Diknas atawa Kemenag, 4) teu ngagunakeun sistem pangajaran tradisional saperti métode sorogan jeung bandongan.
Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur mangrupa pasantrén salafiyah anu ngajarkeun kitab konéng ngagunakeun métode sorogan, bandongan/balagan, halaqoh, tarkiban jeung talaran. Pesantren Miftahulhuda Al-Musri Cianjur ngagunakeun sistem pendidikan semi formal nu miboga tingkatan jeung dikurung ku kurikulum sarta silabus nu dijieun ku pengelola pasantrén.
Dumasar kana éta hal, sangkan museur kana masalah nu ditalungtik, puguh galurna, jeung babari nganalisisna, ieu panalungtikan téh baris diwatesanan ku métode narjamahkeun kitab konéng di pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur.
1.3 Rumusan Masalah
6
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
panalungtikan. Éta rumusan masalah téh ditepikeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.
a. Kumaha kaédah narjamahkeun kitab konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur?
b. Métode naon waé nu dipaké dina narjamahkeun kitab konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur?
c. Kumaha kamampuh santri dina narjamahkeun kitab konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur?
1.4 Tujuan Panalungtikan
Sangkan leuwih spésipik, tujuan husus nu hayang dihontal tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun hal ieu di handap.
a. Kaédah narjamahkeun kitab konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur.
b. Métode nu digunakeun dina narjamahkeun kitab konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur.
c. Kamampuh santri dina narjamahkeun kitab konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur.
1.5 Mangfaat Panalungtikan
a. Mangfaat Tioritis
1) Sacara tioritis ieu panalungtikan pikeun mekarkeun konsép atawa tiori-tiori ngeunaan métode narjamahkeun kitab konéng ngagunakeun Arab pégon jeung hasil panalungtikan minangka panyumbang panulis pikeun dunya atikan ngeunaan métode narjamahkeun kitab konéng ngagunakeun Arab pégon. 2) miboga harepan jadi acuan tiori pikeun studi-studi panalungtikan saterusna dina
7
Hasan Alwan, 2014
b. Mangfaat Praktis
1) Pikeun pasantrén, hasil panalungtikan miboga harepan méré mangfaat dina milih métode narjamahkeun kitab konéng nu leuwih éféktif nepi ka
pamahaman sarta ngama’naan kitab konéng leuwih gancang hususna di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur.
2) Pikeun panalungtik, ieu panalungtikan miboga harepan nambah pangalaman ngeunaan métode narjamahkeun kitab konéng.
8
Hasan Alwan, 2014
34
Hasan Alwan, 2014
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Setting Panalungtikan
Setting panalungtikan ngawengku lokasi jeung subjék populasi/sampel
panalungtikan jeung cara milih sampel.
3.1.1 Lokasi Panalungtikan
Lokasi panalungtikan dilaksanakeun di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri anu sacara administratif ayana di Desa Kertajaya Rt.03 Rw. 07, Kecamatan Ciranjang, Kabupatén Cianjur. Pernahna mah nya éta 5 km ka timur laut ti kota Kacamatan Ciranjang. Lokasi pasantrén Miftahul Huda Miftahulhuda Al-Musri gampang kapanggih jeung katepi ku angkutan umum nya éta angkutan kota jurusan Cilincing.
3.1.2 Populasi jeung Sampel
Panalungtikan ieu mangrupa panalungtikan kualitatif déskriptif. Panalungtikan kualitatif mangrupa wangun panalungtikan anu ditujukeun pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun fénomena-fénomena anu aya, boh fénomena anu sifatna alamiah boh rékayasa manusa (Sukmadinata, 2008 kaca 72). Ieu panalungtikan ngagambarkeun fénomena anu aya di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur nya éta kaédah narjamahkeun kitab konéng anu dumasar élmu nahwu jeung sorof, métode anu digunakeun pikeun narjamahkeun kitab konéng, sarta kamampuh santri dina narjamahkeun kitab konéng.
35
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
ngajarkeun kitab konéng. Élémén aktivitas dina ieu panalungtikan nya éta proses narjamahkeun kitab konéng.
Panalungtikan kualitatif teu ngagunakeun populasi, sabab panalungtikan kualitatif miang tina kasus anu tangtu anu nyampak dina situasi anu tangtu jeung hasilna teu lumaku pikeun populasi, tapi ditransferkeun ka situasi sosial séjén anu sarua jeung situasi sosial anu ditalungtik. Sampel dina panalungtikan kualitatif teu dingaranan réspondén, tapi minangka narasumber, partisipan, informan, sobat jeung guru dina panalungtikan (Sugiono, 2011 kaca 216).
