• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1205849 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1205849 Chapter3"

Copied!
19
0
0

Teks penuh

(1)

MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Métodeu panalungtikan nya éta hiji cara ilmiah pikeun nyangking data nu valid, tujuanna bisa mekarkeun jeung ngabuktikeun hiji pangaweruh nu tungtungna bisa dipaké pikeun pamahaman jeung ngungkulan masalah dina widang atikan, (Sugiyono, 2013 kc. 6).

Métode nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta Métode kuasi éksperimén nu miboga tujuan pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis

karangan éksposisi saméméh jeung saenggeus ngagunakeun modél multiliterasi.

Masih nurutkeun Sugiyono (2013 kc. 109), nu nétélakeun yén dina métode

pre-experimental aya tilu rupa desain, nya éta One-Shot Case Studi, One Group Pretest-posttest jeung Intec-Group Comparison.

Dumasar kana tilu desain nu tadi ditataan, desin panalungtikan nu

digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta One Group Pretest-Posttest. Pretest

dilaksanakeun pikeun mikanyaho kamampuh awal siswa saméméh ngagunakeun

modél pangajarana multiliterasi (treatmen), sedengkeun posttest dilaksanakeun

pikeun mikanyaho kamampuh ahir siswa saenggeus ngagunakeun modél pangajaran multiliterasi (treatmen). Ku lantaran kitu, hasil tina treatment bakal leuwih akurat sabab bisa ngabandingkeun hasil saméméh jeung saenggeus

ngagunakeun treatment.

Sangkan leuwih jéntré desain panalungtikan pre-experomental nu

digunakeun dina ieu panalungtikan, digambarkeun dina ieu tabel di handap.

Tabél 3.1

Desain Panalungtikan

O1 X O2

(2)

Wira Oka Kurnia, 2016

MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Katerangan:

O1 = pretest (hasil panalungtikan saméméh perlakuan)

X = tratment (diajar nulis karangan éksposisi ngagunakeun modél multiliterasi)

O2 = postest (hasil panalungtikan sabada ngagunakeun modél multiliterasi).

3.2 Sumber Data

Sumber data mangrupa sakabéh obyék nu ditalungtik, kaasup aspék-aspék anu dipaluruh sarta ditalungtik salila prosés panalungtikan. Dina ieu panalungtikan obyék datana langsung ditangtukeun ku panalungtik, lantaran métode nu digunakeun kuasi ékspérimén ka hiji kelas.

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta kelas VII-K SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2015/2016 anu jumlah siswana 40 urang. Siswa lalaki 18 urang, siswa awéwé 22 urang. Ari data nu diolahna mangrupa karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016 saacan jeung

saenggeus ngagunakeun modél multiliterasi. Sangkan leulwih jéntré ngeunaan

kayaan murid kelas VII-K di SMP Negeri 45 Bandung, bisa katitén dina tabél di handap.

Tabél 3.2

Sumber Data

KELAS SISWA JUMLAH

AWÉWÉ LALAKI

VII-K 22 18 40

3.3. Instrumén Panalungtikan

(3)

fénoména disebut variabel panalungtikan (Sugiyono, 2013 kc. 148).

Instrumén dina ieu panalungtikan fungsina pikeun ngumpulkeun data

ngeunaan modél pangajaran multiliterasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis

karangan éksposisi. Dimimitian ku ngumpulkeun data pretést saméméh

ngagunakeun modél multiliterasi tuluy dipungkas ku ngumpulkeun data posttést

saenggeus ngagunakeun modél multiliterasi.

Instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés. Dina prak-prakanana panalungtik baris dilaksanakeun tés awal jeung tés ahir nu fungsina pikeun ngukur kamampuh siswa kelas VII-K SMP Negeri 45 Bandung, saméméh

jeung saenggeus ngagunakeun modél multiliterasi.

