PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUHNULIS AKSARA SUNDA (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung
Kabupaten Bogor Taun Ajaran 2014/2015)
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat
nyangking gelar Sarjana Pendidikan di Departemen Pendidikan Bahasa Daerah
ku
Malia Juliyanti Rizky NIM 1100983
DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA
Model Pangajaran
Word Square
Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh
Nulis Aksara Sunda (Studi Kuasi
Eksperimen ka Siswa Kelas X-A SMA
Negeri 1 Nanggung Kabupaten
Bogor Taun Ajaran 2014/2015)
Oleh
Malia Juliyanti Rizky
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra
© Malia Juliyanti Rizky 2015
Universitas Pendidikan Indonesia
Februari 2015
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
WORD SQUARE LEARNING MODEL
TO IMPROVE WRITING ABILITY OF SUNDANESE SCRIPT (Quasi Experimental Study to 1 Senior High School of Nanggung, Bogor
District in 2014/2015 Education Period)1
Malia Juliyanti Rizky2
ABSTRACT
This research aims to measure student learning outcomes and learning model application. The model used in this research is word square model to Sundanese script writing learning. The method use in this research is quasi-experimental method. The data source in this research is the result of Sundanese script writing in X-A class, 1 Senior High School of Nanggung, Bogor District in 2014/2015 education period, with 14 male students and 16 female students. The technique used is test technique, and the instrument used is written test sheet. The research result show that the mean of writing Sundanese scores of X-A class, 1 Senior High School of Nanggung, Bogor District before using word square learning model had not reached the Minimum Completeness Standard (63,24), while the mean of writing Sundanese scores after using word square learning model has been reached Minimum Completeness Standard (82,52). Based on the hypothesis test obtains tcount (10,14) > ttable (2,46), it shows that word square learning model might increase (19,82%) the score of X-A class, 1 Senior High School of Nanggung, Bogor District in 2014/2015 education period on the topic of writing Sundanese script.
Keywords: word square learning model, writing Sundanese script
1
This minithesis is supervised by Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. and Dr. Ruhaliah, M.Hum.
2
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
MODÉL PANGAJARAN WORD SQUARE
PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS AKSARA SUNDA (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung
Kabupaten Bogor Taun Ajaran 2014/2015)3
Malia Juliyanti Rizky4
ABSTRAK
Penelitian ini bertujuan untuk mengukur peningkatan hasil belajar siswa dan penggunaan model pembelajaran. Model yang digunakan dalam penelitian adalah model pembelajaran word square pada pembelajaran menulis aksara Sunda. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen. Sumber data dalam penelitian ini adalah hasil nilai menulis aksara Sunda siswa kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015, dengan jumlah 14 orang siswa laki-laki dan 16 orang siswa perempuan. Tekhnik yang digunakan adalah tekhnik tes, dengan instrumen lembar soal tes tulis. Berdasarkan hasil penelitian diketahui rata-rata hasil nilai menulis aksara Sunda siswa kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015 sebelum menggunakan model pembelajaran word square yaitu belum mampuh (63,24) mencapai KKM , sedangkan rata-rata hasil nilai menulis aksara Sunda setelah menggunakan model pembelajaran word square yaitu sudah mampuh (82,52) mecapai KKM. Dari hasil uji hipotesis diperoleh thitung (10,14) >
ttabel (2,46), hal ini menunjukkan bahwa model pembelajaran word square dapat
meningkatkan (19,28%) hasil nilai siswa kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015 pada pembelajaran menulis aksara Sunda.
Kata Kunci: model pembelajaran word square, menulis aksara Sunda
3
Skripsi ini dibimbing oleh Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Dr. Ruhaliah, M.Hum.
