• Tidak ada hasil yang ditemukan

RPP Bahasa Sunda SMP Kelas VIII Semester 2

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "RPP Bahasa Sunda SMP Kelas VIII Semester 2"

Copied!
38
0
0

Teks penuh

(1)

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN

(RPP)

Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas / Semester : VIII / 2

Alokasi Waktu : 4 x 40 menit (2 x Pertemuan)

I. STANDAR KOMPETENSI

Mampu menyimak, memahami dan menanggapi pembacaan berbagai wacana lirik (rumpaka) lagu, biografi dan pembacaan bahasan.

II. KOMPETENSI DASAR

Menyimak bahasan tentang jenis-jenis kesenian daerah

III. INDIKATOR.

 Dapat memahami isi wacana

 Dapat menyimpulkan jejer wacana

 Dapat mendeskripsikan kembali jenis-jenis kesenian daerah  Dapat menanggapi berbagai aspek bahasan.

IV. MATERI POKOK

Bahasan tentang jenis kesenian

V. KEGIATAN PEMBELAJARAN

A. PERSIAPAN

 Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi

 Motivasi

B. KEGIATAN INTI

 Siswa menyimak bahasan tentang jenis kesenian  Bertanya jawab tentang isi bahasan

C. PENUTUP

 Bersama guru, siswa menyimpulkan isi bahasan

VI. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Wacana bahasan tentang jenis-jenis kesenian  Majalah

 Koran  Tabloid

 Buku pegangan

VII. PENILAIAN

A. Jenis tes : Lisan, tertulis B. Bentuk Tes : Esai

C. Soal Tes :

1. Naon tema tina eta bahasan ?

2. Kasenian naon bae nu dipedar dina eta wacana ?

3. Cing hidep neangan conto wacana bahasan tina koran atawa majalah ?

Mengetahui ..., Januari 2012 Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

... ...

(2)

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

KAMEKARAN SENI SUNDA

Kumaha kamekaran seni Sunda kiwari ?

Pasualan éta geus remen jadi bahan padungdengan. Pangna kitu téh lantaran kahirupan urang Sunda kiwari geus loba kapangaruhan ku adat jeung kabiasaan nu jolna di deungeun. Eta hal téh gedé pangaruhna kana hirup huripna Seni Sunda. Karasa pisan, seni Sunda anu sakitu euyeubna téh nungtutan laleungitan. Sok sanajan kitu, henteu kabéh matak pikasalempangeun, sabab aya kénéh seni Sunda anu hirup, mekar, sarta tetep dipikaresep.

Kasenian Sunda nyampak tur mekar di unggal wewengkon, upamana baé wayang golék, calung, kendang penca, jeung degung. Ari anu hirup sarta mekar di hiji atawa sawatara wewengkon nyaéta sampyong di Kabupaten Majalengka jeung sabudeureunana, Sisingaan di Kabupaten Subang, Kuda Rénggong di Kabupaten Sumedang, Tarling di Kabupaten Indramayu, Bénjang di Kabupaten Bandung, Surak Ibra jeung Dodombaan di Kabupaten Garut.

Seni nu husus hirup di Kabupaten Majalengka jeung Kuningan nyaéta Gembyung jeung Sampyong. Hanjakal kamekaranana geus loba kadéséh ku ku seni modéren, anu antukna jadi kurang dipikawanoh ku masarakat.

Kasenian Sunda lianna anu masih kénéh pada mikaresep sarta sering dipintonkeun boh dina acara Agustusan, di nu kariaan, malah dina siaran televisi nyaéta calung, réog, degung, jaipongan jeung wayang golék.

Alesan pangna kasenian calung, réog, degung, jaipongan jeung wayang golék masih bisa hirup lantaran dianggap mampuh nuturkeun parobahan jaman. Calung ayeuna geus loba pisan robahna lamun dibandingkeun jeung calung baheula, pangpangna dina lebah nabeuh jeung lalaguanana. Baheula mah nu disebut calung teh rénténg, lantaran waditrana ngajajar ditalian sina ngarénténg. Tungtung tali nu hiji ditalikeun kana tihang, ari nu hiji deui ditalikeun kana awak anu nabeuhna. Atuh nabeuhna gé bari diuk.

Kiwari nabeuh calung téh dijingjing sabab waditrana henteu dirénténgkeun maké tali, tapi dirénténgkeun maké awi pikeun ngajingjingna. Ku kituna dina magelarkeunana leuwih gampang. Nu nabeuh bisa gerak kalawan bébas. Malah sangkan leuwih dipikaresep, pintonanana dieuyeuban ku humor.

UJI KOMPETENSI 1

Pék ku hidep jawab atawa terangkeun !

1. Naon sababna kahirupan seni Sunda remen jadi bahan padungdengan ?

(3)

2. Seni naon baé anu kiwari geus kadéséh ku parobahan jaman ?

______________________________________________________________________________ ____________________________________________________________________

3. Tuliskeun rupa-rupa seni Sunda nu hirup di wewengkon hidep !

______________________________________________________________________________ ____________________________________________________________________

4. Naon nu jadi alesan pangna seni calung masih dianggap hirup jeung mekar ? ______________________________________________________________________________ ____________________________________________________________________

5. Kumaha bédana dina prakprakan nabeuh calung baheula jeung ayeuna ? ______________________________________________________________________________ ____________________________________________________________________

6. Seni Sunda naon baé nu ayeuna tetep mekar di tatar Sunda ?

______________________________________________________________________________ ____________________________________________________________________

7. Naon fungsi gerak jeung humor dina pintonan calung kiwari ?

______________________________________________________________________________ ____________________________________________________________________

8. Seni naon baé nu mekarna di hiji wewengkon ?

______________________________________________________________________________ ____________________________________________________________________

9. Media naon baé nu bisa digunakeun pikeun mekarkeun seni Sunda ?

______________________________________________________________________________ ____________________________________________________________________

10. Kumaha tarékahna sangkan seni Sunda tetep hirup tur mekar ?

(4)

LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Istilah Kasenian

Teangan harti istilah kasenian ieu di handap dina kamus ! 1. waditra

10. gending karesmén

_____________________________________________________________________________ _________________________________________________________________

UJI KOMPETENSI 3

(5)

Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas / Semester : VIII / 2

Alokasi Waktu : 4 x 40 Menit ( 2 x pertemuan)

I. STANDAR KOMPETENSI

Mampu membaca, memahami dan menanggapi berbagai wacana puisi sawer, cerita wawacan, sajak, dan karangan argumentasi

V. KOMPETENSI DASAR

Pembacaan puisi

III. INDIKATOR

 Dapat membaca sajak dengan lafal, tekanan, intonasi, dan penjiwaan isi yang tepat.

 Dapat membaca sajak dengan penampilan dan improvisasi yang baik.  Dapat menerangkan tentang teknik pembacaannya.

 Dapat memperbaiki atau menyempurnakan pembacaan sajak.

IV. MATERI POKOK

Sajak

V. KEGIATAN PEMBELAJARAN

A. PERSIAPAN

 Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi

 motivasi

B. KEGIATAN INTI

 Secara bergantian siswa membacakan sebuah sajak  Bersama-sama menyimak sajak yang dibacakan  Bertanya jawab tentang 5nsur yang dibaca  Bersama guru menemukan 5nsure-unsur sajak  Bertanya jawab tentang isi sajak

C. PENUTUP

 Bersama guru, siswa menyimpulkan isi sajak  Siswa ditugaskan untuk membuat sajak bebas

VI. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Contoh-contoh sajak

1. Sebutkeun pikiran utama dina sajak !

2. Naon nu dimaksud diksi dina sajak ?

3. Sebutkeun unsur-unsur sajak !

4. Terangkeun eusi sajak ku basa hidep sorangan !

Mengetahui ..., Januari 2012 Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

... ...

NIP. ... ...

(6)

KAMAMPUH MACA

Maca mangrupa salah sahiji kagiatan diajar anu tujuan umumna pikeun meunangkeun informasi anyar. Sedengkeun tujuan husus tina maca nyaéta pikeun kalangenan (rékréatif), upamana baé maca 6ompu, novel, majalah, komik, jeung sajabana. Tujuan husus 6ompu nyaeta pikeun nambahan pangaweruh, saperti maca buku pangajaran jeung majalah ilmiah.