Nalika ancrub kana situasi sosial anu geus ditangtukeun, panalungtik perlu ngalaksanakeun obsérvasi jeung wawancara ka jalma-jalma anu dianggap nyaho kana situasi sosial kasebut. Nangtukeun sumber data jalma anu diwawancara dilakukeun sacara pusposif . Purposive sampling mangrupa tehnik nyokot sampel sumber data dumasar pertimbangan anu tangtu. Pertimbangan anu tangtu, misalna jalma anu dianggap paling mikayaho ngeunaan hal anu ditalungtik atawa jalma anu boga kawasa/pangaruh nepi ka ngagampangkeun pikeun asup kana situasi sosial anu ditalungtik. Ciri-ciri husus sampel purposif nurutkeun Lincoln jeung Guba (dina Sugiyono, 2011 kaca 219) nya éta: 1) emergent sampling
design/saheulaanan; 2) serial selection of sample units/ngagorolong saperti bola
salju (snowball); 3) contianuous adjustment or „focusing‟ of the sample/diluyukeun jeung kabutuhan; sarta selection to the point of redundancy/dipilih nepi ka bosen. Dina ieu panalungtikan anu jadi sampel
purposif nya éta santri sarta ustad/kiyai anu aya di pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur anu dianggap paling mikayaho kana métode narjamahkeun kitab konéng.
Hasil panalungtikan henteu digeneralisasikeun kana populasi sabab nyokotna sampel teu sacara random. Hasil panalungtikan kualitatif bisa ditransferkeun atawa dilarapkeun kana situasi sosial anu séjén, upama situasi sosial anu séjénna mibanda sasaruaan jeung situasi sosial anu ditalungtik.
36
Hasan Alwan, 2014
jalma tina tingkatan ibtidaiyah, tsanawiyah, aliyah jeung ma’had ali. Ustad anu jadi informan aya 3 jalma anu boga pangalaman lila dina ngajarkeun kitab konéng di pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur. Sumber datana nya éta dokumén mangrupa kitab-kitab konéng, laporan hasil diajar santri jeung tulisan milik santri sarta para ustad jeung santri anu jadi informan.
Sumber data kaédah narjamahkeun kitab konéng di Pasantén Miftahulhuda Al-musri nya éta kitab-kitab nu medar kaédah élmu alat (nahwu jeung sorof) sarta simbul-simbul anu lumaku pikeun narjamahkeun kitab konéng. Referensi utamana pikeun kaédah narjamahkeun nya éta kitab jurumiyyah jeung kitab kaelaniy, sedengkeun pikeun simbul-simbul anu digunakeun pikeun narjamahkeun nya éta simbul-simbul anu lumaku di Pasantrén Miftahulhuda Al-musri Cianjur anu biasa digunakeun. Ustad-ustad nu aya di Pasantrén Miftahulhuda Al-musri Cianjur kacida pentingna pikeun ngadéskripsikeun kaédah narjamahkeun sarta simbul-simbul anu digunakeun dina proses narjamahkeun.
Sumber data métode narjamahkeun kitab konéng di Pasantén Miftahulhuda Al-musri nya éta paripolah anu aya dina proses pangajaran kitab konéng. Métode pangajaran anu digunakeun nya éta sorogan, balagan, tarkiban, jeung tahfid/talaran. Opat métode kasebut mangrupa bagian tina program unggulan di Pasantén Miftahulhuda Al-musri anu ngabédakeun sistem pangajaran jeung pasantrén séjénna.
37
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
sampel pikeun medar kamampuh narajamkeun bisa katitén dina tabel 3.1 ieu di
Panalungtikan kualitatif ngagunakeun studi kasus hartina panalungtikan dipokuskeun kana hiji fénomena anu dipilih sarta hayang dipahaman sacara jero, kalayan teu maliré fénoména-fénoména séjénna (Sugiyono, 2011: kaca 99).
38
Hasan Alwan, 2014
purposive. Tina ieu panalungtikan dipiharep kapanggih hasil mangrupa formula
métode narjamahkeun kitab konéng anu ngagunakeun Arab pégon anu bisa dilarapkeunkeun dina panalungtikan lian ku panalungtik séjén anu anuduhkeun yén ieu panalungtikan téh valid tur realiabel.
Dina ieu panalungtikan aya sawatara léngkah panalungtikan, nya éta: (1) maca buku tehnik narjamahkeun kitab konéng, (2) obsérvasi, (3) wawancara jeung dokuméntasi, (4) translitkeun data, (5) nganalisis, jeung (6) nyusun laporan. Sangkan leuwih jéntré, dibagankeun ieu di handap.
