Rina Tesya Anggraeni, 2014
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA
SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat
nyangking gelar Sarjana Pendidikan
ku
Rina Tesya Anggraeni
1000473
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
RINA TESYA ANGGRAENI
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA
SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014
Disaluyuan jeung disahkeun ku:
Pangaping I,
Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum.
NIP. 196302101987031001
Pangaping II,
Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.
Kauninga ku:
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd.
ii Rina Tesya Anggraeni, 2014
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
PERNYATAAN
Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul “Kasalahan
Morfologis dina Karangan Naskah Drama Siswa Kelas IX SMPN 6 Bandung
Taun Ajaran 2013/2014” ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya saya
sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang
tidak sesuai dengan etika ilmu yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas
pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi apabila di kemudian hari
ditemukan adanya pelanggaran etika keilmuan atau ada klaim dari pihak lain
terhadap keaslian karya saya ini.
Bandung, Januari 2014
Yang membuat pernyataan,
ii
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/20141
Rina Tesya Anggraeni2
ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh masih adanya kesalahan yang dilakukan oleh siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014 dalam keterampilan berbahasa aspek menulis, khususnya dalam menggunakan kaidah morfologis dalam menulis sebuah karangan berbentuk naskah drama. Data kesalahan morfologis dalam penelitian ini meliputi kesalahan dalam menggunakan kata asal, kesalahan dalam menggunakan imbuhan, dan kesalahan dalam menggunakan kata ulang. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Adapun tekhnik pengumpulan data dilaksanakan melalui tekhnik tes, dan tekhnik mengolah data dengan analisis unsur langsung. Sedangkan hasil dari penelitian ini menunjukkan dari 22 naskah drama yang disusun oleh siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014, ada 221 kata yang salah kaidah morfologisnya. Dari 221 kata tersebut, 151 kata (67,3%) merupakan kesalahan dalam menggunakan kata asal, 65 kata (29,5%) merupakan kesalahan dalam menggunakan imbuhan, dan tujuh kata (3,2%) merupakan kesalahan dalam menggunakan kata ulang. Simpulannya adalah dari jumlah kata yang mengalami kesalahan morfologis dalam naskah drama yang disusun oleh siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014, bisa disebutkan bahwa siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014 telah memahami dan bisa menggunakan kaidah morfologis dalam bahasa Sunda dengan cukup baik. Pengajaran tentang kaidah morfologis perlu diajarkan secara intensif kepada para siswa sebagai salah satu usaha untuk menghindari kesalahan dalam menulis, terutama dalam menggunakan kata asal.
1Skripsi dibawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. 2
iii
Rina Tesya Anggraeni, 2014
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
MORPHOLOGICAL MISTAKES IN WRITING DRAMA SCRIPTS BY NINTH GRADERS OF SMPN 6 BANDUNG IN 2013/20141
Rina Tesya Anggraeni2
ABSTRACT
This research was conducted based on a background of the emergence of mistakes caused by students in writing skill, particularly in writing drama scripts. Morphological mistakes data in this research comprise mistakes in using root words, affix, and plurals. The method used in this research was descriptive, while the technique to obtain the data was conducted through testing technique and processing technique by analyzing the mistakes directly from the data. The result of this research shows that from 22 drama scripts written by the ninth graders in SMPN 6 Bandung in 2013/2014, there are 221 words found to be morphologically incorrect. From those 221 words, 151 words (67,3%) are mistakes in using root words, 65 words (29,5%) are mistakes in using affix, and seven words (3,2%) are mistakes in using plurals. A conclusion to be drawn from this research is that, in writing drama scripts, students are still making mistakes especially in using root words.
