No. 821/FPBS/0251/2015
ULIKAN FILOLOGI NASKAH KUMPULAN MANTRA TI DUSUN PÉRÉNG DÉSA TALUN KECAMATAN IBUN
KABUPATÉN BANDUNG
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat
nyangking gelar Sarjana Pendidikan Departemen Pendidikan Bahasa Daerah
ku
Rini Sutanti NIM 1105845
DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA
ULIKAN FILOLOGI NASKAH KUMPULAN
MANTRA
TI DUSUN PÉRÉNG DÉSA TALUN KECAMATAN
IBUN
KABUPATÉN BANDUNG
Oleh Rini Sutanti
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu sarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra
©Rini Sutanti 2015
Universitas Pendidikan Indonesia Februari 2015
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ULIKAN FILOLOGI NASKAH KUMPULAN MANTRA TI DUSUN PÉRÉNG DÉSA TALUN KECAMATAN IBUN
KABUPATÉN BANDUNG1
Rini Sutanti2 1105845
ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya minat dan perhatian masyarakat dalam memahami dan menambah pengetahuan mengenai naskah, terutama naskah mantra. Tujuan penelitian ini adalah untuk mengetahui isi mantra dan mendeskripsikan isi mantra yang ada dalam naskah. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif analisis dengan menggunakan pendekatan filologi serta analisis pada isi mantra. Adapun langkah dalam menyusun trasliterasi yaitu menggunakan edisi naskah tunggal, karena hanya ada satu naskah jadi menggunakan edisi naskah standar. Melalui edisi naskah standar, naskah dikoreksi kesalahan-kesalahannya serta disesuaikan dengan éjahan, yang hasilnya berupa edisi teks. Hasil edisi teks tersebut kemudian dianalisis, langkah-langkah dalam penelitian ini adalah: deskripsi naskah, transliterasi, analisis isi naskah, dan klasifikasi isi naskah. Mantra yang ada dalam naskah ini, diklasifikasikan menurut jenisnya. Hasil penelitian menunjukan bahwa mantra yang terdapat dalam naskah ini yaitu sebanyak 56 mantra yang terdiri atas: 24 asihan, 15 jangjawokan, 6 singlar, 4 rajah, 5 ajian, dan 2 jampe. Dari 56 mantra yang ada dalam naskah, 15 diantaranya merupakan mantra yang dianalisis. Hasil analisis mantra tersebut adalah 3 asihan, 3 jangjawokan, 3 singlar, 2 rajah, 2 ajian, dan 2 jampé. Kesimpulannya, mantra yang sering digunakan adalah jangjawokan dan asihan, kebanyakan yang disembah dalam mantra ini adalah pengaruh dari ajaran Islam dan non Islam yaitu dari kepercayaan asli Sunda. Tujuan mantra yang dianalisis ini, rata-rata adalah untuk kepentingan yang sering dijumpai dalam kehidupan sehari-hari, seperti meminta agar dicintai lawan jenis, supaya diberi ketampanan atau kecantikan, supaya diberi kekuatan, dan diberikan rejeki.
