• Tidak ada hasil yang ditemukan

BUKU GURU SUNDA KLS 10 2014

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "BUKU GURU SUNDA KLS 10 2014"

Copied!
92
0
0

Teks penuh

(1)

Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK

Kelas X

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014

BASA SUNDA

BASA SUNDA

KIKD Kurikulum 2013

(2)

PANYUSUN: Tatang Sumarsono

Ahmad Hadi Ano Karsana Asep Ruhimat

Darpan Dede Kosasih H. Dingding Haerudin

H. Yayat Sudaryat Risnawati

PENELAAH:

Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd. Dr. Hj. Ai Soi anti, M.Pd.

Drs. H. Elin Syamsuri Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.

Budi Riyanto

Rarancang Eusi:Yoshi Sukadar

Rarancang Jilid:Yoshi Sukadar

Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.

Dipedalkeun ku:

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT ISBN: 978-602-1300-26-8 (Jilid Lengkap)

978-602-1300-27-5 (Jilid 1)

Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

BASA SUNDA

BASA SUNDA

KIKD Kurikulum 2013

Pamekar Diajar

(3)

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.

Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.

(4)

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013

Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA Pembina Utama Madya

NIP. 19570807 198601 1 001 KeKKeKeKKKKeKKeKeKeKeKeKeKeeppppppppppppppapapapapala Dinas P

(5)

KEPALA BALAI

PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku: Standar Kompeténsi Lulusan, Standar Isi, Standar Prosés, sareng Standar Penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.

Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid.

Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintii k sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintii k sareng penilaian auténtik dina prosés pangajaran.

Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan

(6)

Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.

Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.

Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman.

Bandung, Desember 2013

Kepala Balai Pengembangan

Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd.

Pembina Tk. I

(7)

Kurikulum 2013 téh saéstuna mah masih kénéh Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) nu dimekarkeun pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék kabutuh karancagéan dina rupining widang, nu ngawengku kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda.

Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah perlu ogé niténan kamandirian basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda.

Kompeténsi dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana kompeténsi dina pangajaran SMA/SMK/MA nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku murid SMA/SMK/MA dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun minangka kaweruh basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Éta kamampuh ogé dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah nu ilmiah (saintii k) kayaning niténan, nanya, nyoba, nalar, jeung ngedalkeun (ngomunikasikeun).

Ieu buku tuturus guru téh ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku guru dina nuyun murid ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra

(8)

Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun kautamaan sikep. Keur ngahontal éta tujuan, peran jeung karancagéan guru kacida diperlukeunana.

Tangtu waé ieu buku téh réa kénéh kahéngkéranana. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyamapurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

Bandung, Oktober 2013

(9)

PANGBAGEA:

1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ iii

2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ v

PANGJAJAP _ vii

BAB I: PITUDUH UMUM

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru ... 2

B. Padika Make Buku Tuturus Guru ... 2

C. Tatapakan Formal ... 4

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran ... 4

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) ... 5

F. Proses Pangajaran ... 5

G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas X SMA/MA/SMK/MAK ... 6

H. Péta Konsép ... 8

BAB II: PITUDUH HUSUS Pangajaran 1: Biantara A. Maca Téks Biantara ... 10

B. Nyangkem Struktur Biantara ... 12

D. Ngaanalisis Téks Biantara ... 13

E. Nepikeun Biantara ... 14

(10)

Pangajaran 2: Paguneman

A. Maca Paguneman ... 16

B. Ngaanalisis Paguneman ... 17

C. Paguneman dina Karya Sastra ... 18

D. Nyusun Téks aguneman ... 20

E. Mintonkeun Paguneman ... 22

Pangajaran 3: Biografi jeung Autobiografi A. Maca Téks Biograi ... 25

B. Biograi , Autobiograi , jeung Otobiograi ... 25

C. Unsur-unsur Biograi ... 26

D. Mangpaat Biograi ... 26

E. Ngaanalisis Téks Biograi ... 27

F. Nyusun Téks Biograi ... 27

Pangajaran 4: Aksara Sunda A. Maca Téks Aksara Sunda ... 31

B. Mikawanoh Aksara Sunda ... 33

C. Paham Sajarah Aksara Sunda ... 33

D. Nyalin Téks Aksara Sunda ... 34

E. Ngagunakeun Aksara Sunda ... 35

Pangajaran 5: Dongéng A. Maca Téks Dongéng ... 38

B. Papasingan Dongéng ... 39

C. Ciri-ciri Dongéng ... 39

D. Ngaanalisis Téks Dongéng ... 40

E. Ngaéksprésikeun Dongéng ... 41

Pangajaran 6: Carita Wayang A. Mikawanoh Carita Wayang ... 43

B. Pedaran Carita Wayang ... 44

C. Ngabédakeun Carita Wayang jeung Dongéng ... 45

(11)

Pangajaran 7: Carita Pondok

A. Maca Carita Pondok ... 50

B. Unsur-unsur Carita Pondok ... 51

C. Kamekaran Carpon ... 52

D. Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng ... 52

E. Fiksimini Sunda ... 53

F. Ngaanalisis Carpon ... 54

G. Ngarang Carpon atawa Fiksimini ... 55

Pangajaran 8: Guguritan A. Maca Teks Guguritan ... 58

B. Mikawanoh Puisi Guguritan ... 59

C. Ngaanalisis Puisi Guguritan ... 60

D. Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan ... 60

Pangajaran 9: Sisindiran A. Mikawanoh Sisindiran ... 63

B. Nyangkem Sisindiran ... 65

C. Ngaanalisis Sisindiran ... 65

D. Ngarang Sisindiran ... 67

BAB III: PITUDUH MEUNTEUN A. Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) ... 70

B. Instrumen Meunteun Umum ... 71

C. Instrumen Meunteun Husus ... 74

D. Refl eksi ... 77

(12)
(13)

1

Bab

Bab

II

(14)

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru

Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.

1. Wincikan léngkah-léngkah pangajaran dina raraga méré gambaran ka guru pikeun ngahontal kompeténsi dasar (KD) jeung indikator.

2. Susunan léngkah-léngkah kagiatan anu ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir.

3. Léngkah pangajaran nu disusun dipiharep bisa ngahontal pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir nu ilmiah (saintii k), kamampuh ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur numuwuhkeun rasa basa Sunda.

4. Dadaran rupining téhnik pikeun meunteun kamampuh murid.

5. Wawaran pikeun calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran pangaweruh murid.

6. Pidangan kagiatan diajar nu silih simbeuh tur silih élédan (sharing). 7. Pituduh ngeunaan cara maké buku babon murid.

Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku:

1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.

2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun.

3. Ngali kaweruh murid samémehna sangkan bisa ngait jeung kaweruh nu bakal diulik.

4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép.

5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.

6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan pamahaman murid.

B. Padika Make Buku Tuturus Guru

(15)

1. Baca heula ieu buku kalawan telik tur imeut unggal kacana. 2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator pangajaran.

3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan tarékah pikeun ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah murid anu hadé.

4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan “pembiasaan”, pieunteungeun, pituladeun, jeung kultur di sakola anu hadé.

5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan dina buku tuturus guru jeung buku babon murid.

6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padika pangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang. 7. Rupining stratégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan,

nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.)kudu ngalibetkeun muridna sorangan jeung ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.

8. Guru dipiharep mekarkeun:

a. Métode “pengajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, dan menyenangkan (PAIKEM)”;

b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;

d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.

9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali jeung sosial budaya Sunda.

10. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola.

11. Dina sataun ajaran kelas X aya salapan materi anu kudu dibagi ku guru kalawan proporsional keur dua seméstereun. Kudu ditimbang-timbang ogé alokasi waktu antara seméster I jeung seméster II sangkan pangajaran bisa ditepikeun luyu jeung alokasi waktu anu nyampak.

12. Unggal matéri galeuh rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan).

(16)

14. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid.

15. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfl eksi sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé katepikeun.

16. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisa.

17. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

C. Tatapakan Formal

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasarkana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda).

Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, luyu jeung pola struktur Kurikulum Nasional. KIKD disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah guru dibéré lolongkrang keur ngembangkeun karancagéanana.

Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber keur tuturus guru. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumber-sumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinya pisan guru kudu rancingeus pikeun néngan jeung ngungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kahontal jeung kacumponan.

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

(17)

terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran.

Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL)

Ranah SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/

MA/MAK Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun

Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun

Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.

Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. Proses Pangajaran

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintii k, anu léngkah-léngkahna:

1. Niténan (mengamati), ku cara maca, ngaregepkeun, atawa nongton; 2. Nanya (menanya), ku cara ngayakeun tanya jawab atawa sawala;

3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh anu leuwih jembar;

4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen);

5. Midangkeun, ngedalkeun, atawa nepikeun (mengkomunikasikan)

(18)

G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD)

Kelas X SMA/SMK/MA/MAK

KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)

10.1 Menghayati dan mengamalkan

ajaran agama yang dianutnya. 10.1.1 Mensyukuri anugerah Tuhan akan keberadaan bahasa Sunda dan menggunakannnya sesuai dengan kaidah dan konteks sosial budaya sebagai sarana komunikasi melalui teks BIANTARA, PAGUNEMAN, BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI, AKSARA SUNDA, DONGENG, CARITA WAYANG, CARPON, GUGURITAN, DAN

SISINDIRAN. 10.2 Menghayati dan mengamalkan

perilaku jujur, disiplin,

tanggungjawab, peduli (gotong royong, kerjasama, toleran, damai), santun, responsif dan proaktif dan menunjukkan sikap sebagai bagian dari solusi atas berbagai permasalahan dalam berinteraksi secara efektif dengan lingkungan sosial dan alam serta dalam menempatkan diri sebagai cerminan bangsa dalam pergaulan dunia.

10.2.1 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, peduli, santun, dan proaktif dalam berbahasa Sunda untuk memahami BIANTARA dan PAGUNEMAN.

10.2.2 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, dan tanggung jawab dalam berbahasa Sunda untuk memahami BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI serta AKSARA SUNDA. 10.2.3 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, dan peduli dalam berbahasa Sunda untuk memahami DONGENG, CARITA WAYANG,CARPON, GUGURITAN, dan SISINDIRAN 10.3 Memahami, menerapkan,

menganalisis pengetahuan faktual, konseptual, prosedural berdasarkan rasa ingintahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya, dan humaniora dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait fenomena dan kejadian, serta menerapkan pengetahuan prosedural pada bidang kajian yang spesii k sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah.

0.3.1 Mengidentii kasi dan menganalisis teks BIANTARA sesuai dengan kaidah-kaidahnya.

10.3.2 Mengidentii kasi dan menganalisis teks PAGUNEMAN sesuai dengan kaidah- kaidahnya.

10.3.3 Mengidentii kasi dan

menganalisisteks BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI sesuai dengan kaidah-kaidahnya.

(19)

110.3.5 Mengidentii kasi, menganalisis, dan membandingkan DONGENG dan CARITA WAYANG sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.3.6 Mengidentii kasi

danmenganalisisCARPONsesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.3.7 Mengidentii kasi dan

menganalisisGUGURITAN sesuai dengan kaidah-kaidahnya.

10.3.8 Mengidentii kasi dan

menganalisisSISINDIRANsesuai dengan kaidah-kaidahnya.

10.4 Mengolah, menalar, dan menyaji dalam ranah konkret dan ranah abstrak terkait dengan pengembangan dari yang dipelajarinya di sekolah secara mandiri, dan mampu menggunakan metoda sesuai kaidah keilmuan.

10.4.1 Menyusun, menanggapi, dan memperagakan teks

BIANTARAsesuai dengan kaidah- kaidahnya.

10.4.2 Menyusun,menanggapi, dan memperagakan teks PAGUNEMAN sesuai dengan kaidah- kaidahnya.

10.4.3 Menyusun, menanggapi, dan membandingkan teks BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.4.4 Menyusun dan menyunting

teks pendek yang menggunakan AKSARA SUNDA sesuai dengan kaidah-kaidahnya.

10.4.5 Menanggapi dan mengekspresikan DONGENG dan CARITA WAYANG sesuai dengan kaidah- kaidahnya.

10.4.6 Menanggapi dan mengekspresikan CARPON sesuai dengan kaidah-kaidahnya.

10.4.7 Menanggapi dan mengekspresikan GUGURITAN sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.

(20)

H.

P

éta K

onsép

(21)

9

Bab

Bab

I I

I I

Pituduh Husus

(22)

KAGIATAN AWAL

Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta niténan kasang tukang jeung kamampuh unggal-unggal muridna dina ngawasa pangajaran basa Sunda. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran réh Pangéran geus ngaanugrahkeun basa Sunda ka urang pikeun alat komunikasi sapopoé jeung papada manusa.

Guru ngajak murid niténan rupa-rupa conto digunakeunana basa dina komunikasi sapopoé, boh dina situasi formal atawa teu formal. Dina muka pangajaran guru ngajak murid pikeun narékahan paham kana matéri biantara ku cara némbongkeun gambar atawa muter rékaman biantara, boh nu mangrupa rekaman CD/Kasét boh nu mangrupa i le komputer. Guru ogé bisa ngayakeun tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid perkara biantara dina basa Sunda.

Di awal pangajaran guru ogé nepikeun tujuan pangajaran biantara luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa nyebutkeun struktur teks biantara, bisa ngaidéntii kasi struktur teks biantara nu nyampak dina téks, bisa ngaanalisis aspék-aspék kabasaan nu nyampak dina teks biantara, bisa nyusun téks biantara sorangan kalawan ngagunakeun basa Sunda anu merenah, mikapaham padika nepikeun biantara, sarta bisa ngagalantangkeun biantara di hareupeun kelas kalawan ngagunakeun sora, lentong, jeung wirahma anu merenah.

KAGIATAN INTI

A. Maca Téks Biantara

No Kagiatan

1

Murid diwanohkeun kana conto téks biantara, tuluy guru nitah maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana strukturna, masalah nu dibiantarakeun, suasanana, jeung dina acara naon éta biantara ditepikeun.

(23)

2

Guru ngabagi murid jadi opat kelompok pikeun ngadiskusikeun téks biantara. Tugasna:

1) Kelompok I ngaanalisis struktur téks biantara ka-1.

Alat analisisna bisa ditingali dina pertanyaan nomer hiji dina pancén ka-1 buku murid. Contona:

Bagian Bubuka

Paragraf ka …. Paragraf ka …. Jst

Bagian Eusi

Paragraf ka …. Paragraf ka …. Jst

Bagian panutup

Paragraf ka …. Paragraf ka …. Jst

2) Kelompok II ngaanalisis masalah nu ditepikeun ku nu biantara. Dina ngaanalisis masalah nu kakandung dina biantara, murid kudu nandaan (nyirian) kalimah-kalimah konci anu ngadeudeul kana masalah nu ditepikeun ku nu biantara. Kelompok tuluy nyusun laporan diskusina ku cara nyusun karangan pondok anu ngadadarkeun “masalah poko” nu jadi bukur catur nu biantara. 3) Kelompok III ngaanalisis biantara tina jihad suasana anu mungkin

timbul waktu éta biantara ditepikeun. Upamana, tina masalah nu ditepikeun ku nu biantara, katémbong sumanget nu biantara nu hayang ngagedurkeun sumanget hadirin keur merangan narkoba. Minangka laporan kelompok, murid kudu nyusun karangan pondok anu ngadadarkeun “suasana” nu bisa dittimbulkeun waktu éta biantara ditepikeun.

(24)

Sabada réngsé migawé tugasna séwang-séwangan, unggal kelompok ngalaporkeun hasil diskusi kelompokna di hareupeun balaréa. Nalika hiji kelompok ngalapokeun hasil analisisna, kelompok séjénna bisa mairan.

4 Guru nyindekkeun hasil diskusi kelompok.

B. Nyangkem Struktur Biantara

No Kagiatan

5

Sabada ngalaksanakeun kagiatan maca téks jeung ngadiskusikeun téks biantara jeung rupaning aspékna. Guru méré pancén ka murid pikeun neuleuman pedaran nu aya dina bagian B (Nyangkem Struktur Biantara). Sacara individual murid dibéré pancén ngaasosiasikeun atawa nganalar rupaning pangaweruh nu kacangkem dina kagiatan diskusi kelompok jeung pangaweruh ngeunaan struktur biantara dina bagian pedaran.

C. Neuleuman Padika Biantara

No Kagiatan

6

Guru ogé méré pancén ka murid pikeun neuleuman pedaran dina bagian C (Neuleuman Padika Biantara). Dina ieu bagian, guru leuwih museurkeun panitén murid kana kumaha cara nepikeun biantara anu hadé. Hal ieu dilakonan pikeun méré pangaweruh ka murid ngeunaan téhnik biantara anu hadé.

