• Tidak ada hasil yang ditemukan

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH MACA ARTIKEL : Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas XII-IPS MA Yasyfiy Taun Ajaran 2012-2013.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH MACA ARTIKEL : Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas XII-IPS MA Yasyfiy Taun Ajaran 2012-2013."

Copied!
38
0
0

Teks penuh

(1)

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH MACA ARTIKEL (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas XII-IPS

MA Yasyfiy Taun Ajaran 2012-2013)

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Nessy Anugrawati NIM 0906520

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

(Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas XII-IPS MA Yasyfiy Taun Ajaran 2012-2013) 1)

Nessy Anugrawati 2)

ABSTRAK

Artikel ini berjudul Modél Pangajaran Kooperatif Tipe Round Table pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Artikel di tulis oleh Nessy Anugrawati yang beralamat di Kp. Ciputri Rt 01/ Rw 05 Kel. Cigugur Tengah Kec. Cimahi Tengah Kota Cimahi merupakan Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung, alamat e-mail Nessy1990@gmail.com. Kemampuan siswa dalam membaca pemahaman artikel tergolong rendah, siswa cenderung hanya membaca tanpa memahami isi dari artikel yang dibacanya. Selain itu, selama ini proses pembelajaran bahasa Sunda di kelas masih mengunakan paradigma yang lama dimana guru memberikan pengetahuan kepada siswa yang pasif, yaitu dengan hanya menyuruh siswa membaca kemudian mengisi pertanyaan. Masalah tersebut merupakan salah satu masalah yang sering terjadi di SMA. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode penelitian tindakan kelas (classroom action research). Tujuan utama dari PTK adalah untuk memberdayakan guru yang bersangkutan agar mampu mengadakan perbaikan dan pembaharuan dalam menangani permasalahan yang terjadi di kelasnya sendiri dalam proses pembelajaran. Berdasarkan hasil observasi, catatan lapangan, dan dokumentasi, yaitu mulai dari pra-penelitian, siklus I, dan II yang dilakukan di kelas XII-IPS maka hasil penelitian yang diperoleh adalah pelaksanaan penerapan modél pembelajaran round table dalam pembelajaran bahasa Sunda telah mampu meningkatkan kemampuan siswa dalam membaca artikel dengan memenuhi KKM yaitu 75. Berdasarkan hasil penelitian bisa disimpulkan bahwa modél pembelajaran round table bisa menciptakan suasana belajar yang PAKEM (Pembelajaran Aktif, Kreatif, Efektif, dan Menyenangkan).

Kata Kunci : Modél Pembelajaran Round Table, Kamampuh Maca, Artikel

(3)

(Action Research to Class-XII IPS MA Yasyfiy Academic Year 2012-2013)

Nessy Anugrawati 2)

ABSTRACT

The article is titled Models Of Cooperative Teaching By Round Table Type To Improve Reading Skills. The article was written by Nessy Anugrawati. address at Kp. Ciputri Rt 01 / Rw 05 Ex. Middle Cigugur District. Middle Erode Bandung District. is the Student at Regional Language Education Major at UPI Bandung, e-mail address Nessy1990@gmail.com. Students' ability in reading article comprehension is low, students tend to just read without understanding the contents of the articles they read. In addition, during this learning process in the Sundanese classroom still using the old paradigm where teachers impart knowledge to students who are passive, by just having students read and then fill out a questionnaire. This is one of the problems that often occur in high school. The method used in this study is classroom action research (CAR). The main goal of CAR is to empower the teacher to be able to conduct the repair and renewal in addressing the issues raised in its own class in the learning process. Based on the observation, field notes, and documentation, start from the pre-study, cycle I, and II were conducted in class XII-IPS then the research results obtained by the application of the model is the implementation of the model of learning round table in the Sundanese language learning has been able to improve the ability of students in reading the article by fulfilled 75 KKM meeting. Based on the results it can be concluded that the model of learning round table can create a learning environment that ACEF (Active, Creative, Effective, and Fun).

Keywords: Model of Learning Round Table, The Reading skill, Articles

(4)

Kaca

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ...5

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ...5

BAB II MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE ROUND TABLE JEUNG PANGJARAN MACA ARTIKEL 2.1 Modél Pangajaran Kooperatif Tipe Round Table (KTRT) ...9

2.1.1 Hakékat Modél Pangajaran ...9

2.1.2 Modél Kooperatif Tipe Round Table ...11

2.1.2.1Oriéntasi Modél ...12

2.1.2.2Modél Pangajaran ...14

2.1.2.3Penerapan Modél ...16

2.1.2.4Dampak Instruksional jeung Dampak Penyerta ...16

2.2 Pangajaran maca artikel ...17

2.2.1 Hakékat Maca ...17

2.2.2 Aspék-aspék Maca ...20

2.2.3 Wanda Maca ...21

2.2.4 Hakékat Artikel ...22

2.2.5 Kaparigelan Maca Artikel ...25

2.3 Modél KTRT dina Pangajaran Maca Artikél ...26

2.3.1 Hakékat Modél KTRT dina Pangajaran Maca Artikel ...26

2.3.2 Prak-prakan Modél KTRT dina Pangajaran Maca Artikel ...27

(5)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan ...31

3.2 Desain Panalungtikan ...31

3.5.2.1Lambaran Obsérvasi Aktivitas Guru ...38

3.5.2.2Lambaran Obsérvasi Aktivitas Siswa ...39

3.5.3 Catetan Lapangan ...41

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS HASIL PANALUNGTIKAN 4.1 Prosés Pangajaran Maca Artikel Ngagunakeun Modél KTRT ...48

4.1.1 Siklus I ...48

4.1.2 Siklus II ...54

4.2 Hasil Diajar Maca Artikel Ngagunakeun Modél KTRT ...59

4.2.1 Siklus I ...60

4.2.2 Siklus II ...66

4.2.3 Rékapitulasi Hasil Diajar Pra-Panalungtikan, Siklus I, jeung Siklus II ..71

4.3 Suasana Diajar Maca Artikel Ngagunakeun Modél KTRT...75

(6)

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Maca nya éta hiji prosés anu dilakukeun jeung digunakeun ku nu maca pikeun meunangkeun pesen anu rék ditepikeun ku panulis ngaliwatan média lisan atawa tulisan (Tarigan, 2008:7).

Dumasar pamadegan di luhur, maca téh mangrupa komponén dina kaparigelan basa nu kudu dihontal ku siswa. Maca ogé mangrupa prosés obahna wujud tinulis kana wujud harti. Ku kituna maca mangrupa bagian tina kaparigelan basa nu miboga sifat reseptif (narima).

Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia (2008:89), ditétélakeun yén artikel mangrupa karya tulis dina majalah, surat kabar, jeung sajabana. Ari numutkeun Baru (2011), artikel nya éta karangan prosa dina media masa nu ngabahas hiji hal nu sabenerna, ku kituna artikel mah eusina kudu bener jeung aktual, cara nulisna rapih, sarta teu pati réa kekecapanna (saeutik tapi pepel). Ku kituna, artikel dihartikeun salaku hiji karangan dina majalah atawa surat kabar nu ngabahas hiji hal nu aktual ngagunakeun basa nu merenah jeung hampang atawa énténg pikeun dibaca.

Tina hal pedaran di luhur, maca artikel mangrupa kaparigelan basa pikeun maca hiji karangan dina majalah atawa surat kabar nu ngabahas hiji hal nu aktual ngagunakeun basa nu merenah jeung hampang/énténg pikeun dibaca.