Kamampuh maca bisa dilatih, tapi nu pangpentingna mah kumaha numuwuhkeun minat maca. Lamun dipasing-pasing minat maca ngawengku dua bagian. Kahiji minat maca spontan (dadakan) jeung minat maca terpola (dijadwal).

Minat maca dadakan tumuwuh tina motivasi personal (diri pribadi) siswa. Sedengkeun minat maca dijadwal (terpola) tumuwuh dina kagiatan diajar ngajar di sakola.

Ciri anu mibanda minat macana luhur diantarana teu weléh ngamangpaatkeun waktu luangna pikeun maca, resep néangan kasempetan pikeun maca, resep maca rupa-rupa bacaan, maca téh mangrupa kabutuh, sarta maca téh didadasaran ku karesep.

Kamampuh maca bisa diukur ngaliwatan tés. Upamana baé ngukur kamampuh maca gancang. Siswa anu bisa maca 120 kecap dina samenit kaasup siswa anu kamampuh macana alus. Sabalikna nu bisa maca kurang ti 80 kecap kaasup siswa nu kurang.

Di handap aya 6ompu hasil tés kamampuh maca siswa. Tengetan ku hidep! Tabel 1

Kamampuh Maca Gancang Siswa Kelas 2a

No. Lobana kecap/menit Jumlah siswa

1. 98 2 kurang aya 2 urang, sedengkeun 28 siswa aya dina tingkatan cukup.

Tabél di luhur bisa digambarkeun dina wangun grafiks. Titénan ku hidep! Jumlah siswa

Tina grafiks katitén leuwih jéntré, yén siswa anu bisa maca 103 kecap/ menit leuwih loba (aya 15 urang).

Tabél di luhur ogé bisa dijéntrékeun ku model grafik saperti di handap.

(7)

LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Sanggeus maca wacana di luhur, jawab/terangkeun pananya ieu di handap! 1. Terangkeun, naon baé gunana maca !

2. Sebutkeun tujuan husus tina maca !

3. Maca naon baé nu tujuanana pikeun rékréatif !

4. Naon bédana maca dadakan jeung maca anu dipola ! 5. Sebutkeun 7ompu siswa anu minat macana luhur ! 6. Tabél 1 ngagambarkeun ngeunaan naon ?

7. Dina 7ompu 1, garis 7omputer (ka luhur) nuduhkeun naon ? 8. Sedengkeun garis horijontal (ka gigir) nuduhkeun naon ?

Titenan 7ompu di handap, tuluy jawab pananyana !

NO. PAKASABAN KOLOTNA JUMLAH SISWA

1 Tani 40

2 Wiraswasta 25

3 Dagang 15

4 Guru 3

4 ABRI 1

JUMLAH SISWA 84

1. Sabaraha siswa anu pakasaban kolotna wiraswasta ?

2. Pakasaban naon anu jumlah siswana panglobana ? 3. Pakasaban naon anu jumlah siswana pangsaeutikna ? 4. Jumlah siswa anu pakasaban kolotna dagang nyaéta 5. Robah 7ompu di luhur kana wangun grafik !

Robah ku hidep data babandingan kandungan susu kadelé, jeung susu sapi ieu di handap kana wangun 7ompu!

Kandungan susu kadelé / 100 g : kalori 44; cai 90,8; 7ompute 3,6; lemak 2,0; karbohidrat 2,9; abu 0,5; kalsium 15; fosfor 49; natrium 2; jeung besi 1,2.

Kandungan susu sapi / 100 g : kalori 59; cai 88,6; 7ompute 2,9; lemak 3,3; karbohidrat 4,5; abu 0,7; kalsium 100; fosfor 90; natrium 16; jeung besi 0,1.

(8)

No. Kandungan / 100 g Susu Kadele Susu Sapi

Dina wacana ngeunaan Maca Tabel kapanggih aya sababarah kalimah anu nuduhkeun kalimah bilangan. Contona baé:

1. Siswa anu dités maca gancang aya 33 urang. 2. Siswa anu ajén macana cukup aya 28 urang.

Dina conto di luhur, 33 jeung 28 téh kaasup kana kecap bilangan nu nuduhkeun jumlah.

Conto kalimah séjénna nu 8omp kecap bilangan nyaéta: 3. Kamari Mang Surja ngala kalapa samanggar. 4. Kuring mah lain anak cikal, tapi katilu.

5. Neng Yéyén mah unggal semester téh réngking kahiji baé.

Kecap samanggar nuduhkeun bilangan jumlah, sedengkeun kecap katilu jeung kahiji, nuduhkeun tahapan.

Dumasar kana conto di luhur bisa dicindekkeun, yén kalimah bilangan nyaéta kalimah anu caritaanana diwangun ku kecap bilangan, boh nu nuduhkeun jumlah atawa tahapan.

Tengetan conto séjénna kalimah bilangan ieu di handap! 1. Buku dina lomari aya tilu puluh judul.

2. Soal ulangan téh aya sapuluh nomer.

3. Siswa anu pinunjul pasanggiri maca sajak téh aya opatan. 4. Aki kuring umurna geus dalapan puluh taunan.

5. Sawah Haji Durahman kabéhna aya dua belas héktar. 6. Minyak tanah sadreumna aya dua ratus liter.

7. Kuring téh anak kadua tina opat sadulur. 8. Béas pitrah téh meunang dalapan kintal.

Uji Kompetensi

Kalimah ieu di handap, ku hidep leungkepan nepi ka jadi kalimah bilangan! 1. Kacamatan Cingambul ……….. 2. Rumah sakit di Majalengka ..……… 3. Mobil Jurusan Cikijing Bandung ………. 4. Buku nu aya di perpustakaan ……… 5. Harga béas ayeuna ……… 6. Siswa nu bisa 8omputer di kelas VIIIB ……… 7. Murid SMP 3 ………..

Materi Panambah :

Istilah Teknologi

(9)

Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas / Semester : VIII / 2

Alokasi Waktu : 4 x 40 menit ( 2 x pertemuan)

I. STANDAR KOMPETENSI

Mampu mengungkapkan pikiran, ssperasaan daan keinginan secara lisan dalam berwawancara, berdiskusi, menyampaikan informasi,

menyampaikan laporan perjalanan, memandu acara, dan memandu diskusi

VI. KOMPETENSI DASAR

Berwawancara dengan narasumber

VII. INDIKATOR.

 Dapat merumuskan tema wawancara

 Dapat menyusun pokok-pokok pertanyaan wawancara

 Dapat menyampaikan pertanyaan-pertanyaan dengan jelas, terbatas  Dapat menyampaikan pertanyaan dengan kata-kata terpilih, lagu kalimat

yang baik, dan santun.

 Dapat meminta penjelasan tambahan dengan kalimat yang baik  Dapat memperbaiki atau menyempurnakan pertanyaan-pertanyaan

wawancara.

VIII. MATERI POKOK

Berwawancara

IX. KEGIATAN PEMBELAJARAN

A. PERSIAPAN

 Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi

 motivasi

B. KEGIATAN INTI

 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang tatacara berwawancara dan hal yang perlu dipersiapkan sebelum wawancara  Secara bergantian siswa melakukan latihan berwawancara

 Bersama-sama menyimak penampilan temannya yang sedang berlatih

 Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan dalam berwawancara

C. PENUTUP

 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari  Siswa ditugaskan untuk berwawancara dengan tokoh masyarakat di

desanya

X. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Buku pegangan

Prak hidep ngawawancara tokoh masyarakat/tokoh seni di daerah hidep ! Tulis heula padoman wawancarana kalawan lengkep!

Mengetahui ..., Januari 2012 Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

(10)

NIP. ... ...

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

Baca conto wawancara di handap !

Siswa : “Assalamu’alaikum !”

Guru : “Wa’alaikum salam warohmatulloh !”

Siswa : “Hapunten Pa, manawi teu ngaganggu, abdi hoyong wawancara sareng Bapa !”

Guru : “Oh, mangga. Badé wawancara perkawis naon hidep téh ?”

Siswa : “Abdi hoyong terang perkawis Wajar Dikdas 9 taun. Kumaha éta téh maksadna ?”

Guru : “Maksadna, unggal murangkalih kudu sakola minimal dugi ka tingkat SLTP.”