Kata kunci: filologi, mantra
1 Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Ruhaliah, M.Hum. dan Dr. Ruswendi Permana, M.Hum. 2
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ULIKAN FILOLOGI NASKAH KUMPULAN MANTRA TI DUSUN PÉRÉNG DÉSA TALUN KECAMATAN IBUN
KABUPATÉN BANDUNG3
Rini Sutanti4 1105845
ABSTRACT
The background of this study is the lack of people interest and attention in understanding and increasing knowledge about manuscript, especially the spell manuscript. The aims of this study are to know and describe the content of the spell in manuscript. The method that is used in this study is analysis descriptive with use philology approach and analysis of the spell content. Moreover, single manuscript edition is used in the step of compose transliteration, because there is only one manuscript so the step of compose transliteration use standard
manuscript edition. Through standard manuscript edition, the manuscript’s errors
are corrected and adapted to the right spelling with text edition as the result. The result of the text edition are analyzed with several steps, there are: text description, transliteration, content text analysis, and content text classification. The spell in the text is classified based on the spell types. The result of this study shows that there are 56 spells in the manuscript: 24 asihan, 15 jangjawokan, 6 singlar, 4 rajah, 5 ajian, and 2 jampe. From the 56 spells in the manuscript, 15 spells were analyzed. The analysis result shown that there are 3 asihan, 3 jangjawokan, 3 singlar, 2 rajah, 2 ajian, and 2 jampé. In conclusion, the spell that are often used in the manuscript are jangjawokan and asihan, most of them which are worshiped in this spell are influenced by Islamic and also non-Islamic theory that is native Sudanese belief. The purposes of that spell are for daily needs mostly such as praying for loved by the opposite sex, for getting the dash and the beauty, and also for getting strength and fortune.
Keywords: philology, spell
3 This paper is supervisied by Dr. Ruhaliah, M.Hum. dan Dr. Ruswendi Permana, M.Hum. 4
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR EUSI
kaca
PANGJAJAP ... i
TAWIS NUHUN ... ii
ABSTRAK ... v
DAPTAR EUSI ... viii
DAPTAR TABÉL ... xi
DAPTAR BAGAN ... xii
DAPTAR LAMPIRAN ... xiii
DAPTAR SINGGETAN ... xiv
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1
1.2 Rumusan Masalah ... 5
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5
1.3.1 Tujuan Umum ... 5
1.3.2 Tujuan Husus ... 5
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6
1.5 Sistematika Penulisan ... 6
BAB II ULIKAN PUSTAKA 2.1 Filologi, Mantra, jeung Transliterasi ... 8
2.1.1 Harti Filologi ... 8
2.1.2 Objék Filologi ... 9
2.1.2.1 Naskah jeung Téks ... 9
ix
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.1.4 Tujuan Filologi ... 12
2.2.3 Papasingan Mantra ... 16
2.2.4 Prosés Sumebar Mantra ... 19
2.3 Transliterasi ... 19
2.3.1 Harti Transliterasi... 19
2.3.2 Métodeu Transliterasi... 20
2.3.2.1 Métodeu Édisi Naskah Tunggal ... 20
2.3.2.2 Métodeu Édisi Naskah Jamak ... 21
2.3.3 Pedoman Transliterasi ... 22
2.3.3.1 Vokalisasi ... 22
2.3.3.2 Tanda Konsonan... 23
2.4 Panalungtikan Saméméhna ... 24
2.5 Kalungguhan Tioritis Panalungtikan ... 25
BAB III MÉTODEU PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan ... 29
3.2 Sumber Data ... 30
3.3 Ngumpulkeun Data ... 31
3.3.1 Instrumén Panalungtikan ... 31
3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 32
3.4 Analisis Data ... 33
BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN 4.1 Déskripsi Naskah ... 35
x
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.2.1 Sistem Transliterasi ... 37
4.2.2 Transliterasi Téks ... 38
4.3 Analisis Téks ... 62
4.3.1.1 Klasifikasi Mantra ... 81
4.3.1.2 Kacindekan Analisis Klasifikasi Mantra ... 85
4.3.2 Naktu ... 86
4.3.3 Katerangan ... 88
4.3.4 Ramalan ... 89
4.3.5 Do’a ... 90
4.4 Pedaran Hasil Analisis ... 90
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 95
5.2 Saran ... 96
DAPTAR PUSTAKA ... 97
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 99
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I
BUBUKA
1.1Kasang Tukang Panalungtikan
Nurutkeun Baried (1985, kc. 1) filologi nya éta pangaweruh ngeunaan sastra. Dina harti nu jembar, ieu cabang paélmuan ngawengku widang kabasaan, kasusastraan, jeung kabudayaaan. Harti kabudayaan dina éta sawangan nya éta kabiasaan, kapercayaan, tur ajén-ajén nu dipaké ku masarakat pikeun nyaluyukeun jeung kaayaan jaman.