DAFTAR EUSI
PERNYATAAN ... i
ABSTRAK ... ii
PANGJAJAP ... iii
TAWIS NUHUN ... iv
DAFTAR EUSI ... vii
DAFTAR TABEL ... x
DAFTAR LAMPIRAN ... xi
DAFTAR BAGAN ... xii
DAFTAR SINGGETAN ... xiii
BAB I BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1
1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3
1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 4
1.2.2 Rumusan Masalah ... 4
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4
1.3.1 Tujuan Umum ... 4
1.3.2 Tujuan Husus ... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.5 Raraga Tulisan ... 5
BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG ANGGAPAN DASAR ... 6
2.1 Ulikan Tiori ... 6
2.1.1 Kasalahan Basa ... 6
2.1.2 Kasalahan Morfologis ... 7
2.1.2.1 Wangenan Morfologi jeung Kasalahan Morfologis ... 7
2.1.2.2 Prosés Morfologis ... 8
2.1.2.3 Kecap ... 10
2.1.3 Naskah Drama ... 19
viii
Rina Tesya Anggraeni, 2014
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.1.3.2 Wujud Naskah Drama ... 19
2.1.3.3 Drama Salaku Sastra Lalakon ... 20
2.1.3.4 Papasingan Drama ... 22
2.2 Raraga Mikir ... 23
2.3 Anggapan Dasar ... 24
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 25
3.1 Data jeung Sumber Data ... 25
3.2 Desain Panalungtikan ... 26
3.3 Métode Panalungtikan ... 27
3.4 Wangenan Operasional ... 27
3.4.1 Kasalahan Morfologis ... 28
3.4.2 Naskah Drama ... 28
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 28
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 30
3.7 Téhnik Ngolah Data ... 31
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 32
4.1 Hasil Panalungtikan ... 32
4.1.1 Data Kasalahan Morfologis ... 32
4.1.2 Kasalahan Ngagunakeun Kecap Asal/Salancar ... 33
4.1.2.1 Pola /e/ /eu/ ... 35
4.1.2.2 Pola / / /r/ ... 35
4.1.2.3 Pola / / /a/ ... 36
4.1.2.4 Pola / / /h/ ... 37
4.1.2.5 Pola /y/ / / ... 37
4.1.2.6 Pola /eu/ /é/ ... 38
4.1.2.7 pola /eu/ /e/ ... 38
4.1.2.8 Pola Kecap Dasar (KD) ... 39
4.1.2.9 Pola / / /u/ ... 40
4.1.2.10 Pola /w/ / / ... 41
4.1.2.11 Pola /e/ /a/ ... 41
4.1.2.12 Pola /a/ /u/ ... 42
4.1.2.13 Pola / / /e/ ... 42
4.1.2.14 Pola / / /é/ ... 43
4.1.2.15 Pola /o/ /u/ ... 44
4.1.3 Kasalahan Ngagunakeun Kecap Rundayan ... 44
4.1.3.1 Kasalahan Ngagunakeun Rarangkén Hareup ... 45
4.1.3.1.1 Pola /N-/ ... 45
4.1.3.1.2 Pola /ka-/ / / ... 46
4.1.3.1.3 Pola /sa-/ / / ... 47
4.1.3.1.4 Pola /ka-/ /N-/ ... 48
4.1.3.2 Kasalahan Ngagunakeun Rarangkén Tengah ... 49
ix
4.1.3.3.1 Pola /-an/ / / ... 50
4.1.3.3.2 Pola /-en/ /-eun/ ... 51
4.1.3.3.3 Pola /-a/ /-na/, /-ana/, /nana/ ... 51
4.1.3.3.4 Pola /-keun/ / / ... 52
4.1.3.3.5 Pola / / /-eun/ ... 52
4.1.3.4 Kasalahan Ngagunakeun Rarangkén Barung ... 53
4.1.4 Kasalahan Ngagunakeun Kecap Rajékan ... 54
4.2 Pedaran ... 55
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 57
5.1 Kacindekan ... 57
5.2 Saran ... 57
DAFTAR PUSTAKA ... 59
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 60
1 BAB I
BUBUKA
1.1Kasang Tukang Panalungtikan
Nurutkeun Sudaryat (2000, kc. 6), basa nyaéta sistem lambang omongan nu
dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis)
tur ragem (konvénsional) antar anggota masarakatna pikeun tujuan patali marga
atawa komunikasi.
Dina prosés komunikasi, enas-enasna mah mangrupa prosés hiji jalma
nepikeun pesen (rasa, pikiran, amanat) ka jalma séjén ngaliwatan média vérbal
atawa non vérbal. Minangka alat komunikasi, Sudaryat (2000, kc. 18) nétélakeun
yén basa miboga sababaraha fungsi nyaéta fungsi kognitif, imajinatif, métabasa,
émotif, konatif, jeung patis.