Siswa : “Dupi nu dimaksad 9 taun, kumaha ?”

Guru : “Upami diétang, 9 taun téh sakola di SD lamina 6 taun sareng di SMP 3 taun !”

Siswa : “Kumaha upami sepuh éta murangkalih téh teu mampuh nyakolakeun, Pa ?”

Guru : “Kanggo anu sepuhna teu gaduh atanapi miskin ku pamaréntah dibantos. Pan ayeuna mah aya program BOS sareng KBBS atanapi BAGUS ! ”

Siswa : “Kanggo nu angger alim neraskeun aya sangsina atanapi henteu, Pa ?”

Guru : “Ayeuna mah teu acan aya sangsi husus sapertos di luar negri. Tapi kapayunna mah nu teu neraskeun téh bakal kénging sangsi ti pamaréntah. ”

Siswa : “Rupina cekap sakieu waé heula nu tiasa ditaroskeun ka Bapa. Hatur nuhun parantos nyayogikeun waktos kanggo wawancara.”

Guru : “Sami-sami. Bilih panasaran tiasa naroskeun deui !” Siswa : “Insya Alloh. Mangga Pa !”

Guru : “Mangga !”

Siswa : “Assalamu’alaikum !”

Guru : “Wa’alaikum salam warohmatulloh !” PEDARAN

Sabada maca conto wawancara antara siswa jeung guru, hidep bisa nyindekkeun yén wawancara téh hiji kagiatan tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nara sumber. Tujuanana nyaéta pikeun meunangkeun informasi anu diperlukeun ku nu ngawawancara.

Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun lamun urang rék ngayakeun wawancara. Diantarana baé :

1. Tangtukeun heula hal naon nu rék ditanyakeun; 2. Saha nu rék diwawancarana;

3. Iraha waktu nu alus pikeun ngayakeun wawancara.

(11)

Patalekan anu disusun kudu luyu jeung palangeranana, nyaéta : 1. Pilih kecap pananya nu luyu jeung hal nu rék ditanyakeun; 2. Basa nu digunakeun kudu luyu jeung undak ususk basa; 3. Patalékan ulah ngayayay, tapi kudu ringkes tur jéntré;

Dina prakna wawancara, urang kudu sopan, soméah sarta gunakeun lentong anu hadé.

LEMBAR KAGIATAN SISWA

Di handap aya conto wawancara anu can sampurna. Sampurnakeun atawa lengkepan ku hidep nepi ka bener tur merenah !

Siswa : “Wilujeng énjing, Pa !”

Guru Silat : “_____________________________________ !”

Siswa : “___________________________________________________________ !” Guru Silat : “Oh, henteu ! Mangga baé upami aya taroskeuneun mah !” Siswa : “Dupi pagurun silat nu dipingpin ku Bapa téh naon namina ?” Guru Silat : “________________________________________________________ !” Siswa : “___________________________________________________________ !” Guru Silat : “Aya panginten 25 taun mah !”

Siswa : “Saha nu kagungan pokal ngadegkeun ieu paguron téh, Pa ?” Guru Silat : “Pun Bapa nu jenenganana Abah Mardi !”

Siswa : “___________________________________________________________ !” Guru Silat : “Kanggo ngajaga diri wé bilih aya bancang pakéwuh !”

Siswa : “___________________________________________________________ !” Guru Silat : “Sami-sami Cép. Walaikum salam !”

UJI KOMPETENSI 2

Ayeuna, prak hidep nyusun patalékan pikeun ngayakeun wawancara. Saméméhna, tangtukeun heula téma wawancara ! Lobana cukup sapuluh patalékan.

Téma : ______________________________ Nara Sumber : ______________________________

1. _______________________________________________________________________ 2. _______________________________________________________________________ 3. _______________________________________________________________________ 4. _______________________________________________________________________ 5. _______________________________________________________________________ 6. _______________________________________________________________________ 7. _______________________________________________________________________ 8. _______________________________________________________________________ 9. _______________________________________________________________________ 10. _______________________________________________________________________

Kalimah Pananya

Sakumaha nu kungsi dipedar di kelas VII, kalimah pananya nyaéta kalimah nu tujuanana pikeun nanyakeun hiji perkara anu can dipikanyaho atawa pikeun nguji kamampuh batur.

Contona:

1. “Iraha tuang rama badé angkat ka Sumberjaya téh?”

2. “Sabaraha urang anu teu milu upacara bendera Senen kamari téh?” 3. “Di mana neundeun duit téh?”

4. “Cik Tis, naon nu dimaksud kalimah pananya?”

(12)

Tina conto di luhur kanyahoan yén dina kalimah pananya umumna dimimitian atawa maké kecap pananya, saperti iraha, dimana, kumaha, sabaraha, naon, jeung sajabana.

Lentong Kalimah Pananya

Dina basa tinulis, kalimah pananya salawasna dipungkas ku tanda pananya (?). Ari dina basa lisan mah, pikeun nangtukeun kalimah pananya téh ku lentongna. Biasana dina engang panungtungna diucapkeun leuwih tarik.

Contona:

1. Rék iraha indit ka Bandung téh?

2. Sabaraha buku tulis téh hargana?

Uji Kompeténsi

Robah kalimah ieu di handap kana kalimah pananya!

1. Dina poé Rebo lanceuk kuring rék pindah ka Kadipaten.

__________________________________________________________________________ 2. Lantaran duitna kurang, buku téh teu tulus dibeuli.

__________________________________________________________________________ 3. Pun Bapa dina sasih Romadhon kamari teu saum jalaran teu damang.

__________________________________________________________________________ 4. Dua poé deui ka lebaran, Néng Yanti ditinggalkeun maot ku lanceukna.

__________________________________________________________________________ 5. Siswa anu teu milu upacara dikumpulkeun di lapang.

__________________________________________________________________________

Materi Panambah :

(13)

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN

(RPP)

Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas / Semester : VIII / 2

(14)

I. STANDAR KOMPETENSI

Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara tertulis dalam bentuk menulis sisindiran, surat, esai, laporan dan guguritan.

XII. KOMPETENSI DASAR

Menulis laporan

V. INDIKATOR

 Dapat menentukan topik

 Dapat menentukan kerangka karangan (laporan)  Dalam menulis bagian pendahuluan dengan baik

 Dapat mengembangkan kerangka karangan menjadi laporan.  Dapat menulis bagian penutup laporan dengan baik.

 Dapat menyempurnakan karangan laporan.

XIII. MATERI POKOK

Laporan Kegiatan

XIV.KEGIATAN PEMBELAJARAN

A. PERSIAPAN

 Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi

 Motivasi

B. KEGIATAN INTI

 Siswa memperhatikan dengan seksama penjelasan guru tentang cara menulis laporan kegiatan

 Dengan bimbingan guru, siswa menulis laporan kegiatan  Bersama guru memperbaiki penulisan laporan kegiatan

C. PENUTUP

 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari

XV. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Buku pegangan

Prak hidep nyusun laporan kegiatan ngadongdon (nyaba, ngajugjug) ka hiji tempat nu ngandung sajarah! Hal nu kudu ditulis :

1. Bubuka 2. Eusi 3. Panutup

Mengetahui ..., Januari 2012 Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

... ...

NIP. ... ...

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

Laporan téh eusina mangrupa pertanggungjawaban kagiatan nu geus dilaksanakeun. Tujuanana pikeun méré informasi jeung ngaévaluasi sukses henteuna hiji kagiatan. Laporan kagiatan resmi ditepikeun sacara tinulis.

(15)

2. Ngaran atawa téma kagiatan 3. Waktu jeung Tempat Kagiatan 4. Anggaran Biaya

5. Susunan Panitia 6. Panutup

Dina nyusun laporan kagiatan perhatikeun hal ieu di handap ! 1. Tangtukeun heula topik nu rék dilaporkeun

2. Susun rangka laporanana;

3. Mekarkeun jadi laporan anu lengkep;

4. Gunakeun kalimah-kalimah anu jelas tur gampang kaharti; 5. Tulis sakabéh kagiatan ti mimiti tatahar nepi ka lekasan. 6. Tuliskeun hasil tina éta kagiatan.

Kagiatan nu bisa ditulis laporanana diantarana baé : a. Darmawisata

b. Kémping c. Studi Banding d. Studi Tour

e. Ngeusi Pakanci (liburan) f. Pasanggiri, jeung sajabana.