Nurutkeun Iskandarwassid, (2003 kc. 90), naskah dina ulikan sastra nya éta wacana (téks) hasil tulisan leungeun, ilaharna dibeundeul atawa dibukukeun (lain hasil citak), atawa buku anu eusina wacana dina tulisan leungeun. Kitu deui, Baried, spk. (1985, kc. 4), ngécéskeun yén naskah téh mangrupa pamikiran, rasa, jeung pangaweruh masarakat atawa kelompok sosial jaman harita. Ku kituna, naskah mangrupa hasil kabudayaan kongkrit nu bisa méré rupa-rupa informasi.
Dokuméntasi karya sastra buhun nu sipatna tinulis aya dina wangun naskah. Saméméh aya buku anu dicitak, masarakat Sunda geus wanoh kana wangun naskah. Salah sahiji naskah anu méré rupa-rupa informasi ngeunaan kabudayaan nya éta aya naskah Kumpulan Mantra. Nurutkeun Rosidi (dina Jamil, 2006, kc. 199), ieu naskah téh kaasup kana naskah paririmbon atawa mujarobat. Naskah Mantra ngadéskripsikeun ngeunaan cara atawa jampé pikeun hiji tujuan anu tangtu sarta pikeun meunangkeun kasalemetan jeung kamaslahatan. Kagiatan anu ditataan dina ieu naskah Kumpulan Mantra teu jauh jeung kabiasaan-kabiasaan hirup kumbuh masyarakat sapopoéna, saperti pakasaban, kamasarakatan, kaagamaan, hubungan sosial anu patalina jeung napsu birahi, pikeun mikat awéwé nu dipikaasih, pikeun meunangkeun rizki, pikeun nu ngajuru, pagawéan rumah tangga saperti (waktu rék ngukus) jeung panduan nangtukeun naktu.
2
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sastra téh salawasna dicipta napak dina usaha ngolah unsur-unsur éstétis sapopoé nu diolah deui sarta disaluyukeun jeung imajinasi pangarang.
Saenyana mah karya sastra téh geus dipikawanoh ti béh ditu kénéh, sacara teu sadar maranéhna geus kungsi nyieun karya-karya nu mangpaat pikeun mekarkeun kabudayaanna. Hasil kabudayaan nu dijieunna gé tangtu rupa-rupa, sarta hasil kabudayaanana kudu dimumulé ku urang salaku urang Sunda nu masih reueus kana kamekaran karya sastrana sorangan.
Istilah-istilah asihan, pupujian, sésébréd, balada, alegori, babad, roman sajarah, jsté, nuduhkeun golongan-golongan karya sastra dumasar kana eusina. Dumasar kana umurna, karya sastra dibagi dua, nya éta: aya anu kagolong karya sastra buhun, aya anu kagolong karya sastra modern. Nilik mediana ogé dibagi dua, nya éta: aya anu kagolong karya sastra lisan, jeung sastra tulisan. Sastra lisan nya éta sastra nu hirupna (tumuwuhna, mekarna jeung sumebarna) dina média lisan sakurang-kurangna dina mangsana. Sedengkeun karya sastra tulisan nya éta anu hirupna dina média tulis. Kaayeunakeun, karya sastra loba nu diadaptasi jadi pidangan atawa pagelaran média éléktronik (radio, kasét, televisi). Iskandarwasid (1996, kc. 139).
3
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Ngagunakeun mantra ogé teu sagawayah, tapi aya padikana. Tujuan makéna mantra ogé rupa-rupa. Kitu deui jalma nu ngagunakeun mantra kudu nyumponan sarat nu geus ditangtukeun.
