• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1105047 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1105047 Chapter1"

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB 1

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Maca mangrupa salah sahiji kaparigelan nu wajib dikawasa ku siswa.

Kaparigelan maca mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan basa salian ti

kaparigelan ngaregepkeun, nyarita, jeung nulis. Kaparigelan basa ieu salawasna

silih pangaruhan sarta raket hubunganana jeung prosés-prosés nu jadi dadasar

makéna basa.

Gillet jeung Temple (dina Lestari 2011, kc. 67) nétélakeun yén reading is

making sense of written language. Maca nya éta méré ma’na kana basa tinulis.

Méré ma’na remen disebut nyangkem eusi bacaan anu mangrupa kagiatan paling

dasar tina prosés maca. Esénsi tina kagiatan maca mangrupa pamahaman bacaan.

Sinom (dina Lestari 2011, kc. 67) nyebutkeun yén pamahaman nya éta hiji prosés

mental salaku wujud tina aktivitas kognisi anu teu bisa ditempo. Produk tina

pamahaman téh nya éta kalakuan nu dihasilkeun sanggeus prosés pamahaman éta

lumangsung, contona ngajawab patalékan, boh sacara lisan atawa tinulis.

Dina dunya atikan kagunaan maca kacida pentingna. Ku cara maca

pangaweruh siswa bisa leuwih jembar, siswa bisa leuwih ngamekarkeun dirina

sacara optimal sarta bisa meunang sagala informasi anu diperlukeun dina prosés

diajar-ngajar. Pangajaran maca mangrupa pangajaran anu diajarkeun di SMP

kaasup anu rek ditalungtik nya éta pangajaran maca carita pondok. Sakumaha

geus ditangtukeun ku Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat anu dirumuskeun

dina Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar. Kompetensi Dasar nya éta ieu di

handap.

8.1.1 Menghargai, menghayati, dan mensyukuri bahasa Sunda sebagai anugrah

Tuhan yang Maha Esa sebagai sarana komunikasi melalui Rumpaka Kawih,

Guguritan, Sisindiran, Bahasan, CARPON, Surat, Warta, dan Biantara.

8.2.1 Menunjukkan perilaku jujur, tanggung jawab, percaya diri, peduli, dan

santun dalam menggunakan bahasa Sunda untuk memahami Rumpaka

(2)

2

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

8.3.8 Mengidentifikasi dan menganalisis CARPON sesuai dengan

kaidah-kaidahnya.

8.4.8 Menanggapi dan menyusun teks CARPON dengan memperhatikan

kaidah-kaidahnya.

Masalah anu kapanggih di lapangan nya éta kurangna minat siswa dina maca,

lantaran siswa teu ngabogaan sumanget pikeun ngabogaan kasadaran diri hayang

terus ngaronjatkeun kabiasaan maca sahingga kamampuh maca siswa tacan

kalaksanakeun sacara optimal. Hal anu ngalantarankeun kurangna minat maca

sarta pamahaman kana eusi bacaan anu di baca siswa nya éta kurangna motivasi

tina diri siswa jeung kurangna model pangajaran anu ngirut, hal ieu jadi salah

sahiji faktor anu ngabalukarkeun ayanana pasualan sahingga mangaruhan kana

proses diajar-ngajar, antukna siswa teu ngabogaan sikep daria kana diajar utamana

maca. Salian ti kompetensi atawa tujuan pangajaran moal kahontal, ogé

mangaruhan kana pamahaman siswa, anu antukna moal bisa nyangkem atawa

méré tanggapan kana ma’na jeung informasi bacaan nu dibacana.

Salian ti éta, aya ogé faktor séjén nu ngalantarankeun kurangna kamampuh

maca siswa nya éta guru salaku pangatik. Kurangna guru dina méré kasempetan

ka siswa pikeun aktif dina prosés diajar-ngajar, kaayaan prosés diajar-ngajar nu

masih lumangsung sacara monoton ku ngagunakeun pola tradisional nya éta

saperti guru nerangkeun di hareup, siswa ngaregepkeun bari nyatet satuluyna

siswa dibéré latihan soal. Kitu lumangsungna diajar-ngajar ti mimiti nepi ka jam

diajar béak. Kondisi nu saperti kitu kurang kondusif dina ngarojong kamekaran

kamampuh maca siswa anu antukna ngajadikeun siswa kurang kritis, kurang aktif

jeung henteu kréatif. Guru miboga pancén pikeun ngajembaran misi jeung fungsi

anu jadi tanggung jawabna,nurutkeun Darodhiharjo dina (Marno & Idris, kc.18)

aya tilu pancén guru: ngadidik, ngajar, jeung ngalatih.

Guru diperedih inovatif jeung kréatif dina lumangsungna pangajaran.

