BAB III
METODE PANALUNGTIKAN
3.1 Desain Panalungtikan
Ieu panalungtikan maké pamarekan kuantitatif anu ngagunakeun métode kuasi ékspérimén, desain anu dipaké nyaéta one group pretest posttest design
(kuasi éksperimén). Ieu desain teu ngagunakeun variabel kontrol jeung nangtukeun sampelna teu dipilih sacara acak. Dina ieu desain aya nu disebut pre-test nyaéta kaayaan saméméhna dibéré perlakuan jeung post-test kaayaan sabada dibéré perlakuan.
Sangkan leuwih jéntré desain panalungtikan kuasi ékspérimén nu digunakeun dina ieu panalungtikan, digambarkeun dina tabél ieu di handap.
O
1X
O
2(Sugiyono, 2015, kc. 111) O1: Pre-test (hasil obsérvasi saméméh perlakuan).
O2: Post-test (hasil obsérvasi sabada perlakuan).
X: Treatment (diajar nulis laporan ngagunakeun modél group investigation).
3.2 Sumber Data Panalungtikan
Sumber data nyaéta subjek pikeun meunangkeun data. Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016. Anu jumlahna 30 urang, 15 urang siswa lalaki jeung 15 urang siswa awéwé. Dina nangtukeun sumber data panalungtik ngagunakeun téhnik purpose, nyaéta sumber data anu langsung ditangtukeun ku panalungtik.
3.3 Instrumén Panalungtikan
cermat, lengkep, sistematis, nepi ka leuwih gampang diolah. Sedengkeun tés nyaéta saruntuyan patalékan atawa latihan anu dipaké pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, kamampuh atawa bakat anu dipibanda ku individu atawa kelompok (Arikunto, 2013, kc. 193). Tés dina ieu panalungtikan nyaéta mangrupa paréntah pikeun nulis laporan. Tés dilaksanakeun dua kali, nyaéta saméméh jeung sabada ngagunakeun modél group investigation. Tés kahiji dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh awal siswa dina nulis laporan, sedengkeun tés kadua dilaksanakeun pikeun ngukur pangaruh perlakuan nyaéta ku cara ngalarapkeun modél group investigation kana kamampuh nulis laporan.
Instrumén pretest jeung posttest anu digunakeun dina ieu panalungtikan, kaunggel ieu di handap.
Pék titénan tema ieu di handap! Pilih salah sahiji téma anu kungsi kaalaman atawa anu dipikaresep ku hidep, tuluy jieun hiji laporan kagiatan, minimal tilu paragraf.
1) Téma karangan: a) upacara;
b) ékstrakulikuler; c) kaagamaan; jeung d) olahraga.
2) Komponén anu dipeunteun:
a) eusina sing jelas, loba informasi, luyu jeung judul anu ditulis ku hidep; b) nulisna sing ngaguluyur, jelas, jeung rapi;
c) gunakeun basa anu mérénah, pilih kekecapan anu éféktif; d) panyusunan kalimahna sing éféktif, anu dipikaharti ku nu maca; e) kadé perhatikeun dina panulisan éjahan jeung tanda baca. 3) waktu pikeun migawé sajam pelajaran (45 menit)
3.4 Prosedur Panalungtikan
Bagan 3.1
Prosedur Panalungtikan
Sangkan leuwih jéntré, prosedur dina ieu panalungtikan diébréhkeun deui ieu di handap.
1) Tatahar
Saacan ngalaksanakeun panalungtikan, panulis konsultasi heula jeung guru basa Sunda SMP Negeri 43 Bandung ngeunaan masalah anu karandapan ku siswa dina pangajaran nulis laporan saluyu jeung kompetensi dasar kurikulum taun 2006 dina pangajaran basa Sunda. Sabada kapaluruh masalahna panulis nyusun léngkah-léngkah anu baris dilaksanakeun pikeun ngungkulan masalah, kalayan ngagunakeun modél pangajaran anu loyog. Modél anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta modél group investigation pikeun ngungkulan masalah kamampuh siswa dina pangajaran nulis laporan.
Ieu panalungtikan ngawengku dua variabel, nyaéta variabel bébas jeung variabel kauger. Variabel bébas nyaéta variabel anu mangaruhan kana variabel lianna, sedengkeun variabel kauger nyaéta variabel anu dipangaruhan ku variabel bébas. Dina ieu panalungtikan variabel bébas nyaéta modél group investigation
salaku variabel anu mangaruhan, sedengkeun anu jadi variabel kaugerna nyaéta kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung.