Sangkan leuwih jéntré, tengetan conto laporan Kagiatan di handap !

Topik : Miéling Hari Pendidikan Nasional

Kagiatan dina raraga miéling HARDIKNAS OSIS UPTD SMP Negeri 1 Cingambul mangrupa salah sahiji kagiatan nu geus dijadikeun kagiatan taunan anu dieusi ku rupa-rupa kagiatan lomba. Eta kagiatan téh dipiharep bisa ngarojong geusan ngaronjatkeun mutu pendidikan. Lian ti éta, kagiatan nu dilaksanakeun miboga fungsi salaku wadah pikeun mekarkeun bakat, minat jeung préstasi parasiswa.

Dina raraga miéling Hari pendidikan Nasional taun 2006, OSIS UPTD SMP Negeri 1 Cingambul ngayakeun sababaraha kagiatan boh nu sipatna rékréatif boh préstatif. Eta kagiatan dilaksanakeun ti tanggal 30 April 2006 nepi ka 1 Méi 2006.

Kagiatan nu sipatna rékréatif nyaéta lomba sapéda santai. Sakur siswa kelas VII jeung VIII nu boga sapédah dianjurkeun miluan kana éta kagiatan. Siswa kelas 3 teu diwajibkeun miluan ieu kagiatan sabab keur dipuseurkeun pikeun nyanghareupan Ujian Nasional.

Kagiatan préstatif nu dilaksanakeun diantarana baé nyaéta lomba dina widang agama, olah raga jeung umum. Dina widang agama, kagiatanana nyaéta lomba baca tulis Al-Quran jeung lomba adzan. Dina widang olah raga, diayakeun lomba volly ball jeung baskét antar kelas. Unggal kelas kudu ngirimkeun dua tim volly putra putri jeung dua tim basket putra putri. Sedengkeun widang umum kagiatanana nyaéta cerdas cermat anu soalna ngawengku sakabéh mata pelajaran.

Hasil tina éta kagiatan nu sifatna préstatif dijadikeun bahan pikeun miluan dina kagiatan-kagiatan nu dilaksanakan ku instansi séjén boh di tingkat kacamatan boh ditingkat kabupaten.

LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

(16)

Rangka laporan :

Laporan Kagiatan nu geus dimekarkeun

___________________________________________________________________________________

1. Kalimah salancar basajan

2. Kalimah salancar jembar

3. Gaya basa rarahulan

4. Gaya basa kadalon

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN

(RPP)

Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas / Semester : VIII / 2

(17)

I. STANDAR KOMPETENSI

Mampu membaca, memahami dan menanggapi berbagai wacana puisi sawer, cerita wawacan, sajak, dan karangan argumentasi

XVII. KOMPETENSI DASAR

Membaca wacana tentang pahlawan

VI. INDIKATOR

 Dapat memahami isi wacana biografi

 Dapat menyimpulkan jejer wacana biografi

 Dapat mendeskripsikan kembali isi wacana biografi.  Dapat menjelaskan makna kepahlawanan tokoh.  Dapat menanggapi berbagai aspek wacana biografi.

XVIII. MATERI POKOK

Biografi

XIX. KEGIATAN PEMBELAJARAN

A. PERSIAPAN

 Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi

 motivasi

B. KEGIATAN INTI

 Dengan lafal yang baik dan benar, siswa membaca wacana tentang pahlawan

 Secara bergantian siswa membaca penggalan wacana dengan baik  Bersama-sama memperhatikan temannya yang sedang membaca

wacana

 Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan kesalahan dalam membaca wacana

 Bertanya jawab tentang isi wacana

C. PENUTUP

 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari  Siswa dimotivasi untuk berani membaca dengan baik dan benar

XX. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Buku pegangan  Majalah

 Koran

XXI. PENILAIAN

A. Jenis tes : Lisan, tertulis B. Bentuk Tes : Esai

C. Soal Tes :

Prak baca sapada wacana kalawan bener !

Mengetahui ..., Januari 2012 Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

... ...

NIP. ... ...

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

(18)

K.H. ABDUL HALIM

K.H. Abdul halim téh salasahiji pahlawan anu gedé jasana, utamana dina widang pendidikan. Anjeunna téh putra K.H. Iskandar, hiji ulama kamashur putra Abdullah Kohar anu dina jaman jumenengna jadi panghulu di kawadanaan Jatiwangi.

Kiai H. Abdul Halim dibabarkeun di Désa Sutawangi, Jatiwangi taun 1887 Maséhi, atawa meneran taun 1304 Hijriah. Mangsa anjeunna murangkalih katelahna Otong Syatori. Henteu kungsi ngalaman kanyaah jeung kadeudeuh bapa, lantaran kaburu ditilar dina keur burey keneh.

Kahirupan Otong Syatori téh prah baé kawas barudak anu séjén. Ngan aya onjoyna, nyaéta pinter gaul jeung salawasna katurut ku batur ulinna, kaasup ku barudak Cina jeung Arab.

Umur sapuluh taun, Otong geus lancar maca Qur’an. Ti dinya terus diajar aksara Latén ka pendéta urang Walanda, ngaranna Van Hoeven, anu cicing di Cideres. Sajaba ti diajar nulis jeung maca téh bari diajar basa Walanda deuih.

Nincak umur lima welas taun, Otong masantrén ka Lontangjaya di Desa panjalin, Kacamatan Leuwimunding. Ti dinya masantrén ka Bobos, Kacamatan Sumber, Cirebon. Tuluy pindah ka Ciwedus anu aya di Kacamatan Cilimus Kabupaten Kuningan. Pamungkas masantrén di Kedungwuni, Pekalongan, Jawa Tengah.

Taun 1908, miang ka Mekah. Salian ti diajar agama Islam ogé diajar basa Cina, ti mukimin urang Tiongkok. Malah saterusna mah kataji ku gerakan anu dipingpin ku Jamaludin Al Afgani, ulama kasohor anu gagasanana jadi anutan sawatara tokoh Islam tingkat dunya.

Taun 1911 Otong mulih ti mekah sarta gentos nami jadi Abdul Halim. Ti harita anjeunna ngawitan ngadegkeun majlis élmu, hiji lembaga anu bagerak dina widang pendidikan. Ari dina widang kamasarakatan mah anjeunna ngadegkeun Hayatul Qulub (Kahirupan Haté), taun 1912. Dina taun 1916 éta organisasi robah jadi Persyarikatan Oelama (PO) sarta taun 1942 robah jadi Perikatan Umat Islam (PUI).

Dina jaman penjajahan Walanda loba aturan anu ngarugikeun jeung ngarendahkeun umat Islam katut bangsa Indonesia. Ningali kaayaan kitu K.H. Abdul Halim remen protés ka pamaréntah kolonial. Taun 1918 anjeunna mingpin aksi mogok buruh pabrik gula di Kadipaten jeung di Jatiwangi.

Dina raraga ngahontal kamerdékaan, K.H. Abdul Halim ngiring dina kagiatan Badan Penyelidikan usaha Persiapan Kemerdékaan Indonesia (BPUPKI). Eta pangna ku pamaréntah Républik Indonesia dileler gelar pahlawan Perintis Kemerdékaan ogé.

Dinten Senén, 7 Méi 1962, meneran tanggal 3 Zulhijjah 1381 H. K.H. Abdul Halim mulih ka Rahmatulloh.

(19)

LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Jawab pananya ieu di handap !