3.3 Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah pikeun meunangkeun data kalawan tujuan jeung kagunaan anu tangtu. Dumasar hal kasebut, aya opat konci kecap nu perlu diperhatikeun nya éta cara ilmiah, data, tujuan, jeung kagunaan. Cara ilmiah hartina kagiatan panalungtikan dumasar kana ciri-ciri kaélmuan, nya éta rasional (asup akal), émpiris (bisa dititétan ku panca indera), jeung sistematis (ngagunakeun lengkah-lengkah nu tangtu kalawan sifatna logis). Data nu
Bagan 3.2 Disain Panalungtikan
Observasi
Wawancara & Dokumentasi
Translitkeun Data
Nganalisis
Nyusun Laporan
39
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
dimeunangkeun ngaliwatan panalungtikan nya éta data émpiris nu mibanda kritéria nu tangtu nya éta valid. Tujuan jeung kagunaan panalungtikan sacara umum aya tilu rupa nya éta anu sifatna penemuan, pembuktian, jeung
pengembangan (Sugiyono, 2011 kaca 2-3).
Panalungtikan ieu mangrupa panalungtikan déskriptif ngagunakeun studi kasus pikeun maluruh sacara inténsif kasang tukang jeung interaksi lingkungan anu aya dina hiji satuan sosial saperti individu, kelompok, lembaga atawa komunitas. Anu boga tujuan ngalakukeun studi anu leuwih jero ngeunaan hiji unit sosial, nepi ka ngahasilkeun gambaran anu leuwih kaorganisir kalayan alus tur lengkep. Studi kasus (case study) nurutkeun Sukmadinata (2008, kaca 77) mangrupa métode pikeun ngumpulkeun jeung nganalisis data patali jeung hiji kasus. Hiji hal dijadikeun kasus bisaana aya masalah, kahése, bangbaluh, tapi bisa ogé hiji hal dijadikeun kasus sanajan henteu aya masalah, malahan dijadikeun kasus sabab kapunjulan jeung hasilna alus. Ieu kasus patali jeung digunakeunana kaédah narjamahkeun kitab konéng, sawatara métode dina narjamahkeun kitab konéng di pasantrén, sarta kamampuh santri dina narjamahkeun kitab konéng.
3.4 Wangenan Operasional
Sangkan jelas tur aya kasaruaan pandangan ngeunaan istilah poko anu digunakeun dina ieu panalungtikan, perlu diwincik wangenan operasional ieu di handap.
a. Métode mangrupa cara gawé anu sistimatis pikeun ngagampangkeun milampah hiji kagiatan pikeun ngahontal tujuan anu ditangtukeun. Dina ieu panalungtikan, métode mangrupa cara-cara anu digunakeun ku guru jeung santri dina prosés diajar pikeun ngahontal kamampuh santri dina maca jeung narjamahkeun kitab konéng.
40
Hasan Alwan, 2014
konéng, narjamahkeun hartina nepikeun ma’na anu basana basa Arab kana basa Sunda kalawan nyumponan sakabéh ma’na jeung maksudna.
c. Kitab Konéng mangrupa kitab-kitab kaagamaan anu ngagunakeun basa Arab atawa hurufna Arab hasil pamikiran ulama-ulama salafiyah anu ditulis dina kertas warna konéng dina wangun korasan (teu dijilid).
d. Arab pégon, nya éta hiji tulisan aksara Arab tapi ngagunakeun basa Sunda anu biasa digunakeun ku kalangan pasantrén pikeun nulis tarjamahan kitab konéng.
e. Pasantrén mangrupa hiji institusi agama Islam anu masih miboga corak tradisional salian ngalaksanakeun pangajaran agama, nyadiakeun ogé
kobong pikeun usaha neuleuman ajaran agama.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Dina panalungtikan kualitatif, Lincoln jeung Guba (dina Sugiyono, 2011 kaca 223) nyebutkeun yén:
“The instrument of choice of choice in naturalistic inquiry is the human. We shall see that other forms of instrumentation may be used in later phases of the inquiry, but the human is the initial and contianuing mainstay. But if the human instrument has been used exstensively in earlier stages of inquiry, so that an instrument can be constructed that is
grounded in the data that the human instrument has product”
Saterusna Nasution (dina Sugiyono, 2011 kaca 223) nyebutkeun yén: “Dalam penelitian kualitatif, tidak ada pilihan lain daripada menjadikan manusia sebagai instrumen penelitian utama. Alasannya ialah bahwa, segala sesuatunya belum memiliki bentuk yang pasti. Masalah, focus penelitian, hipotesis yang digunakan, bahkan hasil yang diharapkan, itu semuanya tidak dapat ditentukan secara pasti dan jelas sebelumnya. Segala sesuatu masih perlu dikembangkan sepanjang penelitian itu. Dalam keadaan yang serba tidak pasti dan tidak jelas itu, tidak ada pilihan lain dan hanya peneliti itu sendiri sebagai alat satu-satunya yang dapat mencapainya.