Masalah anu Karandapan dina Pangajaran Nulis Pendekatan
Kuantitatif Studi Kuasi Eksperimen
Kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung
Nulis Laporan
Analisis Data Posttest
Modél Group Investigation
Kacindekan
2) Ngalaksanakeun Panalungtikan jeung Ngumpulkeun Data
Sanggeus kapaluruh masalah anu karandapan ku siswa SMP Negeri 43 Bandung, panalungtik langsung ngalaksanakeun panalungtikan ka kelas, tujuanna nyaéta pikeun ngumpulkeun data, kalayan ngagunakeun téhnik tés. Tés dilakukeun dua kali, nyaéta tés awal pretest jeung tés ahir posttest.
Léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina téhnik ngumpulkeun data ngawengku sababaraha tahapan, nyaéta baris diébréhkeun ieu di handap.
a) Siswa migawé pancén anu mangrupa pretest nyaéta nulis laporan, anu tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh awal siswa.
b) Sanggeus mikanyaho kamampuh awal siswa ngaliwatan pretest, panalungtik ngayakeun treatment pikeun ngungkulan masalah kamampuh awal siswa nyaéta ku cara ngalarapkeun modél group investigation kana pangajaran nulis laporan.
c) Sanggeus ngalaksanakeun pangajaran ngaliwatan modél group investigation
siswa ngalaksanakeun posttest nyaéta nulis deui laporan pikeun mikanyaho kamampuh siswa sanggeus dibéré treatment naha ngaronjat atawa henteu. Bédana kamampuh nulis laporan anu dipimilik ku sumber data saméméh jeung sabada treatment bisa katitén dina babandingan skor pretest jeung
posttest ngaliwatan ieu panalungtikan.
3) Nganalisis Data
Data anu geus dikumpulkeun nyaéta data pretest, jeung data posttest. Dina ieu tahap panalungtik nganalisis data ku cara ngagunakeun rumus-rumus statistik.
4) Kacindekan
Sanggeus tatahar, ngalaksanakeun panalungtikan jeung ngumpulkeun data, sarta nganalisis data, panalungtik nyieun kacindekan tina sakabéh prosés anu geus dilaksanakeun salila panalungtikan.
3.5 Téhnik Nganalisis Data
Téhnik ngolah data nyaéta kagiatan ngolah data anu geus ka kumpul tina hasil panalungtikan, anu tujuanna pikeun mikanyaho hasil pretest jeung posttest sarta pikeun ngajawab masalah-masalah nu karandapan salila panalungtikan.
1) Ngumpulkeun karangan siswa. 2) Maca hasil karangan siswa. 3) Nandaan aspék karangan siswa.
4) Mariksa sarta nganalisis hasil nulis laporan pretest jeung posttest dumasar kana kritéria ieu di handap.
Tabél 3.1
Meunteun Karangan Modél ESL
No. Aspék Skor Katerangan
A Eusi
27-30 Alus pisan-sampurna: loba informasi, substansif, mekarkeun tésis tuntas, relevan jeung masalah, lengkep.
22-26 Cukup-alus: informasi cukup, substansi cukup, mekarkeun tésis kawates, relevan jeung masalah, tapi teu lengkep
17-21 Sedeng-Cukup: informasi kawates, substansi kurang, mekarkeun tésis kurang, teu cukup masalah teu cukup.
13-16 Kurang pisan: euweuh eusi, euweuh substansi, euweuh mekarkeun tésis, euweuh masalah.
B Organisasi
18-20 Alus pisan-sampurna: éksprési lancar, gagasan jéntré, loba, sistematis, urutan logis, jeung kohésif.
14-17 Cukup-alus: kurang lancar, kurang sistematis, tapi katembong ide utamana, bahan pangarojong kawates, urutan logis, tapi teu lengkep.
10-13 Sedeng-Cukup: teu lancar, gagasan teu sistematis, urutan jeung kamekaran tesis teu logis.
7-9 Kurang pisan: teu komunikatif, teu
sistematis, teu bisa dipeunteun.
C Diksi
18-20 Alus pisan-sampurna: merenah dina maké kecap, pilihan kecap merenah, ngawasa dina ngawangun kecap.
14-17 Cukup-alus: kurang merenah dina maké kecap, pilihan kecap kurang merenah tapi teu mangaruhan ma’na.
10-13 Sedeng-Cukup: poténsi maké kecap kawates, loba kasalahan dina pilihan kecap anu mangaruhan ma’na.
7-9 Kurang-pisan: poténsi maké kecap teu
D Makéna Basa
22-25 Alus pisan-sampurna: konstruksi kompléks tapi éféktif, ngan saeutik kasalahan maké wangun kabasaan.