Kaparigelan maca mibanda peranan penting dina widang atikan, saperti halna katitén dina Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD) SMA kelas XII Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) pangajaran basa Sunda, aspék nu kudu dihontalna nya éta siswa mampuh maca pikeun nyangkem jeung ngoméntaran bacaan nu mangrupa artikel, carita buhun, jeung pedaran.

(7)

Dumasar hasil panalungtikan awal di kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung, dina mata palajaran basa Sunda, kungsi diajarkeun matéri maca artikel. Maca artikel téh mangrupa matéri anu kudu dicangking ku siswa salaku kagiatan nu sifatna réprésif, hartina siswa ngan saukur maca téks nu geus aya kalawan daria nepi ka ahirna kudu maham eusi wacana nu dibacana. Tina hasil évaluasi nu dilaksanakeun kabuktian yén maca pamahaman artikel téh masih dianggap hésé. Ieu hal kapaluruh tina loba kénéh siswa anu teu maham naon eusi artikel nu dibacana.

Pangajaran maca artikel nu dilaksanakeun téh dianggap ku siswa téh masih kénéh monoton (teu ramé). Ieu hal disababkeun kurangna variasi tur ide kréatif anu dilakukeun ku guru dina nepikeun bahan pangajaran. Métode nu biasa digunakeun ku guru biasana modél ceramah jeung démontrasi (konvénsional).

Modél konvénsional lain modél nu kurang hadé pikeun diterapkeun di sakola, tapi dina ieu hal guru ngan saukur nitah siswa maca artikel, sedengkeun murid nu lianna mah ngan saukur ngaregepkeun. Kagiatan siswa ngaregepkeun bacaan artikel téh teu salawasna optimal, aya siswa nu heureuy, nu teu ngaregepkeun sacara maksimal, nu antukna ngabalukarkeun leungitna konséntrasi ngaregepkeun. Guru ogé teu salawasna niténan sarta merhatikeun siswa. Modél konvénsional nu dilakukeun ku guru ogé mangaruhan kana hasil diajar siswa. Ieu hal bisa katitén tina hasil Ujian Akhir Semester (UAS) semester ganjil di MA Yasify saperti dina tabél ieu di handap.

Tabél 1.1

(8)

2012/2013. Nilai anu dipintonkeun di luhur téh di jerona nyampak ogé hasil tina matéri ngeunaan maca artikel. Awalna mah maca artikel téh disawang salaku pangajaran anu dianggap gampang, lantaran ngan saukur maca hiji conto artikel anu geus disadiakeun. Tapi dina émprona mah geuningan réa kénéh siswa anu can mampuh pikeun ngalakukeunana.

Dumasar tina hasil paniténan jeung réfléksi pangajaran pra-panalungtikan nu geus dilakukeun, masalahna nya éta: 1) prosés pangajaran nu teu sistematis, kagiatan pangajaran karasa uclak-aclok (teu ngaguluyur), (2) hasil diajar siswa anu teu saluyu jeung harepan, guru nu masih ngagunakeun métode pangajaran nu teu museur ka siswa nepi ka ngan 15% siswa nu ngahontal KKM nu geus ditetepkeun (75), jeung (3) suasana diajar nu teu éféktif, réa siswa nu teu saregep (heureuy), fasif, kurang kreatif, jeung kurang inovatif dina prakna diajar.

Tina pasualan-pasualan di luhur, disawang kudu aya tarékah sangkan pangajaran maca artikel téh bisa leuwih ngaronjat sarta dipikaresep ku siswa. Nu jadi pasualan dina ieu hal nya éta métode (cara) pikeun ngajarkeunana ka siswa nu salila ieu mah lir ibarat ngeusian keretas kosong hungkul, kudu robah oriéntasina. Prosés diajar anu dilakukeun ku siswa ilaharna kawatesanan ngan saukur nyangkem matéri pangajaran atawa nambahanana pangaweruh minangka bahan ujian atawa tés. Padahal dina tungtutan KTSP kiwari, siswa dipiharep bisa ngahontal kompeténsi, nya éta adumanisna pangaweruh, sikep, jeung kaparigelan anu bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. Saperti halna anu dijelaskeun ku McAshan dina Mulyasa (2005: 45) yén kompeténsi téh nya éta „... a knowledge, skills, and abilities or capabilities that a person achieves, which became part of his or her being to the exent he or she can satisfatorily perform particular cognitive, afective, and pshycomotor behaviors’. Hartina kompeténsi téh mangrupa pangaweruh, kaparigelan jeung kamampuh atawa kapabilitas anu dipibanda ku hiji jalma anu geus mangrupa bagian tina dirina, nepi ka ngawarnaan paripolah kognitif, aféktif, jeung pisikomotorikna.

(9)

kaparigelan anu kagambar dina paripolah kahirupanana. Ieu parobahan téh sagemlengna gumulung dina wangun jeung prosés pendidikan (Nugraha, 2011: 4). Dina ngajarkeun maca artikel ka siswa kudu didadasaran ogé ku tilu aspék tadi, nya éta: aspék kognitif, aféktif, jeung psikomotorik. Aspék kognitif dina pangajaran maca artikel diarahkeun kana tes nu aya patalina jeung pamahaman kana eusi artikel. Aspék aféktif ngawengku réspons, aprésiasi, meunteun, jeung gawé bareng jeung babaturan sakelompokna. Ari aspék psikomotor, diarahkeun pikeun latihan maca pamahaman nepi ka siswa bisa nyangkem eusi éta artikel.

Dumasar pedaran di luhur, dirasa perlu ayana modél pangajaran anu disawang bisa ngungkulan pasualan nu keur karandapan jeung ngahontal aspék kognitif, aféktif, jeung psikomotor nya éta modél pangajaran kooperatif tipe Round Table.

Modél pangajaran kooperatif tipe Round Table anu satuluyna disingget jadi KTRT téh dipercaya bisa ngarojong siswa sangkan leuwih hadé dina nyangkem bahan pangajaran. Ieu hal téh katiten tina cara ieu modél anu meredih siswa sangkan gawé babarengan, silih béjaan pamanggih tur sawanganna séwang-séwangan (Lie, 2008:63).

(10)

Aya sababaraha panalungtikan nu geus ngalarapkeun modél KTRT dina kagiatan pangajaran, di antarana nu kungsi ditalungtik ku Intan Nurlaelah (2011)

anu judulna “Model Pembelajaran Kooperatif Melalui Strategi Round Table

sebagai Salah Satu Teknik untuk Meningkatkan Kemampuan Membaca Pemahaman”, Astri Srigustini (2012) anu judulna “Studi Komparatif Penggunaan Model Cooperative Learning Teknik Numbered Heads Together (NHT) dan Round Table Terhadap Kemampuan Berpikir Kritis Siswa Pada Mata Pelajaran Ekonomi: Studi Komparatif Pada Siswa Kelas XI IPS di SMA Negeri 1 Singaparna” jeung Deni Kardiman (2011) nu judulna “Studi Komparasi Hasil Belajar Siswa Pada Mata Pelajaran Dasar Kompetensi Kejuruan Teknik Mesin (DKKTM) antara Siswa yang Mendapat Model Pembelajaran Kooperatif Tipe Round Table dengan Model Pembelajaran Klasikal”. Dumasar hasil panalungtikanna, hasil pangajaran siswa ngaliwatan modél pangajaran KTRT ngaronjat sacara signifikan.