41
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
miboga harepan bisa ngalengkepan jeung ngabandingkeun jeung data geus kapanggih ngaliwatan obsérvasi jeung wawancara. Lian ti panalungtik salaku instrumén, aya instrumén séjén anu digunakeun dina ieu panalungtikan, di antarna anu diwincik di handap.
a. Kartu data digunakeun nalika obsérvasi jeung nganalisis dokumén-dokumén hasil narjamahkeun santri sarta laporan hasil diajar santri. Wangun kartu data nu digunakeun di antarana:
KARTU DATA A Sumber Data : ...
Tingkatan : ... Metode : Observasi
1) Metode Pangajaran : ... 2) Kitab nu diajarkeun : ... 3) Waktu Pangajaran :... 4) Durasi Pangajaran :... 5) Lengkah-lengkah Pangajaran:
a) ... b) ... c) ... d) ... e) ... 6) Catetan Tambahan:
42
Hasan Alwan, 2014
Kartu data A digunakeun pikeun instrumen panalungtikan ngunaan métode –métode pangajaran narjamahkeun kitab konéng anu sok dipaké di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur. Dina ieu panalungtikan aya tilu jenis métode utama anu sok digunakeun nya éta métode sorogan (Kartu Data A1), métode bandongan (Kartu Data A2), talaran (Kartu Data A3), jeung tarkiban (Kartu Data A4).
Format Analisis
Aspek Analisis
Metodé Katerangan
Sorogan Bandongan Talaran Tarkiban Kitab nu
Diajarkeun Durasi Lengkah-lengkah Pangajaran Kapunjulan
Kahéngéran
43
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
Kartu data B digunakeun pikeun maluruh kaédah-kaédah narjamahkeun jeung simbul-simbul anu digunakeun ku santri pikeun narjamahkeun kitab konéng.
Kartu data C digunakeun pikeun ngadeskripsikeun kamampuh santri dina narjamahkeun kitab konéng.
KARTU DATA B Sumber Data : ...
Tingkatan : ... Metode : Studi Bibliografis
a) Kaédah anu digunakeun dina narjamahkeun Kitab Konéng.
... ... b) Simbol-simbol anu digunakeun dina narjamahkeun Kitab Konéng.
... ...
KARTU DATA C Sumber Data : ...
Tingkatan : ... Metode : Studi Bibliografis a) Niley-niley kamampuh santri.
Ngaran Santri Niley
44
Hasan Alwan, 2014
b. Pedoman wawancara digunakeun nalika wawancara sarta alat rekam pikeun alat bantu wawancara. Pedoman wawancara anu digunakeun wangunna basajan lantaran tehnik wawancarana bebas teu ngagunakeun pedoman jeung raraga anu tangtu.
3.6 Tehnik Ngumpulkeun Data
Aya sawatara tehnik anu diluyukeun jeung rupa-rupa data anu bakal dikumpulkeun, diantarana ieu di handap.
a. Tehnik Obsérvasi
Tehnik obsérvasi ieu bisa dilaksanakeun ku dua cara; kahiji obsérvasi partisipan, anu carana panalungtik langsung ancrub ka lapangan. Dina hal ieu carana nya éta langsung ancrub kana proses pangajaran anu ditepikeun ku kyai atawa ustad kasantri di pasntrén. Kadua non-partisipan, nya éta teu ancrub langsung tapi saukur nalungtik proses pangajaran jeung kumaha proses narjamahkeun kitab konéng anu dilakukeun ku santri.
b. Tehnik Wawancara
Wawancara anu dilaksanakeun ku interview bebas, nya éta anu dilaksanakeun teu maké aturan-aturan anu tangtu atawa raraga-raraga anu geus disiapkeun saméméhna.
Wawancara bakal ditujukeun ka sakabeh pihak anu aya patalina jeung panalungtikan, nya éta kyai, ustad, santri jeung pangurus pasantrén. Hal-hal anu bakal ditanyakan utamana dina proses pangajaran, patalina jeung kaédah narjamahkeun jeung métode narjamahkeun kitab konéng.
c. Tehnik Studi Bibliografis
45
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur 3.7 Analisis Data
Prosés analisis data anu digunakeun dumasar pamanggih Spradley (dina Sugiyono, 2011 kaca 253).
a. Nangtukeun informan anu anu dipercaya bisa muka panto panalungtikan pikeun asup kana obyék panalungtikan. Carana nangtukeun informan konci nya éta alumni Pasamtrén Miftahulhuda Al-Musri anu deukeut jeung panalungtik, nepi ka sagala macam informasi awal bisa kapanggih.
b. Ngalaksanakeun wawancara jeung key informant sarta nganalisis hasil wawancara.
