• Tidak ada hasil yang ditemukan

s bd 0906527 chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "s bd 0906527 chapter1"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

1 BAB I BUBUKA

1.1. Kasang Tukang

Kabudayaan nya éta hasil tanaga, karep, pikiran sarta perasaan jelema guna nambahan kasenangan jeung kani’matan jelema ku rupa-rupa akalna (Danadibrata, 2006: 108). Manusa jeung kabudayaan téh raket patalina, sabab ayana kabudayaan di hiji tempat téh lantaran ayana manusa nu hirup kumbuh di éta tempat. Ayana kabudayaan nu dipimilik ku hiji masarakat ngajadikeun ciri mandiri anu ngabédakeun hiji masarakat jeung masarakat séjénna.

Nagara Indonésia beunghar pisan ku kabudayaan, kabudayaan éta téh diwangun tina kabudayaan-kabudayaan daérah anu ngawujud jadi kabudayaan nasional. Salaku bagian tina nagara Indonésia, tatar Sunda ogé méré sumbangan dina ngawangun kabudayaan nasional, salah sahijina nya éta tina basa. Basa mangrupa salasahiji unsur kabudayaan anu didadarkeun ku Koentjaraningrat (1985: 2), tujuh unsur kabudayaan téh nya éta; 1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem jeung organisasi kamasarakatan, 3) sistem élmu pangaweruh, 4) basa, 5) kasenian, 6) sistem pakasaban, jeung 7) sistem téhnologi jeung pakakas.

Basa miboga sipat nu produktif, ngaliwatan basa manusa bisa ngaéksprésikeun kahayang, pikiran tur gagasana boh sacara langsung ngaliwatan omongan boh sacara tinulis. Basa bisa dipaké pikeun nepikeun éksprési jiwa dina wangun karya sastra. Karya sastra nya éta karya nu digelarkeun ngaliwatan médium basa, boh lisan boh tinulis. Masarakat tatar Sunda geus teu bireuk deui kana karya sastra lantaran geus gelar ti béh ditu kénéh. Masarakat baheula produktif dina nyiptakeun rupaning karya sastra anu éndah tur euyeub ku ajén-inajén nu luhung salah sahijina nyampak dina sawér.

(2)

taweuran tempat ragragna cihujan tina hateup jeung nu sok kasawéran; 2) nyawér, salah sahiji upacara dina kariaan ngawinkeun, nya éta ngawurkeun béas dicampur duit ka pangantén jeung ka nu ngariung bari ngahaleuangkeun rupa-rupa piwulang, tempatna di panyawéran; sawér pangantén, piwulang ka pangantén nu mangrupa sa’ir.

Di masarakat tatar Sunda sawér téh aya rupa-rupa gumantung kana tujuannana, upamana baé sawér tingkeban, sawér ganti ngaran, sawér orok, sawér ruatan, jeung sawér pangantén.

Masarakat kiwari hususna generasi ngora teu pati maliré kana puisi sawér lantaran basa nu digunakeunana arkais jarang dipikaharti ku maranéhanana, salian ti éta ayana puisi sawér kiwari ukur kapanggih dina acara hajat ngawinkeun wungkul éta ogé upama dina prosésina dibarung ku upacara adat. Puisi sawér kaasup kana karya sastra buhun ku kituna jarang anu ngarasa kataji ku ieu karya nepi ka kadéséh ku sastra modern saperti novel jeung sajak anu basana leuwih gampang dipikaharti. Padahal dina karya sastra buhun hususna pusi sawér loba kakandung ajén-ajén anu luhung, papatah-papatah anu bisa dijadikeun cecekelan hirup manusa, ku kituna tarékah pikeun ngamumuléna pohara diperlukeuna.

Sangkan kakayaan daérah hususna dina widang sastra teu beuki lalangitan kudu aya tarékah pikeun ngamumuléna, sangkan anak incu urang jaga wanoh kana naon nu jadi budayana sorangan. Salasahiji tarékah pikeun ngungkulan éta pasuaalan nya éta dijadikeuna karya-karya sastra heubeul pikeun bahan pangajaran basa Sunda. Sangkan aya landasan hukum anu kuat pamaréntah geus netepkeun Perda No. 5/2003 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Sunda.

Tarékah pikeun ngamumulé kakayaan sastra sunda hususna ngeunaan puisi sawér datang ogé ti kaum akademisi kabuktian ku ayana panalungtikan-panalungtikan anu medar ngeunaan sawér di antarana:

1. Puisi Sawér Bahasa Sunda karangan Yetty Kusmiyati Hadish saparakanca (1986)

(3)

2. Ajén Falsafah Upacara Sawér Pangantén piken Bahan Pangajaran Basa Sunda di

SMPN 12 Bandung Kelas VIII Ngagunakeun Modél Démonstrasi, skripsi Temmy

Widyastuti (2005).