Ku kituna, panalungtik kairut pikeun nalungtik modél pangajaran KTRT dina ieu pangajaran maca artikel. Panalungtik miharep ku dilarapkeunana model pangajaran KTRT, guru jeung murid bisa leuwih kamotivasi dina diajarna, hususna dina pangajaran maca artikel anu bisa ngaronjatkeun kualitas, prosés, jeung hasil pangajaran nu hadé.

Dumasar kana kasang tukang di luhur, panalungtik ngarasa perlu

ngayakeun panalungtikan anu judulna “Modél Pangajaran Kooperatif Tipe Round

Table pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Artikel (Penelitian Tindakan Kelas ka Siswa Kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung Taun Ajaran 2012-2013).

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

Aya dua hal nu diguar dumasar kasang tukang di luhur nya éta idéntifikasi masalah jeung rumusan masalah panalungtikan.

(11)

Dumasar kasang tukang panalungtikan di luhur, katitén aya sababaraha pasualan nu karandapan dina ieu panalungtikan. Hasil identifikasina, kapaluruh pasualan-pasualan nu karandapan, di antarana: (1) prosés pangajaran nu teu sistematis, kagiatan pangajaran karasa uclak-aclok (teu ngaguluyur), (2) hasil diajar siswa anu teu saluyu jeung harepan, guru nu masih ngagunakeun metode pangajaran nu teu museur ka siswa nepi ka ngan 15% siswa nu ngahontal KKM nu geus ditetepkeun (75), jeung (3) suasana diajar nu teu éféktif, réa siswa nu teu saregep (heureuy), fasif, kurang kreatif, jeung kurang inovatif dina prakna diajar.

Pasualan-pasualan nu kaidentifikasi di luhur satuluyna dianalisis pikeun nangtukeun fokus pasualanana. Dina réfléksi awal, kapaluruh aya dua pasualan utama dina ieu panalungtikan, nya éta pasualan siswa nu teu bisa maham materi jeung eusi artikel, jeung metode pangajaran nu can bisa ngatur (mengemas) sistematika pangajaran, ngaronjatkeun hasil diajar, jeung nyiptakeun suasana diajar nu PAKEM (Pembelajaran aktif, kreatif, efektif, dan menyenangkan).

Tina éta analisis, kapaluruh yén diperlukeunana metode pangajaran nu bisa ngungkulan pasualan pangajaran maca artikel. Dumasar karakteristik pasualan nu karandapan, panalungtik netepkeun modél KTRT pikeun ngungkulan pasualan nu karandapan. Dina implementasina, metode KTRT dipuseurkeun pikeun jadi pangaping (pituduh) dina prosés pangajaran, ngaronjatkeun hasil diajar, jeung nyiptakeun pangajaran nu PAKEM.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, aya sababaraha hal anu kudu ditalungtik. Éta masalah téh dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha prosés ngajarkeun maca artikel ka siswa Kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung Taun Ajaran 2012/2013 ngagunakeun modél KTRT?

(12)

3) Naha modél KTRT bisa nyiptakeun suasana diajar maca artikel anu PAKEM (Pembelajaran Aktif, Kréatif, Éfektif, dan Menyenangkan) pikeun siswa Kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung Taun Ajaran 2012 - 2013?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Sangkan ieu panalungtikan téh museur, sacara jéntré ieu panalungtikan mibanda dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum tujuan nu hayang dihontal tina ieu panalungtikan nya éta méré salah sahiji alternatif pikeun ngaronjatkeun kualitas kagiatan pangajaran basa Sunda di sakola.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan téh hayang ngadeskripsikeun:

1) prosés ngajarkeun maca artikel ka siswa kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung Taun Ajaran 2012/2013 ngagunakeun modél KTRT;

2) modél KTRT bisa ngaronjatkeun hasil diajar maca artikel ka siswa Kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung Taun Ajaran 2012/2013; jeung

3) modél KTRT bisa nyiptakeun suasana diajar maca artikel anu PAKEM (Pembelajaran Aktif, Éfektif dan Menyenangkan) pikeun siswa Kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Tina hasil ieu panalungtikan dipiharep mibanda mangpaat, ieu mangpaat bisa dijembarkeun kana dua bagian, nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

(13)

Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nimukeun jeung ngabuktikeun alternatif anyar ngeunaan prosés pangajaran maca artikel jeung ngeuyeuban deui modél-modél pangajaran nu geus aya.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta: 1) Pikeun siswa

Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun minat maca siswa jeung jadi pangalaman nu hadé dina nyangkem jeung ngoméntaran eusi artikel.

2) Pikeun guru

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi pangdeudeul dina maké modél pangajaran pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa jeung ngaronjatkeun kualitas pangajaran.

3) Pikeun panalungtik

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran ngeunaan kamampuh siswa dina maca artikel ngagunakeun modél KTRT.

1.5 Struktur Organisasi Skripsi

(14)
(15)

3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan

Lokasi ieu panalungtikan dilaksanakeun di MA Yasyfiy, anu alamatna di jalan Komodor Udara Supadio No.45/72 Tlp. (022) 6037533 Bandung. Dina ieu panalungtikan téh nu jadi subjék panalungtikanana nya éta siswa MA Yasyfiy kelas XII-IPS kalawan jumlah siswa 20 urang, anu ngawengku 11 urang siswa lalaki jeung 9 urang siswa awéwé. Ieu kelas téh mangrupa hiji-hijina kelas XII-IPS, teu aya deui kelas XII jurusan nu séjénna.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain dihartikeun rarancang. Desain atawa rarancang dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh prosés anu diperlukeun dina rarancang panalungtikan jeung

pelaksanaan” panalungtikan. Desain panalungtikan téh ngawengku léngka-léngkah panalungtikan, métode anu digunakeun, instrumén ngumpulkeun data, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisa data.

Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta: 1) idéntifikasi masalah, 2) nangtukeun modél pangajaran, 3) pelaksanaan PTK Siklus I, 4) Analisis Siklus I, 5) Pelaksanaan PTK Siklus II, 6) Analisis Siklus II, 7) kacindekan panalungtikan, jeung 8) nyusun skripsi.

Gambar 3.1

Idéntifikasi Masalah Nangtukeun Model

Pangajaran

Pelaksanaan PTK Siklus I

Analisis Siklus II Pelaksanaan PTK

Siklus II

Analisis Siklus I

Kacindekan

(16)

Saperti nu disebutkeun di luhur, PTK dina ieu panalungtikan dilakukeun dina dua siklus. Analisis data dilakukeun dina unggal siklus, salaku bahan réfléksi pikeun pelaksanaan siklus satuluyna. Tahapan dina nganalisis data diantarana nya éta ngalakukeun réduksi data atawa ngawilah-wilah data saluyu jeung fokus masalah; ngalakukan interprétasi data atawa nafsirkeun data anu geus diwilah-wilah dina wangun pertanyaan; nganalisis data nu mangrupa hasil tés maca artikel siswa di unggal tindakan pikeun mikanyaho hasil panalungtikan anu geus dilakukeun; nganalisis hasil obsérvasi aktivitas guru jeung siswa ku cara ngitung unggal preséntase tiap katégori dina unggal tindakan nu dilakukeun ku panalungtik jeung ngitung présentase ti obsérver; nganalisis hasil catetan lapangan salaku hasil réaksi; ngalakukeun analisis kualitatif sarta nyindekeun hasil panalungtikan.

3.3 Métode Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh ngagunakeun métode Penelitian Tindakan Kelas (PTK). Penelitian Tindakan Kelas (PTK), nya éta hiji panalungtikan tindakan nu dilaksanakeun kalawan miboga tujuan ngaropéa mutu atawa kualitas praktik pangajaran di kelas (Suhardjono dina Arikunto, 2009:58).

