• Tidak ada hasil yang ditemukan

4) Kagiatan Panutup

3.9.4 Tahap Réfléksi

Tahap réfléksi mangrupa tahap pamungkas tina hiji siklus penelitian tindakan kelas (PTK). Dina ieu tahap, panalungtik atawa obsérver ngadiskusikeun hasil tindakan jeung sababaraha pasualan-pasualan nu aya di kelas. Di dieu bakal kapanggih naon waé kahéngkéran jeung bangbaluh dina panalungtikan. Tujuan dina réfléksi nya éta pikeun ngabebenah tindakan nu dilaksanakeun. Upama dina siklus ka-1 hasil diajar maca artikel masih aya nu can tuntas, dilaksanakeun perbaikan pangajaran dina siklus ka-2.

5.1 Kacindekan

Panalungtikan tindakan kelas (PTK) nu dilaksanakeun di kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung taun ajaran 2012-2013 ngawengku siklus I jeung siklus II. Dumasar kana hasil éta panalungtikan, tétéla yén modél KTRT bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa maca pamahaman artikel. Sangkan leuwih jéntré dipedar ieu di handap.

1) Dina siklus I prosés pangajaran can bisa dilaksanakeun saluyu jeung rarancang pangajaran anu geus ditangtukeun. Sanajan kitu, masalah umum nu mangrupa sikep diajar siswa geus bisa diungkulan. Masalah motivasi jeung perhatian siswa nalika lumangsungna pangajaran maca artikel dina siklus I katitén can maksimal. Ieu hal dumasar kana asorna sumanget siswa nalika diajar, sarta ayana kateusugemaan kana teu éféktifna modél diskusi jawaban kelompok. 2) Dina siklus II prosés pangajaran bisa dilaksanakeun saluyu jeung rarancang

pangajaran. Masalah nu karandapan dina siklus I geus bisa diungkulan. Éta hal katitén tina sikep jeung motivasi siswa nu leuwih daria nalika ngajawab patalékan ngeunaan eusi bacaan artikel. Salian ti éta, dina ieu siklus modél diskusi jawaban kelompok nu saméméhna dianggap teu éféktif, ngalaman parobahan jadi leuwih éféktif sanggeus diropéa tina modél jawaban kelompok jadi jawaban kelas.

3) Modél KTRT bisa ngaronjatkeun hasil diajar maca pemahaman artikel siswa. Ieu hal bisa katitén tina ngaronjatna hasil diajar siswa boh tina rata-rata aspék nu dipeunteun boh perséntase peunteun. Kamampuh hasil diajar siswa ngaronjat ti mimiti tés pra-panalungtikan, tés siklus I nepi ka tés siklus II. Hasil diajar maca pemahaman artikel dina pra-panalungtikan aya 5 urang siswa (25%) asup kana katégori tuntas kalawan rata-rata peunteun 78. Aya 15 urang (75%) asup kana katégori can tuntas kalawan rata-rata peunteun 41, 67.

rata-rata peunteun 77,67, ari 8 urang sésana (40%) masih asup kana katégori can tuntas kalawan rata-rata peunteun 63,50. Rata-rata kelas dumasar peunteun anu dihontal ku siswa dina siklus I ieu nya éta 72. Satuluyna dina siklus II tina sakabéh total siswa (100%) asup kana katégori tuntas. Rata-rata peunteun anu dihontal ku siswa dina siklus II ieu nya éta 85,20.