4
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR EUSI
Kaca
ABSTRAK ... i
PANGJAJAP ... iv
TAWIS PANUHUN ... v
DAPTAR EUSI ... viii
DAPTAR TABÉL ... xi
DAPTAR GRAFIK ... xiii
DAPTAR SINGGETAN ... ... xiv
DAPTAR LAMPIRAN ... xv
BAB I BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang ... 1
1.2 Rumusan Masalah ... 3
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4
1.3.1 Tujuan Umum ... 4
1.3.2 Tujuan Husus ... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.5 RaragaTulisan ... 6
BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTESIS PANALUNGTIKAN ... 7
2.1 Ulikan Tiori ... 7
2.1.1 Wangenan Modél Pangajaran ... 7
2.1.1.1 Konsép Dasar Pangajaran ... 7
2.1.1.2 Modél Pangajaran... 8
2.1.1.3 Ciri-ciri Modél Pangajaran ... 9
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.1.2 Modél Pangajaran Word Square ... 9
2.1.2.1 Wangenan Modél Pangajaran Word Square ... 9
2.1.2.2 Léngkah-léngkah Modél Pangajaran Word Square ... 11
2.2 Nulis ... 12
2.4.1 Prosedur Modél Pangajaran Word Square dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda ... 26
2.4.2 Pangaruh Modél Pangajaran Word Square dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda ... 27
2.4.3 Panalungtikan Saméméhna ... 28
viii
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.3 Metode Panalungtikan ... 32
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 45
4.1 Hasil Panalungtikan ... 45
4.1.1 Kamampuh Nulis Aksara Sunda Siswa Saméméh Ngagunakeun Modél Word Square ... 45
4.1.2 Kamampuh Nulis Aksara Sunda Siswa Sabada Ngagunakeun Modél Word Square ... 49
4.1.3 Béda Kamampuh Nulis Aksara Sunda Siswa Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél Word Square ... 53
4.1.3.1 Uji Sipat Data ... 54
4.1.3.1.1 Uji Normalitas Data Pre-test ... 54
4.1.3.1.2 Uji Normalitas Data Post-test ... 57
4.1.3.1.3 Uji Homogénitas Data Pre-test jeung Data Post-test Siswa... 60
4.1.3.2 Uji Gain ... 62
4.1.3.3 Uji Hipotésis ... 64
4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan ... 65
BAB V KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG REKOMENDASI ... 68
5.1 Kacindekan ... 68
5.2 Implikasi ... 69
5.3 Rekomendasi ... 69
DAPTAR PUSTAKA ... 70
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Kaparigelan ngagunakeun basa ngawengku opat komponén (Tarigan, 2008,
kc.1), nya éta kaparigelan ngaregepkeun (listening skills), nyarita (speaking skils),
maca (reading skills), jeung nulis (writing skills). Opat kaparigelan anu kaasup
kana ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis éta mangrupa hiji beungkeutan anu
gembleng, nu silih deudeul tur silih lengkepan. Tina paréléan di luhur ébréh yén
nulis mangrupa salah sahiji komponén tina kaparigelan ngagunakeun basa.
Nurutkeun LBSS (dina Nurjanah, 2007, kc.1), nulis téh nya éta nyieun
aksara atawa angka dina kertas jsté. ku parantina. Fungsi utama nulis nya éta
mangrupa alat komunikasi henteu langsung. Nulis kacida pentingna pikeun dunya
atikan, sabab nulis bisa jadi salah sahiji cara anu éféktif pikeun murid-murid dina
prosés mikir. Tulisan bisa mantuan dina mikir kritis, bisa ngagampangkeun
matalikeun hubungan-hubungan, bisa nimbulkeun ayana persepsi nu jero, bisa
ngungkulan pasualan-pasualan anu keur disanghareupan, sarta bisa nyusun
runtuyan pangalaman. Tulisan bisa ngajéntrékeunpamikiran-pamikiran anu aya
dina diri nu nulis, bisa disebutkeun yén diajar nulis téh taya lian nya éta diajar
mikir ngagunakeun cara nu tangtu (Tarigan, 2008, kc.1).
Pasualan-pasualan dina prosés nulis di antarana waé loba siswa anu masih
kénéh ngarasa hésé dina ngamimitian nulis, utamana dina nulis aksara Sunda,
alatan maranéhna teu apal kana aksara Sunda tur teu aktif dina pangajaran nulis
aksara Sunda. Padahal, urang Sunda ti jaman baheula geus mibanda ciri mandiri
dina wangun aksara anu disebut aksara Sunda. Leungitna motivasi siswa dina
diajar nulis aksara Sunda lantaran nganggap pangajaran nulis aksara Sunda henteu
ngirut jeung henteu pikaresepeun. Suasana diajar anu monoton, guru henteu
kréatif dina nepikeun pangajaran nulis aksara Sunda nu matak siswa hésé
nyangking matéri.
Aksara Sunda mangrupa salah sahiji cicirén manusa Sunda jaman baheula
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
nulis naskah tur minangka alat komunikasi tradisi tulisan. Aksara Sunda
minangka hasil karya urang Jawa Barat, ku kituna masarakat Jawa Barat kudu
nyaho kana budayana jeung kudu bisa nulis aksara Sunda, hususna mah paraguru
jeung siswa di sakola.
Pamaréntah Provinsi Jawa Barat geus narékahan ieu hal ku cara nyieun
Perda anu ditangtayungan ku payung hukum, dina Perda Nomer 5 Taun 2003
ngeunaan Miara Basa, Sastra, jeung Aksara Daérah.Dina éta Perda ditétélakeun
yén “Aksara daerah adalah sistem ortografi hasil masyarakat daerah yang meliputi aksara dan sistem pengaksaraan untuk menuliskan bahasa
daerah”(Nurbaeti, 2013, kc. 2). Pamaréntah méré jalan pikeun masarakat dina ngariksa budaya, jeung mangrupa salah sahiji cara dina ngawanohkeun titinggal
budaya Sunda anu kuduna masih dijaga jeung dipaké.
Sangkan fungsi jeung guna nulis téh kahontal, tur bisa ngahudang
kréativitas jeung kaaktifan siswa sangkan resep kana nulis hususna nulis aksara
Sunda, guru kudu mibanda kaparigelan dina nepikeun bahan pangajaran nalika
kagiatan diajar- ngajar lumangsung.