3. Puisi Sawér Pangantén anu aya di Kacamatan Nyalindung Kabupatén Sukabumi

pikeun Bahan Pangajaran Maca Puisi di SMA, skripsi Siti Maesaroh (2010).

Nilik kana judul-judul ngeunaan sawér di luhur, tacan aya anu husus nalungtik ngeunaan puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan nu dilarapkeun pikeun bahan pangajaran. Panalungtikan ngeunaan puisi sawér di ieu tempat perlu dilaksanakeun pikeun ngainvéntarisir, nambahan pangaweruh ngeunaan puisi sawér sarta pikeun salah sahiji alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP. Ku kituna ieu panalungtikan dibéré judul “Puisi Sawér Pangantén Di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran

Ngaregepkeun Di SMP

1.2. Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1. Idéntifikasi Masalah

Puisi sawér mangrupa salah sahiji bukti kabeungharan sastra Sunda, dijerona ngandung papatah-papatah anu guna pikeun kahirupan manusa. Generasi ngora kiwari langka nu apal kana ieu karya sastra ku kituna, ieu panalungtikan ngangkat masalah ngeunaan puisi sawér pikeun dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca dina mata pelajaran basa Sunda.

(4)

1.2.2. Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan téh baris dirumuskeun dina wangun kalimah pananya, sakumaha ieu di handap.

1. Kumaha kaayaan karya puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan?

2. Kumaha wangun puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan?

3. Kumaha eusi puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan?

4. Luyu henteu puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP?

1.3. Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngainvéntarisasi puisi sawér nu aya di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan.

1.3.1 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1. kaayaan puisi sawér di di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan.

2. wangun puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan. 3. eusi puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan. 4. puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan anu luyu

(5)

1.4. Mangpaat Panalungtikan 1.4.1. Mangpaat Tioritis

Mangpaat ieu panalungtikan, sacara tioritis bisa méré sumbangan kana kamajuan paélmuan dina widang basa jeung sastra Sunda hususna ngeunaan karya sastra buhun nya éta puisi sawér.

1.4.2. Mangpaat Praktis 1. Pikeun nu nalungtik

Tina ieu panalungtikan bisa ngajembaran pangaweruh ngeunaan hasanah sastra Sunda hususna ngeunaan puisi sawér.

2. Pikeun kelompok akademik

Ieu hasil panalungtikan téh bisa dijadikeun bahan ajar di sakola atawa bahan perkuliahan di tingkat paguron luhur.

3. Pikeun masarakat

Mangpaat pikeun masarakat nambahan pangaweruh ngeunaan adat istiadat di tatar Sunda hususna ngeunaan sawér pangantén.

1.5Struktur Organisasi Skripsi

Ieu panalungtikan disusun dina lima bab anu sistematikana saperti ieu di handap:

1. Bab I Bubuka

Dina Bab I medar ngeunaan kasang tukang masalah, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi skripsi.

2. Bab II Puisi Sawér jeung Pangajaranana

(6)

3. Bab III Métodologi Panalungtikan

Bab III medar ngeunaan lokasi jeung sumber data panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

4. Bab IV Puisi Sawér Pangantén Di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Di SMP

Dina Bab IV medar ngeunaan data jeung analisis puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan.

5. Bab V Panutup

Referensi

Dokumen terkait

Bagi anak berprestasi kurang sangat penting bahwa orangtua dan guru dengan jujur dapat mengatakan bahwa mereka percaya dengan kemampuan anak untuk berprestasi.. Harapan dari orang

[r]

Perancangan buku fotografi kehidupan Suku Sasak Bayan di Lombok Utara mepunyai tujuan yaitu mengenalkan Suku Sasak Bayan kepada masyarakat luas khususnya

PERBANDINGAN MODEL PEMBELAJARAN KOOPERATIF TIPE JIGSAW DENGAN STUDENT TEAM ACHIEVMENT DIVISION (STAD) TERHADAP KETERAMPILAN BERMAIN DALAM PERMAINAN BOLA BASKET..

PENERAPAN TEKNIK KANCING GEMERINCING DALAM PEMBELAJARAN BERDISKUSI : Penelitian Eksperimen Kuasi terhadap Siswa Kelas VIII SMP PGRI Dago Pakar Bandung Tahun Ajaran

Dengan ini saya memberikan kuasa kepada setiap dokter, rumah sakit, klinik, perusahaan asuransi atau setiap organisasi, lembaga atau orang untuk memberikan

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Olahraga dan Kesehatan. © Danny Adhitya

adalah hasil kerja yang dapat dicapai oleh seseorang atau kelompok orang dalam suatu organisasi, sesuai dengan wewenang dan tanggung jawab masing-masing, dalam rangka upaya