1. Menak anyar bungahna kaliwat saking nyaur patih nyaur patih
he Maktal enggeus sadia
perjurit nu bade perang tandingan
2. Cedok nyembah Patih Maktal jeung ngalahir aduh Gustu aduh Gusti
kabeh geus sadia
balad kabeh abdi gamparan sadia
3. Menak anyar nimbalan para bupati jeung ka mantra jeung ka mantra mana enggeus keur perang perjurit ulah dipajukeun perang
4. Moal tahan ka perjurit Puseur Bumi pada sakti pada sakti
geus pogot bae ka perang
leuwih barani haying pupus di medan
5. Kitu paham kabeh ge perejurit barani mati barani mati
ari mungguhing di urang
kula water wantu enggeus pada salam
6. Najan puguh oge perejurit moal hasil moal hasil ari mungguh para raja
misti pisan sabab wawakil Kaula
7. Itu musuh upama aya kitu deui kaula nyingkir Kaula nyangking kula senapati Mekah
perbupati tungkul ngantosan timbalan
8. Kaulanun timbalan Kangjeng Gusti geus katampi geus katampi
saupami lampah perang
parabotna datang gede lawan gede
9. Datang anyar umujeng kocap ngagikgik silih takis silih takis
moal nyingkir Abdi lamun taya misah
10. Amir anyar gumujeng kocap ngagikgik masing apik masing apik
bener pisan eta raja
anu jadi Mar Mahdi sing loyor pisan
11. Ayeuna tèh geura nulis Raden Patih tujukeun ka Amir tujukeun ka Amir beakeun dina suratna
aya ti ditu ngurug datang
12. Leuwih pinter nu jadi maktal papatih gancang nulis gancang nulis
nyeratna payuneun menak
eukeur baris tangtang perang menak Hamjah
13. Ningalian henteu aya bet ras eling Umar Sahad Umar Sahid
enggal disaur putrana
enggeus sumping menak anyar seug nimbalan
14. Ieu bawa surat ku Maneh Mar Sahid ka Bagenda Amir ka Bagenda Amir manehna disalin nya ngaran
masing ginding Jaya Horang Langka Horang
15. Nampi serat Horang nyembah indit raka rai raka rai
nandang tedak urang Arab
langka Horang eukkeur meujeuhna nonoman
23. Pupuh Sinom
1. Sinigeug ieu utusan kocap ratu Puseur Bumi sir maha Bagenda Hamjah saleos Umar Maya eling bagenda Hamjah teu eling jeung pareng teu aya musuh kocap diwaktu harita
nyimpen Jayeng Pati Amir
jero impenan kabanjiran Nagri Mekah
2. Nagara jadi sagara kakeukeum ka jero nagri geus puguh luar nagri ras eling Bagenda Amir seug nyaur gandek kakasih kanca iros enggeus jebul Jayeng Rana seug nimbalan kanca Iros saur patih
jeung para raja masing kumpul ka ki Maktal
3. Cedok nyembah Kanca Iros mios ti payuneun gusti geus sumping ka kapatihan Patih Maktal seug ningali
kangjeng Iros enggeus calik Raja Maktal seug ngadawuh arek naon ku gusti
seug ngawalon disaur ku kangjeng raja
4. Sareng sadayana raja enggal patih maktal gesik seug ngumpilkeun para raja sadaya geus pada sumping tuluy ngadeuheus ka gusti sadaya para tumenggung ngaberes payuneun menak menak calik dina korsi
seug ngadawuh ku para raja sadaya
5. Heh sadaya para raja nu matak kudu caralik tugas aya nu geus terang para raja nu sayakti ari Kaula tèh ngimpi
ngimpen kaunggahan banyu nagara jadi sagara
sakitu impenan Kami
pinaoneun eta alamat impian
6. Aya hiji ngandika
Lamdaur raja surandikkulanun Jeng Sayidina adi nu enggeus pinanggih
gamparan ngarurug
ka Abdi eukeur tèh sim Abdi
keur panginten aya nu perang ngayuda