1. K.H. Abdul Halim téh kaasup pahlawan dina widang pendidikan. Naon sababna? ________________________________________________________________________________ ____________________________________________________________________

2. Terangkeun deui asal muasal anjeunna !

________________________________________________________________________________ ____________________________________________________________________

3. Tuliskeun, di mana waé anjeunna masantrén ?

__________________________________________________________________________

________________________________________________________________________________ ________________________________________________________________________________ ________________________________________________________________________________ ________________________________________________________

4. Kumaha sikep K.H. Abdul Halim kana hal diajar ? Naon buktina ?

________________________________________________________________________________ ________________________________________________________________________________ ______________________________________________________________

5. Diajar naon waé salami anjeunna mukim di Mekah ?

________________________________________________________________________________ ________________________________________________________________________________ ______________________________________________________________

6. Tuliskeun, organisasi naon waé nu ku anjeunna diadegkeun !

________________________________________________________________________________ ____________________________________________________________________

7. Naon nu dipidamel ku anjeunna mangsa ningali kateupanujuan ka pamaréntah Kolonial Walanda ?

________________________________________________________________________________ ________________________________________________________________________________ ______________________________________________________________

8. Tuliskeun, naon pancén BPUPKI téh ?

________________________________________________________________________________ ________________________________________________________________________________ ______________________________________________________________

9. Naon alesan pamaréntah Republik Indonesia pangna K.H. Abdul Halim dileler Pahlawan Perintis Kamerdekaan ?

________________________________________________________________________________ ________________________________________________________________________________ ______________________________________________________________

10. Ajén atikan naon nu kapanggih sabada hidep maca éta wacana ?

________________________________________________________________________________

(20)

Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas / Semester : VIII / 2

Alokasi Waktu : 4 x 40 menit ( 2 x pertemuan)

I. STANDAR KOMPETENSI

Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan daan keinginan secara lisan dalam berwawancara, berdiskusi, menyampaikan informasi,

menyampaikan laporan perjalanan, memandu acara, dan memandu diskusi

XXII. KOMPETENSI DASAR

Menyampaikan informasi

VII. INDIKATOR

 Dapat menyusun pokok-pokok informasi yang diperoleh dari berbagai sumber informasi.

 Dapat menyampaikan informasi dengan jelas serta utuh.  Dapat menjawab pertanyaan yang diajukan.

 Dapat memperbaiki atau menyempurnakan penyampaian informasi.

XXIII. MATERI POKOK

Informasi

XXIV.KEGIATAN PEMBELAJARAN

A. PERSIAPAN

 Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi

 motivasi B. KEGIATAN INTI

 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang cara menyampaikan informasi yang benar

 Dengan bimbingan guru, siswa menyusun pokok-pokok informasi  Dengan bimbingan guru siswa secara bergantian menyampaikan

informasi di depan kelas

 Bersama guru memperbaiki penyampaian siswa tentang informasi. C. PENUTUP

 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari

XXV. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Buku pegangan  Majalah

 Surat kabar

XXVI. PENILAIAN

A. Jenis tes : Lisan, tertulis B. Bentuk Tes : Esai

C. Soal Tes :

Prak ku hidep tepikeun beja/informasi penting nu geus katarima ku hidep tina TV atawa radio, kalawan daria !

Mengetahui ..., Januari 2012 Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

... ...

NIP. ... ...

(21)

Unggal waktu urang teu bisa leupas tina runtuyan kajadian. Boh nu keunana ka diri sorangan boh ka batur. Malah loba kajadian nu keunana ka balaréa. Saperti ayana longsor, lini, banjir, sunami, gunung bitu, hujan angin, jeung sajabana ti éta.

Lumangsungna kajadian moal bisa kanyahoan ku batur nu aya di daérah séjén lamun teu aya nu nepikeunana. Pon kitu deui kajadian di daérah atawa nagara séjén ogé moal kanyahoan ku urang lamun teu aya nu ngabéjakeunana.

Malah dina kahirupan sapopoé, urang mindeng narima béja boh nu pikabungaheun, pikasediheun boh nu matak pikaketireun. Eta béja téh aya nu kudu ditepikeun ka nu séjén. Sok komo mun mangrupa amanat, kudu ditepikeun ka nu dituju kalawan bener.

Nepikeun béwara kudu merhatikeun sababaraha hal, diantarana baé : 1. Naon kajadianana

2. Waktu lumangsungna kajadian nu rék dibéwarakeun; 3. Tempat kajadianana;

4. Pihak nu ngarandapan éta kajadian; 5. Akibat tina éta kajadian;

6. Tarékah pikeun ngungkulanana; 7. Hasilna.

Sajaba ti éta, béwara kudu ditepikeun kalawan gembleng kalawan ngagunakeun kalimah-kalimah anu éféktif tur jelas nu dilengkepan ku data anu bener. Ieu hal téh pikeun ngayakinkeun ka nu narima béwara. Malah ulah kaliwat béjakeun ti mana sumber béwara.

Basa, lentong jeung rengkuh kacida kudu diperhatikeunana lamun hidep keur nepikeun bewara. Témbongkeun paroman nu pinuh ku kayakinan. Ulah némbongkeun sikep anu bisa nimbulkeun kacangcayaan anu narima béwara.

UJI KOMPETENSI

Hidep kungsi nyaksian hiji kajadian atawa nampa anamat nu kudu ditepikeun ngeunaan hiji kajadian ? Pék tulis heula kalawan lengkep luyu jeung patokan nu geus ditataan di luhur ! Tuluy tepikeun di hareupeun babaturan. Mun aya nu nanyakeun ngeunaan éta kajadian, jawab kalawan bener tur jéntré!

(22)

LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Ngagunakeun Gaya Basa

a. Gaya Basa Ngasor (Litotes)

Salah sahiji pasipatan urang Sunda nyaéta handap asor. Dina nepikeun caritaan sakapeung mah sok dibalibirkeun atawa teu sajalantrahna. Komo anu sipatna pribadi mah. Geura pék titénan conto paguneman di handap!

H. Anwar : “Assalamu’alaikum!”

Mang Pipin : “Wa’alaikum salam! Geuning Kang Haji! Badé angkat ka mana, Kang Haji téh, sapertos nu dines pisan? Eta deui cacandakan sakitu seueurna?”

H. Anwar : “Ah… henteu dines teuing mah, ieu baé ngiriman béas sakilo-kiloeun mah keur si cikal!”

Mang Pipin : “Ku matak reueus, Kang Haji mah Tuang Putra téh sadayana di ka pondokkeun!”

H. Anwar : “Bubuhan kuringna euweuh kanyaho baé! Tamba nganggur, peupeuriheun disakolakeun mah teu kamodalan!”

Mang Pipin : “Ih, percanteun, apanan sakitu seueurna kagaduh Kang Haji mah, tanah ogé di unggal tempat!”

H. Anwar : “Tanah satapak peucang! Moal ogé pimahieun keur nyakolakeun budak jaman kiwari mah! Hayu atuh ah bisi beurang teuing! Assalamu’alaikum!”

Mang Pipin : “Wa’alaikum salam!”

Dina paguneman di luhur aya sababaraha kecap anu ngagunakeun gaya basa ngasor. Contona:

1. “Ah… henteu dines teuing mah, ieu baé ngiriman béas sakilo-kiloeun mah keur si cikal!”

Kecap sakilo-kiloeun dina conto tadi tangtuna ogé ukur babasan. Mungguh kanyataanana mah nu dibawa ku Haji Anwar téh leuwih ti sakilo. Tujuan sakilo-kiloeun téh éstu keur mamandapan.

2. “Bubuhan kuringna euweuh kanyaho baé! Tamba nganggur, peupeuriheun disakolakeun mah teu kamodalan!”

3. “Tanah satapak peucang! Moal ogé pimahieun keur nyakolakeun budak jaman kiwari mah! Hayu atuh ah bisi beurang teuing! Assalamu’alaikum!”

Kecap euweuh kanyaho, tamba nganggur jeung satapak peucang, sabenerna béda jeung kanyataan. Tujuanna pikeun mamandapan sangkan teu katara sombongna.

b. Gaya Basa Kadalon (pleonasme)

Dina kahirupan sapopoé mindeng kapanggih anu nyarita saperti kieu:

1. Dadan : “Man, cing pundurkeun ka tukang saeutik motor téh, ieu mobil rék parkir!”

Eman : “Mangga ké sakedap!”

2. Dadan : “Ku naon hayam téh siga nu gering?”

Rudi : “Puguh geus saminggu, teu daékkeun nginum cai-cai acan!”

Kecap pundurkeun ka tukang, dina kalimah kahiji jeung kecap nginum cai-cai acan dina kalimah kadua, sabenerna kaleuleuwihi. Sabab sanajan ukur nyebut kecap mundur jeung nginum ogé geus jelas. Jadi kecap ka tukang jeung cai teu kudu dipaké.

Conto séjénna anu sering kapanggih di antarana ngapung ka luhur, labuh ka handap, rieut sirah, mules beuteung, ngeluk tungkul, ngabecir lumpat, hanjat ka darat, jeung réa-réa deui.