7

Saméméh nepikeun padika “TAMAN” sakumaha anu dipedar dina bagian C, aya hadéna guru méré conto biantara mangrupa rekaman atawa vidéo. Upamana biantara salah saurang inohong anu kawentar alus dina nepikeun biantara di hareupeun balaréa (publik), boh dina basa Sunda boh dina basa séjén.

8

(25)

9

Sabada ngaanalisis conto biantara ku unsur “TAMAN”, guru méré pancén ka salah sahiji atawa dua urang murid pikeun ngagalantangkeun conto téks biantara nu aya dina bagian A. Dina ngagalantangkeun biantara, murid diperedih ngagunakeun unsur “TAMAN” téa sacara kréatif. Téks nu dibacakeunana teu kudu kabéh, tapi bisa dicokot lebah bagian-bagian anu pentingna baé. Ka murid anu geus nyobaan ngagalantangkeun éta biantara, guru méré aprésiasi anu hadé.

D. Ngaanalisis Téks Biantara

No Kagiatan

10

Dina ieu kagiatan guru ngajak murid sangkan leuwih paham perkara struktur jeung padika biantara. Sabada ngaanalisis struktur biantara dina Bagian B jeung ngaanalisis padika biantara dina bagian C, dina ieu sub-bab guru ngajak murid ngaanalisis hiji téks biantara kalawan kompréhénsip minangka latihan pikeun leuwih mikapaham dua aspék di luhur. Téks nu aya dina ieu sub-bab ngan keur conto baé. Guru atawa murid bisa néangan téks séjén nu sumberna tina réferénsi séjén (buku atawa internét) keur bahan analisis.

11

Guru ngabagi murid jadi opat atawa lima kelompok. Unggal kelompok dibéré tugas nu sarua, nyaéta nganalisis téks biantara ku cara ngajawab pertanyaan-pertanyaan nu aya dina buku murid (pancén 3 jeung pancén 4).

12 Guru méré kasempetan ka murid pikeun nanyakeun hal-hal anu kurang kaharti.

13

Hasil analisis kelompok dilaporkeun kalawan susunan anu tartib, ngawengku:

a. Téks biantarana atawa rekaman CD/Kasét.

b. Jawaban pertanyaan kahiji ngeunaan struktur biantara. Dina ngajawab pertanyaan kahiji, murid bisa ngagunakeun tabel:

Bubuka

Conto téks ………...

Conto paragraf ……….
(26)

Eusi

Conto téks ………

Conto paragraf ………

Conto omongan ………..

Panutup

Conto téks ………

Conto paragraf ………

Conto omongan ………..

c. Jawaban pertannyaan kadua nu mangrupa glosarium (daftar kecap jeung hartina).

d. Jawaban pertanyaan katilu ngeunaan cara ngagalantangkeun éta biantara. Eusina nyaéta hasil tafsiran murid kumaha hadéna éta biantara ditepikeun.

14

Hasil analisis murid ku masing-masing kelompok dilaporkeun ka guru sarta ku guru dipeunteun maké rubrik évaluasi anu merenah. Hasil évaluasina dilaporkeun deui ka murid sarta guru ngayakeun réfl éksi patali jeung hasil analisis murid.

E. Nepikeun Biantara

No Kagiatan

15

Dina ieu kagiatan murid latihan biantara anu prosésna dimimitian ku nyusun téks biantara sorangan nepi ka ngagalantangkeunana di hareupeun kelas.

16

Guru méré apersépsi ku cara ngélingan murid kana pangajaran nu geus ditepikeun saméméhna, utamana perkara kumaha nepikeun biantara anu hadé nu geus dibahas dina sub-bab “Padika Biantara” (bagian C). Guru ogé bisa méré deui conto rékaman CD atawa kasét nu biantara keur méré wawasan ka murid dina nepikeun biantarana.

17 Guru muka kasempetan ka murid pikeun ngayakeun tanya jawab patali jeung hal-hal nu can ngarti atawa can dipikapaham.

18

Guru méré pancén ka murid (Pancén 5) ngeunaan léngkah-léngkah nepikeun biantara, nyaéta:

a.

Milih topik.
(27)

19

Sangkan sakabéh murid kabagéan nepikeun biantara di kelas, aya hal-hal anu kudu dititénan ku guru. Di antarana baé:

a. Téks biantara murid kudu difokuskeun kana eusina, sedengkeun bubuka (mukadimah) jeung panutupna bisa saperluna baé.

b. Durasi biantara murid ulah lila teuing (cukup 2-3 menit).

c. Lantaran biantara téh “art of speech”, kalimah-kalimah biantara nu disusun ku murid kudu réa direumbeuy ku mamanis basa (upamana diselapan ku sisindiran, kalimah-kalimah pinilih/” kata-kata mutiara”, babasan jeung paribasa, jsb.).

Dina ieu prosés guru sacara aktif jadi fasilitator ku cara méré bahan, méré référénsi, atawa méré saran sangkan téks biantara nu dikarang ku murid munel eusina.

20

Guru ngadesain ruangan kelas sangkan waktuna murid biantara enya-enya siga nyanghareupan publik/jalma réa. Upamana ku cara nempatkeun podium di hareupeun kelas keur tempat biantara murid. Podium bisa dijieun atawa dirékayasa tina barang-barang anu basajan. Bisa ogé nyadiakeun mic (boh enyaan lengkep jeung spikerna, boh ukur bobohongan).

21

Murid nepikeun biantarana saurang-saurang kalawan ngéstokeun unsur “TAMAN” sarta nitah murid nu ngabandungan méré réspon anu positif, upamana ku cara méré keprok. Dina ieu prosés Guru méré peunteun maké rubrik évaluasi anu merenah.

KAGIATAN PANUTUP

Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran biantara, naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung sajabana.

Guru ogé bisa méré tugas tambahan sangkan murid leuwih mikapaham perkara biantara. Contona nitenan rupa-rupa cara tokoh biantara, siga nu sok katongton dina televisi atawa kasaksian dina hiji acara/kagiatan, tuluy dibanding-banding jeung pangaweruh nu geus kacangkem ku dirina.

(28)

KAGIATAN AWAL

Dina awal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran paguneman. Guru ogé bisa ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé. Guru umajak sangkan dina ngayakeun komunikasi téh ulah urang poho kana tatakrama minangka wujud tina silih hargaan papada jalma.

Dina lawungan mimiti guru ngajak murid paguneman ngeunaan hiji perkara anu keur aktual sarta paguneman dipungkas ku guru ku nepikeun “pernyataan” yén éta téh conto paguneman nu biasa dilakonan ku urang dina kahirupan sapopoé. Ti dinya guru ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri paguneman ku cara némbongkeun gambar atawa muter rékaman paguneman. Sabadana guru ngayakeun tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid perkara paguneman dina basa Sunda.

Guru nepikeun tujuan pangajaran paguneman luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid mikawanoh wangun-wangun téks paguneman, bisa ngaanalsis aspék-aspék kabasaan paguneman dina rupa-rupa situasi, bisa mikapaham aspék-aspék undak-usuk basa Sunda nu nyampak dina paguneman, bisa nyusun téks paguneman sorangan kalawan ngagunakeun basa Sunda anu merenah, sarta bisa mintonkeun paguneman di hareupeun kelas.

KAGIATAN INTI

A. Maca Téks Paguneman

No Kagiatan

1

Murid diwanohkeun kana dua conto téks paguneman. Murid

dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana basa nu digunakeunana, bentuk pagunemanana, para palaku pagunemanana, jeung sajaba ti éta.

(29)

2 Murid ngabanding-banding téks paguneman kahiji jeung kadua.

3 Murid dibagi kana opat atawa lima kelompok, anu tugas unggal kelompokna nyaéta ngajawab pertanyaan nu aya dina pancen 1.

4 Murid ngayakeun diskusi kelompok keur ngajawab pertanyaan dina pancen 1.

5

Sabada diskusi, unggal kelompok nu diwakilan ku juru caturna séwang-sewangan nepikeun laporan hasil diskusi. Guru nyindekkeun unggal jawaban kelompok nomer per nomer nepi ka aya jawaban anu pertéla tina unggal pertanyaan. Hadéna guru geus nyadiakeun tabel pancén 1 ti anggalna dina i le komputer atawa dina bor sangkan unggal jawaban kelompok langsung katémbong sarta langsung bisa dibanding-banding.

B. Ngaanalisis Paguneman

No Kagiatan

6

Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B (sub-bab nganalisis paguneman). Murid ngaasosiasikeun jawaban dina diskusi kelompok nu geus dibahas ku guru jeung rupaning informasi nu nyampak dina bagian B.