7. Tacan putus sasauran Lamdaur Bagenda Amir langka Horang Jaya Horang utusan ti Amir deui
sumping ka payuneun gusti cedok nyembah menak ungkul Raja Lamdaur nimbalan arukan dahuan sidik
naha Kakang iraha ti nagri Laka
8. Langka Horang seug ngandika kaula mah lain deui
tepang ge eujeung palenggah kakara ayeuna kuring
menak Mekah seug ngalahir sampean dek naon maksud Ki Lngka Horang dat nyembah ngemban kombara sim Abdi
nagara Puseur Jagat Menak Hamjah
9. Kaget Sayidina Hamjah ningali nu mawa tulis barang serat ditingalken nya eta ku menak Amir dina sajeroning tulis
aya naha Jayeng Satru mindel salebeting manah sang Lamdaur emut seuri
basa ngaku ka lo anyar meueeusan
10. Menak Hamjah seug nimbalan coba baca surat Patih
masing bedas nya ngawaca bet keuheul Bagenda Amir serat nu mawana deui rupa teu geseh sarambu
jeung Horang Ki Langka Horang cedok nyembah Raden Patih
Patih Maktal ngawaca surat capetang
11. Dina salebeting serat prabu Hamjah nyekar wait rat Siti nagara Mekah anu gagah anu sakti satampining ieu tulis ieu serat Jayeng Satru anu mangku Puseur Jagat geus aya di tepis wiring
lan kapindo satampi manaming jiwa
12. Kaula menta nagara
Amir Hamjah meh jig nyingkir ulah aya Hamjah dua
ayeuna lamun teu nyingkir coba kula geura rurug ayeuna geus masangrahan tapal wates
nagri Amir
sareng bakad bade ngagempur ka Hamjah
13. Mar Pinjung deui dipenta ku kula arek dikawin keur masangan garwa Kula Mar Pinjung ngaranna deui lan kapindo ngalih deui mun teu wani kudu taluk mun ngalawan geura dating geura kumpulkeun perjurit para raja nu garagah geura iang
14. Urang ngadukeun tandingan Mar Mahdi pada Mar Mahdi menak Hamjah reujeung Kula Amir pada nama Amir
pada tandingan perjurit Lamdaur pada Lamdaur
montong jeung ngadukeun balad matak lila ngantos jurit
urang bae Hamjah hangen geuwat
15. Urang pada tunggal awak adu hayung reujeung kulit
urang adu kagagahan Jayeng Rana reujeung Kami hamen Sayidina Amir
geus geter geus haying peruh pakarang geura seukeutan nu potong ken-kenkeun deui bisi gada kurang gede kudu tambah
16. Gedena gada Kula mah beurat dua rebu kati paranti ngarujak gajah mindeng kana kuta deui pake nenggor ngan sakali amburadul jadi lebu
ngan tacan ka Amir Hamjah pake neggor gada Kami
gada Kami ngaranna pun sahadiman
17. Tunduk musuh tunduk baya kepeng gada Kula Amir hayeuh Hamjah geura dating didago di tepis wiring
kula geus haying geura pek jurit awak geak geus hayang peruk yang sudah bicara serat yang suruh lekas kembali ieu abdi ngarana kaang Sultan
kangjeng Sayidina Amir ngahuleng henteu ngandika geus lami cengkat ngalahir he maneh utusan jurit di mana nagrina jauh anu ngaran Amir Runtah jeung Maneh saha kakasih
seug ngawalon sim Abdi nama pun Horang
19. Sinareng pun Langka Horang ari nagri Kangjeng Gusti jauh nganggo meuntas kapal ngaran nagri Puseur Bumi nu kaereh saratus nagri punjul dalapan nu puguh kangjeng Rana seug ngandika helos Maneh geura balik
pupulihkeun ka nu ngaran Amir Runtah
20. Aing teu sieun teu era
teu serab sahulu leutiklain teges Amir Hamjah aing teu sieun teu gimir
masih balad laksaketi aing moal lakon moundur geuwat Maneh geura mulang langka Horang nyembah indit
pada jengkar mungkur ti payuneun menak