Kagiatan diajar-ngajar téh mangrupa hiji sistem, beungkeutan anu
gembleng, silih deudeul tur silih rojong dina prosés pangajaran, nu ngawengku
tujuan, bahan, media, stratégi jeung modél pangajaran, sarta évaluasi. Ieu
komponén téh teu bisa mandeg mandiri, hartina kudu silih deudeul tur silih
lengkepan. Upama bahan pangajaran hayang katepikeun ka siswa tangtu kudu
mibanda tujuan anu jelas, lian ti éta kudu ditepikeun kalawan ngagunakeun modél
anu cocog sangkan matéri atawa bahan ajar bisa katepikeun ka siswa kalayan
gampang tur bisa kapaham ku siswa.
Dina prosés diajar-ngajar, modél pangajaran mangrupa hal anu teu bisa
dipisahkeun tina kagiatan pendidikan jeung pangajaran. Tujuanna sangkan bahan
pangajaran bisa katarima kalawan bisa kapaham ku siswa. Ku ayana modél
pangajaran bisa leuwih mantuan guru dina nepikeun bahan pangajaran. Ku kituna
modél pangajaran mangrupa salah sahiji kompeténsi anu kudu dikawasa ku
sakabéh guru. Lantaran hal ieu mangrupa salah sahiji indikasi anu bakal
3
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Modél pangajaran word square atawa kuadrat kata anu ngagunakeun
teka-teki silang salaku instruménna dianggap cocog pikeun ngahudang karep,
emosional, sarta sumanget siswa dina nulis aksara Sunda. Lantaran dina nulis
aksara Sunda teu ngan ngalibetkeun otak beulah kénca dina ngagunakeun basa,
mikir, nginget-nginget jeung nganalisis (logika), ogé kudu ngalibetkeun otak
beulah katuhu pikeun ngahudang sisi emosional tur sumanget anu kacida
diperlukeunna dina nulis aksara Sunda. Hal ieu luyu jeung pamadegan Porter &
Mike (Sudaryat jeung Soléhudin, 2009, kc. 49) anu nétélakeun yén kagiatan nulis
ngalibetkeun sakabéh aktivitas otak.
Nilik kana pentingna modél pangajaran dina kagiatan diajar-ngajar,
pentingna kagiatan nulis dina pangajaran basa, ogé bangbaluh siswa dina kagiatan
nulis, ku kituna ieu panalungtikan museur kana jenis modél pangajaran word
square pikeun ngukur kamampuh siswa saupama diterapkeun dina pangajaran
nulis aksara Sunda. Panalungtikan ngeunaan modél pangajaran word square
saméméhna geus aya nya éta. “Modél Pangajaran Word Square Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Pamahaman (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa
Kelas V SDN Nyalindung Paséh Sumedang Taun Ajaran 2012-2013)” (Evita Meylani Awalia, 2013). Tapi, panalungtikan anu ngagunakeun modél word
square dina nulis aksara Sunda mah munggaran. Tujuan ieu panalungtikan nya éta
pikeun ngadéskripsikeun kamampuh siswa kelas X-A SMA NEGERI 1 Nanggung
taun ajaran 2014/2015 saupama ngagunakeun modél word square dina pangajaran
nulis aksara Sunda, tur nganalisis kahontal atawa henteuna kompetensi nulis ogé
nimbulkeun kaparigelan siswa dina nulis aksara Sunda
Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Modél Pangajaran Word Square pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Aksara Sunda (Studi Kuasi Eksperimen
ka Kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor Taun Ajaran
2014/2015)”.
1.2 Rumusan Masalah
Kaparigelan basa kacida gemblengna, ku kituna dina ieu panalungtikan
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
panalungtikan téh bisa museur. Ieu panalungtikan leuwih museurkeun kana
kamampuh nulis aksara Sunda anu ngawengku aksara swara, aksara ngalagena,
sarta ngalarapkeun rarangkén luhur, rarangkén handap, jeung rarangkén sajajar.
Pasualan séjénna nya éta ngagunakeun modél pangajaran word square anu
mangrupa métode ka siswa kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung Kabupaten
Bogor taun ajaran 2014/2015.
Anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah
pananya ieu di handap.
1) Kumaha kamampuh nulis aksara Sunda saméméh ngagunakeun modél
pangajaran word square dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X-A SMA
Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015?
2) Kumaha kamampuh nulis aksara Sunda sabada ngagunakeun modél pangajaran
word square dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X-A SMA Negeri 1
Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015?
3) Naha aya béda anu signifikan kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X-A
SMA Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015 antara
saméméh jeung sabada ngagunakeun modél word square?
