• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODEL PEMBELAJARAN PICTURE AND PICTURE UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENULIS TEKS DRAMA : Studi Kuasi Ékspérimén terhadap Siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODEL PEMBELAJARAN PICTURE AND PICTURE UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENULIS TEKS DRAMA : Studi Kuasi Ékspérimén terhadap Siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014."

Copied!
40
0
0

Teks penuh

(1)

MODÉL PANGAJARAN PICTURE AND PICTURE

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS TÉKS DRAMA (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

Diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku Raisa Prestiane

NIM 1005639

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

LEMBAR PENGESAHAN

RAISA PRESTIANE NIM 1005639

MODÉL PANGAJARAN PICTURE AND PICTURE

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS TÉKS DRAMA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII IPA 3 SMAN 17 Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)

disaluyuan jeung disahkeun ku pangaping:

Pangaping I,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

Pangaping II,

Temmy Widyastuti, S.Pd. M.Pd. NIP

Kauninga ku

Ketua Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(3)

Modél Pangajaran

Picture and Picture

pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh

Nulis Téks Drama

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa

Kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh Raisa Prestiane

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Raisa Prestiane 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Maret 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(4)

MODEL PEMBELAJARAN

PICTURE AND PICTURE

UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENULIS TEKS DRAMA

(Studi Kuasi Ékspérimén terhadap Siswa kelas XII IPA 3

SMA Negeri 17 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014)

Raisa Prestiane1)

, Dingding Haerudin2)

, Temmy Widyastuti3)

Email: prestiane@yahoo.com, dingding.haerudin@upi.edu, temmy.widyastuti@upi.edu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni,

Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi adanya masalah yang terlihat dari rendahnya kemampuan menulis téks drama siswa. Berdasarkan latar belakang tersebut, tujuan dari penelitian ini yaitu untuk mengukur dan mendeskripsikan pengaruh model pembelajaran Picture and Picture untuk meningkatkan kemampuan menulis teks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung tahun ajaran 2013/2014. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen dengan menggunakan desain one-group pretest-posttest. Tekhnik pengumpulan data yang digunakan dalam penelitian ini adalah tes. Berdasarkan hasil analisis data, dapat disimpulkan bahwa ada beda signifikan antara kemampuan menulis teks drama siswa sebelum dan setelah menggunakan model Picture and Picture, yaitu dari kriteria belum mampu menjadi mampu dengan rata-rata nilai siswa yang asalnya 65,3 menjadi 79,8 dengan beda 14,5. Hasil uji hipotesis menunjukan (9,04) (2,47), artinya hipotesis alternatif (Ha) diterima, sedangkan hipotésis nol (H0) ditolak. Jadi,

model pembelajaran Picture and Picture dapat meningkatkan kamampuan menulis teks drama.

Kata kunci: model pembelajaran Picture and Picture, kemampuan menulis teks drama.

1) Penulis Utama

(5)

(A Quasi-Experimental Study to The 3

Class of

XII Science Students

at SMA Negeri 17 Bandung Academic Year 2013/2014)

Raisa Prestiane4)

, Dingding Haerudin5)

, Temmy Widyastuti6)

Email: prestiane@yahoo.com, dingding.haerudin@upi.edu, temmy.widyastuti@upi.edu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni,

Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRACT

This research was conducted by problem that can be seen from the low ability students’ of writing drama text. Based on that problem, the purpose of conducting this research was to measure and describe the influence of “Picture and Picture learning model” to encourage ability in writing drama text by The 3rd Class of XII Science Students at SMA Negeri 17

Bandung Academic Year 2013/2014. The metodh used in conducting this research was a quasi-experimental method with one group pretest posttest design. The technique used to collecting the data in conducting this research is test. Based on the data analisysis, it can be concluded that there is a significant difference between before and after the students’ ability in writing drama text using Picture and Picture learning model from 65,3 to 79,8 with difference 14,5. From the hypothesis test, the result is obtained that tvalue (9,04) > ttable

(2,47). It mean that (Ha) accepted, while (H0) has been rejected. And then, Picture and

Picture learning model can encourage students’ ability in writing drama text.

Keywords: Picture And Picture learning model, writing drama text ability.

1) Author

(6)

DAPTAR EUSI

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan... 1

1.2 Idéntifikasi Masalah... 4

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTESIS... 8

2.1 Ulikan Tiori... 8

2.1.1 Wangenan Modél Pangajaran... 8

2.1.2 Modél Pangajaran Picture and Picture... 10

2.1.2.1 Wangenan Modél Pangajaran Picture and Picture ... 10

2.1.2.2 Léngkah-léngkah Modél Pangajaran Picture and Picture... 11

2.1.2.3 Kaonjoyan Modél Pangajaran Picture and Picture... 14

(7)

2.1.3.1 Nulis... 14

2.1.3.2 Téks Drama... 17

2.1.4 Modél Pangajaran Picture and Picture dina Pangajaran Nulis Téks Drama... 28 2.1.4.1 Oriéntasi Modél Pangajaran Picture and Picture dina Pangajaran Nulis Téks Drama... 28 2.1.4.2 Prinsip Modél Pangajaran Picture and Picture dina Pangajaran Nulis Téks Drama... 28 2.1.4.3 Sintak atawa Léngkah-léngkah Modél Pangajaran Picture and Picture dina Pangajaran Nulis Téks Drama... 29 2.1.4.4 Dampak Modél Pangajaran Picture and Picture dina Pangajaran Nulis Téks Drama... 30 2.2 Raraga Mikir... 30

2.3 Hipotésis... 32

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN... 33

(8)

viii

3.7.3 Uji Gain... 46

3.7.4 Uji Hipotésis... 47

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN... 51

4.1 Hasil Panalungtikan... 51

4.1.1 Kamampuh Nulis Téks Drama Siswa Kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh Dilarapkeun Modél Pangajaran Picture and Picture... 51