c. Muserkeun panitén kana obyek panaluntikan jeung ngamimitian ngasongkeun pertanyaan déskriptif ngeunaan kaédah narjamahkeun, métode narjamahkeun kitab konéng, jeung kamampuh santri dina narjamahkeun kitab konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur, diteruskeun kana nganalisis hasil wawancara.
d. Diteruskeun nganalisis domain dumasar hasil analsisis wawancara nya éta manggihan gambaran anu umum tina kaédah narjamahkeun, métode narjamahkeun kitab konéng, jeung kamampuh santri dina narjamahkeun kitab konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur.
e. Nangtukeun fokus jeung nganalisis taksonomi anu mangrupa ngajabarkeun domain anu dipilih pikeun ngalaksanakeun obsérvasi anu terfokus.
f. Ngasongkeun pertanyaan kontras dumasar analisis taksonomi anu diteruskeun kana analisis komponénsial anu mangrupa obsérvasi jeung wawancara anu
terséléksi kalayan pertanyaan anu ngontraskeun pikeun néangan ciri spésifik
dina tiap struktur internal.
g. Hasil tina analisis komponénsial diteruskeun kana manggihan téma-téma budaya; jeung
46
Hasan Alwan, 2014
Ngolah data kamampuh santri dina narjamahkeun kitab konéng di Pasantren Miftahul huda Al-Musri Cianjur diwincik dina léngkah-léngkah ngolah data ieu di handap.
a) Lengkah kahiji, nya eta nyutat data niléy kamampuh narjamahkeun kitab konéng santri. Skor anu asalna skala satuan dirobah jadi skala puluhan.
b) Ngajumlahkeun skor total tiap sampel pikeun neangan rata-rata hitungna (x), kalawan ngagunakeun rumus:
Keterangan: X = rata-rata hitung ST = skor total N = jumlah skor
c) Dumasar kana kriteria skala peunteun, pikeun leuwih ngagampangkeun dina nangtukeun skala anu mangrupa skala ordinal, nya eta luhur pisan (LP); luhur (L); sedeng (S); handap (H); jeung handap pisan (HP). Kriteria skala ordinal anu geus kapanggih diluyukeun kana kriteria ieu dihandap.
91 – 100 = luhur pisan (LP) 81 – 90 = luhur (L)
71 – 80 = sedeng (S) 60 – 70 = handap (H)
0 – 59 = handap pisan (HP)
d) Nyieun perséntase ngeunaan kelompok santri anu miboga kamampuh luhur pisan (LP);luhur (L); sedeng (S); handap (H); jeung handap pisan (HP) kalawan ngagunakeun rumus:
ST X=
47
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
Ngolah data niléy kamampuh santri dina narjamahkeun kitab konéng dumasar métode pangajaranana, diantarana ieu dihandap.
a) Nyieun rata-rata niléy mata pelajaran dumasar kana métodena kalawan ngagunakeun rumus:
Katerangan: Q = niléy rata-rata Métode X NS = niléy total
JN = jumlah niléy
b) Ngabandingkeun niléy rata-rata kamampuh santri dina narjamahkeun kitab konéng dumasar métode pangajaranana dumasar niléy anu pangluhurna nepi ka niléy anu panghandapna.
Santri anu Kaasup kelompok X
N= x 100
Jumlah Sampel
NS Q =
299
Hasan Alwan, 2014
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan bisa dicindekeun sababaraha hal ieu di handap.
a. Kaédah narjamahkeun kitab koneng bia
b. sana dumasar kana élmu nahwu jeung shorof. Élmu nahwu mangrupa adegan maca harokat (baris) tungtung kecap basa Arab pikeun nangtukeun kalungguhanana dina kalimah. Ieu hal kacida pentingna pikeun narjamahkeun kitab konéng, sabab beda harokat (baris) tangtu beda kalungguhanana jeung hartina. Kitab nahwu dasar anu mimiti wajib dikawasa di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur nya éta kitab Al-jurumiyyah anu dipedar ku Imam Abi Abdillah Muhammad Bin Daud Sonhaji. Sedengkeun élmu shorof mangrupa élmu anu medar ngeunaan wangun kecap pagawéan, robahna hiji kecap jadi sawatara kecap séjén jeung kecap gaganti (dhamīr). Kitab shorof dasar anu mimiti wajib di kawasa ku santri di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur nya éta kitab At-tasrīfi Al-izzi anu dipedar ku Izzudin Abi
Al-fadhoil Ibrahim Bin Abdul Wahhab Bin Imaduddin Az-zinjani.