1.3 Tujuan Panalungtikan
Ieu panalungtikan miboga tujuan di antarana nya éta tujuan umum jeung
tujuan husus:
1.3.1 Tujuan Umum
Sacara umum, ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun nguji hasil
modél pangajaran word square dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X-A
SMA Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan hayang ngadeskripsikeun:
1) Kamampuh nulis aksara Sunda saméméh ngagunakeun modél pangajaran word
square dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X-A SMA Negeri 1
5
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2) Kamampuh nulis aksara Sunda sabada ngagunakeun modél pangajaran word
square dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X-A SMA Negeri 1
Nanggung taun ajaran 2014/2015; sarta
3) Bédana anu signifikan kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X-A SMA
Negeri 1 Nanggung taun ajaran 2014/2015 antara saméméh jeung sabada
ngagunakeun modél word square.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Ieu panalungtikan miboga dua mangpaat, nya éta mangpaat tioritis jeung
mangpaat praktis:
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa mekarkeun jeung
ngeuyeuban téori, métodologi, jeung pangajaran aksara Sunda, hususna
métodologi modél pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X A SMA Negeri 1
Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Sacara praktis, mangpaat dina ieu panalungtikan dijelaskeun di handap.
1) Pikeun Guru
Guru dipiharep bisa milih modél pangajaran nu cocog pikeun dipaké dina
prosés pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X SMA.
2) Pikeun Siswa
Bisa méré nyaho siswa ngeunaan cara diajar anu gampang jeung
numuwuhkeun minat siswa dina pangajaran nulis aksara Sunda.
3) Pikeun Panalungtik
Dipiharep bisa méré pangaweruh anu hadé kumaha ngagunakeun modél
pangajaran word square saméméh jeung sabada panalungtikan, jeung bisa jadi
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4) Pikeun Paélmuan
Pikeun widang paélmuan bisa ngeuyeuban deui pangajaran basa Sunda
sangkan leuwih mekar ku ayana modél pangajaran.
1.5 Raraga Tulisan
Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I eusina ngawengku kasang
tukang masalah dina panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan
panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat
panalungtikan boh éta mangpaat praktis atawa mangpaat tioritis, jeung raraga
tulisan dina ieu skripsi.
Bab II ngadéskripsikeun tiori-tiori nu ngawengku modél pangajaran word
square sarta léngkah-léngkahna dina pangajaran nulis aksara Sunda, tiori nulis,
jeung aksara Sunda. Dina ieu bab dipedar ogé raraga mikir jeung hipotésis tina
panalungtikan.
Bab III ngadéskripsikeun ngeunaan métode anu digunakeun dina ieu
panalungtikan, sumber data anu digunakeun dina panalungtikan, desain
panalungtikan, instrumen panalungtikan, sarta prosedur panalungtikan nu
ngawengku léngkah-léngkah ngumpulkeun jeung ngolah data pikeun dianalisis.
Bab IV ngadéskripsikeun hasil panalungtikan anu ngawengku analisis data
hasil panalungtikan jeung pedaran pangaruh modél pangajaran word square dina
ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X-A SMA NEGERI 1
Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015.
Bab V ngadéskripsikeun kacindekan tina hasil panalungtikan, sarta méré
saran atawa rékoméndasi-rékoméndasi pikeun panalungtikan anu dilaksanakeun
sabada ieu panalungtikan.
Lampiran-lampiran nu aya dina ieu skripsi di antarana nya éta, SK Skripsi,
Surat Penelitian, Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP), Instrumén tés
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1. Sumber Data Panalungtikan
Sumber data nya éta sakabéh objék anu bakal ditalungtik. Data dina ieu
panalungtikan nya éta kamampuh nulis aksara Sunda dina wangun kuantitatif.
Nurutkeun Arikunto (2010, kc.172) sumber data dina panalungtikan nya éta
subjék anu ngahasilkeun éta data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta
siswa kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran
2014/2015. Rincianana digambarkeun dina tabél di handap.
Tabél 3.1
Jumlah Siswa Kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung
Jenis Kelamin Jumlah Siswa
(1) (2)
Lalaki 14 urang
Awéwé 16 urang
Jumlah Sakabéh Siswa : 30 urang
3.2 Desain Panalungtikan
Dina ieu desain observasi dilakukeun dua kali nya éta saméméh jeung
sabada. Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta desain pretest –
treatment – posttest atawa disebut one group pre-test post-test design. Observasi
anu dilakukeun saméméh eksperimen (O1) disebutna pre-test, sedengkeun
observasi anu dilakukeun sabada eksperimen (O2) disebutna post-test. Bédana
antara O1 jeung O2 nya éta O1-O2 diasumsikeun mangrupa éfék tina diayakeunna
treatment atawa eksperimen. Sampel anu digunakeun henteu di acak, tur henteu
ngagunakeun variabel kontrol. Desain one group pretest posttest design
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
O1 X O2
(Arikunto, 2010, kc.124)
Katerangan:
O1 = pre-test (hasil panalungtikan saméméh dibéré treatment)
X = treatament (diajar nulis aksara Sunda ngagunakeun modél word square) O2 = post-test (hasil panalungtikan sabada dibéré treatment)
3.3 Métode Panalungtikan
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi
eksperimen. Métode kuasi eksperimen disebut ogé ku istilah pre experimental
design nya éta eksperimen anu lain sabenerna (Arikunto, 2010, kc.123). Dina ieu
métode, kamampuh siswa diukur dua kali, nya éta saméméh jeung sabada siswa
dibéré treatment atawa perlakuan ngagunakeun modél pangajaran word square.