Sacara étimologis PTK asalna tina kecap penelitian, tindakan, jeung kelas. Penelitian dihartikan salaku hiji prosés ngungkulan pasualan nu dilakukeun sacara sistematis, émpiris, jeung kakontrol. Tindakan dihartikeun salaku hiji perlakuan anu dilakukeun ku panalungtik nya éta guru ka muridna nu tujuanna diarahkeun pikeun ngabebener kinerja anu dilakukeun ku guru dumasar kahayang pikeun ngahontal hasil diajar anu maksimal. Sedengkeun, kelas dihartikeun salaku tempat lumangsungna kagiatan pangajaran anu henteu di-setting heula pikeun kapentingan panalungtikan husus, tapi lumangsung ngaguluyur saluyu jeung kaayaan pangajaran saperti biasa (Sanjaya, 2009:26 dina Nugraha, 2011:37).

(17)

ngaréfléksikeun tindakan) kalawan tujuan pikeun ngoméan atawa ngaronjatkeun kualitas prosés pangajaran di kelasna ngaliwatan hiji tindakan nu tangtu dina sababaraha siklus dina situasi nyata sarta nganalisis unggal pangaruh tina éta perlakuan.Alesan panalungtik ngagunakeun ieu PTK, nya éta pikeun ngungkulan pasualan anu keur dirandapan ku guru di kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung taun ajaran 2012-2013 dina pangajaran maca artikel. Ieu hal téh saluyu jeung salasahiji tujuan PTK nya éta pikeun ngaronjatkeun kualitas prosés jeung hasil diajar (Sanjaya, 2009:33) dina Nugraha (2011:37).

Ari desain PTK nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyoko kana pamadegan Arikunto (2009:16). Sangkan leuwih jéntré bisa dititénan saperti gambar ieu di handap.

Gambar 3.2

Métode Panalungtikan Tindakan

Ieu siklus téh dimimitian ku nyusun rarancang tindakan (planning), tuluy kana pelaksanaan tindakan (acting), pengamatan (observing), jeung réfléksi (reflecting). Anapon léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan ngawengku lima tahap kagiatan.

Perencanaan

Pengamatan Perencanaan

SIKLUS II

Pengamatan

Pelaksanaan Pelaksanaan

SIKLUS I

Réfléksi

Réfléksi

(18)

Tahap 1: Nyusun Rarancang Tindakan (Planning)

Tahap nyusun rarancang tindakan mangrupa tahap panalungtik ngabéjér-béaskeun ngeunaan naon, ku naon, iraha, di mana, ku saha, jeung kumaha tindakan éta dilakukeun. Panalungtik nangtukeun titik atawa fokus kajadian pikeun ditalungtik sacara husus. Satuluyna nyieun instrumén ngumpulkeun data panalungtikan pikeun mantuan panpalungtik ngarékam fakta nu kajadian salila tindakan lumangsung.

Tahap 2: Pelaksanaan Tindakan (Acting)

Tahap kadua nya éta tahap pelaksanaan anu mangrupa implementasi KTRT dina pangajaran maca artikel nu geus dirarancang. Dina ieu tahap guru kudu bisa nyaluyukeun tindakan jeung naon waé anu geus dirumuskeun sarta ditangtukeun dina rarancang.

Tahap 3: Pengamatan (Observing)

Tahap katilu nya éta kagiatan pengamatan anu dilakukeun ku panitén (observer) pikeun ngumpulkeun informasi ngeunaan prosés pangajaran anu dilakukeun ku guru (panalungtik) saluyu jeung tindakan anu geus disusun. Paniténan kudu nyoko kana instrumén nu geus dijieun sarta dirumuskeun. Aspék nu ditalungtik dina ieu pengamatan nya éta: (a) prosés tindakanana; (b) pangaruh tindakan (boh nu dihaja boh nu teu dihaja); (c) kaayaan jeung kendala tindakan; (d) kumaha kaayaan jeung kendala, ngahambat atawa ngamudahkeun tindakan nu dirarancang jeung pangaruhna; jeung (e) pasualan lain nu bakal timbul salila kagiatan PTK lumangsung.

(19)

pangaruhna, sarta pasualan séjén anu bakal timbul salila kagiatan panalungtikan lumangsung.

Dina ieu tahap obsérver ogé niténan sacara langsung situasi kelas saperti halna interaksi jeung aktivitas siswa di kelas salila prosés diajar lumangsung, interaksi jeung aktivitas guru salila prosés diajar lumangsung, atawa hal-hal lain anu mungkin bakal kajadian salila prosés diajar lumangsung. Ku kituna, salila kagiatan niténan ieu kaayaan, obsérver kudu ngeusian intrumén anu geus disusun, diantarana ngeusian lambaran obsérvasi guru, lambaran obsérvasi siswa, jeung lambaran catatan lapangan.

Tahap 4: Réfléksi (Reflecting)

Tahap ka opat nya éta kagiatan pikeun ngébréhkeun deui naon-naon nu geus dilakukeun. Istilah réfléksi asal kecapna tina basa Inggris nya éta reflection, anu diterjemahkeun kana basa Indonesia „pemantulan’. Kagiatan réfléksi dilakukeun sanggeus réngsé ngalaksanakeun tindakan.

Kagiatan réfléksi panalungtikan dilaksanakeun di ahir lawungan salila kagiatan siklus lumangsung. Ieu tahap téh mangrupa tahap perenungan tina hasil paniténan atawa obsérvasi anu geus dilaksanakeun di kelas, boh tina hasil obsérvasi guru, obsérvasi siswa, boh catetan lapangan. Ngaliwatan kagiatan réfléksi, tina hasil obsérvasi tinangtu bakal kapanggih naon baé kahengkéran jeung bangbaluh dina panalungtikan. Ku sabab, tujuan tina réfleksi nya éta pikeun ngabebenah sarta ngoméan tindakan nu dilaksanakeun. Saperti halna, saumpama dina siklus I hasil maca artikel masih aya siswa anu can tuntas, dilakukeun réfléksi pikeun maluruh hal nu nyababkeun teu tuntasna éta. Saperti halna tina hasil réfléksi kapaluruh yén guru kurang ngarahkeun siswa, dina siklus II hasil réfléksi éta dilarapkeun dina prosés pangajaran, nepi ka dina ahirna sakabéh siswa bisa tuntas dina kagiatan pangajaran.

(20)

ngawéngku tahap nyusun rarancang, pelaksanaan, pengamatan, observasi jeung réfléksi.

3.4 Wangenan Operasional

Sababaraha istilah anu kudu dijelaskeun deui dina ieu panalungtikan, nya éta: modél KTRT jeung maca artikel. Pikeun leuwih jelasna istilah-istilah éta dijelaskeun dihandap ieu.

1) Modél Kooperatif Tipe Round Table (KTRT) dina ieu panalungtikan mangrupa modél pangajaran anu meredih siswa kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung taun ajaran 2012-2013 sangkan gawé babarengan, silih béjaan pamanggih tur sawanganna séwang-séwangan. Ayana hiji kontribusi dina hiji riungan nu ngabuleud nalika diajar-ngajar (keliling kelompok).

2) Kaparigelan maca artikel dina ieu panalungtikan mangrupa kaparigelan basa anu dicangking ku siswa kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung taun ajaran 2012-2013 dina maca hiji karangan faktual nu aya dina majalah atawa surat kabar nu ngabahas hiji hal nu aktual ngagunakeun basa nu merenah jeung énténg pikeun dibaca.