Tés nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés subyéktif nu umumna wangun éséy (uraian). Tés ieu dipilih lantaran dianggap luyu pikeun ngébréhkeun kamampuh hasil prosés diajar nulis karangan éksposisi kalayan obyéktif. Téma nu diasongkeun dina tés nya éta élmu pangaweruh ngeunaan tata cara nyieun kadaharan.

Instrumén pretest jeung posttest dina ieu panalungtikan kaunggel ieu di handap.

1) Lembar Tés

Kadaharan mangrupa salasahiji unsur nu penting pikeun diri urang sabab gedé pisan mangpaatna, dina kahirupan sapopoé barangtangtu urang bakal manggihan rupaning kadaharan. Loba pisan rupana, contona waé dina cara ngasakeunana aya nu digoréng, dibeuleum, ditumis, diseupan, dikulub, jrrd. Tina tata cara masakna nu rupa-rupa éta téh, bisa jadi kadaharan nu béda-béda, kawas kulub hui, goréng cau, pépés lauk, beuleum hayam, Jrrd.

(4)

Wira Oka Kurnia, 2016

MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Lembar Jawaban

Wasta : ...

Kelas : ... No. Absén : ...

Pék jieun karangan éksposisi, panjangna teu kurang ti tilu paragraf. Judulna bisa milih, lamun teu sangu goréng hidep bisa milih bala-bala!

(5)

3.4 Prosedur Panalungtikan

Prosedur ieu Panalungtikan dijéntreun dina bagan di handap.

Bagan 3.1

Prosedur Panalungtikan

Panalungtikan ngagunakeu modél pangajaran ngaliwatan pretest jeung

posttest, nganalisis data nepi ka ngahasilkeun kacindekan, sakabéhna bakal dijéntrékeun ieu di hanadap.

1) Tatahar

Saacan ngalaksanakeun panalungtikan, panalungtik konsultasi heula jeung guru basa Sunda SMPN 45 Bandung ngeunaan masalah anu karandapan ku siswa

Pendekatan

Kuantitatif

Studi Kuasi Ékspérimén

Kelas VII-K

SMPN 45 Bandung

Masalah nu Karandapan dina Nulis Nulis Karangan Éksposisi

Posttest Pretest

Modél Pangajaran Multiliterai

Analisis Data

(6)

Wira Oka Kurnia, 2016

MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dina pangajaran nulis karangan éksposisi nu mangrupa salasahiji kompeténsi di éta sakola. Panalungtik nyusun léngkah-léngkah anu baris dilaksanakeun pikeun

ngungkulan masalah ngagunakeun modél pangajaran multiliterasi.

Dina ieu panalungtikan katitén aya dua variabel, nya éta variabel bébas jeung variabel kauger. Variabel bébas nya éta variabel anu dipangaruhan ku variabel lianna, sedengkeun variabel kauger nya éta variabel anu dipangaruhan ku variabel bébas, (Arikunto, 2010, Kc. 161).

Dumasar kana babagian variabel di luhur, variabel bébas (variabel X) dina

ieu panalungtikan nya éta modél pangajaran multiliterasi, lantaran anu

mangaruhan variabel kauger nya éta kamampuh nulis karangan éksposisi. Variabel kauger (variabel Y) dina ieu panalungtikan nya éta pangaweruh nulis karangan éksposisi, lantaran dipangaruhan ku variabel bébas nya éta modél

pangajaran multiliterasi.

2) Nagalaksanakeun Panalungtikan jeung Ngumpulkeun Data

Sanggeus kapanggih masalah pangajaran nulis anu karandapan ku siswa SMPN 45 Bandung, panalungtik langsuk ngalaksanakeun panalungtikan ka kelas. Fungsina nya éta pikeun ngumpulkeun data. Téhnik anu dipaké pikeun

panalungtikanna nya éta téhnitk tés (uraian). Tés dilaksanakeun dua kali (pretest

jeung posttest). Pretest dilaksanakeun saméméh perlakuan, tujuanna pikeun

mikanyaho kamampuh nulis karangan éksposisi saméméh ngagunakeun modél

pangajaran multiliterasi, sedengkeun posttest dilaksanakeun saenggeus perlakuan,

anu tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh nulis karangan éksposisi saenggeus

ngagunakeun modél pangajaran multiliterasi.

3) Nganalisis Data

Data anu geus aya nya éta hasil pretest jeung posttest tuluy dianalisis ku cara ngagunakeun rumus-rumus statistik. Ngeunaan téhnk analisis data bakal dijéntrékeun dina poin 3.5.

4) Kacindekan

(7)

3.5 Téhnik Analisis Data

Ngolah data dina ieu panalungtikan dilaksanaken ku dua pangajén nu ditandaan ku kodeu P1 jeung P2, satuluyna ngaliwatan léngkah-léngkah nu diantarana: 1) Ngumpulkeun karangan siswa, 2) Maca hasil karangan siswa, 3) Nandaan aspék karangan éksposisi siswa, sarta 4) méré peunteun ku cara ngagunakeun kritéria, nu satuluyna peunteun diasupkeun kana tabél kritéria nulis karangan éksposisi anu dijéntrékeun ieu di handap.

Tabél 3.3

Kritéria Meunteun Karangan Éksposisi Modél ESL

NO. ASPÉK SKOR KATERANGAN

A. Eusi

27-30 Alus pisan-sampurna: loba informasi,

substasif, mekarkeun tésis tuntas, relevan jeung masalah, lengkep.

22-26 Cukup-alus: Informasi cukup, substansi

cukup, mekarkeun tésis kawates, relevan jeung masalah, tapi teu lengkep.

17-21 Sedeng-cukup: informasi kawates, substansi

kurang, mekarkeun tésis kurang, saeutik masalah, teu cukup.

13-16 Kurang pisan: euweuh eusi, euweuh

substansi, euweuh mekarkeuntesis, euweuh masalah.

B. Organisasi

18-20 Alus pisan-sampurna: éksprési lancar,

gagasan jéntré, loba, sistematis, urutan logis, kohésif.

14-17 Cukup-alus: kurang lancar, kurang

(8)

Wira Oka Kurnia, 2016

MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

10-13 Sedeng-cukup: teu lancar, gagasan teu

sistematis, urutan jeung kamekaran tesis teu logis.

7-9 Kurang pisan: teu komunikatif, teu sistematis, teu bisa dipeunteun.

C. Diksi

10-13 Sedeng-cukup: poténsi maké kecap kawates,

loba kasalahan dina pilihan kecap anu mangaruhan ma’na.

7-9 Kurang pisan: poténsi maké kecap teu merenah, pangawerah kandaga kecap rendah, teu bisa dipeunteun.

D. Makéna Basa

22-25 Alus pisan-sampurna: Konstruksi kompléks

tapi éféktif, ngan saeutik kasalahan maké wangun kabasaan.

18-21 Cukup-alus: konstruksi basajan tapi éféktif,

saeutik kasalahan dina konstruksi kompléks, aya kasalahan tapi ma’na ajeg.

11-17 Sedeng-cukup: aya kasalahan srius dina

konstruksi kalimah, ma’na teu ajeg.

5-10 Kurang pisan: teu ngarti aturan sintaksis,

loba kasalahan, teu komunikatif, teu bisa dipeunteun.

E. Mékanik

5 Alus pisan-sampurna: ngawasa aturan nulis, saeutik kasalahan éjaan.

4 Cukup-alus: saeutik kasalahann éjaan tapi teu

ngarobah ma’na.

3 Sedeng-cukup: loba kasalahan éjaan, ma’na teu ajeg.

2 Kurang pisan: teu ngawasa aturan nulis loba kasalahan éjahan, tulisan teu kabaca, teu bisa dipeunteun.

Jumlah 34-100

(9)

5) Data nu mangrupa peunteun ti P1 jeung P2 ditabulasikeun kana tabél ieu di handap.