Ieu métode panalungtikan digunakeun pikeun ngukur alus henteuna modél
pangajaran word square jeung ngukur kamampuh siswa kelas X-A SMA Negeri 1
Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015 dina pangajaran nulis aksara
Sunda.
3.4 Instrumen Panalungtikan
Instrumen anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés dina wangun
tinulis. Saluyu jeung anu diébréhkeun ku Arikunto (2010, kc.203), yén instrumen
panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina
ngumpulkeun data sangkan pagawéanna leuwih babari jeung hasilna ogé hadé,
hartina leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis sangkan leuwih gampang diolah
datana. Sedengkeun tés nya éta saruntuyan patalékan atawa latihan sarta alat séjén
anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, kamampuh intelegensi, jeung bakat
33
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
tés digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina nuliskeun aksara Sunda.
Aksara anu dijadikeun tés ngawengku aksara swara, aksara ngalagena, jeung cara
ngagunakeun rarangkén saméméh jeung sabada dilakukeun treatment modél
pangajaran word square. Ieu di handap soal tés tulis anu digunakeun dina
pananlungtikan.
Gambar 3.1
Instrumen Soal Post-test Siswa
1) 6) 4)
2) 9) 5)
` 10) 8)
3)
7)
Soal!
1. Kadaharan nu dijieun tina togé jeung tahu 2. Sesebutan keur bapana bapa
3. Ngaran tempat pikeun nunda (koléksi) barang-barang sajarah 4. Tempat maén bal
5. Lawan tina kecap pondok 6. Balangah
7. Suuk di jero
8. Lawan tina kecap heubeul 9. Arah solat nyanghareup ka- 10. Rukun Islam anu ka-4
Ieu soal tés ngawengku aksara swara, aksara ngalagena, jeung rarangkén.
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
huruf dasar /ka/ anu dirarangkénan ‘panghulu’. Dina soal nomer tilu, aya aksara ngalagena huruf dasar /ma/ anu dirarangkénan ‘panyuku’, aksara ngalagena huruf dasar /sa/ anu dirarangkénan ‘paneuleung’, jeung aksara ngalagena huruf dasar
/ma/ anu dirarangkénan ‘pamaéh’. Dina soal nomer opat, aya tilu aksara
ngalagena huruf dasar /la/, /pa/, /nga/, jeung huruf dasar /na/ anu dirarangkénan ‘pamaéh’. Dina soal nomer lima, aya aksara ngalagena huruf dasar /pa/ , aksara ngalagena huruf dasar /na/ anu dirarangkénan ‘pamaéh’, jeung aksara ngalagena huruf dasar /ja/ anu dirarangkénan ‘panyecek’. Dina soal nomer genep, aya aksara ngalagena huruf dasar /ba/, /la/, /nga/, jeung aksara ngalagena huruf dasar /ha/ anu
dirarangkénan ‘pamaéh’. Dina soal nomer tujuh, aya aksara ngalagena huruf dasar
/sa/ anu dirarangkénan ‘panyuku’, aksara ngalagena huruf dasar /ka/ anu dirarangkénan ‘panyakra’, jeung aksara swara vokal /o/. Dina soal nomer dalapan, aya aksara swara vokal /a/, jeung aksara ngalagena huruf dasar /nya/ anu dirarangkénan ‘panglayar’. Dina soal nomer salapan, aya aksara ngalagena huruf dasar /ka/ anu dirarangkénan ‘panghulu’, aksara ngalagena huruf dasar /ba/ anu dirarangkénan ‘panyiku’, jeung aksara ngalagena huruf dasar /ta/ anu dirarangkénan ‘pamaéh’. Sarta dina nomer sapuluh, aya aksara ngalagena huruf dasar /za/, /ka/, jeung aksara ngalagena huruf dasar /ta/ anu dirarangkénan ‘pamaéh’.
3.5 Prosedur Panalungtikan
Ieu panalungtikan dilakukeun kalayan ngaliwatan prosedur panalungtikan,
sakumaha anu ditétélakeun ku Sugiyono (2008, kc.30) dina bagan ieu di handap:
35
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sangkan leuwih jéntré, prosedur panalungtikan ditétélakeun ieu di handap.
1) Tatahar
Saacan ngalaksanakeun panalungtikan, panalungtik milih masalah anu bakal
ditalungtik, tuluy diidéntifikasi, diwatesanan, tur dirumuskeun. Rumusan masalah
dijieun dina wangun patalékan. Panalungtikan anu bakal dilakukeun dumasar kana
rupa-rupa tiori pikeun ngajawab masalah anu dipilih, hasil tiorina disebut
hipotésis.
2) Ngalaksanakeun jeung Ngumpulkeun Data Panalungtikan
Ku lantaran dibutuhkeun data anu sabenerna, panalungtik nyieun intsrumen
panalungtikan anu bisa dimekarkeun. Tuluy ngalaksanakeun pre-test jeung
post-test pikeun meunangkeun data siswa kalayan ngagunakeun modél pangajaran
word square.