4.1.2 Kamampuh Nulis Téks Drama Siswa Kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 saenggeus Dilarapkeun Modél Pangajaran Picture and Picture... 56

4.1.3 Kamampuh Nulis Téks Drama Siswa Kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung saenggeus Dilarapkeun Modél Pangajaran Picture and Picture.... 60 4.1.4 Uji Béda anu Signifikan Kamampuh Nulis Téks Drama Siswa Siswa Kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung saenggeus Dilarapkeun Modél Pangajaran Picture and Picture... 67 4.1.4.1 Uji Sipat Data... 67

4.1.4.2 Uji Gain... 76

4.1.4.3 Uji Hipotésis... 79

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan Modél Pangajaran Picture and Picture pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama Siswa Kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung Taun Ajaran 2013/2014... 80

(9)

5.1 Kacindekan... 83

5.2 Rékoméndasi... 84

DAPTAR PUSTAKA ... 86

LAMPIRAN... 89

(10)

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Prosés pangajaran basa Sunda meredih opat kaparigelan basa anu kudu ditepikeun ka siswa nyaéta kaparigelan ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Éta opat aspék téh kudu ditepikeun kalawan gembleng dina porsi anu saimbang. Dumasar aktivitas makéna, ngaregepkeun jeung maca kaasup kana kaparigelan basa anu sipatna réséptif, sedengkeun nyarita jeung nulis kaasup kana kaparigelan anu sipatna produktif. Nyarita jeung nulis raket patalina, lantaran duanana mangrupa kaparigelan basa pikeun ngébréhkeun pikiran jeung eusi haté anu aya di hiji jalma ngaliwatan simbol-simbol basa. Dumasar kana jihat sistem basa, boh nyarita boh nulis téh, sarua mikabutuh pangaweruh ngeunaan kaédah-kaédah basa lisan jeung basa tulisan. Éta hal anu ngatur hubungan antara panyatur (panulis) jeung paregep (pamaca).

Nulis ogé miboga posisi anu penting dina pangajaran basa di sakabéh tingkatan atikan. Ku kituna, dina kagiatan nulis téh mikabutuh kaparigelan nulis anu hadé. Fungsi jeung tujuan nulis téh loba pisan sarta dipikabutuh dina kahirupan sapopoé. Nulis teu saukur dipikanyaho pikeun prosés ngébréhkeun

pamadegan atawa cara pikeun komunikasi ngaliwatan tulisan, tapi nulis gé geus jadi gaya jeung pilihan pikeun némbongkeun jati diri. Salian ti éta, nulis téh mangrupa alat ngabébaskeun diri tina tekenan émosi, sarana ngawangun kareueus kana dirina sorangan, jeung sarana pikeun nyieun kréasi sarta hiburan.

Dumasar hasil wawancara jeung guru basa Sunda di SMA Negeri 17 Bandung, Nita Renyawati, S.Pd., nétélakeun yén memang salila

(11)

dibéré pancén pikeun nulis téh sok asal-asalan. Éta hal mangrupa masalah utama anu remen kapanggih dina pangajaran nulis.

Ku kituna, nurutkeun Fathurohman (2012, kc. 63) ngébréhkeun yén guru anu profesional téh kudu bisa nyiptakeun prosés pangajaran anu nyugemakeun pikeun siswa jeung guruna sorangan, sangkan bisa ngaronjatkeun kréativitas siswa dina diajar nulis. Guru anu miboga peran penting dina pangajaran téh kudu bisa milih matéri jeung modél pangajaran anu luyu sangkan ngahudang minat jeung partisipasi siswa dina prosés pangajaran nulis. Dina ngalarapkeun modél pangajaran anu luyu jeung matéri, dipiharep siswa lain saukur meunang pangaweruh, tapi bisa ngaronjatkeun sikep dina ngaimplementasikeun konsép ajén-inajén anu nyangkaruk dina mata pelajaran basa Sunda kana kahirupan sapopoéna. Tangtuna éta téh lain hal anu sapira, tétéla ieu mangrupa tangtangan pikeun guru dina ngahontal tujuan pangajaran.

Sakumaha ébréh dina SKKD Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda tétéla siswa dipiharep mampuh nulis pikeun ngébréhkeun pikiran, rasa, jeung kahayang dina wangun puisi, éséy jeung téks drama. Salasahiji matéri poko anu kudu dikawasa dina aspék nulis kelas XII nyaéta nulis téks drama (Disdik Pemprov Jabar: 124). Nugroho (dina Mulyana, 2011, kc. 121) nétélakeun yén pangajaran sastra (hususna drama) di sakola loba pisan tinemu jeung masalah, can kahontalna hasil diajar anu maksimal mangrupa dampak tina prosés pangajaran anu kurang pas dina sababaraha aspék. Salasahiji aspék anu ngalantarankeun kurang maksimalna pangajaran sastra nyaéta faktor siswa kurang wanoh kana unggal warna (genre) karya sastra. Dina matéri sastra, genre anu remen jadi „korban‟

nyaéta prosa (hususna novel) jeung drama. Dina buku acuan diajar siswa atawa buku pakét, téks drama anu dijadikeun bahan ajar téh biasana mangrupa sempalanana hungkul.

(12)

3

pikeun mintonkeun drama, tangtu waé saacan mintonkeun éta drama téh siswa leuwih tiheula kudu nyieun téks dramana.

Ku kituna, waktu guru nepikeun pangajaran nulis téks drama ngan ngagunakeun métode ceramah jeung diskusi, tapi hasilna kurang méré fasilitas anu ngarojong pikeun ngahontal éta tujuan pangajaran. Salian ti éta, karep jeung kamampuh siswa dina nulis téks drama gé masih kénéh héngkér. Éta hal katitén tina can mampuhna siswa dina nyusun dialog jeung diksi anu dipaké kurang merenah (kamalayon), éjahanana anu can bener, ahir carita anu kurang jelas, watek tokoh anu masih samar, galur carita anu teu mérélé sarta teu bisa nyiptakeun konflik.