Jadi, nu dimaksud modél pangajaran kooperatif tipe round table pikeun ngaonjatkeun kaparigelan maca artikel dina ieu panalungtikan nya éta modél pangajaran kelompok dina hiji riungan buleud anu digunakeun pikeun ngaronjatkeun kaparigelan siswa kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung taun ajaran 2012-2013 dina maca pamahaman artikel.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta: (1) lambaran tés; (2) lambaran obsérvasi; jeung (3) catetan lapangan.

3.5.1 Lambaran Tés

(21)

siswa nalika ngalaksanakeun uji pamahaman pangajaran maca artikel. Tés pamahaman bacaan ngawengku wacana artikel jeung soal uraian nu jumlahna 10 soal. Ieu pertanyaan-pertanyaan téh mangrupa fakta-fakta nu spésifik, ide poko, sabab-akibat, kosakata, jeung tata kalimah. Pertanyaan-pertanyaan dina instrumén TPB ieu panalungtikan nyoko kana tingkat heséna Kognitif (K). Pertanyaan-pertanyaan dina ieu instrumén, ngawengku aspék: ingetan (K1), tarjamahan (K2), intérpretasi (K3), aplikasi (K4), jeung analisis (K5). Sangkan leuwih jéntré, ieu di handap dituliskeun kisi-kisi tés uraian kana eusi bacaan artikel.

Tabel 3.1

Kisi-Kisi Tes Pemahaman Bacaan

No. Jenjang Kesulitan

Kognitif Indikator Soal Nomer Soal

Skor Soal

Jumlah Skor

Soal

1. Ingetan (K1) Siswa bisa nétélakeun

fakta-fakta nu nyampak dina artikel

nu dibacana kalawan spesifik. 2, 5, & 7 10 30

2. Tarjamahan (K2) Siswa bisa maham kandaga

kecap atawa tata kalimah nu nyampak dina artikel nu dibacana.

1, 6 10 20

3. Intérpretasi (K3) Siswa bisa nafsirkeun ide poko

nu nyampak dina artikel nu

dibacana. 9 10 10

4. Aplikasi (K4) Siswa bisa ngoméntaran eusi

artikel nu dibacana di saluyukeun dumasar pangalamanana.

8 & 10 10 20

5. Analisis (K5) Siswa bisa maluruh eusi carita

nu aya patalina jeung sabab-akibat tina artikel nu dibacana.

6 jeung 8 10 20

Jumlah Soal 100

Sakumaha nu katitén dina tabél di luhur, jumlah soal nu diujikeun téh aya 10 soal. Nangtukeun jumlah instrumén ieu dumasar kana kabutuhan pikeun leuwih méré kasempetan ka siswa ningkatkeun kamampuh kognisina.

(22)

Lambaran obsérvasi téh mangrupa salasahiji intrumén anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data panalungtikan. Dina ieu obsérvasi aya dua hal anu ditalungtik, nya éta lambaran obsérvasi aktivitas guru jeung lambaran obsérvasi aktivitas siswa.

3.5.2.1Lambaran Obsérvasi Aktivitas Guru

Obsérver niténan kalayan gemet dina ngaévaluasi panalungtik (guru) salila kagiatan KBM lumangsung. bacaan yang berupa artikel, carita buhun, dan bahasan

Kompeténsi Dasar : 12.3.1 Membaca artikel tentang budaya

Pituduh:

Béré tanda check list () dina kolom aya lamun katitén dilaksanakeun, atawa dina kolom teu aya

lamun teu katitén dilaksanakeun!

No. Aktivitas Aya Teu

aya Koméntar

1 Kagiatan awal

a) Guru ngondisikeun siswa sangkan suasana

diajar genah jeung tumaninah.

b) Guru ngadata kehadiran siswa.

c) Guru ngamotivasi siswa sangkan daria

diajar.

d) Guru nepikeun tujuan pangajaran.

2 Kagiatan Inti

Eksplorasi

a) Guru ngayakeun apersepsi kana materi

maca artikel.

b) Guru ngabagi kelompok siswa sacara

heterogen.

c) Guru nginstruksikan siswa sangkan nyieun buleudan (round) dina hiji meja.

d) Guru ngabagikeun téks artikel nu sarua ka kabéh siswa di unggal kelompok.

Elaborasi

a) Guru nginstruksikeun siswa sangkan maca

artikel kalayan bener.

b) Guru ngabagikeun soal ka unggal

(23)

No. Aktivitas Aya Teu

aya Koméntar

masing-masing pertanyaan ngeunaan

pemahaman eusi artikel saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun (5 menit).

d) Guru ngondisikeun siswa pikeun

nukeurkeun jawabanna jeung babaturan

masing-masing kelompokna dina hiji

buleudan (saarah jarum jam).

e) Guru ngayakeun diskusi ngeunaan hasil

jawaban ahir masing-masing kelompok.

Konfirmasi

Guru ngondisikeun siswa sangkan aktif nanya ngeunaan matéri nu can dipikahartina.

3 Kagiatan ahir

a) Guru ngondisikeun siswa sangkan balik

deui ka tempat diukna séwang-séwangan. b) Guru negeskeun deui matéri pangajaran nu

geus ditepikeun.

c) Guru ngaping siswa pikeun nyieun catetan ngeunaan hasil pangajaran anu geus dilaksanakeun.

d) Guru nepikeun pangajaran saterusna jeung

méré.

Observer niténan aktivitas siswa salila pangajaran lumangsung nu aya patalina jeung motivasi nu tumuwuh salila prosés pangajaran.

(24)

Pituduh:

Béré tanda check list () dina kolom aya lamun katitén dilaksanakeun, atawa dina kolom teu aya

lamun teu katitén dilaksanakeun!

No. Aktivitas Aya Teu

aya Koméntar

1 Kagiatan awal

a) Siswa nurut nalika dikondisikeun sangkan

suasana diajar genah jeung tumaninah.

b) Siswa ngajawab nalika didata ngeunaan

kehadiranana.

c) Siswa kamotivasian pikeun diajar kalawan

daria.

d) Siswa maham ngeunaan tujuan pangajaran.

2 Kagiatan Inti

Eksplorasi

a) Siswa maham apersepsi materi maca

artikel.

b) Siswa dibagi kelompok sacara heterogen.

c) Siswa nyieun buleudan (round) dina hiji meja.

d) Siswa di unggal kelompok dibagi téks

artikel nu sarua.

Elaborasi

f) Siswa maca artikel kalayan bener.

g) Siswa meunang soal anu kudu dipigawéna

(dina unggal kelompok soal nu dipigawé ku unggal siswa béda-béda).

h) Siswa ngajawab masing-masing pertanyaan

ngeunaan pemahaman eusi artikel saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun (5 menit).

i) Siswa nukeurkeun jawabanna jeung

babaturan masing-masing kelompokna dina hiji buleudan (saarah jarum jam).

j) Siswa ngalaksanakeun diskusi ngeunaan

hasil jawaban ahir masing-masing

kelompok.

Konfirmasi

Siswa aktif nanya ngeunaan matéri nu can dipikahartina.

3 Kagiatan ahir

a) Siswa balik deui ka tempat diukna

séwang-séwangan.

b) Siswa ngabandungan penegasan matéri

pangajaran nu geus ditepikeun ku guru.

c) Siswa nyieun catetan ngeunaan hasil

(25)

No. Aktivitas Aya Teu

aya Koméntar

e) Siswa nutup kagiatan pangajaran.