Tabél 3.4

Tabél Tabulasi P1 jeung P2

KODE

PANGAJÉN 1 (P1) PANGAJÉN 2 (P2)

ASPÉK PENILAIAN

P ASPÉK PENILAIAN P

A B C D E A B C D E

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13

X

6) Peunteun ti P1 jeung P2 dirata-ratakeun, nu satuluyna jadi nilai ahir. Nilai ahir

ditabulasikeun kana tabél ieu di handap

Tabél 3.5 Tabél Tabulasi

NO. ASPÉK PENILAIAN PEUNTEUN KATETERANGAN

A B C D E

1 2 3 4 5 6 7 8

MAMPUH

CAN MAMPUH

(10)

Wira Oka Kurnia, 2016

MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

X Katerangan:

A = Aspék penilaian karangan éskposisi eusi B = Aspék penilaian karangan éskposisi organisasi C = Aspék penilaian karangan éskposisi diksi

D = Aspék penilaian karangan éskposisi makéna basa E = Aspék penilaian karangan éskposisi mékanik

∑ = jumlah peunteun siswa (skor)

X = Rata-rata

Mampuh = peunteun karangan éksposisi siswa ≥ 75

Can Mampuh = peunteun karangan éksposisi siswa < 75

Data anu ditabulasikeun dipaké pikeun nguji hipotésis kalayan ngagunakeun analisis statistik anu ngawengku uji sipat data, uji gain, jeung uji hipotésis.

3.5.1 Uji Sipat Data

Uji sipat data dina ieu panalungtikan ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas. Anu kahiji nya éta uji normalitas, dilaksanakeun pikeun nangtukeun distribusi data, naha normal atawa henteu. Pikeun nangtukeun signifikansi béda nilai rata-rata, dilaksanakeun dua jenis analisis. Kahiji, uji sifat data. Data anu boga distribusi normal diolah ku cara analisis paramétrik kalayan ngagunakeun uji

Wilcoxon. Anu kadua, uji homogénitas variasi anu tujuanana pikeun nangtukeun homogénitas nilai siswa.

a) Uji Normalitas Data

Uji normalitas nya éta uji sipat data anu fungsina pikeun mikanyaho normal henteuna data anu dipaké dina ieu panalungtikan. Pikeun nangtukeun yén

éta data téh miboga sipat anu normal atawa henteu bisa dipaké rumus Chi Kuadrat

(X2).

Samémeh ngagunakeun rumus Chi Kuadrat, aya sawatara léngkah anu

(11)

(b) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus di handap.

Katerangan:

r = rentang atawa range

Xmaks = skor panggedéna

Xmin = skor pangleutikna

(Djiwandono, 2011, kc. 220)

(c) Nangtukeun jumlah kelas (k)

Katerangan: K = l

n = lobana data (frekuensi)

3,3 = bilangan konstan

(Sugiyono, 2013, kc. 35)

(d) Nangtukeun panjang kelas (P)

Katerangan:

p = panjang kelas (interval kelas) r = rentang (jangkauan)

k = lobana kelas

(Sugiyono, 2013, kc. 37)

(e) Nyieun tabél frékuensi peunteun pretest jeung posttest kalayan ngagunakeun

ieu tebél di handap.

Tabél 3.6

Tabél Frékuénsi Peunteun Hasil Tés r = Xmaks– Xmin

K = 1 + 3,3 log n

(12)

Wira Oka Kurnia, 2016

MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(Sugiyono, 2013, kc. 54)

(f) Ngitung mean (rata-rata) peunteun pretest jeung posttest kalayan

ngagunakeun rumus ieu di handap.

Katerangan:

X

= rata-rata (mean)

= jumlah (sigma)

= jumlah data

= nilai tengah

(Sugiyono, 2013, kc. 54)

(g) Ngitung standar déviasi (sd) kalayan ngagunakeun rumus ieu di handap.

sd =

n

= jumlah subjék panalungtikan

(13)

(h) Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspétasi (perkiraan) kalayan ngagunakeun léngkah-léngkah ieu di handap.