Nilik kana kasang tukang anu geus ditétélakeun, ieu panalungtikan dilaksanakeun ka siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 kalawan ngalarapkeun modél pangajaran anu bisa numuwuhkeun sarta ngaronjatkeun karep siswa dina nulis téks drama. Model pangajaran anu digunakeun nyaéta modél pangajaran Picture and Picture, ieu modél pangajaran téh ngagunakeun média gambar anu diruntuykeun sacara logis sangkan siswa babari nangtukeun galur carita, watek tokoh, ngagambarkeun kaayaan, nyieun dialog-dialog antar tokoh sarta prolog jeung épilog. Dipiharep modél pangajaran

Picture and Picture bisa jadi alternatif dina pangajaran nulis téks drama pikeun siswa SMA sangkan leuwih optimal.

Panalungtikan ngeunaan modél pangajaran Picture and Picture téh kungsi dilaksanakeun, di antarana waé, “Modél Pangajaran Picture and Picture dina Nulis Karangan Éksposisi siswa SMPN 15 Bandung” (Nurbaeti, 2008),

Babandingan Kaéféktivan Métode Ceramah jeung Métode Picture and Picture dina Pangajaran Nulis Déskripsi” (Mustika Amalia Hidayat, 2010), jeung

Éféktivitas Modél Picture and Picture pikeun Pangajaran Nulis Carpon” (Heri

(13)

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan modél pangajaran

Picture and Picture dina pangajaran nulis anu kungsi dilaksanakeun, hasilna téh nyugemakeun. Panalungtik ngarasa perlu ngalarapkeun modél pangajaran

Picture and Picture kana pangajaran nulis wangun séjénna.

Ku kituna, panalungtikan anu judulna “Modél Picture and Picture pikeun

Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Téks Drama (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa

Kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)”

dilaksanakeun.

1.2 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kasang tukang di luhur, aya sababaraha hal anu bisa diidéntifikasi pikeun ditalungtik, nyaéta:

1) siswa dianggap mampuh nulis téks drama anu hadé ku sabab pangajaran mintonkeun drama geus ditepikeun di kelas XI SMA;

2) modél pangajaran anu dilarapkeun ku guru kurang variatif jeung bahan ajar anu kurang lengkep dina pangajaran nulis téks drama téh ngalantarankeun kagiatan pangajaran téh kurang dipikaresep ku siswa, anu ngabalukarkeun can kahontal sagemblengna tujuan tina pangajaran nulis téks drama, kaasup can wanohna siswa kana karya sastra wangun téks drama; jeung

(14)

5 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh dilarapkeun modél

pangajaran Picture and Picture?

2) Kumaha kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 saenggeus dilarapkeun

modél pangajaran Picture and Picture?

3) Naha aya béda kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung saenggeus dilarapkeun modél pangajaran Picture and Picture?

1.4 Tujuan Panalungtikan 1.4.1 Tujuan Umum

Tujuan ieu panalungtikan nyaéta ngalarapkeun modél pangajaran Picture and Picture pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks drama dina pangajaran basa Sunda kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014, sangkan pangajaran basa Sunda leuwih dipikaresep jeung ngaronjatkeun kréativitas siswa.

1.4.2 Tujuan Husus

Ieu panalungtikan ogé miboga sababaraha tujuan husus, nyaéta pikeun ngadéskripsikeun:

1) kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh dilarapkeun modél pangajaran Picture and Picture;

(15)

3) béda kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung saenggeus dilarapkeun modél pangajaran Picture and Picture.

1.5 Mangpaat Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan pikeun ngeuyeuban élmu pangaweruh hususna dina modél-modél pangajaran anu digunakeun dina matéri nulis téks drama, sarta bisa ngalarapkeun modél pangajaran Picture and Picture pikeun ngaronjatkeun préstasi diajar siswa. Salian ti éta, dipiharep ieu hasil panalungtikan bisa jadi réferénsi pikeun guru dina nepikeun bahan ajar sangkan kualitas atikan ngaronjat.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis mangpaat tina ieu panalungtikan nyaéta:

1) dina jihat paélmuan, ieu panalungikan dipiharep bisa mangaruhan minat diajar siswa, hususna dina pangajaran nulis téks drama;

2) dina jihat instutisional, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi bahan tinimbang guru sangkan leuwih kréatif dina nepikeun matéri pangajaran ka siswana; jeung

3) pikeun nu nalungtik, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan.

1.6 Raraga Tulisan

Ieu laporan panalungtikan téh disusun jadi lima bab. Dina Bab I dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan diayakeun panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

(16)

7

hipotésis anu miboga tujuan pikeun méré anggapan awal kana hasil panalungtikan.

Bab III eusina medar ngeunaan métode panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan. Eusina ngawengku léngkah-léngkah panalungtikan, prak-prakan dina panalungtikan jeung cara ngolah data tina hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun.

Bab IV dipedar ngeunaan hasil panalungtikan jeung pedaran. Hasil tina ieu panalungtikan ngawengku kamampuh nulis téks drama saméméh dilarapkeun modél pangajaran Picture and Picture, kamampuh nulis téks drama siswa saenggeus dilarapkeun modél pangajaran Picture and Picture, béda kamampuh nulis téks drama siswa saméméh jeung saenggeus dilarapkeun modél pangajaran

Picture and Picture, sarta pedaran hasil panalungtikan modél pangajaran Picture and Picture pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks drama.