Mantra bisa tetep aya, mekar, atawa bisa ogé tumpur, luyu jeung kahirupan manusa nu makéna. Manusa nu ngagunakeun mantra pikeun tujuan magis kiwari geus jarang. Kitu deui nu miboga mantrana gé ngan ukur golongan kolot. Saupama aya nu ngora, meureun ngan saukur warisan ti karuhunna. Minat jeung panitén masarakat kana naskah ayeuna geus kurang, hal éta katitén tina héséna manggih naskah. Salian ti éta, karya sastra buhun kurang dipikaresep lantaran can loba digarap jadi bacaan nu gampang dipaham jeung ditarima ku balaréa. Ku ayana hal éta panalungtik miboga karep pikeun nalungtik sarta nganalisis Naskah Kumpulan Mantra. Éta naskah mangrupa titinggal karuhun baheula anu ayeuna di
wariskeun ka salasahiji dulurna.
Saenyana mantra mangrupa bagian tina budaya jeung sastra anu perlu diriksa sarta dimumulé, lantaran mantra mangrupa salasahiji titinggal karuhun baheula nu miboga ajén luhung ogé kudu dipiara. Pikeun masarakat Sunda, naskah buhun masih boga fungsi kultural dina kahirupan masarakatna, lantaran masih aya kénéh sababaraha masarakat Sunda nu nganggap sakral kana hiji naskah buhun. Hal ieu téh didadasaran kusabab masih kénéh ayana kapercayaan masarakat ka karuhunna.
Geus teu anéh deui yén masarakat Sunda miboga hasil budaya anu jembar. Ieu hal bisa katitén tina rupa-rupa hasil budayana, boh anu ngawujud boh anu abstrak. Wangun budaya anu mangrupa artéfak réa jirimna, diantarana prasasti, naskah kuna, candi, waditra, jeung musik. Salahsahiji jinis artéfak anu gedé pangaruhna pikeun studi atawa panalungtikan nya éta naskah (manuscript).
4
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Pentingna panalungtikan filologi perlu dimekarkeun pikeun ngajaga jeung ngariksa naskah-naskah buhun anu aya di masarakat nu geus teu kapaliré deui, katambah ku kurangna minat masarakat kana naskah buhun. Salian ti éta, karya sastra buhun kurang dipikaresep lantaran can loba digarap pikeun jadi bahan bacaan nu gampang dipaham ku balaréa. Ku kituna, diayakeun panalungtikan ngeunaan naskah pikeun maliré hasil kabudayaan kolot baheula sangkan masarakat kiwari jeung masarakat nu bakal datang teu pareumeun obor kana karya sastra buhun.
Dina kahirupan masarakat Sunda, naskah buhun dianggap masih miboga fungsi kultural. Aya sawatara masarakat anu masih boga anggapan yén naskah buhun téh boga ajén sakral, pangpangna mah ku lantaran masarakat Sunda masih leket kapercayaan kana karuhunna.
Naskah Sunda loba nu geus leungit atawa ruksak lantaran prosés alam, atawa teu kariksa (ruksak ku rayap, bobo lantaran kabeueusan), malah ngahaja dimusnahkeun. Naskah Sunda ogé aya di masarakat, boh anu dipaké pikeun kahirupan sapopoé, boh anu dijieun pusaka atawa koléksi (Ruhaliah, 2005, kc. 54).
5
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Aya sawatara hasil panalungtikan ngeunaan Kajian Filologis jeung analisis kana mantra di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI diantarana: 1) Puisi Mantra di Kecamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi: Analisis Déskriptif Téks
jeung Kontéks meunang Retty Isnéndés (1998); 2) Kajian Filologis jeung Analisis
Struktur Wawacan Raja Ayaban ku Siti Rukoyah (2007); 3) Kajian Filologis
jeung Analisis Silsilah Téks Sajarah Turunan Parakanmuncang ku Diqi Munawar
Shodiq (2008); jeung 4) Analisis Struktural Puisi Mantra Di Désa Cenggal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi
Puisi Di SMA ku Ayu Aningsih (2013).