Fungsi kognitif nyaéta fungsi anu patali jeung kontéks; fungsi imajinatif nyaéta
fungsi anu patali jeung nepikeun amanat anu sipatna éstétis; fungsi métabasa
nyaéta fungsi anu ngajéntrékeun lambang basana sorangan; fungsi émotif nyaéta
fungsi anu patali jeung ébréhan ti panyatur; fungsi konatif nyaéta fungsi anu patali
jeung pamiarsa; jeung fungsi patis nyaéta fungsi anu patali jeung hubungan antara
panyatur jeung pamiarsa.
Nilik kana pentingna fungsi basa, unggal jalma diperedih sangkan parigel dina
ngagunakeun basa. Kaparigelan ngagunakeun basa hiji jalma téh mangrupa modal
utama pikeun digunakeun dina komunikasi di masarakat. Hiji jalma bisa disebut
parigel ngagunakeun basa, upama geus ngawasa komponén-komponén basa jeung
éjahanana, katut bisa ngalarapkeunana dina kahirupan sapopoé luyu jeung
kontéksna.
Minangka alat komunikasi, di Indonesia basa téh kabagi jadi tilu: (1) basa
Daérah; (2) basa Nasional; jeung (3) basa Asing. Basa Sunda mibanda
kalungguhan salaku salah sahiji basa daérah. Ieu kalungguhan téh ditangtayungan
ku UUD 1945, Bab XIII Pasal 32 Ayat 2 yén “nagara ngajénan jeung miara basa
2
Salian ti éta, basa Sunda ogé mangrupa salah sahiji mata pelajaran muatan
lokal wajib di sakola-sakola nu aya di Jawa Barat, ti mimiti SD/MI nepi ka
SMA/SMK/MA, luyu jeung Surat Edaran Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat
No. 423/2372/Set-disdik Taun 2013.
Dinas pendidikan Jawa Barat (dina SKKD, 2006, kc. 87) nétélakeun yén fungsi
pangajaran basa jeung sastra Sunda, luyu jeung kalungguhan sarta fungsina
minangka basa daérah, nyaéta:
a) Sarana ngabina komunikasi di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda;
b) Sarana mekarkeun basa Sunda minangka lambang kareueus jeung cicirén sélér
Sunda; c) Sarana tatapakan jeung pangrojong pangajaran basa Indonesia atawa
basa séjénna; d) Sarana ngabina ragam basa Sunda lulugu, pangpangna pikeun
pangajaran di lingkungan pendidikan dasar; jeung e) Sarana mekarkeun sastra
katut kabudayaan Sunda.
Éta kaparigelan basa téh kudu kahontal kalawan hadé, luyu jeung tujuan sarta
fungsi pangajaran basa Sunda anu geus dijéntrékeun di luhur. Nulis mangrupa
salah sahiji tina opat aspék kaparigelan basa. Nulis téh kaasup kana aspék
kaparigelan basa anu sipatna produktif aktif.
Nuliskeun wangun kecap kudu luyu jeung hartina, boh harti morfologis boh
harti gramatikal sangkan éta tulisan téh babari dipikahartina. Kitu ogé dina
karangan naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran
2013/2014, anu masih kénéh aya sababaraha kasalahan morfologis anu kudu
dibenerkeun.
Morfologis mangrupa sipat anu patali jeung morfologi. Sedengkeun morfologi
téh gurat badagna mah maluruh atawa medar morfém jeung kecap katut
parobahanana (Rosmana, 2003, kc. 2). Ku lantaran kaédah morfologis téh salah
sahiji kaédah basa anu kudu kacangking ku nu maké basana, ka asup parasiswa di
sakola, atuh perkara morfologis ogé jadi salah sahiji bahan pangajaran di sakola
komo dina nulis mah. Dina prakna, pamakéan kaédah morfologis téh tara
salawasna bener, tapi bisa waé salah. Kasalahan kitu téh disebut kasalahan
3
Rina Tesya Anggraeni, 2014
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Kasalahan morfologis nyaéta kasalahan ngagunakeun kaédah basa anu
ngawengku ngararangkénan (afiksasi), ngarajék (réduplikasi), jeung ngantétkeun
(komposisi). Ieu wangenan téh luyu jeung pamadegan Tarigan (1985, kc. 7) anu
nétélakeun yén kasalahan morfologis téh mangrupa kasalahan ngagunakeun basa
nu dilantarankeun ku salah nangtukeun rarangkén, salah ngagunakeun kecap
rajékan, salah nyusun kecap kantétan, jeung salah milih wangun kecap.
