• Tidak ada hasil yang ditemukan

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

Dalam dokumen RPP Bahasa Sunda SMP Kelas IX Semester 2 (Halaman 31-36)

NIP. ... ...

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

Karya ilmiah nyaéta karya tinulis anu didadasaran ku élmu. Ieu karya lain hasil pikiran urang anu sakarepna tapi kudu dilengkepan ku data jeung fakta anu bener.

Umumna mah dina karya ilmiah nu basajan dibagi jadi sababaraha bagian, diantara baé : Bubuka, Pedaran jeung Panutup.

Bagian bubuka ngawengku : kasang tukang masalah, rumusan masalah. Bagian eusi medar ngeunaan poko masalah atawa lengkah-lengkah ngungkulan eta masalah. Bagian panutup mangrupa kacindekan tina pedaran samemehna. Malah leuwih alus lamun dilengkepan ku saran-saran.

Titenan conto sistematika karya tulis ilmiah di handap! Bagian Judul (dina jilid luar)

Panganteur ti panyusun Daftar eusi karya tulis Bab I Bubuka

A. Kasang Tukang Masalah B. Masalah

C. Tujuan panalungtikan D. Metode Panalungtikan E. Sistematika panalungtikan Bab II Pedaran

A. Faktor-faktor nu nyababkeun banjir B. Akibat tina bahaya banjir

C. Tarekah pikeun ngungkulan banjir

D. Sikep pamarentah dina nyanghareupan bahaya banjir Bab II Panutup

A. Kacindekan B. Saran

Daftar Pustaka

Nyusun karya ilmiah kudu nuliskeun daftar pustaka (daftar buku, makalah, artikel, internet atawa sumber séjénna nu dipaké dadasar dina nyusun éta karya).

Dina nuliskeun daftar pustaka kudu luyu jeung aturan nu baku.

1. Tuliskeun ngaran pangarangna (ditulis ngaruntuy ti ngaran pangtukangna, ngaran mimiti, ngaran tengah kalawan teu maké gelar akademik).

Contona : - Muhamad Yusuf Syaefudin ditulis Syaéfudin, Muhamad Yusuf

- Rahmi Rahmawati ditulis Rahmawati, Rahmi

2. Taun terbit ditulis sabada ngaran pangarang dipungkas ku tanda baca titik (.)

3. Judul jeung sub judul, ditulis condong atawa digurat handap sarta unggal kecap ditulis ku aksara gedé, iwal kecap panyambung atawa kecap pangantét ku aksara leutik sagemblengna.

Contona : - Mangpaat Vitamin pikeun Kasehatan - Karuksakan Akibat Limbah Industri

4. Tempat penerbit jeung ngaran penerbit, dipisahkeun ku tanda titik dua ( : )

Contona : - Bandung : Geger Sunten - Jakarta : PT. Mega Nusantara

5. Lamun daftar pustaka leuwih ti sabaris, baris kadua jeung saterusna ditulis sabada dibéré spasi lobana 6 aksara.

Contona : Mulyadansyah, Dadan. 1992. Korelasi antara Kamampuh Maca Pamahaman jeung Prestasi Siswa. Bandung : IKIP.

6. Anggang antara baris dina hiji pustaka sa-spasi, sedengkeun anggangna antara pustaka dua spasi.

Contona : - Mulyadansyah, Dadan. 1992. Korelasi antara Kamampuh Maca Pamahaman jeung Prestasi Siswa. Bandung : IKIP. - Juhana, Nana. 2003. Rinengga Basa. Bandung : Geger

Sunten.

Uji Kompetensi

Sabada paham kana materi nu ditepikeun tur dijéntrékeun ku guru, laksanakeun léngkah-léngkah ieu di handap !

1. Jieun kelompok lobana 5 urang siswa. 2. Pilih salasahiji téma ieu di handap !

a. Runtah Mawa Barokah

b. Bahayana Limbah Industri

c. Ngamangpaatkeun Limbah Industri Kiripik

d. Mangpaat Cai dina Kahirupan

3. Téangan buku, majalah, koran, atawa sumber séjénna nu aya patalina jeung téma! Baca kalawan taliti !

4. Susun rangkay karanganana kalawan babarengan dina diskusi kelompok !

5. Susun atawa mekarkeun éta rangkay karangan sing nepi ka jadi karya tulis ilmiah anu lengkep. Lobana kecap dina éta karya tulis kurang leuwih 500 kecap.

6. Tulis éta karya kucara diketik dina kertas kuarto 70 gram (bisa maké mesin tik atawa ku komputer)

7. Pidangkeun di hareupeun kelompok séjén.

Eusian bagan ieu di handap ku cara méré tanda ceklis ( √ ) dina kolom jawaban pikeun ngoréksi karya tulis ilmiah!

No

. Unsur / bagian Aya Henteu

1.

2.

3. 4.

Rangkay karya tulis a. Judul b. Daftar eusi c. Panganteur d. Bubuka e. Pedaran f. Panutup g. Daftar pustaka Bubuka

a. Kasang Tukang Masalah b. Tujuan c. Sistematika Pedaran Panutup a. Kacindekan b. Saran

Tengetan conto karya tulis ilmiah ieu di handap!

A. Conto Bagian Jilid B. Conto Panganteur

B. Conto Daftar Eusi C. Conto Bab I Bubuka

D. Conto BAB II PEDARAN

BABANDINGAN ANTARA BABASAN BASA JAWA JEUNG BASA SUNDA

Makalah Disusun ku KELOMPOK 2 1. Ery Eriyanti 2. Iskandar 3. Siti Kulsum 4. Setiawan KELAS 3 B SMP NEGERI 1 CINGAMBUL KABUPATEN MAJALENGKA PANGANTEUR

Ieu makalah mangrupa hiji tulisan nu eusina maluruh dua basa nyaeta basa Sunda jeung basa Jawa. Hususna medar ngeunaan babandingan antara babasan basa Jawa jeung basa Sunda.

Maksud jeung tujuan nyusun ieu makalah nyaeta pikeun ngabandingkeun babasan basa Jawa jeung basa Sunda, naon bedana jeung naon sasaruanana. Naha babasan anu sarua dina basa jawa boga maksud atawa harti nu sarua dina babasan basa Sunda.

Teu hilap panyusun ngahaturkeun nuhun ka sadaya pihak anu parantos ngarojong kana proses ngarengsekeun ieu makalah. Utamina ka Bapa Drs. M. Yusuf Syaefudin salaku Guru Basa Sunda di SMP Negeri 1 Cingambul.

Panyusun sacara sadar ngaraoskeun yen ieu makalah teh kirang sampurna. Ku kituna dipiharep saran sareng kritik nu sipatna

DAFTAR EUSI PANGJAJAP

DAFTAR EUSI BAB I BUBUKA

A. Kasang Tukang Masalah B. Tujuan

C. Rumusan jeung Watesan Masalah BAB II PEDARAN

A. Babasan dina Basa Sunda B. Babasan dina Basa Jawa

C. Babandingan antara Babasan Basa Jawa jeung Basa Sunda

BAB III PANUTUP A. Kacindekan B. Saran DAFTAR PUSTAKA

BAB I BUBUKA A. Kasang Tukang Masalah

Basa mangrupa salah sahiji alat pikeun komunikasi manusa. Ngaliwatan basa, urang bisa nepikeun maksud nu geus dirarancang samemehna. Cara ngagunakeun basa salaku alat komunikasi aya dua cara, bisa sacara lisan bisa oge sacara tulisan.

Di Indonesia salian basa Sunda teh aya deui basa sejen diantarana bae nyaeta basa Jawa. Basa Sunda jeung basa Jawa teh masih sarungkun, ku kituna bakal aya basa nu sarua disagigireun bedana teh.

Ieu makalah medar ngeunaan babandingan antara babasan basa Sunda jeung basa Jawa ditilik tina ma’na atawa maksudna.

B. Tujuan

Tujuan nyusun ieu makalah nyaeta : 1. Ngabandingkeun babasan antara dua basa

nyaeta basa Jawa jeung basa Sunda. 2. Manggihan babasan nu sarua

3. Manggihkeun harti nu sarua

4. Nambahan pangaweruh ngeunaan basa daerah. C. Rumusan jeung Watesan Masalah

Sababaraha masalah nu baris ditalungtik dina ieu makalah dirumuskeun saperti di handap. 1. Naha aya istilah dina babasan basa Jawa

saperti nu aya dina basa Sunda ?

2. Naha aya sasaruaan antara babasan dina basa Sunda jeung basa Jawa dina unsur hartina ?

Watesan masalah anu dipedar nyaeta ngabandingkeun 12 babasan basa Sunda jeung 12 babasan basa Jawa.

BAB II PEDARAN A. Babasan dina Basa Sunda

Dumasar kana teori netelakeun yen babasan teh nyaeta ungkara winangun kecap kantetan atawa frasa anu susunanana geus matok sarta miboga harti anu mandiri nu beda jeung harti kecap asalna.

Ieu di handap diberendelkeun sababaraha babasan wangun frasa anu dicutat tina buku

Peperenian kenging Drs. Ahmad Hadi, Spk. 1. adigung adiguna 2. harigu manukeun 3. ayem tengtrem 4. kurung batok 5. babalik pikir 6. getas harupateun 7. nyoo gado 8. balungbang timur 9. buntut kasiran 10. amis daging 11. hampang leungeun 12. panjang leungen

C. Babasan dina Basa Jawa

Dina basa Jawa oge aya nu disebut babasan. Meh sarua jeung basa Sunda ngan beda aksara vokal anu kadua wungkul. Dina basa Jawa disebutna bebasan. Bebasan yaiku loro sing didadekane siji (digunakake dadi siji lan duweni teges sing ora samistine). Lamun diSundakeun maha, babasan nyaeta dua kecap anu dijadikeun hiji sarta mibanda harti nu teu sabenerna. Ieu di handap babasan basa Jawa nu bisa dikumpulkeun ku panyusun. 1. adigung adiguna 2. dhadha manuk 3. ayem tengtrem 4. kurung bathok 5. malik pikire 6. panas atine 7. lancip cangkeme 8. manis ulate 9. cukeng wrengkeng 10. manis daging 11. enteng tangane 12. dawa tengene

B. Babandingan antara Babasan Basa Jawa jeung Basa Sunda

Sabada ngumpulkeun sababaraha conto babasan ti dua basa, kapanggih aya sababaraha siki babasan sarua pisan jeung aya oge nu meh sarua sarta aya nu teu sarua. Sarua di dieu maksudna dina wangunna. Hartina mah loba nu sarua.

1. Babasan nu sangaran jeung saharti a. adigung adiguna

BJ: Upama wis dadi wong mengkone aja nganti duweni sipat adigung adiguna

arang sapapada.

BS: Upama geus gede ulah boga sipat adigung adiguna ka papada sasama. b. Ayem tengtrem

BJ: Negara Indonesia iku negara kang

ayem tengtrem.

BS: Nagara Indonesia teh nagara anu ayem tengtrem.

c. Kurung batok

BJ: Bapa iki wong kang kurung bathok

dadi nganti saiki ya durung weruh Jakarta.

BS: Bapa jalmana kurung batok nepika ayeuna teu acan terang kota Jakarta. 13. Babasan nu ampir sangaran jeung

saharti

a. harigu manukeun jeung dhadha manuk Hartina : dadana nonjol ka hareup. BJ: Wong kang duwe dhadha manuk

mesti bakal ora kuwat mlayu.

BS: Jalma nu harigu manukeun biasana tara kuat lumpat.

b. amis daging jeung manis daging Hartina: jalma nu gampang katerap panyakit.

BJ: Bocah yen awit cilik kurang gizi mesti bakal manis daging.

BS: Budak nu ti leuleutik kurang gizi bakal amis daging.

c. hampang leungeun jeung enteng tangane

Hartina: jalma nu sok tunggal-teunggeul.

BJ: Dadi wong tuwa iku aja entheng tangane marang anak.

BS: Jadi kolot teh ulah sok hampang leungeun ka budak.

d. panjang leungeun jeung dawa tangane Hartina: jalma nu sok pulang paling

BJ: Wong kang dawa tangane bakal ngrugekake wong liya.

BS: Jalma nu panjang leungeun pasti ngarugikeun jalma sejen.

3. Aya oge babasan nu beda wangun tapi ampir sarua hartina.

Basa Sunda Basa Jawa

1. dug hulu pet nyawa adus kringet 2. getas harupateun panas atine 3. nyoo gado lancip cangkeme 4. balungbang timur manis ulate 5. buntut kasiran cukeng wrengkeng

E. Conto BAB III PANUTUP

LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Dalam dokumen RPP Bahasa Sunda SMP Kelas IX Semester 2 (Halaman 31-36)

Dokumen terkait