Ieu naskah kumpulan mantra kapanggih di Dusun Péréng, Désa Talun, Kecamatan Ibun, Kabupatén Bandung. Ieu naskah can pernah ditalungtik saacanna. Panalungtikan kalawan maké métode transliterasi, analisis téks kana ieu naskah, dipiharep bisa méré informasi anu mangpaat pikeun masarakat atawa panalungtik séjénna. Lian ti éta, ieu panalungtikan penting pikeun ngeuyeuban panalungtikan saacanna. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Ulikan Filologi Naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung”.
1.2Rumusan Masalah
Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun patalékan nu kaunggel ieu di handap.
6
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.3Tujuan Panalungtikan
Ieu panalungtikan miboga tujuan nu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus.
1.3.1 Tujuan Umum
Panalungtikan ngeunaan kajian filologis naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung miboga tujuan pikeun
mekarkeun kabudayaan Sunda ku cara ngamumulé karya sastra buhun titingal ti karuhun, sangkan kanyahoan jeung bisa diaprésiasi ku masarakat jaman kiwari. Panalungtikan ieu ogé nambahan pangaweruh pikeun urang salaréa salaku masarakat Sunda nu reueus kana budayana, ogé sangkan ngahudang kasadaran masarakat sarta kalangan akademis ngeunaan kabudayaan Sunda, utamana kanaa naskah Sunda buhun.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus tina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun:
1) Ngadéskripsikeun naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung.
2) Nyusun transliterasi naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung.
3) Nganalisis eusi mantra Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung.
4) Klasifikasi naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung.
1.4Mangpaat Panalungtikan
7
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis ieu panalungtikan téh dipiharep miboga mangpaat pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan karya sastra buhun hususna dina kajian filologis sarta analisis naskah, ogé ngalengkepan kajian-kajian sarta analisis ngeunaan naskah Sunda.
1.4.2 Manfaat Praktis
Mangpaat praktis anu dipiharep dina ieu panalungtikan, diantarana: (1) Pikeun méré informasi ngeunaan deskripsi jeung eusi naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung sangkan teu
mopohokeun kabudayaan Sunda nu mangrupa karya sastra titinggal karuhun, tur bisa ngaaprésiasi éta karya sastra; (2) bisa nambahan pangaweruh sarta bisa dijadikeun bahan babandingan dina medar jeung ngaguar karya sastra Sunda hususna naskah sastra.
1.5Sistematika Penulisan Bab 1
Bab 1 mangrupa bab anu munggaran dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, identifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika nulis skripsi.
Bab II
Bab II mangrupa bab anu medar ngeunaan téori-téori anu aya dina panalungtikan. Dina ieu bab dipedar leuwih jero ngeunaan filologi, transliterasi, analisis téks, jeung klasifikasi téks.
8
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Bab III mangrupa bab anu ngabahas ngeunaan kumaha métode panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan métode panalungtikan, desain panalungtikan, sumber data, instrumén panalungtikan, téhnik panalungtikan, sarta analisis data.
Bab IV
Bab IV eusina medar ngeunaan déskripsi naskah, transliterasi, analisis téks sarta klasifikasi téksna. Eusi téks dianalisis sabada prosés transliterasi. Dina ieu bab dipedar sagemblengna hasil tina analisis panalungtikan anu dilaksanakeun. Hasil panalungtikan bisa katitén dina ieu bab.
Bab V
Bab V mangrupa kecindekan tina sakabéh pedaran. Salian ti éta, aya saran nu ditepikeun keur nu maca. Éta saran téh tujuanna sangkan panalungtikan kahareupna bisa leuwih hadé.
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
Unggal panalungtikan sangkan ngahasilkeun panalungtikan anu hadé tangtuna waé kudu dirojong ku métode-métode anu luyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Métode anu dipaké bakal mangaruhan kana léngkah-léngkah panalungtik dina ngumpulkeun jeung ngolah datana. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode deskriptif nya éta métode panalungtikan nu digunakeun pikeun ngagambarkeun sarta ngajelaskeun hiji hal, nu satuluyna dijéntrékeun dina wangun laporan panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 3).