(17)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun di SMA Negeri 17 Bandung anu perenahna di jalan Tujuh Belas, Caringin Babakan Ciparay Bandung 40233. Sumber data dina ieu panalungtikan téh data hasil tés saméméh jeung saenggeus dilarapkeun modél pangajaran Picture and Picture dina pangajaran nulis téks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 anu jumlahna 28 siswa, ngawengku 20 awéwé jeung 8 lalaki.

3.2 Desain Panalungtikan

Nurutkeun Fraenkel & Wallen (dina Syamsuddin & Damaianti, 2011, kc. 156) aya tilu wangun desain anu kaasup kana kuasi ékspérimén, nyaéta one shot case study, the one group pretest posttest, jeung the static group comparison design. Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta the one group pretest posttest design. Ieu desain leuwih dipikawanoh minangka desain saméméh jeung saenggeus. Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngukur hasil pangajaran saméméh (pretest) jeung saenggeus (posttest) hiji kelompok dibéré perlakuan. Ieu desain dipaké kalawan sistématis jeung kararancang pikeun mikanyaho ngaronjat heunteuna kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 saenggeus dilarapkeun modél pangajaran Picture and Picture. Mékanisme panalungtikanana digambarkeun saperti ieu di handap.

(Syamsuddin & Damaianti, 2011, kc. 157)

Gb. 3.1

Rancangan The One Group Pretest Posttest

(18)

34 penjelasan matéri nulis téks drama jeung manipulasi atawa perlakuan pikeun mikanyaho kaayaan awal (O1). Tuluy dibéré perlakuan, nyaéta modél pangajaran

Picture and Picture (X), saenggeus kitu dilaksanakeun tés ahir pikeun mikanyaho signifikansi perlakuan anu geus dibérékeun (O2).

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode kuasi ékspérimén. Métode kuasi ékspérimén disebut ogé ékspérimén semu. Métodé kuasi ékspérimén nyaéta panalungtikan anu maké kelas ékspérimén, tapi henteu maké kelas kontrol. Tujuanana pikeun nguji hipotésis anu geus dirumuskeun.

Dina ngalaksanakeun ieu métode, panalungtik ngalaksanakeun manipulasi atawa perlakuan ngagunakeun modél pangajaran Picture and Picture anu dilarapkeun dina pangajaran nulis téks drama ka siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014.

3.4 Variabel Panalungtikan jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel Panalungtikan

Arikunto (2010, kc. 161) nétélakeun yén variabel nyaéta objék panalungtikan atawa naon-naon anu jadi puseur panitén dina hiji panalungtikan. Aya dua variabel dina panalungtikan nyaéta variabel bébas (independent variabel) jeung variabel kauger (dependent variabel).

(19)

Gb. 3.2

Hubungan Variabel Bébas-Kauger

Katerangan:

X : modél pangajaran Picture and Picture

Y : kamampuh nulis téks drama

3.4.2 Wangenan Operasional

Sangkan teu salah tafsir, dina ieu panalungtikan baris dijéntrékeun sacara operasional anu aya patalina jeung judul panalungtikan, saperti ieu di handap. 1) Modél Picture and Picture mangrupa salasahiji modél pangajaran anu

miboga tujuan pikeun méré stimulus sarta ngaronjatkeun kamamapuh siswa dina nulis téks drama ku cara ngaruntuykeun gambar-gambar anu disadiakeun jadi runtuyan carita anu logis, anu satuluyna dimekarkeun jadi téks carita anu gembleng.

2) Kamampuh nulis téks drama mangrupa kamampuh kréatif siswa dina ngalarapkeun aspék formal (judul, informasi tokoh, guneman/ dialog, panata laku, jeung babak), lengkep tur silih patalina unsur intrinsik anu mangrupa fakta carita (galur/plot, tokoh, jeung latar/setting) jeung sarana carita (gaya basa, simbolisme, jeung ironi), sarta luyu dina ngagunakeun basa tur ngalarapkeun palanggeran éjahan basa Sunda kana wangun dialog unggal tokohna.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas anu dipaké ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan anu dipigawé leuwih gampang sarta hasilna leuwih bener, lengkep, jeung sistématis, sangkan datana gampang diolah (Arikunto, 2010, kc. 203). Instrumén anu bakal dipaké dina ngumpulkeun data kudu bisa nampung data anu dibutuhkeun dina analisis.

(20)

36

Instrumén anu digunakeun pikeun nyangking data anu saluyu jeung masalah dina ieu panalungtikan, nyaéta tés jeung gambar. Tés minangka alat pikeun ngukur anu miboga standar (standardized) sarta objéktif bisa dipaké pikeun ngukur jeung ngabandingkeun tingkat kamampuh siswa dina ngawasa matéri nulis téks drama. Tés anu digunakeun nyaéta jenis tés préstasi anu tujuanana pikeun ngukur kamampuh para siswa saenggeus diajar nulis téks drama. Dina ieu panalungtikan, hasil tés diolah sacara kuantitatif.

Tés dilaksanakeun dua kali, nyaéta tés awal (pretest) jeung tés ahir (posttest) di kelas ékspérimén. Ku kituna, tujuan tina ieu tés téh nyaéta pikeun ngukur kamampuh siswa nulis téks drama saméméh jeung saenggeus ngaggunakeun modél pangajaran Picture and Picture. Ieu di handap mangrupa soal unjuk kerja anu dibérékeun ka siswa.

Dina ieu panalungtikan salian ngagunakeun instrumén tés pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis téks drama, digunakeun ogé instrumén gambar. Gambar dina ieu panalungtikan minangka alat anu kalintang penting, lantaran dina modél pangajaran Picture and Picture, gambar dipaké pikeun méré stimulus, imajinasi sarta méré alternatif carita siswa dina nyieun téks drama.

Tés Awal (Pretest)

Pék jieun hiji téks drama kalawan merhatikeun unsur pangwanguna, témana

“Problématika Rumaja”!