3) Nganalisis Data
Sanggeus ngumpulkeun sakabéh data, éta data dianalisis jeung dipedar
kalayan ngagunakeun rumus-rumus statistika.
4) Kacindekan jeung Saran
Sababaraha tahapan anu geus dilakukeun ti mimiti tatahar, ngumpulkeun
data, tur dianalisis, tuluy nu pamungkas nya éta nyindekkeun hasil panalungtikan.
Dina ahir panalungtikan, panalungtik miboga tujuan pikeun ngungkulan masalah
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.6.1 Téhnik Ngolah Data
Téhnik ngolah data dilakukeun pikeun medar jawaban tina data anu geus
dikumpulkeun. Data anu geus dikumpulkeun tuluy dianalisis pikeun ngajawab
hipotésis. Ieu téhnik ngolah data tujuanana pikeun mikanyaho hasil pre-test jeung
post-test siswa, sarta bisa maluruh masalah anu karandapan ku panalungtik dina
ngalakukeun panalungtikan. Sangkan ieu tujuan kahontal, anapon
léngkah-léngkah panalungtikan ieu di handap.
1) Mariksa hasil pre-test jeung hasil post-test;
2) Méré peunteun kana hasil pre-test jeung post-test siswa kalawan ngagunakeun
rumus:
Katerangan:
P = Peunteun
∑ Skor siswa = jumlah peunteun siswa ∑ Skor maksimal = jumlah peunteun maksimal
Tabél 3.2
Format Skala Peunteun Siswa dina Nulis Aksara Sunda
No Jawaban
Skala Aspék Peunten (Aksara jeung Rarangkén)
P Ngalagena Swara Rarangkén
37
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
9 Kiblat 5 - - 2,5 2,5 10
Saterusna éta peunteun téh ditabulasikeun dina tabél di handap.
Tabél 3.2
Tabél Kamampuh Siswa dina Nulis Aksara Sunda
NS
Aspék Peunten (Aksara jeung Rarangkén)
P K
Ngalagena Swara Rarangkén Luhur
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Uji sipat data dina ieu panalungtikan dilaksanakeun ku dua cara, nya éta
uji normalitas jeung uji homogénitas.
1) Uji Normalitas
Uji normalitas nya éta uji sipat data anu miboga fungsi pikeun ngukur
normal atawa henteuna data anu digunakeun dina panalungtikan. Pikeun
nangtukeun yén ieu data miboga fungsi normal, dilaksanakeun sababaraha
léngkah ieu di handap.
a. Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna
b. Ngitung rentang (range) ngagunakeun rumus:
Katerangan:
r = range atawa rentang atawa selisih peunteun Pmax = peunteun panggedéna
Pmin = peunteun pangleutikna
c. Nangtukeun jumlah kelas interval (k) ngagunakeun rumus:
Katerangan:
k = lobana kelas n = lobana data
d. Nangtukeun panjang kelas interval (p) ngagunakeun rumus:
Katerangan:
P = panjang kelas r = range
r = Pmax - Pmin
39
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
k = lobana kelas
e. Nyieun tabél frékuénsi peunteun pre-test jeung post-test ngagunakeun ieu
rumus di handap:
Tabél 3.3
Format Frékuénsi Peunteun Pre-test jeung Post-test
No Kelas Interval fi xi xi2 fixi fixi2
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1 2 ∑
f. Ngitung rata-rata (mean)
peunteun pre-test jeung post-test ngagunakeun ieu rumus di handap:
Katerangan:
x = rata-rata (mean) ∑ = jumlah
fi = jumlah data xi = nilai tengah
(Sudjana, 2005, kc.70)
g. Ngitung standar deviasi (sd) ngagunakeun ieu rumus:
h. Ngitung
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
tabél frekuensi observasi jeung frekuensi ekspetasi
Tabél 3.4
Perhitungan Chi Kuadrat
Kelas
Interval Oi Bk Z Ztabél L Ei
(Oi + Ei)2
Ei
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
∑
Katerangan:
Oi = frekuensi observasi
Bk = batas kelas
Z = transformasi normal standar bebas kelas
Ztabél = peunteun Z dina table distribusi data normal
L = lega kelas interval
Ei = frekuensi ekspetasi (n x luas Ztabél)
(2) Nangtukeun Oi (frekuensi observasi)
(3) Nangtukeun Bk (batas kelas interval)
(4) Ngitung Zitung (transformasi normal standar bebas kelas)
(5) Nangtukeun Ztabél
(6) Ngitung lega unggal kelas interval (L)
(7) Ngitung Ei (frekuensi ekspetasi)
(8) Nangtukeun peunteun X2
(Chi Kuadrat)
Ei = n x L
41
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(Sudjana, 2005, kc. 273)
(9) Nangtukeun dk (derajat
kabebasan)
(Sudjana, 2005, kc. 293)
(10)Nangtukeun harga X2tabél
(11)Nangtukeun normalitas ngagunakeun criteria ieu di handap.