4) Modél KTRT bisa nyiptakeun suasana diajar anu PAKEM (Pembelajaran Aktif, Kreatif, Efektif, dan Menyenangkan). Ieu hal katitén dina partipasi jeung aktivitas siswa anu ngaronjat dina unggal siklus. Dina siklus I, siswa geus mimiti aktif pikeun méré kontribusi dina hiji riungan (round table) pikeun ngadiskusikeun jawaban nu dianggap bener kana soal nu patali jeung pamahaman siswa kana eusi bacaan artikel. Siswa ogé geus mimiti kréatif dina nafsirkeun idé poko nu nyampak dina artikel nu dibacana. Lian ti éta, kagiatan pangajaran anu dilaksanakeun ogé geus kawilang éféktif jeung pikaresepeun, lantaran ku cara nyieun buleudan jeung muterkeun jawaban unggal kelompok, waktu leuwih éfisién. Sanggeus siswa maca artikel satuluyna ngeusian pikeun nguji pemahamanna cukup ku cara muterkeun jawaban ka babaturan sakelompokna. Sanggeus kitu dikoréksi jeung silih méré kontribusi dina jero kelompokna. Dina siklus II, siswa bisa leuwih aktif dina méré kontribusi nalika ngeusian jawaban pikeun nguji pemahamanna cukup ku cara muterkeun jawaban ka babaturan sakelompokna, satuluyna dikoréksi jeung silih méré kontribusi teu dina kelompokna deui tapi geus maju jeung babaturan sakelasna. Lian ti éta ku cara nyieun buleudan, pangajaran bisa leuwih éféktif jeung pikaresepeun siswa lantaran waktu henteu loba kacontang ku kagiatan ngeusian jawaban sorangan. Siswa ogé jadi leuwih laluasa mekarkeun pamadegan dina ngoméntaran eusi bacaan artikel.

5.2 Rékoméndasi

Sanggeus diayakeun panalungtikan ngeunaan pangajaran maca pamahaman artikel ngagunakeun modél KTRT, aya sababaraha rékoméndasi tina

1) pangajaran maca pemahaman artikel ngagunakeun modél KTRT bakal leuwih éféktif saumpama siswa diaping pikeun ngadiskusikeun jawaban ahirna jeung babaturan sakelas ku cara silih koméntaran;

2) dina ngalarapkeun modél KTRT kana pangajaran maca pemahaman artikel, guru kudu bisa nyangkem jeung sanggup ngalarapkeun prinsip modél KTRT salaku dadasar tumuwuhna rasa sumanget siswa dina kagiatan maca, hususna maca pemahaman artikel, jeung ngarobah paradigma siswa dina pangajaran maca nu ngabosenkeun;

3) perhatian jeung motivasi anu dilakukeun ku guru ka siswa nalika kagiatan pangajaran ngagunakeun modél KTRT, kudu tuluy-tumuluy dironjatkeun sangkan siswa bisa leuwih daria nalika maca pamahaman artikel;

4) guru tong bosen-bosen pikeun ngamotivasi jeung méré pujian ka siswa salila kagiatan pangajaran. Éta hal mangrupa ajén (penghargaan) kana usaha nu dilakukeun ku siswa, nepi ka dipiharep tumuwuhna motivasi nu gedé ti siswa pikeun diajar kalawan leuwih soson-soson jeung daria; jeung

5) dipiharep ayana panalungtikan séjén ngeunaan larapna modél KTRT dina matéri maca pamahaman artikel atawa matéri pangajaran lianna.

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, S., Suhardjono, jeung Supardi. (2009). Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: Bumi Aksara.

Baru, Ichtiar. (2011). Pengertian dan Definisi Artikel, [Online]. Tersedia: http://carapedia.com/pengertian_definisi_artikel_info500.html. [8 Januari 2013]

Damaianti, V.S. (2005). “Strategi Volisional melalui Dramatisasi dalam Meningkatkan Motivasi Membaca” Makalah FPBS UPI: Teu dipedalkeun. Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Depdikbud. (2005). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka. Depdiknas UPI. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Depdiknas

Universitas Pendidikan Indonesia.

Dwiyogi, Fredy Triyana. (2011). Model Pembelajaran Kooperatif Tipe Round Table pada Mata Diklat DTM Terhadap Peningkatan Prestasi Belajar Peserta Diklat Tingkat I di SMK Negeri 8 Bandung. Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Hasanah, Anisatul Azizah. (2011). Peningkatan Keterampilan Menulis Deskripsi Melalui Model Kooperatif Tipe Round Table Pada Siswa Kelas X-A SMA Muhammadiyah 4 Yogyakarta. Skripsi Program Studi Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia UNY Yogyakarta: teu dipedalkeun.