7

Sabadana, guru méré pedaran singket ngeunaan paguneman ku cara museurkeun pedaran kana dua masalah inti, nyaéta situasi resmi jeung teu resmi dina paguneman sarta undak-usuk basa dina paguneman. Éta dua masalah dina paguneman téh boga implikasi séwang-séwangan tur kudu jadi perhatian keur nu ngalaksanakeun paguneman.

8

(30)

9

Guru nyindekkeun pedaran yén saéstuna paguneman urang sapopoé téh henteu leupas tina dua aspék, nyaéta aspék formal henteuna, jeung aspék tatakrama.

C. Paguneman dina Karya Sastra

No Kagiatan

10

Saéstuna sub-bab C leuwih neueulkeun dadaran paguneman nu aya patalina jeung aprésiasi karya sastra, boh prosa, puisi, jeung drama. Ku hal, éta pedaran paguneman dina ieu bagian mah ngala wangunna wungkul, sedengkeun pedaranana bisa dipatalikeun atawa dijembaran kana soal-soal aprésiasi sastra.

11

Aya tilu paguneman dina ieu bagian, nyaéta paguneman dina prosa, dina puisi, jeung dina drama, lengkep jeung pancénna séwang-séwangan. Éta tilu bahan téh keur diskusikeuneun murid.

12

Guru ngadadarkeun pancén anu kudu dipigawé ku murid. Saméméhna, sakabéh murid kudu maca heula tilu conto paguneman nu nyampak dina buku.

13

Dina prakna ngaanalisis paguneman dina karya sastra, guru ngabagi kelompok murid jadi genep kelompok. Dua kelompok ngadiskusikeun paguneman dina prosa, dua kelompok ngadiskusikeun paguneman dina puisi, sarta dua kelompok deui ngadiskusikeun paguneman dina drama. Dua kelompok anu bahan diskusina sarua sina diskusi séwang-séwangan heula dina kelompokna masing-masing. Alat analisisna nyaéta pancen 3, pancén 4, jeung pancén 5.

a. Pancén 3 (keur kelompok 1 jeung 2) ngarobah kalimah-kalimah langsung dina téks jadi bentuk paguneman tanya jawab.

b. Pancén 4 (keur kelompok 3 jeung 4) nyieun parafrase tina puisi kana bentuk prosa.

c. Ngaanalsis onjoyna (atawa kaunikanana) paguneman dina drama jeung nangtukeun tujuan ditulisna téks drama.

14

(31)

Sabadana, guru nunjuk wawakil ti kelompok 1 jeung 2, 3 jeung 4, sarta 5 jeung 6 pikeun nepikeun présentasi hasil diskusi. Unggal kelompok bisa silih pairan.

Hasil diskusi anu dipiharep kira-kira kieu:

a. Prosa:

Édo : Ih geuning Ujang! Kang Encu ieu Jang Ganda!: Samsu : Iraha ka dieu, Jang?

Suganda : Tadi, nyubuh.

Samsu : Geuning kamari teu béja-béja? (Suganda teu némbal)

Samsu : Teu ka sakola?

Suganda : Permios sadinten ieu. Samsu : Aya naon?

Suganda : Badé diparios dokter. Samsu : Ku naon, gering? Suganda : Badé diala getih. Samsu : Diala getih? Naha? Suganda : Kanggo ....

Samsu : Keur Enéng?

(Suganda unggeuk. Bapa Naib nyampeurkeun, nyekel taktak Suganda. Teu lemek teu nyarék. Ngan socana baé baseuh)

Édo : Teu nyeri Jang, diala getih téh?

Suganda : Nyao, da acan. Kakara gé rék dipariksa. Édo : Naha nya, maké dipariksa heula sagala...? Suganda : Bisi teu aakur kapan?

Édo : Teu ngarti; teu akur téh teu akur naonana? Lain sarua getih jelema téh? (bari ngarérét ka Bapa Naib).

Suganda : Bisi teu akur golonganana... Pan aya golongan A, golongan B, golongan... naon deui.

b. Puisi:

Aya budak nanya ka indungna perkara eusi langit, di mana tungtung langit, jeung nanya soal béntang anu baranang. Ari dijawab ku indungna majar téh cenah langit téh teu jauh ti dada ema, eusina napas jeung getih. Ari bentang pajarkeun téh teu jauh ti Si Ujang.

(32)

15

Lamun dihartikeun mah éta puisi téh ngagambarkeun kanyaah indung ka budakna. Indungna nganggap sagala nu aya di ieu alam dunya téh saolah-olah milik SI Ujang, budak nu dipikanyaahna.

c.

Drama:

Onjoyna atawa kaunikan éta naskah drama téh di antarana:

1) Paguneman dibarengan ku rupa-rupa pituduh. Upamana pituduh ngeunaan paripolaah palaku. Pituduh keur nyiptakeun adegan di panggung, pituduh ka saha omongan ditujulkeun, jeung sajabana.

2) Basa nu digunakeun dina paguneman drama mah diréka, henteu sahinasna siga paguneman biasa. Malah sok diciptakeun adegan anu dramatis. Contona omongan Tanuwijaya ieu di handap! TANUWIJAYA : (KA PURAGABAYA jeung PANATAYUDA)

Jaga di lawang kampung. Gancang, babaturan béjaan kabéh. Musuh keur kadieukeun.

3) Para palaku jeung sawatara pituduh dittulis maké hurup kapital kabéh. Saolah-olah hayang tétéla jeung méré akséntuasi (penegasan).

Biasana téks drama mah ditulis keur dipanggungkeun. Ku sabab éta, pagunemana ditulis kalawan diréka sangkan engké mun dipanggungkeun matak kataji anu nongton.

16

Guru nyindekkeun pangajaran yén wangun-wangun paguneman téh bisa kapanggih dina rupa-rupa bentuk jeung keur rupa-rupa kaperluan. Dina karya sastra bentuk-bentuk paguneman téh bisa kapanggih dina prosa, puisi, jeung drama, anu ditulis ku pangarang keur rupa-rupa tujuan.

17

Guru méré saran ka murid sangkan macaan deui paguneman dina karya sastra anu nyampak dina buku atawa karya sastra séjén di luar conto buku téks. Tujuanana, sangkan murid leuwih paham kana wangun paguneman dina karya sastra sarta pikeun milu ngaaprésiasi karya sastra Sunda nu winangun prosa, puisi, jeung drama.

D. Nyusun Téks aguneman

No Kagiatan

18

(33)

19

Guru méré pituduh cara nyusun téks paguneman dina karangan. Di antarana kudu niténan hal-hal ieu di handap:

a. Kalimah paguneman kudu disusun mangrupa kalimah langsung. b. Ciri kalimah langsung dina tulisan sok dicirian ku dua tanda

kekenteng (“...”) di awal jeung di ahir omongan nu dikutip. c. Sabada kutipan langsung bisa ditambahan ku katerangan saha nu

nyaritana atawa bari kumaha nyaritana. Contona: “Keur naon di dinya?” ceuk Ahmad.

“Gancang atuh leumpangna!” pokna bari rada nyentak.

d. Unggal kutipan langsung hurup mimitina kudu maké aksara gedé.

e. Keur ngabédakeun paguneman hiji tokoh jeung tokoh séjénna kudu dibédakeun ku alinéa anyar.

f. Tanda baca di ahir omongan kutipan langsung kudu diluyukeun jeung kalimahna. Upama, kalimah parentah ditungtungan ku tanda panyeluk (!), kalimah pananya ku tanda tanya (?), atawa tanda koma (,) keur kalimah wawaran. Contona:

1) “Tutupkeun pantona!” ceuk Ahmad. 2) “Saha nu nutupkeun panto?” ceuk Ahmad. 3) “Pantona geus nutup,” ceuk Ahmad.

Upama katerangan saha nu nyaritana aya di hareup, dina ahir kutipan langsung dipungkas ku titik (.). Contona:

4) Ahmad nyarita, “Pantona geus nutup.”

20 Guru ngawanohkeun conto téks paguneman anu can anggeus dina bagian D sarta ngajelaskeun kudu dikumahakeun éta téks.

21

Guru ngabagi murid jadi sawatara kelompok sarta méré pancén ka unggal kelompok pikeun ngaréngsékeun éta paguneman nepi ka tamat luyu jeung paréntah dina buku téks. Murid dibéré kabébasan pikeun mekarkeun éta paguneman naratif luyu jeung pikiran sarta kréativitasna séwang-séwangan.