Jumlah Perséntase

Observer,

_________________ NIP/NIM.

Bandung, ... Januari 2013 Panalungtik,

Nessy Anugrawati

NIM. 0906520

3.5.3 Catetan Lapangan

Ieu catetan lapangan téh dieusian ku obsérver minangka catetan salila pangajaran lumangsung, nya éta catetan ngeunaan kajadian dina pangajaran anu teu nyampak dina lambaran obsérvasi.

Tabél 3.4

Lambaran Catetan Lapangan (Field Notes)

Wasta Observer : ... Poé, Ping : ... Jam : ...

(26)

(Wiriaatmadja, 2009:129)

Bandung, .... Januari 2013 Observer,

____________________ NIP/NIM:... 3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan téh ngawengku tés kamampuh siswa, obsérvasi jeung catetan lapangan.

3.6.1 Tés Kamampuh Siswa

(27)

Saluyu jeung tujuan panalungtikan, pikeun mikanyaho hasil ngaronjatna diajar maca pamahaman siswa, tés anu digunakeun dina panalungtikan nya éta Tés Pamahaman Bacaan (TPB). TPB nu dilakukeun téh pikeun ngukur kamampuh kognisi siswa. Ieu hal saluyu jeung téori Bloom dina Lestari, (2011:48) yén kamampuh maca mangrupa kamampuh kognisi. Hasil ieu tés téh digunakeun pikeun bahan analisis kamampuh siswa salila kagiatan panalungtikan lumangsung, boh siklus I boh siklus II. Wangun nu dilaksanakeun nya éta wangun tés tulis (ngeusian pertanyan nu patali jeung artikel nu geus dibaca).

Riggs jeung Lay dina Damaianti (2001:76) ngagolongkeun sababaraha pertanyaan dina tingkat keterpahaman, tingkat keterpercayaan, wangun, jeung pituduh. Husus pikeun nangtukeun tingkat pamahaman bacaan aya sababaraha kriteria nu bisa dipaké salaku acuan dina nyieun pertanyaan nu nyoko kana tingkat heséna kognitif. Ranah kognisi dina Taksonomi Bloom nu dimekarkeun deui ku Harjasujana jeung Mulyati (Lestari, 2011:48) mangrupa alternatif nu hadé pikeun jadi dadasar nyieun tés pamahaman bacaan dina ieu panalungtikan. Pertanyaan dina instrumén ieu mangrupa pertanyaan ingetan (K1), terjemaahan (K2), intérpretasi (K3), aplikasi (K4), analisis (K5), sintésis (K6) jeung évaluatif (K7). Sintesis (K6) jeung evaluatif (K7) henteu digunakeun dina TPB dina ieu panalungtikan.

Salian ti ngabogaan tingkat pamahaman nu luhur teuing jeung hesé pikeun subjék panalungtikan nu masih kelas XII-IPS SMA/ MA, teu bisa digunakeunana kadua jenjang éta ngabogaan alesan séjén. Patalékan nu sipatna sintesis méré kasempetan ka nu maca sangkan mikir sacara bebas terkontrol jeung ngamungkinkeun unggal jalma méré jawaban nu teu sarua saluyu jeung kognitif tingkat sintésis séwang-séwangan. Salian ti éta, sintésis meredih siswa sangkan ngahijikeun sababaraha tiori jadi hiji tiori nu anyar.

(28)

3.6.2 Obsérvasi

Popper (dina Hopkins, (1993) dina Wiriaatmadja, 2008:104), ngébréhkeun yén observasi nya éta tindakan nu mangrupa tapsiran tina téori. Najan kitu, dina ieu panalungtikan mah boh panalungtik boh saha waé dina waktu asup ka hiji rohangan kelas anu tujuanana observasi, leuwih hadé ninggalkeun téori-téorina di luar kelas, jeung mimiti nalungtik tanpa aya justifikasi hiji téori (Wiriaatmadja, 2007:104).

Kagiatan observasi nu dilakukeun dina ieu panalungtikan nya éta pikeun niténan aktivitas guru jeung aktivitas siswa dina kagiatan kelompok atawa individu salila prosés diajar-ngajar lumangsung. Éta format obsérvasi téh dieusian ku obsérver anu dilakukeun babarengan nalika pelaksanaan tindakan di unggal siklus pikeun nempo aktivitas guru jeung aktivitas siswa salila pangajaran lumangsung.

3.6.3 Catetan Lapangan

Catetan lapangan nya éta instumén pikeun nyatet sagala peristiwa anu kajadian dumasar kana tindakan anu dilakukeun ku guru. Ieu catetan lapangan téh fungsina pikeun nempo perkembangan tindakan jeung perkembangan siswa dina ngalakukeun prosés pangajaran (Sanjaya, 2009:98) dina Nugraha (2011:45). Ieu catetan lapangan téh, dieusian ku hasil obsérvasi, réaksi, jeung réfléksi panalungtik kana prosés pangajaran.

3.7Analisis Data

Dina ieu panalungtikan, analisis data dilakukeun di unggal siklus, minangka bahan réfléksi pikeun pelaksanaan siklus satuluyna. Aya sababaraha tahapan dina analisis data, di antarana:

(29)

2) Nafsirkeun data anu geus diwilah-wilah dina wangun pernyataan.

3) Nganalisis data nu mangrupa hasil tés maca artikel siswa di unggal tindakan pikeun mikanyaho hasil panalungtikan anu geus dilakukeun. Kriteria ketuntasan minimal (KKM) pelajaran basa Sunda di MA Yasyfiy nya éta 75. Sangkan leuwih jéntré bisa ditingali dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.5 Katégori Peunteun

Peunteun Katerangan

≥75 Tuntas

<75 Can Tuntas

4) Nganalisis hasil obsérvasi aktivitas guru jeung siswa ku cara ngitung unggal preséntase tiap katégori dina unggal tindakan anu dilakukeun ku panalungtik jeung ngitung présentase ti obsérver.

5) Nganalisis hasil catetan lapangan salaku hasil réaksi, jeung réfléksi panalungtik kana prosés pangajaran anu teu dijelaskeun dina lambaran obsérvasi ku sabab muncul kalawan teu direncanakeun atawa kagambar saméméhna salaku bahan tinimbangan pikeun ngalakukeun réfléksi anu rék dilarapkeun dina kagiatan pangajaran.

6) Ngalakukeun analisis kualitatif, nya éta nyindekkeun ngaronjat-henteuna hasil pangajaran anu geus dilaksanakeun dumasar tina hasil obsérvasi kalawan babarengan jeung obsérver.

7) Nyindekkeun hasil panalungtikan, dumasar kana analisis hasil obsérvasi anu disaluyukeun jeung tujuan panalungtikan anu diinterprétasikeun dina kalimah pernyataan.

3.9 Prosedur Panalungtikan

Prosedur dina ieu panalungtikan ngawengku 2 siklus, dina unggal siklus ngawengku tahap: ngararancang, prak-prakan, obsérvasi, jeung réfléksi.

3.9.1 Tahap Ngararancang

(30)

manggihan ide poko dina téks artikel. Dumasar kana hal éta, panalungtik ngalakukeun tahap rarancang panalungtikan. Dina tahap ieu, panalungtik netepkeun jeung nyusun rancangan program tindakan pikeun menerkeun pangajaran maca pamahaman artikel ku modél KTRT. Hal ieu difokuskeun kana pasualan pangajaran pikeun ningkatkeun kamampuh maca pamahaman artikel.

Tahap ngararancang ieu ngawengku:

1) Netepkeun jumlah siklus, nya éta dua siklus.