a. Lamun X2itung < X2tabél, hartina distribusi normal
b. Lamun X2itung > X2tabél , hartina distribusi teu normal
2) Uji Homogenitas
Uji homogenitas nya éta uji sipat data anu gunana pikeun mikanyaho
homogén atawa henteuna sampel anu diujikeun. Léngkah-léngkah dina
nangtukeun homogenitas nya éta:
(1) Ngitung variasi unggal kelompok
a. Variasi Pre-test (S12)
b. Variasi Post-test (S22 )
(Sudjana, 2005, kc. 95)
(2) Ngitung harga variasi (F)
dk = k - 3
S12
S22
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(3) Ngitung derajat kebebasan (dk)
(4) Nangtukeun Ftabél
(5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana
criteria ieu di handap:
a. Lamun Fitung < Ftabél , hartina variasi sampel
homogén
b. Lamun Fitung > Ftabél, hartina variasi sampel henteu
homogén
(Sudjana, 2005, kc. 250)
3.6.3 Uji Gain
Uji gain dilaksanakeun pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan
antara hasil pre-test jeung post-test. Hasil tina uji gain nya éta gambaran pangaruh
modél word square dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa kelas X-A SMA
Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015. Rumusan anu
digunakeun pikeun meunangkeun hasil tina uji gain, dirumuskeun ieu di handap.
Tabel 3.5
Uji Gain Peunteun Nulis Aksara Sunda Siswa
43
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Pikeun nangtukeun uji hipotésis ditarima atawa henteuna, ngagunakeun
dua cara nya éta ngagunakeun uji statistik parametrik jeung uji statistik
non-parametrik.
1) Statistik paramétrik digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal.
Léngkah-léngkahna ieu di handap.
a. Nangtukeun mean tina béda pre-test jeung post-test ngagunakeun rumus:
b. Ngitung darajat kabébasan (dk) ngagunakeun rumus:
c. Ngitung jumlah kuadrat deviasi
ngagunakeun rumus:
d. Ngitung uji t
ngagunakeun rumus:
Katerangan:
t = tés signifikasi
= rata-rata (mean) tina béda pre-test jeung post-test
= jumlah kuadrat deviasi n = jumlah subyek dina sampel
e. Nangtukeun ditarima henteuna
hipotesis dumasar kriteria ieu di handap.
(1) Saupama > hartina
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015.
(2) Saupama
hartina hipotésis ditolak, nya éta modél pangajaran word square teu bisa
ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X-A SMA
Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015.
2) Statistik non-parametrik
digunakeun pikeun nguji hipotesis anu distribusi datana teu normal, kalayan
ngagunakeun uji wilcoxon. Léngkah-léngkah uji wilcoxon (Sudjana, 2005,
kc.450) nya éta:
a. Asupkeun peunteun pre-test jeung post-test siswa kana kolom ka-2 (XA1);
b. Asupkeun peunteun post-test siswa kana kolom ka-3 (XB1);
c. Itung bédana antara pre-test jeung post-test ku cara XB1-XA1 tuluy asupkeun
hasilna kana kolom ka-4;
d. Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti
peunteun béda anu pangleutikna nepi ka peunteun anu panggedéna;
e. Peunteun tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna;
f. Sanggeus disusun asupkeun peunteun jenjangna kana kolom ka-5;
g. Asupkeun peunteun jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya peunteun
béda anu négatif asupkeun kana kolom ka-7;
h. Ningali kana tabél harga kritis uji wilcoxon, misal n=23 kalayan ngagunakeun
taraf kasalahan 5% = 73;
i. Data anu geus di itung tuluy diasupkeun kana tabél wilcoxon ieu di handap.
Tabél 3.6 Tabél Uji Wilcoxon
No XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang
XA1-XB1 Jenjang + -
45
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Katerangan:
XA1 = peunteun pre-test XB1 = peunteun post-test
j. Ditarima henteuna hipotésis uji wilcoxon dumasara kritéria ieu di handap.
(1) Saupama dumasar taraf nyata anu ditangtukeun, hartina
ditarima yén modél pangajaran word square miboga pangaruh dina
ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X-A SMA
Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015.
(2) Saupama dumasar taraf nyata anu ditangtukeun, hartina
ditolak yén modél pangajaran word square henteu miboga pangaruh
dina ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X-A SMA
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG REKOMENDASI
5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis, jeung pedaran kamampuh nulis
aksara Sunda siswa kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun
ajaran 2014/2015 anu aya dina bab IV, bisa dicindekkeun sababaraha hal ieu di
handap:
1) Kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung
Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015 saméméh ngagunakeun modél
pangajaran word square kawilang can mampuh, rata-rata peunteunna nya éta
63,24 tina KKM 75. Ditilik tina unggal aspék anu diujikeunna, siswa can
mampuh dina nuliskeun aksara swara, aksara ngalagena, jeung cara
ngalarapkeun rarangkén luhur, rarangkén handap, jeung rarangkén sajajar.
2) Kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung
Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015 sabada ngagunakeun modél
pangajaran word square kawilang mampuh. Ieu hal katitén tina hasil rata-rata
peunteun post-test siswa sabada ngagunakeun modél pangajaran word square
nya éta 82,52 tina KKM 75. Ditilik tina unggal aspék anu diujikeunna, siswa
mampuh dina nuliskeun aksara swara, aksara ngalagena, jeung cara
ngalarapkeun rarangkén luhur, rarangkén handap, jeung rarangkén sajajar.
Dumasar kana hasil kamampuh awal jeung kamampuh ahir, yén kamampuh
nulis aksara Sunda siswa kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung Kabupaten
Bogor taun ajaran 2014/2015 ngaronjat tina can mampuh (63,24) jadi
mampuh (82,52).
3) Aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis aksara Sunda saméméh
jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran word square. Jadi, modél
69
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
siswa kelas X-A SMA Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran
2014/2015.
5.2 Implikasi
Modél pangajaran word square dilarapkeun dina pangajaran nulis aksara
Sunda pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa. Dilarapkeunana ieu modél
meunang dukungan jeung aprésiasi anu hadé boh ti siswa boh ti guru. Ieu hal bisa
ditarima sacara positif dina pangajaran di sakola ku sabab prak-prakan dina
ngalarapkeun modél word square kawilang leuwih ngirut jeung matak
pikaresepeun. Ayana modél soal teka-teki silang (tatarucingan) jadi salah sahiji
alesan pikeun siswa numuwuhkeun kaparigelanana dina pangajaran nulis aksara
Sunda. Ieu modél téh ngadumaniskeun kamampuh mikir jeung nulis anu
dibarengan ku suasana diajar nu matak pikaresepeun, nya éta “diajar bari ulin”,
anu pasti siswa bakal leuwih gampang dina maham matéri, henteu matak bosen,
ogé nimbulkeun karep anu hadé nalika ngeusian tés.
5.3 Rekomendasi
Sabada dilaksanakeunana panalungtikan modél pangajaran word square
pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X-A SMA
Negeri 1 Nanggung Kabupaten Bogor taun ajaran 2014/2015, aya sawatara
rékoméndasi ieu di handap.
1) Modél pangajaran word square bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara
Sunda. Ku sabab kitu, ieu modél téh bisa dijadikeun salah sahiji alternatif
pikeun guru dina pangajaran di kelas;
2) Guru kudu leuwih taliti dina nangtukeun instrumén soal pikeun tés ka siswa,
hartina guru kudu taliti dina milih kecap-kecap anu bakal dijieun dina wangun
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
deui panalungtikan dina ékspérimén murni sangkan meunang ambahan anu
leuwih lega;
4)Pikeun panalungtik satuluyna dipiharep bisa leuwih asak dina ngararancang
modél pangajaran word square;
5)Ayakeun modél-modél pangajaran séjénna nalika di kelas, hususna pikeun
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR PUSTAKA
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta:
Rineka Cipta.
Awalia, E. M. (2013). Modél Pangajaran Word Square pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Pamahaman (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas V SDN Nyalindung Paséh Sumedang Taun Ajaran 2012/2013). (Skripsi). FPBS UPI Bandung.
Baidillah, spk., I. (2008). Direktori Aksara Sunda untuk Unicode. Pemerintah
Provinsi Jawa Barat: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.
Heriawan spk., A. (2012). Metodologi Pembelajaran. Banten: LP3G.
Iskandarwassid spk. (2009). Model-Model Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: CV. Wahana Karya Grafika.
Mohamad, E. (2012). [Online]. Penerapan Model Pembelajaran Kooperatif Word Square
untuk Meningkatkan Hasil Belajar Hidrokarbon Siswa Kelas X Sma Tridharma Gorontalo. Diakses dari:
http://ejournal.undiksha.ac.id/index.php/JJPGSD/article/viewFile/1260/11 23.
Nurbaeti, S. (2013). Modél Memorization Métode Mnemonik dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda (Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas X-C SMA Laboratorium Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajaran 2012/2013). (Skripsi). FPBS UPI Bandung.
Nurjanah, N. (2007). Handout Tiori Nulis. Bandung: UPI Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah.
Permatasari, W. (2014). Model Pembelajaran Word Square. [Online]. Diakses dari http://wulanpmtsr.blogspot.com/2014/03/word-square30.html.
Rahman. (2011). Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Jatinangor: Alqa.
Sudaryat, Y. jeung Solehudin, O. (2009). Psikolinguistik. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Malia Juliyanti Rizky, 2015
Model pengajaran word square pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara sunda
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sugiyono. (2008). Metode Penelitian pendidikan pendekatan kuantitatif, kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.
Suryani NS, E. (2011). Kamahéran jeung Kaparigelan Aksara Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.
Suryani NS, E. (2011). Calakan Aksara, Basa, Sastra, katut Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.
Tarigan, H. G. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Percetakan Angkasa.
Wijana, E. (2011). [Online]. Penerapan Model Belajar Word Square Untuk
Meningkatkan Hasil Belajar Siswa Pada Pembelajaran Matematika
(Penelitian Tindakan Kelas Siswa VIII-C SMP Al-Falah Karangwangi
Depok). Diakses dari: