• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1005847 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1005847 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

55

Riksa Sukma Wibawa , 2015

ANALISIS STRUKTURAL D INA KUMPULAN SAJAK TITIMANGSA KARYA ABD ULLAH MUSTAPPA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Panalungtikan analisis struktural dina kumpulan sajak Titimangsa karya

Abdullah Mustappa téh ngawengku opat aspék: (1) téma, (2) nada (3) rasa (4)

amanat. Métode anu digunakeun nya éta déskriptif-analitik. Téhnik nu digunakeun nya éta ngumpulkeun data, ku cara maca sarta neuleuman hal-hal atawa bahan anu raket patalina jeung masalah nu rék ditalungtik. Lian ti éta, pikeun dasar-dasar tioritis anu aya patalina jeung bahan panalungtikan. Dina ieu

panalungtikan dipilih 39 sajak nu dimuat dina buku kumpulan sajak Titimangsa

karya Abdullah Mustappa. Tilu puluh salapan sajak anu dipilih diangap

ngawakilan jejer anu jadi puseur paniténan dina panalungtikan analisis struktural.

Anapon dina hasil panalungtikan struktural kaguar opat aspék dina buku kumpulan sajak

Titima ngsa karya Abdullah Mustappa.

Téma nu nyangkaruk dina buku kumpulan sajak Titimangsa nya éta ngeunaan

kahirupan. Dijerona ngabahas ngeunaan sagala hal anu pakuat pakait jeung kahirupan, saperti réligi, sosial, jeung cinta dibahas dina ieu buku.

Nada nu kapanggih dina buku kumpulan sajak Titimangsa, nya éta nada

introspeksi, nada sedih, nada nyindir, nada ngelingan, nada gumbira, jeung nada pasrah. Nada nu kapanggih dina ieu buku bisa dijadikeun eunteung pikeun kahirupan sangkan urang bisa leuwih hade dina kahirupan.

Rasa nu kapangih dina buku kumpulan sajak Titimangsa téh loba pisan aya

kana tilu belasna, nya éta rasa waas, rasa kabingung, rasa tingtrim, rasa sadrah, rasa kasedih, rasa kasono, rasa kasieun, rasa kapanasaran, kahariwang, kaduhung, rasa kaambek, rasa kasatiaan, jeung kaleungitan. Rasa nu kapangih ieu mangrupa

gambaran rasa ti aku lirik sabot nulis ieu kumpulan sajak, ieu gé mangrupa

(2)

56

Riksa Sukma Wibawa , 2015

ANALISIS STRUKTURAL D INA KUMPULAN SAJAK TITIMANGSA KARYA ABD ULLAH MUSTAPPA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Amanat nu hayang ditepikeun ku aku lirik dina ieu kumpulan sajak nya éta

geus mampuh méré gambaran ngeunaan kahirupan. Minangka eunteung, jeung panglipur pikeun nu maca. Karya-karya Abdullah Mustappa ogé mangrupa gambaran kahirupan anu luyu jeung kahirupan masarakat. Éta hal ogé anu dirasakeun ku nu maca, sajak teu ukur méré panglipur, tapi mawa nu maca pikeun

neuleuman bag-bagan kahirupan. Ngaliwatan gaya nyaritakeun, gaya

ngagambarkeun, pangarang geus hasil nyieun karya nu béda.

5.2Saran

Sabada panalungtikan ngeunaan analisis struktural dina kumpulan sajak Titimangsa karya Abdullah Mustappa dilaksanakeun, panalungtik ngarékoméndasikeun sawatara hal anu dianggap perlu ditepikeun. Masarakat

umum, dirékoméndasikeun pikeun maca jeung ngaprésiasi, ku sabab tina hasil

panalungtikan bisa katitén yén ieu karya téh miboga ajén moral anu luhung.

Masarakat akademis, dipiharep bisa nalungtik medar pasualan aspék

sémiotikana dina karya sastra ieu, sangkan leuwih jero tur leuwih mundel.

Ieu panalungtikan murni ngunaan ulikan sastra, sedengkeun nimbang kana

hasil panalungtikan nu ngajéntrékeun yén buku Titimangsa téh ngandung ajén

moral anu luhung, tangtu bisa dijadikeun salasahiji referensi bahan ajar di sakola,

ku kituna pikeun panalungtik satuluyna dipiharep aya lajuning laku tina ieu

panalungtikan, nyaéta nalungtik relevansi karya Titimangsa karya Abdullah

Mustappa kana bahan pangajaran aprésiasi sastra.

Referensi

Dokumen terkait

Mudah-mudahan buku yang akan penulis sajikan ini dapat memenuhi kebutuhan buku ajar untuk para mahasiswa, peneliti maupun pengajar yang sedang membahas tentang

The effect recruitment and selection on placement of employees and their implications on the performance of employees can be answered with a structural equation model 3, as shown

Hasil penelitian tentang korelasi pretes dengan postes pada masing-masing capaian kelompok penguasaan konsep dan keterampilan berpikir kritis tidak menunjukkan

Penyimpanan produk olahan gandum seperti tepung, dapat ditempatkan pada suhu yang kering(tidak lembab), jauh dari jangakaun serangga dan memiliki pertukaran udara yang baik..

Berdasarkan latar belakang yang telah dipaparkan di atas, maka peneliti melakukan penelitian dengan judul “Efektivitas Game Berbasis Komputer pada Materi Atom

Hasil korelasi antara kualitas pelayanan dokumen dan kecepatan bongkar muat general cargo secara bersama-sama dengan kepuasan pengguna jasa diperoleh r sebesar 0,814 yang artinya

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Prodi IPA. © Rudiyanto

yang dihasilkan. Produksi Bersih menekankan pada tata cara produksi yang minim bahan pencemar, limbah, minim air dan energi. Bahan pencemar atau bahan berbahaya