22

Hasil tina pancén kelompok diprésentasikeun di hareupeun kelas ku masing-masing kelompok, sarta guru mairan saperluna. Guru ogé ngoérkasi paguneman hasil karya kelompok, utamana dina soal nuliskeun éjahan, bisi kapanggih kasalahan-kasalahan téknis dina soal ngalarapkeun éjahan basa Sunda.

23

(34)

E. Mintonkeun Paguneman

No Kagiatan

24

Guru nerangkeun yén dina ieu bagian murid rék dibéré pancén pikeun mintonkeun paguneman di hareupeun kelas kalawan ngagunakeun basa Sunda anu merenah jeung bari niténan soal-soal tatakrama dina paguneman.

25

Guru ngabagi murid jadi sababaraha kelompok. Sakelompokna dua atawa tilu urang. Unggal kelompok ditugaskeun nyusun heula téks paguneman anu engkéna bakal dipintionkeun di hareupeun kelas. Bubuka pagunemanana maké pola nu disadiakeun dina buku téks, murid tinggal neruskeun.

26

Téma paguneman unggal kelompok kudu béda-béda. Guru saméméhna nyadiakeun rupa-rupa téma/topik paguneman bagikeuneun ka murid. Éta téma/topik téh bisa ditulis atawa ditémbongkeun mangrupa gambar/foto. Upamana, guru mintonkeun gambar wangunan kuno, anu hartina kelompok nu kabagéan éta gambar kudu ngobrolkeun wangunan kuno minangka topik/téma pagunemanana.

27

Unggal kelompok dibagi topik/téma paguneman keur dimekarkeun dina téks paguneman nu bakal disusun. Salian ti éta, dina téks pagunemman kudu kaasupkeun cara-cara ngalarapkeun undak-usuk basa Sunda.

28

Kelompok nyusun téks paguneman luyu jeung topik/témana séwang-séwangan. Guru ngawadianan sangkan téks paguneman nu disusun ku murid mun dipintonkeun durasina cukup 3-5 menit, sangkan unggal kelompok bisa kagiliran dina sakali lawungan pangajaran.

29 Salila kelompok murid nyusun téks paguneman guru jadi fasilitator.

30 Sabada téks paguneman réngsé disusun ku murid, guru méré pancén ka kelompok keur latihan paguneman luyu jeung téks anu disusun.

31

Unggal kelompok mintonkeun pagunemanana di hareupeun kelas. Heula pandeurina kelompok anu minton gumantung kaparigelan guru. Guru ngawanti-wanti yén dina paguneman téh kudu niténan: a. Kumaha cara muka paguneman anu hadé bari dibarengan ku

sasalaman kalawan rengkuh anu hadé luyu jeung kabiasaan urang Sunda

b. Nalika paguneman murid kudu maké lentong anu merenah, volume sora anu hadé, sarta wirahma anu ogé merenah.

(35)

KAGIATAN PANUTUP

Di ahir pangajaran guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran paguneman, naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung sajabana.

Keur nambahan pangaweruh murid, guru bisa méré tugas tambahan sangkan murid leuwih mikapaham perkara paguneman. Contona nitenan rupa-rupa téks paguneman dina rupa-rupa wangun, niténan basana, situasina, jeung sajaba ti éta.

(36)

KAGIATAN AWAL

Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu patali jeung biograi . Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé.

Di awal pangajaran guru ogé nerangkeun yén komunikasi papada jalma téh bisa sacara tinulis ku cara nuliskeun rupa-rupa pangalaman hirup anu mangpaat keur bagikeuneun atawa bacaeun batur. Guru ngayakeun tanya jawab jeung murid, upamana nanyakeun saha ngaran lengkep murid, di mana lahir, saha indung bapana, di mana alamatna, préstasin naon nu kungsi kahontal, jeung sajaba ti éta. Kabéh pertanyaan di luhur minangka apersepsi nu diayakeun ku guru méméh asup kana pangajaran biograi .

Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri biograi ku cara némbongkeun buku atawa gambar jilid buku biograi dina basa Sunda. Sabadana guru ngayakeun tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid perkara biograi .

Guru nepikeun tujuan pangajaran biograi luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa nyebutkeun jenis-jenis (wanda) téks biograi , paham kana unsur-unsuur nu aya dina téks biograi , bisa ngaanalsis unsur biograi tina téks nu dibaca, bisa nyebutkeun mangpaat biograi , sarta bisa nyusun téks biograi /autobiograi kalawan singget maké basa Sunda anu merenah.

P

a n g a j a r a n

a n g a j a r a n

3

(37)

KAGIATAN INTI

A. Maca Téks Biografi

No Kagiatan

1

Murid diwanohkeun kana dua conto téks biograi : “Ti Kebon kana Carpon” jeung “Antara Karir jeung Rumah Tangga”. Unggal murid sacara individual dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana kecap gaganti ngaran nu digunakeun dina éta téks, soal atawa masalah naon baé nu ditulis dina éta téks, lengkep henteuna informasi anu ditulis, jeung sajaba ti éta.

2

Murid ogé dibéré pancén pikeun nyirian kekecapan anu teu pati dipikapaham hartina sarta dicatetkeun dina buku catetan minangka glosarium. Murid tuluy dititah néangan harti éta kekecapan dina kamus.

3 Murid ngabanding-banding téks biograi kahiji jeung kadua.

4

Guru méré pancén sangkan murid ngajawab pertanyaan pancén 1 dina bagian A. Guru ngabagi murid jadi genep kelompok. Unggal kelompok murid dibéré pancén ngajawab pertanyaan dina hiji kotak tabél.

5

Unggal kelompok murid ngalaporkeun hasil jawabanana séwang-séwangan. Sabada hiji kelompok ngalaporkeun jawaban, kelompok séjén dibéré kasempetan pikeun mairan, nanya, atawa méré saran.

6 Unggal jawaban kelompok murid ku guru dikatégorisasikeun sarta dipuseurkeun kana masalah nu baris dipedar dina bagian B.

B. Biografi, Autobiografi, jeung Otobiografi

No Kagiatan

5 Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B kalawan gemet.

6

Sabadana, guru ngajak murid ngaasosiasikeun (menalar) informasi-informasi nu saméméhna kapanggih waktu ngajawab pertanyaan dina Bagian A jeung rupa-rupa informasi dina pedaran Bagian B. Dina ieu tahap, murid boga pamahaman ngeunaan:

a. Bédana biograi jeung autobiograi /otobiograi .

b. Conto-conto biograi jeung autobiograi tokoh nu kungsi ditulis mangrupa buku sarta disusun maké basa Sunda.

(38)

C. Unsur-unsur Biografi

No Kagiatan

7

Dina bagian C, guru museurkeun pangajaran ngeunaan rupa-rupa informasi nu sok kapanggih dina téks biograi . Dipiharep murid ngaanalisis jeung bisa manggihan éta infromasi minangka bagian tina unsur-unsur biograi . Pangaweruh nu kacangkem ku murid dina ieu bagian jadi penting pikeun latihan nyusun téks biograi .

8

Murid dipapancénan pikeun ngimeutan deui conto biograi nu geus ditandaan unsur-unsurna, ngawengku:

a. Ngaran, lalandian, atawa jujulukna. b. Kalahiran jeung asal-usul kulawargana. c. Bentuk i sik jeung pasipatanana.

d. Riwayat pendidikan jeung pagawéanana. e. Pikiran atawa gagasanana.

f. Karya atawa hasil gawé.

g. Préstasi jeung pangajén (penghargaan) nu kungsi katarima.

Éta unsur téh henteu sakabehna nyampak dina téks. Ku sabab kitu, éta unsur téh minangka calecer (patokan) baé dina ngaanalisis téks biograi , atawa ukur jadi alat analisis.

9

Guru tuluy méré pancén ka murid ngaanalisis téks biograi “Bapana Si Mamih” dina Bagian C. Pancén dipigawé sacara individual atawa kelompok (2-3 urang). Cara nganalisisna ditandaan saperti conto dina Bagian C. Sabada pancén bérés dipigawé, murid ngabandingkeun hasil analisisna jeung babaturanana atawa jeung kelompok anu séjén. Upama aya bébédaan hasil analisis, guru bisa méré komentar saperluna atawa ngalelempeng.