A. Jieun kalimah nu maké gaya basa ngasor tina kecap ieu di handap! 1. imah - sagedé pelok

__________________________________________________________________________ 2. saung butut

__________________________________________________________________________ 3. sawah – sacangkewok

(23)

4. komputer – murah

__________________________________________________________________________ 5. duit – sapérak

__________________________________________________________________________ B. Jieun kalimah nu make gaya basa kadalon tina kecap ieu di handap!

1. labuh ka handap

__________________________________________________________________________ 2. rieut sirah

__________________________________________________________________________ 3. mules beuteung

__________________________________________________________________________ 4. ngeluk tungkul

__________________________________________________________________________ 5. ngabecir lumpat

__________________________________________________________________________

Materi Panambah :

(24)

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN

(RPP)

Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas / Semester : VIII / 2

Alokasi Waktu : 4 x 40 menit ( 2 x pertemuan)

I. STANDAR KOMPETENSI

Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara tertulis dalam bentuk menulis sisindiran, surat, esai, laporan dan guguritan.

XXVII. KOMPETENSI DASAR

Menulis esai

VIII. INDIKATOR

 Dapat menentukan/memilih topik dan tema yang tepat.

 Dapat merincikan pokok-pokok esai dalam kerangka karangan.  Dapat membuat bagian pembukaan dan penutup dengan baik.

 Dapat menyajikan gagasan, pendapat, kesimpulan dll., dalam bagian-bagian atau paragraf yang jelas.

 Dapat menyajikan esai dengan bahasa, pemakaian kalimat dan pilihan kata yang baik.

 Dapat memperbaiki atau menyempurnakan naskah karangan esai.

XXVIII. MATERI POKOK

Esai

XXIX. KEGIATAN PEMBELAJARAN

A. PERSIAPAN

 Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi

 motivasi B. KEGIATAN INTI

 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang aturan dan teknik menulis esai

 Dengan bimbingan guru siswa menulis esai yang disenangi oleh siswa

 Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan tulisannya

C. PENUTUP

 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari

XXX. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Buku pegangan

Prak ku hidep teangan tulisan mangrupa esai (karangan deskripsi) tina Koran atawa majalah, eusina bebas kumaha hidep ! Tulis ngaran eta Koran, tanggal/ bulan terbitna, saha nu nulisna, jeung tulis

ringkesanana!

(25)

... ...

NIP. ... ...

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

Baca conto karangan essay di handap !

Rangkay Karangan:

Bubuka : ngajéntrékeun ngeunaan ngolah témpé Eusi : ngajéntrékeun kandungan giji dina kadelé

Panutup : méré motivasi sangkan nu maca resep kana kadaharan tradisional saperti témpé.

KAISTIMEWAAN TEMPE

Sakur urang Sunda mah pasti moal bireuk kana kadaharan has Indonesia, nyaeta tempe. Ayeuna sabada teknik nyieunna ngagunakeun téknologi, témpé téh leuwih higienis. Baheula mah pikeun misahkeun kulumudna, kacang kadelé téh kudu dikeueum heula sapeuting tuluy dileyekan. Kiwari mah cara misahkeun kulumudna téh bisa ku cara dislip kana ring atawa digosok. Hasilna bisa langsung dogodog. Sanggeus hipu tuluy dituuskeun, sarta lamun geus tiis kari nyampuran ku ragi témpé.

Gizi kadele jeung témpé, sabada ditalungtik intensif salila 5 – 10 taun, témpé téh mangrupa kadaharan anu unik, sabab dina kadelé jeung témpé téh mangrupa kadaharan sumber isoflovon. Isoflovon teh salasahiji kelompok fitokimia anu gunana pikeun nyegah sajumlahing kasakit kronis. Upamana baé pikeun nyegah kasakit kangker prostat anu kacida dipikasieunna ku kaum lalaki anu umurna geus nincak 50 taunan.

Témpé ogé deuih ngandung Superoksida désmutosa anu bisa nyegak ruksakna sél nu ngolotan. Sakeureut témpé ngandung sababaraha unsur anu gedé mangpaatna, saperti hidrat arang, lemak, protéin, serat, vitamin, énzim, jeung komponén anti baktéri.

Lian ti éta, ceuk Wied Harry A., kacang kadelé jeung témpé téh minangka kadaharan anti kangker sabab kakandung sababaraha zat anu babarengan bisa maéhan bibit kangker. Inhibitor Bowman-Birk bisa ngalumpuhkeun sababaraha jenik kangker. Saperti kangker usus besar, kangker paru-paru, kangker kulit, kangker payudara, kangker prostat, jeung kangkeur darah (leukimia).

Panalungtikan di Amerika kana produk olahan anu asalna tina kadele, saperti tahu jeung tempe netelakeun yen eta kadaharan teh bisa ngurangan kadar koresterol 9,3 % dina waktu 6 nepi ka 12 minggu.

Lamun unggal poé ngadahar kadaharan tina kadelé 31 – 41 gram, bakal mampuh nahan kolesterol serum jeung kolesterol LDL. Turunna kadar kolesterol téh bakal katara pikeun anu kadar kolesterol dina awakna antara 250 – 300 mg/dl, nyaéta 7,4%. Pikeun anu kadar kolesterolna luhur pisan bisa turun nepi ka 19,6%.

Dumasar kana pedaran di luhur, urang ulah mangmang pikeun ngadahar olahan anu asalna tina kadele, sabab tétéla gedé gunana pikeun kaséhatan awak urang.

PEDARAN

Karangan wangun éssay nyaéta karangan anu medar salasahiji hal atawa pamanggih anu sipatna populér. Ieu karangan eusina kudu gampang kaharti ku nu maca. Ku kituna dina nulisna kudu berner-bener mérélé sarta ngagunakeun kekecapan anu gampang kaharti maksudna.

(26)

Prakprakan nulis karangan wangun éssay, diwangun ku tilu bagian. Bagian kahiji, bubuka. Eusina mangrupa panganteur ti nu nulis karangan pikeun ngajak nu maca sangkan leuwih panasaran nepi hayang nyaho kana eusina. Bagian kadua, pedaran atawa eusi nu nétélakeun pamadegan, atawa hasil tina panalungtikan. Bagian katilu, panutup. Eusina mangrupa kacindekan atawa bisa ogé mangrupa saran-saran ti nu nulis keur nu maca.

LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Prak hidep nulis hiji karangan eksposisi saperti conto di luhur. Eusina bisa milih kumaha hidep baé. Saméméhna tulis heula rangkayna, tuluy mekarkeun jadi karangan anu lengkep.

Rangka karangan :

____________________________________________________________________________ ____________________________________________________________________________ ____________________________________________________________________________

JUDUL : ______________________________________

(27)

_________________________________________________________________________________ _________________________________________________________________________________ _________________________________________________________________________________ _________________________________________________________________________________ _________________________________________________________________________________ _________________________________________________________________________________ _________________________________________________________________________________ _________________________________________________________________________________ _________________________________________________________________________________

Istilah Kasehatan

Dina wacana di luhur aya sababaraha kecap nu patali jeung istilah kaséhatan. Cing téangan hartina dina Kamus Besar Ilmu Pengetahuan nu aya di Perpustakaan sakola!

1. hyigienis

__________________________________________________________________________ 2. isoflovon

__________________________________________________________________________ 3. supertoksida desmustosa

__________________________________________________________________________ 4. kolesterol

__________________________________________________________________________ 5. kanker

__________________________________________________________________________ 6. enzim

__________________________________________________________________________ 7. hidrat arang

__________________________________________________________________________ 8. kronis

__________________________________________________________________________ 9. jenik

__________________________________________________________________________ 10. prostat

(28)

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN

(RPP)

Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas / Semester : VIII / 2

(29)

I. STANDAR KOMPETENSI

Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan daan keinginan secara lisan dalam berwawancara, berdiskusi, menyampaikan informasi, menyampaikan laporan perjalanan, memandu acara, dan memandu diskusi

XXXII. KOMPETENSI DASAR

Memandu acara kegiatan

IX. INDIKATOR

 Dapat menyusun susunan acara dengan baik

 Dapat memandu acara dengan bahasa yang baik dan santun

 Dalam peragaan dapat menggunakan kalimat-kalimat yang efektif dan jelas.