Suryosubroto (dina Hasbulloh 2009, kc. 189) nyebutkeun yén inovasi pendidikan

nya éta hiji parobahan nu anyar jeung sipatna kualitatif, béda tina nu geus aya

saméméhna sarta ngahaja diusahakeun pikeun ngaronjatkeun kamampuan

(3)

3

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

leuwih loba komunikasi ngajak siswa supaya leuwih aktif, sangkan siswa babari

ngamekarkeun dirina dina ngedalkeun pamahaman pikeun nepikeun

gagasan-gagasan anu dipibogana ka siswa séjén atawa ka guruna. Variasi diajar nu

dilakukeun ku guru dimaksudkeun supaya siswa bisa kairut kana materi anu

diajarkeun, ngajaga saimbangna prosés diajar-ngajar boh sacara fisik atawa

méntal, ngahudang motivasi diajar siswa salila proses diajar-ngajar lumangsung.

Ku ayana interaksi unggal siswa jeung guruna bisa leuwih ngaronjatkeun

kamampuh siswa ku cara silih nanya, diskusi, atawa silih ngajéntrékeun sahingga

kaayaan kelas teu monoton kitu ogé siswa bakal leuwih ka motivasi dina

lumangsungna diajar-ngajar. Kagiatan saperti kitu bisa dipaké dina sakabeh

kagiatan diajar-ngajar kaasup ogé kagiatan maca.

Sakumaha standar kompeténsi, salah sahiji matéri anu kudu diajarkeun di

kelas VIII patali jeung maca nya éta maca carita pondok. Tujuan utama

pangajaran maca carita pondok nya éta pikeun méré kasempetan ka siswa supaya

bisa neangan jeung meunang pangaweruh nu jembar, néangan jeung meunang

informasi, sarta nyangkem kana ma’na bacaan anu satuluyna bisa méré tanggapan

kana éta bacaan jeung nepikeun naon anu keur di bacana dina wangun karangan

carita pondok. Kompeténsi ieu dipiharep bisa ningkatkeun pangaweruh jeung

kamampuh siswa dina maca anu ngan lain saukur siswa ngalaksanakeun kagiatan

maca lantaran kapaksa pikeun ngaréngsékeun pancén-pancén ti guruna tapi bisa

dijadikeun hiji kagiatan anu dipikaresep jeung dijadikeun kabutuhan anu

mangaruhan kana préstasi diajar siswa.

Anapon dina ulikan pangajaran nu medar ngeunaan penerapan model

Timbal-balik (Reciprocal Teaching) nu geus aya nya éta “Modél Pangajaran Timbal-balik

(Reciprocal Teaching) pikeun Ningkatkeun Kamampuh Maca Pamahaman

Artikel” (Skripsi Leny Lestari, 2007) anu ngadéskripsikeun Studi Ekspérimén ka siswa kelas XI-D SMP Negri Lémbang. Hal anu jadi sasaruan jeung nu rék

ditalungtik nya éta modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching).

Sedengkeun anu ngabédakeunana nya éta matéri ajar, métode pangajaran jeung

sumber data nu rék ditalungtik. Aya ogé nu geus medar di Jurusan Pascasarjana

(4)

4

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(Reciprocal Teaching) bagi Peningkatan Kemampuan Membaca Pemahaman

(Studi Éksperimén Kuasi terhadap Siswa Kelas VIII SMPN 1 Kota Tasikmalaya)”

(Tesis Sri Mulyani, 2009). Hasil panalungtikanna kapaluruh yén modél

Timbal-balik (Reciprocal Teaching) sacara signifikan cukup éféktif dina ngaronjatkeun

kamampuh maca pamahaman siswa. Dina lumangsungna pangajaran maca katitén

siswa leuwih aktif jeung antusias dina diajarna. Hal ieu lantaran guru leuwih

nagjak aktif ka siswa pikeun silih tanya jawab, ngajelaskeun jeung nepikeun

gagasan-gagasan pikiran nu patali jeung eusi wacana nu dibacana. Anu jadi

sasaruan nya éta dina modél jeung métode pangajaran nu digunakeun, sedengkeun

nu ngabedakeunna nya éta matéri ajar jeung sumber data. Dina ieu panalungtikan

anu jadi sumber data nya éta MTs Khoerul Falah. Materi pangajaran nu baris di

talungtik nya éta carita pondok, sedengkeun métode panalungtikan nya éta kuasi

ékspérimén.

Ku kituna, ieu panalungtikan dilaksanakeun kalawan gemet sangkan bisa

ngaréngsékeun pasualan-pasualan nu geus aya, salah sahijina ku cara guru kudu

bisa ngawangun suasana diajar anu kréatif jeung inovatif supaya prosés

diajar-ngajar teu monoton ogé bisa ngajak leuwih loba siswa interaksi sahingga siswa

leuwih bisa ngamekarkeun pangaweruhna jeung sakabéh poténsi nu dipibogana.

Dumasar kana pedaran di luhur, panalungtikan anu judulna Modél Pangajaran

Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina Maca Carita Pondok (Studi Kuasi

Éksperimén ka Siswa Kelas VIII-A MTs. Koérul Falah Taun Ajaran 2014/2015)

perlu dilakukeun.