10 Murid jeung guru nyindekkeun unsur naon baé nu kapanggih dina téks biograi “Bapana Si Mamih”.

D. Mangpaat Biografi

No Kagiatan

(39)

12

Guru ngajak murid ngaasosiasikeun rupa-rupa pangaweruh nu kapanggih dina Bagian D jeung téks-téks biograi anu kungsi kabaca saméméhna. Nepi ka murid boga pamahaman yén mangpaat biograi enya-enya karasa ku dirina sabada maca téks biograi hiji tokoh.

13

Murid tulu dibéré pancén sacara individual pikeun maca téks biograi dina tabel pancen 3 sarta ngajawab pertanyaanana ku cara ngeusian titik-titik dina kolom tabél. Utamana, murid disina museurkeun jawabanana kana pieunteungeun (teladan) nu kapetik tina téks biograi “Diajar Ngaji”.

E. Ngaanalisis Téks Biografi

No Kagiatan

14

Sabada maca pedaran jeung ngajawab soal latihan dina bagian D, guru méré pancén ka kelompok murid pikeun ngaanalsis téks biograi sacara mandiri.

15

Téks biograi nu bakal dianalisis ku murid bisa ditéangan dina koran/ majalah, buku, atawa tina internét. Bisa baé éta téks téh disadiakeun ku guru, anu penting téks nu bakal dianalisis ku murid henteu sarua.

16

Murid dibagi jadi sawatara kelompok (sakelompokna 4-5 urang) sarta unggal kelompok murid disina ngaanalisis téks nu béda-béda. Alat analisisna nyaéta pertanyaan nu aya dina pancén 4.

17 Murid migawé pancén sarta guru jadi fasilitator.

18

Sabadana, unggal kelompok murid disina nepikeun hasil diskusi kelompokna sacara bagilir di hareupeun kelas. Dina éta présentasi, unggal kelompok bisa silih pairan.

F. Nyusun Téks Biografi

No Kagiatan

19

(40)

20

Guru ngajelaskeun tugas nu kudu dipigawé ku murid sacara individual. Tugasna nyusun biograi babaturan. Ari babaturan nu kudu ditulis biograi na bisa diluyukeun jeung daftar absén. Upamana absén kahiji nyusun biograi absén kadua, absén kadua nyusun biograi absén katilu jeung saterusna, nepi ka absén paangahirna kudu nyusun biograi murid absén kahiji.

21

Biograi anu disusun kudu singget, cukup sakaca kertas ukuran A4. Dina éta biograi kudu kakandung unsur-unsur biograi saperti anu geus dijelaskeun dina bagian C, judulna kudu narik, sarta sangkan narik rupana alus lamun diémbohan ku foto murid nu ditulis biograi na.

22

Tahap-tahap migawé tugas nyaéta:

a. Wawancara heula babaturan nu rék ditulis biograi na.

b. Pertanyaan wawancara dimekarkeun tina tujuh unsur biograi nu geus diterangkeun dina bagian C.

c. Sanggeus datana kakumpulkeun tuluy disusun jadi karangan biograi nu ditulis maké susunan paragraf naratif.

d. Dina nuliskeun karangan biograi kudu ngéstokeun ejahan anu bener sarta ngagunakeun basa Sunda anu merenah.

e. Judulan éta karangan biograi maké judul anu matak kataji nu maca sarta diémbohan ku foto. Judulna upamana: “Aldi Si Jago Baskét”, “Néni Juara Kelas”, jeung sajaba ti éta.

f. Sabada sakabéh biograi bérés disusun, hijikeun sarta dijilid jadi buku kumpulan biograi murid sakelas.

23

Salila murid nyusun karangan biograi , guru ngabingbing jeung jadi fasilitator, sarta mantuan rupa-rupa kasulitan nu kapanggih ku murid salila migawé pancén.

KAGIATAN PANUTUP

Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran biograi ?; Naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran?; Naha carana urang salaku guru geuss nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung kaharti ku murid?; jeung sajaba ti éta.

(41)

meunang informasi anu hadé, upamana yén katekunan jeung gawé rancagé téh hasilna sok ngabuhakeun kasuksésan hirup. Atawa, hirup téh butuh perjuangan jeung gawé anu toh-tohan (kerja keras). Dina basa Sunda aya paribasa “manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna”. Éta kabéh téh sok kapanggih ku urang dina biograi hiji tokoh atawa inohing anu sohor. Ku hal éta, guru perlu méré saran sangkan murid rajin macaan biograi , boh nu mangrupa buku, boh nu ditulis dina majalah/koran, atawa nu kapanggih dina internét.

(42)

KAGIATAN AWAL

Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu patali jeung aksarra Sunda. Guru ogé umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé. Lian ti éta perlu sukuran ka Gusti lamun urang dipaparinan anugrah basa anu unik, nu némbongkeun jati diri urang Sunda, sarta bisa dimangpaatkeun keur rupa-rupa kaperluan.

Dina lawungan awal guru nerangkeun yén pangajaran anu rék ditepikeun téh perkara aksara Sunda sarta naon pentingna aksara Sunda kudu diulik. Guru némbongkeun rupa-rupa média (gambar atawa rékaman vidio) anu ngébréhkeun kumaha aksara Sunda dimangpaatkeun keur rupa-rupa kaperluan. Upamana baé gambar/foto plang ngaran jalan nu maké aksara Sunda, beus nu desain warugana maké aksara Sunda, desain kaos nu ngamangpaatkeun aksara Sunda, lukisan atawa ukiran aksara Sunda.

Diterangkeun ogé ku Guru mun kiwari geus réa jalma anu katarik pikeun mikawanoh sarta diajar nulis jeung maca aksara Sunda. Sosialisasi ngagunakeun aksara Sunda ogé geus réa diayakeun, boh ku pamaréntah daérah boh ku masarakat sacara mandiri.

Guru ogé nepikeun tujuan pangajaran aksara Sunda luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa nyebutkeun katégorisasi aksara Sunda kaganga (aksara ngalagena, aksara swara, rarangkén, jeung angka), bisa nulis kecap jeung kalimah ngagunakeun aksara Sunda kalawan ngéstokeun tata tulisna anu bener jeung merenah, bisa maca téks pondok nu ditulis maké aksara Sunda, bisa nyieun kréasi basajan nu ngamangpaatkeun aksara Sunda, sarta bisa mintonkeun hasil kréasina di lingkungan sakola.

P

a n g a j a r a n

a n g a j a r a n

4

(43)

KAGIATAN INTI

A. Maca Téks Aksara Sunda

No

Kagiatan

1

Guru ngawanohkeun dua wacana nu ditulis ku aksara Sunda anu kudu dibaca ku murid. Guru ngélingan deui yén di kelas IV (SD) jeung di kelas VII (SMP) murid kungsi diajar ngeunaan aksara Sunda. Pangajaran aksara Sunda di SMA ngan ukur nuluykeun atawa ukur ngajembaran pangajaran aksara Sunda anu ti heula. Ku hal éta, murid dianggap geus mikawanoh pangaweruh jeung téhnik dasar tata tulis sarta cara maca aksara Sunda kaganga.

2

Murid ngawangun kelompok (4-5 urang) sarta babarengan jeung kelompokna migawé pancen 1. Dina migawé pancén murid dibantuan ku guru nginget-nginget deui tata-tulis aksara Sunda kaganga. Saupama perlu, guru nerangkeun deui aturan tata-tulis aksara Sunda kaganga, malikan pangajaran di SD jeung SMP.

Sabadana, murid midangkeun hasil gawé kelompokna ku cara diprésen-tasikeun ku juru catur kelompok. Salila présentasi guru jadi fasilitator keur ngalelempeng atawa nyimpulkeun hasil gawé kelompok.

Jawaban pancén 1 téh kira-kira kieu:

a. Transliterasi

Tukeuran Ieu Sajak Karya Yus Rusyana

Tukeuran ieu sajak

Ku salambar simbut atawa samak saheulay

Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay Patinggolépak dina trotoar

Tukeuran ieu sajak ku béas wuluh atawa heucak Heug sidkahkeun ka nu haropak

Nu marangkuk di saung atawa di kolong sasak Tukeuran ieu sajak

Ku sababaraha siki pélor

Heug témbakkeun ka genggerong koruptor manipulator Sina enya kalojor

Tukeuran ieu sajak

(44)

3

b. Jenis wacana

Éta téks téh wacana puisi atawa sajak

c. Eusi

Eusina nyaritakeun kateuadilan anu kasaksian ku panngarang. Di hiji pihak aya nu sangsara jeung balangsak hirupna, sedengkeun di hiji pihak deui aya koruptor jeung manipulator anu ngagalaksak duit jeung hak rayat. Panyajak nawarkeun sajakna keur ditukeurkeun ka beubeutian, beas, simbut jueng rupa-rupa barang séjénna anu bisa disumbangkeun ka nu balangsak. Panyajak ogé hayang nukeurkeun sajakna jeung sababaraha siki pélor keur ditémbakkeun ka koruptor jeung manipulator. Lamun sajakna teu bisa ditukeurkeun, cenah leuwih hadé éta sajak téh sasaak baé.