 Dapat memperbaiki atau menyempurnakan penyampaian memandu acara

XXXIII. MATERI POKOK

Acara kegiatan

XXXIV. KEGIATAN PEMBELAJARAN

A. PERSIAPAN

 Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi

 motivasi

B. KEGIATAN INTI

 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik menyusun susunan acara sebuah kegiatan

 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik memandu acara sebuah kegiatan

 Siswa secara bergantian memandu acara dengan bahasa yang baik  Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan

penyampaian ketika memandu acara

C. PENUTUP

 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari  Siswa dimotivasi untuk belajar menyampaikan berbagai hal dengan

baik dan benar

XXXV. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Buku pegangan

Prak hidep jadi protokol dina acara mieling Isro Mi’raj, di hareupeun babaturan ! Samemehna susun heula runtuyan acarana, jeung saha-sahana nu rek cumarita dina eta acara!

Mengetahui ..., Januari 2012 Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

... ...

NIP. ... ...

(30)

Lulus banglusna hiji acara, gumantung kana kasayagaan ti parapalaku nu kalibet dina éta acara. Ti mimiti protokol nepi ka nu rék micatur kudu aya dina sampurnaan. Kasawang lamun nu rék micatur teu cukup sasayagaan, lumangsungna acara moal sampurna sakumaha nu dipiharepna.

Sababaraha hal nu kudu aya dina diri protokol jeung nu rék micatur, di antarana baé :

1. Kajembaran pangaweruh

Protokol jeung nu rék micatur kudu mibanda kajembaran pangaweruh, hususna nu aya patalina jeung acara nu keur disanghareupan. Eta pangaweruh bisa kapibanda lamun getol néangan luang. Luang téh bisa diteangan ti papada urang, ti diri urang, jeung tina daluang.

Néangan luang (élmu) ti papada urang maksudna sing daék tatanya ka nu leuwih ngarti. Bukakeun panto haté urang pikeun narima sagala élmu ti nu séjén. Cindekna sing alus campur gaul jeung sasama sangkan élmu nambahan.

Néangan luang ti diri urang, maksudna mangpaatkeun pangalaman, sabab pangalaman téh guru nu panghadéna. Pangalaman nu alus jadikeun conto, pangalaman goreng jieun pieunteungeun.

Néangan luang tina daluang maksudna sing daék maca. Buku teh gudangna élmu, maca téh koncina.

2. Sumanget jeung kaiklasan

Sumanget jeung kaiklasan kacida gedé pangaruhna kana hasil gawé. Hiji pagawéan nu dibarengan ku sumanget jeung kaiklasan bakal dipilampah kalawan enya-enya pinuh ku kadariaan sarta gedé harepan hasilna bakal nyugemakeun. Sagala nu dipilampahna éstu tanpa pamrih, lain gumantung kana buruh.

3. Kaayaan badan jeung dangdanan

Kaayaan badan téh maksudna kaséhatan nu rék micatur. Ieu hal gedé pangaruhna kana lancarna acara. Mun badan gering, pikiran moal tengtrem, geter jajantung ogé moal normal.

Pon kitu dangdanan atawa pakéan, kudu luyu jeung acara nu keur dilaksanakeun. Upamana baé dina acara kaagamaan dangdanan kudu dibédakeun jeung dangdanan dina acara resepsi atawa acara rapat dines. 4. Kaayaan sora jeung panempo

Dina micatur, sora kacida nangtukeunana kana kaayaan pasamoan. Nyarita ulah datar sabab kadéngéna monoton. Pamilon atawa hadiri bakal kahipnotis, narundutan. Sora kudu kadéngé ku hadirin, gunakeun intonasi atawa aksén anu pariatif.

Panempo téh lambang kawibawaan. Panempo miboga ajén husus. Ku ayana kitu protokol atawa nu micatur kudu bisa ngatur panempo.

Hal séjén nu kudu kacangkem ku protokol nyaéta : 1. Nyaho kana acara nu rek diprotokolan;

2. Nyaho saha-saha baé nu rék micatur;

Sangeus sagalarupana tarapti, protokol kudu nyusun runtuyan acara nu rék dilaksanakeun.

Sangkan leuwih paham, baca conto omongan protokol ieu di handap, apalkeun !

PROTOKOL DINA ACARA PATURAY TINEUNG

Hadirin anu dipihormat! Neda perhatosan upacara Paturay tineung badé dikawitan.

Bismillahirrohmanirrohiim.

Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Alhamdulillah. Sadaya puji anging Allah anu kagungan. Anu ngawasa alam sadaya. Anging ku pangersa-Na danget ieu urang tiasa lawung dina raraga sami-sami nyaksén acara paturay tineung.

(31)

1 Bubuka

2. Laporan Paniatia Calagara 3. Lisan Pamitan

4. Lisan Pangjajap

5. masrahkeun tawis soca

6. Pileuleuyan dina wangun upacara adat 7. Do’a

8. Tutup.

Mugi-mugi baé ieu upacara lumangsung lungsur langsar ti kawit dugi ka wekasan. Amiin.

Kalayan nyebat : Bismillahirrohmaanirrohiim. Acara upacara Paturay Tineung dibuka.

Hadirin nu dipihormat.

Urang undakeun ka acara anu kadua, laporan ti Panitia Calagara. Ka Bapa Kusmayadi, BA disumanggakeun!

... ...

Hadirin anu mulya. Nembé kabandungan laporan ti panitia calagara. Kanggo salajengna urang bandungan bébéran lisan pamitan anu badé didugikeun ku wawakil kelas 3. Ka Sadérék Rahmat Nugraha disumanggakeun !

... ...

Salajengna urang sami regepkeun lisan pangjajap ti Bapa Kapala sakola. Ka pangersa Drs. Momon Suarman disumanggakeun.

... ...

Ngahaturkeun timpah réwu nuhun ka Pangersa Bapa Kapala Sakola nu parantos ngadugikeun lisan pangjajapna. Mugia piduana dikobul ku Allah SWT. Amiin.

Acara salajengna nyaéta masrahkeun tawis soca ti siswa kelas 3 kanggo Bapa miwah Ibu Guru. Tawis soca badé disanggakeun ku Sadérék Rahardiani ka Bapa Kapala sakola.

Hapunten ka Pangersa Bapa Drs. Momon Suarman dihaturanan deui ka payun kanggo nampi tawis soca ti parasiswa kelas 3.

... ...

Nindak kana acara nu diantos-antos ku sadayana, nyaéta upacara pileuleuyan nu mangrupi upacara adat. Sumangga wilujeng nyakséni !

... ...

Hadirin anu mulya, ayeuna parantos anjog kana acara pamungkas nyaéta do’a anu badé dijejeran ku Bapa Supriadi, S.Ag. Disumanggakeun !

... ...

Sadaya acara parantos lekasan. Sateuacan digu ka acara hiburan, sumangga urang sami tutup ieu acara ku ngedalkeun hamdalah. Alhamdulillahirobbil’alamiin.

(32)

LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Sabada maca conto omongan protokol di luhur, pék hidep nyusun omongan salaku protokol. Pilih acara nu rék diprotokolan :

1. Upacara naékeun kelas

2. Miéling Isro Mi’raj Nabi Muhamad SAW 3. Miéling maulid Nabi Muhamad SAW.

Acara : _________________________________________________________

(33)

_____________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN 9

(RPP)

Satuan Pendidikan : ... Mata pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas / Semester : VIII / 2

(34)

I. STANDAR KOMPETENSI

Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara tertulis dalam bentuk menulis sisindiran, surat, esai, laporan dan guguritan.

XXXVII. KOMPETENSI DASAR

Menulis surat

X. INDIKATOR

 Dapat mengidentifikasi struktur surat pribadi.  Dapat menulis salam pembukaan.

 Dapat menulis pembukaan surat dengan baik dalam bahasa yang santun  Dapat menyatakan atau memberitahukan sesuatu dengan jelas dan

singkat.

 Dapat menulis surat dengan kesatuan maksud yang akurat (tepat)  Dapat menulis surat pribadi dengan struktur yang baik dan lazim.  Dapat menulis bagian penutup surat dengan baik dan santun.  Dapat memperbaiki atau menyempurnakan surat pribadi.