2) Netepkeun sumber data panalungtikan nu rék digunakeun salaku kelas panalungtikan, nya éta kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung.

3) Netepkeun métode nu baris digunakeun dina pangajaran maca artikel.

4) Panalungtik nganalisis Standar Kompetensi (SK), jeung Kompetensi Dasar (KD).

5) Nyusun RPP, ngawengku: Standar Kompetensi (SK), Kompetensi Dasar (KD), indikator, tujuan pangajaran, materi pangajaran, modél pangajaran, métode jeung téhnik pangajaran, alat jeung bahan pangajaran, kagiatan pangajaran, sumber pangajaran, évaluasi.

6) Nyusun lambaran obsérvasi pikeun masing-masing siklus, nu ngawengku: lambaran aktivitas guru, lambaran aktivitas siswa, jeung catatan lapangan. 7) Nyiapkeun bahan ajar atawa matéri pangajaran jeung lambaran kerja siswa

(nyieun soal), pikeun masing-masing siklus. Siklus ka-1 jeung siklus ka-2 dina pangajaran maca artikel ngagunakeun wacana artikel anu judulna “Seni

Karinding Ulah Kingkin”.

8) Nyiapkeun média pangajaran.

3.9.2 Tahap Pelaksanaan

Dina ieu tahap ngawengku opat léngkah pangajaran nya éta: 1) kagiatan bubuka, 2) kagiatan inti, 3) tahap nguji hasil, 4) kagiatan panutup.

1) Kagiatan Bubuka

(31)

Sanggeus kitu, guru méré motivasi sangkan siswa sumanget jeung daria dina prosés diajar-ngajar. Guru ngajelaskeun indikator hasil diajar anu kudu dihontal ku siswa. Nu pamungkas guru nepikeun KKM anu kudu dihontal ku siswa tina kompetensi dasar maca artikel.

2) Kagiatan Inti

Dina ieu kagiatan, guru mgamimitian ku méré matéri ngeunaan pangajaran maca artikel, tuluy guru ngabagi kelompok siswa sacara hétérogén, jeung méré téks artikel nu sarua ka unggal kelompok. Ngintruksikeun siswa sangkan maca téks artikel jeung méré pertanyaan nu aya patalina jeung eusi artikel (pamahaman). Sanggeus kitu, guru ngondisikeun siswa sangkan ngajawab pertanyaan, muterkeun jawabanna ka babaturan sakelompokna dina hiji buleudan, tuluy ngondisikeun ogé siswa lain nu mariksa jeung ngalengkepan jawaban babaturanna saupama jawaban kurang merenah. Dina ieu kagiatan ogé guru niténan kelompok dina buleudan (round) nu lain, tuluy ngayakeun sawala kelas, sarta nu pamungkas méré kasempetan ka siswa pikeun nanya.

3) Tahap Nguji Hasil

Sabada kagiatan réngsé diayakeun tés ahir tina unggal kelompok. Tés ahir tina unggal kelompok ieu dilakukeun pikeun ningali kamampuh siswa dina maca pamahaman artikel. Tiap kelompok kudu ngébréhkeun kacindekanna ngeunaan eusi artikel, éta kacindekan téh ulah méngpar tina pertanyaan-pertanyaan nu kungsi dijawab ku kelompok dina nyangkem eusi bacaan artikel.

4) Kagiatan Panutup

Sabada tés réngsé, guru nyindekkeun matéri pangajaran anu tos dipedar tuluy méré informasi ngeunaan matéri nu rék dipedar dina pertemuan salajengna.

(32)

Dina tahap ieu, pengamat (obsérver) ngaobsérvasi aktivitas siswa jeung guru ku téhnik obsérvasi lapangan. Panalungtik niténan langsung situasi kelas saperti interaksi jeung aktivitas siswa di kelas salila prosés diajar lumangsung.

3.9.4 Tahap Réfléksi

(33)

5.1 Kacindekan

Panalungtikan tindakan kelas (PTK) nu dilaksanakeun di kelas XII-IPS MA Yasyfiy Bandung taun ajaran 2012-2013 ngawengku siklus I jeung siklus II. Dumasar kana hasil éta panalungtikan, tétéla yén modél KTRT bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa maca pamahaman artikel. Sangkan leuwih jéntré dipedar ieu di handap.

1) Dina siklus I prosés pangajaran can bisa dilaksanakeun saluyu jeung rarancang pangajaran anu geus ditangtukeun. Sanajan kitu, masalah umum nu mangrupa sikep diajar siswa geus bisa diungkulan. Masalah motivasi jeung perhatian siswa nalika lumangsungna pangajaran maca artikel dina siklus I katitén can maksimal. Ieu hal dumasar kana asorna sumanget siswa nalika diajar, sarta ayana kateusugemaan kana teu éféktifna modél diskusi jawaban kelompok. 2) Dina siklus II prosés pangajaran bisa dilaksanakeun saluyu jeung rarancang

pangajaran. Masalah nu karandapan dina siklus I geus bisa diungkulan. Éta hal katitén tina sikep jeung motivasi siswa nu leuwih daria nalika ngajawab patalékan ngeunaan eusi bacaan artikel. Salian ti éta, dina ieu siklus modél diskusi jawaban kelompok nu saméméhna dianggap teu éféktif, ngalaman parobahan jadi leuwih éféktif sanggeus diropéa tina modél jawaban kelompok jadi jawaban kelas.

(34)

rata-rata peunteun 77,67, ari 8 urang sésana (40%) masih asup kana katégori can tuntas kalawan rata-rata peunteun 63,50. Rata-rata kelas dumasar peunteun anu dihontal ku siswa dina siklus I ieu nya éta 72. Satuluyna dina siklus II tina sakabéh total siswa (100%) asup kana katégori tuntas. Rata-rata peunteun anu dihontal ku siswa dina siklus II ieu nya éta 85,20.

4) Modél KTRT bisa nyiptakeun suasana diajar anu PAKEM (Pembelajaran Aktif, Kreatif, Efektif, dan Menyenangkan). Ieu hal katitén dina partipasi jeung aktivitas siswa anu ngaronjat dina unggal siklus. Dina siklus I, siswa geus mimiti aktif pikeun méré kontribusi dina hiji riungan (round table) pikeun ngadiskusikeun jawaban nu dianggap bener kana soal nu patali jeung pamahaman siswa kana eusi bacaan artikel. Siswa ogé geus mimiti kréatif dina nafsirkeun idé poko nu nyampak dina artikel nu dibacana. Lian ti éta, kagiatan pangajaran anu dilaksanakeun ogé geus kawilang éféktif jeung pikaresepeun, lantaran ku cara nyieun buleudan jeung muterkeun jawaban unggal kelompok, waktu leuwih éfisién. Sanggeus siswa maca artikel satuluyna ngeusian pikeun nguji pemahamanna cukup ku cara muterkeun jawaban ka babaturan sakelompokna. Sanggeus kitu dikoréksi jeung silih méré kontribusi dina jero kelompokna. Dina siklus II, siswa bisa leuwih aktif dina méré kontribusi nalika ngeusian jawaban pikeun nguji pemahamanna cukup ku cara muterkeun jawaban ka babaturan sakelompokna, satuluyna dikoréksi jeung silih méré kontribusi teu dina kelompokna deui tapi geus maju jeung babaturan sakelasna. Lian ti éta ku cara nyieun buleudan, pangajaran bisa leuwih éféktif jeung pikaresepeun siswa lantaran waktu henteu loba kacontang ku kagiatan ngeusian jawaban sorangan. Siswa ogé jadi leuwih laluasa mekarkeun pamadegan dina ngoméntaran eusi bacaan artikel.