Jawaban pancén 2 téh kira-kira kieu:

a. Transliterasi

Cara nyieun Langlayangan

Nyieun langlayangan téh henteu hésé, asal urang leukeun jeung daék baé. Teu kudu meuli ka warung saenyana mah, da bahan-bahan keur nyieun langlayangan téh nyampak di sabudeureun urang. Mimitina nyieun raragana heula. Bahanna tina awi atawa nyéré. Palangkeun éta awi atawa nyéré téh sarta talian ku benang. Geus kitu tungtung-tungtungna sambungkeun ku benang nu dipanteng.

Léngkah satuluyna nyaéta masangkeun keretas keur awak langlayangan. Ukur keretasna luyu jeung ukuran raragana téa. Gunting sisi-sisina sésakeun kira-kira sasénti legana keur dilipetkeun kana benang raraga. Geus kitu mah kari dielém kana benang téa nepi ka jadi langlayangan nu siap diapungkeun. Urang kari nambahan benang kakamahna jeung kenur keur ngapungkeunana.

b. Jenis Wacana

Karangan éksposisi (pedaran) nu nerangkeun kumaha nyieun langlayangan ku sorangan.

c. Eusi

Nerangkeun léngkah-léngkah (tahap-tahap) nyieun

(45)

4

Keur ngasah kamampuh maca aksara Sunda kaganga, murid dibéré tugas tambahan keur mikapaham eusi poster dina pancen 2. Sabadana unggal kelompok midangkeun pamanggihna ngeunaan eusi éta poster.

Jawaban pancén 2 téh kira-kira kieu:

a. Éta téh poster pariwara (iklan) anu nawarkeun produk otomotif mangrupa motor bak mérek “Kancil”.

b. Déskripsina:

Kancil, motor bak buatan urang Garut. Tepangan déler nu pangcaketna di kota sadérék atawa tepangan Galura Motor, Jl. Papandayan Nomer 43 Garut telepon 0262-112235.

Mirah pangaosna ageung gunana, motor bak pangénggalna, sanés alat transportasi biasa. Spésifi kasina: mesin 4 tax, rubak bak 1,5 x 2 m, rém cakram, pélk racing, kapasitas angkut 200 kg.

5

Guru nyindekkeun rupaning hal tina hasil diskusi kelompok, upamana nyindekkeun kumaha bédana tata-tulis aksara Sunda kaganga jeung tata-tulis aksara Latén.

B. Mikawanoh Aksara Sunda

No Kagiatan

6

Guru némbongkeun deui rupa-rupa conto gambar, foto, atawa rékaman anu ngamangpaatkeun aksara Sunda minangka média grai s atawa tulisan.

7

Guru jeung murid ngayakeun tanya jawab perkara rupaning hal patali jeung aksara Sunda nu aya dina gambar, foto, atawa rékaman. Guru ogé nitah murid nyobaan maca aksara Sunda nu aya dina éta média.

8

Guru nitah murid ngaasosiakeun rupaning hal nu aya dina gambar, foto, atawa rékaman jeung kaayaan di lingkungan sabudeureunana. Dina tahap ngaasosiasikeun, bisa baé timbul tanya jawab deui jeung murid.

C. Paham Sajarah Aksara Sunda

No Kagiatan

(46)

10

Salila maca murid nyirian kekecapan anu kurang dipikaharti sarta éta kekecapan kudu dicatet deui jeung disusun dina buku catetan mangrupa glosarium. Guru méré pancén ka murid pikeun néangan harti éta kekecapan dina Kamus Basa Sunda atawa kamus online di internét.

11

Murid nyindekkeu pedaran dina bagian B ku cara nuliskeun pointer-pointer ngeunaan hal-hal penting patali jeung sajarah aksara Sunda. Bisa ogé guru méré pancén ka murid nyieun time-line (garis waktu) keur ngagambarkeun sajarah aksara Sunda nepi ka kagambarkeun sajarahna kalawan tétéla. Contona:

12 Murid dibéré kasempetan keur ngayakeun tanya jawab perkara hal-hal nu tacan kaharti patali jeung sajarah aksara Sunda.

D. Nyalin Téks Aksara Sunda

No Kagiatan

13

Guru méré katerangan singget ngeunaan hal-hal penting dina nyalin aksara Latén kana aksara Sunda. Utamana opat pituduh penting dina bagian D (variasi aksara, ngaéféktifkeun rarangkén, cara nulis angka, jeung cara ngatur anggang spasi).

14

(47)

15

Murid masrahkeun hasil pagawéanana ka guru sarta guru méré koméntar saperluna kana hasil pagawéan murid. Upamana perkarasa akurasi milih aksara jeung rarangkén, ukuran aksara, spasi, jeung aspék-aspék tata-tulis séjénna.

16

Guru méré aprésiasi ka murid anu pagawéanana dina nyalin aksara Latén kana aksara Sunda dianggap hadé atawa leuwih punjul ti pagawéan babaturanana anu séjén.

E. Ngagunakeun Aksara Sunda

No Kagiatan

17

Guru nerangkeun heula yén aksara Sunda ogé bisa dimangpaatkeun keur nyiptakeun rupa-rupa kréasi. Wangunnna kréasina bisa desain produk, lukisan, plang ngaran jalan atawa tempat, jeung sajaba ti éta. Atuh bentuk tulisanana bisa dikréasikeun mangrupa kaligrai atawa wordart.

18

Guru tuluy ngabagi murid jadi sawatara keelompok. Unggal kelompok anggotana 3-4 urang murid. Pancén kelompok diterangkeun dina pancén 4 bagian E, nyaéta nyieun rupa-rupa kréasi maké aksara Sunda. unggal kelompok nyieun produk anu béda-béda, upamana:

-

Kelompok I : nyieun desain kaos.

-

Kelompok II : nyieun desain cangkir, gelas, atawa piring.

-

Kelompok III : nyieun desain poster. Upamana poster miara lingkungan, poster anti narkoba, poster pestival budaya Sunda, jsb.

-

Kelompok IV : nyieun plang ngaran jalan, ngaran gedong, atawa ngaran-ngaran tatangkalan.

Médiana bisa kaos, piring, gelas, kertas karton, duplék, triplék, spidol, cat poster, cat air, jeung sajabana. Hadéna kaperluan bahan atawa média dibéwarakeun ku guru saméméhna sangkan dina prakna migawé pancén murid kari ngalaksanakeun.

19

Murid migawé pancénna séwang-séwangan. Dina ieu prosés guru jadi fasilitator atawa ngabingbing bisi murid manggihan kasulitan atawa aya hal-hal anu perlu ditanyakeun/dikonsultasikeun.

20

(48)

21

Hasil pagawéan kelompok murid tuluy dipamérkeun di kelas atawa di luar kelas sangkan diaprésiasi ku warga sakola. Upama hasilna mangrupa plang bisa langsung ditémpélkeun di tempat-tempat anu merenah.

KAGIATAN PANUTUP

Dina nutup unggal lawungan guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran aksara Sunda, naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung sajabana. Guru ogé bisa méré tugas mandiri sangkan murid getol latihan maca jeung nulis aksara Sunda, atawa ngagunakeun aksara Sunda keur rupa-rupa kaperluan.

(49)

KAGIATAN AWAL

Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu patali jeung dongéng. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé. Guru ogé nerangkeun yén basa Sunda téh basa nu diwariskeun ku karuhun urang ku rupa-rupa cara. Di antarana basa Sunda diwariskeun ngaliwatan dongéng-dongéng nu leubeut ku piwuruk. Ku hal éta, miara basa Sunda hartina nyalametkeun rupaning piwuruk jeung kaarifan lokal nu diwariskeun ku karuhun urang.

Dina lawungan awal guru ngagali pangaweruh murid ku cara ngayakeun tanya jawab sabudeureun dongéng. Upamana ditanyakeun dongéng naon baé nu apal kénéh? Ti saha éta dongéng sumberna jeung iraha meunangna? Meunang pangajaran naon urang tina éta dongéng? Jeung sajaba ti éta. Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri dongéng ku cara nyebutan sawatara dongéng nu kasohor. Upamana dongéng Si Kabayan, Dongeng Sasakala Tangkuban Parahu, atawa dongéng lokal nu murid apal.