1.2Rumusan Masalah

Maca réa pisan jenisna, salah sahijina nya éta maca talaah eusi anu

ngawengku maca taliti, maca pamahaman, maca kritis, jeung maca ide. Dina ieu

panalungtikan baris diwatesanan ngeunaan maca pamahaman dina carpon. Dina

carpon aya dua unsur, nya éta unsur intrinsik jeung ektrinsik. Anu baris

ditalungtik ngeunaan unsur intrinsik carpon anu ngawengku téma, galur, latar,

(5)

5

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kasang tukang masalah di luhur, mangka nu jadi masalah

panalungtikana dirumuskeun dina wangun kalimah pananya di handap.

a. Kumaha kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul

Falah saméméh ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal

Teaching)?

b. Kumaha kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul

Falah sabada ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal

Teaching)?

c. Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh maca carita pondok siswa

kelas VIII-A MTs Khoerul Falah saméméh jeung sabada digunakeun modél

pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching)?

1.3Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan miboga dua tujan nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum tujuan dina ieu panalungtikan nya éta nguji modél pangajaran

Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok.

1.3.2 Tujuan Husus

Dumasar kana masalah anu geus dirumuskeun di luhur, sacara husus ieu

panalungtikan miboga tujuan hayang ngadéskripsikeun:

a. kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah

saméméh ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal

Teaching);

b. kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A MTs Khoerul Falah

sabada ngagunakeun modél pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching);

jeung

c. béda anu signifikan antara kamampuh maca carita pondok siswa kelas VIII-A

MTs Khoerul Falah saméméh jeung sabada digunakeun modél pangajaran

(6)

6

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat dina ieu panalungtikan kabagi dua nya éta mangpaat téoritis jeung

mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nyeuyeuban

pangaweruh tiori métodologi pangajaran ngeunaan kamampuh maca sarta bisa

jadi alternatif dina prosés diajar-ngajar utamana dina milih modél pangajaran anu

leuwih éféktif jeung inovatif dina pangajaran maca carita pondok.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Anu jadi mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

a. Pikeun guru, modél ieu bisa dijadikeun alternatif dina ngajar sangkan prosés

diajar-ngajar bisa leuwih variatif jeung teu monoton;

b. Pikeun siswa, bisa leuwih aktif dina prosés diajar ngajar ku ayana sumanget

sahingga bisa maham kana naon anu dibacana; jeung

c. Pikeun nu nalungtik, bisa leuwih ngaronjatkeun kualitas paélmuan jeung

ngaimpléméntasikeun modél pangajaran anu saluyu pikeun pangajaran maca.

1.5Raraga Tulisan

Dina ieu skripsi ngawengku lima bab anu ngagunakeun raraga nulis saperti di

handap ieu.

Dina bab I dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan masalah,

rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga

nulis.

Bab II eusina ngeunaan Ulikan Pustaka anu ngawengku Modél Pangajaran,

Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching), Maca, Carita Pondok

Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina Maca Carita Pondok,

(7)

7

Wafa Shofiani, 2015

Model pengajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina maca carita pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dina bab III dipedar ngeunaan Desain Panalungtikan, Sumber Data

Panalungtikan, Instrumén Panalungtikan, Prosedur Panalungtikan, jeung Analisis

Data.

Bab IV eusina ngeunaan Hasil Panalungtikan jeung Pedaran Hasil

Panalungtikan Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal Teaching) dina Maca

Carita Pondok.

Dina bab V dipedar ngeunaan ngeunaan kacindekan, implikasi jeung

rekomendasi tina hasil panalungtikan Modél Pangajaran Timbal-balik (Reciprocal

(8)

8

Wafa Shofiani, 2015

Referensi

Dokumen terkait

posisi fitur pada wajah seperti mata, hidung, dan mulut sehingga peran dari blok pre- processing cukup vital dalam sistem pengenalan wajah yang telah dibuat,

bisnis televisi berbayar yang sangat besar namun baru 4,7% yang tergarap dan market. share TelkomVision baru

Tubektomi (Metode Operasi Wanita/ MOW) adalah metode kontrasepsi mantap yang bersifat sukarela bagi seorang wanita bila tidak ingin hamil lagi dengan cara mengoklusi tuba

maupun perempuan karena mereka perlu untuk merasa mandiri, otonomi, dan puas dengan pilihan karier yang sesuai dengan minat dan bakatnya, dalam berusaha untuk menentukan

10.Auditor adalah jabatan fungsional yang mempunyai ruang lingkup tugas, tanggung jawab, dan wewenang untuk melakukan pengawasan intern pada pemerintah daerah yang

Dari studi eksperimen terhadap alat penukar panas jenis flat plate heat exchanger yang sudah dilakukan diperoleh nilai efektivitas ( � ) yang terbaik adalah

Sahabat MQ/ Cetak biru pembangunan rel kereta api di masa mendatang/ diharapkan dapat menyentuh seluruh pulau besar di Indonesia// Sehingga diharapkan/ pemerintah

Keputusan hakim yang menyatakan seseorang bersalah atas perbuatan pidana yang dimaksud dalam pasal 13, menentukan pula perintah terhadap yang bersalah untuk