18-21 Cukup-alus: konstruksi basajan tapi éféktif, saeutik kasalahan dina konstruksi kompléks, aya kasalahan tapi ma’na ajeg.
11-17 Sedeng-cukup: aya kasalahan serius dina konstruksi kalimat, ma’na teu ajeg.
5-10 Kurang-pisan: teu ngarti aturan sintaksis, loba kasalahan, teu komunikatif, teu bisa dipeunteun.
E Mékanik
5 Alus pisan-sampurna: ngawasa aturan nulis,
saeutik kasalahan éjahan.
4 Cukup-alus: saeutik kasalahan éjahan ngan
teu ngarobah ma’na.
3 Sedeng-cukup: loba kasalahan éjahan ma’na
teu ajeg.
2 Kurang pisan: teu ngawasa aturan nulis, loba
kasalahan éjahan, tulisan teu kabaca, teu bisa dipeunteun.
Jumlah 34-100
Hartfield (dina Nurgiyantoro, 2013, kc. 441) 5) Data nu mangrupa peunteun ahir siswa ditabulasikeun dina tabél ieu di
handap.
Tabél 3.2
Tabél Kamampuh Nulis Laporan Siswa Kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung Taun Ajaran 2015/2016
No ASPEK PENILAIAN PEUNTEUN KATERANGAN
A B C D E B = aspék penilaian laporan organisasi C = aspék penilaian laporan diksi
D = aspék penilaian laporan makéna basa E = aspék penilaian laporan mékanik M = mampuh
CM = can mampuh
Can mampuh = peunteun laporan siswa < 75 Mampuh = peunteun laporan siswa ≥ 75
Data anu ditabulasikeun dipaké pikeun nguji hipotésis kalayan ngagunakeun analisis statistik anu ngawengku uji sipat data, uji gain, jeung uji hipotésis.
1) Uji Sipat Data
Uji sipat data dina ieu panalungtikan ngawengku uji normalitas jeung uji homogenitas. Uji normalitas dilaksanakeun pikeun nangtukeun distribusi data, naha normal atawa henteu. Pikeun nangtukeun signifikansi béda nilai rata-rata, dilaksanakeun dua jenis analisis. Kahiji, uji sipat data. Data anu boga distribusi normal diolah ku cara analisis paraméntrik kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.
Anu kadua, uji homogénitas variasi anu tujuanna pikeun nangtukeun homogénitas data nilai siswa.
a) Uji Normalitas Data
Uji normalitas nyaéta uji sipat data anu fungsina pikeun mikanyaho normal henteuna data anu dipaké dina ieu panalungtikan, nyaéta ku cara ngagunakeun rumus Chi Kuadrat (� ). Saméméh ngagunakeun rumus Chi Kuadrat, aya sababaraha léngkah anu kudu dilaksanakeun nyaéta ieu di handap.
(a) Nangtukeun peunteun siswa anu pangleutikna jeung panggedéna. (b) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu di handap.
r = Xmaks Xmin
Katerangan:
r = rentang atawa range
Xmaks = skor panggedéna
Xmin = skor pangleutikna
(Djiwandono, 2011, kc. 220) (c) Nangtukeun jumlah kelas (k)
Katerangan: k = lobana kelas
n = lobana data (frékuénsi) 3,3 = bilangan konstan
(Sugiyono, 2013, kc. 35) (d) Nangtukeun panjang kelas (P).
P = Katerangan:
p = panjang kelas (Interval kelas) r = rentang (jangkauan)
k = lobana kelas
(Sugiyono, 2013, kc. 37) (e) Nyieun tabél frékuénsi peunteun pretest jeung posttest kalayan ngagunakeun
tabél ieu di handap.
Tabél 3.3
Tabél Frékuénsi Hasil Tés
No Kelas Interval fi xi xi2 fi xi fi xi2
Ʃ X
(Sugiyono, 2013, kc. 54)
(f) Ngitung mean (rata-rata) peunteun pretest jeung posttest kalayan ngagunakeun rumus ieu di handap.
X
=
Ʃ � �Ʃ �
Katerangan:
X = rata-rata (mean) Ʃ = jumlah (sigma)
fi = jumlah data
xi = nilai tengah
(g) Ngitung standar deviasi (sd) kalayan ngagunakeun rumus ieu di handap.
Katerangan:
Sd = standar déviasi
Ʃfx2 = jumlah frékuénsi nilai
(Ʃfx)2 = jumlah frékuénsi nilai X kuadrat
N = jumlah subjék panalungtikan
(Sugiyono, 2013, kc. 58) (h) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi éspéktasi (perkiraan) kalayan
ngagunakeun léngkah-léngkah ieu di handap.