300
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
katerangan tambahan kana kitabna ngeunaan materi kitab konéng Métode talaran atawa tahfid mangrupa métode diajar kitab konéng ku cara nalar hiji teks kitab konéng kalawan diaping jeung pangawasan ustadna, para santri di béré pancen nalar bacaan-bacaan kitab konéng dina jarak waktu anu geus ditangtukeun Métode tarkiban mangrupa métode gabungan tina métode diskusi jeung debat. Ieu métode merlukeun rarancang, gawe bareng, kawani santri pikeun nepikeun pamadeganana, jeung toleransi antara kelompok tarkiban. d. Kamampuh santri dina narjamahkeun kitab konéng di di Pasantrén
Miftahulhuda Al-Musri Cianjur kaasup kana katégori sedeng. Dumasar hasil ngolah data dina hasil panalungtikan bisa kanyahoan kamampuh santri dina tiap tingkatan di antarana: 1) kamampuh santri tingkat Ibtida’iyyah dina narjamahkeun kitab konéng kaasup kana katégori sedeng kalawan rata-rata hitung (x) 72, 2) kamampuh santri tingkat Tsanwiyyah dina narjamahkeun kitab konéng kaasup kana katégori sedeng kalawan rata-rata hitung (x) 76, 3) kamampuh santri tingkat Aliyah dina narjamahkeun kitab konéng kaasup kana katégori sedeng kalawan rata-rata hitung (x) 85, jeung 4) kamampuh santri tingkat Aliyah dina narjamahkeun kitab konéng kaasup kana katégori sedeng kalawan rata-rata hitung (x) 77.
5.2 Saran
301
Hasan Alwan, 2014
jelas pikeun ustad-ustad anu ngajar sarta ngaevaluasi metode anu digunakeun dina pangajaran narjamahkeun kitab konéng.
Pasantrén mangrupa lembaga pendidikan Islam anu mibanda tujuan neuleuman ajaran agama jeung pentingna moral sarta ngamalkeun ajaran agama dina kahirupan sapopoé pikeun kahirupan di dunya jeung ahérat. Pasantrén mibanda unsu-unsur sistem pendidikan, di antarana: kiyai, ustad, santri, tujuan pendidikan, filasafat pendidikan, sumber diajar, kurikulum, sarana, evaluasi jeung sajabana. Ieu unsur-unsur pendidikan pasantrén tangtuna bisa jadi objék anu matak ngirut pikeun ditalungtik.
Panalungtikan ngeunaan métode pangajaran narjamahkeun kitab konéng masih kénéh jarang ditalungtik, padahal ieu métode pangajaran narjamahkeun kitab konéng téh masih réa digunakeun di pasantrén–pasantrén tradisional anu basisna Nahdahatul Ulama (NU). Métode pangajaran anu dianggap statis jeung tradisional, tapi masih keneh tetep dipertahankeun ku pasantrén-pasantrén tradisional tangtuna waé jadi objék anu matak ngirut pikeun ditalungtik. Ku kituna, diperlukeun diperlukeun panalungtikan saterusna ngeunaan sistem pangajaran di pasantrén salafiyah/tradisional tina rupa-rupa jihat. Ieu panalungtikan masih kénéh héngkér tur déét, tapi mugia pasualan anu nyampak tapi teu kapaluruh bisa jadi bahan panalungtikan-panalungtikan anu saterusna.
Basa sasaran anu digunakeun dina narjamahkeun kitab konéng anu kapanggih aya dua nya éta basa Sunda jeung Jawa. Ayana basa Jawa anu digunakeun pikeun narjamahkeun kitab konéng di wewengkon Jawa Barat tangtuna jadi bahan panalungtikan pikeun panalungtik saterusan. Oge sakumaha pamanggih dina ieu panalungtikan nya éta aya pangaruh basa Jawa dina narjamahkeun kitab konéng anu ngagunakeun basa Sunda kacida pentingna pikeun ditalungtik.
302
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
sasaran dina narjamahkeun kitab konéng ogé metode pangajaran di pasantrén jadi objék panalungtikan wajib pikeun mahasiswa. Pasualan pungsat bahan dina ieu panalungtikan mugia teu kapanggih ku panalungtik séjén upama ieu masalah sok ditalungtik.
303
Hasan Alwan, 2014
PABUKON
Al Farisi, M.Z. (2011). Pedoman Penerjemahan Arab-Indonesia. Bandung: PT. Remaja Rosda Karya.
Al-kafrawi, H. (2008). Syarh Al-kafrawiy `Ala Matni al-jurumiyyah. Semarang: CV. Thaha Putra.
Al-kailani, Hisyam (2008). Syarh Kailani Li A-tashrīfi Al-izzi. Surabaya: CV.
Al-Haramain Jaya.
Az-zinjani, I. (2008). Matan At-tashrīfi Al-izzi. Surabaya: CV. Al-Haramain Jaya.