XXXVIII. MATERI POKOK

Surat

XXXIX. KEGIATAN PEMBELAJARAN

A. PERSIAPAN

 Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi

 motivasi B. KEGIATAN INTI

 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang struktur surat pribadi & hal yang perlu diperhatikan ketika menulis surat  Dengan bimbingan guru siswa menulis surat dengan baik

 Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan tulisannya

C. PENUTUP

 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari

XL. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR

 Buku pegangan

Prak tulis ku hidep hiji surat pribadi, eusina bebas kumaha hidep, eta surat bisa ditujukeun ka indung, bapa, lanceuk, adi, atawa sobat!

Mengetahui ..., Januari 2012 Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

... ...

NIP. ... ...

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

(35)

Dina nulis surat kudu maké tatakrama anu mandiri. Kumaha nuliskeun titimangsa, dimana merenahkeun alamat nu rék dituju, kumaha ngalipet surat, dimana napelkeun perangkona, nu kumaha amplopna jeung réa-réa deui.

Wangun surat téh aya dua rupa. Kahiji, nyaéta surat dines atawa resmi anu aturan nulisna ditangtukeun dumasar kana aturan administrasi kanagaraan atawa kalembagaan. Kadua, surat teu resmi atawa surat biasa anu dijieunna keur kapentingan kulawarga. Surat ka babaturan, ka indung, ka bapa, ka dulur, ka anak, jeung sajabana.

Prak-prakan nulis surat teu resmi diantarana:

1. Ditulis dina keretas polos, teu kudu dirangkep. Cukup sambar. 2. Ditulis ku pulpén sangkan tulisanana atra gampang dibaca. 3. Titimangsa ditulis beulah katuhu di luhur.

4. Dihandapeun titimangsa, heuleut sajajar tulis alamat nu rék dituju. Saruakeun jeung anu ditulis dina amplop.

5. Heuleutan deui sajajar, tulis Sareng hormat.

6. Heuleut sajajar, prak baé nulis bubuka, pamaksudan jeung panutup.

7. Di beulah katuhu béh handap tulis jeung maké tanda tangan nu nyieun surat. 8. Keretas surat tilep sisi beulah kéncana, sabada diukur heula kana panjangna

amplop. Kadé ulah logor teuing atawa sereg teuing.Tuluy tilep ka luhurna, ukurkeun kana rubakna amplop. Geus kitu asupkeun suratna tuluy dilem. 9. Dina amplop beulah hareup, beulah katuhu dina saparapat bagian handap

tulis alamat anu rék dituju.

10. Dina amplop beulah tukang, tulis alamat anu ngirim surat kalayan lengkep. 11. Sanggeus rapih tapelan ku perangko saluyu jeung aturan ti Kantor Pos. 12. Aturan séjén :

- Basa dina surat kudu maké undak usuk basa anu merenah luyu jeung tetekon Ejahan Yang Disempurnakan (EYD).

- Sakur surat kudu maké amplop.

- Alamat ditulis kalayan lengkep tur sing écés.

Conto 1. Cara nulis surat

Sareng hormat.

Hawiosing ieu serat kahaturkeun ka pangersa Bapa, kalayan paneda pangersa Bapa rawuh Ibu kalih palaputra danget ieu ginulur kawilujengan. Sawangsulna abdi, waktos ieu mah alhamdulillah aya hibar pidu’a ti sadayana.

______________________________________________________________

Rupina mung sakieu unggel serat nu kapihatur, kalayan neda sih hapunten saupami kirang sapagodos sareng manah pangersa Bapa. Mugi bae Allah SWT sapaposna ngaleler kawilujengan ka Cingambul, 19 Mei 2010

Kahatur

(36)

Conto nuliskeun alamat nu dituju jeung nu ngirim surat dina amplop

Conto 2. Surat keur babaturan

Jatiwangi, 5 Juni 2010

Kahatur Sobat Di

Sumedang

Perangko

Kahatur

Pangersa Bapa Drs. Nana Juhana Lenggah di Blok Ahad Desa Sukahaji Majalengka 45452

(37)

Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuhu.

Sobat, kumaha damang ? Alhamdulillah upami damang mah. Eta pisan anu disuhunkeun siang sareng wengi téh. Sawangsulna, abdi ogé dina waktos ieu mah nuju sehat.

Numawi abdi ngintun serat téh teu aya sanes wiréh asa tos lami pisan urang teu patepang. Rupina aya kana genep sasihna. Mani asa sono pisan, hoyong geura gok baé patepang. Abdi mah sok émut baé basa ngabuburit bari ucang anggé di sisi dam. Harita abdi disorodot kana dam, sedengkeun apan teu bisa ngojay. Abdi kekerelepan dina cai anu jerona satangtung. Ampir baé jadi korban. Untung aya sobat nu pinter ngojay, alhamdulillah dugi ka abdi salamet.

Sobat, kumaha ayeuna di Sumedang téh, betah ? Pasti betah, nya ? Da Kota Sumedang mah ramé seueur tempat wisata, teu sapertos di lembur abdi éstu tiiseun pisan.

Aéh, iraha badé amengan ka abdi ? Kadé diantos pisan. Upami ka dieu ku abdi badé diajak ameng ka Taman Margasatwa Dinosaurus nu aya di Kacamatan Lemah Sugih. Resep geura aya di tempat anu luhur plung plong ka ditu ka dieu.

Sobat, saleresna mah hoyong kénéh ngedalkeun eusi hate téh. Rupina cekap sakieu baé heula. Insya Allah ka payun urang sambung deui. Mudah-mudahan urang salamina aya dina panangtayungan Allah SWT. Amin.

Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuhu.

Nu sono

Rahmat Nugraha

LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Prak hidep nulis konsep surat pribadi. Basa nu digunakeun kudu luyu jeung tatakramana. Kadé poho tulisan kudu rapih, écés tur bener éjahanana! Sanggeus réngsé salin deui dina keretas salambar anu beresih tuluy asupkeun kana amplop anu geus ditulisan alamat nu di tuju jeung alamat nu ngirimna.

Pilih salasahiji :

(38)

2. Surat ti adi ka lanceuk 3. Surat pikeun babaturan

_____________, ___________________

_______________________________________ _______________________________________ _______________________________________ ___________________

____________________

___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ _______________________________________________________________

___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ __________________________________________________________

___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ __________________________________________________________

___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ __________________________________________________________

___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ _______________________________________________________________

___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________

___________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ ___________________________________________________________________________________ __________________________________________________________

________________________________

Gambar

Tabel 1Kamampuh Maca Gancang
TABEL KANDUNGAN SUSU KADELE  JEUNG  SUSU SAPI

Referensi

Dokumen terkait

 Siswa dapat menulis huruf vokal dengan baik dan benar  Siswa dapat melengkapi kata dengan huruf vokal yang benar  Siswa dapat mencocokkan kata sesuai dengan gambar  Siswa

 Siswa menyimak penjelasan guru tentang, surat al-Fatihah mulai dari identitas surat, pengertian surat, nama surat, tempat diturunkannya surat, serta ayat pertama yang dibaca

 Siswa menyimak penjelasan guru tentang, surat al-Fatihah mulai dari identitas surat, pengertian surat, nama surat, tempat diturunkannya surat, serta ayat pertama yang dibaca

 Siswa menyimak penjelasan guru tentang, surat at-Takatsur, surat al-Zalzalah dan surat al-Humazah mulai dari identitas surat, pengertian surat, nama surat, dan tempat

 Siswa tidak menyimak penejalasan materi dari siwa lain, tetapi tidak menyimak dengan baik ketika guru memberikan penjelasan materi.  Siswa tidak menyimak dengan baik

 Dengan mencermati gambar permainan kasti dan isi teks serta penjelasan guru, siswa dapat memahami gerakan melempar, memukul, dan melempar bola dengan cermat.. 

Setelah menyimak penjelasan guru siswa dapat menulis (C1) daftar pertanyaan wawancara tentang kesadaran masyarakat menjaga lingkungan sekitar dengan teliti.. Dengan

TUJUAN PEMBELAJARAN - Setelah mendengarkan penjelasan dari guru, siswa mampu menyelesaikan penjumlahan tanpa teknik menyimpan dengan cermat.. - Setelah mendengarkan penjelasan dari