(1) Nyieun tabél frékuensi observasi jeung frékuénsi ékspétasi (perkiraan)

Tabél 3.7

Perhitungan Chi Kuadrat

KELAS

INTERVAL O1 Bk Zitung Ztabel L E1

Katerangan :

O1 = frékuénsi observasi

Bk = batas kelas

Zitung = transformasi normal standar bébas kelas Ztabel = nilai Z tina tabél distribusi data normal

L = lega kelas interval

E1 = frékuénsi ékspetasi

= jumlah (sigma)

(2) Nangtukeun O1 (frékuénsi observasi), nya éta lobana data anu kaasup kana

hiji kelas interval.

(3) Nangtukeun batas kelas (Bk)

(4) Ngitung Zitung (transformasi normal standar bébas kelas).

(5) Nangtukeun Ztabel.

(6) Ngitung legana unggal kelas interval (L).

(Sugiyono, 2013, kc. 80)

Z

itung

=

(14)

Wira Oka Kurnia, 2016

MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(7) Ngitung frékuénsi ékspétasi (E1)

(Sugiyono, 2013, kc. 81)

(8) Nangtukeun X2 (Chi kuadrat).

(Sugiyono, 2013, kc. 81)

(9) Nangtukeun derajat kabébasan (dk).

(Sugiyono, 2013, kc. 82)

(10) Nangtukeun harga Chi kuadrat X2tabél.

(11) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria di handap.

Saupama X2itung < X2tabel , hartina data atawa populasi distribusina normal. Saupama X2itung > X2tabel , hartina data atawa populasi distribusina teu normal.

b)Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta uji sipat data anu tujuanna pikeun mikanyaho homogén henteuna sampel tina populasi anu sarua.

Léngkah-léngkah pikeun nangtukeun homogénitas nya éta :

a) Ngitung variasi unggal kelompok.

Variasi saméméh perlakuan atawa pretest (S12)

S

1

2

=

(Sugiyono, 2013, kc. 57)

Variasi senggeus perlakuan atawa posttest (S22)

(15)

b) Ngitung harga variasi (F)

F =

(Sugiyono, 2013, kc. 140)

c) Ngitung derajat kabébasan (dk).

dk = n-1

(Sugiyono, 2013, kc. 140)

d) Nangtukeun harga Ftabél

e) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap.

Saupama Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén. Saupama Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén.

(Sudjana, 2005, kc. 250) 3.5.2 Uji Gain (d)

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda nu signifikan

antara hasil pretest jeung posttest. Ngaliwatan uji gain, bakal kabuktian pangaruh

dipakéna modél pangajaran multiliterasi kana kamampuh nulis karangan éksposisi

siswa kelas VII-K SMP Negeri 45 Bandung.

Pikeun nguji gain digunakeun tabél ieu di handap. Tabél 3.6

Uji Gain (d) Siswa

NO.

PRETÉST POSTTEST

d d2 ASPÉK PENILAIAN

P ASPÉK PENILAIAN P

(16)

Wira Oka Kurnia, 2016

MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15

X

Rumus pikeun ngajawab yén aya béda anu signifikan atawa henteu saenggeus dibéré perlakuan, dirumuskeun ieu di handap.

Ha : Xpretest ≠ Xposttest, hartina kamampuh siswa ngaronjat antara pretest jeung

posttest.

Ho : Xpretest ≠ Xposttest, hartina kamampuh siswa teu ngaronjat antara pretest jeung

posttest.

3.5.3 Uji Hipotésis (t)

Dina nguji hipotésis aya dua cara nu dipaké. Saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén éta data miboga distribusi data anu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik parametris kalawan ngagunakeun t-tes. Sedengkeun saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun data miboga distribusi data nu teu normal, dina nguji éta hipotésisna ngagunakeun statistik non

parametris kalawan ngagunakeun Uji Wilcoxon.

a) Statistik parametris

Statistik parametris dipaké nalika data miboga distribusi anu normal.

(1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara pratés jeung pascatés.