Bruinessen, M.V. (1995). Kitab Kuning Pesantren dan Tarekat, Bandung: Mizan. Dhofier, Z. (1994). Tradisi Pesantren, Studi tentang Pandangan Hidup Kyai.
Jakarta: LP3ES
Fatkhan, M. (2002). Sinkretisme Jawa-Islam. Jurnal Religi, 1 (2), kaca 194. Hamid, A. (2008). As-salsilu Al-madkhal Fī `Ilmi At-tashrīf. Semarang: CV.
Thaha Putra.
Haviland, W.A. (1993). Antropologi Jilid II . Jakarta: Erlangga.
Hidayah, I. (2003). Agama dan Budaya Lokal: Peran Agama dalam Proses marginalisasi Budaya Lokal. Jurnal Religi,2 (2), kaca 137.
Irfawaldi (2012) Pesantren Salafiyah dan Pesantren Modern. [online].
Tersediadi:http:/www.makalahpendidikanirfawaldi.blogspot.com/2012/04/ pesantren-salafiyah-dan-pesantren-modern.html. [Diakses 2 Desember 2013] Izzan, A. (2007). Metodologi Pembelajaran Bahasa Arab. Bandung: Humaniora. Ma’arif, S (2013). 9 Jurus Cepat Bisa Baca Kitab Gundul. Bandung: CV. Nuansa
Aulia.
Koentjaraningrat (1996) Pengantar Antropologi. Jakarta: PT. Rhineka Cipta. Marsono (2003). Pergumulan Islam dalam Sistem Budaya Jawa. Jurnal Religi, 2
(2), kaca 163.
Mukhtar, A. (1999). Pesantren Masa Depan, Wacana Pemberdayaan dan
Transformasi: Pesantren Tradisi Kitab Kuning Sebuah Observasi Umum.
304
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
Muthohar, A. (2007). Ideologi Pendidikan Pesantren, Pesantren di Tengah Arus
Ideologi-ideologi Pendidikan. Semarang: Pustaka Rizki Putra.
Noor, M. (2006) Potret Dunia Pesantren. Bandung: Humaniora.
Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda R.A Danadibrata. (2006). Kamus Basa
Sunda R. A. Danadibrata. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Permana, A (2013). Pencampuran Kebudayaan Masyarakat Indonesia. [Online). Tersedia di: http//aryalast.blogspot.com/2013/10/dampak-kebudaayaan-asing-terhadap.html.[Diakses 5 Desember 2013]
Roestiyah, N.K.(1994) Masalah Pengajaran Sebagai Suatu Sistem. Jakarta: Rineka Cipta.
Rohilah, I. (2012). Adegan Kalimah Basa Sunda dina Tarjamah Qur’an (Analisis
Struktur jeung Semantik). Tesis. Sekolah Pascasarjana, Universitas
Pendidikan Indonesia.
Ruhaliah (2012). Transliterasi, Edsi, dan Terjemahan: Aksara Sunda Kuna, Buda,
Cacarakan, dan Pegon. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Salsabila, A.H. (2012). Empat Langkah Membaca dan Menerjemahkan Kitab
Gundul (Metode Assasakiy). Bekasi: Ukhwatuna.
Shanhaji, Daud (2008). Matan Aj-jurumiyyah. Surabaya: CV. Al-Haramain Jaya. Shaleh, K. Spk (2013). Al-Amin (Al-Qur’an Tarjamah Sunda). Bandung: CV.
Penerbit Dipenogoro
Sugiyono, (2011). Metode Penelitian Kualitatif, Kuantitaif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.
Sukmadinata, N.S. (2008). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosda Karya.
Syarifudin, C. H. (1998) Pedoman Pengkajian Kitab Kuning yang Efektif. Tasikmalaya:Pondok Pesantren Cipasung.
Syarifudin, S (2012) sekilas terjemah kitab kuning. [online].
Tersedia di:http://pesantrensalap.blogspot.com/2012/sekilas terjemah kitab kuning.html [diakses 23 September 2013]
305
Hasan Alwan, 2014
306
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
Sugiyono, (2001) Métode Penelitian. Bandung: Alfabéta
Arikunto, S (2010) Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek (Edisi Revisi) Jakarta: Rineka Cipta,
Setiawan, A (1998) Belajar tarjamah. [online].