Waktu : 70 menit

Tés Ahir (Posttest)

Pék jieun hiji téks drama kalawan ngaruntuykeun gambar nu geus

disadiakeun di hareupeun kelas jadi runtuyan carita anu logis, perhatikeun unsur pangwangun téks drama!

(21)

Gambar anu dipaké dina ieu panalungtikan aya genep gambar, nyaéta: gambar hiji siswa awéwé keur nempokeun babaturan lalaki sakelasna; ngobrol jeung babaturan awéwéna; cicing di gigir balkon lantai pangluhurna; nuduhkeun hiji hal anu nyieun reueus ka dirina, tapi sabenerna babaturanana ngéwaeun; meunang pagajén ti guruna; jeung keur diajar.

(Sumber: Dokuméntasi Pribadi, 2013)

Gb. 3.3

(22)

38

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dina ngumpulkeun data, panalungtik ngagunakeun téhnik tés pikeun ngukur kamampuh siswa, hususna kamampuh dina nulis téks drama. Téhnik tés dilaksankeun pikeun meunangkeun data mangrupa peunteun, ieu téhnik dilaksanakeun kalawan ngagunakeun tés awal (pretest) jeung tés ahir (posttest) nulis téks drama. Tés awal miboga tujuan pikeun ngukur kamampuh siswa nulis téks drama saméméh ngagunakeun modél pangajaran Picture and Picture, sedengkeun tés ahir miboga tujuan pikeun ngukur kamampuh siswa nulis téks drama saenggeus ngagunakeun modél pangajaran Picture and Picture.

Hasil tina ieu dua tés téh dibandingkeun pikeun mikanyaho ngaronjat henteuna kamampuh siswa nulis téks drama saenggeus dilarapkeunana model pangajaran Picture and Picture. Éta hal bisa katitén tina babandingan hasil téks drama siswa nalika saméméh jeung saenggeus dibéré perlakuan mangrupa modél pangajaran Picture and Picture dina pangajaran nulis téks drama.

Léngkah-léngkah dina téhnik ngumpulkeun data ngawengku sababaraha tahap ieu di handap.

1) Siswa ngerjakeun pancén anu mangrupa tés awal (pretest) jeung tés ahir (posttest) kalawan nyieun karangan téks drama.

2) Saenggeus mikanyaho pangaweruh siswa dina nulis téks drama ngaliwatan tés awal (pretest) anu geus dilaksanakeun, panalungtik nyadiakeun alat-alat anu ngarojong pikeun dilarapkeunana modél pangajaran Picture and Picture, saperti nyiapkeun matéri pangajaran jeung gambar pilihan anu luyu jeung matérina.

3) Ngalaksanakeun prosés pangajaran nulis téks drama ngagunakeun modél pangajaran Picture and Picture.

(23)

3.7 Téhnik Ngolah Data

Saenggeus meunangkeun data hasil panalungtikan, kagiatan anu satuluyna nyaéta ngolah data pikeun ngajawab hipotésis atawa meunangkeun jawaban pasualan tina ieu panalungtikan. Data anu diaolah téh mangrupa hasil tés awal (pretest) jeung tés ahir (posttest).

Tujuan tina ngolah data data téh pikeun maluruh tingkat kamampuh siswa dina nulis téks drama saméméh jeung saenggeus ngagunakeun modél pangajaran

Picture and Picture.

Ieu di handap mangrupa léngkah-léngkah pikeun ngolah datana.

3.7.1 Mariksa jeung Meunteun Hasil Tés Awal (Pretest) jeung Tés Ahir

(Posttest)

Pikeun mikanyaho hasil kamampuh nulis téks drama siswa, data hasil tés awal (pretest) jeung tés ahir (posttest) dipeunteun dumasar kana kritéria meunteun téks drama nurutkeun Sumiyadi (2010) anu dijadikeun padoman meunteun hasil tés kalawan diropéa saperluna anu ngawengku sababaraha aspék, saperti ieu di handap.

1) Léngkepna Aspék Formal

25 = Lamun aya judul, informasi tokoh, guneman (dialog), pituduh laku, jeung ngabagi babak sacara logis.

20 = Lamun ngan aya judul, guneman (dialog), pituduh laku, jeung ngabagi babak sacara logis.

15 = Lamun ngan aya judul, guneman (dialog), jeung informasi tokoh. 10 = Lamun ngan aya judul, guneman (dialog).

2) Lengkepna Unsur Intrinsik

25 = Lamun aya fakta carita (plot, tokoh, jeung latar), sarana carita (gaya basa, simbolisme, jeung ironi) sarta mekarkeun téma sacara logis.

20 = Lamun ngan aya plot, tokoh, latar, simbolisme, ironi, jeung mekarkeun téma sacara logis.

(24)

40

3) Keterpaduan Unsur atawa Struktur

25 = Lamun struktur disusun kalawan merhatikeun runtuyan galur, diménsi tokoh (fisiologis, sosiologis, jeung psikologis) sarta diménsi latar (tempat, waktu, jeung sosial).

20 = Lamun struktur disusun kalawan ngan merhatikeun runtuyan galur, diménsi fisiologis jeung sosiologis sarta diménsi latar tempat jeung waktu.

15 = Lamun struktur disusun kalawan ngan merhatikeun runtuyan galur, diménsi fisiologis jeung latar tempat atawa waktu.

10 = Lamun struktur disusun kalawan ngan merhatikeun runtuyan galur hungkul.

4) Kabasaan

25 = Ragam basa disaluyukeun jeung diménsi tokoh, diksi merenah, jeung merhatikeun Palanggeran Éjahan Basa Sunda.

20 = Ragam basa disaluyukeun jeung diménsi tokoh, diksi merenah, aya 1-5 kasalahan Palanggeran Éjahan Basa Sunda.

15 = Ragam basa can disaluyukeun jeung diménsi tokoh, diksi kurang merenah, aya 6-10 jenis kasalahan Palanggeran Éjahan Basa Sunda. 10 = Ragam basa can disaluyukeun jeung diménsi tokoh, diksi kurang

merenah, aya > 10 jenis kasalahan Palanggeran Éjahan Basa Sunda.

(25)

Sangkan leuwih jéntré, peunteun ahir siswa ditabulasikeun dina tabél di handap.

Tabél. 3.1

Format Meunteun Nulis Téks Drama

Katerangan:

A = Lengkepna aspék formal B = Lengkepna unsur intirnsik

C = Keterpaduan unsur atawa struktur D = Luyu ngagunakeun basa

∑ = Jumlah skor P = Peunteun

Katégori = Peunteun ≥ 75, siswa dianggap mampuh nulis téks drama Peunteun < 75, siswa dianggap can mampuh nulis téks drama

3.7.2 Uji Sipat Data

Pikeun nguji sipat data, dilakukeun ku cara uji normalitas jeung uji homogénitas.

3.7.2.1 Uji Normalitas

Uji normalitas nyaéta uji sipat data anu miboga tujuan pikeun ngayakinkeun yén hasil kamampuh siswa téh miboga distribusi anu normal. Pikeun nangtukeun yén éta data miboga sipat normal atawa henteu, bisa ngagunakeun rumus chi kuadrat ( ).

No. Kode Siswa

Aspék Peunteun

∑ P Katégori

A B C D

(26)

42

Dina ieu panalungtikan, uji normalitas ngaliwatan sababaraha léngkah, nyaéta saperti ieu di handap.

1) Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna. 2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus:

3) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:

4) Nangtukeun panjang kelas interval.

5) Nyieun tabél frékuénsi tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun saperti tabél di handap.

Tabél 3.2

Format Distribusi Frékuénsi Peunteun Tés Awal (Pretest)jeung Tés Ahir (Posttest)

No. Kelas Interval fᵢ xᵢ xᵢ² fᵢxᵢ fᵢxᵢ² 1

2 3

6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun rumus ieu di handap.

r = peunteun panggedéna – peunteun pangleutikna

k = 1 + 3,3 log n

P =

(27)

Katerangan:

̅ = rata-rata (mean) ∑ = jumlah

fᵢ = jumlah data xᵢ = nilai tengah

(Sudjana, 2005, kc. 70)

7) Ngitung standar deviasi, carana nyaéta:

8) Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Carana nyaéta saperti ieu di handap.

a) Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi, saperti dina tabél di handap.

Tabél 3.3

Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Tés Awal (Pretest) jeung Tés Ahir (Posttest)

b) Nangtukeun frékuénsi observasi (Oᵢ). c) Nangtukeun batas kelas interval (Bk).

Interval Oᵢ Bk Zᵢ t L Eᵢ X ²

(28)

44

d) Ngitung transformasi normal standar bébas kelas (Zitung).

e) Nangtukeun Ztabél.

f) Ngitung lega kelas interval (L).

g) Ngitung frékuénsi ékspéktasi (Eᵢ ) ku cara:

h) Nangtukeun chi kuadrat ( ).

(Sudjana, 2005, kc. 273)

i) Nangtukeun derajat kabébasan (dk).

(Sudjana, 2005, kc. 293)

j) Nangtukeun harga tabél.

k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap.

Lamun itung < tabél, hartina data atawa populasi distribusina normal. Lamun itung > tabél, hartina data atawa populasi distribusina henteu normal.

Z =

L = Ztabél I - Ztabél II

Eᵢ = n x L

=

(29)

Saenggeus dilaksanakeun uji normalitas, sarta data anu dihasilkeun normal, hal anu kudu dilakukeun satuluyna nyaéta uji homogénitas varian nu fungsina pikeun nangtukeun uji paramétrik anu luyu.

3.7.2.2Uji Homogénitas

Uji homogénitas nyaéta uji sipat data anu tujuanana pikeun mikanyaho homogén henteuna sampel tina populasi anu sarua.

Léngkah-léngkah pikeun nangtukeun uji homogénitas saperti ieu di handap. 1) Ngitung variasi (S) masing-masing kelompok.

Variasi tés awal (pretest).

Variasi tés ahir (posttest).

(Sudjana, 2005, kc. 95)

2) Ngitung harga variasi (F).

3) Ngitung derajat kébébasan (dk).

4) Nangtukeun harga Ftabél.

S1 =

S2 =

F = é

(30)

46

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap. Lamun Fitung < Ftabél, hartina variansi sampel homogén.

Lamun Fitung > Ftabél, hartina variansi sampel henteu homogén.

(Sudjana, 2005, kc. 250)

3.7.3 Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan tina hasil tés awal (pretest) jeung tés ahir (Posttest). Hasil tina uji gain téh dipaké minangka gambaran pangaruh digunakeunana modél pangajaran Picture and Picture dina nulis téks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014. Léngkah-léngkah dina uji gain nyaéta ngagunakeun tabél di handap.

Tabél 3.4

Uji Gain Peunteun Tés Awal (Pretest) jeung Tés Ahir (Posttest) Nulis Téks Drama

No. Peunteun Tés Awal Peunteun Tés Ahir D d² 1

2 ∑

Saenggeus kitu, hasil tina uji gain kamampuh siswa nulis téks drama saméméh jeung saenggeus dilarapkeun modél pangajaran Picture and Picture téh dijieun rumusan pikeun ngajawab aya béda anu signifikan atawa henteu, rumusanana saperti ieu di handap:

Ha : ̅ ̅ hartina aya béda anu signifikan antara kamampuh

(31)

Ho : ̅ ̅ hartina henteu aya béda anu signifikan antara

kamampuh siswa nulis téks drama siswa saméméh jeung saenggeus dilarapkeun modél pangajaran Picture and Picture.

3.7.4 Uji Hipotésis

Susetyo (2012, kc. 138) netélakeun yén dina statisktik inferensial pikeun nguji hipotéis aya dua cara nyaéta uji data hipotésis statistik paramétris jeung nonpramétris. Statistik paramétris mangrupa jenis statistik anu dina téhnik analisisna miboga sarat kana data anu baris dianalisis, nyaéta distribusi data populasi dumasar kana modél distribusi normal sarta homogén, sedengkeun statistik nonparamétris mangrupa statistik anu téhnik analisisna pikeun distribusi data populasi nu miboga distribusi teu normal atawa disebut ogé statistik anu bébas distribusi.

Upama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén éta data miboga distribusi data anu normal, dina nguji éta data digunakeun uji t-tés. Tapi, lamun data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén eta data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data digunakeun statistik nonparamétris kalawan ngagunakeun uji

Wilcoxon

1) Statistik Paramétris

Statistik paramétris digunakeun lamun data miboga distribusi anu normal. Léngkah-léngkah dina statistik paramétrik saperti ieu di handap.

a) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan rumusna:

b) Ngitung derajat kabébasan (dk), rumusna nyaéta:

Md =

(32)

48

c) Ngitung jumlah kuadrat déviasi anu rumusna:

d) Ngitung tés signifikansi

Katerangan:

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir ∑x²d = jumlah kuadrat déviasi

n = jumlah subyék dina sampel

e) Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria di handap.

Lamun titung > ttabél, hartina hipotésis ditarima, yén modél pangajaran Picture

and Picture bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014.

Lamun titung < ttabél, hartina hipotésis ditarima, yén modél pangajaran Picture and Picture teu bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014.

2) Statistik Nonparamétris

Statistik nonparamétris digunakeun lamun data hasil uji normalitas téh nuduhkeunyén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.

Uji Wilcoxon mangrupa metode statistik anu digunakeun pikeun nguji bébédaan dua data anu miboga pasangan, jumlah sampel anu datana sarua lobana (Susetyo, 2012, kc. 228).

∑x d = ∑d -

t =

(33)

Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 450) léngkah-léngkah uji Wilcoxon nyaéta: a) asupkeun peunteun tés awal siswa kana kolom ka-2 (XAI);

b) asupkeun peunteun tés ahir siswa kana kolom ka-3 (XBI);

c) itung bédana antara tés awal jeung tés ahir ku cara XBI – XAI, tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4;

d) cara nangtukeun jenjang ku cara ngaruntuykeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti béda peunteun anu pangleutikna nepi anu panggedéna;

e) saenggeus diruntuykeun (misalna aya peunteun anu sarua), pikeun nangtukeun jenjangna, éta peunteun téh dijumlahkeun, tuluy dibagi dua. Peunteun tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna;

f) saenggeus diruntuykeun, asupkeun peunteun jenjang (JB) kana kolom ka-5; g) asupkeun peunteun jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya béda

peunteun anu négatif, asupkeun kana kolom ka-7;

h) tingali kana tabél harga kritis uji Wilcoxon, misalna jumlah n = 25 kalawan ngagunakeun taraf kasalahan 5% Wtabél = 89;

i) data anu geus diitung, tuluy diasupkeun kana tabél uji Wilcoxon dina tabél di handap.

Tabél 3.5 Tabél Uji Wilcoxon

No. XAI XBI Béda Tanda Jenjang

XAI-XBI Jenjang + -

Katerangan:

(34)

50

j) ditarima henteuna hipotésis dina uji Wilcoxon ngagunakeun kritéria ieu di handap.

Lamun Witung < Wtabél dumasar taraf nyata anu ditangtukeun, hartina Hₐ ditarima, yén modél pangajaran Picture and Picture bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014.

(35)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

Dina ieu bab diébréhkeun kacindekan tina hasil panalungtikan. Dumasar kana éta kacindekan, dipedar ogé sababaraha rékoméndasi atawa saran anu aya patalina jeung judul panalungtikan.

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis, jeung pedaran kamampuh nulis téks drama ngagunakeun modél pangajaran Picture and Picture di kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh dilarapkeun modél pangajaran Picture and Picture dina lengkepna aspék formal, aya dina kritéria hadé, skor pangleutikna jeung panggedéna nyaéta 10 jeung 25, kalawan rata-ratana nyaéta 19,8. Dina lengkepna unsur intrinsik atawa struktur, masih kénéh dina kritéria cukup, skor pangleutikna jeung panggedéna nyaéta 10 jeung 20, kalawan rata-ratana nyaéta 13,4. Dina aspék keterpaduan unsur atawa struktur, masih aya kénéh dina kritéria hadé, skor pangleutikna jeung panggedéna nyaéta 10 jeung 25, kalawan rata-rata nyaéta 17,7. Kitu deui, dina kabasaan, masih aya kénéh dina kritéria cukup, skor pangleutikna jeung panggedéna nyaéta 10 jeung 15, kalawan rata-rata nyaéta 14,5. Rata-rata peunteun siswa nyaéta 65,3, kapaluruh yén 10 urang (36%) siswa meunang

peunteun ≥ 75 kalawan katégori mampuh jeung 18 urang atawa (64%) siswa

anu meunang peunteun < 75.

(36)

84

nyaéta 23. Dina lengkepna unsur intrinsik atawa struktur, aya dina kritéria hadé, skor pangleutikna jeung panggedéna nyaéta 10 jeung 25, kalawan rata-ratana nyaéta nyaéta 18,6. Dina aspék keterpaduan unsur atawa struktur, aya dina kritéria hadé pisan, skor pangleutikna jeung panggedéna nyaéta 20 jeung 25, kalawan rata-ratana nyaéta 17,7. Kitu deui, dina kabasaan, masih aya dina kritéria cukup, skor pangleutikna jeung panggedéna nyaéta 10 jeung 20, kalawan rata-ratana nyaéta 15,5. Rata-rata peunteun ratasiswa nyaéta 79,8. Kapaluruh 23 urang (82%) siswa meunang peunteun ≥ 75 kalawan

katégori mampuh jeung 5 urang (18%) siswa anu meunang peunteun < 75 kalawan katégori mampuh.

3) Aya béda anu signifikan kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung saenggeus dilarapkeun modél pangajaran Picture and Picture, éta hal katitén tina uji hipotésis anu nuduhkeun yén titung > ttabél, nya éta (9,04) > (2,47). Bisa dicindekkeun yén hipotésis alternatif (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (Ho) ditolak. Hartina modél pangajaran Picture and Picture bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis téks drama siswa kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014. Hasil béda anu signifikan ogé bisa katitén tina rata-rata peunteun siswa anu asalna 65,3 ngaronjat jadi 79,8.

5.2 Rékoméndasi

Saenggeus dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan nulis téks drama ngagunakeun modél pangajaran Picture and Picture di kelas XII IPA 3 SMA Negeri 17 Bandung taun ajaran 2013/2014, aya sababaraha rékoméndasi ti panulis, nyaéta ieu di handap.

1) Modél pangajaran Picture and Picture anu kabukti éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks drama, bisa dijadikeun salasahiji alternatif pikeun guru dina pangajaran séjénna;

2) Nilik kana hasil panalungtikan, panulis manggihan yén nalika ngalarapkeun ieu modél pangajaran téh lamun siswana henteu dibimbing sacara individual

(37)

moal éféktif. Ku sabab kitu, sanajan guru geus méré fasilitas siswa diajar ngagunakeun modél pangajaran anu meredih siswa sangkan leuwih aktif gé angger wé siswa kudu dibimbing sangkan kaayaan kelas henteu ribut jeung sakabéh siswa bisa aktif; jeung

(38)

DAPTAR PUSTAKA

Agus. (2012). Model Pembelajaran Picture and Picture. [Online]. Aya dina: http://weblogask.blogspot.com/2012/09/model-pembelajaran-picture-and-picture.html. [Diaksés 27 September 2013].

Amaturrasyidah. (2013). Keefektifan Media Cuplikan Film Senyap dalam Pembelajaran Menulis Naskah Drama (Kuasi Eksperimen pada Siswa Kelas VIII SMPN 43 Bandung Tahun Ajaran 2012/2013). (Skripsi). Sarjana Pendidikan Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Arikunto,S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda.

Endraswara, S. (2011). Metoda Pembelajaran Drama. Yogyakarta: CAPS.

Fathurohman, P. & Sunarya, A. (2012). Guru Profesional. Bandung: PT. Refika Aditama.

Fauzi, H. D. (2007). Bagaimana Menulis Drama. Bandung: CV. Armico.

Iskandarwassid & Sunendar, D. (2011). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: CV. Rosda.

Jabrohim, Anwar, C., & Sayuti, S. A. (2009). Cara Menulis Kreatif. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

(39)

Nurjanah, N. (2009). Tiori Nulis. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Rahman & Sudaryat, Y (Ed). (2009). Model-Model Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: CV. Wahana Grafika.

Sudjana. (2005). Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.

Sudjana, N. (2006). Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Sumiyadi. (2010). Kriteria Penilaian Penulisan Naskah Drama. [Online]. Aya dina:

http://file.upi.edu/browse.php?dir=Direktori/FPBS/JUR._PEND._BHS._DA

N_SASTRA_INDONESIA/196603201991031-Sumiyadi/Sumiyadi/Kriteria_Penulisan_Naskah_Drama.pdf. [Diaksés 30 Desember 2013].

Susetyo, B. (2012). Statistika untuk Analisis Data Penelitian. Bandung: PT. Refika Aditama.

Syamsudin & Damaianti, V. S. (2011). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa.

Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

t.n. (2011). Pengertian Menulis Menurut Para Ahli . [Online]. Aya dina:

http://duniabaca.com/pengertian-menulis-menurut-para-ahli.html. [Diaksés 12 Oktober 2013].

Tarigan, H. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

(40)

88

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI Press.

Gambar

Gambar dina ieu panalungtikan minangka alat anu kalintang penting, lantaran
Gambar anu Dipaké dina Panalungtikan

Referensi

Dokumen terkait

Peran antar pihak terutama peran yang dimiliki oleh pemda, pemerintah desa, swasta dan balai TN (wil.1) tentunya telah memiliki tugas dan tanggung jawabnya

Tujuan : Untuk mengetahui pelaksanaan fisioterapi static contraction dapat mengurangi nyeri dan oedema, memelihara lingkup gerak sendi (LGS) dan kekuatan otot dan

Profil Self Disclosure Peserta didik dan Implikasinya Terhadap Bimbingan Pribadi Sosial (Studi Deskriptif terhadap Peserta didik Kelas VIII SMP Negeri 1 Lembang Tahun

and Mongolia provide almost universal pension coverage through a mix of social and contributory pensions; East Timor has in place asocial pension for everyone over 60 years;

dilakukan dengan menelaah sejumlah buku, karya ilmiah, dan.. dokumen/arsip yang berhubungan dengan masalah yang diteliti. Pengumpulan data sekunder yang dilakukan dalam penelitian

Penyisipan humor digunakan dalam empat pembelajaran keterampilan berbahasa Inggris yaitu pembelajaran mendengarkan bahasa Inggris (listening) jenis verbal humor berupa

Bagaimanakah cara merancang sebuah model sistem yang mampu mengolah multi parameter yang terkandung dalam isyarat suara ucapan penutur untuk diaplikasikan sebagai suatu model

Website Taman Nasional Gunung Gede Pangrango dibuat dengan maksud untuk memberikan informasi mengenai Sejarah, Geografi fisik, Satwa, Vegetasi, Peta, Rute pendakian, Pusat