Hernawan. (2009). Peningkatan Kemampuan Membaca Bahasa Indonesia Menggunakan Model Pengalaman Berbahasa Terkonsentrasi (Concentrated Language Encounter). Tesis SPS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Joyce, B., Weil, M. & Calhoun, E. (2000). Models of Teaching. Boston: Allyn and Bacon.

Jufri, Ichsan. (2010). Apa itu Artikel?, [Online]. Tersedia: http://ichsaneljufri.wordpress.com/2010/07/18/apa-itu-artikel/. [11 Januari 2013]

Siswa yang Mendapat Model Pembelajaran Kooperatif Tipe Round Table dengan Model Pembelajaran Klasikal. Skripsi Jurusan Pendidikan Tekhnik Mesin FPTK UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Kuswari, Usep. (2008). “Model Penilaian Berbasis Kelas Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda”. Jurnal Sonagar. Vol. 4, (1), 1-23.

Lestari, Leni. (2011). Modél Pangajaran Timbal-Balik (Reciprocal Teaching) pikeun Ningkatkeun Kamampuh Maca Pamahaman Artikel (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas IX-D SMP Negeri 3 Lémbang. Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun. Lie, Anita. (2008). Cooperative Learning. Jakarta: Gramedia.

Muhopilah, Epa. (2008). Penataan Tempat Duduk Siswa sebagai Bentuk

Pengelolaan Kelas, [Online]. Tersedia:

http://akhmadsudrajat.wordpress.com/2008/07/28/penataan-tempat-duduk-siswa-sebagai-bentuk-pengelolaan-kelas/, [10 Januari 2013]

Mulyasa, E. (2008). Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Nugraha, Haris Santosa. (2011). Pamarekan Humanistik pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman Siswa (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas X-E SMA Laboratorium-Percontohan UPI Taun Ajaran 2010-2011). Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Nurlaelah, Intan. (2011). Model Pembelajaran Kooperatif Melalui Strategi Round Table sebagai Salah Satu Teknik untuk Meningkatkan Kemampuan Membaca Pemahaman. Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Perancis FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Nurjanah, Nunuy. (2010). Teori Nulis.Bandung: JPBD UPI Bandung.

Nurmayasari. (2012). Modél Pangajaran Kooperatif Tipe Jigsaw pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Maca Dongéng (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII-A SMP Negeri 12 Bandung Taun Ajaran 2011-2012). Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Purba, Galuh. (2007). Seni Karinding Ulah Kingkin, [Online]. Tersedia: http://galuh-purba.com/seni-karinding-ulah-kingkin/, [13 Januari 2013] Slavin, Robert E. (2010). Cooperative Learning. Ujungberung, Bandung: Nusa

Srigustini, Astri. (2012). Studi Komparatif Penggunaan Model Cooperative Learning Teknik Numbered Heads Together (NHT) dan Round Table Terhadap Kemampuan Berpikir Kritis Siswa Pada Mata Pelajaran Ekonomi: Studi Komparatif Pada Siswa Kelas XI IPS di SMA Negeri 1 Singaparna. Skripsi Jurusan Pendidikan Ekonomi FPEB UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Sudaryat, Yayat. et al. (2009). Model-Model Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Suyitno, Imam. (2012). Menulis Makalah dan Artikel. Malang: Refika Aditama. Tan, Zious. (2011). Pengertian dan Jenis-jenis Artikel, [Online]. Tersedia:

http://smartcriminal.blogspot.com/search/label/Artikel. [18 Januari 2013] Tarigan, Henry Guntur. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan

Berbahasa. Bandung: Angkasa Bandung.

Wiriaatmadja, Rochiati. (2008). Metode Penelitian Tindakan Kelas. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Dokumen terkait