Tersedia di:http://belajar tarjamah.wordpress.com/terjemahan kitab kuning .html [Diakses 30 November 2013]
Simatupang, M.D.S. (2000). Pengantar Téori Terjemahan. Jakarta: Depdiknas. Suryawinata, Z. (1989) Terjemahan: Pengantar Teori dan Praktek. Jakarta:
Depdikbud
Mufid, N. jeung Kaserun. (2007). Buku Pintar Menerjemahkan Arab-Indonesia. Surabaya: Pusataka Progresif
Baslamah, A.A. (1984) Memahami Kitab Kuning Melalui Terjemahan Tradisional (Suatu Pendekatan tradisional Terjemahan Pondok Pesantren,
Jurnal Pesantren,Edisi Perdana, kaca 61-69
Mastuhu (1994) Dinamika Sistem Pendidikan Pesantren. Jakarta: INIS
Utomo, W. (1997)Perguruan Tinggi Pesantren Pendidikan Alternative Masa
Depan. Jakarta: Gema Insan Press
Nasution, S. (2000).Berbagai Pendekatan dalam Proses Belajar Mengajar. Jakarta: Bumi Aksara
Anwar, R. (2002). Cara Praktis Belajar dan Memahami Bahasa Al-Quran ( jilid
1.2.3). Bandung: Alma’arif.
Muhidin, A. (2011). Nahwu Shorof Tadrijy. Depok: Khazanah Mimbar Plus Sudaryat, Y. (2003). Élmuning Basa. Bandung: Wahana Luang.
Fraenkel, J.R. jeung Wallen, N.E. (2007). How to Design and Evaluate Research
in Education (Seventh Edition). San Fransisco: Mc Graw Hill Higher
Education.
307
Hasan Alwan, 2014
Syamsudin jeung Damaianti, V.S. (2006). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: Remaja Rosda Karya
Noor, M (2006) Potret Dunia Pesantren.Bandung: Humaniora
2.4 Adegan kalimah basa Arab
Di handap ieu di pedar salalar saliwat adegan kalimah basa Arab pikeun
bahan babandingan jeung adegan kalimah basa Sunda. Adegan kalimah basa Arab
dina ieu pedaran sakumaha di terangkeun ku Rosihon Anwar (dina Rohilah, 2012
kaca ).
a. Pola Kalimah Dasar
Dina basa Arab, hiji omongan disebut kalimah (kalam ) umpama nepikeun
pamahaman gembleng ka jalma anu diajak ngomong. Pola dasar kalimah basa
Arab nya éta:
1) mubtada + khabar
2) mubtada + khabar + maful’bih 3) mubtada + khabar + majrur
4) mubtada + khabar + maf’ulbih + maf’ulbih2
5) mubtada + khabar + maf’ulbih + majrur
Pola kalimah dina basa Arab leuwih kompléks tinimbang basa indonésia
(Sunda). Contona aya genep variasi fungsi jejer dina kalimah basa Arab nya éta mubtada’ (jejer dina mimiti),fa’il (jejer di tengah),naibul fa’il (udagan dina kalimah Pasif),isim kana (jejer dipiheulaan ku runtuyan fi’il kana),isim inna (jejer dipihelaan ku kelompok inna), jeung isim laa (jejer piheulaan ku laa li nafyi
al-jinsi), aya lima variasi fungsi caritaan dina kalimah basa Arab, nya éta fiil, khabar,
308
Hasan Alwan, 2014
Métode Narjamahkeun Kitab Konéng di Pasantrén Miftahulhuda Al-Musri Cianjur
b. Syakal
Dina basa Arab aya anu disebut syakal(harkat) nya éta tanda pikeun sora
konsonan nya éta fathah (jabar) kana sora (a), kasrah (jéér) kana sora (i),
kecap jeung kalimah (cara nyusun kecap jeung kalimah ) (Poerwadarminta, 1984,
kaca 668). Elmu sorof nya éta élmu anu medar parobahan kecap dina basa Arab
pikeun nangtukeun harakat aksara awal jeung tengah hiji kecap (Muhidin, 2011
kaca 105). Éta dua elmu téh teu bias dipisahkeun jeung silih ngalengkepan.
Utamana pikeun maca, narjamahkeun, jeung mahaman kitab konéng.
d. Kalam, Kalimah, Kecap
Kalam dina basa Arab sarua jeung kalimah dina basa Sunda. Kalimah dina
basa Arab sarua jeung kecap dina basa Sunda. Kalam nya éta beungkeutan anu di
wangun ku kalimah-kalimah anu nuduhkeun ma’na gembleng. Kalimah nya éta
komponen beungkeutan kalam anu disusun tina sababaraha hurup hija’iyah.
Dina panarjamahan penting diperhatikeun perkara pungtuasi. Pungtuasi
atawa tanda baca aya patalina jeung digunakeunana hurup capital, akasara
dengdek, cecek, koma, tanda geret, tanda kekenteng, tanda panyeluk, tanda Tanya
jeung lian ti éta. Dina kitab konéng, umumna pungtuasi kurang diperhatikeun. Hal
ieu ngabalukarkeun karuwed dina narjamahkeun. Dina buku-buku basa Arab
kontemporer, pungtuasi mimiti diperhatikeun, nepi ka henteu nimbulkeun
309
Hasan Alwan, 2014