• Tidak ada hasil yang ditemukan

1. Gundem para bupati Raja Umar Mahdi walon heueuh piker tingraranjung kareeung teuing nya piker urang tèh kieu rasana katinggal ku Umar Maya

2. Menak tèh boga teuing sok reueus jadi sang kantong rasa ka Mar Maya nu pundung bener saur Umar Mahdi katingal ku Umar Maya menak perangna bet kalah

3. Mindo nyaur Umar Mahdi isuk mah anggur ngakos arek nyusul anu pundung

matak teu baretah teuing jeung Mar Maya geus teu aya perang ogè geuning èleh

4. Ngawalon raja Surandik upama menak kaboyong dek ngiring bae sumujud kaula mah moal nyingkir ngiring disiksa hanteuna ku perebu menak anyar

5. Raja Maktal seug ngalahir barina para sang kantong tacan puguh daun waluh ulah waka sasar galih da meureun geus aya hakna nandakeun yen menak kalah

6. Anggur urang muji-muji menak tèh ulah kaboyong lain nganahan kitu

menak waktu ukur jaya sing awas kula sadaya

7. Para raja kabeh nangis Gancangkeun ieu carios Kocapkeun nu perang puput Amir anyar seug ngalahir Kumaha ayeuna perang

Kawas kanu kaedanan

8. Menak Hamjah seug ngalahir yaktos pisan hanteu bohong kieu katinggal ku dulur bet jadi nalangsa diri Kang Umar taya hartosna kinanti gentos laguna

31. Pupuh Kinanti

1. Amir anyar sengel imut ngagoda menak keur nangis ending jalu ka salin rupa janggelekan Mar Maya deui

heuyheuy-heuyheuy gumujengna deui ngembang kadu Jayeng pati

2. Olohok bari manyu

manahna reuwas nu ngimpi geus lami seug ngarontokan ngarangkul bari nangis kakang-kakang Umar Maya kasulap langkah kang rai

3. Umar Maya gesik nyaur aduh rai Jayeng Pati muga tawakup ka rai engkang baktos kalepatan urut ngewa ka kang rai

4. Ti luhur sausap rambut ti handap sadampal galih urut teu sae pun kakang dohir ka salira rai batinna ka Gusto Alloh nu murba bumi langit

5. Bungah nyaur Jayeng Satru nun rai nya kitu deui nya gede pisan ririwan ngaturkeun pertobat rai lahir ka salira rai batin ka Alloh ka nabi

6. Tung rai katalanjur

katingal ku Kakang ngerik hanteu nyana pisan Kakang ngadoja ka tuang rai

rai banget bungah manah lir hareudang mendak cai

7. Umar Maya ngadawuh aduh Rai Jayeng pati

berkah Kakang nya ngumbara meunang dalapan nagara sinarengan pedang Kamkam ku Kakang enggeus kacangking

8. Rawuh nyondong ka Sang kumpul ayeuna tèh ieu rai

Kakang tèh nyanggakeun pedang cedok nyembah Jayeng Pati nampi pedang ti Mar Maya Umar Maya nyembah deui

9. Jayeng Rana geus miunjuk Kang itu para bupati naha sategesna aya eta tèh sangarat ngaroh Umar Maya geus ngalahir

10. Aduh rai Jayeng Satru Sumerangna eta lain Ari para raja enya Anu dalapan nagara Ari gedena Ayaban Nu maling pedang ti rai

11. Jadi keur Kakang kasusul dongkap ka perang ngajurit para raja kabeh islam sakur nu kapukul jurit

mitulung Alloh ta’ala nya dirupa salin sami

12. Coba Rai Jayeng Satru matak ulah tarik peuting ènggal Kangjeng Sayidina Umar Maya nungkup cepil mugi pulang ka asal

ngekos petak Bagenda Amir

13. Sorana gumuludug beres rebah para bupati jeung sakabeh balad Mekah pada kalenger lir mati geus lila pada garugah pada ningali ka gusti

14. Naha mana menak rusuh matak teu ngaleler warti kacaturkeun balad anyar kabeh kelenger lir mati teu lila pada grugah rupana geus salin deui

15. Lamdaur jadi Widarun Mahdi jadi Sela Waji horang jadi Umar Sahad Ki Langka jadi Mar Mahdi tunggara Wejesi taya

kemar jadi Raja Korib

16. Geus jadi rupa kapungkur Mar Pinjung jadi Bastari kabeh geus salin rupana sawareh cara tadi deui keur sina nyaur ka baturna na bet urang salin deui

17. Sanggeus disada guludug poles urang jadi leungit leres ieu kabeh pisan bareng ningal nu keur jurit itu geuning Kangjeng Raja geus salin rupina deui

18. Mangsa borong Kangjeng Ratu enggeus palay tepang sidik sinigeug balad Mar Maya kocap balad menak Amir ningal nu keur perang Umar Mahdi raos ngimpi

19. Euleuh bet Mar Maya itu lalumpatan perbupati paingan teuing nu nyamar geus tepang marunjung sami suka manah para raja

20. Mar Mahdi tabe jeung nyaur Kang Patih bagea sumping hanteu nyana bobodoan kaduhung henteu titadi meureun cekek sing bedas Mar Maya gumujeng lahir

21. Kadongdora Sia jemlung kokotak ari geus bukti tadi mah kapengpeongan Mar Mahdingagakgak seuri sara tèh ngamoskeun Kakang basa kuring rada muntir

22. Puguh kuring rada cadu

Diteunggeul nya puhu pingping Sinigeug anu guneman

Kocap para raja sumping Marunjung ka Umar Maya Para raja gumujeng sami

23. Geus munjung ti menak tuluy munjung ka para bupati nu ngamal Maktal ka Maktal anu ngamal Umar Mahdi ka Umar Mahdi munjungan silaturohmi jeung seuri

24. Nu ngamal eta Lamdaur ka Lamdaur munjung deui sadayana para raja

balad kabeh jadi hiji pabaur jeung balad Mekah sareng Mar Sahad Mar Sahid

25. Barang kabeh geus karumpul sinareng Dewi Bastari

jeung parameswari raja Amir Hmjah seug ngalahir mangga atuh Kakang Umar ayeuna tèh urang mulih

26. Gancang hikayat nu nyatur jeung sadaya perejurit menak Hamjah nitip kuda sekar Diu malang nyirig sekar Diu Mar Maya mah jadi kuda bodas deui

27. Jadi soteh Sekar Diu Eta keur asalna tadi Disimbutan ku kasasang Ayeuna geus henteu jadi Sabab kasangna dicandak Ku Umar dianggo deui

perbupati pada ngiring sadaya tarunggang kuda warta-warta kuda nyirig tangkuraan parabot barang katuang warna-warni

29. Kocap aya hiji ratu jenengan Umar Mahdi teu amprok jeung para raja jeung katuangan pandeuri jeung Bastari gok pacepeng bagea Aceuk Bastari

30. Abong enya anu pundung henteu inget bari ngopi Bastari imut ngandika euh kumaha atuh Adi ku adi lain teu welas sing wayahna bae Adi

31. Aceuk tèh bela tumutur da salaki eukeur gerik aceuk the milu wayahna tina bela ka salaki pasti kersana pangeran jeung Adi pinganggih deui

haturan Pamana Mar Mahdi Umar Mahdi kaget manah ningal Mar Sahad Mar Sahid ambeu kutan tèh si Ujang ka Paman kawas geus aling

33. Kacaturkeun seredadu

ngaleut ngeungkeuy pada mulih Aarasup raja geus caralik ngaberes jero pamengkang nu ti pada geus bijil

Dokumen terkait