5.2 Rékoméndasi

(35)

1) pangajaran maca pemahaman artikel ngagunakeun modél KTRT bakal leuwih éféktif saumpama siswa diaping pikeun ngadiskusikeun jawaban ahirna jeung babaturan sakelas ku cara silih koméntaran;

2) dina ngalarapkeun modél KTRT kana pangajaran maca pemahaman artikel, guru kudu bisa nyangkem jeung sanggup ngalarapkeun prinsip modél KTRT salaku dadasar tumuwuhna rasa sumanget siswa dina kagiatan maca, hususna maca pemahaman artikel, jeung ngarobah paradigma siswa dina pangajaran maca nu ngabosenkeun;

3) perhatian jeung motivasi anu dilakukeun ku guru ka siswa nalika kagiatan pangajaran ngagunakeun modél KTRT, kudu tuluy-tumuluy dironjatkeun sangkan siswa bisa leuwih daria nalika maca pamahaman artikel;

4) guru tong bosen-bosen pikeun ngamotivasi jeung méré pujian ka siswa salila kagiatan pangajaran. Éta hal mangrupa ajén (penghargaan) kana usaha nu dilakukeun ku siswa, nepi ka dipiharep tumuwuhna motivasi nu gedé ti siswa pikeun diajar kalawan leuwih soson-soson jeung daria; jeung

(36)

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, S., Suhardjono, jeung Supardi. (2009). Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: Bumi Aksara.

Baru, Ichtiar. (2011). Pengertian dan Definisi Artikel, [Online]. Tersedia: http://carapedia.com/pengertian_definisi_artikel_info500.html. [8 Januari 2013]

Damaianti, V.S. (2005). “Strategi Volisional melalui Dramatisasi dalam Meningkatkan Motivasi Membaca” Makalah FPBS UPI: Teu dipedalkeun.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Depdikbud. (2005). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka. Depdiknas UPI. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Depdiknas

Universitas Pendidikan Indonesia.

Dwiyogi, Fredy Triyana. (2011). Model Pembelajaran Kooperatif Tipe Round Table pada Mata Diklat DTM Terhadap Peningkatan Prestasi Belajar Peserta Diklat Tingkat I di SMK Negeri 8 Bandung. Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Hasanah, Anisatul Azizah. (2011). Peningkatan Keterampilan Menulis Deskripsi Melalui Model Kooperatif Tipe Round Table Pada Siswa Kelas X-A SMA Muhammadiyah 4 Yogyakarta. Skripsi Program Studi Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia UNY Yogyakarta: teu dipedalkeun.

Hernawan. (2009). Peningkatan Kemampuan Membaca Bahasa Indonesia Menggunakan Model Pengalaman Berbahasa Terkonsentrasi (Concentrated Language Encounter). Tesis SPS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Joyce, B., Weil, M. & Calhoun, E. (2000). Models of Teaching. Boston: Allyn and Bacon.

(37)

Siswa yang Mendapat Model Pembelajaran Kooperatif Tipe Round Table dengan Model Pembelajaran Klasikal. Skripsi Jurusan Pendidikan Tekhnik Mesin FPTK UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Kuswari, Usep. (2008). “Model Penilaian Berbasis Kelas Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda”. Jurnal Sonagar. Vol. 4, (1), 1-23.

Lestari, Leni. (2011). Modél Pangajaran Timbal-Balik (Reciprocal Teaching) pikeun Ningkatkeun Kamampuh Maca Pamahaman Artikel (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas IX-D SMP Negeri 3 Lémbang. Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun. Lie, Anita. (2008). Cooperative Learning. Jakarta: Gramedia.

Muhopilah, Epa. (2008). Penataan Tempat Duduk Siswa sebagai Bentuk

Pengelolaan Kelas, [Online]. Tersedia:

http://akhmadsudrajat.wordpress.com/2008/07/28/penataan-tempat-duduk-siswa-sebagai-bentuk-pengelolaan-kelas/, [10 Januari 2013]

Mulyasa, E. (2008). Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Nugraha, Haris Santosa. (2011). Pamarekan Humanistik pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman Siswa (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas X-E SMA Laboratorium-Percontohan UPI Taun Ajaran 2010-2011). Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Nurlaelah, Intan. (2011). Model Pembelajaran Kooperatif Melalui Strategi Round Table sebagai Salah Satu Teknik untuk Meningkatkan Kemampuan Membaca Pemahaman. Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Perancis FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Nurjanah, Nunuy. (2010). Teori Nulis.Bandung: JPBD UPI Bandung.

Nurmayasari. (2012). Modél Pangajaran Kooperatif Tipe Jigsaw pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Maca Dongéng (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII-A SMP Negeri 12 Bandung Taun Ajaran 2011-2012). Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Purba, Galuh. (2007). Seni Karinding Ulah Kingkin, [Online]. Tersedia: http://galuh-purba.com/seni-karinding-ulah-kingkin/, [13 Januari 2013] Slavin, Robert E. (2010). Cooperative Learning. Ujungberung, Bandung: Nusa

(38)

Srigustini, Astri. (2012). Studi Komparatif Penggunaan Model Cooperative Learning Teknik Numbered Heads Together (NHT) dan Round Table Terhadap Kemampuan Berpikir Kritis Siswa Pada Mata Pelajaran Ekonomi: Studi Komparatif Pada Siswa Kelas XI IPS di SMA Negeri 1 Singaparna. Skripsi Jurusan Pendidikan Ekonomi FPEB UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Sudaryat, Yayat. et al. (2009). Model-Model Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Suyitno, Imam. (2012). Menulis Makalah dan Artikel. Malang: Refika Aditama. Tan, Zious. (2011). Pengertian dan Jenis-jenis Artikel, [Online]. Tersedia:

http://smartcriminal.blogspot.com/search/label/Artikel. [18 Januari 2013] Tarigan, Henry Guntur. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan

Berbahasa. Bandung: Angkasa Bandung.

Gambar

Gambar 3.1  Desain Panalungtikan
Gambar 3.2 Métode Panalungtikan Tindakan
Tabel 3.1 Kisi-Kisi Tes Pemahaman Bacaan

Referensi

Dokumen terkait

Pada penelitian ini penulis membangun suatu sistem pakar yang mampu mendiagnosa disleksia pada anak usia 5 tahun keatas menggunakan metode Naive Bayesian (NB)

kasih kepada semua yang telah membantu penulis sehingga skripsi ini dapat.. diselesaikan.Ucapan terima kasih penulis

usaha terkini dari PT FM Global Logistics Medan untuk saat ini atau tahun. anggaran ini adalah sebagai

[r]

guna memberikan pemahaman dan meningkatkan prestasi belajar peserta didik. Proses pembelajaran merupakan suatu kegiatan utama dalam dunia.. pendidikan. Belajar merupakan suatu

and Mongolia provide almost universal pension coverage through a mix of social and contributory pensions; East Timor has in place asocial pension for everyone over 60 years;

Monica Nunik, Prinsip Keadilan Dan Kepastian Hukum Dalam Undang- Undang Nomor 25 Tahun 2007 Tentang Penanaman Modal Terhadap Pemberian Insentif Bagi Investor Asing

PENERAPAN PEMBELAJARAN SEJARAH KONTEKSTUALBERBASIS BUKU TEKS DI SMAN 1 PADALARANGKABUPATEN BANDUNG BARAT.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |