RENCANA PEMBELAJARAN
(RPP)
Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : IX / 2
Alokasi Waktu :4 x 40 Menit ( 2 x pertemuan)
I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu memahami dan menanggapi berbagai bentuk dan jenis wacana tulis dengan membaca artikel, bahasan dan puisi karangan sendiri, serta cerita drama
I. KOMPETENSI DASAR
Membaca artikel
I. INDIKATOR
Siswa membaca teks artikel dalam hati (ngilo) dengan baik Siswa menyebutkan/menyimpulkan bidang ilmu isi artikel Siswa memahami isi dan bahasa artikel
Siswa menyimpulkan tema artikel
Siswa menanggapi berbagai aspek (isi, bahasa, mekanisme penulisan)
II. MATERI POKOK
Artikel
III. KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
Motivasi B. KEGIATAN INTI
Salah seorang siswa membacakan wacana jenis artikel
Bersama-sama menyimak wacana artikel yang
dibacakan/diperdengarkan
Bertanya jawab tentang artikel
Bertanya jawab tentang isi artikel
Bertanya jawab tentang teknik penulisan artikel C. PENUTUP
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang dipelajari
Siswa ditugaskan untuk mencari sebuah artikel dan ditempel
pada kertas HVS disertai dengan ringkasan isinya.
IV. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
Buku pegangan
1. Sebutkeun nu dimaksud artikel !
Mengetahui Pameungpeuk, Januari 2013
Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,
... ...
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
Baca wacana ieu di handap!
MEMENIRAN
Nagara urang nagara nu subur ma’mur. Loba tutuwuhan anu bisa dijadikeun ubar. Ngagunakeun ubar tradisional, bisa disebut leuwih aman tina efek sampingna. Salahsahiji tutuwuhan obat tradisional Indonesia diantarana memeniran. Kaasup tutuwuhan anu mujarab pikeun nyageurkeun kasakit maag.
Tangkal memeniran sering kapanggih lamun urang ulin ka tegalan, sisi kebon atawa pakarangan kosong teu kaurus. Jangkung tangkalna teu leuwih ti dua jeungkal ramo panangan déwasa. Wangunna siga tangkal asem anu dibonsay. Rupa daunna héjo aya titik-titik di bagéan handapna, watangna leutik sagédé cinggir anu rupana héjo ngora. Biasana tumuwuhna di antara jukut anu ngajejembrung.
Nurutkeun panalungtikan paraahli, ti taun 2000, memeniran resmi jadi ubar urang India. Sababaraha jenis tumuwuh subur di nagara-nagara Asia saperti Indonesia, China jeung Filiphina. Dina basa Inggris memeniran téh disebut Child Pick a Back, sedengkeun dina basa India disebut Pitirishi, Budhatri.
Kabéh bagian tina tangkal memeniran ieu, ti mimiti akar, watang jeung daun bisa dipaké ubar. Salian ti maag kasakit anu bisa diubaranana rupa-rupa kayaning infeksi liver, hépatitis, ngalancarkeun kahampangan, malaria jeung batu ginjel.
Dina nyageurkeun panyakit maag, carana gampil pisan. Petik 5 lambar daun memeniran, kumbah sing beresih. Terus godog ku cai lobana kurang leuwih 2 gelaseun. Cai godogan teras disaring, ditiiskeun. Dileueut sadinten 3 kali salila saminggu. Insya Alloh manjur!
Pikeun ngubaran panyakit séjénna, memeniran kudu dicampuran ku tutuwuhan séjén kayaning Kumis Ucing, Keji Beling, Daun Seureuh, jeung sajabana.
Tuh geuning, upama urang tenget kanu aya disakurilingeun urang mah, nanaon ogé pasti aya mangpaatna. Tutuwuhan saliara teh katingalna mah ukur ngaganggu pamandangan di pakarangan wungkul, tapi geuning ari ditalungtik mah teu burung aya paédahna. Mungguhing Alloh, sagala rupi ciptaana-Na pasti aya mangpaatna.
LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN
Kabeungharan kecap
Efek samping = akibat, balukarna tina hiji perkara
Mujarab = manjur
Maag = lambung, ngaran kasakit beuteung (salatri)
Bonsay = tatangkalan anu dikabiri/dikerdilkeun (jadi hiasan)
Ngajejembrung = bala, jukutna jarangkung teu kaurus Panalungtikan = penelitian (Ind.)
Watang = gagang, dahan
tutuwuhan saliara = tutuwuhan/jujukutan nu jadi di kebon atawa pakarangan(lain pelak)
PEDARAN
Cik ku hidep titénan deui éta bacaan sing telik. Kumaha basana, kecap-kecap nu dipilihna jeung eusina? Tangtu béda jeung bacaan nu biasa dibaca nu mangrupa buku pangajaran. Basa nu digunakeun dina éta bacaan mah rada populer. Pon kitu kekecapanana ogé dipilih kalawan apik sangkan nu maca kataji tur panasaran.
Bacaan saperti kitu sering kapanggih dina koran, tabloid atawa majalah. Dina kamus tulisan anu dipidangkeun (dimuat) dina koran, tabloid atawa majalah disebutna artikel.
Eusi artikel lolobana ngébréhkeun pamadegan, pandangan atawa hasil pananglungtikan panulis kana hiji pasualan/masalah. Upamana baé masalah runtah, bajir, Kulawarga Berencana, kaséhatan, wajib belajar jeung sajabana.
Uji Kompetensi 1
Sabada niténan conto artikel di luhur, cing eusian ieu pananya ! 1. Naon téma éta artikel ?
________________________________________________________________________ __
2. Dititénan tina eusina, widang élmu naon nu ditepikeun ku panulis dina éta artikel ?
________________________________________________________________________ __
3. Cing, tuliskeun bagian bubuka éta artikel !
________________________________________________________________________ ________________________________________________________________________ ____
4. Naon baé nu dijéntrékeun dina bagian eusi artikel ?
________________________________________________________________________ __________
5. Hal naon nu ditulis dina bagian panutup ?
________________________________________________________________________ ________________________________________________________________________ ________________________________________________________________________ ______
6. Cing tina éta artikel tuliskeun rangkay tulisanana !
________________________________________________________________________
7. Tuliskeun kecap-kecap nu dianggap populér dina éta artikel !
________________________________________________________________________ ________________________________________________________________________ ________________________________________________________________________ ______
Uji Kompetensi 2
1. Prak hidep néangan conto artikel dina koran, majalah, atawa tabloid. Eusina bisa nu medar masalah lingkungan, kaséhatan, téknologi atawa pangaweruh séjénna. Tuluy ku hidep gunting sing rapih sarta tempelkeun dina keretas HVS.
2. Diskusikeun ku hidep éta artikel kucara ngajawab pananya di handap! a. Topik/témana:
_______________________________________________________
b. Judul : _______________________________________________________ c. Béré tanda ceklis ( √ ) dina kolom jawaban, bener atawa salah!
No. Patalékan BenerJawabanSalah
1. Judul ditulis luyu jeung éjahan.
2. Judul ditulis kalawan singet.
3. Judul nimbulkeun kapanasaran ka nu
maca.
4. Eusi artikel luyu jeung judul.
5. Artikel ngawengku bubuka, eusi & panutup.
6. Artikel dipungkas ku kacindekan.
7. Naha éta kacindekan téh
ngagambarkeun eusi.
3. Tepikeun éta hasil diskusi ku salasaurang anggota kelompok di hareupeun babaturan sakelas! Lamun aya nu nanyakeun, jawab ku hidep kalawan dipairan ku anggota kelompok.
Materi Panambah :
RENCANA PEMBELAJARAN
(RPP)
Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : IX / 2
I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara tertulis dalam bentuk surat, teks pidato, hasil wawancara, berita, dan karangan ilmiah
VI. KOMPETENSI DASAR
Menulis Berita
II. INDIKATOR
Siswa memilih berita yang paling penting Siswa menulis berita dengan singkat
Siswa menulis berita dengan jelas, lengkap dan menarik Siswa mencatat berbagai hal penting dari berita yang
disimak/dibaca
VII. MATERI POKOK
Berita
VIII. KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
motivasi
B. KEGIATAN INTI
Secara seksama siswa meneliti contoh-contoh berita
Bersama-sama menyimak penjelasan guru tentang berita yang
perlu ditulis
Bertanya jawab tentang topik yang dipelajari
Bertanya jawab tentang teknik penulisan teknik menulis berita
Berlatih menulis berita
C. PENUTUP
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi
Siswa ditugaskan untuk melanjutkan penulisan berita
IX. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
Contoh berita
1. Sebutkeun hal-hal nu kudu ditulis dina berita ! 2. Tulis bubuka berita kalawan bener !
3. Tulis panutup berita kalawan bener !
4. Jieun hiji berita anu panganyarna nu ku hidep dipikanyaho!
Mengetahui Pameungpeuk, Januari
2013
... ...
NIP. ... ...
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
Pedaran
lokakarya, jeung sajabana. Sedengkeun warta nu tinulis kapanggih ku urang dina koran, majalah, tabloid, papan pengumuman, buletin, pamplet jeung sajabana.
Sering teu hidep ngaregepkeun warta? Naon mangpaatna tina ngaregepkeun warta? Kapaham teu eusi eta warta téh? Sangkan bisa nyangkem eusina aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun, diantarana baé :
1. Kudu sayaga fisik jeung mental;
2. Konséntrasi kudu museur kana naon nu keur diregepkeun;
3. Tantukeun maksud tina ngaregepkeun warta téh pikeun nambah élmu
pangaweruh;
4. Regepkeun sagemblengna warta kalawan taliti;
5. Rangkum tur cangkem eusi warta sarta bisa nepikeun deui sabada tuntas ngaregepkeun éta warta boh sacara lisan boh tinulis.
Tengetan conto warta di handap !
Conto 1.
Senén tanggal 18 Oktober 2006 siswa kelas IX SMP Negeri 1 Cingambul ngayakeun studi banding ka SMP Negeri 13 Bandung. Tujuanana taya lian pikeun ningali tur niténan cara diajarna siswa SMP Negeri 13 Bandung nu dianggap jadi sakola model KBK.
Conto 2.
Tacan ogé bérés masalah kalebuhna kapal verri jeung maotna artis sinétron “Alda”, Senén, 1 Januari 2007 kapal Adam Air anu lepas landas ti pangkalan udara Surabaya rék ngajugjug ka Manado leungit ilang tanpa laratan. Nepi ka poé Ahad 6 Januari 2007 Tim SAR, Angkatan Darat, Angkatan Laut, Angkatan Udara, pararélawan jeung Masarakat can bisa manggihkeun laratan di mana ragragna éta kapal. Kulawarga paraawak kapal jeung kulawarga parapanumpang kacida sungkawa sarta ngadesek ka pamaréntah sangkan terus maluruh nepi ka kapanggihna.
Conto 3. FLU BURUNG
Flu Burung téh salahsahiji panyakit anu dibalukarkeun ku virus H5N1
anu sumebarna ngaliwatan sato unggas saperti soang, hayam, manuk jeung sabangsana. Kiwari ieu wabah téh pangdipikasieunna ku sakumna masarakat nu aya di dunya sabab geus nimbulkeun palastrana jalma nu katerap ku éta virus.
Dumasar kana data ti Departemen Kasehatan, Indonesia kaasup nagara nu nyicingan rengking kahiji di dunya anu katerap ku flu burung. Propinsi Jawa Barat pisan nu panglobana katerap ieu panyakit.
Korban flu burung nu pangheulana nyaéta warga Kacamatan Serpong Kabupaten Tanggerang Banten, Iwan Siswana Rafei (38 taun) jeung dua anakna Sabrina Nurul Aisah (8 taun) jeung Talita Nurul Azizah (sataun).
Ti Séptémber 2005 sumebarna flu burung terus nérékel. Salila sabulan satengah kapanggih 19 kasus. Warga nu keuna flu burung tina éta kasus di antara baé saurang ti Subang, 4 urang ti Indramayu, nu séjénna sumebar di Jawa Barat jeung Banten.
Pikeun narékahan sumebarna flu burung, di wewengkon anu loba miara sato unggas dipariksa ku tim kasehatan. Malah di sababaraha wewengkon saperti Bekasi jeung Kabupaten lebak, ingon-ingonna nu kabuktian ngandung virus H5N1 kudu dimusnahkeun.
dipigawé téh nyaéta ngamusnahkeun sato unggas. (ti sababaraha sumber)
LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN
Sanggeus niténan tilu conto wawaran atawa warta di luhur, eusian pananya ieu di handap!
1. Sebutkeun naon baé nu tulis dina warta kahiji!
_______________________________________________________________________ __
2. Hal naon baé nu ditataan dina conto warta kadua ?
_______________________________________________________________________ __
3. Sebutkeun naon téma tina conto warta katilu ?
_______________________________________________________________________ __
4. Virus naon nu ngabalukarkeun ayana flu burung ?
_______________________________________________________________________ __
5. Sato naon nu jadi cukang lantaran sumebarna flu burung?
_______________________________________________________________________ __
6. Nagara mana baé nu katerap flu burung ?
_______________________________________________________________________ __
7. Saha jeung urang mana baé nu mimiti katerap flu burung ?
_______________________________________________________________________ __
8. Kumaha tarékah pamarentah pikeun ngungkulan flu burung ?
_______________________________________________________________________ __
_______________________________________________________________________ __
9. Kumaha sikep paraahli kasehatan dunya dina nyanghareupan ieu wabah ?
_______________________________________________________________________ __
10. Ceuk pamanggih hidep, naon nu kudu dipilampah pikeun ngungkulan flu burung ?
_______________________________________________________________________
Teangan harti istilah-istilah kasehatan ieu dina Kamus Besar Ilmu Pengetahuan nu aya di Perpustakaan sakola!
N
Eusian ku istilah nu aya dina tabel di luhur!
1. Lantaran kasakitna parna, zat makanan téh diasupkeun ku cara …. 2. Jalma nu katabrak motor diasupkeun ka….
3. Getih nu didonorkeun ku dokter dibawa ka ……….… pikeun dipariksa.
4. Mang Ahad maotna lantaran ……..… buktina bahamna gé béngo. 5. Ulah nyoo cai kalombéran loba …
Jieun kalimah tina istilah kaséhatan nu aya dina tabel !
1. ……… …
3. ……… …
4. ……… …
5. ……… …
Ayeuna hidep diajar nulis wawaran (warta). L
éngkah-l
éngkahna :
1. Regepkeun warta dina televisi, radio atawa maca dina koran; 2. Pilih berita nu pangpentingna;
3. Tulis heula poko-poko tina éta warta;
4. Sanggeus data-datana lengkep, tuluy jieun atawa mekarkeun maké
basa hidep sorangan.
5. Hal nu ulah poho kudu ditulis nyaéta poé, tanggal, bulan jeung taun kajadian, kajadianana, akibat tina éta kajadian, kauntungan atawa karugian tina éta kajadian, jeung tarékah pikeun ngungkulanana.
Materi Panambah :
RENCANA PEMBELAJARAN
(RPP)
Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : IX / 2
I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu memahami dan menanggapi berbagai bentuk dan jenis wacana tulis dengan membaca artikel, bahasan dan puisi karangan sendiri, serta cerita drama
XI. KOMPETENSI DASAR
Membaca bahasan karangan sendiri
III. INDIKATOR
Siswa membacakan karangan bahasan karangan sendiri dengan
lafal, volume suara, dan intonasi yang baik
Siswa menampilkan pembacaan dengan tenang
Siswa menjawab berbagai tanggapan
Siswa menyempurnakan karangan dan pembacaannya
XII. MATERI POKOK
Bahasan
XIII. KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
motivasi
B. KEGIATAN INTI
Secara bergantian siswa membacakan karangan bahasan
karangan sendiri dengan lafal, volume suara, dan intonasi yang baik
Dengan arahan guru, siswa menampilkan pembacaan dengan
tenang
Siswa menjawab berbagai tanggapan berkenaan dengan
karangan yang dibacakannya
Setelah mendapat masukan, siswa menyempurnakan
karangan dan pembacaannya C. PENUTUP
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
Siswa ditugaskan memperbaiki karangan bahasannya untuk
dibacakan kembali.
XIV.MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
Buku pegangan
1. Baca karangan bahasan hasil karangan hidep di hareup ! 2. Naon tema eta karangan teh ?
3. Tulis ringkesna eusi eta karanan !
Mengetahui Pameungpeuk, Januari
2013
... ...
NIP. ... ...
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
rupa nu geus ditulis atawa dicaritakeun ku hiji tokoh. Bisa ogé ngajéntrékeun lumangsungna hiji kajadian boh nu cikénéh lumangsung boh anu geus heubeul. Hasan Shadily nétélakeun dina Kamus Inggris-Indonesia yén karangan éksposisi nyaéta karangan anu nétélakeun hiji prosés atawa ngajéntrékeun gagasan hiji jalma. Pangajaran, eusi ceramah, laporan jeung tajukrencana ogé biasana ditulis mangrupa karangan bahasan (éksposisi).
Dina karangan éksposisi, hal anu ditulis kudu jéntré ulah aya hal nu matak ragu-ragu. Malah sangkan leuwih ngayakinkeun ka nu maca dina karangan bisa dilengkepan ku data anu jelas.
Hidep kudu bisa nulis karangan éksposisi. Léngkah-léngkah nu kudu dipigawé diantarana:
1. Pilih jejer (topik) nu luyu; 2. Jieun heula rangkay karangan;
3. Robah rangkay karangan jadi karangan anu lengkep;
4. Gunakeun kecap-kecap anu jelas tur kalimah-kalimah anu éféktif; Hal nu kudu ditulis nyaéta :
1. Bubuka; tulis bagian bubuka kalawan jelas;
2. Eusi; jéntrékeun kalawan jelas eusi karangan, prosedurna, jeung léngkah-léngkah (prosésna).
3. Panutup, tulis bagian panutup kalawan jelas.
Karangan éksposisi eusina bisa ngagambarkeun ngeunaan léngkah-léngkah atawa prosés produksi. Jejer nu rék ditulis upamana cara-cara nyieun kadaharan, prosés nyieun hiji karya seni, léngkah-léngkah ngoperasikeun hiji alat, jeung sajabana.
LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN
Teangan sababaraha gambar /photo kagiatan! Jieun karangan bahasan dumasar kana eta gambar!
Prak hidep nulis karangan bahasan, eusina bisa medar ngeunaan proses nyieun kaolahan tradisional nu sering dijieun di lembur hidep! Tuliskeun kalawan lengkep, gunakeun basa nu merenah sarta pilih kecap-kecapna kalawan apik sangkan nu maca kataji ku karangan hidep. Sanggeus réngsé, bacakeun di hareupeun babaturan!
Judul : ________________________________________
___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________ ______________________________
Materi Panambah :
1. Parobahan harti kecap 2. Nyusun kalimah ngantet
RENCANA PEMBELAJARAN
(RPP)
Kelas / Semester : IX / 2
Alokasi Waktu : 2 x 40 Menit
I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara tertulis dalam bentuk surat, teks pidato, hasil wawancara, berita, dan karangan ilmiah
XVI. KOMPETENSI DASAR
Nulis Naskah Pidato
IV. INDIKATOR
Siswa memilih topik pidato yang tepat
Siswa membuat kerangka pidato dengan baik
Siswa menulis bagian pembukaan dengan baik
Siswa mengembangkan kerangka isi pidato dengan baik Siswa menulis bagian penutup dengan bahasa yang baik
XVII. MATERI POKOK
Pidato
XVIII. KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
motivasi
B. KEGIATAN INTI
Dengan bimbingan guru, siswa membacakan contoh naskah
biantara dengan baik
Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik
menulis naskah biantara
Siswa berlatih memilih topik pidato yang tepat
Siswa berlatih membuat kerangka pidato dengan baik
Siswa berlatih menulis bagian pembukaan dengan baik
Siswa berlatih mengembangkan kerangka isi pidato dengan baik
C. PENUTUP
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
Siswa ditugaskan untuk menyelesaikan kerangka pidato yang telah ditulis
XIX. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
Buku pegangan
XX. PENILAIAN
A. Jenis tes : Lisan, tertulis B. Bentuk Tes : Esai
C. Soal Tes :
1. Sebutkeun hal nu kudu diinget dina nulis naskah biantara !
2. Sebutkeun tahapan nu kudu dipigawe dina nulis naskah biantara !
3. Tulis rangkay naskah biantara ngeunaan paturay tineung ! 4. Lengkepan eta rangkay naskah nepi ka jadi sampurna !
Mengetahui Pameungpeuk, Januari
2013
... ...
NIP. ... ...
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
D. BIANTARA WAWAKIL SISWA KELAS 3
Assalamu’alaikum wr.wb.
Langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng syukur ka Alloh swt. Alhamdulillah dugi ka danget ieu mantenna masih ngalungsurkeun nikmatna ka urang. Malih ku kersa mantenna pisan urang tiasa riung mungpulung paamprok jonghok patepang raray dina raraga paturay tineung.
Sholawat sinareng kasalametan mugia salamina ngocor ngagolontor ka jungjunan urang, Nabi Muhamad saw , ka kulawargina, ka sohabatna teu kakantun mugia leleberanana ginulur ka urang sareng sadaya umatna anu tumut kana pituturna. Amin ya Alloh ya robbal alamin.
Bapa kepala sekolah anu ku sim kuring dipihormat, bapak ibu guru sareng staf TU anu sami kusimkuring dipihormat, paratamu anu kusimkuring dipihormat, ogé teu hilap ka rerencangan anu ku simkuring dipikadeudeuh.
Hatur nuhun ka protokol anu parantos masihan waktos ka sim kuring anu sagamlang – gamblangna.
Najan weruh kanu dimaksud, waspada kanu seja geuning paturay tineung mah bet benten raraosan, éta panginten wiréh urang kedah papisah.
Bapa, ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Ngadegna sim kuring di dieu teu aya sanes wawakil ti réréncangan kelas tilu hoyong ngadugikeun kereteg angen kedaling ati anu nyangkaruk dina kalbu sumarambah dina bayah, sakantenan namplokeun rasa kasono.
Bapa miwah ibu guru nu dipihormat. Simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadaya kasaéan anu sakieu utamina. Estu kasuhun kalingga murda katampi ku asta kalih, beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunana. Bapa sareng ibu parantos masihan bimbingan atikan anu moal tiasa ku sim kuring dihilapkeunana. Ogé kadeudeuhna bapa sareng ibu teu aya tandinganana. Anu mémang simkuring sareng réréncangan moal tiasa ngabalesna. Anging pidu’a nu kasanggakeun mugia amal kasaéan ibu miwah bapa di bales ku Alloh swt. Amin….
Teu hilap sim kuring badé nyuhunkeun dihapunten ka bapa miwah ibu tina sadaya kalepatan – kalepatan simkuring sareng sadaya réréncangan rumaos seueur kalapetan anu ngajéngkélkeun ka ibu miwah bapa, mudah – mudahan baé bapa sareng ibu luntur kalbu wening galih léah manah tiasa ngahapunten.
Bapa–ibu kalih sadaya keluarga besar SMP Cingambul, salami tilu taun, sim kuring sareng sadaya réréncangan dididik, diaping, dijaring, diwuruk élmu pangaweruh mugia ageung mangpaatna kanggo pibekeleun sim kuring dina mangsa mangkat dewasa.
Sasawi jadi di leuwi, saladah dikumahakeun miang bari sumoréang laleuwang loba kamelang, kareueung loba katineung, baluas loba kawaas, ngantun dulur nu sagulung, nilar baraya sagalang. Kanca mitra sadaya kapaksa ku jalan ieu urang paturay, paralun ageung panuhun muga jembar pangaksami, hapunten anu kasuhun, hampura anu di teda miwah do’a jeung pidua tisadayana.
Papadaning kitu sanajan jirim patebih, sanajan jasad paanggang, kalbu keukeuh pagugulung, ati gé pagiling gisik, sadaya nu kaalaman moal laas ku panjang mangsa moal kalis kapiati disambung ku ngalamun kedalna dina ciciptan.
Peleuleuyan–pileuleuyan sapu nyéré pegat simpay paturay patepang deui.
Angeun kacang jeung kelewih Diawuran daun jaat
Dimana urang patebih Duduluran ulah pegat
Panutup catur pamungkas carita, tutug laku pungkas kecap bobo sapanon carang sapakan, bilih aya saur ngalantur nu teu kaukur, carios banyol nu teu sapagodos mugi jembar hapuntenna. Ditutup ku :Wabillahi taufik wal hidayah, wassalamu’alaikum wr.wb.
PEDARAN
Nyusun Naskah Biantara
Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, biantara nyaéta pidato, cumarita atawa cacarita di hareupeun jalma réa dina acara nu tangtu pikeun medar atawa nepikeun hiji masalah, informasi atawa maksud. Eusi biantara rupa-rupa gumantung kana maksud jalma anu cumarita.
Mangsa hidep biantara, cing naon nu kudu disadiakeun? Tangtu baé salasahijina nyaéta naskah biantara. Mun dititénan mah naskah biantara teu béda jeung karangan anu tinulis.
Pikeun nu kakara biantara, kacida perluna nyusun naskah leuwih ti heula sangkan enggoning biantara teu ngawagu, pinuh ku percaya diri, jeung teu sieun poho kana maksud.
Bagian penting nu kudu diperhatikeun dina nyusun naskah biantara nu hadé nyaéta :
1. Nangtukeun topik anu rék ditepikeun;
2. Nyusun rangkay naskah biantara
3. Ngamekarkeun éta rangkay biantara jadi naskah anu lengkep.
Topik biantara bisa ditangtukeun dumasar kana warna kagiatan nu keur dilaksanakeun. Upamana baé, dina kagiatan paturay tineung tangtu eusi biantara patali jeung paturay tineung. Pon kitu dina acara Miéling Maulid Nabi, tangtu eusi biantara téh hikmah tina miéling Maulid Nabi, jeung sajabana ti éta.
Rangkay biantara ngawengku : bubuka, eusi, jeung panutup.
Sabada niténan conto biantara paturay tineung, ku hidep bisa katiténanan rangkayna saperti di handap!
1. Bubuka, ngawengku :
- salam,
- muji syukur, sholawat
2. Eusi biantara, ngawengku :
- kasangtukang
- maksud (nganuhunkeun, menta dihampura, pangharepan)
3. Panutup, ngawengku :
- kacindekan
- sanduk-sanduk papalaku
- salam panutup
Sanggeus nangtukeun rangkay naskah biantara, pancén téh nyaeta ngamekarkeunana nepi ka jadi naskah anu lengkep.
LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN
Sanggeus maca conto biantara, cing eusian ku hidep soal ieu di handap !
Tuliskeun bubuka biantara dina conto !
_______________________________________________________________________ _______________________________________________________________________ _______________________________________________________________________ _______________________________________________________________________ ________
Tuliskeun hal naon baé nu ditepikeun dina bagian eusi biantara !
_______________________________________________________________________ _______________________________________________________________________ _______________________________________________________________________ _______________________________________________________________________ _______________________________________________________________________ __________
Tuliskeun bagian panutup dina conto biantara!
_______________________________________________________________________ _______________________________________________________________________ _______________________________________________________________________ _______________________________________________________________________ ________
RENCANA PEMBELAJARAN
(RPP)
Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : IX / 2
I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara lisan dalam bentuk mengemukakan kritik, berpidato, berdiskusi, bermain peran, berceritera tentang cerita pendek, dan musikalisasi puisi
XXI. KOMPETENSI DASAR
Berpidato
V. INDIKATOR
Siswa berpidato dengan lafal, volume suara, intonasi yang baik, jelas dan sistematis
Siswa menyampaikan pidato dengan bahasa yang santun serta dengan kecepatan yang memadai
Siswa berpidato dengan penampilan dan invripisasi yang baik
Siswa menyempurnakan atau memperbaiki pidatonya
XXII. MATERI POKOK
Pidato
XXIII. KEGIATAN PEMBELAJARAN A. PERSIAPAN
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
Motivasi B. KEGIATAN INTI
Siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik berpidato yang baik
Siswa menyimak penjelasan guru tentang syarat-syarat seorang
orator yang baik
Siswa memperhatikan beberapa contoh pidato yang ditampilkan
pada VCD.
Secara bergantian siswa berlatih berpidato di depan kelas. C. PENUTUP
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
Siswa ditugaskan untuk membuat naskah pidato untuk
disampaikan pada pertemuan selanjutnya.
XXIV. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
Contoh naskah pidato
Buku pegangan
1. Sebutkeun 3 teknik berpidato !
2. Sebutkeun bagian-bagian nu ditepikeun dina biantara ? 3. Prak hidep biantara make lentong anu merenah !
Mengetahui Pameungpeuk, Januari
2013
Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,
... ...
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
Conto : Biantara Wajar Dikdas 9 TaunNYUKSESKEUN WAJAR DIKDAS 9 TAUN
Alhamdulillahi robbil ‘alamiin. Wassholatu wassalamu ‘ala Muhammadin. Wa’ala alihi washohbihi azma’in. Amma ba’du
Bapa-bapa, ibu-ibu anu dipihormat tur dipiajrih ku sim kuring. Teu kakantun hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Langkung tipayun sim kuring muji syukur ka Alloh ku ngedalkeun Alhamdulillahi robbil ‘alamin wiréh dina ieu waktos tiasa ngadeg di payuneun parabapa, paraibu miwah hadirin kanggo ngadugikeun biantara.
Sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka panutan alam, nabi anu pinuji nyaéta Nabi Muhammad SAW. Ka kulawargina ka parasohabat sareng ka umatna anu taat kana pituturna. Amiin ya robbal ‘alamin.
Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Neda widi ka sadayana, dina ieu waktos sim kuring seja ngadugikeun perkawis program wajib belajar salapan taun anu ayeuna nuju dilaksanakeun.
Tujuan pamarentah ngedahkeun sadaya warga nagara ngalaksanakeun wajar dikdas 9 taun teh taya sanés kanggo ngahontal cita-cita bangsa Indonesia anu kaunggel dina Tujuan Pendidikan Nasional nyaéta ngahontal masyarakat anu sampurna. Dina babasan urang mah manusa anu cageur, bageur, bener, pinter, tur singer.
Kanggo umat Islam program belajar téh diwajibkeun tur teu diwatesanan 9 taun tapi wajib ti kawit dibabarkeun dugi ka maot.
Sakumaha pidawuh Rosululloh SAW “Tolabul ‘ilmi faridotun ‘ala kullil muslimin walmuslimat minal mahdi ilalahdi.”
Nanging nu dimaksad program wajar dikdas 9 taun mah nyaéta program diajar di pendidikan formal. Murangkalih anu yuswana 7 dugi ka 15 taun kedah diajar di sakola ti SD dugi ka SMP.
Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Ieu program pamarentah moal tiasa kalaksanakeun upami teu aya gawé bareng ti sadaya lapisan masarakat, utamina ti parasepuh nu kagungan murangkalih ti yuswa 7 dugi ka 15 taun.
Mugi-mugi ku cara rempug jukung sauyunan, gawé rancagé sadaya lapisan masyarakat ti kawit pejabat dugi ka rahayat ieu program tiasa dilaksanakeun kalayan hasil nu nyugemakeun.
Pamungkas, sadaya pamaksadan moal tinekanan upami teu aya ridlo Alloh SWT. Ku kituna urang sami neneda ka Mantenna mugia sadaya paneja urang diijabah. Amiin Ya Alloh Ya Robbal ‘alamin.
Rupina sakitu nu kapihatur, bilih aya catur nu ngalantur, aya basa nu teu luyu sareng tatakrama, mugia sadayana jembar manah ngahapuntenna.
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
JEMBAR PANGAWERUH, sangkan eusi biantara luyu jeung acara nu keur dilaksanakeun sarta teu béakeun bahan picaritaeun; Jalmi nu kurang pangaweruh biasana enggoning biantara sok teu puguh entep seureuh basana, eusi carita loba nu dibalikan deui, jeung sajabana.
SUMANGET JEUNG KAIKHLASAN, sangkan dina nepikeunana teger tur taya bangbaluh;
KAAYAAN BADAN & DANGDANAN, sangkan tumuwuh rasa percaya diri;
KAAYAAN SORA JEUNG PANEMPO, sangkan maksud bisa kacangkem ku nu ngadangukeun tur aya komunikasi dua arah sakurang-kurang komunikasi mata;
GEDE WAWANEN, sangkan teu nerveus atawa turun méntal. Pikeun numuwuhkeun wawanén carana kudu sering latihan boh sorangan boh dibingbing ku nu geus biasa biantara.Biantara dipake dina acara-acara :
Rapat
upacara (bendera, husus)
seminar, simposium, loka karya
kongres, konperda, konpercab
diskusi, konperensi
munas, musda, muscab, musran
panataran, pelatihan, jeung sajabana
LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN
Jieun conto biantara, baca sing nepi ka kaharti, tuluy apalkeun! Dina uji kompetensi prak galantangkeun ku hidep kalawan hade!
Materi Panambah :
RENCANA PEMBELAJARAN
(RPP)
Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : IX/ 2
I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara tertulis dalam bentuk surat, teks pidato, hasil wawancara, berita, dan karangan ilmiah
XXVI. KOMPETENSI DASAR
Menulis karangan ilmiah
VI. INDIKATOR
Siswa memilih/menetapkan topic karangan ilmiah
Siswa menghimpun bahan karangan
Siswa menyusun pembukaan karangan ilmiah
Siswa menyusun isi dengan tepat
Siswa menyusun bagian penutup dengan tepat
Siswa menyusun karangan ilmiah dengan bahasa / kalimat yang efektif
Siswa memper-baiki atau menyempurnakan karangan ilmiah
XXVII. MATERI POKOK
Karangan ilmiah
XXVIII. KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
motivasi
B. KEGIATAN INTI
Dengan bimbingan guru, siswa membacakan contoh karangan
ilmiah
Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik
menulis karangan ilmiah
Siswa berlatih memilih topik karangan yang tepat
Siswa berlatih membuat kerangka karangan ilmiah dengan baik Siswa berlatih menulis bagian isi karangan dengan baik
Siswa berlatih menulis bagian penutup karangan dengan baik
Siswa berlatih mengembangkan kerangka karangan ilmiah
dengan lengkap dan baik C. PENUTUP
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
Siswa ditugaskan untuk menyelesaikan karangan ilmiahnya dengan baik.
XXIX. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
Karangan ilmiah
1. Sebutkeun naon nu dimaksud karangan ilmiah ! 2. Tulis cirri karangan ilmiah !
3. Tataan bagian-bagian nu kudu ditulis dina karangan ilmiah ! 4. Tulis rangkay karangan ilmiah !
Mengetahui Pameungpeuk, Januari
2013
... ...
NIP. ... ...
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
Karya ilmiah nyaéta karya tinulis anu didadasaran ku élmu. Ieu karya lain hasil pikiran urang anu sakarepna tapi kudu dilengkepan ku data jeung fakta anu bener.
Umumna mah dina karya ilmiah nu basajan dibagi jadi sababaraha bagian, diantara baé : Bubuka, Pedaran jeung Panutup.
Bagian bubuka ngawengku : kasang tukang masalah, rumusan masalah. Bagian eusi medar ngeunaan poko masalah atawa lengkah-lengkah ngungkulan eta masalah. Bagian panutup mangrupa kacindekan tina pedaran samemehna. Malah leuwih alus lamun dilengkepan ku saran-saran.
Titenan conto sistematika karya tulis ilmiah di handap! Bagian Judul (dina jilid luar)
Panganteur ti panyusun Daftar eusi karya tulis Bab I Bubuka
A. Kasang Tukang Masalah B. Masalah
C. Tujuan panalungtikan D. Metode Panalungtikan E. Sistematika panalungtikan Bab II Pedaran
A. Faktor-faktor nu nyababkeun banjir B. Akibat tina bahaya banjir
C. Tarekah pikeun ngungkulan banjir
D. Sikep pamarentah dina nyanghareupan bahaya banjir Bab II Panutup
A. Kacindekan B. Saran
Daftar Pustaka
Nyusun karya ilmiah kudu nuliskeun daftar pustaka (daftar buku, makalah, artikel, internet atawa sumber séjénna nu dipaké dadasar dina nyusun éta karya).
Dina nuliskeun daftar pustaka kudu luyu jeung aturan nu baku.
1. Tuliskeun ngaran pangarangna (ditulis ngaruntuy ti ngaran pangtukangna, ngaran mimiti, ngaran tengah kalawan teu maké gelar akademik).
Contona : - Muhamad Yusuf Syaefudin ditulis Syaéfudin, Muhamad Yusuf
- Rahmi Rahmawati ditulis Rahmawati, Rahmi
2. Taun terbit ditulis sabada ngaran pangarang dipungkas ku tanda baca titik (.)
3. Judul jeung sub judul, ditulis condong atawa digurat handap sarta unggal kecap ditulis ku aksara gedé, iwal kecap panyambung atawa kecap pangantét ku aksara leutik sagemblengna.
Contona : - Mangpaat Vitamin pikeun Kasehatan - Karuksakan Akibat Limbah Industri
4. Tempat penerbit jeung ngaran penerbit, dipisahkeun ku tanda titik dua ( : )
Contona : - Bandung : Geger Sunten - Jakarta : PT. Mega Nusantara
5. Lamun daftar pustaka leuwih ti sabaris, baris kadua jeung saterusna ditulis sabada dibéré spasi lobana 6 aksara.
6. Anggang antara baris dina hiji pustaka sa-spasi, sedengkeun anggangna antara pustaka dua spasi.
Contona : - Mulyadansyah, Dadan. 1992. Korelasi antara Kamampuh Maca Pamahaman jeung Prestasi Siswa. Bandung : IKIP.
- Juhana, Nana. 2003. Rinengga Basa. Bandung : Geger Sunten.
Uji Kompetensi
Sabada paham kana materi nu ditepikeun tur dijéntrékeun ku guru, laksanakeun léngkah-léngkah ieu di handap !
1. Jieun kelompok lobana 5 urang siswa. 2. Pilih salasahiji téma ieu di handap !
a. Runtah Mawa Barokah
b. Bahayana Limbah Industri
c. Ngamangpaatkeun Limbah Industri Kiripik
d. Mangpaat Cai dina Kahirupan
3. Téangan buku, majalah, koran, atawa sumber séjénna nu aya patalina jeung téma! Baca kalawan taliti !
4. Susun rangkay karanganana kalawan babarengan dina diskusi kelompok !
5. Susun atawa mekarkeun éta rangkay karangan sing nepi ka jadi karya tulis ilmiah anu lengkep. Lobana kecap dina éta karya tulis kurang leuwih 500 kecap.
6. Tulis éta karya kucara diketik dina kertas kuarto 70 gram (bisa maké mesin tik atawa ku komputer)
7. Pidangkeun di hareupeun kelompok séjén.
Eusian bagan ieu di handap ku cara méré tanda ceklis ( √ ) dina kolom jawaban pikeun ngoréksi karya tulis ilmiah!
No
. Unsur / bagian Aya Henteu
1.
Tengetan conto karya tulis ilmiah ieu di handap!
A. Conto Bagian Jilid B. Conto Panganteur
B. Conto Daftar Eusi C. Conto Bab I Bubuka
D. Conto BAB II PEDARAN
BABANDINGAN ANTARA BABASAN BASA JAWA JEUNG BASA SUNDA
Makalah
SMP NEGERI 1 CINGAMBUL
KABUPATEN MAJALENGKA
PANGANTEUR
Ieu makalah mangrupa hiji tulisan nu
eusina maluruh dua basa nyaeta basa
Sunda jeung basa Jawa. Hususna medar
ngeunaan babandingan antara babasan
basa Jawa jeung basa Sunda.
Maksud jeung tujuan nyusun ieu makalah nyaeta pikeun ngabandingkeun babasan basa Jawa jeung basa Sunda, naon bedana jeung naon sasaruanana. Naha babasan anu sarua dina basa jawa boga maksud atawa harti nu sarua dina babasan basa Sunda.
Teu hilap panyusun ngahaturkeun nuhun ka sadaya pihak anu parantos ngarojong kana proses ngarengsekeun ieu makalah. Utamina ka Bapa Drs. M. Yusuf Syaefudin salaku Guru Basa Sunda di SMP Negeri 1 Cingambul.
Panyusun sacara sadar ngaraoskeun yen ieu makalah teh kirang sampurna. Ku kituna
A. Kasang Tukang Masalah B. Tujuan
C. Rumusan jeung Watesan Masalah
BAB II PEDARAN
A. Babasan dina Basa Sunda B. Babasan dina Basa Jawa
C. Babandingan antara Babasan Basa Jawa jeung Basa Sunda
BAB III PANUTUP A. Kacindekan B. Saran
DAFTAR PUSTAKA
BAB I BUBUKA
A. Kasang Tukang Masalah
Basa mangrupa salah sahiji alat pikeun komunikasi manusa. Ngaliwatan basa, urang bisa nepikeun maksud nu geus dirarancang samemehna. Cara ngagunakeun basa salaku alat komunikasi aya dua cara, bisa sacara lisan bisa oge sacara tulisan.
Di Indonesia salian basa Sunda teh aya deui basa sejen diantarana bae nyaeta basa Jawa. Basa Sunda jeung basa Jawa teh masih sarungkun, ku kituna bakal aya basa nu sarua disagigireun bedana teh.
Ieu makalah medar ngeunaan babandingan antara babasan basa Sunda jeung basa Jawa ditilik tina ma’na atawa maksudna.
B. Tujuan
Tujuan nyusun ieu makalah nyaeta : 1. Ngabandingkeun babasan antara dua basa
nyaeta basa Jawa jeung basa Sunda. 2. Manggihan babasan nu sarua
3. Manggihkeun harti nu sarua
4. Nambahan pangaweruh ngeunaan basa daerah.
C. Rumusan jeung Watesan Masalah
Sababaraha masalah nu baris ditalungtik dina ieu makalah dirumuskeun saperti di handap. 1. Naha aya istilah dina babasan basa Jawa
saperti nu aya dina basa Sunda ?
2. Naha aya sasaruaan antara babasan dina basa Sunda jeung basa Jawa dina unsur hartina ?
Watesan masalah anu dipedar nyaeta ngabandingkeun 12 babasan basa Sunda jeung 12 babasan basa Jawa.
BAB II PEDARAN
A. Babasan dina Basa Sunda
Dumasar kana teori netelakeun yen babasan teh nyaeta ungkara winangun kecap kantetan atawa frasa anu susunanana geus matok sarta miboga harti anu mandiri nu beda jeung harti kecap asalna.
Ieu di handap diberendelkeun sababaraha babasan wangun frasa anu dicutat tina buku
C. Babasan dina Basa Jawa
Dina basa Jawa oge aya nu disebut babasan. Meh sarua jeung basa Sunda ngan beda aksara vokal anu kadua wungkul. Dina basa Jawa disebutna bebasan. Bebasan yaiku loro sing didadekane siji (digunakake dadi siji lan duweni teges sing ora samistine). Lamun diSundakeun maha, babasan nyaeta dua kecap anu dijadikeun hiji sarta mibanda harti nu teu sabenerna. Ieu di handap babasan basa Jawa nu bisa dikumpulkeun ku panyusun.
B. Babandingan antara Babasan Basa Jawa jeung Basa Sunda
Sabada ngumpulkeun sababaraha conto babasan ti dua basa, kapanggih aya sababaraha siki babasan sarua pisan jeung aya oge nu meh sarua sarta aya nu teu sarua. Sarua di dieu maksudna dina wangunna. Hartina mah loba nu sarua.
1. Babasan nu sangaran jeung saharti a. adigung adiguna
BJ: Upama wis dadi wong mengkone aja nganti duweni sipat adigung adiguna
arang sapapada.
BS: Upama geus gede ulah boga sipat adigung adiguna ka papada sasama. b. Ayem tengtrem
BJ: Negara Indonesia iku negara kang
ayem tengtrem.
BS: Nagara Indonesia teh nagara anu ayem tengtrem.
c. Kurung batok
BJ: Bapa iki wong kang kurung bathok
dadi nganti saiki ya durung weruh Jakarta.
BS: Bapa jalmana kurung batok nepika ayeuna teu acan terang kota Jakarta. 13. Babasan nu ampir sangaran jeung
saharti
a. harigu manukeun jeung dhadha manuk Hartina : dadana nonjol ka hareup. BJ: Wong kang duwe dhadha manuk
mesti bakal ora kuwat mlayu.
BS: Jalma nu harigu manukeun biasana tara kuat lumpat.
b. amis daging jeung manis daging Hartina: jalma nu gampang katerap panyakit.
BJ: Bocah yen awit cilik kurang gizi mesti bakal manis daging.
BS: Budak nu ti leuleutik kurang gizi bakal amis daging.
c. hampang leungeun jeung enteng tangane
Hartina: jalma nu sok tunggal-teunggeul.
BJ: Dadi wong tuwa iku aja entheng tangane marang anak.
BS: Jadi kolot teh ulah sok hampang leungeun ka budak.
d. panjang leungeun jeung dawa tangane Hartina: jalma nu sok pulang paling
BJ: Wong kang dawa tangane bakal ngrugekake wong liya.
BS: Jalma nu panjang leungeun pasti ngarugikeun jalma sejen.
3. Aya oge babasan nu beda wangun tapi ampir sarua hartina.
Basa Sunda Basa Jawa
E. Conto BAB III PANUTUP
LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN
NGOREKSI KARYA TULIS
Karya tulis ilmiah nu disusun ku kelompok hidep, aya kamungkinan henteu lengkep atawa aya keneh kakuranganana. Upamana bae salah nuliskeun kecap-kecapna, salah/kaliru ngalarapkeun tanda bacana, susunan
BAB III PANUTUP
A. KACINDEKAN
Sabada diayakeun analisis kana babasan basa Sunda jeung basa Jawa, dibantun kacindekan :
1. Lian ti dina basa Sunda, dina basa Jawa oge aya istilah babasan (bebasan). 2. Antara babasan dina basa Sunda jeung
basa Jawa aya nu wangun jeung hartina sarua, aya nu wangunna beda hartina ampir sarua. Tina 12 conto babasan, 3 babasan nu sarua wangun jeung hartina; 4 babasan nu wangunna ampir sarua tapi hartina sarua; jeung 5 nu wangunna beda tapi hartina ampir sarua.