Métode déskriptif anu digunakeun nya éta métode déskriptif analisis, nya éta ngadéskripsikeun naskah Kumpulan Mantra nepi ka bisa kapaluruh kaayaan éta naskah, nu saterusna dianalisis. Dina ieu panalungtikan digunakeun cara gawé filologi édisi naskah tunggal ngaliwatan édisi naskah standar. Ieu panalungtikan maké métode naskah tunggal (codex unicus) ngaliwatan édisi naskah standar (editio criticia). Édisi standar nya éta migawé transliterasi ku cara ngoréksi tulisan anu henteu konsistén atawa kasalahan-kasalahan leutik séjénna dumasar kana palanggeran éjahan, sarta nyieun tafsiran kana bagéan anu sakirana perlu dipedar. Tujuanna sangkan nu maca leuwih gampang dina maca jeung miharti eusi téks (Baried, 1985, kc. 69).
3.1 Desain Panalungtikan
30
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3.1
Desain panalungtikan Naskah Kumpulan Mantra
3.2 Sumber Data
Arikunto (2010, kc. 172) nétélakeun yén sacara gurat badag, sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta jalma (person), tempat (place), jeung kertas atawa dokumén (paper).
1) Jalma (person), nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angkét.
NASKAH TRANSLITERASI
SUNTINGAN
NGOLAH DATA
KLASIFIKASI TÉKS
ANALISIS TÉKS
31
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2) Tempat (place), nya éta sumber data nu mangrupa tampilan dina kaayaan
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta Naskah Kumpulan Mantra. Ieu naskah mangrupa koléksi Aep Saepuloh masarakat Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung. Ieu naskah ditulis dina basa Sunda-Jawa-Cirebon-Arab kalawan maké aksara Pégon sarta Latén. Kertas anu dipaké nya éta kertas pabrik, kandelna 72 kaca sarta teu kapanggih watermark dina kertasna. Ieu sumber data dijadikeun sumber utama dina ieu panalungtikan.
3.3 Ngumpulkeun data
3.3.1 Instrumen Panalungtikan
Instrumen panalungtikan mangrupa hal penting dina panalungtikan. Ku ayana instrumen panalungtikan, prosés ngumpulkeun data bisa leuwih babari. Instrumen panalungtikan ngawengku sakabéh alat atawa cara anu dipaké pikeun ngumpulkeun data anu diperlukeun. Dina ieu panalungtikan, instrumen anu digunakeun nya éta ieu di handap.
1) Handphone, mangrupa instrumen panalungtikan anu kawilang penting. Dina ngalaksanakeun panalungtikan, handphone bisa digunakeun pikeun ngarékam nalika wawancara, ngarékam data-data anu aya di lapangan saperti foto, jeung video.
2) Kamera digital, digunakeun pikeun ngarekam, boh dina wangun video, boh dina wangun gambar atawa foto.
32
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dibutuhkeun, sarta data naon waé anu diperlukeun bisa kakumpulkeun. Ieu di handap baris ditulis pedoman wawancara.
Tabél 3.1
Pedoman Wawancara
Pedoman Wawancara 1. Naon judul ieu naskah?
2. Ti saha jeung di mana meunangna ieu naskah? 3. Kumaha pancakakina bapa ka nu nulis ieu naskah?
4. Kumaha prosés meunangna ieu naskah (meunang meuli, warisan, nginjeum can dibalikeun, dll)?
5. Naha aya pasaratanna waktu narima ieu naskah? 6. Saha nu nulis ieu naskah?
7. Di mana disimpenna ieu naskah? Naha aya tempat husus? 8. Naha aya pasaratan/ritual husus pikeun ngariksa ieu naskah? 9. Kumaha kalungguhan ieu naskah dina kahirupan masarakat? 10. Naon fungsi ieu naskah? Kiwari masih sok dipaké atawa henteu? 11. Saupama masih dipaké, tujuanna keur naon?
33
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi lapangan (observasi), téhnik wawancara, jeung studi dokuméntasi anu ngawengku catetan hasil wawancara, foto, jeung naskah.
Observasi mangrupa hal penting dina panalungtikan kulitatif déskriptif. Observasi nya éta métode atawa cara nganalisis sarta nyatet hal-hal anu aya di lapangan, ku cara ningali jeung nengetan objék panalungtikan sacara langsung sangkan panalungtikan meunang gambaran ngeunaan kaayaan di lapangan. Wawancara jeung studi dokumentasi dilakukeun lamun observasi geus dianggap cukup.
3.4Analisis Data
Sanggeus data hasil panalungtikan dikumpulkeun, léngkah séjén anu perlu dilakukeun nya éta kagiatan ngolah data (analisis data). Dina ngolah data dipaké téhnik analisis. Analisis data mangrupa usaha (prosés) dina milih sarta ngelompokkeun data. Sanggeus data dikumpulkeun, tuluy diolah ngaliwatan léngkah-léngkah saperti: 1) mariksa jeung ngaidéntifikasi data (naskah) anu geus dikumpulkeun; 2) nyusun transliterasi data (naskah) anu geus dikumpulkeun; 3) ngadéskripsikeun jeung nganalisis data (naskah) anu geus dikumpulkeun; 4) nyieun klasifikasi dumasar kana naskah nu dianalisis; 5) nyieun kacindekan data (naskah) anu geus dikumpulkeun; 6) konsultasi ka dosén pembimbing.
Mantra nu aya dina naskah Kumpulan Mantra jumlahna aya 56 mantra, tuluy dipasing-pasing nurutkeun warnana, tapi nu dianalisis nya éta 15 mantra, anu jumlahna ngawengku genep warna puisi mantra nya éta (3 asihan, 3 jangjawokan, 3 singlar, 2 rajah, 2 ajian jeung 2 jampé).
34
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
nganalisis puisi mantra dumasar kana téksna. Unsur-unsur téks puisi mantra anu dianalisis nya éta: 1) judul, 2) nomer mantra, 3) téks mantra, 4) tujuan, 5) nu nyarita, 6) nu diajak nyarita, 7) nu disambat, jeung 8) eusi (Isnéndés, 1998, kc. 38). Ieu di handap mangrupa conto lembar analisis.
Tabél 3.3 Conto lembar analisis:
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar hasil panalungtikan jeung analisis data, kacindekan tina ieu panalungtikan dijéntrékeun ieu di handap.
Naskah kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung medar ngeunaan mantra-mantra anu jaman harita kungsi
digunakeun pikeun kahirupan sapopoéna. Tapi, kaayeunakeun mah ieu mantra téh geus teu digunakeun, boh ku nu boga ieu naskah boh ku masarakatna sorangan. Dina ieu naskah ogé disebutkeun ayana naktu nu ngawengku pananggalan jeung lintang (kaca 1, 2, 3, jeung 72), katerangan (kaca 17), ramalan (kaca 53), jeung
do’a (kaca 49, 58, jeung 59). Tapi anu leuwih dominan dina ieu naskah nya éta
mantra.
Hasil transliterasi anu dipidangkeun mangrupa hasil édisi téks anu geus bisa jadi bahan bacaeun. Transliterasi ieu naskah ngaliwatan édisi naskah standar ngagunakeun édisi naskah tunggal anu diluyukeun jeung éjahan kiwari.
Mantra anu aya dina ieu naskah dipasing-pasing nurutkeun wanda sarta paranti naon dipakéna, di antarana aya nu kaasup 1) asihan, 2) jangjawokan, 3) singlar, 4) ajian, 5) rajah, jeung 6) jampé. Tina ieu naskah aya 56 mantra, anu ngawengku 1) 24 asihan, 2) 15 jangjawokan, 3) 6 singlar, 4) 4 rajah, 5) 5 ajian, jeung 6) 2 jampe. Tina 56 mantra anu aya dina ieu naskah, 15 di antarana anu dianalisis, hasilna nya éta 1) 3 asihan, 2) 3 jangjawokan, 3) 3 singlar, 4) 2 rajah, 5) 2 ajian, jeung 6) 2 jampé.