Dina karangan naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran
2013/2014, masih kénéh aya sababaraha kasalahan morfologis anu teu luyu jeung
konstruksi gramatikal. Éta kasalahan morfologisna aya anu salah dina
ngararangkénan, ngagunakeun kecap rajékan, atawa salah milih wangun kecap
asal/salancar. Dina SKKD SMP/MTs, aya standar kompeténsi “9.2 Mampu
berbicara untuk mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan dalam bentuk
mengemukakan kritik, berpidato, menceritakan isi novel, berdiskusi, bermain
peran, dan dramatisasi/musikalisasi puisi,” jeung kompetensi dasar “9.2.5
Bermain peran berdasarkan naskah drama.” Ayana éta standar kompeténsi jeung
kompeténsi dasar téh, saméméh siswa molahkeun atawa ngaragakeun drama
dumasar kana naskah drama, siswa kudu ngarang heula naskah dramana luyu
jeung kamampuhna.
Panalungtikan perkara kasalahan morfologis sacara husus, geus dilaksanakeun
ku Indah Kartika Dewita dina skripsina “Kasalahan Morfologis dina Karangan Deskripsi Siswa SMP Lab. School” Taun 2009. Panalungtikan anu ngulik
ngeunaan kasalahan morfologis dina karangan naskah drama acan aya anu
ngagarap. Ku kituna, ieu panalungtikan nu judulna “Kasalahan Morfologis dina
Karangan Naskah Drama Siswa Kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran
2013/2014” dilaksanakeun.
1.2Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah
Masalah dihartikeun minangka pateungteungna harepan jeung kanyataan. Teu
sakabéh masalah bisa jadi objék panalungtikan. Masalah panalungtikan nyaéta
masalah objéktif hiji panalungtikan. Ku kituna, di handap ieu baris dijelaskeun
4
1.2.1 Idéntifikasi Masalah
Dina ieu panalungtikan diidéntifikasi sababaraha masalah anu baris dipedar,
nyaéta perkara kasalahan pilihan kecap (diksi) anu henteu luyu jeung konstruksi
gramatikal, anu ngawengku: (1) kasalahan ngagunakeun kecap asal; (2) kasalahan
ngagunakeun wangun kecap rundayan; jeung (3) kasalahan ngagunakeun wangun
kecap rajékan.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana kasang tukang anu geus ditepikeun, anu jadi masalah dina ieu
panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
1) Naon waé kasalahan morfologis anu aya dina karangan naskah drama siswa
kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 téh ?
2) Tipe kasalahan morfologis naon waé anu aya dina karangan naskah drama
siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 téh ?
1.3Tujuan Panalungtikan
Saperti halna anu geus dijéntrékeun dina kasang tukang jeung rumusan
masalah, sacara jéntré ieu panalungtikan mibanda dua tujuan, nyaéta tujuan umum
jeung tujuan husus.
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho jeung
ngadéskripsikeun kasalahan morfologis anu aya dina karangan naskah drama
siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus anu hayang dihontal ngaliwatan ieu panalungtikan nyaéta pikeun
nganalisis jeung ngadéskripsikeun kasalahan morfologis anu aya dina karangan
naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Ari
analisis jeung déskripsina ngawengku:
1) Jumlah kasalahan morfologis; jeung
5
Rina Tesya Anggraeni, 2014
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1.4Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat panalungtikan ieu dijembarkeun kana dua bagian, nyaéta mangpaat
tioritis jeung mangpaat praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban informasi
ngeunaan élmu basa, hususna dina widang morfologi.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Sacara praktis, ieu panalungtikan boga mangpaat pikeun sababaraha pihak, di
antarana waé:
a. Pikeun panalungtik, nambahan élmu pangaweruh dina widang katatabasaan.
b. Pikeun guru, dipiharep bisa méré gambaran ka paraguru pikeun nangtukeun
léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun patali jeung ngalatih siswa dina
pangajaran basa Sunda, hususna dina kaparigelan basa aspék nulis.
c. Pikeun siswa, dipiharep bisa méré gambaran ka parasiswa dina ngagunakeun
kaédah morfologis anu bener dina ngarang atawa nulis.
1.5Raraga Tulisan
Ieu tulisan dipidangkeun dina lima bab, baris jéntré saperti ieu di handap.
BAB I Bubuka, ngajéntrékeun masalah jeung tujuan panalungtikan anu pakait
jeung kasalahan morfologis dina naskah drama.
BAB II Ulikan tiori, raraga mikir, jeung anggapan dasar, ngajéntrékeun ngeunaan
tiori-tiori anu dipaké jeung dijadikeun tatapakan dina ieu panalungtikan.
BAB III Métode panalungtikan, ngajéntrékeun sumber data, desain panalungtikan
jeung instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan.
BAB IV Hasil panalungtikan jeung bahasan, ngajéntrékeun jeung ngabahas naon
waé anu kapanggih dina data panalungtikan.
BAB V Kacindekan jeung saran, nyindekkeun ogé méré saran kana hasil
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1Data jeung Sumber Data
Data dina ieu panalungtikan nyaéta kasalahan morfologis dina naskah drama
anu disusun ku siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.
Sedengkeun anu jadi sumber datana nyaéta naskah drama anu disusun ku siswa
kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Tina éta sumber data téh
dicatet kasalahan morfologisna, anu ngawengku: 1) kasalahan ngagunakeun kecap
asal/salancar; 2) kasalahan ngagunakeun wangun kecap rundayan; jeung 3)
kasalahan ngagunakeun wangun kecap rajékan. Naskah drama anu dianalisis dina
ieu panalungtikan aya 22. Nomer naskah drama disusun sacara alfabét. Ieu hal
baris katitén dina tabél karangan naskah drama di handap.
Tabél 3.1 Judul Karangan Naskah Drama
No. Judul Naskah Drama Kelas
(1) (2) (3)
1. ABG Cararentil IX – 4
2. Babarengan IX – 4
3. Bonganna IX – 5
4. Copét Ditonjokan IX – 2
5. Garong Jenius IX – 1
6. Jurig Pulpén IX – 1
7. Kagoréngan Budak Ayeuna IX – 6
8. Maling Cipeuw IX – 4
9. Néangan Dasasila IX – 9
10. Ngedul IX – 8
11. Ngimpi Goréng IX – 9
12. Nurléla IX – 9
13. Pengamén Jadi Pahlawan IX – 5
26
Rina Tesya Anggraeni, 2014
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(1) (2) (3)
15. Sahabat Nu Katunda IX – 8
16. Si Playboy IX – 1
17. Sinderéla Gadungan IX – 10
18. The Raid KW 2 IX – 9
19. Tukang Maling Duit Warga IX – 10
20. Tukang Loték IX – 2
21. Tukiem Janten Girlband IX – 9
22. Ucing Sumput IX – 5
3.2Desain Panalungtikan
Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta saperti ieu dihandap.
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Ulikan
Tiori
Masalah Panalungtikan
Kasalahan morfologis dina karangan naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.
Téhnik Ngumpulkeun Data Digunakeun téhnik tés jeung kartu data. Instrumén
Panalungtikan
Téhnik Ngolah Data Digunakeun téhnik analisis.
Déskripsi Data
Kasalahan morfologis nu aya dina karangan naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.
Kacindekan
27
3.3Métode Panalungtikan
Métode mangrupa stratégi, prosedur, cara-cara pikeun ngumpulkeun,
nganalisis, jeung midangkeun objék panalungtikan (Ratna, 2010, kc. 467).
Métode panalungtikan nyaéta cara anu digunakeun ku nu nalungtik pikeun
ngumpulkeun data panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 151). Métode anu
digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif.