B. SARAN
kalimahna jeung sajabana. Ku kituna pikeun nyampurnakeunnana eta karya tulis ilmiah perlu dikoreksi.
Pikeun ngagampangkeun dina ngoreksi, sadiakeun heula bagan saperti di handap !
BAGIAN ... SALAH BENER
- Kaca 1 baris 5 ti luhur
- ...
- BABasan nyaeta ... - ...
- Babasan nyaeta ...
- ...
Kasalahan dina hiji karya biasana bakal babari kapanggih lamun nu ngoréksina nu lian. Ku kituna karya tulis hasil kelompok hidep usahakeun dikoréksi ku kelompok nu séjén.
Carana diberéndélkeun saperti di handap : 1. Unggal kelompok ngariung;
2. Tukeurkeun karya kelompok hidep ka kelompok séjén; 3. Koréksi karya tulis kelompok séjén ku kelompok hidep; 4. Tuliskeun kasalahanana dina kolom nu geus disadiakeun; 5. Tuliskeun hasil koréksi dina kolom kuduna;
6. Benerkeun karya tulis hidep nu geus dikoréksi ku kelompok séjén, tulis deui kalawan rapih;
7. Kumpulkeun atawa sanggakeun ka guru pikeun diajén sarta bisa ogé dijadikeun dokumén di perpustakaan.
RENCANA PEMBELAJARAN
(RPP)
Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : IX / 2
I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara lisan dalam bentuk mengemukakan kritik, berpidato, berdiskusi, bermain peran, berceritera tentang cerita pendek, dan musikalisasi puisi
XXXI. KOMPETENSI DASAR
Dramatisasi/musikalisasi puisi
VII. INDIKATOR
Siswa mengekspresikan pandalaman pembacaan atau penghayatan
puisi
Secara kelompok Siswa mengiringi pembacaan puisi dengan musik sederhana ciptaan sendiri
XXXII. MATERI POKOK
Puisi
XXXIII. KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
Memeriksa kesiapan siswa
Apersepsi
motivasi
B. KEGIATAN INTI
Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang
dramatisasi/musikalisasi puisi
Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik
dramatisasi/musikalisasi puisi
Bertanya jawab tentang dramatisasi/musikalisasi puisi
Bertanya jawab tentang teknik dramatisasi/musikalisasi puisi Dengan bimbingan guru, siswa berlatih dramatisasi/musikalisasi
puisi C. PENUTUP
Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari
Siswa ditugaskan untuk memilih sebuah puisi untuk diperankan
oleh sekelompok siswa.
XXXIV. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
Buku pegangan salahsahiji puisi/sajak. Tangtukeun saha nu rek maca sajak jeung saha bae anu rek merankeun/ngaragakeunana!
Mengetahui Pameungpeuk, Januari
2013
Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,
... ...
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
Haleuangkeun kawih ieu di handap!
PAJAR
Gelar nyumponan takajar
Rék nyuaykeun nu ngadingding Indung peuting lir pipinding Silir angin ngadalingding Bray beurang alam sinangling
Pajar geus puyar, deuh ganti ku beurang Angin panggeuing lir nitah tatandang Ngangkat ajén jeung komara
Harkat darajat ki Sunda
Kasenian kabudayan Titilar rasa Kasundan Rasa lahir rasa batin Wawakil jisim sumalin
Sabilulungan, deuh putra Pasundan Ngagarap seni jeung kabudayaan Rampak sekar sauyunan
Ngawujud sekar gendingan
Sanggeus ngaregepkeun éta kawih, prak bacakeun éta naskah lir maca sajak. Sing hadé ngucapkeunana, lentongna, randeganana, jeung nada atawa iramana bari dibarengan ku rasa. Sanggeus kitu prak cobaan, sabagian ngahariringkeun éta kawih marengan ka nu keur maca atawa ngagalantangkeun eta rumpaka. Bakal karasa éndahna éta rumpaka wangun sajak anu diéksprésikeun dibarengan ku hariring.
Kagiatan saperti di luhur teh bisa disebut musikalisasi puisi. Musik nu dimaksud téh lain ngan mangrupa sora waditra wungkul. Seni sora oge kaasup kana musik. Tangtu baé bakal leuwih hadé tur anteb lamun eta rumpaka nu disajakkeun téh dipirig ku waditra, upamana kacapi jeung suling.
Gunana musik lain ngan sakadar pamirig, pangiring, pangeuyeub-ngeuyeub wungkul, tapi miboga fungsi pikeun numuwuhkeun suasana anu bisa ngantebkeun maksud éta puisi. Ku kituna warna musikna oge kudu diluyukeun jeung karakter atawa eusi sajak.
Sangkan leuwih paham, prak baca rumpaka ieu di handap ku salah saurang. Nu séjénna ngahariringkeun luyu jeung pituduh atawa conto ti guru.
RUMASA
Duh ema, naha ema téga mulang Atuh saha gaganti nu jadi indung
Ema mulang lebeng moal datang deui Duh ema abdi mah lewang
Duh ema, ieu dangding jeung hariring Ku rumasa abdi can mulang tarima Ema mulang abdi can nincak dewasa Hapunten sagala dosa
LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN
Sabada latihan musikalisasi puisi, prak laksanakeun pancén ieu di handap! 1. Wangun kelompok lobana anggota 10 urang, usahakeun 5 awéwé, 5 lalaki; 2. Téangan hiji sajak anu alus;
3. Ciptakeun irama musik anu luyu jeung karakter éta sajak. Upamana ku cara keprok, atawa maké alat séjénna;
4. Prak unggal kelompok latihan kalawan daria;
5. Pidangkeun di hareupeun kelompok séjénna kalawan bagilir. Kelompok nu séjén méré ajén dina lembar nu disadiakeun saméméhna.
6. Sabada midang, kelompok nu ngajén bisa nepikeun hasilna diwuwuhan ku saran atawa pamanggihna sangkan kelompok nu midang bisa ngalusan deui pidanganana.
Lembar pangajén
HAL NU DIAJEN AJEN
1. lentong/intonasi dina maca sajak
2. lafal / béntés henteuna dina ngucapkeun kecap-kecapna
3. kasaluyuan eusi/karakter puisi jeung musik 4. éksprési, roman waktu maca sajak
5. gerak awak wajar/henteu, luyu atawa henteu jeung eusi sajak
6. jeung sajabana.
Katerangan :