96
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Anu disambat dina ieu mantra nu dianalisis lolobana nurutkeun kapercayaan Islam, saperti Allah, Rosul, Malaikat Isropil. Salian nurutkeun kapercayaan Islam, aya ogé non Islam nya éta pangaruh asli Sunda, saperti Nyimas Banda Ajeng, Nyimas Raja Kasid, Nini Warigud, Aki Warigud, Nyi Raga Batara Giri, Nyimas Pohaci Talaga Lenggang, Sia, jeung Nénéng.
5.2 Saran
Ieu panalungtikan tangtuna masih karasa heureut kénéh kajianana, tapi nalungtik ieu mantra loba pisan mangpaatna, utamana bisa nambahan pangaweruh dina widang sastra. Ku kituna, aya sababaraha saran anu kudu ditepikeun, nya éta ieu di handap.
Nalungtik karya sastra buhun utamana mantra, merlukeun kasabaran sarta katalitian dina migawéna, kitu deui dina nyusun transliterasi sarta nganalisisna. Sabada ayana ieu panalungtikan, dipiharep sangkan ieu hasil panalungtikan bisa diwanohkeun ka masarakat umum pikeun miara warisan ti karuhun sarta bisa nambahan pangaweruh.
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA
Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT. Rineka Cipta.
Baried, spk. (1985). Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.
Ekadjati, Edi. S. (2006). Naskah Sunda: Sumber Pengetahuan Budaya Sunda (dimuat dalam Prosiding Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 1:
Jilid 1). Yayasan Kebudayaan Rancagé: Bandung.
Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Istadiyantha. (2008). Diktat: Laboratorium Filologi. Surakarta: Jurusan Sastra Indonesia Fakultas Sastra dan Seni Rupa Universitas Sebelas Maret.
Isnendes, Chye Retty. (2010). Kajian Sastra: Aplikasi Teori & Kritik pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.
Isnendes, Retty (skripsi). (1998). Puisi Mantra di Kecamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi: Analisis Déskriptif Téks jeung Kontéks (tidak diterbitkan).
Jamil, Eli Awaludin (tesis). (2012). Palintangan Sunda: Ulikan Semiotik jeung Filologis. Bandung (tidak diterbitkan).
Koswara, Dedi. (2010). Sastra Sunda Buhun. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
Nurwansah, Ilham (skripsi). (2012). Kandaga Kecap dina Naskah Siksa Kandang Karesian (624) pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA. Bandung (tidak
diterbitkan).
Ruhaliah. (2005). Analisis Struktur dan Nilai Budaya Naskah Sunda (dimuat dina Jurnal Sonagar volume 1, nomer 2, Februari 2005). Bandung: Jurusan
Pendidikan Bahasa Daerah UPI.
--- .(2012). Pedoman Ringkas Transliterasi, Edisi, dan Terjemahan: Aksara Sunda Kuna, Buda, Cacarakan, dan Pegon (penunjang mata kuliah
98
Rini Sutanti, 2015
Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun kabupaten Bandung
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Rusyana, Yus. (1970). Bagbagan Puisi Mantra. Bandung: Proyek Penelitian Pantun dan Folklore Sunda.
Syamsuri, Elin., Malik, M., Etti, RS. (2012). Jangjawokan: Inventarisasi Puisi Mantra Sunda. Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat.
Suryani, Elis. (2011). Filologi. Bogor: Ghalia.
Setiawan, Dena (skripsi). (2011). Transliterasi jeung Kajian Téks Naskah Palintangan ti Majalengka. Bandung (tidak diterbitkan).