Nurutkeun Ratna (2010, kc. 337), métode déskriptif nyaéta métode anu
digunakeun pikeun ngadéskripsikeun hiji hal, tanpa nguji hipotésis. Ieu métode
leuwih loba matalikeun kecap-kecap ti batan angka-angka atawa barang-barang
budaya naon waé nu geus ditarjamahkeun kana wangun basa boh lisan boh tulisa.
Tujuan métode déskriptif nyaéta pikeun nyieun gambaran sacara sistematis,
faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta.
Dumasar kana masalah jeung tujuan nu hayang kahontal, ieu panalungtikan
ngagunakeun métode déskriptif, nyaéta métode nu bisa ngungkulan
pasualan-pasualan anu aktual ku jalan ngumpulkeun data, ngaklasifikasikeun data,
nganalisis, jeung nafsirkeun data (Surakhmad, dina Sugiyono, 2008, kc. 10).
Anu jadi dasar dipakéna métode déskriptif nyaéta ieu métode bisa leuwih
museur dina ngungkulan pasualan-pasualan anu keur disanghareupan.
Unsur-unsur anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nyaéta kasalahan ngagunakeun
wangun kecap asal/salancar, kasalahan ngagunakeun wangun kecap rundayan,
jeung kasalahan ngagunakeun wangun kecap rajékan.
3.4Wangenan Operasional
Pikeun nyingkahan salah tafsir jeung sangkan aya cecekelan dina
ngalaksanakeun ieu panalungtikan, aya sababaraha istilah anu perlu dijéntrékeun.
Éta istilah téh patali jeung judul ieu panalungtikan, nyaéta kasalahan morfologis,
jeung naskah drama.
3.4.1 Kasalahan Morfologis
Kasalahan morfologis nyaéta kasalahan ngagunakeun kaédah basa anu
28
Rina Tesya Anggraeni, 2014
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(komposisi). Ari kasalahan morfologis anu rék didéskripsikeun dina ieu
panalungtikan nyaéta pilihan kecap anu teu luyu jeung kaédah morfologis nu
ngawengku kasalahan ngagunakeun kecap asal/salancar, ngararangkénan
(afiksasi), jeung ngarajék (réduplikasi).
3.4.2 Naskah Drama
Dina ieu panalungtikan anu dimaksud naskah drama nyaéta karangan nu
mangrupa carita atawa lakon dina wangun paguneman. Ieu karangan drama téh
miboga rupa-rupa ciri, nyaéta (1) upama ditilik tina kalimah anu digunakeunana,
drama lolobana ngagunakeun kalimah langsung, nyaéta kalimah anu dikedalkeun
ku palaku; (2) aya bagian anu nerangkeun tingkah laku palaku, latar tempat, jeung
latar waktu.
Tina wujud lahiriahna, karangan drama ngandung hal-hal saperti pertélaan
palaku, babak jeung adegan, candraan, prolog jeung épilog, jeung paguneman.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan anu dipaké pikeun ngumpulkeun data, digunakeun
instrumén anu mangrupa lembar tés ngarang. Eusina mangrupa pituduh pikeun
nyusun karangan naskah drama sacara kelompok. Instrumén panalungtikanana,
ngawengku lembar tés ngarang jeung kartu data.
a. Lembar Tés Ngarang
Ieu lembar tés ngarang eusina pituduh katangtuan nulis karangan jeung lembar
karangan, anu mangrupa kertas kosong pikeun ngarangna. Ieu lembar tés ngarang
29
TÉS NGARANG
Saméméh kelompok hidep molahkeun atawa ngaragakeun drama dumasar
kana naskah drama, prak ayeuna jieun heula naskah dramana luyu jeung
kamampuh hidep kalawan téma bébas! Gunakeun kecap nu merenah jeung
éjahan basa Sunda anu bener!
Nama Anggota Kelompok:
Kelas:
30
Rina Tesya Anggraeni, 2014
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA KARANGAN NASKAH DRAMA SISWA KELAS IX SMPN 6 BANDUNG TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
b. Kartu Data
Kartu data dipaké pikeun nyatet kasalahan morfologis anu aya dina karangan
naskah drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Dina
kartu data dicatet informasi anu mangrupa no. Data, kecap nu ngalaman kasalahan
morfologis, kode data, kecap nu benerna, jeung tipe kasalahan morfologisna. Ieu
format kartu datana baris dijéntrékeun saperti ieu di handap.
