• Tidak ada hasil yang ditemukan

Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar

C. Nulis Bahasan

Sabada hidep niténan bahasan Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar, tangtu hidep geus boga gambaran nu kumaha anu disebut bahasan téh. Pikeun ngalancarkeun nulis, hayu urang diajar nulis bahasan anu basajan baé heula, anu pakta-paktana aya sabudeureun diri hidep. Sangkan tulisan henteu ka mana karep, hadéna méméh tret nulis téh susun heula rangkay karanganana atawa pikiran utama anu jadi jejer dina hiji alinéa. Upamana hidep bakal nulis bahasan ngeunaan “Pentingna Ngamumulé Basa Indung”. Tulisanna dina wangun déduksi atawa nulis nu hal-hal anu umum heula tuluy kana hal-hal anu leuwih husus.

1. Rangkay karangan

a. Naon anu dimaksud basa indung (bagian bubuka)

b. Basa indung naon waé anu aya di Jawa Barat (bagian bubuka) c. Kumaha kaayaan basa indung panggedéna (basa Sunda) kiwari

(bagian eusi)

d. Naon sababna barudak ayeuna embung ngagunakeun basa Indung (bagian eusi)

e. Kumaha carana sangkan barudak ayeuna daék maké basa indung (bagian eusi)

f. Naon pentingna ngamumulé basa indung téh (bagian panutup)

2. Sabada rangkay karanganana nyusun, kakara mimitian nulis. Hiji poko pikiran anu disusun tadi, bisa ditulis dina hiji atawa leuwih

alinéa. Hartina bisa dua atawa tilu alinéa. Teu kudu kawatesanan hiji waé. Lamun sakirana perlu ngajelaskeun nu leuwih jéntré, bisa baé ditambahan. Ngan inget, tulisanna teu meunang ngalantur ka mana karep, kudu angger ngaleunjeur dina jejer anu poko. Geura urang mimitian nulis:

Pentingna Ngamumulé Basa Indung

1. Basa indung téh mun istilah asingna mah mother tangue. Saprak UNESCO netepkeun poé miéling basa indung tanggal 21 Pebruari, basa indung téh unggal taun dipiéling ku masarakat sadunya. Unggal bangsa, tangtu ngabogaan basa indung. Ari anu dimaksud basa indung téh basa anu mimiti diajarkeun ku indung ka anakna luyu jeung sélér bangsana. Upamana, urang Sunda basa indungna basa Sunda, urang Batak basa indungna basa Batak, urang Padang, Papua, Acéh, Jawa, Bugis, Batawi, Cirebon, jsb. ngabogaan basa indung anu béda-béda luyu jeung sélér bangsana. Éta kakara di wilayah Indonésia, di sakuliah dunya leuwih rupa-rupa deui, da unggal nagara boga basa indungna séwang-séwangan.

2. Di Jawa Barat, aya tilu basa indung anu kaasup badag. Di wilayah panglegana aya basa Sunda, di wilayah Cirebon aya basa Cirebon, jeung di wilayah Bekasi aya basa Batawi. Tapi anu ngumbara di tanah Sunda ogé, modél urang Padang, urang Batak, urang Jawa, jsb. ka tanah Sundana téh mawa basa indungna sorangan, najan dipakéna ngan di lingkungan maranéhna wungkul ogé.

3. Husus ngeunaan basa Sunda, geus loba nu manghariwangkeun sieun tumpur, lantaran cenah unggal taun panyaturna (nu nyarita basa Sunda) beuki ngurangan baé. Teu saeutik barudak turunan Sunda pituin, ti barang diajar nyarita, ku indungna téh teu diajarkeun basa Sunda, tapi langsung basa Indonésia. Padahal, indung bapana pituin urang Sunda sarta bisa nyarita ku basa Sunda. Atuh pagegedéanana ogé budak téh teu biasa nyarita ku basa Sunda. Najan dina gaul sok bareng jeung nu nyarita ku basa Sunda, tapi angger teu lancar nyaritana, da teu biasa téa. Nu matak, pangajaran basa Sunda di sakola téh kaasup pangajaran anu hésé, malah cenah leuwih hésé batan diajar basa Inggris.

4. Saha anu salah? Tangtu baé kolot, pangpangna indung, anu teu daék ngajarkeun basana. Padahal basa téh cicirén bangsa. Rék kumaha ngaku urang Sunda, lamun nyarita ku basana ogé teu bisa. Loba anu ngarasa éra atawa géngsi nyarita ku basa Sunda. Rasa éra éta téh sabenerna “warisan” ti indungna langsung. Enya apan indung anu teu daék ngajarkeun basa Sunda ka anakna téh lantaran ngarasa éra, sieun anakna disebut teu gaul atawa disebut kampungan ku tatangga jeung babaturanana. Rasa éra éta téh tuluy kawariskeun ka anak-anakna, nepi ka ngadarah ngadaging, antukna cul waé basa Sunda téh ditinggalkeun, embung maraké.

5. Tah, kolot anu teu daék ngajarkeun basa Sunda ka anakna, atawa budak turunan Sunda anu ngarasa éra maké basa Sunda, éta cirining jelema anu henteu pédé (percaya diri) kana kaayaan jeung kamampuh dirina sorangan. Ngarasa dirina bodo jeung harkatna leuwih handap ti batur, nu matak nahap-nahapkeun manéh hayang disebut ngota jeung gaul, nepi ka mopohokeun jati dirina sorangan. Padahal lamun ngarasa pinter, loba kabisa, jeung luhur ajén diri mah, moal ieuh sieun disebut teu gaul atawa kampungan, da batur ogé ningali, najan nyarita ku basa Sunda tapi pinter dina widang séjén sarta loba kabisana.

6. Ku kituna, lamun urang hayang diajénan ku batur, urang kudu wani némbongkeun jati diri sorangan. Teu kudu ditutup-tutup, tapi témbongkeun bari dibarengan ku tuluy-tumuluy ngaronjatkeun kualitas diri sangkan punjul ti batur, nepi ka taya nu wani moyok sanajan teu weléh nyarita ku basa Sunda. Basa indung kudu jadi jati diri hiji pribadi anu mibogana. Indung kudu daék ngajarkeun basa Sunda ka anakna, barudak Sunda kudu daék maké basana, sangkan henteu kaleungitan idéntitas budayana.

Latihan

Sabada tadi dituyun nulis bahasan, pék ayeuna lengkepan ku hidep bahasan di handap!

1. Témana ngeunaan Basa Sunda

3. Rangkay karanganna:

a. Kaayaan basa Sunda di sakola (bagian bubuka) b. Matéri anu dipikaresep (bagian bubuka)

c. Masalah-masalah anu timbul salila diajar basa Sunda (bagian eusi)

d. Kumaha carana sangkan pangajaran basa Sunda pikaresepeun (bagian eusi)

e. Kumaha carana sangkan budak sakola daék maké basa Sunda Sapopoé (bagian eusi)

f. Magpaat diajar basa Sunda (bagian panutup) 4. Pék lengkepan!