Di awal lawuungan guru nepikeun tujuan pangajaran dongéng luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa nyebutkeun katégorisasi (jenis-jenis) dongéng, bisa paham ciri-ciri jeung struktur carita dongéng, bisa ngaanalisis ciri-ciri dongéng nu nyampak dina conto dongéng, bisa nangtukeun jenis dongéng dumasar kana papasinganana, bisa nganalisis struktur carita dongéng nu dibacana, sarta ngaéksprésikeun dongéng pondok di hareupeun kelas.

(50)

KAGIATAN INTI

A. Maca Téks Dongéng

No Kagiatan

1

Murid diwanohkeun kana dua conto téks dongéng. Murid dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana basa nu digunakeunana, struktur caritana, jeung sajaba ti éta.

2 Murid ngabanding-banding téks dongéng kahiji jeung kadua.

3

Guru ngabagi murid jadi opat kelompok keur migawé pancén 1 bagian A. Dijelaskeun ogé yén tugas analisis dina pancén 1 téh tujuanana sangkan murid leuwih paham kana papasingan jeung ciri-ciri dongéng.

4

Guru nerangkeun pancén keur unggal kelompok. Kelompok kahiji nganalisis aspék kahiji (palaku dongéng) nu nyampak dina dongéng ka-1 jeung ka-2. Kelompok kadua nganalissis aspék kadua, jeung saterusna. Upama dibagankeun mah tugas kelmpok téh kieu:

5

Unggal kelompok nunjuk salah saurang anggota pikeun jadi juru catur keur midangkeun (ngaprésentasikeun) hasil diskusi kelompokna di hareupeun kelas.

6

Sabada unggal kelompok bérés ngaanalisis, juru catur kelompok sacara bagulir neikeun hasil analisis. Waktu juru catur hiji kelompok midangkeun hasil diskusi, kelompok séjén bisa mairan atawa nanya, nepi ka timbul diskusi kelompok nu leuwih lega. Dina ieu prosés guru ngabingbing jeung nuyun jalanna diskusi nepi ka murid meunang pangaweruh anu kompréhénsif ngeunaan dongéng sarta meunang pangalaman padungdengan dina diskusi.

(51)

B. Papasingan Dongéng

No Kagiatan

8

Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B (sub-bab papasingan dongéng) kalawan gemet. Guru ogé nitah murid nyirian kekecapan anu kurang dipikapaham hartina, sarta nyatetkeun éta kekecapan dina buku catetan nepi ka jadi glosarium sarta ditéangan hartina dina kamus.

9

Guru ngajak murid ngaasosiasikeun rupaning pangaweruh nu nyampak dina bagian C jeung pangalaman sarta pangaweruh anu kacangking dina diskusi saméméhna. Sacara individual murid tuluy disina migawé pancén 2, nepi ka murid jadi paham kagolong kana jenis naon dongéng kahiji jeung kadua téh. Jawaban murid téh kira-kira kieu:

Téks Dongéng Golongan Dongéng Alesanana

Dongéng ka-1

Paménta Tilu Rupa Dongéng Parabel

Sabab palakuna jalma biasa, atawa nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna. Dongéng ka-2

Manuk Titiran jeung Nyiruan

Dongéng Fabel

Sabab palakuna di dinya mah lain baé jalma, tapi ogé nyiruan jeung manuk titiran (sato).

10 Guru nyindekkeun hasil diskusi.

C. Ciri-ciri Dongéng

No Kagiatan

11

Guru nitah murid maca pedaran dina bagian C (ciri-ciri dongéng) kalawan gemet. Guru ogé nitah murid nyirian kekecapan anu kurang dipikapaham hartina, sarta nyatetkeun éta kekecapan dina buku catetan nepi ka jadi glosarium sarta ditéangan hartina dina kamus.

12

(52)

D. Ngaanalisis Téks Dongéng

No Kagiatan

13

Pikeun ngalatih jeung nguji pamahaman murid ngeunaan papasingan jeung ciri-ciri dongéng sakumaha anu geus dipedar dina bagian saméméhna, guru méré pancén ka murid ngaanlisis dongéng “Putri Uyah”. Alat analisisna nyaéta pertanyaan-pertanyaan dina pancén 3.

14

Guru ngawanohkeun heula dadaran pancén 3 jeung téks dongéng “Putri Uyah” nu aya dina bagian D. Sacara individual murid dititah maca kalawan gemet dadaran pancén. Sabadana murid dititah maca di jero haté dongéng “Putri Uyah”.

15

Guru tuluy nerangkeun léngkah-léngkah migawé pancén. Anu tahap-tahapna kieu:

a. Murid dibagi jadi sawatara kelompok diskusi (sakelompokna 4-5) urang.

b. Unggal-unggal kelompok kudu migawé pancén 3.

c. Di unggal kelompok kudu aya juru catur anu engké baris kapapancénan ngalaporkeun hasil gawé kelompok. Bisa ogé laporan dilaporkeun sacara bagilir ku anggota kelompok.

d. Murid tuluy diskusi keur ngajawab pertanyaan pancén 3.

e. Sabada bérés ngajawab pertanyaan, unggal kelompok diskusi ngalaporkeun hasil diskusi kelompokna sacara bagilir.

16 Murid ngalaksanakeun diskusi kelompok.

17

Guru tuluy nitah wawakil kelompok ngaprésentasikeun laporann hasil diskusi. Unggal laporan kelompok ku guru dicatét dina tabél di bor atawa dina komputer anu ditayangkeun maké proyéktor pikeun ngagambarkeun sasaruaan jeung bébédaan hasil diskusi kelompok. Contona:

Kelompok dongéngJenis pamohalanBagian nu Struktur carita dongéngNaséhat Babandingan dongéng

(53)

2 …… …… …… …… ……

3 …… …… …… …… ……

4 …… …… …… …… ……

Jst.

18

Guru nyindekkeun hasil diskusi jeung ngaasosiasikeun pangaweruh jeung pangalaman murid dina ngaanalisis dongéng jeung pedaran-pedaran saméméhna.

19 Sabadana, guru méré “tugas mandiri terstruktur” (TMT) ka murid. Tugasna nyaéta pancén 4 dina bagian D.

E. Ngaéksprésikeun Dongéng

No Kagiatan

20

Dina bagian E, guru ngalatih murid pikeun bisa ngadongéng (nepikeun atawa ngaéksprésikeun dongéng). Saméméhna guru nerangkeun heula kumaha téhnik ngadongéng anu hadé, dumasar kana référénsi- référénsi anu aya. Contona anu kungsi ditepikeun ku Elin Syamsuri, salah sahiji ahli ngadongéng.

21

Guru tuluy méré conto ngadongéng anu hadé. Bisa dicontoan ku sorangan, atawa ngamangpaatkeun media, upamana rekaman CD atawa vidio meunang nyokot ti internét.

22

Guru tuluy ngawanohkeun téks dongéng “Irtasan Meunang Kuntul” nu aya dina bagian E, sarta nitah murid maca heula éta téks di jero haté.

23

Guru ngayakeun diskusi singget jeung murid perkara kumaha téhnik nu alus keur ngadongéngkeun carita “Irtasan Meunang Kuntul”. Alus lamun dicontoan he

Gambar

tabel siga ieu di handap minangka lembar kerja murid:

Referensi

Dokumen terkait

Perintah yang digunakan untuk mengubah attribut/hak pakai suatu file atau direktori pada sistem operasi Linux adalah .... Komponen dari Router Cisco yang digunakan untuk

Sehubungan dengan peserta lelang yang memasukkan penawaran kurang dari 3 (tiga) Perusahaan maka dengan ini Pokja ULP akan melakukan Klarifikasi, Negosiasi Teknis dan

1 Konsep Dasar Pengukuran,Penilaian, Pengujian peranannya terhadap Dunia pendidikan.2.Pendekatan Dalam Penilaian Pendidikan dan Ruang Lingkup Penilaian

[r]

28 Tahun 2006 Tentang pembentukan, penghapusan , penggabungan desa dan perubahan status desa menjadi kelurahan. Peraturan Pemerintah Nomor 43 Tahun 2014 Tentang

KEMENTERIAN PENDIDIKAN

[r]

Penelitian ini menganalisa keberhasilan inseminsi buatan dengan gertak birahi pada ternak kerbau lumpur (swamp buffalo) di Kecamatan Siborongborong Kabupaten Tapanuli