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data
Teknik nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nyaéta téhnik tés. Téhnik tés
digunakeun pikeun ngumpulkeun data karangan naskah drama anu disusun ku
siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Ari ngumpulkeun
datana ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
1) Ngayakeun tés ngarang naskah drama;
2) Ngumpulkeun hasil karangan siswa;
3) Macaan hasil karangan siswa;
4) Nyirian kasalahan morfologis dina karangan; jeung
5) Nyatet kasalahan-kasalahan morfologis kana kartu data.
3.7 Téhnik Ngolah Data
Dina ngolah data digunakeun téhnik analisis unsur langsung. Ari unsur
anu dianalisisna nyaéta unsur-unsur kasalahan morfologis dina karangan naskah
drama siswa kelas IX SMPN 6 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. (No.data)
Kalimah : ...
Kecap : ...
Kode : (kelas/nomer naskah drama/jajaran)
Kuduna : ...
31
Éta data diolah ngaliwatan léngkah-léngkah saperti ieu di handap.
1) Ngadaptarkeun kasalahan morfologis tina kartu data;
2) Nganomeran jeung ngodean data kasalahan morfologis;
3) Nyieun papasingan data dumasar kana tipe kasalahan morfologis;
4) Nganalisis kasalahan morfologis tina karangan naskah drama siswa;
5) Ngadéskripsikeun jeung napsirkeun kasalahan morfologis; jeung
59
DAFTAR PUSTAKA
AR, Syamsuddin dan Vismaia S. D. (2006) Metode Penelitian Pendidikan
Bahasa. Bandung: Sekolah Pascasarjana UPI dan PT. Remaja Rosdakarya.
Arikunto, S. (2010) Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.
Chaer, A. (2008) Morfologi Bahasa Indonesia (Pendekatan Proses). Jakarta: PT Rineka Cipta.
Danadibrata, R. A. (2006) Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat jeung UNPAD.
Dewita, I. K. (2009) Kasalahan Morfologis dina Karangan Deskripsi Siswa SMP
Lab. School. Skripsi, JPBD, FPBS, UPI, Bandung.
Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2006) Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar. Bandung: Dinas Pendidikan Jawa Barat.
FKMGMPBD Jawa Barat. (2013) Surat Edaran No. 423/2372/Set-disdik.
[Online].
Fkmgmpbdjabar.blogspot.com/2013/04/surat-edaran-kepala-dinas-pendidikan.html?m=1. [diunduh Mei 2013]
JPBD, FPBS UPI. (2008) Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Edisi Revisi). Bandung: Sonagar Press.
Kridalaksana, H. (1983) Kamus Linguistik. Jakarta: Gramedia.
Kridalaksana, H. (1986) Kelas Kata dalam Bahasa Indonesia. Jakarta: Gramedia. LBSS. (1983) Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.
Prawirasumantri, A. (1994) Tata Basa Sunda Baku: Tata Sora jeung Éjahan. Bandung: Badan Yayasan LBSS.
Prawirasumantri, A. Spk. (1990) Kamekaran Adegan Kecap jeung Kandaga
Kecap Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.
Ratna, N. K. (2010) Metodologi Penelitian: Kajian Budaya dan Ilmu-ilmu Sosial
Humaniora Pada Umumnya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Rosmana, I. A. (2003) Morfologi Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.
60
SMART Atom Pelajar. (2013) UUD 1945 Bab XIII Pasal 32 Ayat 2. [Online]. Smartatompelajar..blogspot.com/2013/01/pasal-tigadua-ayat-dua..html?m=1121. [diunduh Februari 2013]
Sudaryat, Y. (1991) Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.
Sudaryat, Y. (2000) Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.
Sudaryat, Y. Spk. (2007) Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Sudjana, N. (1987) Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung: Sinar Baru Algensindo.
Sugiyono. (2008) Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: CV. Alfabeta.
Tamsyah, B. R. Spk. (1996) Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.
Tamsyah, B. R. Spk. (1999) Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.
Tarigan, H. G. (1985) Pengajaran Morfologi. Bandung: Angkasa.