Md =

(Arikunto, 2010, kc. 350)

(17)

(Arikunto, 2010, kc. 350)

(3) Ngitung jumlah kuadrat deviasi

∑x

2

d = ∑d

2

-

(Arikunto, 2010, kc. 351)

(4) Ngitung t, kalayan ngagunakeun rumus: Ngitung t, rumusna nya éta:

t =

Katerangan:

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina béda hasil pretés jeung postést

∑x2

d = jumlah kuadrat deviasi

n = jumlah subjek dina sampel

(5) Nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu di

handap.

 Saupama titung > ttabel, hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis

nol (Ho) ditolak, nya éta modél pangajaran multiliterasi éféktif dipaké dina

pangajaran nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016.

 Saupama titung <ttabel, hartina hipotésis nol (Ho) ditarima jeung hipotésis

kerja (Ha) ditolak, nya éta modél pangajaran multiliterasi teu éféktif

dipaké dina pangajaran nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016 (Arikunto, 2010, kc. 307).

(18)

Wira Oka Kurnia, 2016

MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Statistik nonparamétrik digunakeun pikeun nguji hipotésis anu distribusi

datana teu normal. Téhnik statistik anu dipaké nya éta uji wilcoxon. Nurutkeun

Sudjana (2005, kc. 450) léngkah-léngkah uji wilcoxon téh nya éta.

(1) Asupkeun peunteun pretés siswa kana kolom ka-2 (XA1);

(2) Asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 (XB1);

(3) Itung bédana antara pretés jeung postés ku cara XA1-XB1, tuluy asupkeun

hasilna kana kolom ka-4;

(4) Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti

niléy béda anu pangleutikna nepi ka anu panggedéna;

(5) Niléy tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna;

(6) Sabada diurutkeun, asupkeun niléy jenjang kana kolom ka-5;

(7) Asupkeun niléy jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya niléy béda

anu négatif asupkeun kana kolom ka-7;

(8) Ningali kana tabél harga-harga kritis uji wilcoxon, misal n=31 kalayan

ngagunakeun taraf kasalahan 5% Wtabe; = 73;

(9) Data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji wilcoxon saperti dina

tabel 3.7.

(19)

kana kritéria ieu di handap.

 Saupama Witung(-) < Wtabel dumasar taraf nyata anu ditangtukeun, hartina

hipotésis kerja (Ha) ditarima. Jadi modél multiliterasi bisa ngaronjatkeun

kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMP Negeri 45 Bandung taun ajaran 2015/2016.

 Saupama Witung(-) > Wtabel dumasar taraf nyata anu ditangtukeun, hartina

hipotésis kerja (Ha) ditolak. Jadi modél multiliterasi teu bisa ngaronjatkeun

Gambar

tabel , hartina data atawa populasi distribusina teu
tabel 3.7.

Referensi

Garis besar

Dokumen terkait

Peran antar pihak terutama peran yang dimiliki oleh pemda, pemerintah desa, swasta dan balai TN (wil.1) tentunya telah memiliki tugas dan tanggung jawabnya

Tujuan : Untuk mengetahui pelaksanaan fisioterapi static contraction dapat mengurangi nyeri dan oedema, memelihara lingkup gerak sendi (LGS) dan kekuatan otot dan

Défice Fiscal financiado através

Agência Nacional para a Avaliação e Acreditação Académica (Serviço e Fundo Autónomo...716. Instituto Nacional da Saúde (Serviço e

and Mongolia provide almost universal pension coverage through a mix of social and contributory pensions; East Timor has in place asocial pension for everyone over 60 years;

Universitas Negeri

Penyisipan humor digunakan dalam empat pembelajaran keterampilan berbahasa Inggris yaitu pembelajaran mendengarkan bahasa Inggris (listening) jenis verbal humor berupa

Website Taman Nasional Gunung Gede Pangrango dibuat dengan maksud untuk memberikan informasi mengenai Sejarah, Geografi fisik, Satwa, Vegetasi, Peta, Rute pendakian, Pusat