(1) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi éspéktasi (perkiraan)
Tabél 3.4
Perhitungan Chi Kuadrat
Kelas
Interval O1 Bk Z Ztabel L E1
� − � �
Ʃ
Katerangan:
O1 = frékuénsi obsérvasi
Bk = batas kelas
Z = transfortasi normal standar bébas kelas Ztabel = nilai Z tina tabél distribusi data normal
L = lega kelas interval E1 = frékuénsi ékspéktasi
(2) Nangtukeun O1 (frékuénsi obsérvasi), nyaéta lobana data anu kaasup kana
hiji kelas interval
(3) Nangtukeun batas kelas (Bk)
(4) Ngitung Zitung (transformasi normal standar bébas kelas)
Z = − ̅
(5) Nangtukeun Ztabel
sd =
√
.Ʃ � . � − �. �(6) Ngitung legana unggal kelas interval (L) L = Ztabel1 Ztabel2
(Sugiyono, 2013, kc. 80) (7) Ngitung frékuénsi ékspéktasi (Ei)
Ei = n x L
(Sugiyono, 2013, kc. 81) (8) Nangtukeun nilai X (Chi Kuadrat)
(Sugiyono, 2013, kc. 81) (9) Nangtukeun derajat kabébasan (dk)
dk = k-3
(Sugiyono, 2013, kc. 82) (10)Nangtukeun harga Chi kuadrat X2tabel.
(11)Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria di handap. Lamun X2itung < X2tabel, hartina data distribusina normal.
Lamun X2itung > X2tabel, hartina data distribusina teu normal.
b) Uji Homogénitas
Pikeun nangtukeun uji homogénitas léngkahna nyaéta ieu di handap. (a) Ngitung variasi masing-masing kelompok
Variasi pretest (S12)
S12 =
.Ʃ � . � − Ʃ �. � −
(Sugiyono, 2013, kc. 57) Ngitung harga variasi (F)
S12 =
.Ʃ � . � − Ʃ �. � −
X
2=
∑
O − E(Sugiyono, 2013, kc. 57) (b) Ngitung harga Ftabel
F = � � �ℎ é
� � �ℎ �
(Sugiyono, 2013, kc. 140) (c) Ngitung derajat kabébasan (dk)
dk = n-1
(Sugiyono, 2013, kc. 140) (d) Nangtukeun Ftabel
(e) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap. Lamun Fitung < Ftabel, variasi sampel homogén.
Lamun Fitung > Ftabel, hartina variasi sampel teu homogén.
2) Uji Gain (d)
Uji gain mibanda tujuan pikeun nangtukeun naha ngagunakeun modél group investigaton aya perbédaan anu signifikan antara hasil pretest jeung posttest.
Ngaliwatan uji gain bakal meunangkeun gambaran ngeunaan pangaruh dipakéna modél Group Investigation kana kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung. Pikeun nguji gain digunakeun tabél ieu di handap.
Tabél 3.5
Tabél Uji Gain Siswa
No
PRETEST POSTTEST
d d2
ASPEK PENILAIAN
P ASPEK PENILAIAN P
A B C D E A B C D E
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11) (12) (13) (14) (15)
Ʃ
x
Ʃ
d
Ʃd
Rumusan pikeun ngajawab yén aya béda anu signifikan atawa henteu sabada dibéré perlakuan, dirumuskeun ieu di handap.
Ha : X̅ ≠ X̅ hartina kamampuh siswa ngaronjat antara pretest jeung
posttest.
Ho : X̅ = X̅ hartina kamampuh siswa henteu ngaronjat antara pretest
jeung posttest.
3) Uji Hipotésis (t)
Uji hipotésis (t) bisa ngaliwatan sababaraha tahapan, nyaéta ieu di handap. (a) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun pretest jeung posttest.
Md = Ʃd
(Arikunto, 2013, kc. 350) (b) Ngitung drajat kabébasan (dk).
dk = n – 1
(Arikunto, 2013, kc. 350) (c) Ngitung jumlah kuadrat deviasi.
Ʃx d = Ʃd - Ʃd
(Arikunto, 2013, kc. 351) (d) Ngitung t.
(Arikunto, 2013, kc. 349) Katerangan:
t = tés signifikansi
Md = rata-rata (mean) tina bédana antara peunteun pretest jeung posttest Ʃx d = jumlah kuadrat déviasi téhnik
(e) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis kana kritéria ieu di handap.
Lamun titung > ttabel, hartina hipotésis alternatif (Ha) ditarima. Jadi, Aya béda
anu signifikan kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél group investigation.
Lamun titung < ttabel, hartina hipotésis nol (Ho) ditolak. Jadi, Teu aya béda anu